ASPÉK PSIKOLINGUISTIK SOSIAL DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA: Ulikan Gambaran Watek Urang Sunda.

(1)

Siska Pertiwi, 2013

ASPÉK PSIKOLINGUISTIK SOSIAL DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA

(Ulikan Gambaran Watek Urang Sunda)

SKRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku Siska Pertiwi

(0906772)

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013

(2)

Siska Pertiwi, 2013

Aspék Psikolinguistik Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda (Ulikan Gambaran Watek Urang Sunda)

Oleh Siska Pertiwi

Skripsi ini Disusun untuk Memenuhi Salah satu Syarat Memperoleh Gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Program Studi Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda

© Siska Pertiwi 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Oktober 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

Siska Pertiwi, 2013

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

SISKA PERTIWI 0906772

ASPÉK PSIKOLINGUISTIK SOSIAL DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA

(Ulikan Gambaran Watek Urang Sunda)

DISALUYUAN JEUNG DISAHKEUN KU :

Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP. 196302101987031001

Pangaping II,

Drs. H. Oleh Solehudin, M.Pd. NIP. 19570101198021004

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 196408221989031001

(4)

Siska Pertiwi, 2013

ASPÉK PSIKOLINGUISTIK SOSIAL DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA

(Ulikan Gambaran Watek Urang Sunda) 1)

Siska Pertiwi2)

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan aspék psikolinguistik sosial dalam babasan dan paribasa (peribahasa) Sunda dan gambaran karakter orang Sunda yang ada dalam peribahasa Sunda. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analisis dengan menggunakan teknik telaah pustaka pada buku kumpulan peribahasa Sunda. Hasil penelitian ini menyimpulkan bahwa terdapat enam aspék psikolinguistik dalam peribahasa Sunda, yaitu aspék: (1) gotong royong; (2) silih tulungan; (3) silih

hargaan; (4) tali mimitran; (5) kakulawargaan; dan (6) sauyunan. Selain itu, hasil

penelitian ini membahas 59 gambaran watak orang Sunda yang terdapat dalam peribahasa Sunda, yang terbagi dalam lima tipologi watak berdasarkan kebudayaan, watak campuran tipologi, watak khusus, dan watak yang terdapat dalam peribahasa Sunda. Setelah itu, penelitian ini membahas tentang hubungan antara peribahasa Sunda dan aspék psikolinguistik sosial dalam menggambarkan watak orang Sunda. Hasil temuan ini direkomendasikan untuk menjadi referensi tambahan dalam khazanah ilmu psikolinguistik.

kata kunci : Psikolinguistik sosial, babasan dan paribasa Sunda, watak

1) Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Drs. H. Oleh Solehudin, M.Pd.

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2009

(5)

Siska Pertiwi, 2013

SOCIAL PSYCHOLINGUISTICS ASPECT IN PROVERB SUNDA

(Consideration to Describe People of Sunda Character)

Siska Pertiwi1)

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI busispastismart2@yahoo.co.id

ABSTRACT

The purpose of the research are to describe social psycholinguistics aspect in

babasan and paribasa Sunda and image of sundanese character is in sundanese

proverb. This research use analysis descriptive method use study literature technic at sundanese proverb collection book. The result of the research is conclude that there is six psycholinguistics aspect in sundanese proverb, that is (1) gotong royong; (2) silih

tulungan; (3) silih hargaan; (4) tali mimitran; (5) kakulawargaan; dan (6) sauyunan.

In addition, the results of this study discusses 59 character description contained in the Sundanese proverb, which is divided into five character typology based on culture, mixed character typology, special character, and character contained in the sundanese proverb. After that, the study discusses the relationship between proverbs Sunda psycholinguistics and social aspects in describing the nature of the Sundanese. These findings are recommended to be added in the realm of science reference psycholinguistics.

Key words : Psycholinguistics social, babasan and paribasa Sunda, character 1) This Thesis under the guidance of Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. and Drs. H.O.

Solehudin, M.Pd.

2) Student Language Education Department at UPI Bandung District FPBS force in 2009

(6)

Vii

Siska Pertiwi, 2013

DAPTAR EUSI

Kaca

PANGJAJAP……….

TAWIS NUHUN………

ABSTRAK……….

DAPTAR EUSI………..

DAPTAR TABÉL……….

DAPTAR BAGAN……….

DAPTAR LAMPIRAN……….

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah……….. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah………... 1.2.1 Watesan jeung Rumusan Masalah……….

1.2.2 Rumusan Masalah……….

1.3 Tujuan Panalungtikan………... 1.3.1 Tujuan Umum……… 1.3.2 Tujuan Husus………. 1.4 Mangpaat Panalungtikan……….. 1.4.1 Mangpaat Téoritis……….. 1.4.2 Mangpaat Praktis………... 1.5 Sistematika Nyusun Skripsi……….. BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG

ANGGAPAN DASAR

2.1 Ulikan Tiori………..

2.1.1 Babasan jeung Paribasa Sunda………. 2.1.1.1 Babasan………... 2.1.1.2 Paribasa……….. 2.1.2 Aspék Psikolinguistik Sosial……….

i ii vi vii ix x xi 1 3 3 4 4 4 4 5 5 5 5 7 7 8 9 11

(7)

Siska Pertiwi, 2013

2.1.2.1 Aspék Psikologi……….. 2.1.2.2 Aspék Interaksi Sosial……… 2.1.3 Watek……… 2.1.3.1 Wangenan Watek………... 2.1.3.2 Gambaran Watek Urang Sunda………. 2.1.3.3 Papasingan Watek dumasar Ajén Kabudayaan (Téori

Spranger)………

2.2 Raraga Mikir………

2.3 Anggapan Dasar………...

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data………. 3.2 Desain Panalungtikan………... 3.3 Métode Panalungtikan………..

3.4 Wangenan Operasional……….

3.5 Instrumén Panalungtikan……….. 3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data……….. 3.7 Téhnik Ngolah Data………. BAB IV ASPÉK PSIKOLINGUISTIK SOSIAL DINA BABASAN

JEUNG PARIBASA SUNDA (Ulikan Gambaran Watek Urang Sunda)

4.1 Analisis Aspék Psikolinguistik Sosial……...………... 4.1.1 Aspék Gotong Royong………...…………... 4.1.2 Aspék Silih Tulungan………...…………. 4.1.3 Aspék Silih Hargaan……….. 4.1.4 Aspék Tali Mimitran………...…….. 4.1.5 Aspék Kakulawargaan………...…… 4.1.6 Aspék Sauyunan………...…. 4.2 Analisis Gambaran Watek Urang Sunda………. 4.2.1 Gambaran Watek Dumasar Tipologina……….

12 13 17 17 18 20 23 24 25 25 27 27 27 28 29 31 31 33 35 38 42 47 49 49

(8)

ix

Siska Pertiwi, 2013

4.2.1.1 Manusa Téori………..

4.2.1.2 Manusa Ékonomi………

4.2.1.3 Manusa Éstétis………

4.2.1.4 Manusa Agama..………. 4.2.1.5 Manusa Sosial………. 4.2.1.6 Manusa Kawasa……….. 4.2.1.7 Gambaran Watek Campuran Tipologi……… 4.2.2 Gambaran Watek Husus Urang Sunda Dumasar Data

Depdikbud taun 1977………..

4.2.2.3 Gambaran Watek anu Kapanggih tina Babasan jeung

Paribasa Sunda………

4.2.3 Patalina Babasan jeung Paribasa Sunda jeung Aspék Psikolinguistik Sosial pikeun Ngagambarkeun Watek

Urang Sunda……….

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan………...

5.2 Saran……….

DAPTAR PUSTAKA………

LAMPIRAN………

RIWAYAT HIDUP………

50 54 59 66 68 75 76

81

96

100

102 106

107 109 160

(9)

Siska Pertiwi, 2013

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Manusa nya éta mahluk anu miboga akal, béda jeung mahluk séjénna. Lantaran akal éta anu ngajadikeun manusa minangka mahluk anu miboga adab atawa aturan anu tangtu. Pikeun ngawangun manusa jadi mahluk anu miboga adab diwangun ku prosés pendidikan, boh pendidikan formal anu aya di sakola-sakola boh pendidikan informal anu datangna ti rupa-rupa sumber kayaning, pangajian, warahan kolot, lingkungan, jeung sajabana. Ieu hal luyu jeung kamandang Prof. Syed Muhammad Naquib al-Attas (2011:41), nyebutkeun yén tujuan pendidikan nya éta pikeun ngahasilkeun jalma anu hadé (to produce a good man).

Manusa disebut miboga adab saupama wanoh ka nu Nyiptakeunna jeung wanoh ka dirina sorangan. Tangtuna kabéh gé apal kana ungkara mun teu wanoh

moal bogoh, anu hartina manusa moal bisa mikanyaah hiji hal saupama teu wanoh

kana hal anu rék dipikanyaahna nya éta dirina jeung nu Mahakawasa. Maksud diri éta lain ngan saukur diri pribadi tapi maksudna nya éta lingkungan di mana manusa hirup kumbuh anu biasana dihubungkeun jeung séké sélér bangsa, anu salasahijina nya éta séké sélér Sunda. Sedengkeun maksud Tuhan atawa nu Mahakawasa nya éta agama anu diagem nu unggal jalma.

Ayana agama atawa aliran-aliran kaagamaan mangrupa salasahiji tarékah pikeun mikawanoh dzat anu nyiptakeun manusa. Ari pikeun mikawanoh diri manusa kudu mikanyaho karakter atawa idéntitas bangsana sorangan anu kawengku dina budaya jeung tradisi anu hirup di lingkunganana. Salasahiji warisan budaya anu hirup di masarakat Sunda nya éta babasan jeung paribasa.

Babasan jeung paribasa nya éta warisan basa anu diturunkeun ku karuhun urang Sunda. Babasan jeung paribasa mangrupa kabudayaan kolektif. Ku kituna, babasan jeung paribasa kaasup kana folklor lisan, lantaran wangunna murni ucapan tina lisan. Babasan jeung paribasa sok disebut ogé peribahasa, pepatah, atawa ungkapan dina basa Indonesia pikeun ngaganti kecap idiom atawa proverb dina basa Inggris, anu hartina mah méh sarua, nya éta ungkara matok atawa

(10)

2

Siska Pertiwi, 2013

maneuh anu miboga harti injeuman, maksudna nya éta miboga harti anu henteu saujratna minangka salasahiji wanda kamonésan basa.

Rosidi (2005:7) nyebutkeun yén eusi babasan jeung paribasa Sunda lain ngan saukur minangka kamonésan basa, tapi ngabogaan fungsi séjén nya éta: (1) bisa digunakeun pikeun mere naséhat; (2) bisa dipaké pikeun meupeuh arguméntasi lawan; (3) bisa ngagambarkeun situasi atawa kaayaan hiji jalma.

Tina pedaran di luhur atra yén tina babasan jeung paribasa bisa jadi rujukan pikeun mikanyaho gambaran situasi atawa kaayaan hiji jalma. Gambaran kaayaan di dieu tangtuna mangrupa watek anu aya dina diri manusa, hususna urang Sunda. Ieu hal minangka tarékah pikeun mikawanoh jati diri urang Sunda. Lantaran numutkeun téori psikolinguistik sosial, basa lain ngan saukur hiji gejala atawa idéntitas sosial, tapi mangrupa hiji beungkeutan batin jeung nurani anu teu bisa ditinggalkeun (Chaer, 2009:6-7).

Upamana urang Sunda katelah ku budina anu soméah, daréhdéh hadé ka sémah, katélah ku anggah-ungguhna anu hadé gogog hadé tagog, dedeg pangadegna hadé saimbang jeung omonganana nu sopan (Rosidi, 2009:63). Hal éta mangrupa salasahiji gambaran watek urang Sunda anu aya dina babasan jeung paribasa urang Sunda. Jadi réa babasan jeung paribasa anu bisa ngagambarkeun kaayaan, sikep, atawa watek urang Sunda anu nyieun jeung ngagunakeun ungkara-ungkara babasan jeung paribasa.

Babasan jeung paribasa umumna sumebar di hiji komunitas masarakat sacara tatalépa. Nanging aya sababaraha panulis anu ngumpulkeun babasan jeung paribasa jadi hiji buku. Contona waé nya éta Ajip Rosidi anu ngumpulkeun babasan jeung paribasa Sunda anu kapanggih dina karya sastra meunang pangarang Sunda anu geus teu bireuk deui. Tuluy aya ogé R.M Gandasudirjdja, Budi Rahayu Tamsyah, Natasuwirya, jeung réa-réa deui anu ngabukukeun babasan jeung paribasa Sunda. Sakumaha anu kaguar yén babasan jeung paribasa téh boga peranan penting pikeun mikanyaho watek urang Sunda sacara umum.

Ku kituna, karakter masarakat Sunda bisa dianalisis ngaliwatan pakeman basa anu masih kénéh hirup di masarakat kayaning babasan jeung paribasa. Tina pakeman basa anu hirup ti jaman baheula nepi ka kiwari, bakal kasawang

(11)

Siska Pertiwi, 2013

cecekelan hirup anu masih kénéh dipulasara ku masarakat nu maké basana, anu kagambar jeung ngagambarkeun watek (karakter) pamaké basa éta sorangan.

Anapon panalungtikan ngeunaan babasan jeung paribasa anu kungsi dilaksanakeun di antarana nya éta: “Babasan Paribasa dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karangan Karna Yudibrata, Korélasi antara Pangaweruh jeung Kamampuh Ngagunakeun Babasan Siswa SLTP Negeri Cicalengka” (Siswandi:2005), “Unsur Purwakarti dina Babasan jeung Paribasa Sunda pikeun Bahan Pangajaran di SLTP” (Kurniati:2004), sarta “Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan Linguistik Antropologis)” (Novianti:2012). Sanajan sarua pada-pada nalungtik ngeunaan babasan jeung paribasa, tapi hal anu diguar tina unggal panalungtikan henteu sarua.

Dumasar hal di luhur, pikeun ngaguar kumaha waé watek urang Sunda anu kagambar dina babasan jeung paribasa, mangka diayakeun panalungtikan dina judul “Aspék Psikolinguistik Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda (Ulikan Gambaran Watek Urang Sunda)”. Anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan séjén nya éta baris medar ngeunaan watek urang Sunda sacara umum tina babasan jeung paribasa Sunda. Hasilna bisa jadi gambaran pikeun balaréa mikawanoh watek atawa karakter urang Sunda sangkan diri urang teu kabawa sakaba-kaba ku arus jaman. Mugia tiasa jadi élmu pangaweruh nu jadi tatapakan dina ngama’naan kahirupan.

1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Masalah dina ieu hal mangrupa puseur pedaran anu jadi galeuhna panalungtikan. Lantaran jembar pisan hal anu bisa dijadikeun masalah pikeun bahan panalungtikan. Tapi sangkan ieu panalungtikan bisa langsung nepi kana udagan, masalah anu ditalungtik diwatesanan. Masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan nya éta masalah objektif anu leuwih museur kana unsur-unsur watek anu ngawangun kapribadian urang Sunda anu nyampak dina babasan jeung paribasa anu sumebar dina karya sastra.

(12)

4

Siska Pertiwi, 2013

1.2.2 Rumusan masalah

Dumasar kana watesan masalah tadi, masalah panalungtikanana dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

a. Naon baé aspék-aspék psikolinguistik sosial anu aya dina babasan jeung paribasa Sunda?

b. Watek urang Sunda naon waé anu kapaluruh tina babasan jeung paribasa Sunda?

c. Kumaha patalina antara babasan jeung paribasa Sunda jeung aspék psikolinguistik sosial pikeun méré gambaran watek urang Sunda?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina disusunna ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun ulikan gambaran watek urang Sunda anu kapaluruh tina babasan jeung paribasa Sunda ngagunakeun pamarekan psikolinguistik sosial. Salian ti éta, ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa méré fungsi séjén tina babasan jeung paribasa Sunda, nepi ka urang Sunda leuwih bisa mikawanoh jeung nguatan jati dirina sangkan henteu nepi ka jati kasilih ku junti.

1.3.2 Tujuan Husus

Saperti halna nu geus dipedar dina tujuan umum ieu panalungtikan, sacara jéntré panalungtikan ieu mibanda sababaraha tujuan husus, di antarana pikeun maluruh jeung ngadéskripsikeun:

a. aspék-aspék psikolinguistik sosial anu aya babasan jeung paribasa Sunda;

b. watek urang Sunda anu kapaluruh tina babasan jeung paribasa Sunda; jeung

c. hasil tafsiran patalina antara babasan jeung paribasa Sunda jeung aspék psikolinguistik sosial pikeun méré gambaran watek urang Sunda.

(13)

Siska Pertiwi, 2013

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis

Mangfaat téoritis tina ieu panalungtikan nya éta sangkan bisa méré hiji gambaran ngeunaan téori psikolinguistik sosial salaku media pikeun maham hal-hal anu aya nyangkaruk dina pakeman basa (babasan jeung paribasa). Sarta sangkan leuwih mikanyaho karakter masyarakat Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Dipiharep ku ayana panalungtikan ieu, bisa ngadéskripsikeun babasan jeung paribasa Sunda pikeun nambahan pangaweruh anu maca jeung nguatan téori ngeunaan psikolonguistik sosial sarta kabasaan Sunda.

Ngadéskripsikeun gambaran watek (karakter) anu nyampak dina babasan jeung paribasa anu sumebar dina karya sastra Sunda anu satuluyna bakal kaguar kumaha papasinganana sangkan bisa dilenyepan tur dipaké dina kahirupan sapopoé.

Hasil panalungtikan ieu ogé diarahkeun pikeun némbongkeun fungsi séjén tina babasan jeung paribasa nya éta pikeun ngagambarkeun watek (karakter) urang Sunda sacara umum. Ku ayana kagiatan maluruh jeung ngadéskripsikeun ngeunaan watek anu aya dina babasan jeung paribasa, dipiharep urang Sunda bisa jadi masarakat anu beradab.

1.5 Sistematika Nulis

Sistematika panulisan dina ieu panalungtikan disusun jadi lima bab. BAB I Bubuka eusina nya éta kasang tukang masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi skripsi. Sarta dina BAB II Ulikan Téori, Raraga Mikir, jeung Anggapan Dasar anu medar téori ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda, aspék psikolinguistik sosial, aspék psikologi, aspék interaksi sosial, watek, gambaran urang Sunda, papasingan watek dumasar tipologi kabudayaan, raraga mikir jeung anggapan dasar.

Sedengkeun BAB III Métode Panalungtikan anu eusina ngeunaan sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, téknik

(14)

6

Siska Pertiwi, 2013

ngumpulkeun data, téknik ngolah data. BAB IV ngabahas hasil panalungtikan jeung analisis data medar ngeunaan déskripsi data, analisis data dumasar aspék psikolinguistik sosial, analisis gambaran watek urang Sunda, sarta patalina babasan jeung paribasa Sunda jeung aspék psikolinguistik sosial pikeun ngagambarkeun watek urang Sunda.

Sarta pamungkas aya BAB V Kacindekan jeung rékoméndasi (saran), nu medar ngeunaan kacindekan tina panalungtikan, sarta rékoméndasi panalungtik pikeun panalungtikan kahareupna. Teu hilap dideudeul ogé ku lampiran-lampiran anu dibutuhkeun nalika panalungtikan.

(15)

25

Siska Pertiwi, 2013

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Numutkeun Arikunto (2010:172) sumber data nya éta subjék data-data panalungtikan anu dibeunangkeun ku panalungtik. Ieu panalungtikan merlukeun sumber data pikeun meunangkeun data anu baris ditalungtik. Anapon sumber data anu diperlukeun dina ieu panalungtikan nya éta babasan jeung paribasa Sunda anu masih kénéh aya sarta dipaké di masarakat Sunda.

Aya dua sumber data dina meunangkeun data babasan jeung paribasa. Kahiji data primer, nya éta babasan jeung paribasa anu asalna ti panutur asli urang Sunda. Kadua data sekunder, nya éta babasan jeung paribasa anu geus dikumpulkeun mangrupa buku ku sababaraha pangarang. Pikeun ngawatesanan, kalancaran jeung efisiensi waktu ieu panalungtikan, sumber data dina ieu panalungtikan ngagunakeun sumber data sekunder anu geus aya. Sumber data anu digunakeun nya éta tina buku 700 Paribasa Sunda meunang nyusun Gandasudirdja (1977), 1000 Babasan jeng Paribasa Sunda meunang nyusun Tamsyah (1994), Babasan & Paribasa Kabeungharan Basa Sunda meunang nyusun Rosidi (2005), jeung Babasan & Paribasa Kabeungharan Basa Sunda 2 meunang nyusun Rosidi (2010). Tina éta sumber, data nu aya dikumpulkeun tuluy dipilih sarta dianalisis babasan jeung paribasa anu ngarojong tur nuduhkeun déskripsi watek (karakter) urang Sunda dumasar kajian psikolinguistik sosial.

3.2 Desain Panalungtikan

Sangkan ieu panalungtikan bisa kalaksana kalayan lancar perlu ditangtukeun desain panalungtikanna. Desain panalungtikan anu dimaksud nya éta bagan atawa gambar anu nuduhkeun léngkah-léngkah anu dilakukeun panalungtik dina ngalaksanakeun panalungtikan. Léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan kagambar dina bagan 3.1 ngeunaan desain panalungtikan.

(16)

26

Siska Pertiwi, 2013

MASALAH

a. Aspék psikolinguistik sosial anu aya dina babasan jeung paribasa Sunda.

b. Watek urang Sunda anu kapaluruh tina babasan jeung paribasa Sunda.

c. Patalina antara babasan jeung paribasa Sunda jeung aspék psikolinguistik sosial pikeun méré gambaran watek urang Sunda.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan ALAT DAN INSTRUMEN

a. Kartu Data b. Tabel Data

NGAGUNAKEUN TÉHNIK a. Ngumpulkeun Data (Téhnik

Studi Pustaka)

b. Ngolah Data (Analisis Unsur Langsung kana Semantik)

ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI DATA a. Analisis Aspék Psikolinguistik Sosial

b. Analisis Gambaran Watek Urang Sunda

c. Patalina Babasan jeung Paribasa Sunda jeung Apsék

Psikolinguistik Sosial pikeun Gambaran Watek Urang Sunda

KACINDEKAN Gambaran Watek Urang Sunda

(17)

Siska Pertiwi, 2013

3.3 Métode Panalungtikan

Métode bisa dihartikeun minangka cara mikir numutkeun aturan atawa sistem anu tangtu. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode analisis déskriptif. Métode déskriptif mangrupa métode anu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, situasi, kajadian, kagiatan, jeung sajabana, anu hasilna disusun dina wangun laporan (Arikunto, 2010:3). Métode déskriptif luyu jeung tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun hasil analisis korélasi watek urang Sunda anu kaproyéksikeun dina babasan jeung paribasa Sunda.

Panalungtikan ieu dilaksanakeun sacara kualitatif. Maksudna panalungtik dina meunangkeun data panalungtikan dilakukeun sacara objéktif. Data anu geus aya tuluy dianalisis sarta dipasing-pasing dumasar kana téori anu geus disusun.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré tur nyingkahan ayana salah tapsir atawa ambiguitas ti nu maca, ku kituna di handap ieu diébréhkeun ngeunaan operasional tina ieu panalungtikan, nya éta:

a. Babasan jeung paribasa Sunda

Babasan jeung paribasa Sunda nya éta pakeman basa nu kaasup folklor lisan, miboga kecap konci nu matok sarta miboga harti ijeuman. Babasan wangunna nyoko kana keccap rundayan, kantétan, jeung rajékan. Sedengkeun paribasa nyoko kana wangun klausa jeung kalimah.

b. Psikolinguistik sosial

Psikolinguistik sosial nya éta ulikan basa anu medar aspék-aspék kajiwaan pikeun maham beungkeutan batin hiji masarakat.

c. Watek (karakter)

Watek nya éta sipat batin manusa anu mangaruhan pikiran jeung paripolah, sok disaruakeun jeung adat kabiasaan.

3.5Intrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat anu dipaké pikeun meunangkeun data panalungtikan jeung nganalisis data panalungtikan. Data diperlukeun pikeun

(18)

28

Siska Pertiwi, 2013

ngajawab masalah dina ieu panalungtikan. Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun meunangkeun gambaran watek urang Sunda tina babasan jeung paribasa Sunda ngaliwatan téori Psikolonguistik sosial.

Instrumén panalungtikan anu digunakeun pikeun meunangkeun data dina ieu panalungtikan nya éta make kartu data. Kartu data digunakeun pikeun ngumpulkeun data babasan jeung paribasa Sunda tina buku babasan jeung paribasa. Dina kartu ieu kartu data make urutan huruf abjad, babasan jeung paribasa sarta ma‟nana, jeung aspék psikolinguistik sosial. Anapon format kartu datana digambarkeun saperti kieu.

Kode Data: 125/Bb12

a. Paheuyeuk-heuyeuk lengeun

„Silih bantuan, silih bélaan, silih tulungan.‟ b. Déskripsi jeung analisis data

Aspék Psikolinguistik Sosial Silih tulungan

“Dina kagiatan interaksi sosial jeung papada manusa di masarakat, jeung

orang Sunda sok silih tulungan, sarta tara bisa jeung dipahing saupama antepan.”

Bagan 3.2 Kartu Data

Nomer 125 dina kode data mangrupa nomor urut dumasar kana alfabet.

Kode “Bb” mangrupa singgetan tina babasan aya ogé kode “Pb” anu hartina

paribasa. Sedengkeun nomer anu aya sanggeusna nya éta urutan anu dumasar

kana nomer urut data.

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngumpulkeun data nya éta maké téhnik studi pustaka. Studi pustaka dina ieu panalungtikan maksudna telaah literasi ngeunaan bahan kajian jeung objék panalungtikan. Studi pustaka diperlukeun pikeun meunangkeun objék panalungtikan anu sumberna tina

(19)

Siska Pertiwi, 2013

literasi, sarta dibutuhkeun pikeun néangan téori-téori jeung sumber anu ngarojong kana panalungtikan.

3.7Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta maké téhnik analisis. Data nu geus dikumpulkeun tina hasil studi pustaka perlu ditafsirkeun sangkan bisa méré gambaran leuwih jembar jeung méré alternatif jawaban kana masalah anu jadi puseur panalungtikan. Data anu baris diolah ieu, di antarana:

a. maca buku babasan jeung paribasa Sunda;

b. nangtukeun jeung nyirian babasan jeung paribasa anu kaasup kana aspék Psikolinguistik sosial;

c. nganomeran babasan jeung paribasa;

d. masing-masing data dumasar kana aspék psikolinguistik sosial; jeung e. nganalisis babasan jeung paribasa anu némbongkeun watak (karakter)

(20)

102

Siska Pertiwi, 2013

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil déskripsi jeung analisis aspék psikolinguistik sosial dina babasan jeung paribasa pikeun ngagambarkeun gambaran watek urang Sunda dina bab saméméhna, bisa dicindekkeun jadi sababaraha hal anu dipedar di handap ieu.

a. Babasan jeung Paribasa Sunda anu Aya Patalina jeung Aspék Psikolinguistik Sosial

Babasan jeung paribasa Sunda saupama dikumpulkeun tina sumber tinulis jumlahna bisa leuwih kana 1000 data. Tina éta kumpulan data kapanggih data anu aya patalina jeung aspék psikolinguistik sosial sarta ngagambarkeun watek urang Sunda anu jumlahna aya 300 data.

b. Aspék Psikolinguistik Sosial

Aspék psikolinguistik sosial nya éta jihat batin basa anu patali jeung aspék sosial basa. Aspék psikolinguistik sosial anu diwangun dumasar tina data babasan jeung paribasa aya genep rupa, nya éta:

Kahiji, aspék gotong royong. Hal anu patali jeung aspék gotong royong

nya éta migawé hiji hal sangkan leuwih ringan jeung hasilna leuwih nyugemakeun, saperti anu kaugel dina ungkara: Paheuyeuk-heuyeuk

leungeun, anu hartina gawé bareng, silih bantuan, pasokong-sokong.

Kadua, aspék silih tulungan. Hal anu kaugel dina aspék silih tulungan

nya éta silih bantuan jeung sasama dina nyanghareupan masalah anu karandapan. Saperti anu karekam dina babasan: Silih élédan anu hartina,

‘Silih éléhan, silih agéhan, henteu aya nu hayang meunang sorangan, tapi silih bantuan dina sagala hal.’

Katilu, aspék silih hargaan. Dina enggoning nyanghareupan jalma anu

béda-béda ayana silih hormat jeung silih hargaan waktu hirup kumbuh, jadi hal anu penting. Tujuanna nya éta sangkan taya anu ngarasa raheut manah ku 102

(21)

Siska Pertiwi, 2013

kalakuan atawa ucapan anu dilakukeun. Ieu hal luyu jeung paribasa Hadé

gogog hadé tagog anu hartina, nya éta: hadé basa, budi parangi, jeung sikep,

nyaho tata-titi.

Kaopat, aspék tali mimitran. Ieu aspék ngagambarkeun rupa-rupa

hubungan sosobatan anu dipimilik ku masarakat Sunda, hususna anu kapanggih tina babasan jeung paribasa minangka aspék psikolinguitik sosial masarakat Sunda. Contona waé: Lir jeung dulur pet ku hinis anu hartina, nya éta: sosobatan jeung deungeun-deungeun tapi ku medok-medokna nepi ka jiga jeung dulur patungturun hulu.

Kalima, aspék kakulawargaan. Ieu aspék medar ngeunaan hubungan

jeung rasa anu karandapan sacara kulawarga boh jeung dulur sagetih boh jeung deungeun-deungeun. Contona bisa diilikan dina paribasa: Pétot béngo

dulur sorangan, anu hartina, nya éta: sanajan boga dosa, dina seuhseuhanana

mah ka baraya moal téga ngantep mun aya karerepet.

Kagenep, aspék sauyunan anu ngagambarkeun prinsip babarengan

urang Sunda dina hirup kumbuhna. Contona atra katitén dina babasan:

Sapapait samamanis ‘Sabagja, sacilaka, sauyunan, boh keur senang boh keur cilaka.’

c. Gambaran Watek Urang Sunda tina Babasan jeung Paribasa

Jumlah watek anu kagambar dina babasan jeung paribasa aya 59. Eusi dina ieu panalungtikan ngeunaan gambaran watek urang Sunda dipedar dumasar kana kelompokna nya éta, dumasar tipologi kabudayaan, watek campuran tipologi, digolongkeun jadi watek husus, sarta watek anu kapanggih dina babasan jeung paribasa Sunda.

Gambaran watek urang Sunda anu dibagi dumasar kana tipologi kabudayaan nya éta jadi: (1) manusa téori; (2) manusa ékonomi; (3) manusa éstétis; (4) manusa agama; (5) manusa sosial; jeung (6) manusa kawasa. Unggal kelompok tipologi miboga ciri has anu tangtu. Manusa téori nya éta tipe jalma anu pinter, objektif, tara basa-basi, jeung resep kana élmu pangaweruh. Manusa ékonomi nya éta jalma anu udagan hirupna sangkan

(22)

104

Siska Pertiwi, 2013

mapan dina segi ékonomi. Manusa éstétis nya éta jalma anu dorongan sikep batinna leuwih museur kana kaéndahan jeung tinimbangan rasa. Manusa agama nya éta tipe jalma anu ngajalanan hirupna luyu jeung papagon agama anu diagemna. Manusa sosial ogé teu bisa hirup nyorangan, sarta ngarasa bungah saupama bisa méré mangfaat keur balaréa. Pamungkas jalma kawasa nya éta tipe jalma anu miboga udagan hayang miboga kalungguhan atawa kakawasaan anu luhur.

Gambaran watek campuran tipologi kabudayaan nya éta gambaran sababaraha watek anu bisa kaasup kana dua atawa leuwih tipologi watek. Watek anu bisa kaasup kana sababaraha tipologi ieu jumlahna aya lima watek, nya éta: (1) individualis; (2) éfisién; (3) progrésif; (4) ambisius; jeung (5) sarakah. Watek individualis dipimilik ku tipe manusa téori, ékonomi, jeung éstétis. Lantaran hal anu dianggap utama keur tilu tipe jalma ieu lain pikeun kapentingan nu séjén. Watek éfisién dipimilik ku tipologi manusa téori, ékonomi, jeung kawasa. Lantaran miboga karancagéan gawé anu éfisién bakal leuwih ngagampangkeun pikeun ngahontal udagan maranéhna. Watek progrésif aya dina tipologi watek manusa téori, ékonomi, jeung kawasa. Lantaran miboga pikiran jeung cara gawé anu progrésif dibutuhkeun pikeun ngahontal udagan anu ditangtukeun ku manusa téori, ékonomi, jeung kuasa. Watek ambisius luyu jeung ieu matek nya éta manusa ékonomi jeung manusa kawasa. Lantaran biasana nalika aya jalma anu miboga udagan kana harta atawa kakawasaan sok tara mundur nepi ka anu dipikahayangna tinekanan. Sarta watek sarakah, ieu watek bisa tumerap ka tipe jalma ékonomi anu mikahayang harta, ka manusa kawasa anu ngudag kalungguhan, jeung anu ka manusa téori anu hayang mikanyaho élmu pangaweruh.

Gambaran watek husus nya éta watek anu baris diguar sifatna fleksibel jeung teu nyoko kana tipe jalma dumasar kana tipologi. Jadi bisa waé dipimilik ku sakabéh tipe tipologi. Jumlah watek husus ieu aya 22, nya éta: (1) jujur; (2) amanah; (3) rajin; (4) rapih; (5) siaga; (6) béréhan; (7) terbuka; (8) rumasaan; (9) nembrak; (10) teu gurung gusuh; (11) curigaan; (12) sok titiru; (13) ngolot; (14) naif; (15) récok; (16) gampang ambek; (17) heuras;

(23)

Siska Pertiwi, 2013

(18) kasar; (19) teu bisa dipercaya; (20) licik; (21) borangan; jeung (22) kedul.

Pamungkas gambaran watek tina babasan jeung paribasa. Ieu watek kapanggih sabada niténan tina jihat harti babasan jeung paribasa. Jumlah watek anu kapanggih aya genep, nya éta watek: (1) wanian; (2) pangger; (3) adil, (4) teu adil (5) adigung; jeung (6) sok ngahasud.

d. Patalina Babasan jeung Paribasa Sunda jeung Aspék Psikolinguistik Sosial pikeun Ngagambarkeun Watek Urang Sunda

Patalina babasan jeung paribasa Sunda jeung aspék psikolinguistik sosial dina ngagambarkeun watek urang Sunda bisa dititénan tina wangenan aspék psikolinguistik sosial anu hartina interprétasi gagasan ngeunaan hal anu patali jeung jihat batin basa dina wengkuan sosial (urang Sunda). Sanggeus kitu, dihubungkeun kana fakta yén wengkuan sosial urang Sunda bisa ébréh ngaliwatan babasan jeung paribasa Sunda, lantaran eusi babasan jeung paribasa nu réréana ngungkarakeun ngeunaan rasa jeung pikiran urang Sunda. Aya sasaruan tina jihat batin basa tina aspék psikolinguistik sosial jeung eusi rasa jeung pikiran urang Sunda. Sarta lantaran gelarna babasan jeung paribasa asalna tina wangun basa lisan jeung tulisan sarta ngandung rasa jeung pikiran urang Sunda, écés katémbong babasan jeung paribasa ngandung énas-énas aspék psikolunguitik sosial. Ti dinya bakal gampang kasawang gambaran watek urang Sunda anu raket dina hubungan sosialna.

Urang Sunda nya éta hiji komunitas étnis anu kawangun ku unit kelompok kulawarga anu eusina mangrupa individu-individu. Di henteu-henteu ogé peran lingkungan pasti mangaruhan pola pikir, kitu ogé anu kaalaman ku unggal di individu di sakabéh daérah anu disebut Sunda. Ku kituna, hadé jeung goréng paripolahna bakal napak dina tingkah laku unggal pribadi. Sangkan bisa ngolah paripolah jadi watek anu hadé tangtuna hal anu mimiti kudu dilakukeun nya éta mikawanoh. Ayana ieu panalungtikan, mangrupa salah sahiji tarékah pikeun mikawanoh enas-enasna jati diri urang Sunda. Lain keur mertahankeun sagala

(24)

106

Siska Pertiwi, 2013

sacara gembleng tapi supaya bisa ngajieun urang bisa miceun watek diri anu goréng jeung mertahankeun anu alus.

5.2 Saran

Babasan jeung paribasa Sunda lain ngan mangrupa produk heubeul anu cukup dipikawanoh hungkul. Tapi babasan jeung paribasa Sunda mangrupa folklor lisan anu euyeub ku ajén-inajén anu gedé gunana pikeun kahirupan masarakat Sunda. Ku kituna, loba kénéh hal anu masih kénéh bisa diguar tina babasan jeung paribasa Sunda anu can ditalungtik. Aya sababaraha saran nu baris ditepikeun dina ieu panalungtikan, di antarana:

a. Ieu panalungtikan kawatesanan kana aspék psikolinguistik jeung gambaran watek urang Sunda anu kapanggih tina babasan jeung paribasa Sunda hungkul. Teu nutup kamungkinan panalungtikan ngeunaan aspék psikolinguistik jeung gambaran watek urang Sunda bisa leuwih jembar saupama ngagunakeun sumber data folklor séjénna.

b. Hasil panalungtikan bisa jadi gambaran pikeun mikanyaho watek anu dipimilik ku urang Sunda. Ku kituna, dipiharep sangkan bisa ngajadikeun urang Sunda bisa leuwih mikawanoh jati dirina tur bisa robah jadi pribadi anu leuwih hadé.

(25)

Siska Pertiwi, 2013

DAFTAR PUSTAKA

Al-Attas, Naquib. (2011). Islam dan Sekulerisme. Bandung: Pimpin.

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Alwasilah, A. Chaedar. (1993). Pengantar Sosioligi Bahasa. Bandung: Angkasa. Chaer, Abdul. (2005). Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta. --- (2009). Psikolinguistik Kajian Teoritik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Danandjaja, James. (2007). Folklor Indonesia (Ilmu Gosip, Dongeng, dan lain-lain). Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Ekadjati, Edi.S. (1984). Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya. Jakarta: Girimukti Pusaka.

Gandasudirdja, R. M. (1977). 700 Paribasa Sunda. Bandung: Firma Ekonomi. Keraf, Gorf. (2010). Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta: Gramedia Pustaka Umum. Kesuma, dkk. Pendidikan Karakter Kajian Teori dan Praktik di Sekolah. Bandung:

Rosdakarya. 2012.

Nababan, P.W.J. (1984). Sosiolinguistik Suatu Pengantar. Jakarta: Gramedia. Nababan, S.U.S. (1988). Psikolinguistik Suatu Pengantar. Jakarta: Depdikbud.

Rosidi, Ajip. (2005). Babasan & Paribasa Kabeungharan Basa Sunda Jilid 1. Bandung: Kiblat Buku Utama.

--- (2007). Urang Sunda jeung Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

--- (2010). Babasan & Paribasa Kabeungharan Basa Sunda Jilid 2. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Sudaryat, Yayat. (1997). Ulikan Semantik Sunda Pangdeudeul Pangajaran Basa

Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Suryabrata, S. (2008). Psikologi Kepribadian. Jakarta: Raja Grafindo Persada.

Suryalaga, Hidayat. R.H. (2009). Kasundaan Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

(26)

108

Siska Pertiwi, 2013

Suwito. (1983). Pengantar Awal Sosiolinguistik Teori dan Problema. Surakarta: Fakultas Sastra Universitas Sebelas Maret.

Tamsyah, Budi Rahayu. (1994). 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda. Bandung: Pustaka Setia

Tim Penyusun Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa. (1995). Kamus Besar

Bahasa Indonesia. Jakarta: PT Balai Pustaka.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Warnaen, Suwarsih spk. (1987). Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tercermin

(1)

kalakuan atawa ucapan anu dilakukeun. Ieu hal luyu jeung paribasa Hadé

gogog hadé tagog anu hartina, nya éta: hadé basa, budi parangi, jeung sikep,

nyaho tata-titi.

Kaopat, aspék tali mimitran. Ieu aspék ngagambarkeun rupa-rupa

hubungan sosobatan anu dipimilik ku masarakat Sunda, hususna anu kapanggih tina babasan jeung paribasa minangka aspék psikolinguitik sosial masarakat Sunda. Contona waé: Lir jeung dulur pet ku hinis anu hartina, nya éta: sosobatan jeung deungeun-deungeun tapi ku medok-medokna nepi ka jiga jeung dulur patungturun hulu.

Kalima, aspék kakulawargaan. Ieu aspék medar ngeunaan hubungan

jeung rasa anu karandapan sacara kulawarga boh jeung dulur sagetih boh jeung deungeun-deungeun. Contona bisa diilikan dina paribasa: Pétot béngo

dulur sorangan, anu hartina, nya éta: sanajan boga dosa, dina seuhseuhanana

mah ka baraya moal téga ngantep mun aya karerepet.

Kagenep, aspék sauyunan anu ngagambarkeun prinsip babarengan

urang Sunda dina hirup kumbuhna. Contona atra katitén dina babasan:

Sapapait samamanis ‘Sabagja, sacilaka, sauyunan, boh keur senang boh keur

cilaka.’