KUMPULAN DONGÉNG SASAKALA TALAGA WARNA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP :Tilikan Struktural, Pendidikan Karakter, jeung Sawangan HirupUrang Sunda.
KUMPULAN DONGÉNG SASAKALA TALAGA WARNA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP
(Tilikan Struktural, Pendidikan Karakter, jeung Sawangan HirupUrang Sunda)
Skripsi
diajengkeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah
ku
EVI RAHMAWATI NIM 1006666
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG
(2)
LEMBAR PENGESAHAN EVI RAHMAWATI
1006666
KUMPULAN DONGÉNG SASAKALA TALAGA WARNA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP
(Tilikan Struktural, Pendidikan Karakter jeung Sawangan Hirup Urang Sunda)
Disaluyuan jeung disahkeun ku Pembimbing 1
Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002
Pembimbing 2
Dr. Retty Isnendes, M.Hum. NIP 197212021999032001
Kauninga
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa Daerah dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 19640822198903100
(3)
Kumpulan Dongéng
Sasakala Talaga Warna
pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
(Tilikan Struktural,
Pendidikan Karakter
jeung Sawangan Hirup Urang Sunda)
Oleh Evi Rahmawati
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Evi Rahmawati 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.
(4)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
KUMPULAN DONGÉNG SASAKALA TALAGA WARNA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP1
(Tilikan Struktural, Pendidikan Karakter Jeung Sawangan Hirup Urang Sunda Sunda)
Evi Rahmawati ABSTRAK 2
Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan unsur struktural dalam kumpulan dongeng Sasakala Talaga Warna, mendeskripsikan nilai pendidikan karakter yang terdapat dalam kumpulan dongeng Sasakala Talaga Warna, dan menyusun bahan pembelajaran membaca dongeng di SMP dari hasil analisis kumpulan dongeng
Sasakala Talaga Warna. Metode yang digunakan adalah metode deskriptif, dengan
teknik studi pustaka dan dokumentasi. Hasil penelitian adalah bahwa secara umum tema yang diceritakan dalam buku kumpulan dongeng Sasakala Talaga Warna diangkat dari macam-macam masalah dan pengalaman hidup manusia, baik yang bersifat individual maupun sosial, seperti cinta (orang tua, saudara, tanah air), kesombongan, harga diri, kesetiaan, dan kecemasan. Latar kejadian adalah pedesaan dan kerajaan. Cerita berlangsung pada zaman kerajaan, zaman peperangan, dan zaman kenabian. Jenis tokoh yang ditemukan yaitu tokoh utama dengan jumlah 20 orang, dan tokoh tambahan dengan jumlah 59 orang. Sudut
pandang yang digunakan adalah sudut pandang persona ketiga “dia” terbatas pada
15 dongeng, dan sudut pandang persona ketiga “dia” mahatahu pada 2 dongeng. Nilai pendidikan karakter yang terdapat dalam buku kumpulan dongeng Sasakala
Talaga Warna adalah religius, jujur, toleransi, disiplin, kerja keras, kreatif, mandiri,
demokratis, rasa ingin tahu, semangat kebangsaan, cinta tanah air, komunikatif, cinta damai, peduli lingkungan, peduli sosial, dan tanggung jawab, jadi hanya ada 16 nilai pendidikan karakter dari 18 nilai yang dirumuskan. Buku kumpulan dongeng Sasakala Talaga Warna bisa dijadikan bahan pembelajaran membaca dongeng di SMP, karena memiliki unsur intrinsik yang lengkap, mengandung nilai-nilai pendidikan karakter, dan sesuai dengan kriteria bahan ajar yang ditentukan. Saran dari penelitian ini adalah agar penelitian mengenai pendidikan karakter dapat dilaksanakan secara lebih mendalam dan menyeluruh, agar informasi yang terkandung dalam pendidikan karakter dapat dideskripsikan secara lebih luas dan mendalam.
1Skipri ini dibawah bimbingan Bapak Dr. Dedi Koswara, M.Hum., dan Ibu Dr. Retty
Isnendes, M.Hum.
(5)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kata Kunci: dongeng, pendidikan karakter, bahan pembelajaran membaca COLLECTION OF FAIRY TALE SASAKALA TALAGA WARNA FOR
LEARNING MATERIAL OF READ IN JUNIOR HIGH SCHOOL
(Structural Study and Character Education) ABSTRACT
This research is intended to describe interns subtance and character education value of the collection of fairy tale Sasakala Talaga Warna. The descriptive method was use in this study, while in order to gather the data needed, the documentation technique and literature was use also. The result of the analysis showed that there are 17 fairy tale of the Sasakala Talaga Warna had complete interns substance those are theme, plot, character, setting, and point of view. More over had a character sducation value like religious, honest, tolerance, diciplin, hard work, creative, environment caring, social author, national spirit, democrative, communicative, love of peace, independent, and responsibility. Because of that, the collection of fairy tale Sasakala Talaga Warna suite for learning read material in junior high school.
(6)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
(7)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR EUSI
PERNYATAAN ... i
ABSTRAK ... ii
PANGJAJAP ... iii
TAWIS NUHUN ... iv
DAFTAR EUSI ... vi
DAFTAR SINGGETAN ... ix
DAFTAR TABÉL ... x
DAFTAR LAMPIRAN ... xii
BAB 1 BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Idéntifikasi Masalah ... 3
1.3 Rumusan Masalah ... 3
1.4 Tujuan Panalungtikan... 4
1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 4
1.5.1 Mangpaat Tioritis ... 4
1.5.2 Mangpaat Praktis ... 4
1.6 Raraga Tulisan ... 5
BAB II ULIKAN TIORI ... 6
2.1 Strukturalisme dina Dongéng ... 6
2.1.1 Strukturalisme ... 6
2.1.1.1 Téma ... 7
2.1.1.2 Fakta Carita ... 8
2.1.1.3 Sarana Carita ... 12
2.1.2 Dongéng ... 14
2.1.2.1 Wangenan Dongéng ... 14
2.1.2.2 Ciri-ciri Dongéng ... 16
2.1.2.3 Papasingan Dongéng ... 17
2.2 Pendidikan Karakter ... 20
2.2.1 Wangenan Pendidikan Karakter ... 20
2.2.2 Ajén-ajén Pendidikan Karakter ... 23
2.2.3 Sawangan Hirup Urang Sunda ... 25
2.2.3.1 Sawangan Hirup Urang Sunda Ngeunaan Manusa Salaku Pribadi ... 25
2.2.3.2 Sawangan Hirup Urang Sunda Ngeunaan Manusa jeung Masarakat ... 27
2.2.3.3 Sawangan Hirup Urang Sunda Ngeunaan Manusa jeung Alam ... 28
2.2.3.4 Sawangan Hirup Urang Sunda Ngeunaan Manusa jeung Gusti Nu Maha Suci ... 29
2.2.3.5 Sawangan Hirup Urang Sunda Ngeunaan Manusa dina Ngahontal Kamajuan Lahiriah jeung Rohanian ... 29
(8)
vii
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.3.1 Wangenan Bahan Ajar ... 30
2.3.2 Fungsi Bahan Ajar... 31
2.3.3 Kritéria Bahan Ajar ... 31
2.3.4 Bahan Pangajaran Maca ... 32
2.3.4.1 Kaparigelan Maca ... 32
2.3.4.2 Wangenan Maca ... 34
2.3.4.3 Tujuan Maca... 35
2.3.4.4 Aspék-aspék Maca ... 35
2.3.4.5 Pangajaran Maca ... 36
2.3.4.6 Maca Dongéng Basa Sunda di SMP ... 37
BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 39
3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 39
3.1.1 Idéntitas Buku ... 40
3.1.2 Déskripsi Pangarang... 40
3.2 Desain Panalungtikan ... 41
3.3 Métode Panalungtikan ... 42
3.4 Wangenan Operasional ... 43
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 43
3.6 Téhnik Panalungtikan... 44
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 44
3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 45
BAB IV HASIL ANALISIS JEUNG PEDARAN ... 46
4.1 Unsur Struktural dina Kumpulan Dongéng Sasakala Talaga Warna ... 46
4.1.1 “Aki Encon Tukang Pindang” ... 46
4.1.2 “Asal-usul Kota Majalengka” ... 52
4.1.3 “Dongéng Bagénda Ali” ... 59
4.1.4 “Budak Leutik Bisa Ngapung” ... 67
4.1.5 “Dongéng Kéan Santang” ... 74
4.1.6 “Dongéng Nabi Ayub” ... 80
4.1.7 “Sasakala Cirebon” ... 88
4.1.8 “Gunung Wanalaré” ... 94
4.1.9 “Putri Kadita” ... 104
4.1.10 “Sasakala Cika-cika” ... 113
4.1.11 “Sasakala Jabal Rahmah ... 120
4.1.12 “Sasakala Kali Wedi” ... 128
4.1.13 “Sasakala Legok Cibuang” ... 135
4.1.14 “Sasakala Situ Bagendit” ... 144
4.1.15 “Sasakala Sumur Kamalayan Cilulumpang” ... 151
4.1.16 “Sasakala Talaga Warna” ... 156
(9)
viii
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.2 Ajén Pendidikan Karakter Dina Kumpulan Dongéng Sasakala Talaga
Warna ... 181
4.2.1 “Aki Encon Tukang Pindang” ... 181
4.2.2 “Asal-usul Kota Majalengka” ... 188
4.2.3 “Dongéng Bagénda Ali” ... 197
4.2.4 “Budak Leutik Bisa Ngapung” ... 203
4.2.5 “Dongéng Kéan Santang” ... 210
4.2.6 “Dongéng Nabi Ayub” ... 217
4.2.7 “Sasakala Cirebon” ... 227
4.2.8 “Gunung Wanalaré” ... 235
4.2.9 “Putri Kadita” ... 242
4.2.10 “Sasakala Cika-cika” ... 248
4.2.11 “Sasakala Jabal Rahmah ... 253
4.2.12 “Sasakala Kali Wedi” ... 259
4.2.13 “Sasakala Legok Cibuang” ... 265
4.2.14 “Sasakala Situ Bagendit” ... 277
4.2.15 “Sasakala Sumur Kamalayan Cilulumpang” ... 280
4.2.16 “Sasakala Talaga Warna” ... 283
4.2.17 “Carita Umar Bin Khattab” ... 288
4.3 Kumpulan Dongéng Sasakala Talaga Warna pikeun Bahan Pangajaran di SMP ... 295
4.3.1 Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP ... 297
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 303
5.1 Kacindekan ... 303
5.2 Saran ... 305
DAFTAR PUSTAKA ... 306
(10)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1
BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Masalah
Arus moderenisasi kiwari ngabalukarkeun ayana parobahan dina tata
kahirupan masarakat. Parobahan nu aya museur kana krisis moral, krisis karakter jeung krisis ahlak. Moral, karakter jeung ahlak miboga harti anu méh sarua. Nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (1996, kc. 150) moral didefinisikeun minangka ajaran ngeunaan hadé goréng. Karakter miboga harti minangka gambaran kapribadian sacara gembleng ti hiji jalma anu ngawengku mentalitas, sikep, jeung paripolah (Samsuri dina Barnawi & M. Arifin, 2012. Kc. 20). Anapon ahlak miboga harti minangka tabéat atawa watek. Ieu krisis moral, krisis karakter jeung krisis ahlak téh dipiharep bisa dikurangan ku ayana lembaga pendidikan minangka salah sahiji sarana nu bisa numuwuhkeun jiwa-jiwa nu hadé. Éta hal lantaran dina lembaga pendidikan aya pangajaran anu matalikeun antara moral, karakter, ahlak jeung kahirupan salah sahijina nya éta dina pangajaran sastra.
Sastra sabenerna aya dina hubungan antara kabébasan kréasi pangarang jeung hubungan sosial. Ayana hubungan antara kabébasan kréasi pangarang jeung hubungan sosial némbongkeun yén sastra bisa dijadikeun salah sahiji sarana pikeun ngarobah kaayaan sosial masarakat, lantaran dina sastra loba kaunggel rupa-rupa ajén luhung anu bisa dijadikeun picontoeun jeung pieunteungeun. Ieu hal luyu jeung pamadegan Wellek & Warren (1989, kc. 3) anu nétélakeun yén sastra téh hiji kagiatan kréatif, hiji karya seni. Karya seni sorangan bisa dihartikeun prosés kréatif pikeun nyiptakeun hiji hal anu mibanda ajén linuhung.
Nepi ka abad XX ayeuna geus kapanggih rupa-rupa sastra heubeul utamana sastra lisan saperti carita pantun, carita wayang, mantra kawih, jeung dongéng (Ruhaliah, 2002, kc. 6). Salah sahiji sastra lisan nu masih kénéh hirup di masarakat Sunda kiwari nya éta dongéng. Dongéng bisa dihartikeun minangka carita prosa rahayat anu eusina dianggap henteu bener-bener kajadian. Dongéng
(11)
2
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dicaritakeun utamana pikeun hiburan, sanajan aya ogé dongéng anu eusina nyaritakeun bebeneran anu euyeub ku ajén moral.
Sabenerna, dongéng lain carita anu sipatna hiburan wungkul. Tapi, carita anu aya patalina jeung atikan budi pekerti nu ngawengku pangajaran kadisiplinan, kapercayaan diri, jeung nu pangpentingna nya éta ayana muatan ahlak budaya. Ieu ahlak budaya jadi salah sahiji dadasar ngawangun karakter nu hadé. Lian ti éta, dongéng ogé bisa jadi salah sahiji sarana anu ngarojong kamekaran basa, kamekaran kognitif, kamekaran personalitas, jeung kamekaran sosial.
Tina pedaran anu geus ditétélakeun, ébréh pisan yén dongéng bisa jadi sarana transformasi ajén-ajén di masarakat. Dongéng umumna sumebar dina hiji komunitas masarakat sarta digolongkeun kana carita balaréa, sabab dongéng nu asalna ti saurang tuluy didongéngkeun deui sacara tatalépa, nepi ka éta dongéng jadi ciptaan jeung milik balaréa. Salah sahiji contona nya éta dongéng-dongéng nu sumebar di wewengkon Jawa Barat nu satuluyna didokuméntasikeun dina wangun buku kumpulan dongéng anu judulna Sasakala Talaga Warna. Dongéng téh miboga peranan penting jeung miboga ajén-inajén katut siloka anu jero, pikeun maluruh peran penting jeung silokana diperlukeun hiji panalungtikan anu jero tur daria.
Sababaraha panalungtikan ngeunaan dongéng anu geus dilaksanakeun nya éta: Struktur Dongéng di Kacamatan Cikalong Wétan Kabupatén Bandung Barat
dina Majalah Cupumanik kénging Azhar Zakiah (020026),Ajén Moral dina Buku
Dongéng-dongéng Pakidulan Garut pikeun Bahan Pangajaran di Sakola kénging
Yusi Gusmiyanti (0807286), ieu panalungtikan ukur museur kana salah sahiji ajén nya éta ajén moral wungkul anu satuluyna dilarapkeun pikeun bahan pangajaran di SMP, Inventarisasi Dongéng di Kacamatan Sukabumi pikeun Bahan
Pangajaran Ngaregepkeun kénging Habli Rohmat Hadid (0807286), ieu
panalungtikan ukur museur kana inventarisasina wungkul, jeung Analisis Semiotik
(12)
3
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sopandi, sarua jeung panalungtikan saméméhna, ieu panalungtikan ukur museur kana unsur semiotik jeung ajén-ajén anu nyampak dijerona wungkul.
Ébréh yén dongéng-dongéng anu geus ditalungtik sipatna dongéng anu aya dilapangan wungkul. Anapon dongéng-dongéng nu aya dina kumpulan dongéng
Sasakala Talaga Warna sacara gembleng can aya nu nalungtik, sabab dina
dongéng-dongéng nu aya dina kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna dianggap miboga ajén-ajén anu luhung, perlu diayakeun panalungtikan ngeunaan ieu dongéng. Anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan séjénna, nya éta dina ieu panalungtikan baris dipedar ngeunaan ajén-ajén pendidikan
karakter anu nyampak satukangeun unsur struktural anu nyampak dina
dongéng-dongéng nu aya dina kumpulan dongéng-dongéng Sasakala Talaga Warna. Hasil ieu panalungtikan satuluyna dilarapkeun dina bahan ajar maca pikeun SMP sangkan
aya tranformasi ngeunaan ajén-ajén luhungna. Upama disawang tina ambahanana
ieu panalungtikan kawilang leuwih jembar batan panalungtikan-panalungtikan saméméhna. Lian ti éta, pendidikan karakter nu dipedar dina ieu panalungtikan ogé bisa dijadikeun salah sahiji cara pikeun ngungkulan krisis moral, krisis karakter, jeung krisis ahlak nu kiwari datang narajang masarakat Indonesia hususna masarakat Sunda. Éta masalah-masalah téh geus jadi masalah sosial nu nepi ka kiwari can kapanggih kumaha pijalaneunana.
Ku kituna ieu panalungtikan anu dijudulan “Kumpulan Dongéng Sasakala
Talaga Warna pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP (Tilikan Struktural,
Pendidikan Karakter jeung Sawangan Hirup Urang Sunda)” perlu dilaksanakeun.
1.2Idéntifikasi Masalah
Masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan leuwih museur kana ajén-ajén
pendidikan karakter anu nyampak dina dongéng-dongéng anu aya dina kumpulan
dongéng Sasakala Talaga Warna. Tina éta hal, tuluy hasil panalungtikan disusun sangkan bisa dijadikeun bahan ajar pikeun pangajaran maca di SMP.
(13)
4
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.3Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang jeung watesan masalah anu geus ditétélakeun, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap:
1) kumaha unsur struktural anu nyampak dina kumpulan dongéng Sasakala
Talaga Warna?;
2) kumaha ajén pendidikan karakter jeung sawangan hirup urang Sunda nu nyampak dina kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna?;
3) naha hasil panalungtikan kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna luyu pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP?
1.4Tujuan Panalungtikan
Ieu panalungtikan miboga sababaraha tujuan, nya éta:
1) ngadéskripsikeun unsur struktural anu nyampak dina kumpulan dongéng
Sasakala Talaga Warna;
2) ngadéskripsikeun ajén pendidikan karakter jeung sawangan hirup urang Sunda anu nyampak dina kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna;
3) nyusun bahan pangajaran maca dongéng di SMP tina hasil analisis kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna.
1.5Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nya éta sangkan bisa méré gambaran ngeunaan tiori kasusastraan salaku sarana pikeun ajén-ajén anu boga peran ngawangun karakter masarakat anu makéna. Lian ti éta, ieu hasil panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda.
(14)
5
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Mangpaat praktis anu kapaluruh dina ieu panalungtikan nya éta:
1) ngadéskripsikeun unsur struktural anu nyampak dina kumpulan dongéng
Sasakala Talaga Warna;
2) ngadéskripsikeun ajén pendidikan karakter jeung sawangan hirup urang Sunda anu nyampak dina kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna sangkan bisa dilenyepan tur dipaké dina kahirupan sapopoé;
3) ngadéskripsikeun hasil panalungtikan kumpulan dongéng Sasakala Talaga
Warna pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP.
1.6Raraga Tulisan
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Dina Bab 1 didéskripsikeun bubuka nu ngawengku kasang tukang tina masalah nu baris di talungtik, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat teoritis boh mangpaat praktis, sarta raraga tulisan dina ieu skripsi.
Bab II didéskripsikeun rupaning tatapakan tiori nu ngawengku tiori ngeunaan dongéng, struktural, pendidikan karakter jeung bahan pangajaran maca.
Dina Bab III didéskripsikeun ngeunaan metodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, anu ngawengku sumber data panalungtikan, desain panalungtikan, metode panalungtikan, variabel jeung wangenan operasional, instrumén panaungtikan, jeung téhnik ngumpulkeun data.
Dina Bab IV didéskripsikeun ngeunaan hasil analis struktural, jeung ajén
pendidikan karakter tina unggal dongéng anu aya dina kumpulan dongéng
Sasakala Talaga Warna anu satuluyna dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca
dongéng di SMP ku cara nyieun Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP). Anu pamungkas nya éta Bab V anu eusina ngadéskripsikeun kacindekan tina hasil analisis jeung saran atawa rékomendasi-rékomendasi pikeun panalungtikan anu dilaksanakeun sabada ieu panalungtikan.
(15)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 172) sumber data panalungtikan nyaéta subjék data-data panalungtikan anu dicangking ku panalungtik. Aya dua sumber dina nyangking data dongéng-dongéng anu aya di masarakat Sunda. Kahiji data primer, nyaéta dongéng-dongéng anu asalna ti panutur asli urang Sunda. Kadua data sékundér, nyaéta dongéng-dongéng anu geus dikumpulkeun dina wangun buku. Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta sumber data sekunder nu geus aya, nu asalna tina buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga
Warna meunang nyusun Elin Sjamsuri. Dina éta buku aya tujuh belas judul
dongéng nyaéta:
Tabel 3.1.
Tujuh belas judul dongéng dina buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna
No Judul Dongéng
1 “Aki Encon Tukang Pindang”
2 “Asal-Usul Kota Majaléngka” 3 “Dongéng Bagénda Ali” 4 “Budak Leutik Bisa Ngapung” 5 “Dongéng Kéan Santang” 6 “Dongéng Nabi Ayub” 7 “Sasakala Cirebon” 8 “Gunung Wanalaré” 9 “Putri Kadita”
10 “Sasakala Cika-Cika” 11 “Sasakala Jabal Rahmah” 12 “Sasakala Kali Wedi” 13 “Sasakala Legok Cibuang” 14 “Sasakala Situ Bagendit”
15 “Sasakala Sumur Kamalayan Cilulumpang” 16 “Sasakala Talaga Warna”
(16)
40
17 “Carita Umar bin Khattab”
Tina éta sumber, data anu aya tuluy dianalisis dongéng-dongéng anu nuduhkeun ayana unsur nu ngandung pendidikan karakter dumasar kana ulikan strukturalisme.
3.1.1 Idéntitas Buku
Gambar 3.1
Buku Kumpulan dongéng
sasakala Talaga Warna
3.1.2 Déskripsi Pangarang
Buku kumpulan dongéng Sasaakala Talaga Warna disusun ku Elin Sjamsuri dina taun 2012. Elin sjamsuri dibabarkeun di Cimanggung, Sumedang, 7 Séptémber 1943. Kungsi sakola di SR di Cimanggung (lulus 1956), tuluy SGB (1959) jeung SGA (1962) di Sumedang. Satamatna ti SGA, neruskeun sakola di Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan Unpad, anu terus jadi IKIP Bandung. Jurusan anu dipilihna basa Sunda. Meunang gelar sarjana muda taun 1965. Bari ngajar di SMP 15 Bandung (1966-1970), ngahancakeun kuliahna nepi ka meunangkeun gelar sarjana (taun 1969). Ti taun 1971 ngajar di almamaterna, Jurusan Basa Sunda, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni IKIP Bandung, nepi ka pangsiun. Jabatan anu kungsi dicepengna di IKIP nyaéta Ketua Jurusan Seni Drama, Tari, Musik (1988-2006).
Ti mahasiswa kénéh, Elin geus milu icikibung dina kagiatan kasenian, pangpangna drama Sunda di kampusna. Kaasup salah saurng anu milu
Judul buku : Sasakala Talaga Warna Penulis : Elin Sjamsuri
Penerbit : PT Kiblat Buku Utama Taun terbit : 2012
(17)
41
ngadegkeun jeung ngabina grup kasenian Sunda KABUMI-UPI Bandung anu kungsi ngalanglang ka sababaraha nagara Éropa jeung Asia keur ngawanohkeun kasenian Sunda hususna kabudayaan Sunda umumna. Salaku guru, Elin kungsi milu ancrub dina kapangurusan PGRI boh tingkat daérah (Jawa Barat) boh pusat. Lian ti KABUMI, Elin gé jadi salah saurang pangurus LBSS. Ti taun 2010 jadi redaksi majalah Sunda Manglé sabada marén tina ngajarna.
Karya tulisna, boh ésai boh carpon, mindeng dimuat di média citak di antarana Gondéwa, Galura, Manglé, jeung Cupumanik. Karyana nu mangrupa buku di antarana Bermain dan Menari, Metodologi Pengajaran Tari di SD, Struktur Basa Sunda Dialek Bogor, Morfologi Basa Sunda, Bentuk Lakon dalam
Sastra Sunda, jeung Unsur Bahasa Sunda dalam Peribahasa (Sjamsuri, 2010, tk).
3.2 Desain Panalungtikan
Sangkan ieu panalungtikan bisa kalaksana kalayan lancar perlu ditangtukeun desain panalungtikan. Desain panalungtikan nu dimaksud nyaéta runtuyan proses panalungtikan nu mangrupa bagan atawa gambar anu nuduhkeun léngkah-léngkah anu dilakukeun ku panalungtik dina ngalaksnakeun panalungtikan.
Léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan kagambar dina bagan 3.1 ngeunaan desain panalungtikan.
(18)
42
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.3 Metode Panalungtikan
Arikunto (2010, kc. 203) nyebutkeun yén metode panalungtikan nyaéta cara nu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikan.Variasi metode bisa mangrupa angket, wawancara, observasi, tes, jeung dokumentasi.
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode deskriptif. Métode déskriptif nyaéta métode anu digunakeun pikeun ngungkulan hiji pasualan anu aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun papasingan, ngajéntrékeun, jeung nganalisis (Surakhmad dina skripsi Apriani 2009, kc. 39). Dina metode deskriptif ieu henteu kawatesanan ku ngumpulkeun data wungkul tapi ogé ngawengku analisis, interpretasi, jeung klasifikasi.
Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ajén atikan karakter nu aya dina kumpulan dongéng Sasakala
Talaga Warna anu satuluyna baris dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca di
Nangtukeun Masalah
Ngawatesanan jeung Ngarumuskeun Masalah
Nangtukeun jeung Nyieun Instumén
BAB I BUBUKA
1.1Kasang Tukang Masalah
Arus moderenisasi kiwari ngabalukarkeun ayana parobahan dina kahirupan masarakat. Parobahan nu aya museur kana krisis moral, krisis kara jeung krisis ahlak. Moral, karakter jeung ahlak miboga harti anu méh sa Nurutkeun Kamus Umum Bahasa Indonesia (1996:150) moral didefinisike minangka ajaran ngeunaan hadé goréng. Karakter sorangan miboga h minangka gambaran kapribadian sacara gembleng ti hiji jalma anu ngawen mentalitas, sikep, jeung paripolah (Samsuri dina Barnawi & M. Arifin, 2012) Anapon ahlak miboga harti minangka tabéat atawa watek. Krisis moral, kr karakter jeung krisis ahlak ieu dipiharep bisa dikurangan ku ayana lemba pendidikan minangka salah sahiji sarana nu bisa numuwuhkeun jiwa-jiwa hadé. Hal éta lantaran dina lembaga pendidikan aya pangajaran ngahubungkeun antara moral, karakter, ahlak jeung kahirupan salah sahijina éta dina pangajaran sastra.
Sastra sabenerna aya dina hubungan antara kabébasan kréasi pangar jeung hubungan sosial. Ayana hubungan antara kabébasan kréasi pangarang je hubungan sosial némbongkeun yén sastra bisa dijadikeun salah sahiji sar pikeun ngarobah kaayaan sosial masarakat, lantaran dina sastra loba kaungg rupa-rupa ajén luhung anu bisa dijadikeun picontoeun jeung pieunteungeun. hal luyu jeung pamadegan Wellek & Warren (1989:3) anu nétélakeun yén sa téh hiji kagiatan kréatif, hiji karya seni. Karya seni sorangan bisa dihartike prosés kréatif pikeun nyiptakeun hiji hal anu mibanda ajén linuhung.
Nepi ka abad 20 ayeuna geus kapanggih rupa-rupa sastra heubeul utam sastra lisan saperti carita pantun, carita wayang, mantra kawih, jeung dongé (Ruhaliah, 2002:6). Salah sahiji sastra lisan nu masih kénéh hirup di masara Sunda kiwari nya éta dongéng. Dongéng sorangan bisa dihartikeun minan carita prosa rahayat anu eusina dianggap henteu bener-bener kajadian. Dongé
Nangtukeun Sumber Data
Ngumpulkeun Data
Ngolah Data Nyieun Kacindekan
(19)
43
SMP. Ku digunakeunna metodé déskriptif dipiharep bisa nangkep gambaran nu saayana tur objéktif tina kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna ngeunaan unsur pendidikan karakter. Lian ti éta, metode deskriptif ogé digunakeun pikeun ngadéskripsikeun atawa nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta atawa sakabéh data nu aya dina kumpulan dongéng Sasakala
Talaga Warna.
3.4 Wangenan Operasional
Wangenan operasional nyaéta istilah-istilah anu aya patalina jeung variabel-variabel anu aya dina proses panalungtikan. Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksudna, tujuan sarta udaganana, baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan sakumaha anu dipedar ieu di handap.
1) Dongéng
Dongéng nyaéta salah sahiji sastra lisan anu ditulis dina wangun lancaran (prosa) tur sumebar sacara tatalépa di hiji komunitas masarakat.
2) Pendidikan Karakter
Pendidikan karakter nyaéta atikan ihwal nilai, atikan ihwal budi pekerti,
atikan ihwal moral, atikan ihwal watek, kalayan tujuan pikeun mekarkeun kamampuh peserta didik dina nangtukeun kaputusan hadé goréng.
3) Bahan Pangajaran Maca
Salah sahiji sumber diajar pikeun siswa. Atawa hal-hal anu tujuanana pikeun pangajaran.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih babari sarta hasilna ogé leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis anu balukarna data babari pikeun diolah (Arikunto, 2010: 203).
(20)
44
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta instrumén check-list. Instrumén check-list nyaéta instrumén anu dijerona ngawengku daftar variabel anu rék dikumpulkeun datana. Intrumén check-list digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan ajén pendidikan karakter anu aya dina dongéng-dongéng tina buku kumpulan dongéng-dongéng Sasakala Talaga Warna. Dina ieu instrumén, panalungtik tinggal méré tanda atawa tally tina unggal pemunculan gejala anu dimaksud. Anapon format instrumén check-list digambarkeun saperti ieu di handap.
Tabel 3.2.
Format instrumen check-list No Ajén pendidikan
Karakter
Indikator Aya Henteu
3.6 Téhnik Panalungtikan
Téhnik panalungtikan nyaéta salah sahiji tarékah atawa cara (prosedur) anu kudu dillakonan kalawan ngagunakeun métode anu tangtu. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta studi pustaka jeung téhnik dokuméntasi. Téhnik studi pustaka dina ieu panalungtikan maksudna nyaéta talaah literasi ngeunaan bahan kajian jeung objék panalungtikan. Téhnik studi pustaka dina ieu panalungtikan digunakeun pikéun nyangking objék panalungtikan anu sumberna tina literasi jeung néangan sumber tur tiori anu ngarojong kana panalungtikan. Anapon téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun nganalisis sakabéh data anu sumberna tina téks dongéng anu aya dina buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna anu disusun ku Elin Sjamsuri
(21)
45
3.6.2 Téhnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta maké téhnik analisis jeung interprétasi. Analisis miboga harti minangka hiji ulikan ngeunaan peristiwa (karangan, paripolah, jsb) kalayan tujuan pikeun mikanyaho kaayaan anu sabenerna (sabab-musabab, jsb), anapon interprétasi nyaéta tafsiran;
pemberian kesan, pamadegan, atawa sawangan tioritis kana hiji hal (KBBI, 2008:
58, 543).
Téhnik analisis jeung interprétasi nu digunakeun dina ieu panalungtikan diwincik jadi sababaraha léngkah, nyaéta:
1) maca buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna; 2) nganalisis unsur intrinsik (struktural) tina unggal dongéng;
3) nganalisis dongéng anu némbongkeun ayana ajén pendidikan karakter. 4) nafsirkeun dongéng anu luyu dijadikeun bahan pangajaran maca di di SMP.
(22)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Ieu panalungtikan didadasaran tina ayana anggapan yén dina kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna miboga ajén-ajén anu luhung. Anapon tujuan dina ieu panalungtikan nyaéta ngadéskripsikeun unsur struktural, ajén pendidikan
karakter jeung sawangan hirup urang Sunda anu nyampak dina kumpulan
dongéng Sasakala Talaga Warna, sarta nyusun bahan ajar maca di SMP tina dongéng nu aya tina analisis buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna. Dina ieu panalungtikan, dilarapkeun tiori ngeunaan strukturalisme dina dongéng, ajén pendidikan karakter jeung sawangan hirup urang Sunda, sarta bahan ajar maca. Métode nu digunakeun nyaéta metode deskriptif, sedengkeun téhnikna nyaéta studi pustaka jeung dokuméntasi.
Hasil panalungtikan tina 17 dongéng nu aya dina kumpulan dongéng Sasakala
Talaga Warna ngahasilkeun tilu kacindekan utama nyaéta unsur intrinsik
dongéng, ajén pendidikan karakter, jeung bahan pangajaran maca di SMP. Unsur intrinsik dongéng nu dianalisis nyoko kana téma, galur, tokoh jeung penokohan, latar, sarta sudut pandang. Kahiji, téma nu kapaluruh réréana ngeunaan masalah jeung pangalaman hirup manusa, boh anu sifatna individual, boh anu sifatna lahiriah, saperti ajén diri, kasombongan, cinta (boh cinta indung ka anak, boh cinta adi ka lanceuk, boh cinta anak ka indung), cobaan hirup, kasatiaan, kasieun, agama, jeung kaagungan Gusti Nu Maha Suci. Kadua, galur carita dina 17 dongéng nu dianalisis kabéh ngagunakeun galur mérélé. Katilu, aya dua jenis tokoh nu kapanggih nyaéta tokoh utama jeung tokoh panambah, katitén aya 20 tokoh utama nu ngalalakon, jeung 59 tokoh panambah nu jadi panglengkep carita.
Kaopat, latar nu kapanggih nyaéta latar tempat, latar waktu, jeung latar sosial.
Latar tempat dina 17 dongéng nu dianalisis réréana di pilemburan, di imah jeung di karajaan, anapon waktuna lumangsung dina jaman karajaan, jaman peperangan,
(23)
276
jeung jaman kanabian, sedengkeun latar sosial nu kapanggih réréana nyoko kana kahirupan sosial masarakat golongan menengah. Kalima, aya dua jenis sudut pandang nu digunakeun dina 17 dongéng nu dianalisis, nyaéta sudut pandang persona katilu “manéhna” kasengker jeung sudut pandang persona katilu “manéhna” sarwa nyaho. Kapanggih aya 15 dongéng nu ngagunakeun sudut pandang persona katilu “manéhna” kasengker, sedengkeun ngan ukur aya dua dongéng nu ngagunakeun sudut pandang persona katilu “manéhna” sarwa nyaho. Ajén pendidikan karakter nu kapanggih dina kumpulan dongéng Sasakala
Talaga Warna aya 16, nyaéta religius, jujur, toleransi, disiplin, kerja keras,
parigel, mandiri, demokratis, rasa ingin tahu, semangat kebangsaan, cinta ka lemah cai, komunikatif, cinta damai, maliré kana lingkungan sabudeureun, maliré kana lingkungan sosial, jeung tanggung jawab. Dongéng anu ngandung ajén
pendidikan karakter panglobana nyaéta dongéng “Sasakala Legok Cibuang”
kalayan jumlah 13 ajén, sedengkeun dongéng anu ngandung ajén pendidikan
karakter pangsaeutikna nyaéta dongéng “Sasakala Situ Bagendit” anu jumlahna
ngan ukur saajén. Anapon data sawangan hirup urang Sunda nu kapanggih dina buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna aya 5, nyaéta sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa salaku pribadi, sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa jeung masarakat, sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa jeung alam, sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa jeung Gusti Nu Maha Suci, jeung sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa dina ngahontal kamajuan lahiriah jeung rohaniah.
Dongéng-dongéng dina buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca dongéng di SMP, lantaran miboga unsur intrinsik anu lengkep jeung euyeub ku rupa-rupa ajén pendidikan karakter, sarta luyu jeung kriteria bahan ajar nu geus ditangtukeun.
5.2Saran
Dongéng lain ngan mangrupa produk heubeul anu cukup dipikawanoh hungkul, tapi dongéng mangrupa folklor lisan anu euyeub ku ajén-inajén anu gedé gunana pikeun kahirupan masarakat Sunda. Ku kituna, loba hal anu masih kénéh
(24)
277
bisa diguar tina dongéng anu can ditalungtik. Aya sababaraha saran nu baris ditepikeun dina ieu panalungtikan, di antarana:
1) Saran ka Panalungtik Sastra Utamana Ngeunaan Dongéng
Ieu panalungtikan kawatesanan kana ajén pendidikan karakter nu kapaluruh tina dongéng hungkul. Teu nutup kamungkinan panalungtikan ngeunaan ajén
pendidikan karakter bisa leuwih jembar saupama ngagunakeun sumber data
folklor séjénna. Pikeun panalungtik séjénna dipiharep ieu hasil panalungtikan bisa jadi salah sahiji tatapakan pikeun panalungtikan anu leuwih jembar deui.
2) Saran ka Guru Basa Sunda
Dongéng-dongéng nu aya dina buku kumpulan dongéng “Sasakala Talaga Warna” bisa dijadikeun salah sahiji alternatif bahan pangajaran aprésiasi sastra di sakola sangkan ngeuyeuban kana dongéng Sunda anu geus aya, hususna pikeun siswa SMP kelas VII.
3) Saran ka Urang Sunda
Hasil ieu panalungtikan bisa jadi gambaran pikeun mikanyaho ajén
pendidikan karakter dina dongéng Sunda jeung mikanyaho sawangan hirup nu
dipimilik ku urang Sunda. Ku kituna, dipiharep ngajadikeun urang Sunda leuwih mikanyaho kana jati dirina tur bisa robah jadi pribadi nu leuwih hadé.
(25)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA
Abidin, Y. (2012). Pembelajaran Bahasa Berbasis Pendidikan Karakter. Bandung: PT Refika Aditama.
Apriani, D. (2013). Struktur Carita dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karangan Mamat Sasmita pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP. Skripsi, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia.
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Asdi Mahasatya.
Barnawi. & Arifin, M. (2012). Strategi Kebijakan Pembelajaran Pendidikan
Karakter. Jogjakarta: Ar-Ruzz Media.
Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama & Universitas Padjajaran.
Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia Ilmu Gosip, Dongéng, dal lain-lain. Jakarta: Grafiti.
Danasasmita, M. (2001). Wacana Bahasa dan Sastra Lama. Bandung: STSI Press.
Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: PT Gramedia.
Farida, R. (2007). Pengajaran Membaca di Sekolah Dasar. Jakarta: Bumi Aksara. Harras, A. K. dan Sulistiyaningsih, L. (1997). Membaca I. Jakarta: Depdikbud
Bagian Proyek Penataran Guru SLTP Setara D-III.
Iskandarwasid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.
Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori & Kritik Pada Karya Sastra
Sunda dan Indonésia. Bandung: Daluang Publishing.
Isnendes, R. (2009). Panyawangan Sastra. Bandung: JPBD UPI Bandung.
Kesuma, D. Permana, J. Triatna, C. (2012). Pendidikan Karakter Kajian Teori
(26)
307
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Koswara, D. (2010). Racikan Sastra. Bandung: JPBD UPI.
Lembaga Basa & Sastra Sunda. (1980). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.
Martiah, L. (2007) Effisient Reading. Jurnal Sosioteknologi, 11 (6), kc. 267-278. Nurgiyantoro, B. (2010). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada
University Press.
Q-Anees, B. & Hambali, A. (2009). Pendidikan Karakter Berbasis Al-Quran. Bandung: Simbiosa Rekatama Media.
Ruhaliah. (2002). Diktat Kuliah Sajarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD UPI. Rusman. (2009). Manajemen Kurikulum. Jakarta: Rajawali Pers.
Salmun, M. A. (1963). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco N.V. Sjamsuri, E. (2012). Sasakala Talaga Warna. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Sudjiman, P. (1989). Memahami Cerita Rekaan. Bandung: Pustaka Jaya.
Sumardjo, J. & Saini, K. M. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia.
Semi, A. (1989). Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.
Suryani. E. (2011). Calakan Aksara, Basa, Sastra, Katut Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.
Tamsyah, B. R. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung. Pustaka Setia. Tarigan, H. G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.
Bandung: Angkasa.
Teeuw. A. (2003). Sastra dan Ilmu Sastra. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.
Warnaén, S. spk. (1987). Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tercermin
Dalam Tradisi Lisan Dan Sastra Lisan. Bandung: Depdikbud Bagian Proyek
Penelitian Dan Pengkajian Kebudayaan Sunda.
Wellek, R. & Warren, A. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. (t.n). (2004). Raksarasa. Baandung: Geger Sunten.
(27)
308
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
(1)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Ieu panalungtikan didadasaran tina ayana anggapan yén dina kumpulan
dongéng Sasakala Talaga Warna miboga ajén-ajén anu luhung. Anapon tujuan
dina ieu panalungtikan nyaéta ngadéskripsikeun unsur struktural, ajén pendidikan
karakter jeung sawangan hirup urang Sunda anu nyampak dina kumpulan
dongéng Sasakala Talaga Warna, sarta nyusun bahan ajar maca di SMP tina
dongéng nu aya tina analisis buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna.
Dina ieu panalungtikan, dilarapkeun tiori ngeunaan strukturalisme dina dongéng,
ajén pendidikan karakter jeung sawangan hirup urang Sunda, sarta bahan ajar
maca. Métode nu digunakeun nyaéta metode deskriptif, sedengkeun téhnikna nyaéta studi pustaka jeung dokuméntasi.
Hasil panalungtikan tina 17 dongéng nu aya dina kumpulan dongéng Sasakala
Talaga Warna ngahasilkeun tilu kacindekan utama nyaéta unsur intrinsik
dongéng, ajén pendidikan karakter, jeung bahan pangajaran maca di SMP. Unsur
intrinsik dongéng nu dianalisis nyoko kana téma, galur, tokoh jeung penokohan,
latar, sarta sudut pandang. Kahiji, téma nu kapaluruh réréana ngeunaan masalah
jeung pangalaman hirup manusa, boh anu sifatna individual, boh anu sifatna lahiriah, saperti ajén diri, kasombongan, cinta (boh cinta indung ka anak, boh cinta adi ka lanceuk, boh cinta anak ka indung), cobaan hirup, kasatiaan, kasieun,
agama, jeung kaagungan Gusti Nu Maha Suci. Kadua, galur carita dina 17
dongéng nu dianalisis kabéh ngagunakeun galur mérélé. Katilu, aya dua jenis
tokoh nu kapanggih nyaéta tokoh utama jeung tokoh panambah, katitén aya 20 tokoh utama nu ngalalakon, jeung 59 tokoh panambah nu jadi panglengkep carita.
Kaopat, latar nu kapanggih nyaéta latar tempat, latar waktu, jeung latar sosial.
Latar tempat dina 17 dongéng nu dianalisis réréana di pilemburan, di imah jeung di karajaan, anapon waktuna lumangsung dina jaman karajaan, jaman peperangan,
(2)
jeung jaman kanabian, sedengkeun latar sosial nu kapanggih réréana nyoko kana
kahirupan sosial masarakat golongan menengah. Kalima, aya dua jenis sudut
pandang nu digunakeun dina 17 dongéng nu dianalisis, nyaéta sudut pandang persona katilu “manéhna” kasengker jeung sudut pandang persona katilu “manéhna” sarwa nyaho. Kapanggih aya 15 dongéng nu ngagunakeun sudut pandang persona katilu “manéhna” kasengker, sedengkeun ngan ukur aya dua
dongéng nu ngagunakeun sudut pandang persona katilu “manéhna” sarwa nyaho.
Ajén pendidikan karakter nu kapanggih dina kumpulan dongéng Sasakala
Talaga Warna aya 16, nyaéta religius, jujur, toleransi, disiplin, kerja keras,
parigel, mandiri, demokratis, rasa ingin tahu, semangat kebangsaan, cinta ka
lemah cai, komunikatif, cinta damai, maliré kana lingkungan sabudeureun, maliré
kana lingkungan sosial, jeung tanggung jawab. Dongéng anu ngandung ajén
pendidikan karakter panglobana nyaéta dongéng “Sasakala Legok Cibuang”
kalayan jumlah 13 ajén, sedengkeun dongéng anu ngandung ajén pendidikan
karakter pangsaeutikna nyaéta dongéng “Sasakala Situ Bagendit” anu jumlahna
ngan ukur saajén. Anapon data sawangan hirup urang Sunda nu kapanggih dina
buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna aya 5, nyaéta sawangan hirup
urang Sunda ngeunaan manusa salaku pribadi, sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa jeung masarakat, sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa jeung alam, sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa jeung Gusti Nu Maha Suci, jeung sawangan hirup urang Sunda ngeunaan manusa dina ngahontal kamajuan lahiriah jeung rohaniah.
Dongéng-dongéng dina buku kumpulan dongéng Sasakala Talaga Warna bisa
dipaké pikeun bahan pangajaran maca dongéng di SMP, lantaran miboga unsur
intrinsik anu lengkep jeung euyeub ku rupa-rupa ajén pendidikan karakter, sarta
luyu jeung kriteria bahan ajar nu geus ditangtukeun.
5.2Saran
Dongéng lain ngan mangrupa produk heubeul anu cukup dipikawanoh hungkul, tapi dongéng mangrupa folklor lisan anu euyeub ku ajén-inajén anu gedé gunana pikeun kahirupan masarakat Sunda. Ku kituna, loba hal anu masih kénéh
(3)
277
bisa diguar tina dongéng anu can ditalungtik. Aya sababaraha saran nu baris ditepikeun dina ieu panalungtikan, di antarana:
1) Saran ka Panalungtik Sastra Utamana Ngeunaan Dongéng
Ieu panalungtikan kawatesanan kana ajén pendidikan karakter nu kapaluruh
tina dongéng hungkul. Teu nutup kamungkinan panalungtikan ngeunaan ajén
pendidikan karakter bisa leuwih jembar saupama ngagunakeun sumber data
folklor séjénna. Pikeun panalungtik séjénna dipiharep ieu hasil panalungtikan bisa jadi salah sahiji tatapakan pikeun panalungtikan anu leuwih jembar deui.
2) Saran ka Guru Basa Sunda
Dongéng-dongéng nu aya dina buku kumpulan dongéng “Sasakala Talaga
Warna” bisa dijadikeun salah sahiji alternatif bahan pangajaran aprésiasi sastra di
sakola sangkan ngeuyeuban kana dongéng Sunda anu geus aya, hususna pikeun siswa SMP kelas VII.
3) Saran ka Urang Sunda
Hasil ieu panalungtikan bisa jadi gambaran pikeun mikanyaho ajén
pendidikan karakter dina dongéng Sunda jeung mikanyaho sawangan hirup nu
dipimilik ku urang Sunda. Ku kituna, dipiharep ngajadikeun urang Sunda leuwih mikanyaho kana jati dirina tur bisa robah jadi pribadi nu leuwih hadé.
(4)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA
Abidin, Y. (2012). Pembelajaran Bahasa Berbasis Pendidikan Karakter.
Bandung: PT Refika Aditama.
Apriani, D. (2013). Struktur Carita dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak
Cahaya Karangan Mamat Sasmita pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP.
Skripsi, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia.
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT
Asdi Mahasatya.
Barnawi. & Arifin, M. (2012). Strategi Kebijakan Pembelajaran Pendidikan
Karakter. Jogjakarta: Ar-Ruzz Media.
Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama
& Universitas Padjajaran.
Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia Ilmu Gosip, Dongéng, dal lain-lain.
Jakarta: Grafiti.
Danasasmita, M. (2001). Wacana Bahasa dan Sastra Lama. Bandung: STSI
Press.
Departemen Pendidikan Nasional. 2008. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta:
PT Gramedia.
Farida, R. (2007). Pengajaran Membaca di Sekolah Dasar. Jakarta: Bumi Aksara.
Harras, A. K. dan Sulistiyaningsih, L. (1997). Membaca I. Jakarta: Depdikbud
Bagian Proyek Penataran Guru SLTP Setara D-III.
Iskandarwasid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.
Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori & Kritik Pada Karya Sastra
Sunda dan Indonésia. Bandung: Daluang Publishing.
Isnendes, R. (2009). Panyawangan Sastra. Bandung: JPBD UPI Bandung.
Kesuma, D. Permana, J. Triatna, C. (2012). Pendidikan Karakter Kajian Teori
(5)
307
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Koswara, D. (2010). Racikan Sastra. Bandung: JPBD UPI.
Lembaga Basa & Sastra Sunda. (1980). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:
Taraté.
Martiah, L. (2007) Effisient Reading. Jurnal Sosioteknologi, 11 (6), kc. 267-278.
Nurgiyantoro, B. (2010). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada
University Press.
Q-Anees, B. & Hambali, A. (2009). Pendidikan Karakter Berbasis Al-Quran.
Bandung: Simbiosa Rekatama Media.
Ruhaliah. (2002). Diktat Kuliah Sajarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD UPI.
Rusman. (2009). Manajemen Kurikulum. Jakarta: Rajawali Pers.
Salmun, M. A. (1963). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco N.V.
Sjamsuri, E. (2012). Sasakala Talaga Warna. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.
Sudjiman, P. (1989). Memahami Cerita Rekaan. Bandung: Pustaka Jaya.
Sumardjo, J. & Saini, K. M. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT
Gramedia.
Semi, A. (1989). Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.
Suryani. E. (2011). Calakan Aksara, Basa, Sastra, Katut Budaya Sunda. Bogor:
Ghalia Indonesia.
Tamsyah, B. R. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung. Pustaka Setia.
Tarigan, H. G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.
Bandung: Angkasa.
Teeuw. A. (2003). Sastra dan Ilmu Sastra. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.
Warnaén, S. spk. (1987). Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tercermin
Dalam Tradisi Lisan Dan Sastra Lisan. Bandung: Depdikbud Bagian Proyek
Penelitian Dan Pengkajian Kebudayaan Sunda.
Wellek, R. & Warren, A. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.
(6)
Evi Rahmawati, 2014
Kumpulan Dongeng Sasakala Talaga Warna Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP