TILIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN MORAL DINA PUPUJIAN MASARAKAT KARANGPAWITAN GARUT.

(1)

DAFTAR EUSI ABSTRAK... PANGJAJAP... DAFTAR EUSI... DAFTAR TABÉL... i iv vi x

BAB I BUBUKA... 1 1.1. 1.2. 1.3. 1.4. 1.5. 1.6. 1.7. KasangTukangMasalah... WatesanjeungRumusanMasalah... TujuanjeungMangfaatPanalungtikan... Anggapan Dasar... Wangenan Operasional... MetodejeungTehnikPanalungtikan... Sumber Data... 1 7 8 9 10 11 12

BAB II DASAR TIORI... 13 2.1. Folklor... 13

2.1.1. 2.1.2. 2.1.3. 2.1.4. WangenanFolklor... Ciri-ciriFolklor... WangunFolklor…... FungsiFolklor………... 13 15 16 18


(2)

2.2. Puisi …………... 19 2.2.1. 2.2.2. WangenanPuisi…………... Unsur-unsurPuisi... 19 20 2.3. Pupujian ... 25

2.3.1. 2.3.2. 2.3.3. 2.3.4. 2.3.5. 2.3.6. 2.3.7. WangenanPupujian... StrukturPupujian... PapasinganPupujian…………... FungsiPupujian……….. SumebarnaPupujian………... BasadinaPupujian………. PupujiandinaKahirupanMasarakatSunda……... 25 26 27 28 29 31 32 2.4. TradisiLisanjeungSastraLisan... 32

2.4.1. 2.4.2. 2.4.3. TradisiLisan... SastraLisan…... PupujianSalakuSastraTradisionalLisan 32 34 34

2.5. Ajén Moral……… 35

2.5.1. 2.5.2. 2.5.3. 2.5.4. WangenanAjén Moral………..………. Ciri-ciriAjén Moral………... Bentuk-bentukatawaWujudAjén Moral………. HakékatFungsiAjén Moral dinaPupujian……..

35 37 40 41


(3)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN... 45 3.1. Métode Panalungtikan... 45 3.2. 3.3. 3.4. 3.5. 3.6. TéhnikNgumpulkeunData ... InstrumenPanalungtikan………... TéhnikAnalisis Data………. PopulasijeungSampel………... Léngkah-léngkahNgagarapTésis………. 46 46 47 47 47 3.6.1. 3.6.2. 3.6.3. Tatahar... Ngolah Data... NyusunLaporan... 47 48 48

BAB IV TilikanStrukturaljeungAjén Moral

dinaPupujianMasarakatKarangpawitanGarut……….... 49

4.1. Data jeungSumber Data... 49 4.1.1. 4.1.2. Data…………... Sumber Data…………... 49 52

4.2. AnalisisPupujian……… 54

4.2.1. StrukturjeungAjén Moral………….…………. 4.2.2. WangunjeungEusiPupujian……….... 4.2.3. DumasarKonteks………... 4.2.4. DumasarCiriTradisiLisan………...

54 221 228 229


(4)

4.3. AnalisisFungsinaPupujianPikeunAtikan……... 230

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 241 5.1.

5.2.

Kacindekan... Saran-saran...

241 242

DAFTAR PUSTAKA... LAMPIRAN-LAMPIRAN………... RIWAYAT HIRUP...

244 247 256


(5)

BAB I BUBUKA

1.1. KasangTukangMasalah

KaruhunbangsaIndonésia,hususna urang Sunda, mibanda kabudayaan nu luhung. Kabudayaan éta téh aya nu mangrupa candi-candi, wangunan-wangunan heubeul jeung sajabana, tapi aya ogé warisan budaya nu teu éléh penting, nya éta nu mangrupa tulisan jeung aya ogé nu lisan.

Warisan budaya karuhun nu mangrupa tulisan téh sok biasa disebut ku istilah naskah. Naskah éta umumna ditulis dina wangun hasil karya sastra buhun. Karya sastra buhun biasana masih mangrupa tulisan leungeun (manuskrip) kalayan maké huruf jeung basa daérah, nepi ka can tangtu kabéh jalma bisa maca jeung ngawasa kana eusi éta karya.

Ari warisan budaya karuhun nu lisan mah sok biasa disebut ku istilah folklor, sanajan aya ogé folklor nu satengah lisan jeung lain lisan. Sacara etimologi folklor (folklore) téh asalna tina kecap folk jeung lore. Nurutkeun Alan Dundes (dina Danandjaja, 2002:1-2) folk nya éta sakumpulan jalma nu ngabogaan ciri-ciri husus atawa mandiri tina fisikna, sosialna, jeung kabudayaana, nepi ka bisa dibédakeun ti kelompok-kelompok séjénna. Éta ciri-ciri husus téh bisa katitén tina: warna kulit nu sarua, buukna sarua (sajenis), pakasaban nu sarua, bangsa nu sarua, tingkat pendidikan nu sarua, jeung agamana gé sarua. Ngan nu leuwih penting mah ngabogaan tradisi, nya éta kabudayaan nu geus turun-tumurun ti karuhunna jeung geus dianggap nu saréréa. Sedengkeun lore mah tradisi folk,nya


(6)

éta sabagian kabudayaan nu diwariskeun sacara turun-tumurun sacara lisan atawa ku cara conto nu dibarengan ku gerak isarat atawa alat bantu séjén nu bisa dipaké sangkan teu poho.

Nurutkeun Danandjaja (2002:22) rupa-rupa folklor lisan nu sumebar téh diantarana: bahasa ra’yat, ungkapan tradisional, pertanyaan tradisional, sajak jeung puisi ra’yat, carita prosa ra’yat, jeung nyanyian ra’yat.

Hasil karya sastra nu kagolong kana sajak jeung puisi ra’yatdiantaranapuisipupujian. Puisi pupujian téh minangka hasil karya sastra lisan pangaruh tina agama Islam nu sumebar di masarakat. Nurutkeun Tamsyah (1996:53), puisipupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Rusyana (1971:12) nétélakeun yén puisipupujian téh nya éta runtuyan kalimah nu eusina ngeunaan pujian jeung du’a ka Gusti Alloh, solawat ka Kangjeng Nabi, naséhat ka umat atawa ajaran agama. Ieu pamadegan ogé diécéskeun ku Iskandarwassid (1992:116-117), puisipupujian téh hiji karya sastra buhun dina wangun puisi (ampir salilana dina wangun syair) nu relatif pondok, nu eusina ngeunaan puji-pujian kana kaagungan Gusti Alloh, solawat ka Kangjeng Nabi, naséhat atawa ajakan ngajalankeun ibadah (solat, puasa, jakat, jeung munggah haji). Biasana sok dikawihkeun atawa dinadomkeun babarengan di masjid-masjid dina waktu ngadagoan solat berjamaah atawa dinadomkeun di majelis ta’lim ku para jamaah pangajian.

Ditilik tina eusina, karya sastra buhun (pupujian) umumna ngandung ajén sastra,upamana nu digambarkeun ku Darma (1981:6), yén karya sastra nu hadé mah sok méré pesen atawa amanat ka nu macana sangkan milampah laku hadé.


(7)

Ieu pesen téh nu disebut ajaran moral (étika) sarta karohanian nu ditujukeun pikeun masarakat nu ngarojong kana medalna éta karya sastra. Éta ajén-ajén téh aya dina rupa-rupa aspék kahirupan, upamana baé ajén agama, norma-norma, sosial budaya, politik, ékonomi, jeung filsafat.

Kacida kompléksna aspék kahirupan nu diébréhkeun dina karya-karya sastra hususna karya sastra heubeul. Upamana nu ditétélakeun ku Atar Semi,yén: “Suatu karya sastra dianggap suatu medium yang paling efektif, moral dan membina kepribadian suatu kelompok masarakat. Moral dalam hal ini diartikan dalam suatu norma, suatu konsep tentang kehidupan yang disanjung tinggi oleh sebagian besar masyarakat” ( 1984:49).

NyakitudeuiNurgiantoronétélakeun, yén“Karya sastra senantiasa menawarkan

pesan moral yang berhubungan dengan sifat luhur kemanusiaan,

memperjuangkan hak dan martabat manusia” (1995:322).

Dina aspék kahirupan, hususna agama, ajén moral nu pangjéntréna aya dina karya sastra. Dina kontéks karya sastra, ajaran moral minangka eusina. Ieu ajaran moral téh hiji hal nu hayang ditepikeun ku sastrawan ka nu maca ku cara karya sastra nu ditulisna. Ajaran moral dijadikeun pesen nu langsung ditujukeun ka nu macana. Upamana dina téma, ajaran moral nu bisa kacangkem téh ku cara nafsirkeun carita. Ieu téh minangka pituduh praktis ngeunaan rupa-rupa perkara nu aya hubunganana jeung masalah kahirupan, upamana sikep, tingkah laku, jeung adab sopan santun dina hirup kumbuh di masarakat. Sakumaha nu diécéskeun ku Mangunjaya (1994:16).

Moral dalam karya sastra atau hikmah yang akan disampaikan oleh sastrawan selalu dalam pengertian yang baik karena pada awal mula semua karya sastra adalah baik”.


(8)

Sastra daérah téh minangka pangrojong ngeuyeuban mekarna kasusastraan Nusantara. Salian ti éta ogé, sastra daérah téh gambaran pamikiran masarakat nu ditepikeun maké basana séwang-séwangan. Bédana jeung sastra Indonesia ngan dina basana wungkul, jeung moal jauh béda mun urang ningali sasaruanana téh minangka karageman budaya daérah.

Sastra dina basa Indonesia ngabogaan fungsi minangka lambang kenasionalan jeung lambang persatuan.Ari fungsina sastra daérah mah pikeun ngamumulé basa daérah, ungkara pikiran, idé, jeung ajén-ajén budaya, sarta bakal jadi ciri hiji daérah tempat éta karya sastra hirup ku cara ciri utamana nya éta basa.

Ajén-ajén nu aya dina sastra daérah teu jauh béda jeung ajén-ajén nu aya dina sastra Indonesia, malahan bisa ogé disebutkeun sadarajat. Sakumaha nu diécéskeun ku Rusyana (1976:6), yén;

“Nampak bahwa dalam karya sastra daerah terkandung muatan nilai-nilai moral. Dalam sastra-sastra daerah, dalam wujud ekspresi estetik itu tersaji pula nilai-nilai etik. Dari pembacaan cerita rakyat, berupa mithe, legenda, dan dongeng, kita dapat mengekspresikan nilai-nilai moral yang terpadu secara halus di dalamnya. Begitu juga di dalam hikayat, syair, pantun serta jenis sastra lama lainnya, serta selanjutnya dalam novel, cerita pendek, drama dan puisi modern, niai moral itu terungkap”.

Di Garut, hususna masarakat Karangpawitan, aya tradisi nu masih lumangsung tur masih dimumulé. Ieu tradisi téh dina wangun sastra lisan nu disebut pupujian.

Pupujian minangka salah sahiji sastra daérah dina wangun puisi buhun tur sumebar dina media lisan (sastra lisan) sarta masih dimumulé nepi kiwari.


(9)

Ieu pupujian téh minangka alat da’wah Islam nu éféktif jeung éfisién, lantaraneusinapupujiannyaritakeunngeunaanajaran-ajarankaagamaanjeungajaran moral.

Manusa salila hirupna bakal diuji kaimanan jeung katakwaanana ka Gusti Alloh.Nu pinterdiujikukapinteranana, kitudeui nu bododiujikukabodoanana. Nu

beunghargédiujikukabeungharanana, puguh nu

miskinmahdiujikukamiskinanana.Réa nu pinterkabalinger,

élmukapinterananadipakénipubatur, tungtungnajadiélmuajug. Nu

bodokatotoloyoh, embungtatanyangarasabenerceukpangrasa, nu

antuknamawacilaka.Nu kaya ngarasalebarkupakayana, boga rasa meunang cape

sorangan, lebarmundibikeunsabahagianhartanapikeun nu hakna.Nu

miskinpuguhningloba nu teusabar,

cilakangajualimannalantaranmalaratteunyingkah-nyingkah. Cindekna manusa bakal diuji sagala rupana.

Ku kituna, ieu pupujian téh perlu ditalungtik sabab ngandung ma’na nu jero dina unggal padana nu bisa dijadikeun papagon pikeun kahirupan manusa.

Salian ti éta ieu panalungtikan téh bisa nyalametkeun karya sastra sangkan teu tumpur, utamana karya sastra buhun. Tumpurna karya sastra buhun téh ngadung harti leungitna ajén sejarah jeung leungitna ajén budaya nu kawilang gedé hargana, boh pikeun waktu kiwari boh pikeun waktu nu bakal datang. Dina karya sastra buhun euyeub pisan ku pamikiran nu jembar jeung cita-cita nu luhung. Ieu pamikiran jeung cita-cita téh minangka warisan pikeun ngaronjatkeun jeung ngamekarkeun budaya bangsa Indonesia.


(10)

Di sagigireun éta pupujianogé bisa dijadikeun bahan pembelajaran disakola, dumasar kana Peraturan Daérah provinsi Jawa Barat No. 5 Taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daérah, nu netepkeun basa daérah, diantarana basa Sunda, diajarkeun dipendidikan dasar di Jawa Barat. Éta kawijakan sajalan jeung UU No 22/1999 ngeunaan Pamarentah Daérah jeung UU No. 20/2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional nu sumberna tina UUD 1945 ngeunaan Pendidikan jeung Kabudayaan, sajalan ogé jeung rékoméndasi UNESCO taun 1999 ngeunaan pemeliharaan bahasa-bahasa ibu, jeung Peraturan Pamarentah Republik Indonesia No. 19 Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, Bab III pasal 7 Ayat 3-8, nétélakeun yén ti SD/MI/SDLB, SMP/MTs./SMPLB, SMA/MAN/SMALB, jeung SMK/MAK dibéré pangajaran muatan lokal nu relevan,bisa dijadikeunogé sumber inspirasi pikeun sastrawan modern sangkan jadi bacaan nu boga kualitas hadé jeung relevan pikeun dunya atikan, sarta jadi bahan apresiasi sastra.

Ku ayana hal éta, pupujian téh perlu ditalungtik, kucara nganalisis strukturna (téma, rasa, nada, jeung amanat).

Objék anu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta ajén budaya, hususna ajén moral (étika), nu diébréhkeun dina pupujian nu sumebar di wilayah Karangpawitan Garut.

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Watesan Masalah


(11)

Dumasar kana kasang tukang di luhur ieu panalungtikan diwatesan masalahna, nya éta medar struktur (téma, rasa, nada, amanat) jeung ajén moral nu aya dina pupujian masarakatKarangpawitanGarut.

1.2.2. Rumusan masalah

Rumusan masalah dina ieu panalungtikan téh nya éta:

1) Kumaha struktur puisipupujiannu aya dina pupujian masarakat Karangpawitan Garut?

2) Ajén moral naon baé nu aya dinapuisipupujian masarakat Karangpawitan Garut?

3) Naon nu jadi ciri tradisi lisan dina pupujian masarakat Karangpawitan Garut?

4) Naonfungsinapupujian nu aya di masarakat Karangpawitan Garut? 5) Naha puisipupujianbisadijadikeunbahanajar di sakola?

1.3. Tujuan jeung Mangpaat Panalungtikan 1.3.1. Tujuan Panalungtikan

Tujuan ieu panalungtikan nya éta, pikeun:

1) Ngadéskripsikeun kumaha struktur puisipupujiannu aya dina pupujian masarakat Karangpawitan Garut;

2) Meunangkeun gambaran ngeunaan ajén moral nu aya dina puisipupujian masarakat Karangpawitan Garut;

3) Meunangkeun gambaran ngeunaan naon nu jadi ciri tradisi lisan dina pupujian masarakat Karangpawitan Garut;


(12)

4) Meunangkeun gambaran ngeunaanfungsipupujian nu aya di masarakat Karangpawitan Garut;

5) Maluruhkontribusinapuisipupujiankeurbahanajar di sakola.

1.3.2. Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa aya mangpaatna, upamana ieu di handap:

1) Pikeun panalungtik, mangrupa input enggoning ngaguar salah sahiji kajadian dina dunya kasusastraan;

2) Pikeun nu maca, ku ayana ieu panalungtikan bisa nambahan pangaweruh dina hal moral anu dianggap penting salaku manusa anu mibanda darajat luhur di antara mahluk séjénna;

3) Pikeun ngamekarkeun sastra lisan, hususna pupujian;

4) Pikeun nambahan kareueus jeung ngamumulé kana kabudayaan, hususna tradisi lisan urang Sunda;

5) Pikeun ngajembaran jeung ngeuyeuban dunya sastra lisan nu aya di Nusantara;

6) Pikeun dunya atikan, bisa dimangpaatkeun minangka bahan pembejaran muatan lokal ngeunaan tradisi jeung adat istiadat;

7) Bisa dijadikeun sumber inspirasi pikeun sastrawan modern sangkan jadi bacaan nu boga kualitas hadé jeung relevan pikeun dunya atikan, sarta jadi bahan apresiasi sastra;


(13)

1.4. Anggapan Dasar

Anggapan dasar mangrupa dasar panalungtikan anu gunana pikeun cecekelan utama. Anggapan dasar dina ieu panalungtikan téh diantarana:

1) Pupujian téh hiji karya sastra buhun anu ditulis dina wangun puisi. 2) Struktur puisipupujian nu diwangun ku téma, rasa, nada, jeung amanat. 3) Pupujian mibanda ajén moral nu luhung anu bisa méré sawangan

ngeunaan kahirupan sastra dina jaman harita.

4) Pupujiantéhngabogaanmangpaatpikeunmasarakat Karangpawitan Garut 5) Pupujianbisadijadikeunbahanajar di sakola.

1.5. Wangenan Operasional 1) Ajén

Nurutkeun Bertens (1994:139) nu disebut ajén téh nya éta hal anu narik ati, anu ditéangan, anu matak nyenangkeun, anu matak dipikaresep, jeung dipikahayang, singgetna mah hal anu hadé.


(14)

Moral téh nya éta hiji hal nu mibanda harti sarua jeung ajén-ajén, norma-norma anu jadi hiji patokan pikeun manusa dina ngajalankeun kahirupanana (Bertens, 1994:7).

3) Pupujian

Rusyana (1971:12) nétélakeun yén pupujian téh nya éta runtuyan kalimah nu eusina ngeunaan pujian jeung du’a ka Gusti Alloh, solawat ka Kangjeng Nabi, naséhat ka umat atawa ajaran agama. Biasana sok dikawihkeun atawa dinadomkeun babarengan di masjid-masjid dina waktu ngadagoan solat berjamaah atawa dinadomkeun di majelis ta’lim ku para jamaah pangajian.

4) Struktur Puisi

Iskandarwassid (1992:149) nétélakeun yén struktur dina karya sastra téh susunan komponén-komponén (unsur-unsur) karangan. Unsur éta téh bagian pangwangun hiji puisi (wangun ugeran). Éta bagian-bagian gumulung enggoning ngawujudkeun wangunan puisi nepi ka ngawujud jadi karya sastra nu gembleng tur ngabogaan ma’na. Nya éta: téma, rasa, nada, jeung amanat.


(15)

Tradisi lisan ngabogaan sifat tradisional nu sumebar dina wangun nu rélatif angger atawa dina wangun nu standar. Sumebarna di antara kumpulan nu tangtu dina waktu nu cukup lila (paling sakeudeung dua generasi). Sumebar tur diwariskeun sacara turun-tumurun, tatalépa ku cara media lisan atawa ku cara conto nu dibarengan ku gerak isarat atawa alat bantu (pengingat) séjén nu bisa dipaké sangkan teu poho ti hiji generasi ka generasi satuluyna.

1.6. Métode jeung Téhnik Panalungtikan

Surakhmad (1983:21) nétélakeunyénmétode

panalungtikannyaétacarautamaanu digunakeunpikeunngahontalhijitujuan. Dumasar kana tujuan nu barisdihontal, ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif.

Métodedéskriptiftéhmangrupahijimétodeanudinapraknahenteukawatesank ungumplkeun data wungkul, tapingawengkuanalisis, klasifikasijeunginterprétasi, nurutkeunWinarnodina (Eriswati, 1999:28) nyaéta data nu asupdicatet, dianalisis, satuluynadikanatabélkeun. Dicokotkacindekan-kacindekandumasar kana tabélhasilpanalungtikan.Sedengkeun téhnik anu digunakeun nya éta téhnik studipustaka, survéy, ngarekam, wawancara, jeung analisis data.

1.7. Data jeung Sumber Data

Nu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta pupujian nu sumebar di lingkungan kahirupan masarakat Karangpawitan Garut. Nu jadi sumber data dina


(16)

ieu panalungtikan nya éta sakabéh masarakat Karangpawitan Garut. Kriéria informan dina ieu panalungtikan minimal: tokoh agama, santri, nu ngurus pasantrén, nu ngurus masjid, seniman, jeung warga masarakat Karangpawitan Garut.


(17)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1. Métode Panalungtikan

Métode nya éta cara-cara, stratégi paham kana réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun ngaréngsékeun hiji masalah (Ratna, 2004:34). Dina ieu panalungtikan métode nu digunakeun nya éta métode déskriptif analis maké téhnik survéy, ngarekam, wawancara, jeung analisis data. Ari métode déskriptif digunakeun pikeun:

1) Ngumpulkeun informasi faktual kalawan rinci jeung ngagambarkeun gejala-gejala nu aya;

2) Ngaidéntifikasi masalah-masalah nu aya ayeuna;

3) Nangtukeun sagala rupa nu bisa dicokot atawa kumaha implikasina tina pangalaman pikeun ngararancang kaputusan di masa nu bakal datang. Ieu métode dipaké pikeun meunangkeun gambaran nu sajelas-jelasna ngeunaan pupujian masarakat Karangpawitan Garut.

Métode déskkriptif dipaké pikeun ngagambarkeun gejala-gejala, peristiwa, kajadian nu kapanggih nalika panalungtikan lumangsung kalawan medar hal-hal nu jadi puseur dina objék éta panalungtikan. Satuluyna dianalisis sangkan meunangkeun pedaran nu leuwih jero ngeunaan struktur jeung ajén moral nu aya dina pupujian masarakat Karangpawitan Garut.

Data nu didéskipsikeun maké cara nuduhkeun fakta-fakta nu aya

hubunganana atawa ngajelaskeun struktur jeung ajén moral nu aya dina pupujian masarakat Karangpawwitan Garut.


(18)

3. 2. Téhnik Ngumpulkeun Data

Keur ngumpulkeun data pupujian nu kaasup kana golongan tradisi sastra lisan, digunakeun métode panalungtikan di tempat atawa field method. Ieu métode nurutkeun Danandjaja (1994:185) kagiatanana dibagi tilu tahap, nya éta: (1) Tahap prapanalungtikan di tempat; (2) Tahap panalungtikan di tempat; (3) Tahap nyieun naskah sangkan bisa diarsipkeun.

Nengetan pamadegan Danandjaja diluhur, perlu ditangtukeun léngkah-léngkah pikeun ngumpulkeun data, diantaranaa:

(1) Nangtukeun daérah nu rék dijadikeun tempat panalungtikan, nya éta daérah Karangpawitan Garut;

(2) Nyiapkeun alat-alat nu rék dipaké keur panalungtikan, nya éta: alat pangrekam, alat tulis, jeung pedoman wawancara;

(3) Satuluyna survéy jeung wawancara pikeun meunangkeun data; (4) Ngaanalisis data hasil tina prosés panalungtikan.

3.3. Instrumén Panalungtikan

Instrumén nu dipake dina ieu panalungtikan nya éta alat pangrekam, pedoman wawancara, jeung tabél analisis. Alat pangrékam tujuanana nya éta ngadokuméntasikeun hasil ngumpulkeun data. Ari pedoman wawancara tujuanana pikeun ngumpulkeun data. Alesan pangana digunakeun sistem tabél nya éta sangkan gampang dina nganalisis data, sarta gampang nyieun kacindekan ngeunaan struktur puisi nu aya patalina jeung ajén moral anu aya dina Pupujian masarakat Karangpawitan Garut.


(19)

3.4. Téhnik Analisis Data

Sangkan leuwih gampang ngaanalisis jeung ngainterpretasikeun struktur jeung ajén moral nu aya dina pupujian, léngkah-léngkah nu digunakeunana diantarana:

1) Nangtukeun struktur jeung ajén moral nu aya dina pupujian masarakat Karangpawitan Garut;

2) Ngaanalisis jeung nangtukeun ciri tradisi lisan nu aya dina pupujian masarakat Karangpawitan Garut;

3) Ngadéskripsikeun hasil analisis ku cara ngajelaskeun dina wangun tabél hasil analisis.

3.5 Populasi jeung Sampel

Populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh puisi pupujian nu aya di wilayah Karangpawitan Garut. OpatPuluhSalapan (49) judulpupujian nu jadi sampel dina ieu panalungtikan.

3.6 Léngkah-lengkah Ngagarap Tésis 3.6.1. Tatahar

1) Nangtukeun judul jeung objék panalungtikan;

2) Ngumpulkeun tiori-tiori nu aya hubunganana jeung objék panalungtikan; 3) Ngasongkeun usulan panalungtikan; jeung


(20)

3.6.2. Ngolah Data

1) Ngadéskripsikeun pupujian;

2) Ngadéskripsikeun ajén moral dina pupujian; 3) Ngadéskripsikeun ciri trdisi lisan dina pupujian; 4) Konsultasi jeung dosén pembimbing;

3.6.3. Nyusun laporan

Hasil tina panalungtikan ngeunaan struktur puisi nu aya hubunganana jeung ajén moral téh disusun dina wangun tésis.


(21)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Aya sababaraha hal dina ieu panalungtikan nu bisadicindekkeun, diantarana:

Dumasar strukturna, nya éta wangun jeung eusi ieu pupujian téh ngabogaan wangun kantétan dua, kantétan kantétan opat, kantétan robah, jeung kantétan lima. Eusi ieu pupujian ngeunan: 1) Muji kaagungan Gusti Alloh SWT; 2) Solawat ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW; 3) Ngadu’a jeung tobat ka Gusti Alloh SWT; 4) Ménta pitulung ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW; 5) Naséhat pikeun ngajalankeun ibadah jeung amal soléh sarta ngajauhan ma’siat; 6) Ajaran ngeunaan agama, upamana kaimanan, rukun Islam, fikir, akhlak,surga, naraka jeung tafsir Qur’an.

Eusipupujian ngandung ajén-ajén nu hadé nya éta umajak, méré nyaho, nganjurakeun, jeung ngélingan, méré pesen atawa amanat sangkan milampah laku hadé. Ieu pesen téh nu disebut ajaran moral (étika) sarta karohanian rasa kaagamaan minangka fokus dina pupujian kalawan ngabogaan tujuan sangkan leuwih ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan ka Alloh SWT.

Ajén moral téh ngawengku pituduh ngeunaan sikep jeung paripolah nu aya hubungananana antara manusa jeung Allah SWT, hubungan manusa jeung manusa, sarta hubungan manusa jeung lingkunganana


(22)

Kontribusina pupujian pikeun atikan jeung bisa dijadikeun bahan pembelajaran di sakola-sakola lantaran pupujian mangrupa karya sastra anu rék ditepikeun ti pangarang ka nu maca ngaliwatan karya sastrana, anu euyeub ku pesen moral anu raket patalina jeung sipat-sipat luhung kamanusaan, diantarana nu aya kaitanana jeung perkara solat, élmujeungpépéling atawa naséhat

Dina ciri tradisi lisan pupujian téh diwariskeun sacara turun-tumurun ti generasi nu hiji ka generasi nu satuluyna. Proses regenerasi pupujian ku cara tradisi lisan. Nu nganadomkeumkeun pupujian kalawan tuluy-tuluyan ngadéngékeun pupujian dinadomkeun di masjid nalika unggal rék ngadagoan solat berjamaah, jeung nalika rék dimimitian pangajian.

5.2. Saran-saran

Ieu panalungtikan dipiharep bisa meré dampak pikeun guru sastra, panalungtikan tradisi lisan, elmu sastra, ngamumulé budaya, jeung syiar agama. Hal-hal nu perlu jadi tinimbangan saba’dana panalungtikan, nya éta;

1) Pihak pamaréntah bisa ngajadikeun tinimbangan budaya daérah téh jadi asset dina ngamekarkeun daérahna;

2) Hasil panalungtikan bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan pangajaran basa jeung sastra disakola-sakola;

3) Jadi babandingan jeung panalungtikan nu sajenis nu leuwih hadé; 4) Pupujian kudu tuluy dimumulé sabagé sarana syia agama Islam jeung


(23)

5) Ngeuyeuban sastra lisan khususna pupujian jeung bisa dijadikeun inspirasi pikeun sastrawan modern sarta bisa dijadikeun bacaan nu saluyu pikeun pendidikan, jeung bisa jadi bahan apresiasi sastra; 6) Kurikulum muatan lokal hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan

pembelajaran muatan lokal ngeunaan tradisi jeung adat istiadat. 7) Ajén moral jeung ajén budaya nu aya dina pupujian bisa méré dampak


(24)

DAFTAR PUSTAKA

Bertens, Kees. 1994. Etika. Jakarta: Gramedia.

Brand, John. in Richard, M. D. (ed). 1968. Peasant Customs and Savage Myths. London: Routledge & Kegan Paul.

Brundvand. J.H. 1968. The Study of American Folklore an Introduction. New York: W.W. Norton 7 Co. Inc.

Cheppy, H.C. 1998. Pendidikan Moral dalam Berbagai Pendekatan. Jakarta: Depdikbud.

Danandjaja, James. 2002. Folklor Indonesia Ilmu Gosip, Dongeng, dll. Jakarta: Grafiti Press.

Darma, Budi. 1981. Moral dalam Sastra. Pidato Ilmiah. Surabaya: IKIP.

Darjat, Zakiah. 1985. Membina Nilai-nilai Moral di Indonesia. Jakarta: Bulan Bintang. Departemen Agama, R.I. 1981. Nama dan Alamat Pondok Pesantren

Se-Indonesia.Jakarta: Balai Pustaka.

Departemen Pendidikan Nasional UPI. 2002. Pedoman Penulisan Karya Tulis Ilmiah. Bandung: UPI.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1994. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi

Dasar: Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan


(25)

Fang, L. 1991. Sejarah Kesusastraan Melayu Klasik. Jakarta: Erlangga. Faturohman, Taufik. 1983. Ulikan sastra. Bandung: CV. Djatnika.

Finnegan, Ruth. 1992. Oral Traditional and Verbal Art: a Gruide to Reserch Practice. London: Routladge.

Hutomo, S. S. 1991. Mutiara yang Terlupakan: Pengantar Studi Sastra Lisan. Surabaya: HISKI Komisariat Jawa Timur.

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten Iskandar, Yosep. 1997. Sejarah Jawa Barat. Bandung: Geger Sunten.

Kartini, Tini, Spk. 1986. Pupujian dalam Bahasa Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, Depdikbud.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Modrn. Bandung: CV.Wahana Karya Grafika. LBSS. 1990. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Moeis, D.N.1991. Makna Folklore Sangkurian Sebagai Karya Sastra Lisan dan Fungsinya di masyarakat Sunda (Studi Kasus di Kotamadya Bandung) Disertasi. Bandung Universitas Padjajaran.

Nurgianoro, Burhan. 2002. Penilaian dalam Pengajaran Bahasa dan Sastra. Jogjakarta: BPFE.

Ratna, Nyoman Kutha. 2004. Teori, Metode dan Tehnik Panelitian sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ruhaliah. 2002. Diklat Kuliah Sejarah Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah,FPBS UPI.


(26)

Rusyana, Yus. 1971. Payungsi sastra. Bandung: Geger Sunten.

___________. 1978. Sastra Lisan Sunda: Carita Karyhun, Kajajadén, jeung Dedemit. Jakarta: Depdikbud.

___________. 1984. Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan . Bandung: CV. Dipenogoro .

___________. 2000. Memperlakukan Sastra Berbahasa Indonesia dan Sastra

Berbahasa Daerah Sebagai Sastra Milik Nasional. Makalah dalam pertemuan

Hiski: Solo 2-4 Oktober 2000.

Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Jakarta: Garaco. Semi Atar. 1995. Metode Penelitian Sastra. Bandung: Angkasa.

Situmorang, Sitor. 1983. Metodologi Pengajaran Puisi. Flores: Nusa Indah. Sudjiman, Panuti. 1990. Kamus Istilah Sastra. Jakarta: UI-Press.

Sumardjo, Jakob& Saini, K.M. 1987. Apresiasi Kasusastraan. Jakarta: Gramedia. Sumarsono, Tatang. 1971. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung. Surakhmad, Winarno. 1983. Pengantar Penelitian. Bandung: Tarsito.

Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. ___________________. 2003. Kamus Lengkap Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda

Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Teeuw, A. 1988. Indonesia antara Kelisanan dan Keberaksaraan. Jakarta

Vensina, Yan. 1973. Oral Tradition as History Translated by H.M. Wright Harmond Worth Midlle Sex. England: Penguin Book Ltd.

Waluyo, Herman. 1965. Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga. Wibisana, Wahyu. 2002. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.


(1)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Aya sababaraha hal dina ieu panalungtikan nu bisadicindekkeun, diantarana:

Dumasar strukturna, nya éta wangun jeung eusi ieu pupujian téh ngabogaan wangun kantétan dua, kantétan kantétan opat, kantétan robah, jeung kantétan lima. Eusi ieu pupujian ngeunan: 1) Muji kaagungan Gusti Alloh SWT; 2) Solawat ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW; 3) Ngadu’a jeung tobat ka Gusti Alloh SWT; 4) Ménta pitulung ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW; 5) Naséhat pikeun ngajalankeun ibadah jeung amal soléh sarta ngajauhan ma’siat; 6) Ajaran ngeunaan agama, upamana kaimanan, rukun Islam, fikir, akhlak,surga, naraka jeung tafsir Qur’an.

Eusipupujian ngandung ajén-ajén nu hadé nya éta umajak, méré nyaho, nganjurakeun, jeung ngélingan, méré pesen atawa amanat sangkan milampah laku hadé. Ieu pesen téh nu disebut ajaran moral (étika) sarta karohanian rasa kaagamaan minangka fokus dina pupujian kalawan ngabogaan tujuan sangkan leuwih ningkatkeun kaimanan jeung katakwaan ka Alloh SWT.

Ajén moral téh ngawengku pituduh ngeunaan sikep jeung paripolah nu aya hubungananana antara manusa jeung Allah SWT, hubungan manusa jeung manusa, sarta hubungan manusa jeung lingkunganana


(2)

Kontribusina pupujian pikeun atikan jeung bisa dijadikeun bahan pembelajaran di sakola-sakola lantaran pupujian mangrupa karya sastra anu rék ditepikeun ti pangarang ka nu maca ngaliwatan karya sastrana, anu euyeub ku pesen moral anu raket patalina jeung sipat-sipat luhung kamanusaan, diantarana nu aya kaitanana jeung perkara solat, élmujeungpépéling atawa naséhat

Dina ciri tradisi lisan pupujian téh diwariskeun sacara turun-tumurun ti generasi nu hiji ka generasi nu satuluyna. Proses regenerasi pupujian ku cara tradisi lisan. Nu nganadomkeumkeun pupujian kalawan tuluy-tuluyan ngadéngékeun pupujian dinadomkeun di masjid nalika unggal rék ngadagoan solat berjamaah, jeung nalika rék dimimitian pangajian.

5.2. Saran-saran

Ieu panalungtikan dipiharep bisa meré dampak pikeun guru sastra, panalungtikan tradisi lisan, elmu sastra, ngamumulé budaya, jeung syiar agama. Hal-hal nu perlu jadi tinimbangan saba’dana panalungtikan, nya éta;

1) Pihak pamaréntah bisa ngajadikeun tinimbangan budaya daérah téh jadi asset dina ngamekarkeun daérahna;

2) Hasil panalungtikan bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan pangajaran basa jeung sastra disakola-sakola;

3) Jadi babandingan jeung panalungtikan nu sajenis nu leuwih hadé; 4) Pupujian kudu tuluy dimumulé sabagé sarana syia agama Islam jeung


(3)

5) Ngeuyeuban sastra lisan khususna pupujian jeung bisa dijadikeun inspirasi pikeun sastrawan modern sarta bisa dijadikeun bacaan nu saluyu pikeun pendidikan, jeung bisa jadi bahan apresiasi sastra; 6) Kurikulum muatan lokal hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan

pembelajaran muatan lokal ngeunaan tradisi jeung adat istiadat. 7) Ajén moral jeung ajén budaya nu aya dina pupujian bisa méré dampak


(4)

DAFTAR PUSTAKA

Bertens, Kees. 1994. Etika. Jakarta: Gramedia.

Brand, John. in Richard, M. D. (ed). 1968. Peasant Customs and Savage Myths.

London: Routledge & Kegan Paul.

Brundvand. J.H. 1968. The Study of American Folklore an Introduction. New York:

W.W. Norton 7 Co. Inc.

Cheppy, H.C. 1998. Pendidikan Moral dalam Berbagai Pendekatan. Jakarta:

Depdikbud.

Danandjaja, James. 2002. Folklor Indonesia Ilmu Gosip, Dongeng, dll. Jakarta: Grafiti

Press.

Darma, Budi. 1981. Moral dalam Sastra. Pidato Ilmiah. Surabaya: IKIP.

Darjat, Zakiah. 1985. Membina Nilai-nilai Moral di Indonesia. Jakarta: Bulan Bintang.

Departemen Agama, R.I. 1981. Nama dan Alamat Pondok Pesantren

Se-Indonesia.Jakarta: Balai Pustaka.

Departemen Pendidikan Nasional UPI. 2002. Pedoman Penulisan Karya Tulis Ilmiah.

Bandung: UPI.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. 1994. Kamus Besar Bahasa Indonesia.

Jakarta: Balai Pustaka

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi

Dasar: Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan


(5)

Fang, L. 1991. Sejarah Kesusastraan Melayu Klasik. Jakarta: Erlangga.

Faturohman, Taufik. 1983. Ulikan sastra. Bandung: CV. Djatnika.

Finnegan, Ruth. 1992. Oral Traditional and Verbal Art: a Gruide to Reserch Practice.

London: Routladge.

Hutomo, S. S. 1991. Mutiara yang Terlupakan: Pengantar Studi Sastra Lisan.

Surabaya: HISKI Komisariat Jawa Timur.

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten

Iskandar, Yosep. 1997. Sejarah Jawa Barat. Bandung: Geger Sunten.

Kartini, Tini, Spk. 1986. Pupujian dalam Bahasa Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan

Pengembangan Bahasa, Depdikbud.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Modrn. Bandung: CV.Wahana Karya Grafika.

LBSS. 1990. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Moeis, D.N.1991. Makna Folklore Sangkurian Sebagai Karya Sastra Lisan dan Fungsinya di masyarakat Sunda (Studi Kasus di Kotamadya Bandung)

Disertasi. Bandung Universitas Padjajaran.

Nurgianoro, Burhan. 2002. Penilaian dalam Pengajaran Bahasa dan Sastra.

Jogjakarta: BPFE.

Ratna, Nyoman Kutha. 2004. Teori, Metode dan Tehnik Panelitian sastra. Yogyakarta:

Pustaka Pelajar.

Ruhaliah. 2002. Diklat Kuliah Sejarah Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa


(6)

Rusyana, Yus. 1971. Payungsi sastra. Bandung: Geger Sunten.

___________. 1978. Sastra Lisan Sunda: Carita Karyhun, Kajajadén, jeung Dedemit.

Jakarta: Depdikbud.

___________. 1984. Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan . Bandung: CV.

Dipenogoro .

___________. 2000. Memperlakukan Sastra Berbahasa Indonesia dan Sastra

Berbahasa Daerah Sebagai Sastra Milik Nasional. Makalah dalam pertemuan

Hiski: Solo 2-4 Oktober 2000.

Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Jakarta: Garaco.

Semi Atar. 1995. Metode Penelitian Sastra. Bandung: Angkasa.

Situmorang, Sitor. 1983. Metodologi Pengajaran Puisi. Flores: Nusa Indah.

Sudjiman, Panuti. 1990. Kamus Istilah Sastra. Jakarta: UI-Press.

Sumardjo, Jakob& Saini, K.M. 1987. Apresiasi Kasusastraan. Jakarta: Gramedia.

Sumarsono, Tatang. 1971. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.

Surakhmad, Winarno. 1983. Pengantar Penelitian. Bandung: Tarsito.

Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

___________________. 2003. Kamus Lengkap Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda

Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Teeuw, A. 1988. Indonesia antara Kelisanan dan Keberaksaraan. Jakarta

Vensina, Yan. 1973. Oral Tradition as History Translated by H.M. Wright Harmond Worth Midlle Sex. England: Penguin Book Ltd.

Waluyo, Herman. 1965. Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga.