SURAT RESMI MENGGUNAKAN BAHASA SUNDA YANG SOPAN DAN BAIK

PAMARÉNTAH KABUPATÉN GARUT
DINES ATIKAN
SMPN 1 CIBALOG
Jl. Miramare - Cibalong 44176
No. : .........................
Hal. : Rapat Dines
Sipat : Penting

Rebo, 22 Mei 2008

Kahatur nu dipihormat
Bapa miwah Ibu Guru SMPN 1 Cibalong
di
Tempat
Assalamu'alaikum wr. wb.
Kalayan Hormat,
Ngemutkeun kana seueurna kanakalan murangkalih di jaman kiwari sapertos kagiatan
nu teu sapagodos sareng aturan Sakola, kumargi eta Sakola bade ngayakeun rapat
dines anu Insya Allah bade digelar dina:
Dinten : Ahad, kaping 25 Mei 2008
Waktos : Tabuh 08.00 dugi ka rengse

Tempat : Ruang Guru SMPN 1 Cibalong
Mung sakitu anu kapihatur, mugia Bapa miwah Ibu ngaendahkeun kana undangan ieu.
Hatur nuhun kana sagala perhatosannana.
Wassalamu'alaikum Wr.Wb.

Pimpinan Sakola SMPN 1 Cibalong

Wawan Setiawan, S.Pd, M.M.Pd