ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA.

(1)

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA

DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

TESIS

diajukeun pikeun nymponan salahsahiji sarat nyangking gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

Ade Sutisna

NIM 1303001

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2015

(2)

ASPEK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA

DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Oleh Ade Sutisna S.Pd IKIP Bandung, 1994

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda SPs. UPI

© Ade Sutisna 2015

Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

Ade Sutisna

NIM 1303001

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Disaluyuan tur disahkeun ku Pangaping,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

Kauninga ku Ketua

Program Studi Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

(4)

(5)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MANNERS ASPECTS OF SUNDANESE PEOPLE IN BABASAN AND PARIBASA

Ade Sutisna

Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung

ABSTRACT

This study describes manners aspects of Sundanese manners with reference to Sundanese culture named babasan and paribasa. Babasan and paribasa itself are products of Sundanese culture which are formed in phrases and clauses or sentences that conveyed from generation to generation for a long time as a way to educate their fellow Sundanese people in terms of social interaction. In the process, this research uses descriptive analytical method as a way to get an overview of the researched aspects. The research primary data are babasan and paribasa which have been documented by the authors of Sundanese culture. Then the data is analyzed based on the study of the meaning and the researcher’s intervention of the meaning. In its passage, the researcher found several babasan and paribasa that have meaning values of manners for social interaction. The aspects of manners values obtained include: 1) aspect of language manners, 2) aspects of kinetic manners, and 3) aspect of social relationship manners. Based on the analysis, it’s found, that there is the pattern in the manners of Sundanese people that includes the three aspects that must be present simultaneously in a social interaction. The pattern is summarized in five terms namely: 1)

wiwaha, 2) wibawa, 3) wirasa, 4) wirahma, and 5) wiraga.

(6)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ABSTRAK

TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA

Ade Sutisna

Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung

Penelitian ini mendeskripsikan aspék-aspék tatakrama masyarakat Sunda dengan merujuk pada budaya babasan dan paribasa Sunda. Babasan dan paribasa Sunda sendiri merupakan produk budaya masyarakat Sunda yang berwujud dalam bentuk frasa dan klausa atau kalimat yang disampaikan secara turun-temurun sejak lama sebagai salahsatu cara masyarakat Sunda dalam mengedukasi saudaranya dalam hal berintraksi sosial. Dalam prosesnya penelitian ini menggunakan metode deskriptif sebagai cara untuk mendapatkan gambaran tentang aspék yang dimaksud. Adapun data yang digunakan adalah data primer yang merupakan babasan dan paribasa Sunda yang telah didokumentasikan oleh para penulis budaya Sunda. Kemudian data tersebut dianalisis berdasarkan kajian makna dan intervensi peneliti terhadap makna tersebut. Dalam perjalanan panjangnya, ditemukan beberapa babasan dan paribasa Sunda yang memiliki makna nilai-nilai tatakrama untuk interaksi sosial. Di antara aspék nilai tatakrama yang diperoleh di antaranya adalah: 1) aspék tatakrama berbahasa; 2) aspék tatakrama kinetis; dan 3) aspék hubungan sosial. Setelah dianalisis dan dideskripsikan, selanjutnya ditemukan hubungan ketiga aspek tersebut sebagai pola tatakrama masarakat Sunda berdasarkan babasan dan paribasa.

(7)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR EUSI

LAMBAR KASALUYUAN... i

PERNYATAAN... ii

PANGJAJAP ... iii

CATUR NUHUN ... iv

ABSTRAK ... vi

DAFTAR EUSI... vii

DAFTAR TABEL ... ix

DAFTAR BAGAN ... x

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Organisasi Panalungtikan ... 6

BAB II KAJIAN TIORI, ASUMSI, JEUNG RARAGA MIKIR... 7

2.1 Kajian Tiori ... 7

2.1.1 Hakekat Tatakrama... 7

2.1.2 Prinsip Étika jeung Tatakrama ... 9

2.1.2.1 Étika Campur Gaul ... 9

2.1.2.2 Prinsip-prinsip Étika Campur Gaul ... 11

2.1.3 Aspék-aspék Tatakrama ... 12

2.1.3.1 Aspék Tatakrama Basa ... 13

2.1.3.2 Aspé Tatakrama Pintonan ... 17

2.1.3.3 Aspék Tatakrama Gaul ... 21

2.1.3.4 Aspék Tatakrama Sosial ... 28

2.1.4 Babasan jeung Paribasa Sunda ... 29

2.1.4.1 Babasan ... 29

2.1.4.2 Paribasa ... 31

2.1.5 Aspék Psikolinguistik Sosial ... 33

2.1.5.1 Aspék Psikologi Sosial ... 34

2.1.5.2 Aspék Interaksi Sosial ... 36

2.2 Asumsi Panalungtikan ... 39

2.3 Raraga Mikir... 40

BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 43

3.1 Data jeung Sumber Data... 43

3.2 Desain Panalungtikan ... 43

3.3 Metode Panalungtikan ... 45

3.4 Wangenan Operasional... 45

(8)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 46

BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN PANALUNGTIKAN... 48

4.1 Hasil Panalungtikan ... 48

4.1.1 Data Panalungtikan... 48

4.1.2 Aspék Tatakrama Basa ... 51

4.1.2.1 Aspék Tatakrama Panyatur ... 52

4.1.2.2 Aspék Tatakrama Pangregep ... 82

4.1.2.3 Aspék Tatakrama Eusi Caritaan ... 92

4.1.2.4 Apék Tatakrama Tempat Nyarita ... 110

4.1.2.5 Aspék Tatakrama Waktu Nyarita ... 112

4.1.2.6 Aspék Tatakrama Tujuan Nyarita ... 113

4.1.2.7 Aspék Tatakrama Situasi Nyarita ... 120

4.1.3 Aspék Tatakrama Kinétis ... 124

4.1.3.1 Aspék Tatakrama Pasemon ... 125

4.1.3.2 Aspék Tatakrama Réngkak ... 132

4.1.3.3 Aspék Tatakrama Paripolah ... 141

4.1.4 Aspék Tatakrama Hubungan Sosial ... 155

4.1.4.1 Aspék Tatakrama Campur Gaul ... 155

4.1.4.2 Aspék Tatakrama Sauyunan ... 195

4.2 Pedaran Panalungtikan ... 202

4.2.1 Tatakrama Basa dina Babasan jeung Paribasa ... 204

4.2.2 Tatakrama Kinetis dina Babasan jeung Paribasa ... 209

4.2.3 Tatakrama Hubungan Sosial dina Babasan jeung Paribasa... 213

BAB V Kacindekan jeung Saran ... 178

5.1 Kacindekan ... 218

5.2 Saran ... 222

DAFTAR PUSTAKA ... 224 LAMPIRAN

(9)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Parobahan tatanan kahirupan masarakat mangrupa hiji hal nu teu bisa disingkahan. Pangaruh kamekaran élmu pangaweruh jeung téknologi daék teu daék geus ngajadikeun manusa aya dina kondisi kritis moralitas. Nu dimaksud kritis moralitas nya éta leungitna ajén kahirupan manusa salaku mahluk sosial nu mibanda budi pekerti anu luhung. Balukar leungitna éta ajén kahirupan manusa jadi henteu saimbang. Nalika manusa aya dina kahirupan teu saimbang, mangka gampang pisan dimangpaatkeun ku pihak séjén anu mibanda kapentingan pikeun ngadalikeun manusa ka arah atawa tujuan nu tangtu. Dumasar kana sagalarupa idéologi maranéhna nanawarkeun jalan kahirupan. Antukna anu henteu pageuh idéologi diri jeung kabudayaan masarakatna, bakal asup jeung kapangaruhan ku hiji situasi lingkungan nu sabenerna geus ngajadikeun dirina jadi jalma séjén atawa leungiteun jatidirina.

Masalah di luhur téh saéstuna kudu jadi panitén balaréa, kasadaran koléktif diperlukeun pikeun numuwuhkeun sikep konvénsional kabudayaan. Ku jalan kitu saéstuna manusa bakal aya dina kondisi silih ajénan, silih tulungan, silih pikanyaah, jeung silih pikaasih di lingkunganana. Salah sahiji aspék nu ngarojong kana tumuwuhna éta sikep téh nya éta tata aturan hirup manusa nu sumberna tina agama jeung budaya. Ajén hirup nu sumberna tina agama mibanda sifat anu mutlak, hartina sagala rupa aturan nu lahir tina tetekon agama éstu teu bisa dirobah naon baé alesanana. Séjén ti éta aturan manusa muncul ogé tina hasil mikir manusa nu disebut budaya. Dina éta budaya aturan hirup manusa dumasar kana hasil konvénsi kelompok manusa sorangan nu tujuanana sangkan manusa boga galur kahirupan nu ngaguluyur.

Aspék budaya nu dimaksud dina pedaran di luhur téh nya éta ajén-inajén tataktama. Tatakarama mangrupa aturan tingkah polah manusa nu lahir pikeun ngatur patali marga kahirupan manusa sangkan tartib, aman, pikabetaheun, jeung jauh tina pacéngkadan. Cindekna, tatakrama téh méré watesan-watesan nu tangtu kana prilaku manusa, sanajan éta prilaku téh bisa dilakukeun ku saurang manusa. Demi tujuan diwatesanana prilaku manusa taya lian pikeun ngajadikeun diri pribadi manusa aya dina tanggung jawab nu salawasna.

Nilik kana pedaran saméméhna, kiwari tugas jeung tanggung jawab tatakrama téh beuki beurat. Ari cukang lantarana taya lian ayana sikep manusa kiwari nu ngapilain kana hal tatakrama sorangan. Sikep individualistis, mawa karep sorangan, nyarita saengabna,

(10)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

papakéan sadaékna, meuweuhna papaséaan antar siswa, budak kabur ti imahna, nepi ka kolot sorangan dirogahala, jeung kasus-kasus négatif séjéna, mangrupa salah sahiji indikator ayana parobahan sikep méntal masarakat nu teu maliré tur ngapilain kana ajén-inajén tatakrama.

Saéstuna atikan tatakrama pikeun masarakat Sunda mah lain barang nu anyar, lantaran unsur kabudayaan masarakat Sunda neundeun tatakrama jadi bagian nu penting tina hirup kumbuh kahirupan manusana. Éta hal téh kiwari jadi hal nu “langka” kapanggih dina hirup kumbuh masarakat Sunda. Buktina bisa dititénan tina kahirupan sosial masarakat Sunda sacara umum, boh di lingkungan nu leutik (kulawarga) boh di lingkungan nu leuwih lega (tempat-tempat umum). Ku sabab kitu pikeun nungkulan éta masalah perlu aya usaha pikeun ngawanohkeun tur ngahirupkeun deui tatakrama Sunda.

Salahsahiji bukti kabeungharan budaya masarakat Sunda nu mibanda aspék tatakrama téh nya éta dina wangun babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa kaasup kana basa pakeman. Basa pakeman nya éta basa anu geus matok, runtuyan kalimah teu bisa dionggét-onggét deui, teu bisa dirobah-robah deui. Babasan jeung paribasa téh saényana mah sarua baé atawa hésé dibédakeun. Bédana babasan mah geus ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah méh mangrupa kalimah (Prawirasumantri, 1973:43). Aya deui bédana babasan jeung paribasa nya éta babasan umumna ngandung harti injeuman sedengkeun paribasa ngandung harti babandingan (Sudaryat, 1995:118).

Baheula babasan jeung paribasa digunakeun pikeun nyindiran atawa nyungkun. Lamun aya anu henteu dipikaresep téh cara ngabéjaanna maké babasan jeung paribasa téa anu basana dibalibirkeun, henteu sacéréwéléna. Lantaran sipat urang Sunda mah henteu togmol. Ngaliwatan babasan jeung paribasa maksud anu rék ditepikeun disumputkeun kalawan lantip jeung rikip. Lamun dihartikeun sajalantrahna mah asa teu nyambung contona paribasa abong biwir teu diwengku, anu biasana diwengku mah sabangsaning anyaman hihid atawa ayakan, tapi pikeun malibirkeun maksudna disapertikeun kana wengku kawas ka anyaman ayakan.

Lian ti éta hal, babasan jeung paribasa Sunda ogé lain ngan saukur “hiji alat komunikasi” urang Sunda nalika ngébréhkeun pamaksudan, tapi éstu mibanda ajén inajén nu

mangrupa piwuruk pikeun hirup jeung huripna masarakat Sunda. Ari nu dimaksud hirup jeung huripna masarakat Sunda téh nya éta hirup nu dibarengan ku kasajahtéraan boh lahir boh batin. Pikeun ngudag éta kasajahtéraan, masarakat Sunda ulah leupas tina tetekon boh agama boh darigama. Cindekna yén masarakat Sunda kudu ajeg dina tangtungan, sili pikaasih, méré mawéh, sili ajénan, nyaangan kanu poékkeun, nganteur ludeung kanu keueung.

(11)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pedaran di luhur dianggap mangrupa konci utama kahirupan manusa Sunda nu diwariskeun ti karuhun saméméhna ngaliwatan sababaraha cara, di antarana ngaliwatan kabeungharan budaya babasan jeung paribasa. Ku sabab kitu, gelarna babasan jeung paribasa tangtu aya patalina jeung kabudayaan masarakat Sunda. Nalika medar perkara babasan jeung paribasa Sunda, nu muncul dina pamikiran téh ngan semet iraha jeung kumaha éta gelarna babasan jeung paribasa téh? Beh dituna kudu kumaha ngajarkeunana ka siswa? Saupama éta nu muncul, mibanda harti yén salila ieu urang ngan saukur ngagugulung babasan jeung paribasa téh sabage kabeungharan budaya, beh dituna cukup wanoh ku jalan dijadikeun matéri pangajaran di sakola. Padahal saupama urang aya karep neuleuman babasan jeung paribasa kalawan teleb, mangka pasoalan tatakrama nu kiwari meuweuh sabiwir hiji di masarakat hususna di sakola bakal kajawab. Hartina nalika urang boga karep ngalarapkeun ajén inajén tatakrama Sunda, babasan jeung paribasa Sunda bisa jadi salasahiji rujukan pikeun ngaréngsékeun nyirorotna tatakrama masarakat Sunda kiwari.

Satuluyna panalungtikan-panalungtikan perkara tatakrama, ajén moral, jeung étika kungsi muncul dina wangun skripsi jeung tésis, tapi nu ngaguar perkara tatakrama anu sumberna tina babasan jeung paribasa mah can kungsi kapaluruh. Ku sabab kitu panalungtikan perkara “Aspék Tatakrama Masarakat Sunda dina Babasan jeung Paribasa” téh dianggap perlu pikeun dilaksanakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Masalah dina ieu panalungtikan baris diwatesanan kalawan museur kana aspék-aspék tatakrama masarakat Sunda nu ngawengku aspék tatakrama basa jeung non basa. Aspék tatakrama basa ngawengku aspék pragmatis, anapon aspék non basa dina ieu panalungtikan nya éta ngawengku aspék kinétis jeung hubungan sosial. Boh aspék basa boh aspék non basa, dipaluruh jeung dipedar dumasar kana data babasan jeung paribasa Sunda.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dina ieu panalungtikan dirumuskeun jadi sawatara masalah, di antarana:

1) Aspék tatakrama basa masarakat Sunda naon baé nu nyampak dina babasan jeung paribasa kalawan ditilik tina aspék pragmatis?

2) Aspék tatakrama kinétis masarakat Sunda naon baé nu nyampak dina babasan jeung paribasa?

(12)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Ieu panalungtikan téh mibanda tujuan umum pikeun mikanyaho, medar, sarta ngadéskripsikeun aspék-aspék tatakrama anu nyampak dina babasan jeung paribasa.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1) Aspék tatakrama basa masarakat Sunda nu nyampak dina babasan jeung paribasa kalawan ditilik tina aspék pragmatis;

2) Aspék tatakrama kinétis masarakat Sunda nu nyampak dina babasan jeung paribasa; 3) Aspék tatakrama hubungan sosial nu nyampak dina babasan jeung paribasa.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep sasieureun sabeunyeureun bisa ngeuyeuban élmu pangaweruhhususna dina widang tatakrama masarakat Sunda, boh sacara tioritis boh praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan mibanda mangpaat pikeun:

 Méré informasi ngeunaan ajén tatakrama Sunda nu sumberna tina babasan jeung paribasa Sunda.

 Sasieureun sabeunyeureun milu ngeuyeuban atawa ngadeudeul kana panalungtikan-panalungtikan ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda nu geus diguar saméméhna.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan diébréhkeun di handap ieu. 1) Pikeun Panalungtik

Dipiharep bisa dijadikeun pangalaman anu hadé jeung tatapakan pikeun mekarkeun diri dina widang paélmuan budaya Sunda pikeun kabutuhan atikan masarakat Sunda.

2) Pikeun Lembaga

Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruhdina widang kabudayaan, hususna ngeunaan tatakrama Sunda, babasan jeung paribasa Sunda, jeung milu ngamekarkeun téori-téori jeung aplikasi kana widang kabudayaan.

(13)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3) Pikeun Masarakat Umum

Ieu panalungtikan bisa méré gambaran kabeungharan budaya Sunda dina wangun tatakrama Sunda sacara umum nu nyampak dina babasan jeung paribasa Sunda kalawan bisa ngalarapkeunana dina kahirupan sapopoé.

4) Pikeun Pamaréntah

Dipiharep pamaréntah bisa maké kabeungharan kabudayaan lokal pikeun jadi tatapakan kamekaran élmu pangaweruhhususna dina hal ngawangun sikep méntal sosial masarakatna.

1.5 Organisasi Panalungtikan

Panalungtikan ngeunaan tatakrama Sunda téh diwangun ku lima bab nu ngawengku bab ka-1 bubuka nu medar perkara kasang tukang ieu panalungtikan, masalah panalungtikan, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung organisasi panalungtikan.

Bab ka-2 medar perkara sababaraha tiori nu aya hubunganana jeung masalah tina ieu panalungtikan, asumsi panalungtikan, jeung raraga mikir panalungtikan.

Bab ka-3 medar perkara métode panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan, data jeung sumber data, rarancang panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

Bab ka-4 medar perkara hasil panalungtikan, nya éta déskripsi aspék-aspék tatakrama Sunda dumasar kana babasan jeung paribasa Sunda.

Bab ka-5 mangrupa kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan

Satuluyna diwincik ngeunaan sumber dina wangun buku atawa pamadegan-pamadega ti para ahli dina wangun daftar pustaka.

(14)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Data jeung Sumber Data

Ieu panalungtikan téh medar perkara aspék tatakrama masarakat Sunda. Pikeun maluruh éta tatakrama téh diperlukeun ayana data. Demi data nu digunakeun nya éta babasan jeung paribasa Sunda. Numutkeun Arikunto (2010:172) yén nu dimaksud sumber data panalungtikan téh nya éta subjek data-data anu kacangking ku panalungtik. Ku sabab kitu, ieu panalungtikan téh merlukeun ayana sumber data anu satuluyna dijadikeun data panalungtikan. Anapon sumber data anu dijadikeun data dina ieu panalungtikan nya éta babasan jeung paribasa Sunda. Aya dua sumber data dina ieu panalungtikan: 1) mangrupa data primér, nya éta babasan jeung paribasa Sunda anu asalana ti panutur asli urang Sunda; 2) data skundér, nya éta babasan jeung paribasa Sunda anu geus dikumpulkeun dina wangun buku nu disusun ku sababaraha urang pangarang.

Lantaran kawatesanan ku waktu jeung tinimbangan aspék éfésiénsi ieu panalungtikan, mangka dina ieu panalungtikan sumber data anu digunakeun téh nya éta sumber data skundér nu mangrupa babasan jeung paribasa nu geus disusun ku sababaraha urang pangarang. Anapon buku kumpulan babasan jeung paribasa Sunda nu dimaksud dina ieu panalungtikan, nya éta: 700 Babasan jeung Paribasa Sunda (Ganda Sudirdja:1977), 1000 Bababasan jeung

Paribasa Sunda (Budi Rahayu Tamsyah:1994, Kamus Basa Sunda (Danadibrata:2006).

Satuluyna éta data téh dikumpulkeun sarta diwilah-wilah tur dianalisis dumasar kana aspék tatakrama masarakat Sunda.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain anu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta mangrupa gambaran léngkah-léngkah panalungtikan, anu tujuanana sangkan panalungtikan bisa kalaksanakeun kalawan lancar, tartib, jeung sistematis. Anapon susunan desain panalungtikan nu dimaksud nya éta: 1) nangtukeun masalah, 2) studi pendahuluan, 3) ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, 4) ngarumuskeun anggapan dasar, 5) nangtukeun sumber data, 6) nangtukeun jeung nyusun instrumén, 7) ngumpulkeun data, 8) nganalisis data, 9) nyieun kacindekan, jeung 10) nyusun laporan (Arikunto, 2006:22-23). Sangkan leuwih jéntré, léngkah-léngkah panalungtikan digambarkeun di handap ieu.

(15)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.3Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptip. Métode déskriptip mangrupa métode anu ngungkulan pasualan aktual ku cara ngumpulkeun data, nyusun papasingan data, nganalisis, jeung nafsirkeun data. Tujuan ngagunakeun métode déskriptip dina ieu panalungtikan pikeun meunangkeun gambaran babasan jeung paribasa anu aya patalina jeung unsur budaya tatakrama masarakat Sunda.

Nangtukeun masalah:

a. Aspék tatakrama basa masarakat Sunda anu aya dina babasan jeung paribasa Sunda

b. Aspék tatakrama kinétis masarakat Sunda anu aya dina babasan jeung paribasa Sunda

c. Aspék tatakrama hubungan sosial masarakat Sunda anu aya dina babasan jeung paribasa Sunda.

Studi Péndahuluan a. Maca pustaka

ngeunaan tatakrama b. Maca pustaka

ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda Nangtukeun alat jeung

Instrumen a. Kartu data

panalungtikan b. Tabel data

Ngagunakeun Téhnik a. Ngumpulkeun data

(sumber data skundér) b. Ngolah data skunder

panalungtikan dumasar kana tiori aspék tatakarama

Analisis jeung Déskripsi Data Panalungtikan Analisis Aspék Tatakrama sosial masarakat Sunda dina babasan jeung paribasa Sunda dumasar aspék pragmatis jeung

sosiologi basa

Kacindekan

(16)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analitis. Métode déskriptif dipilih lantaran mangrupa métode anu bisa digunakeun pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, kajadian, situasi, anu hasilna kalawan disusun dina wangun laporan (Arikunto, 2010:3)

3.4 Wangenan Operasional

Pikeun nyingkahan ayana salah harti ti pamaca kana ieu panalungtikan, dianggap perlu ayana wangenan operasional judul ieu panalungtikan, nya éta:

1. Aspék-aspék tatakrama, nya éta unsur kabudayaan masarakat Sunda nu kudu digunakeun dina kahirupan sapopoé kalawan euyeub ku ajén inajén. Éta aspék téh ngawengku aspék basa, kinetis, jeung aspék hubungan sosial.

2. Babasan, nya éta kekecapan dina wangun kecap rundayan atawa kantétan kalawan mibanda harti injeuman.

3. Paribasa, nya éta runtuyan kecap dina wangun kalimah nu mibanda harti babandingan. 4. Masarakat Sunda, nya éta kumpulan manusa Sunda nu kauger ku ajén-inajén kabudayaan

Sunda.

3.5Instrumén Panalungtikan

Instrumén diperlukeun pikeun meunangkeun data. Data téh bahan anu kacida pentingna pikeun ngajawab masalah panalungtikan. Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngaguar ngeunaan aspék-aspék tatakrama Sunda nu nyampak dina babasan jeung paribasa Sunda.

Instrumén panalungtikan anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta maké slip data. Dina prak-prakan nganalisis data, babasan jeung paribasa ngagunakeun slip data. Anapon pormat slip datana digambarkeun di handap ieu.

(17)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Nomer jeung hurup nu muncul di awal data mangrupa no urut jeung kode jinis data (P=Paribasa, B=Babasan), contona: P.123, hartina Paribasa ka saratus dua puluh tilu.

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik ulikan pustaka jeung analisis téks. Numutkeun Arikunto (1990:75), téhnik talaah pustaka mangrupa kagiatan niténan, neuleuman, nalaah, jeung ngaidéntifikasi pangawé ruh. Dilaksanakeun ku cara neuleuman buku-buku sumber anu aya pakuat-pakait jeung konsép tioritis katut bahasan pasualan panalungtikan.

Ngaliwatan téhnik analisis téks, bahan anu geus dikumpulkeun téh tuluy dianalisis jeung diteuleuman nepi ka kapanggih hubunganana jeung jejer pasualan anu ditalungtik sakumaha anu geus disebutkeun dina rumusan masalah.

Téhnik Ngolah Data Kode data: P.123

Nu geulis jadi werejit nu lenjang jadi baruang

Nu geulis bisa jadi ngabahlakeun ka lalaki atawa salaki

Déskripsi:

Data paribasa (P.123) mibanda makna nu sarua jeung data saméméhna (P.075), nya éta nuduhkeun sikep jalma nu henteu saluyu antara pintonan jeung kalakuan. Amanat nu muncul keur urang nya éta ulah gampang katipu ku pintonan saurang jalma. Ari ukuran hadéna manusa lain mungguh tina tampilanana tapi ahlak anu utama. Jalma anu teu bisa nyaluyukeun antara penampilan jeung polah kaasup jalma nu teu boga tatakrama.

Contona:

Ceu Tuti kawentar wanoja béntang di hiji lembur, antukna loba pamuda anu teu sirikna kagegeloan ku kageulisanana. Sanggeus rumah tangga, salakina sering ngangluh, lantaran ceu Tuti remen kapanggih silih kirim sms nu teu uni jeung lalaki séjén.

(18)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Data dina ieu panalungtikan téh nya éta data babasan jeung paribasa tina buku 1000

Babasan jeung Paribasa Sunda. Éta data téh diolah ngaliwatan léngkah-léngkah di handap

ieu, di antarana:

1) Maca buku 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda.

2) Nangtukeun jeung nyirian babasan jeung paribasa anu mibanda aspék-aspék tatakrama Sunda.

3) Nganoméran babasan jeung paribasa.

4) Nganalisis babasan jeung paribasa dumasar harti anu nuduhkeun aspék-aspék tatakrama Sunda.

(19)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

1.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung pedaran panalungtikan, bisa dicindekeun yén Tatakarama nya éta mangrupa adat atawa kabiasaan ti hiji kumpulan masarakat nu mibanda pungsi pikeun ngawujudkeun kahirupan manusa sangkan hirup tingtrim, akur jeung dulur, tur silih ajénan dina saban tingkah polah. Nyaritakeun tatakrama sarua jeung nyaritakeun kasadaran manusa pikeun ngabédakeun mana nu hadé jeung mana nu goréng. Sok sanajan unggal masarakat mibanda tatakrama nu béda, dina enas-enasna mah sarua baé tujuanna sangkan bisa hirup luyu jeung aturan atawa pakeman nu dianggap hadé pikeun tatanan sosial di éta tempat.

Aspék tatakrama masarakat sunda anu nyampak dina éta babasan jeung paribasa téh ngawé ngku:

a. Aspék tatakrama basa

Tatakrama basa mibanda hubungan jeung situasi tur kondisi komunikasi saurang manusa. Dina ieu hal tatakrama basa nandeskeun sangkan dina nyarita mitra tutur saéstuna merhatikeun unsur-unsur nu kalibet dina éta komunikasi. Dumasar kana hasil panalungtikan kapaluruh sababaraha unsur tatakrama basa kalawan ngawé ngku: 1) nuduhkeun cara saha nu nyarita téh, conto datana “Agul ku payung butut” (Jalma nu taya kaboga tapi masih mindeng ngagul-ngagul diri kucara nyaritakeun manéhna turunan menak baheula); 2) nuduhkeun cara nyarita kalawan tinimbangn jeung saha nyaritana, conto datana “Kajeun pait heula amis tungtungna, manan amis heula pait tungtungna”(Leuwih hadé dicaritakeun banggana, tibatan dibibita ku piuntungeun); 3) nuduhkeun cara nyarita ngeunaan naon nu

dicaritakeuna,conto datana “Kalapa bijil ti cungap (“nyaritakeun rusiah sorangan); 4) nuduhkeun aspék tatakrama nyarita dumasar kana tempatna urang nyarita, conto datana “Milu jabung tumalapung(milu nyarita dina riungan); 5) nuduhkeun iraha waktuna urang nyarita,

conto datana “haréwos bojong”(Omongan nu diharéwoskeun tapi kadéngé ku nu deukeut ka nu diharéwoskeun); 6) nuduhkeun naon tujuanana urang nyarita, conto datana “Hawara biwir” (Resep ngabéja-béjakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun); jeung 7)

nuduhkeun cara nyarita kalawan tinimbangan situasina, conto datana “Teu dididingding kelir” (Diceplakkeun satarabasna taya anu dipinding-pinding). Dumasar kana data ieu

(20)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nuduhkeun kumaha prakna nyarita sangkan mibanda ajén di lingkungan sosial kamasarakatan sakumaha anu jadi galeuh tina tatakrama basa.

b. Aspék tatakrama Kinétis

Nu dimaksud tatakrama penampilan atawa kinétis nya éta tatakrama anu ngatur réngkak polah urang nu aya hubunganana jeung gérak ragawi (kinésik). Dumasar kana hasil panalungtikan aya sababaraha babasan jeung paribasa anu nuduhkeun ieu aspék, di antrana: 1) cara di baju, conto data “Adean ku kuda beureum” (Ginding ku banda batur/meunang nginjeum); 2) cara dandan, conto datana “Kawas careuh bulan” (diwedak kandel teuing); 3) miara kasehatan, conto datana “Kumios bangbara ngaliang” (bulu irung anu nyeseg); 4)cara leumpang, conto datana: “Lir macan teu nangan” (Leumpang ngalénghoy atawa ngalanggéor); 5) cara dahar, conto datana “Dahar kawas meri” (Uprat-aprét jeung ngaréméh); jeung cara-cara lainna nu nuduhkeun réngkak paripolah. Dina hasil

panalungtikan katangen aya 102 babasan jeung paribasa anu nuduhkeun kuamaha hadé jeung goréngna urang dina mintonkeun gérak ragawi (kinétis) boh keur lingkungan pribadi boh keur masarakat umum

c. Aspék tatakrama Hubungan sosial

Gaul atawa campur gaul nya éta mangrupa kagiatan interaksi antara saurang jalma jeung jalma séjén. Dina éta kagiatan ngalibatkeun sababaraha unsur, boh unsur internal boh eksternal. Nu dimaksud unsur internal dina gaul nya éta unsur nu muncul tina diri pribadi kaasup basa, rasa, jeung pangawé ruh. Ari eksternal mangrupa pangaruh ti kaayaan mitra tutur, tempat, lingkungan, budaya sosial, jeung géografis. Tatakrama gaul anu nyampak dina dina babasan jeung paribasa Sunda téh ngawé ngku: 1) nuduhkeun cara gaul dumasar kana tempat dimana urang keur aya, contona nyampak dina data “sereg di panto logor di liang jarum” (teu bisa gaul di kalangan jalma-jalma hadé lantaran loba dosa); 2) nuduhkeun

kumaha situasi kaayaan di sabudeureun urang, contona nyampak dina data “Taya ka bau”(sagala daék, sagala beuki) jeung 3) nuduhkeun cara gaul kalawan tinimbangan saha nu disanghareupan, contona aya dina data “Ngajual jarum ka tukang gendong” (niat nipu ka

jalma pinter). Cindekna tina hasil maluruh data ieu panalungtikan téh tétéla aya 139 babasan

jeung paribasa Sunda anu nuduhkeun aspék gaul.

Manusa salaku mahluk sosial mibanda makna teu bisa hirup sosoranganan (individualistis). Ku sabab kitu kudu aya interaksi sosial nu dilakonan ku manusa dina ngajalankeun hirup kumbuh sapopoé. Pagilinggisikna manusa dina kahirupan sosial merlukeun aturan-aturan nu tangtu sangkan bisa gaguluyur jeung teu ngarempak tatanan

(21)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kahirupan sosial nu aya. Tatakrama dina ieu hal geus ngawanti-wanti sangkan urang bisa miara jeung maké aturan hirup di masarkat kalawan éta aturan téh lumaku sacara konvensional. Dumasar kana analisis data kapaluruh aya 50 babasan jeung paribasa anu nuduhkeun aspék tatakrama sauyunan, di antarana anu nuduhkeun:

1) Kudu bisa nempatkeun diri jeung ngahormat diri pribadi; Conto datana:

Ngijing sila béngkok sembah

Teu satia ka salaki atawa ka dunungan

2) Kudu bisa ngajénan ka jalma séjén; Conto datana:

Nya ngagogog nya mantog

Nitah digawé ka batur bari prak ku sorangan

3) Kudu bisa nempatkeun diri pikeun kulawarga; Contona datana:

Dikungkung teu diawur, dicancang teu diparaban

Dipihukum, tapi teu dibalanjaan, teu dicumponan kaperluanana (awéwé ku salakina)

4) Kudu bisa ngajénan ka sasama; Conto datana:

Ciri sabumi cara sadésa

Adat kabiasaan di unggal nagara atawa daérah béda-béda

5) Kudu wijaksana ka lingkungan disabudeureunana; Conto datana:

Tamplok batokeun

Loba teuing dibikeunan, dipaké babagi, ari sorangan teu kabagian

6) Kudu bisa mutuskeun hiji perkara saadil-adilna; Conto datana:

Bobot pangayon timbang taraju

Pangadilan, timbangan nu adil

7) Kudu bisa ngawangun sikep sauyunan atawa gotong royong; Conto datana:

Sabobot sapihanéan sabata sarimbangan

Hirup akur, runtut-raut; sakasuka sakaduka

8) Teu meunang ngeukeuhan diri dina kalakuan nu goréng; Ngukur baju sesereg awak

Hirup hayang nyorangan , dina papait dina mamanis teu daék pacorok jeung batur

(22)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sarengsena dianalisis dumasar kana makna nu nyamuni dina unggal babasan jeung paribasa, tetela sacara umum babasan jeung paribasa anu dijadikeun data dina ieu panalungtikan mibanda unsur-unsur ajen tatakrama anu sarua nyampak dina sakabéh aspék tatakrama. Unsur-unsur anu dimaksud téh nya éta nuduhkeun cara saurang jalma pikeun bisa nempatkeun dirina dina raraga ngawangun komunikasi sosial. Dumasar kana eta hal, dicindekeun yen eta unsur teh diwangun jadi hiji pola kalawan make istilah nu tangtu nu dianggap bisa ngawakilan ajen-inajen nu nyampak dina babasan jeung paribasa. Anapon istilah nu dimaksud nya eta ngawengku wiwaha, wibawa, wirasa, wirahma, jeung wiraga. Cindekna, éta unsur-unsur téh bisa jadi pola tatakrama sacara umum pikeun masarakat Sunda sacara utuh nu mangrupa sistem tatakrama masarakat Sunda.

Munculna eta pola tatakrama teh tangtu mibanda alesan-alesan, salahsahiji alesan nu bisa dipaké dasarna nya éta hasil analisis ieu panalungtikan anu nuduhkeun ayana hubungan antara tilu aspék tatakrama jeung lima unsur nu nyampak dina éta pola. Dina aspek basa nyampak unsur kawiwahaan, pon kitu deui dina aspek kinetis jeung hubungan sosial.

1.2 Saran

Dumasar kana kacindekan di luhur kalintang jéntréna yén babasan jeung paribasa Sunda téh éstu mibanda ajén inajén kahirupan sosial nu mangrupa budaya linuhung masarakat Sunda. Dina babasan jeung paribasa éstu nembrak ajén inajén tatakrama kahirupan sosial masarakat nu kiwari jadi panitén balaréa lantaran ayana anggapan yén étika masarakat mimiti nyirorot. Ku sabab kitu, panalungtik miboga saran pikeun nu maca ieu hasil panalungtikan téh saperti dipboh pedar ieu di handap:

a) Kudu aya kasapukan sacara kolektip (ragem), yén babasan jeung paribasa téh mangrupa budaya masarakat Sunda anu mibanda ajén inajén tatakrama Sunda, kalawan éta ajén kudu dipiara sarta dimekarkeun kasakumna masarakat (sunda);

b) Péran lembaga boh pamarentah boh di luar pamarentah kudu boga panitén husus kana masalah tatakrama masarakat Sunda kalawan babasan jeung paribasa bisa dijadikeun salahsahiji rujukanana;

c) Keur dina widang atikan leuwih hadé ngajarkeun babasan jeung paribasa Sunda lain ngansaukur nepikeun materi sacara teoritis, tapi leuwih hadé dipedar ajénna jeung dipraktekeun prak-prakan dina wangun étika atawa tatakrama sapopoé;

(23)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d) Dianggap perlu ayana panalungtikan séjén ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda pikeun ngeuyeuban hasil panalungtikan saméméhna. Salian ti éta ogé pikeun ngajeroan ajén-inajaen budaya sacara umum;

e) Tatakrama kudu jadi salahsahiji materi unggulan pangajaran budi pekerti berbasis kearipan lokal di sakola-sakola di Jawa barat. Ku jalan kitu genérasi Sunda kiwari moal rék leungiteun identitas dirina salaku bangsa anu miboga ajén budaya.

(24)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. Chaedar. (1993). Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa.

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. (2005). Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Danandjaja. (2007). Foklor Indonesia. Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti

Djundjunan, Popong Otje. (2011). Etika jeung Tatakrama Sunda. Bandung: Sonagar press

Ekadjati, Suhardi Edi. (1984). Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya. Jakarta: Girimukti Pustaka

Fraenkel & Wallen. (1993). How to Design An Evaluate Research in Eduaction. New York: Me Grow-Hill, inc.

Ganda Sudirdja, R.M. (1977). 700 Paribasa Sunda. Bandung: Firma Ekonomi

Nababan. (1984). Sosiolinguistik suatu Pengantar. Jakarta: Gramedia

Nababan. (1988). Psikolinguistik suatu pengantar. Jakarta: Depdikbud

Prawirasumantri, Abud. SPk. (1990). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga kecap Basa

Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten

Rachim, Enny. (1987). Etiket dan Pergaulan. Jakarta: PT.Karya Nusantara

Sudaryat, Yayat. (1991). Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat. (1997). Ulikan Semantik Sunda Pangdeudeul Pangajaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten

Sudaryat, Yayat. (2015). Wawasan Kesundaan. Bandung: JPBD FPBS UPI

Suryalaga, Hidayat R.H.. (2009). Kasundaan Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nur Hidayah

Suwito. (1983). Pengantar Awal Sosiolinguistik Teori dan Problem. Surakarta: Fakultas Sastra Universitas Sebelas Maret

Tamsyah, Budi Rahayu. (1994). 1000 Babasan Jeung Paribasa Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

(25)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Warnaen. (1987). Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tercermin dalam Tradisi Lisan

dan Sastra Sunda. Bandung: Dikti-Depdikbud

(26)

(27)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Warnaen. (1987). Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tercermin dalam Tradisi Lisan

dan Sastra Sunda. Bandung: Dikti-Depdikbud

(1)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sarengsena dianalisis dumasar kana makna nu nyamuni dina unggal babasan jeung paribasa, tetela sacara umum babasan jeung paribasa anu dijadikeun data dina ieu panalungtikan mibanda unsur-unsur ajen tatakrama anu sarua nyampak dina sakabéh aspék tatakrama. Unsur-unsur anu dimaksud téh nya éta nuduhkeun cara saurang jalma pikeun bisa nempatkeun dirina dina raraga ngawangun komunikasi sosial. Dumasar kana eta hal, dicindekeun yen eta unsur teh diwangun jadi hiji pola kalawan make istilah nu tangtu nu dianggap bisa ngawakilan ajen-inajen nu nyampak dina babasan jeung paribasa. Anapon istilah nu dimaksud nya eta ngawengku wiwaha, wibawa, wirasa, wirahma, jeung wiraga. Cindekna, éta unsur-unsur téh bisa jadi pola tatakrama sacara umum pikeun masarakat Sunda sacara utuh nu mangrupa sistem tatakrama masarakat Sunda.

Munculna eta pola tatakrama teh tangtu mibanda alesan-alesan, salahsahiji alesan nu bisa dipaké dasarna nya éta hasil analisis ieu panalungtikan anu nuduhkeun ayana hubungan antara tilu aspék tatakrama jeung lima unsur nu nyampak dina éta pola. Dina aspek basa nyampak unsur kawiwahaan, pon kitu deui dina aspek kinetis jeung hubungan sosial.

1.2 Saran

Dumasar kana kacindekan di luhur kalintang jéntréna yén babasan jeung paribasa Sunda téh éstu mibanda ajén inajén kahirupan sosial nu mangrupa budaya linuhung masarakat Sunda. Dina babasan jeung paribasa éstu nembrak ajén inajén tatakrama kahirupan sosial masarakat nu kiwari jadi panitén balaréa lantaran ayana anggapan yén étika masarakat mimiti nyirorot. Ku sabab kitu, panalungtik miboga saran pikeun nu maca ieu hasil panalungtikan téh saperti dipboh pedar ieu di handap:

a) Kudu aya kasapukan sacara kolektip (ragem), yén babasan jeung paribasa téh mangrupa

budaya masarakat Sunda anu mibanda ajén inajén tatakrama Sunda, kalawan éta ajén kudu dipiara sarta dimekarkeun kasakumna masarakat (sunda);

b) Péran lembaga boh pamarentah boh di luar pamarentah kudu boga panitén husus kana

masalah tatakrama masarakat Sunda kalawan babasan jeung paribasa bisa dijadikeun salahsahiji rujukanana;

c) Keur dina widang atikan leuwih hadé ngajarkeun babasan jeung paribasa Sunda lain

ngansaukur nepikeun materi sacara teoritis, tapi leuwih hadé dipedar ajénna jeung dipraktekeun prak-prakan dina wangun étika atawa tatakrama sapopoé;

(2)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d) Dianggap perlu ayana panalungtikan séjén ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda pikeun

ngeuyeuban hasil panalungtikan saméméhna. Salian ti éta ogé pikeun ngajeroan ajén-inajaen budaya sacara umum;

e) Tatakrama kudu jadi salahsahiji materi unggulan pangajaran budi pekerti berbasis

kearipan lokal di sakola-sakola di Jawa barat. Ku jalan kitu genérasi Sunda kiwari moal rék leungiteun identitas dirina salaku bangsa anu miboga ajén budaya.

(3)

Ade Sutisna, 2015

ASPÉK TATAKRAMA MASARAKAT SUNDA DINA BABASAN JEUNG PARIBASA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. Chaedar. (1993). Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa.

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. (2005). Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. Danandjaja. (2007). Foklor Indonesia. Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti

Djundjunan, Popong Otje. (2011). Etika jeung Tatakrama Sunda. Bandung: Sonagar press Ekadjati, Suhardi Edi. (1984). Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya. Jakarta: Girimukti

Pustaka

Fraenkel & Wallen. (1993). How to Design An Evaluate Research in Eduaction. New York: Me Grow-Hill, inc.

Ganda Sudirdja, R.M. (1977). 700 Paribasa Sunda. Bandung: Firma Ekonomi Nababan. (1984). Sosiolinguistik suatu Pengantar. Jakarta: Gramedia

Nababan. (1988). Psikolinguistik suatu pengantar. Jakarta: Depdikbud

Prawirasumantri, Abud. SPk. (1990). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga kecap Basa

Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten

Rachim, Enny. (1987). Etiket dan Pergaulan. Jakarta: PT.Karya Nusantara Sudaryat, Yayat. (1991). Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Sudaryat, Yayat. (1997). Ulikan Semantik Sunda Pangdeudeul Pangajaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten

Sudaryat, Yayat. (2015). Wawasan Kesundaan. Bandung: JPBD FPBS UPI

Suryalaga, Hidayat R.H.. (2009). Kasundaan Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nur Hidayah Suwito. (1983). Pengantar Awal Sosiolinguistik Teori dan Problem. Surakarta: Fakultas

Sastra Universitas Sebelas Maret