KUMPULAN CARPON KANYAAH KOLOT KARYA KARNA YUDIBRATA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII (TILIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN MORAL).

(1)

i

KUMPULAN CARPON KANYAAH KOLOT

KARYA KARNA YUDIBRATA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII

(TILIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN MORAL)1) Jaenudin2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII (Tilikan Struktur jeung Ajén Moral). Latar belakang masalah dalam penelitian ini adalah pada zaman sekarang manusia terus-menerus berubah sesuai dengan perubahan zaman. Hal ini disebabkan oleh perkembangan tekhnologi informasi yang bersumber dari Radio, Tv, Majalah, Internet, dan media-media yang lainnya. Hal tersebut sangatlah mempengaruhi keadaan hidup manusia. Terutama mengenai sikap, perilaku dan ahlak manusia baik dan buruknya (moral) yang mulai sudah tidak jelas lagi. Aturan adat dan agama sudah mulai kurang dilaksanakan. Pergaulan remaja mulai menyimpang dari apa yang dianggap pantas oleh generasi sebelumnya. Supaya nilai-nilai moral tidak hilang, dan tidak pula dilupakan, perlu sekali nilai-nilai moral diajarkan di sekolah. Salahsatu caranya melalui pengajaran sastra.

Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analisis. Adapun tehnik yang digunakan ialah tehnik telaah pustaka dan analisis data. Sumber data dalam penelitian ini semua judul cerpen yang ada dalam cerpen Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. Hasil penelitian terhadap struktur dan ajen moral dalam kumpulan cerpen

Kanyaah Kolot, yaitu (1) ajen moral berdasarkan tema yang terdapat dalam cerpen Kanyaah Kolot dominan mengenai tema moral ada tiga (38%); (2) ajén moral

berdasarkan baik buruknya ajen moral dalam karakter tokoh dalam cerita, dari 111 ajen moral yang ada 56 (50,46%) ajen moral yang baik (+), dan 55 (49,54%) ajen moral yang jelek (-). Berdasarkan hubungan horisontal dan vértikalnya ada ajén moral, dari 111 ajén moral ada 98 (88,28%) ajen moral yang berhubungan dengan horisontal, dan 13 (11,71%) ajen moral yang ada hubungannya dengan vertikal. Berdasarkan eksplisit-implisit ajen moral, dari 111 ajen moral ada 38 (34,23%) ajen moral yang eksplisit, dan 73 (67,76%) ajen moral yang implisit; (3) alurnya yaitu mérélé, sorot balik, mobok tengah, mangnyaritakeun; (4) latar dalam cerpen Kanyaah

Kolot ada 102. (5) sudut pandang cerpen ini menggunakan orang pertama dan orang

ketiga (6) amanat yang terdapat dalam cerpen ini yaitu jangan banyak berbohong, hidup adalah perjuangan, harus hati-hati, berbaktinya anak pada orang tua, dan sabar.

1)

Skripsi di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M. Hum dan Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. 2)


(2)

ii PANGJAJAP

Bismillahirrahmanirrahim

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah SWT, anu parantos masihan ni’mat, hususna ni’mat iman, islam sareng ni’mat séhat ka sim kuring, tug dugi ka sim kuring tiasa ngaréngsékeun ieu skripsi.

Solawat miwah salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka parakulawargana, ka parasahabatna, sareng mudah-mudahan dugi ka urang salaku umatna anu mudah-mudahan satia kana sagala ajaranna. Amin!

Ieu skripsi téh judulna nya éta “Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII (Tilikan Struktur jeung Ajén Moral)”. Eusi ieu skripsi téh ngadéskripsikeun sakabéh carpon anu aya dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. Ieu kumpulan carpon

Kanyaah Kolot téh kabéhna aya dalapan judul. Kadalapan carpon éta dijudulan “Jang Oman”, “Kanyaah Kolot”, “Néng Yaya Gering Tipes”, “Jurig Bungkeuleukan”, “Buah Limus Murag ku Angin”, “Nganti Dawuh, Kanyaah” jeung “Naib Cidahu”.

Éta carpon téh kabéh bakal di analisis pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta métode deskriptif analisis, nya éta ku cara ngumpulkeun informasi faktual kalawan rinci jeung ngagambarkeun gejala-gejala anu aya dina buku Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot


(3)

iii

karya Karna Yudibrata, ngaidentifikasi masalah-masalah anu aya dina buku Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, nangtukeun sagala rupa anu bisa di cokot atawa kumaha implikasina tina pangalaman pikeun ngarancang kaputusan dina mangsa nu bakal datang. Téhnik anu digunakeunana nya éta téhnik ulikan pustaka, digunakeun pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung ulikan struktur carpon, hususna dina buku kumpulan carpon

Kanyaah Kolot, karya Karna Yudibrata. Nu ngawengku téma, palaku jeung watek

palaku, galur, latar, puseursawangan jeung amanat, nu aya dina buku kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata.

Pamungkas, mugia ieu panalungtikan téh aya mangpaatna pikeun sim kuring hususna, sareng umumna pikeun sadaya anu maca ieu skripsi. Amin!

Bandung, Februari 2011

Nu Nyusun,

Jaenudin


(4)

iv

CATUR PANUHUN

Teu saeutik halangan harungan anu karandapan salila nyusun ieu skripsi téh. Éta téh balukar tina kahéngkéran pangaweruh anu nyusunna. Sok sanajan kitu, ari dibarengan ku niat katut tékad anu kuat, kasabaran, jeung do’a ti sagala pihak mah, ieu skripsi téh réngsé ogé. Ku kituna, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka:

1. Emih sareng Abah anu teu kendat ngarojong ku kaasih sareng kanyaah nu salawasna nyerep karasa ku sim kuring. Mugia Allah SWT, mikaasih ka aranjeunna sapertos anjeunna mikaasih ka sim kuring. Amin!;

2. Bapa Dr. Dedi Koswara, M.Hum. salaku pangaping I, anu parantos ngaping dugi ka réngséna ieu skripsi;

3. Ibu Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. salaku pangaping II, anu teu kendat ngawurukan sarta nuyun jeung ngaping dugi ka réngséna ieu skripsi;

4. Bapa Dr. Dingding Haerudin, M.Pd. sareng Ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, salaku pupuhu jurusan sareng sekertaris Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI; 5. Bapa miwah Ibu dosen Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI, anu

parantos ngatik ngadidik sarta masihan élmu pangaweruhna ka sim kuring;

6. Pa Wawan, Pa Apan, Kang Dedé, sareng téh Herma Anu teu weléh diriripuh sareng diririweuh ku sim kuring;

7. Bapa Nendi anu parantos kersa ngaping sim kuring nalika PLP;

8. Bapa Drs. Kadar, sareng Bapa Maman anu parantos masihan bongbolongan ka sim kuring;


(5)

v

9. Pun Aki, sareng Ema anu teu kendat ngadungakeun sareng ngarojong sim kuring; 10.Ema Cina anu teu weléh ngadungakeun sareng ngarojong sim kuring;

11.Ua, Emang anu teu weleh nyumangetan sangkan kuring buru-buru lulus; 12.Pun Alo, Juhaya, Nyai, Dede sareng Ita anu jadi panyumanget sim kuring;

13.Rahmat sobat kuring ti SMA, anu parantos ngabantosan tur nyumangetan dina ngaréngsékeun ieu skripsi, mudah-mudahan sosobatan urang sing terus nganteng; 14.Amar, Agi, Fregi, Stepanus, Wisdian, Haris, Hidayat sareng Haris, sobat sim

kuring anu parantos ngabantosan dina ngaréngsékeun ieu skripsi; 15.Dani, Ari, Jaya, Fauzan sareng Randi, batur heureuy sim kuring;

16.Réréncangan KKI UPI, anu parantos nyumangetan sim kuring, dina ngaréngsékeun ieu skripsi, irah atuh tanding deui?

17.Réréncangan PLP, sareng KKN; Cipta, Andi, Dita, Elin, Iis, Neni, Nira, Sofi, Rina, Wi, Prima, Fajri, Tri, Meli, Gisa, Gina, Wita anu parantos ngarojong, sareng masihan sumanget ka sim kuring;

18.Réréncangan (PPSN) Nampon, anu teu weléh masihan sumanget dina ngaréngsékeun ieu skripsi;

19.Elia, Erina, Nina, Sri, Rahmat batur heureuy kuring mugi urang tiasa tepang deui; 20.Réréncangan anu di lembur anu teu weléh ngabagéakeun sim kuring, Kos, Aep,

Endi, Tatang sareng Ano iraha urang ngariung di Masjdi téh?

Kumargi kitu, beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana, sim kuring ngaraos kahutangan budi ku kasaéan sadayana, mugi janten amal di payuneun Allah SWT, Amin!.


(6)

vi

DAFTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ………... i

PANGJAJAP ……… ii

CATUR PANUHUN ……… iv

DAFTAR EUSI ………. vi

DAFTAR TABÉL ………. ix

DAFTAR SINGGETAN ……… x

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Masalah ……… 1

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah ………. 5

1.2.1 Watesan Masalah ………. 5

1.2.2 Rumusan Masalah ……… 6

1.3Tujuan Panalungtikan ………. 7

1.3.1 Tujuan Umum ………... 7

1.3.2 Tujuan Husus ……… 7

1.4Mangpaat Panalungtikan ……… 7

1.4.1 Mangpaat Téoritis ………. 7

1.4.2 Mangpaat Praktis ………... 8

1.5Wangenan Istilah ………. 8

1.6Anggapan Dasar ……….. 9

BAB II CARPON, AJÉN MORAL, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA 2.1 Carpon ………. 11

2.1.1 Wangenan Carpon (Carita Pondok) ……….. 11

2.1.2 Sajarah jeung Kamekaran Carita Pondok dina Sastra Sunda ……… 13

2.1.3 Papasingan Carita Pondok ………. 14

2.1.4 Ciri-ciri Carita Pondok ……….. 15

2.1.5 Struktur Carita Pondok ……….. 18

A. Téma ……….. 19

B. Palaku jeung Watek Palaku ……… 20

C. Galur ………... 24


(7)

vii

E. Puseur Sawangan ……… 29

F. Amanat ……… 29

2.2 Étika Jeung Ajén Moral ……… 30

2.2.1 Wangenan Étika ………. 30

2.2.2 Ajén Moral ………... 31

2.2.2.1 Wangenan Ajén Moral ………. 31

2.2.2.2 Ciri-ciri Ajén Moral ……… 32

2.3 Muatan Lokal ……… 33

2.3.1 Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda SMP/MTs ………. 34

2.3.1.1 Fungsi SKKD ……….. 34

2.3.1.2 Tujuan SKKD ………. 35

2.3.2 Standar Kompetensi Lulusan SMP/MTs ……… 35

2.4 Bahan Pangajaran ………. 36

2.4.1 Kriteria Milih Bahan Pangajaran ……….. 36

2.4.2 Carita Pondok Pikeun Bahan Pangajaran Maca ……… 37

BAB III MÉTODELOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan ………. 40

3.1.1 Métode Panalungtikan ……… 40

3.1.2 Téhnik Panalungtikan ……… 40

3.2 Instrumén Panalungtikan ……….. 41

3.3. Sumber Data Panalungtikan ……… 45

3.3.1 Déskripsi Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot ……… 45

3.3.2 Riwayat Hirup Karna Yudibrata ……… 46

3.3.3 Ringkesan Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot ……… 47

3. 4 Wangenan Operasioanl ……… 60

3.5 Léngkah-léngkah Panalungtikan ……….. 60

3.5.1 Tahap Tatahar ……… 60

3.5.2 Tahap Ngumpulkeun Data ………. 61

3.5.3 Tahap Ngolah Data ……… 61

BAB IV STRUKTUR JEUNG AJÉN MORAL DINA KUMPULAN CARPON KANYAAH KOLOT KARYA KARNA YUDIBRATA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII 4.1 Struktur dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata …… 62

4.1.1 Carpon Jang Oman ………. 62

4.1.2 Carpon Kanyaah Kolot ……… 79

4.1.3 Carpon Néng Yaya Gering Tipes ………. 96

4.1.4 Carpon Jurig Bungkeuleukan ………. 116

4.1.5 Carpon Buah Limus Murag ku Angin ………. 134

4.1.6 Carpon Nganti Dawuh ……… 153

4.1.7 Carpon Kanyaah……….. 170


(8)

viii

4.2 Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata .. 204

4.3 Struktur jeung Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII …………213

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ……… 217

5.2 Saran ……….. 221

DAFTAR PUSTAKA ……… 222

LAMPIRAN ……….. 224


(9)

ix

DAFTAR TABEL

kaca Tabél 2.1 Struktur KTSP SMP/MTs ………. 34 Tabél 2.2 SK-KD Aspék Maca SMP Kelas VII ………... 39 Tabél 4.1 Galur, Latar, jeung Puseur Sawangan dina KumpulanCarpon

Kanyaah Kolot ……….. 207 Tabél 4.2 Ajén Moral dumasar kana Téma jeung Amanat dina Kumpulan

Carpon Kanyaah Kolot ……… 208 Tabél 4.3 Ajén Moral dumasar kana Palaku dina kumpulan carpon kanyaah

kolot ………. 209 Tabél 4.4 Frékuénsi jeung Persentase Ajén Moral dina Kumpulan Carpon

Kanyaah Kolot……….. 214 Tabél 4.5 Struktur jeung Ajén Moral Luyu jeung Teu Luyuna pikeun


(10)

x

DAFTAR SINGGETAN

LBSS Lembaga Basa jeung Sastra Sunda KBBI Kamus Umum Bahasa Indonesia UPI Universitas Pendidikan Indonesia SMP Sekolah Menengah Pertama


(11)

1

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Karya sastra téh mangrupa hasil ciptaan manusa anu diébréhkeun ku cara ngagunakeun basa sacara lisan atawa tulisan. Karya sastra mangrupa ébréhan jiwa pangarang anu digelarkeunana maké média basa. Basa dina karya sastra dipaké pikeun ngahontal ajén-ajén éstétika. Ari carana rupa-rupa, bisa ngagunakeun gaya basa, purwakanti, pakéman basa, jeung sajabana. Ku kituna, basa jeung sastra téh raket pisan patalina tur silih rojong. Eusi karya sastra biasana mangrupa ébréhan ngeunaan masalah-masalah hirup-huripna manusa, hakékat jeung gambaran kahirupan manusa, rupa-rupa pangalaman rasa, jeung ide manusa anu bisa diébréhkeun dina wangun sastra. Salian ti éta, sastra ogé ngagambarkeun kasusah manusa, perjuangan, silih asih, pagéntréng jeung sasama manusa atawa naon hal anu kaalaman dina kahirupan sapopoé.

Karya sastra mangrupa hasil karya cipta jeung kréativitas hiji jalma (pangarang) dina ngolah basa anu ngajangélék jadi hasil karya sastra anu éstétis. Patali jeung hal éta ditétélakeun ku Iskandarwassid (2003:138), yén karya sastra téh nya éta karya seni anu digelarkeun ngagunakeun alat basa. Minangka karya seni, warnaning karya sastra téh diciptana salawasna napak dina usaha ngolah unsur-unsur éstétis (kaéndahan sastra).


(12)

Sacara umum wangun karya sastra téh dibagi jadi tilu bagian, nya éta (1) wangun lancaran (prosa), (2) wangun ugeran (puisi), (3) wangun paguneman (drama).

Dumasar kana warnana, karya sastra anu kaasup wangun lancaran (prosa) diantarana: dongéng, skétsa, carita pondok, roman, jeung novel. Anu kaasup wangun ugeran (puisi) diantarana: mantra (jangjawokan, singlar, asihan, jampé, rajah, ajian), kakawihan, sisindiran, (rarakitan, paparikan, wawangsalan), sair, pupuh, guguritan, jeung carita wawacan. Ari anu kaasup wangun carita (drama) diantarana: sandiwara, opera, jeung gending karesmén (Iskandarwassid, 1992:135).

Saterusna dijelaskeun yén carita pondok téh nya éta karya (tinulis) rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa naratip. Galur carita rélatip basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana hiji kajadian utama, mangrupa hiji “épisodeu”, palaku ogé ngan ukur dua, tilu. Ku lantaran kitu, ieu carita téh rélatip pondok. Umumna mah jejer, latar (setting), jeung kajadian carita téh diolah dina alam kiwari (Iskandarwassid, 2003:113).

Carita pondok nya éta carita atawa narasi (lain analisis argumentatif) anu fiktif (henteu bener-bener kajadian geus kajadian tapi bisa kajadian di mana waé jeung iraha waé) sarta rélatif pondok. Carita atawa narasi tadi kudu sacara gemi jeung apik. Ku hal éta, di jero carpon biasana ngan ukur aya dua atawa tilu palaku waé, ngan saukur dina hiji kajadian jeung ngan saukur aya hiji éfék waé pikeun anu maca. Lengkepna hiji carita pondok tadi, bisa ditingali tina segi-segi unsur nu mangrupa, unsur-unsur lainna di antarana nya éta peristiwa carita (alur atawa


(13)

plot), tokoh carita (krakter), téma cerita, suasana cerita (setting), sudut pandang penceritaan (point of view) jeung gaya (style) pangarangna (Jakob Sumardjo & Saini K.M. 1988:37).

Nilik kana wangun eusina, karangan wangun carita pondok kaasup kana sastra sampeuran, lantaran ayana sabada sastra Sunda kapangaruhan ku sastra kulon (Ruhaliah, 2002:125).

Dumasar kana pamadegan paraahli di luhur, carita pondok téh nya éta mangrupa salahsahiji bagian tina karya sastra, anu mangrupa carita rékaan dina wangun prosa naratif, dina galur caritaan rélatip basajan lantaran jumlah palaku ukur dua atawa tilu urang. Ku lantaran kitu dina carita pondok, caritana rélatip pondok ngan saukur hiji épisodeu. Anu diolah tina alam kahirupan kiwari, anu ngébréhkeun pangalaman hirup manusa dina sapopoéna atawa hal anu keur karandapan ku manusa umpamana rasa cinta, rasa gumbira, rasa kaduhung jeung rasa sedih.

Ajén-inajén luhur dina karya sastra téh loba pisan, di antarana ajén budaya, kaagamaan, psikologis, moral, jeung réa-réa deui. Salian ti éta ajén-inajén, karya sastra ogé moal leupas tina struktur pangwangunna. Nurutkeun Iskandarwassid (2003:153), anu disebut struktur dina karya sastra téh nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karya nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng boga ma’na. Dina prosa umpamana, kumaha ngaréka unsur-unsur téma, plot, latar, jeung tokoh nepi ka bisa ngawujud jadi carita pondok jeung novel.

Kiwari, carita pondok ogé aya anu dikumpulkeun dijieun buku kumpulan carita pondok. Kumpulan carita pondok éta aya anu mangrupa kumpulan carita


(14)

pondok ti hiji pangarang saperti Kanyaah Kolot jeung kumpulan carita pondok beunang sababaraha pangarang (antologi). Salahsahiji kumpulan carita pondok Sunda anu aya kiwari nya éta Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. Nilik kana judulna ogé ku urang geus kasawang eusina pasti ngabogaan ajén-inajén anu luhur salahsahijina nya éta ajén moral.

Kiwari kahirupan manusa terus-terusan robah luyu jeung mekarna jaman. Téhnologi imformasi anu ngaliwatan Radio, Tv, Majalah, Internét, jeung média-média anu lianna. Dina nyanghareupan hal samodél kitu anu mangaruhan kana kaayaan hirup masarakat. Utamana ngeunaan tetekon hirup mimiti geus robah, sikep, pangajén naon anu hadé jeung naon anu goréng (moral) mimiti teu ajeg. Aturan adat jeung agama mimiti geus teu pati dilaksanakeun. Pergaulan rumaja mimiti méngkol jauh kana naon anu dianggap pantes ku generasi anu saméméhna.

Sangkan éta ajén-inajén henteu leungit, jeung henteu dipohokeun, kacida perluna éta ajén-inajén diajarkeun hususna disakola-sakola. Salahsahiji carana nya éta ngaliwatan pangajaran sastra.

Dumasar kana peraturan Daerah Jawa Barat No. 5 taun 2003 ngeunaan ngalestarikeunna basa, sastra jeung aksara daerah, anu netepkeun yén basa daerah, diantarana basa Sunda, diajarkeun di sakola dasar di Jawa Barat. kawijakan éta dumasar kana UU No. 22/1999 ngeunaan pamaréntahan daerah jeung UU No. 20/ 2003 ngeunaan sistem Pendidikan Nasional, dumasar kana UUD 1945 anu aya patalina Pendidikan jeung Kabudayaan.

Panalungtikan ieun leuwih museur kana struktur jeung ajén moral dina kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu disaluyukeun


(15)

kana Standar Kompetensi (SK) salaku bahan pangajaran anu aya di SMP. Ku kituna, ieu panalungtikan dihususkeun pikeun néangan struktur jeung ajén moral anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu disaluyukeun kana Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SK-KD) anu geus aya.

Panalungtikan ajén moral geus aya anu nalungtik mangrupa skripsi, di antarana: skripsi Dadang Yulianto (2006) nu judulna Ajén Moral dina Kumpulan

Carpon Ajalna sang Béntang Pilem karya Dudu Durahman. Kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata mah tepi ka danget ieu can ditalungti tina

segi struktur jeung ajén moral. Ku kituna, perlu diayakeunna panalungtikan dina wangun skripsi, sangkan kapanggih struktur jeung ajén moral anu aya dina éta kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. Pikeun kapentingan skripsi ieu panalungtikan dibéré judul “Kumpulan Carpon Kanyaah

Kolot Karya Karna Yudibrata pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII

(Tilikan Struktur jeung Ajén Moral)”

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Ajén-inajén anu aya dina kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot téh kacida jembarna, diantarana nya éta ajén kaagamaan, atikan, psikologi, budaya, jeung moral. Sangkan ieu panalungtikan téh leuwih museur jeung teu lega teuing, dina nalungtik kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot téh baris diwatesanan ku medar struktur jeung ajén moral anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot.


(16)

Dina éta kumpulan carita pondok téh aya dalapan carita. Dalapan carita éta bakal dijadikeun objék panalungtikan. Satuluyna hasil analisis téh dijieun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan téh baris diwincik jadi sababaraha pertanyaan. Sangkan pertanyaan pedaran nyoko kana objék pedaran anu rék ditalungtik, nya éta:

1) kumaha struktur carpon (téma, palaku jeung watek palaku, galur, latar, puseur

sawangan, jeung amanat) dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata?

2) ajén moral naon waé anu nyampak dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot

karya Karna Yudibrata?

3) naha hasil analisis struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah

Kolot karya Karna Yudibrata bisa jadi bahan pangajaran maca di SMP kelas

VII?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana kasangtukang, watesan jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan téh mibanda tujuan sacara umum jeung husus anu hayang dihontal.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan téh nya éta pikeun maluruh struktur jeung meunangkeun konsép hirup anu luyu jeung moral anu hadé ku cara mesék tur


(17)

medar karya sastra hususna dina kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata dumasar struktur jeung ajén moral.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan bisa dibagi sababaraha hal, di antarana nya éta:

1) ngadéskripsikeun struktur carpon (téma, palaku jeung watek palaku, galur, latar, puseur sawangan, jeung amanat) dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata;

2) ngadéskripsikeun ajén moral naon waé anu nyampak dina kumpulan carpon

Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata;

3) nyusun hasil analisis struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah

Kolo karya Karna Yudibrata pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP

kelas VII.

1.4Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Téoritis

Ieu panalungtikan ngabogaan mangpaat anu hayang dihontal, sacara téoritis di antarana nya éta:

1) pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan élmu sastra;


(18)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan ngabogaan mangpaat anu hayang dihontal, sacara praktis di antarana nya éta:

1) bisa meunangkeun struktur jeung ajén moral anu aya dina kumpulan carita pondok Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, sarta bisa nerapkeun éta ajén dina kahirupan sapopoé;

2) bisa méré gambaran ka urang yén moral téh penting pisan pikeun manusa dina

hirup kumbuh;

3) pikeun nambahan atawa ngarojong bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola, utamana dina hal ajén moral.

1.5Wangenan Istilah

Wangenan dina ieu panalungtikan di antarana hal-hal anu aya patalina jeung kecap-kecap anu dijadikeun judul, nya éta Struktur, Ajén Moral, Carpon, Kanyaah

Kolot, Bahan Pangajaran, Maca.

1) Struktur dina karya sastra téh nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karya nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng boga ma’na (Iskandarwassid, 2003:153).

2) Ajén Moral nya éta mangrupa ma’na anu aya dina hiji carita anu rék ditepikeun

ku pangarang ka anu maca éta carita (Nurgiyantoro, 1995:320).

3) Carpon nya éta karya (tinulis) rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa

naratif. Galur carita rélatip basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa, museur kana hiji kajadian utama, mangrupa hiji “épisodeu”, palaku ogé


(19)

ngan ukur dua tilu. Ku lantaran kitu, ieu carita téh rélatip pondok. Umumna mah jejer, latar (setting), jeung kajadian carita téh diolah dina alam kiwari (Iskandarwassid, 2003:113).

4) Kanyaah Kolot nya éta kumpulan carpon karya Karna Yudibrata anu eusina aya dalap judul nya éta (1) Jang Oman, (2) Kanyaah Kolot, (3) Néng Yaya

Gering Tipes, (4) Jurig Bungkeuleukan, (5) Buah Limus Murag ku Angin, (6) Nganti Dawuh (7) Kanyaah, jeung (8) Naib Cidahu. Jumlah kaca aya 143 kaca.

Warna dasar jilidna hideung jeung biru aya gambar jelema tiluan budak jeung kolotna.

5) Bahan Pangajaran nya éta matéri anu disusun kalayan sistematis nepi ka nyiptakeun lingkungan atawa suasana anu ngadukung siswa diajar kalayan hadé (Majid, 2008:174).

6) Maca mangrupa hiji prosés nu dilakukeun sarta digunakeun ku nu maca pikeun

nyangkem pesen anu ditepikeun ku nu nulis dina basa tinulis (Tarigan, 1987:7).

1.6Anggapan Dasar

Anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta:

1) sastra mangrupa salahsahiji karya seni anu mibanda ajén-inajén anu bisa ngahudangkeun rasa anu maca;

2) carpon mangrupa salahsahiji karya sastra sampeuran anu mibanda fungsi

édukatif jeung rékréatif;

3) carita pondok mangrupa hasil tina karya sastra anu mibanda anjén-inajén pikeun dijadikeun eunteung pikeun anu maca;


(20)

4) moral téh mangrupa salahsahiji aspék anu kacida pentingna dina hirup kumbuh manusa sapopoé, sabab moral téh mangaruhan kana katengtreman masarakat. Salian ti éta moral anu hadé bisa ngajegkeun manusa salaku mahluk anu mulia;


(21)

40 BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1 Métode Panalungtikan

Métode nya éta cara utama nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan (Surakhmad, 1985:131). Dina ieu panalungtikan, métode nu digunakeun nya éta métode déskriptif analisis, sabab digunakeun pikeun:

1)ngumpulkeun informasi faktual kalawan rinci jeung ngagambarkeun gejala-gejala anu aya dina buku;

2)ngaidéntifikasi masalah-masalah anu aya dina buku;

3)nangtukeun sagala rupa nu bisa di cokot atawa kumaha implikasina tina pangalaman pikeun ngarancang kaputusan dina mangsa nu bakal datang.

3.1.2 Téhnik Panalungtikan

Nurutkeun Ratna (2004:37) téhnik asal tina kecap tekhnikos, basa Yunani, nu hartina alat atawa seni ngagunakeun alat. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik ulikan pustaka jeung analisis data.

1. Téhnik ulikan pustaka digunakeun pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar téoritis anu aya patalina jeung ulikan struktur carpon, hususna carpon dina buku kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata.


(22)

2. Téhnik analisis data digunakeun pikeun nganalisis sruktur carita anu ngawengku téma, palaku jeung watek palaku, galur, latar, puseur sawangan, jeung amanat. Anu aya dina buku kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata.

Unggal carpon dianalisis hiji-hiji ku cara dikumpulkeun, diteuleuman, jeung dipesék, nepi ka kapanggih ajén moralna.

3.2 Instrumén Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan digunakeun sistem tabél atawa sistem tabulasi pikeun nganalisis ajén-ajén moral anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata. Tujuanna nya éta sangkan gampang dina nganalisis data, sarta gampang nyieun kacindekanna, sabab dina éta tabél bakal katitén hal-hal naon waé anu boga ajén moral.

Dina ieu panalungtikan aya lima tabél analisis anu digunakeun. Tabél kahiji eusina ngeunaan galur, latar, jeung puser sawangan dina kumpulan carpn Kanyaah

Kolot karya Karna Yudibrata, tabél kadua eusina ngeunaan ajén moral dumasar kana

téma jeung amanat dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, tabél katilu eusina ngeunaan ajén moral dumasar palaku dina kumpulan carpon

Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, tabél kaopat eusina ngeunaan frékuénsi jeung

perséntasi ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, tabél anu kalima eusina ngeunaan struktur jeung ajén moral pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca.


(23)

Ieu di handap tabél-tabél anu dimaksud. Tabél 3.1

Galur, Latar, jeung Puseur Sawangan dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata

No. Kode Carpon

Galur Latar Puseur

Sawangan Tempat Waktu Suasana

(01) (02) (03) (04) (05) (06) (07)

?

Tabél 3.2

Ajén Moral Dumasar kana Téma jeung Amanat dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata

No Kode Carpon

Téma jeung Amanat Kaca

1 01 Téma Amanat

?

Pikeun nangtukeun perséntase tina struktur carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata dumasar kana téma jeung amanat carpon saperti anu katitén dina tabél di luhur, bisa kapaluruh kalawan ngagunakeun rumus:

% =


(24)

Tabél 3.3

Ajén Moral Dumasar kana Palaku dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata

No. Kode

Carpon

Palaku Ajén Moral

Kaca

Ngaran Watek + - H V E I

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11)

?

Katerangan: + = Indikator Positif - = Indikator Négatif H = Indikator Horisontal V = Indikator Vertikal E = Indikator Éksplisit I = Indikator Implisisit

Pikeun nangtukeun perséntase tina indikator anu dumasar kana palaku carpon saperti anu katitén dina tabél di luhur, bisa kapaluruh kalawan ngagunakeun rumus:


(25)

Tabél 3.4

Frékuénsi jeung Perséntase Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karya Karna Yudibrata

Kateranagan: F= Frékuénsi % = Persentase

Pikeun meunangkeun jumlah perséntase tina frékuénsi ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot anu katitén dina tabél, bisa kaparuruh kalawan ngagunakeun rumus:

% =

é é X 100

Tabél 3.5

Struktur jeung Ajén Moral Luyu jeung Teu Luyu pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas VII

No Kodeu Carpon

Struktur

Alasan Kaca

Luyu Teu luyu

(01) (02) (03) (04) (05) (06)

?

No Ajén Moral dina Struktur Carpon F %

(1) (2) (3) (4)


(26)

Pikeun meunangkeun struktur jeung ajén moral luyu jeung teu luyuna pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII, anu ngawengku téma jeung amanat dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata baris ngagunakeun ieu tabél.

3.3. Sumber Data Panalungtikan

3.3.1 Déskripsi Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot

Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta sakabéh carpon dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, anu diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1985. Warna dasar jilidna hideung jeung biru, aya gambar jelema tiluan budak jeung kolotna, kandelna 152 kaca, di jerona aya daptar eusi jeung buku-buku anu di kaluarkeun ku Rahmat Cijulang.


(27)

Jumlah judul dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata kabéhna aya dalapan judul, nya éta: (1) Jang Oman, (2) Kanyaah Kolot, (3) Néng

Yaya Gering Tipes, (4) Jurig Bungkeuleukan, (5) Buah Limus Murag ku Angin, (6) Nganti Dawuh, (7) Kanyaah, jeung (8) Naib Cidahu.

3.3.2 Riwayat Hirup Karna Yudibrata

Karna Yudibrata dilahirkeun di Désa Tambaksari, Rancah, Ciamis, tanggal 17 September 1936. Sarjana Pendidikan IKIP Bandung jurusan Bahasa dan Sastra Indonesia, cekel gawé jadi dosén tetep di jurusan Bahasa jeung Sastra Sunda (kiwari Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah), FKSS (FPBS) IKIP Bandung méré kuliah Linguistik. Kungsi jadi Sekretaris, tuluy jadi Ketua Jurusan Bahasa Sastra Sunda, ketua Biro Olahraga, Kesenian jeung Pramuka IKIP Bandung.

Kungsi ogé jadi Sekertaris Dewan Pertimbangan kebudayaan (nu robah jadi Dewan Kebudayaan) Propinsi Daerah Tingkat 1 Jawa Barat. Kungsi milu ulubiung ngadegkeun Akademik Seni Tari Indonesia (ASTI) Bandung, sarta jadi ketua/direktur éta sakola anu munggaran (1970 nepi ka taun 1979). Dina taun 1980 meunang pancen tugas diajar di Fakultas Pasca Sarjana IKIP Malang, Program S3 spesialisasi widang studi: pendidikan Bahasa.

Dina taun 1984, Karna diangkat jadi Sekretaris Lembaga Pengabdian pada Masarakat (LPM) ngarangkep jadi Anggota Sénat Institut Keguruan dan ilmu Pendidikan Bandung.


(28)

Mimiti resep kurung-karang ti waktu keur di SGA kénéh, ngan ari nulis sajak, éséy, jeung carita pondok mah kakara mitembeyan dina taun 1965. Tulisan-tulisanana bisa kabaca dina Sipatahunan, Warga, Manglé, Kalawarta, LBSS, Mingguan Sunda,

Baranangsiang, Sangkuriang, Hanjuang, Sari, Langensari, jeung Wangsit.

Dina taun 1966, Karna kacatet jadi salah saurang pangurus Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (PP-SS) Osok ogé nulis rumpaka lagu: saperti anu dibukukeun ku Nano S. dina Haleuang Tandang.

Tulisan-tulisan lianna mangrupa bahasan, éséy, jeung hasil panalungtikan ngeunaan pendidikan, basa, jeung seni.

3.3.3 Ringkesan Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot

Dumasar kana Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta sakabéh carpon dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, jumlah éta carpon téh aya dalapan judul. Kadalapan judul carpon dina kumpulan carpon

Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata téh baris diringkes ieu di handap.

1)Jang Oman

Jang Oman téh budakna Pa Ulis (Abdullah) jeung Ma Ulis anu kalima. Sakolana di SMA nu aya di Bandung, geus katujuh taun ieu da taun kamari kungsi teu naék. Geus sabelas kali pindah tempat, mimiti indekos, tuluy di asrama, teu sugema di asrama, tuluy indekos deui. Ayeuna diajar ngaliwet bari nyéwa kamar sabulanna dua rébu. Bulan ieu geus teu bogaeun bekel, untung kasampeur ku peré. Manéhan balik ka lembur sanggeus ngeusian absén poé éta.


(29)

Barang datang ka imah Jang Oman di bagéakeun pisan ku Pa Ulis, komo ku Mimin mah adina Jang Oman anu masih kénéh sakola dasar. Barang Jang Oman datang, Ma Ulis keur ngadekul ngaputan baju sakola Mimin. Ma Ulis ngarasa héran padah Oman geus balik deui.

Oman ukur ngeluk, barang digelendut ku Ma Ulis jeung Pa Ulis. Pa Ulis kabita ku kalintuhan anakna, sakabéh awak Oman teu leupas tina paneuteup Pa Ulis. Barang paneuteupna museur, Pa Ulis kacida reuwasna barang ningali calana Jang Oman aya tapak nisik. Barang di tanya, singhoréng Oman téh kungsi labuh waktu boncéngan jeung babaturanna.

Harita Oman ngariung ukur meunang sapeuting, kadituna mah Oman sok anjang-anjangan ka dulur-dulurna. Nepi ka Pa Ulis ogé kudu milu udar-ider milu mapay. Soré peuting ka opatna Oman bébéja rék balik deui ka Bandung ka adina, tapi teu bogaeun ongkos. Barang nyaho béja Oaman rék balik Ma Ulis kacida reuwaseunna sabab can sasadiaan. Peutingna Ma Ulis jeung Mimin adi Jang Oman méh teu saré lantaran guranggoréng, bubungkus, Mais lauk, nyieun kupat pibekeleun Oman.

Isukna Oman dianteurkeun ku Pa Ulis ka stanplat. Barang Oman naék mobil, Pa Ulis kacida sedihna. Teu kungsilila mobil maju, Pa Ulis gugupay bari leumpang bangun nu hayang milu. Mobil geus leungit tina paningali, léos Pa Ulis balik muru ka kebon rék ngajual kalapa. Barang anjog ka kebon kalapa. Pa Ulis tuluy nitah naék ka nu purah biasana ngala éta kalapa. Teu kungsilila nu dititah turun bari ngalaporkeun yén kalapana geus aya nu ngala.


(30)

Pa Ulis kacida reuwasna, tuluy nananyakeun ka unggal bandar kalapa. Tétéla sangkaan Pa Ulis teu nyalahan, kalapana geus di ala ku Sanroip. Barang dinaha-naha bet di beuli. Sanroip nyaritakeun pajar keun téh titahan bapa, kitu jawab Sanroip harita. Barang ditanyakeun saha nu ngajualna, Pa Ulis buru-buru ngaléos bari ngomong Nuhun Gutsi, anak abdi teu ngala kalapa batur!”

2)Kanyaah Kolot

Pa Wianta jeung Ma Isah, nu keur nyakolakeun anakna nu di SMA Bandung. Pa Wianta geus ngarasa bingung dina nyanghareupan anakna anu hésé nurut. Sok sanajan kitu ari kanyaah mah tetep nyantél dina ati Pa Wianta. Barang maca surat pangirim anakna Pa Wianta ngarsa bingun lantaran anakna kudu geus dikirim deui duit. Pagéto Pa Wianta ngabogaan niat rék ngalongok anakna di Bandung. Di Bandungna di Jl. Dr. Setyabudi, ari cicingna di Mang Uka jeung Bi Imi bubuhan batur salembur jeung ari anu utamana mah masih kénéh dulur sabrayna kénéh, nu ngumbara ka Bandung geus kana lima belas taunna.

Pa Wianta maksakeun ngalongok anakna, barang tepi Pa Wianta kacida di bagéakeun ku Mang Uka jeung Bi Imi. Barang Mang Uka nanya keun Udi, Pa Wianta kacida reuwasna. Lantaran panyangka Pa Wianta mah Udi aya di Mang Uka. Kitu deui panyangka Mang Uka jeung Bi Imi yén Udi téh balik ka lembur. Sabab harita Udi bébéja rék balik ka lembur. Pa Wianta, Mang Uka jeung Bi Imi jadi bingung mikiran dimana ayana Udi. Pa Wianta ngumaha ka Mang Uka, Mang Uka teu bisa ku maha lantaran teu nyaho dimana ayana Udi. Kaayaan geus burit, Pa


(31)

Wianta kacida hariwangna sok sieun Udi kumaonam. Peutingna Pa Wianta teu bisa saré soksanajan dipeureum-peureum angger gulinggasahan inget waé ka Udi.

Isukna Pa Wianta dianteur ku Mang Uka ka sakola pikeun nanyakeun Udi naha sakola atawa henteu. Barang ditanyakeun ka guru nu keur ngajar poé éta tétéla Udi téh dina kateranganna gering, malah éta kateranga tén meunang wali murid. Tapi Mang Uka teu rumasa nyieun éta surat. Pa Winata jeung Mang Uka ngobrol jeung kepala sekolah ngeunaan Udi di éta sakola. Barang nyaho yén kalakuan Udi kawas kitu Pa Winta kacida ambekkeunna.

Teu kungsi lila Pa Wianta jeung Mang Uka balik, di imah kasampak Udi geus aya, ngan Bi Imi keur ka pasar. Barang ditanya geus ti mana Udi nyarita geus ti sakola, teu nyahoeun yén Pa Wianta jeung Mang Udi geus ti sakola. Udi digelendut, Udi ukur ngeluk teu némbal. Teu kungsi lila jol Bi Imi datang jeung Sukarya. Bi Imi kacida bungahna barang Udi geus nyampak aya di imah. Barang Sukarya nyaritaekun maksud jeung tujuanna. Singhoréng Udi téh geus ti Puncak, jeung kungsi nginjeum duit pajarkeun téh titahan Mang Uka. Teu loba carita Mang Uka tuluy ngagantian bari sanuk-sanuk ménta dihampura lantaran telat dina ngabalikeunna.

Balik sémah Udi beuki ngeluk pada ngarentog, kakeuheul jeung ka ambek Pa Wianta, Mang Uka, jeung Bi Imi dibudalkeun. Lila Udi di gendut kusiwel Pa Wianta nyokot duit bari sok dibikeun ka Udi.


(32)

3)Néng Yaya Gering Tipes

Bi Imi jeung Mang Endang kacida bingungna basa ningali nu jadi anak teu bisa dikutukieu ngabaleng baé. Kaayaan tengah imah pinuh ku baraya-barayana, ku tatangga-tatanggana, peuting harita taya saurang anu saré, lian ti barudak leutik. Kabéh nyararing bari barabacaan. Aya nu ngaji Yasin meunang sababaraha balik, aya nu maca Fatihah, Al Ikhlas, jeung Falak Binnas mangpuluh-puluh balikan. Malah Uana mah mapatkeun jangjawokan sagala! Teuing parancah kétah, da teupati sidik, ngan basa Arab pagalo jeung basa Jawa direumbay ku basa Sunda buhun!.

Meunang saminggu nu gering digarugulung kitu baé di imah. Kasakitna dengdeng baé, teu maju-maju, taya mendingna, kalah ngabaleng siga nu mulan, teu beunang ditanya-tanya!

Poé Minggu, sanggeusna meunang telegram, dibéjaan yén adina, Yaya Rohaya gering payah! Lanceukna mérésaran sangkan isukan poé Senen dibawa ka rumah sakit. Sanggeus Yaya di rumah sakit nu lilana genep poé, lanceukna bébéja rék mulang deui ka tempat digawéna di Ciamis. Nugering nyangigir melong beungeut lanceukna, embung ditinggalkeun.

Nu gering mimiti aya cénghar-cénghar! Tinggal jag-jagna, tapi hasil laboratorium tipesna masih kénéh aya. Tapi barang Uana Yaya nyoho pédah Yaya di bawa ka rumah sakit nganaha-naha ka Bi Imi jeung Mang Endang. Pajarkeun téh éta mah lain ubareun dokter! Nu gering dititah dibawa balik, sok sanajan ku dokter can di ijinan. Lantaran Bi Imi jeung Mang Endang maksa, dokter teu bisa ku maha.


(33)

Barang datang, nu gering pada ngalayad, pada nanya, nu antukna nu kuduna istirahat téh malah teu saré-saré acan nepi ka peuting. Isukna kira-kira jam salapan, kasakit Yaya karasa deui. Badanana panas puguh nyongkab, kanceuh! Kateuhak ku nu ngalayad jeung ku mamayu. Tipes nu can cageur, kadupak ku tambarakan sagala kudu didahar. Geus sapuluh poé nu gering balik ti rumah sakit. Kanceuhna tambah poé wuwuh ripuh. Barang keur kitu aya nu pupuntenan. Singhoréng MangWijatma. Atuh Bi Imi jeung Mang Endang kacida bungahna. Mang Wijatma tuluy dipénta tulung. Budakna nu milu disambat ku Bi Imi. Jemprak Mang Wijatma sila mendeko, tuluy ménta dipangnyadiakeun parukuyan. Tuluy Mang Wijatma kumat-kamit, bari méré papatah jeung sarat nu kudu di cumponan sangkan néng Yaya téréh cageur.

4)Jurig Bungkeuleukan

Kocapkeun hiji waktu guru Suhéndar, salaku panitia sandiwara PGRI Désa Sari anu judulna Rahasiah Nu Goréng Patut. Guru Suhéndar ménta bongbolongan ka Mang Murnasan salaku jalma nu dikolotkeun di Desa Sari. Mang Murnasan nyarék guru Suhéndar sangkan tong ngayakeun raraméan di éta tempat, ari nu jadi lantaran Mang Murnasan kasieunan bisi aya hal-hal anu teu dipikaharep. Guru Suhéndar angger maksa, ari nu ngalantarankeun geus nyebarna béja kamana-mana jeung geus sasadiaan, salian ti éta piraku da ngayakeun éta kagiatan téh pikeun ngawangun sakola anu can anggeus. Pikir guru Suhéndar piraku ganggu da keur anak icu, buyutna kénéh. Mang Murnasan angger nyarék teu nyatujaun pikeun ngayakeun


(34)

raraméan di éta tempat, guru Suhéndar angger maksa. Nu antukna dikumadinyakeun, dikarepkeun. Karcis geus payu, nu lalajo juljo ti unggal lembur.

Jam salapan kurang saeutik, lalakon Rahasiah nu Goréng Patut, karék der dimimitian. Nu lalajo panénjona tamplok kabéh ka panggung. Pada-pada hayang nyaho kagoréngan Karnadi jeung kageulisan Euis Awang nu keur jadi béntang panggung Desa Sari. Sajeroning maén guru Suhéndar mah haténa teuweléh tagiwur, inget waé ka omongan Mang Murnasan. Nu lalajo jempling, ngabandungan carita Karnadi nu hayang ngajodo ka Euis Awang. Karnadi kacida keyengna hayang ngahiji jeung Eus Awang téh nepi ka arék ngalakukeun akal bulusna nu penting laksana sapaneja. Barang Karnadi rék jung pisan na, ana jéréwét téh ti juru panggung belah wétan aya nu ngocéak. Nu ngocéak tuluy ngayékyék, jéjérétéan bari tulung-tulungan.

5)Buah Limus Murag ku Angin

Sudira nu ka béh dieunakeun jarang kaluar, campur gaul jeung nu séjén. Lantaran Sudira ngarasa éra jeung wirang, kulantaran keur nandangan ka prihatinan nu keur karandapan ku manéhna sakulawarga. Tapi, Sudira teu ngabéjakeun keur ka prihatinan naon. Abas nu kabeneran harita keur nganjang ka Sudira, ngarasa panasaran kana pasualan nu keur karandapan ku Sudira. Abas terus nereksel kana pasualan nu keur karandapan ku Sudira. Nu antukna Sudira nyaritakeun pasualanna.

Sudira nyaritakeun yén manéhna téh boga tangka limus, nu unggal taun sok lebeut buahna. Hiji waktu aya hujan di barengan ku angin. Éta buah limus téh murag ku angin, pas pisan ninggang imah tatanggana. Suparya ngarasa teu ngeunah imahna


(35)

ruksak ka tinggang buah limus nepi ka kenténgna peupeus. Suparya ngomong kamana daék jeung pamajikanna. Atuh Sudira nu tadina narimakeun salah gé jadi keuheul ku omongan Suparya nu balukarna paréréa omong.

Suparya nu ngarasa teu suka imahna ruksa laporan ka RT. Sudira dipanggil ka imah RT. Sudira nyaritakeun perkara nu ngalantarakeun manéhna paréréa omong. Saenggeus ngadéng perkarana RT méré putusan sangkan Sudira nutuh tangkal limus nu ngaroyom ka imah Suparya. Sudira narima putusan RT, ari Suparya teu narima, angger tangkal limus Sudira kudu di tuar. Atuh Sudira gé nu tadina narima putusan RT téh jadi teu ngeunah. Nepi ka Sudira dilaporkleun deui ka RK. Ku RK Sudira dipanggil, sarua kaputusan RT jeung RK teu jauh ngan bédana mun RT nitah ditutuhan RK mah nitah di tuar.

6)Nganti Dawuh

Nonéng angger nolak, ari anu jadi alatan geus kagok betah di kota, keur meumeujeuhna betah. Sok sanajan hirup jadi randa tapi ari anak kaparaban, ka sakolakeun, rumrah jeung batur kajeun jadi randa tibatan hirup rumah tangga tapi matak juwet kana pamikiran mah, awak-awak atuh lintuh.

Nu jadi bapa angger sabar, ngolo sangkan nu jadi anak daék cicing di lembur. Nyarita nepi ka écés yén manéhna hayang diurus ku anak, utamana anak awéwé. Antukna Nonéng éléh, léah nurut kanu jadi omaong kolot. Sok sanajan dina pikir jeung haténa mah angger teu betah. Kungsi éta gé kolotna rék dibawa ka kota. Rék diurus sangkan teu pajurawét, teu kudu bulak-balik. Tapi nu jadi kolot teu daék


(36)

utamana kolot awéwé indung Nonéng hayang paéh di imah nu ku manéhna di cicingan.

Abong anu kawasa, kawasa kana sagala rupana, taya saurang gé nu nyaho kana maksudna. Padahal mun ningali saréat mah nu gering parna téh indungna. Tapi nu dipungut ku nu kawasa bapa Nonéng. Disangka bakal indung Nonéng nu baris ninggal keun urang lembur.

Ti saprak bérés mulasara nu jadi bapa, panyakit indung beuki parna waé. Nonéng dipanggil ku Kuwu titah ka desa. Nonéng nedunan pamanggil Kuwu. Di désa kasampak Kang Sudira jeung Wirja anakna Sudira. Tétéla Kuwu téh kajurungan ku Sudira sangkan kolom tanah titingal bapana ménta di duakeun. Nonéng nolak, lantaran éta mah geus dibikeun ka Nonéng jeung deuih Kang Sudira téh pan geus di béré malah panglobana. Nonéng ngabéjakeun yén éta amanat bapana baheula, malah saksina ogé aya kia jeung ustad. Tapi Sudira, Wirja jeung Kuwu angger maksa nu antukna paréréa omong. Léos Nonéng ninggal keun nu ti luan. Nonéng balik muru indungna, dijalan Nonéng ngarasa disapélékeun ku Kuwu padah ka pangawakan awéwé.

Indungna Nonéng omat-omatan sangkan tetep mertahankeun. Ka sakit indung Nonéng beuki parna malah geus teu bisa naon-naon pisan. Komo waktu harita sora ucing sing araong, Nonéng nu tadina ludeung ngéndongan sorangan gé jadi ménta dibaturan ka tatanggana nu daékeun. Mang Oyo jeung Bi Murkilah maturan. Mang Oyo mangmacakeun Yasin meunang sababaraha balikan, Bi Murkila babacaan


(37)

sabisabisa. Hawa beuki keueung. Teu kungsi lila jol Kang Sudira. Kawasna teu balik heula ka imah sanggeus ti balédésa tadi.

7)Kanyaah

Kuring gawé téh di Pamarénéntahan, lain karék sataun dua taun, tapi geus aya kana welas taunna. Ngan beuki lila digawé téh karasa beuki nyucud, cukul ku kasusah! Karipuh beuki meweuh, di gawé sasat taya hancana, teu cukup keur dahar-dahar acan. Ceuk itungan lain duméh ku leutik-leutik teuing pangala, da kungsi naék pangkat tilu kali, teu ka itung berkalana. Dalapan belas taun di gawé, taya ka mahian. Anak geus boga opat, nu panggedéna taun ieu kaluar ti SMA, nu pangleutikna taun hareup geus meujeuhna disakolakeun deui. Geus puguh nu panengah jeung pangais bungsu mah keur meujeuhna loba péntaeun. Ray poé hirup taya robahna, loba kahayang jeung paménta budak nu teu ka gugu. Tong boroning keur ngagugu ku kitu té mah keur dahar gé pan susah hésé. Malah kuring mah geus aya kana poéna peujit teu patepung jeung sangu, kitu deui jeung indung barudak, nu penting mah budak ulah nepi ka pegat. Ngadéngé ucapan nu jadi pamajikan ngan saukur kanyaah nu beuki gedé. Rumasa kuring teu bisa nyumponan pangabutuh hirup kawas batur, tapi sok sanajan kitu kuring bungah, boga pamajikan nu sabur, narima pangala salaki nu ngan sakitu buktina. Hal éta nu méré sumanget, nepi ka kuring masih kénéh bisa hirup. Sugan isuk, sugan engké, dipanggihkeun jeung rijki.

Karipuh beuki meuweuh, budak nu pang leutikna awakna nyongkab panas. Tayohna gering budak téh. Kuring gé ngarti kuduna budak téh dibawa ka mantri


(38)

suntik. Tapi pan kumaha keur dahar ogé susah. Kuring tadina mah mahing pisan kana unjak-anjuk! Bakuna sok asa karampogan dina waktu mayarna. Lila-lila éta pantrangan téh lééh, malah geus wani ngagerentes: “mayarna mah kumaha engké” Najan peta nganjuk hutang téh kurang hadé, tapi batan ngalungsar atawa kudu maling mah, mending ngarempak pahingan sorangan, da diwenangkeun ieuh. Pokona mah najan beurat sok dapon halal.

Nya éta atuh bet dikadarkeun hirup di jaman kieu, abong ka dunya téh lain kahayang paménta sorangan. Éta mah haté bet maké ngahelas basa kuring kapaksa ku taya deui gilireun, morosotkeun ali; mangkaning aya ngaran kuring jeung Asih indung barudak. Cincin kawin gé nipi ka kudu kajual. Dikadarkeun deui baé kudu papisah jeung nu kudu dipikanyaah, kudu papisah jeung lambang puncak ka sugemaan waktu kuring papangantén. Beulit cingir simpay ati, ayeuna ngan kari waasna.

Kuring pohara kagétna barang nempo aya lalaki kaluar ti panto tukang, panto dapur imah kuring. Barang disidik-sidik asa wawuh kana gidigna. Jeung naha maké jalan tukang? Jeung naha Asih teu katempo ngajajapkeun nepi ka panto? Meg, meg haté curiga. Rasa kacuriga sajorélat kalindih ku panyangka nu lain-lain ka budak kuring nu gering. Èh boa-boa!. Poé éta ngahaja kuring balik méméh waktuna bubar ka kantor, lantaran inget di imah boga nu gering, mangka geus teu seeur béas. Kuring harita balik mawa béas satengah kilo, sampeu sakilo jeung lauk asin saparapat kilo. Lain lauk asin bangsa peda, ieu mah pedah asin baé disebut asin sotéh, da buktina mah piraning teri.


(39)

8)Naib Cidahu

Mimiti kajadian téh waktu imah di tinggalkeun ku saréréa. Indung barudak indit ti heula. Malah barudak mah geus keding darangdan ti magrib kénéh. Péda éta mereun aya lalajoaneun. Pan harita téh aya drama sagala, malah barudak mah geus apaleun sagala judul na ogé, jeung pasti cenah bakal ramé.

Basa Ua ngoncikeun panto, anéh haté bet sumoréang, melang ka imah. Sanggeus meunang lima genep léngkah, Ua maké bet balik deui, ngayakinkeun panto ngonci henteuna. Panasaran krukna digutek-gutek. Sidik pageuh! Teu sumoréang deui kencling Ua indit muru tablég akbar di alun-alun. Jalma geus heurin usik. Nu méré da’wah pepeta bangun nu sumanget pisan. Mubalégna aya tiluan.

Jam satengah satu peuting tablég karék bubar, bubuhan tablég kasambung ku drama. Cacakan mun drama diheulakeun mah jigana loba nu balik méméh tablég tamat.

Geus dua jumaah, indung barudak teu milu bandung kuping cara sasari di masigit. Kawasna, raheutna nyanyautan kénéh. Samping genep jeung kabaya paranti gunta-ganti maké mun ka masjid, ludes aya nu maling.

Barang rék balik tas jum’atan, Naib ujug-ujug noél taktak. Tétéla manéhna apaleun yén kuring keur meunang musibah. Harita Naib méré fatwa, malah nu matak nyeri kana haté mah éta bet teu nyangka Naib téh nuding pajarkeun, kapalingan téh pédah tara dijakatan.

Saminggu ti harita, aya deui muludan di kacamatan. Unggal umpi dikerid peuti. Kudu milu bandung kuping. Sarta saha-saha nu teu milu indit keuna ku pangancam


(40)

jeung panuding anti agama. Cenah harita Ua katotol mumul tolabul ilmi, embung campur gaul jeung nu ariman, nepi kakudu katulah, dituding majar samiuk jeung gerpol. Ah, keun waé da hanteu ieuh! Jero pikir kuring ngagerentes, asal ulah enya kitu.

Isuk peuting tos tablég, salelembur guyur, majar bapa Naib nu peuting tos méré fatwa sangkan unggal jalma balener, daraék ibadah, daraék silih tulungan; gancang ninggalkeun laku lampah nu teu bener, kapalingan peuting éta pisan. Puguh waé asa ditincak hulu, sakitu awong-awongana bari tutunjuk jeung pepeta. Padahal mun seug dilenyepan mah, jalma-jalma nu daratang harita geus boga niat nu bener.

Jorojoy haté hayang nepungan, itung-itung nyanggakeun panglayad. Karérét beungeut Pa Naib ngadak-ngadak jadi asak, beureum ngageunteul; teuing perbawa ambek teuing bakat ku éra. Meunang sawatara poé lilana Naib Cidahu, bangun nguyung nguluwut kusut pikiranna.

Poé minggu harita téh, di juru alun-alun aya nu ngajerit. Jalma ngagimbung, sawatara aya nu lumpat, sawatara deui aya nu nungkupan beungeut bangun nu teu wasa nempona. Béja pabéja-béja leuwih cepet batan télégram jaman kiwari. Béja pajar Pa Naib katabrak treuk waktu turun tina angkot balik ti kota Bandung, maot sapada harita geus ngagenjleungkeun salembur.


(41)

3.4 Wangenan Operasional

1)Struktur dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta struktur anu ngawengku téma, palaku jeung watek palaku, galur, latar, puseur sawangan, jeung amanat dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata.

2)Ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta ajén ngeunaan kualitas tingkah laku manusa anu ngawengku ajén anu positif (+), négatif (-), horisontal, jeung vértikal anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, boh anu nembrak boh anu nyamuni.

3)Bahan pangajaran maca di SMP kelas VII anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta hasil analisis struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah

Kolot karya Karna Yudibrata anu dijadikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas

VII. 4)

3.5Léngkah-léngkah Panalungtikan 3.5.1 Tahap Tatahar

Aya sababaraha léngkah anu dilakukeun dina tahap tatahar, nya éta: 1)néangan buku anu aya patalina jeung bahasan anu ditalungtik;

2)ngajukeun judul jeung proposal panalungtikan;

3)ngayakeun talaah pustaka pikeun menangkeun data; jeung 4)konsultasi ku cara ngagarap skripsi ka dosen pangaping.


(42)

3.5.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Tahap dina ngumpulkeun data dilakukeun ku cara studi dokuméntasi, ngumpulkeun bahan-bahan anu aya patalina jeung panalungtikan.

3.5.3 Tahap Ngolah Data

Kagiatan anu dilakukeun dina ngolah data, nya éta:

1)ngadéskripsikeun kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata; 2)ngadéskripsikeun struktur carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata;

3)nganalisis ajén moral nu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata; jeung

4)matalikeun antara struktur carpon jeung ajén moral kana bahan pangajaran di SMP/MTs nu disaluyukeun kana SKKD nu aya.


(43)

217 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, mangrupa salahsahiji karya sastra modéren anu miboga ajén-inajén anu luhung diantarana nya éta ajén moral sarta bisa dijadikeun bahan pangajaran pikeun nambahan pangaweruh dina widang sastra.

Sabada nganalisis struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah

Kolot karya Karna Yudibrata pikeun bahan pangajaran maca di SMP kelas VII,

dihasilkeun sababaraha kacindekan ngeunaan struktur dina kumpulan carpon

Kanyaah Kolot, jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot.

Struktur kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh ngawengku: téma, palaku, jeung watek palaku, galur, latar, puseur sawangan, jeung amanat. Téma anu kapanggih dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata téh aya lima, nya éta: (1) Moral, (2) Kanyaah, (3) Sosial, (4) Tanggung jawab, jeung (5) Kaagamaan (réligi). Carpon Jang Oman aya 9 Palaku anu kabagi jadi dua golongan, nya éta palaku utama jeung tambahan Jang Oman mangrupa palaku utama, Pa Ulis, Ma Ulis, Mimin, Dedi, Endang, Arhadi, Miharja, jeung Sanroip mangrupa palaku tambahan dina éta carita. Carpon anu judulna Kanyaah Kolot aya 8 palaku, anu jadi palaku utamana dina éta carita Pa Wianta, palaku tambahanna dina éta carita nya éta Ma Isah, Mang Wihardi, Udi, Mang Uka, Bi Imi, Sukarya, jeung léknan Maman. Carpon Néng Yaya Gering


(44)

Tipes, dina éta carita aya 9 palaku, éta palaku téh aya palaku utama jeung palaku

tambahan. Palaku utama dina éta carita nya éta Néng Yaya, palaku tambahanna Bi Imi, Mang Endang, Wiharma, Lanceuk Néng Yaya, Tori, Mang Wijatma, Sustwer, jeung Dokter. Dina carpon anu judulna Jurig Bungkeuleukan aya 13 palaku, éta palaku téh kabagi dua golongan palaku utama jeung tambahan. Palaku utama dina éta carita téh Guru Suherman, palaku tambahanna nya éta Mang Murnasan, Guru Sunarya, Guru Sunardi, Tini Sugiartini, Ma Cioh, Si Talim, Si Karsa, Si Tarma, Si Emong, Guru Nadi, Guru Bahrun, Si Arhapi, jeung Si Ésih. Carpon Buah Limus

Murag ku Angin, aya 9 palaku anu kabagi jadi dua golongan nya éta palaku utama

jeung tambahan. Palaku utama dina éta carita Sudira, nu jadi palaku tambahanna nya éta Abas, Suparya, Isah, Pamajikan Suparya, RT, RK, Budak Si Oléh, jeung Pulisi. Carpon Ngati Dawuh, nu ngalalako dina éta carita aya 7 palaku, nu kabagi jadi dua golongan nya éta palaku utama jeung palaku tambahan. Palaku utama dina éta carita téh Nonéng, palaku tambahanna nya éta Sudira, indungna Nonéng, bapa Nonéng, Kuwu, Wirja, Mang Oyo, jeung Bi Murkiah. Carpon anu judulna Kanyaah, palaku dina éta carita aya 6 palaku, anu kabagi dua golongan nya éta palaku utama jeung tambahan, nu jadi palaku utama dina éta carita téh Sudira. Asih, Budak nu cikal, Panengah, Budak nu leutik, Mantri klinik Duryana jeung Lebé mangrupa palaku tambahan. Carpon Naib Cidahu, nu ngalalakon dina éta carita aya 9 palaku anu kabagi dua golongan nya éta palaku utama jeung palaku tambahan. Palaku utama dina éta carita téh Ua. Palaku nu lianna nya éta palaku tambahan Ema, Soléh, Pa


(45)

Naib, Budak anu pengleutikna, RT, Néng Sarifah, Si Uja, Misja, Miska, Saefudin, Pa Wikarta jeung Aki Jamhari.

Palaku anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh jumlahna aya 70. Éta 70 palaku téh kabagi jadi dua golongan, nya éta 8 palaku utama jeung 62 palaku tambahan. Galur anu kapanggih dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh aya opat, nya éta galur mérélé, mobok tengah, sorot balik, jeung mangnyaritakeun. Latar dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh aya 102. Éta latar téh kabagi jadi tilu, nya éta: (1) latar tempat aya 40, (2) latar waktu aya 34, jeung (3) suasana aya 28. Puseur sawangan dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot aya dua gaya, nya éta caturan jalma kahiji jeung caturan jalma katilu. Amanat anu kapanggih dina kumpulan carpon

Kanyaah Kolot nya éta aya 2 ngeunaan ulah loba bohong, aya 2 ngeunaan hirup

mangrupa perjuangan, aya 1 ngeunaan yén kudu ati-ati dina ngalakukeun hiji hal, aya 1 ngeunaan sangkan sauyunan, aya 1 ngeunaan bakti anak ka nu jadi kolot jeung aya 1 ngeunaan sabar.

Ajén moral dumasar kana téma dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh ngawengku, moral aya 3 (38%), kanyaah aya 1(13%), sosial aya 2 (25%), tanggung jawab aya 1 (13%), jeung kaagamaan aya 1(13%). Ajén moral dumasar amanatna, nya éta loba bohong aya 2 (25%), perjuangan aya 2(25%), ati-ati aya 1(13%), sauyunan aya 1 (13%), bakti anak ka kolot 1 (13%), jeung sabar aya 1(13%). Ajén moral dumasar kana palaku anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh nya éta 111 ajén moral. Dumasar kana hadé-goréngna ajén moral, tina 111 ajén moral téh,


(46)

aya 56 (50,46%) ajén moral anu hadé (+), jeung 55 (49,54%) ajén moral anu goréng (-). Dumasar kana hubungan horisontal jeung vértikalna éta ajén moral, tina 111 ajén moral téh, aya 98 (88,28%) ajén moral anu hubunganana horisontal, jeung 13 (11,71%) ajén moral anu hubunganana vértikal. Dumasar kana nembrak-nyamunina (éksplisit-implisit) éta ajén moral, tina 111 ajén moral téh, aya 38 (34,23%) ajén moral anu nembrak dina éta kumpulan carpon, jeung 73 (67,76%) ajén moral anu nyamuni dina éta kumpulan carpon.

Patalina ngeunaan moral jeung eusi ieu carita pondok anu dibukukeun dina buku kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata téh nya éta ngeunaan naon-naon anu karandapan jeung karasa ku para palaku dina ieu carita, tumali jeung tanggung jawab jeung haté nurani. Ku kituna ajén moral anu pangmindengna kapanggih nya éta ngeunaan kanyaah.

Tina dalapan judul carpon anu dikumpulkeun dina buku kumpulan carpon kanyaah kolot karya Karna Yudibrata téh anu nyumponan sarat pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca dumasar kana téma jeung amanatna aya opat nya éta: (1)

Kanyaah Kolot (2) Nganti Dawuh (3) Kanyaah (4) Naib Cidahu. Ieu carpon téh

ngandung anjén-inajén anu luhung, umpamana ngeunaan tanggung jawab jeung silih pikanyaah jeung silih ingetan papada jalma.


(47)

5.2 Saran

Sabada nalungtik struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah

Kolot karya Karna Yudibrata, aya sababaraha hal anu perlu ditepikeun minangka

saran:

1) pikeun anu maca, kumpulan carpon kanyaah kolot téh ditilik tina eusina loba pisan ajén-inajén anu luhung salahsahijina nya éta ajén moral. Nu maca bisa nyokot hikmah, pieunteungeun dina kahirupan;

2) pikeun lembaga atikan, karya sastra modéren hususna kumpulan carpon kanyaah


(48)

222

DAPTAR PUSTAKA

Aminuddin, Drs. MPd. 2004. Pengantar Aprésiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Bertens, Kees. 1993. Etika. Jakarta: Gramedia.

Faturohman, Taufik.1982. Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.

Iskandarwasid, Dr. M.Pd. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnendes, Retty. 2010. Kajian Sastra, Bandung: Daluang Publishing.

Isnendes, Retty. 2010. Teori Sastra, Bandung: CV Wahana Karya Grafika.

Nurgiantoro, Burhan. 1995. Teori Pengkajian Fisik. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Moderen. Bandung: CV Wahana Karya Grafika. Koswara, Dedi. 2005. “Racikan Sastra”. Bandung: Jurusan Pendidikan Basa Daérah

FPBS UPI.

Rahman, 2007. Model Mengajar&Bahan Pangajaran. Jatinangor: Alqa Prisma Interdeita.

Ruhaliah. 2002. “Sajarah Sastra Sunda”. Bandung: Jurusan Pendidikan Basa Daérah FPBS UPI.

Rusyana, Yus. 1992. Panyungsi Sastra. Bandung: Geger Sunten. Salmun, MA. 1985. Kandaga Kasusatraan. Bandung: Ganaco.

Sudaryat, Yayay. 2004. Model Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tangerang: Pamulang.

Sudaryat, Yayay, Spk. 2007. Makaya Basa. Bandung: Sonagar Préss. Susilana, Rudi. 2006. Kurikulum Pembelajaran. Bandung: UPI Sudjiman, Panuti. 1990. Kamus Istilah Sastra. Jakarta: UI- Press


(49)

Sumardjo, Jakob & Saini K.M. 1988. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Sumardjo, Jakob. 1980. Seluk Beluk Cerita Pendék. Bandung: Mitra Kancana. Sumardjo, Jakob. 1995. Sastra dan Masa, Bandung: ITB.

Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung. Surakhmad, Winarno. 1998. Pengantar Penelitian Ilmiah: Dasar Metoda Teknik.

Bandung: Tarsito.

Suryalaga, R. H. Hidayat. Étika jeung Tatakrama. Bandung: Geger Sunten.

Tarigan, Henry Guntur.1987. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tarigan, Henry Guntur.1993. Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa. Tirtawirya, Putu Arya. 1983. Apresiasi Puisi jeung Prosa. Nusa Indah.

Wahyu. 1998. Bimbingan Penulisan Skripsi. Bandung: Tarsito. Yudibrata, Karna. 1985. Kanyaah Kolot. Bandung: Rahmat Cijulang.

Yulianto, Dadang. 2006. “Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Ajalna Sang Béntang

Pilem Karya Duduh Durahman”. Bandung: JPBD.

... 2006. Standar Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Waluyo, Herman. J. 1987. Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga.

Zakaria, Syofyan & Syofyan, Suari Mariani. 1982. Kamus Kecil Kesusastraan


(1)

Tipes, dina éta carita aya 9 palaku, éta palaku téh aya palaku utama jeung palaku tambahan. Palaku utama dina éta carita nya éta Néng Yaya, palaku tambahanna Bi Imi, Mang Endang, Wiharma, Lanceuk Néng Yaya, Tori, Mang Wijatma, Sustwer, jeung Dokter. Dina carpon anu judulna Jurig Bungkeuleukan aya 13 palaku, éta palaku téh kabagi dua golongan palaku utama jeung tambahan. Palaku utama dina éta carita téh Guru Suherman, palaku tambahanna nya éta Mang Murnasan, Guru Sunarya, Guru Sunardi, Tini Sugiartini, Ma Cioh, Si Talim, Si Karsa, Si Tarma, Si Emong, Guru Nadi, Guru Bahrun, Si Arhapi, jeung Si Ésih. Carpon Buah Limus Murag ku Angin, aya 9 palaku anu kabagi jadi dua golongan nya éta palaku utama jeung tambahan. Palaku utama dina éta carita Sudira, nu jadi palaku tambahanna nya éta Abas, Suparya, Isah, Pamajikan Suparya, RT, RK, Budak Si Oléh, jeung Pulisi. Carpon Ngati Dawuh, nu ngalalako dina éta carita aya 7 palaku, nu kabagi jadi dua golongan nya éta palaku utama jeung palaku tambahan. Palaku utama dina éta carita téh Nonéng, palaku tambahanna nya éta Sudira, indungna Nonéng, bapa Nonéng, Kuwu, Wirja, Mang Oyo, jeung Bi Murkiah. Carpon anu judulna Kanyaah, palaku dina éta carita aya 6 palaku, anu kabagi dua golongan nya éta palaku utama jeung tambahan, nu jadi palaku utama dina éta carita téh Sudira. Asih, Budak nu cikal, Panengah, Budak nu leutik, Mantri klinik Duryana jeung Lebé mangrupa palaku tambahan. Carpon Naib Cidahu, nu ngalalakon dina éta carita aya 9 palaku anu kabagi dua golongan nya éta palaku utama jeung palaku tambahan. Palaku utama dina éta carita téh Ua. Palaku nu lianna nya éta palaku tambahan Ema, Soléh, Pa


(2)

219

Naib, Budak anu pengleutikna, RT, Néng Sarifah, Si Uja, Misja, Miska, Saefudin, Pa Wikarta jeung Aki Jamhari.

Palaku anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh jumlahna aya 70. Éta 70 palaku téh kabagi jadi dua golongan, nya éta 8 palaku utama jeung 62 palaku tambahan. Galur anu kapanggih dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh aya opat, nya éta galur mérélé, mobok tengah, sorot balik, jeung mangnyaritakeun. Latar dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh aya 102. Éta latar téh kabagi jadi tilu, nya éta: (1) latar tempat aya 40, (2) latar waktu aya 34, jeung (3) suasana aya 28. Puseur sawangan dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot aya dua gaya, nya éta caturan jalma kahiji jeung caturan jalma katilu. Amanat anu kapanggih dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot nya éta aya 2 ngeunaan ulah loba bohong, aya 2 ngeunaan hirup mangrupa perjuangan, aya 1 ngeunaan yén kudu ati-ati dina ngalakukeun hiji hal, aya 1 ngeunaan sangkan sauyunan, aya 1 ngeunaan bakti anak ka nu jadi kolot jeung aya 1 ngeunaan sabar.

Ajén moral dumasar kana téma dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh ngawengku, moral aya 3 (38%), kanyaah aya 1(13%), sosial aya 2 (25%), tanggung jawab aya 1 (13%), jeung kaagamaan aya 1(13%). Ajén moral dumasar amanatna, nya éta loba bohong aya 2 (25%), perjuangan aya 2(25%), ati-ati aya 1(13%), sauyunan aya 1 (13%), bakti anak ka kolot 1 (13%), jeung sabar aya 1(13%). Ajén moral dumasar kana palaku anu aya dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot téh nya éta 111 ajén moral. Dumasar kana hadé-goréngna ajén moral, tina 111 ajén moral téh,


(3)

aya 56 (50,46%) ajén moral anu hadé (+), jeung 55 (49,54%) ajén moral anu goréng (-). Dumasar kana hubungan horisontal jeung vértikalna éta ajén moral, tina 111 ajén moral téh, aya 98 (88,28%) ajén moral anu hubunganana horisontal, jeung 13 (11,71%) ajén moral anu hubunganana vértikal. Dumasar kana nembrak-nyamunina (éksplisit-implisit) éta ajén moral, tina 111 ajén moral téh, aya 38 (34,23%) ajén moral anu nembrak dina éta kumpulan carpon, jeung 73 (67,76%) ajén moral anu nyamuni dina éta kumpulan carpon.

Patalina ngeunaan moral jeung eusi ieu carita pondok anu dibukukeun dina buku kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata téh nya éta ngeunaan naon-naon anu karandapan jeung karasa ku para palaku dina ieu carita, tumali jeung tanggung jawab jeung haté nurani. Ku kituna ajén moral anu pangmindengna kapanggih nya éta ngeunaan kanyaah.

Tina dalapan judul carpon anu dikumpulkeun dina buku kumpulan carpon kanyaah kolot karya Karna Yudibrata téh anu nyumponan sarat pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca dumasar kana téma jeung amanatna aya opat nya éta: (1) Kanyaah Kolot (2) Nganti Dawuh (3) Kanyaah (4) Naib Cidahu. Ieu carpon téh ngandung anjén-inajén anu luhung, umpamana ngeunaan tanggung jawab jeung silih pikanyaah jeung silih ingetan papada jalma.


(4)

221

5.2 Saran

Sabada nalungtik struktur jeung ajén moral dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, aya sababaraha hal anu perlu ditepikeun minangka saran:

1) pikeun anu maca, kumpulan carpon kanyaah kolot téh ditilik tina eusina loba pisan ajén-inajén anu luhung salahsahijina nya éta ajén moral. Nu maca bisa nyokot hikmah, pieunteungeun dina kahirupan;

2) pikeun lembaga atikan, karya sastra modéren hususna kumpulan carpon kanyaah kolot bisa dijadikeun bahan pangajaran maca, utamana di smp kelas VII;


(5)

222

DAPTAR PUSTAKA

Aminuddin, Drs. MPd. 2004. Pengantar Aprésiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Bertens, Kees. 1993. Etika. Jakarta: Gramedia.

Faturohman, Taufik.1982. Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.

Iskandarwasid, Dr. M.Pd. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnendes, Retty. 2010. Kajian Sastra, Bandung: Daluang Publishing.

Isnendes, Retty. 2010. Teori Sastra, Bandung: CV Wahana Karya Grafika.

Nurgiantoro, Burhan. 1995. Teori Pengkajian Fisik. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Moderen. Bandung: CV Wahana Karya Grafika. Koswara, Dedi. 2005. “Racikan Sastra”. Bandung: Jurusan Pendidikan Basa Daérah

FPBS UPI.

Rahman, 2007. Model Mengajar&Bahan Pangajaran. Jatinangor: Alqa Prisma Interdeita.

Ruhaliah. 2002. “Sajarah Sastra Sunda”. Bandung: Jurusan Pendidikan Basa Daérah FPBS UPI.

Rusyana, Yus. 1992. Panyungsi Sastra. Bandung: Geger Sunten. Salmun, MA. 1985. Kandaga Kasusatraan. Bandung: Ganaco.

Sudaryat, Yayay. 2004. Model Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tangerang: Pamulang.

Sudaryat, Yayay, Spk. 2007. Makaya Basa. Bandung: Sonagar Préss. Susilana, Rudi. 2006. Kurikulum Pembelajaran. Bandung: UPI Sudjiman, Panuti. 1990. Kamus Istilah Sastra. Jakarta: UI- Press


(6)

223

Sumardjo, Jakob & Saini K.M. 1988. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Sumardjo, Jakob. 1980. Seluk Beluk Cerita Pendék. Bandung: Mitra Kancana. Sumardjo, Jakob. 1995. Sastra dan Masa, Bandung: ITB.

Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung. Surakhmad, Winarno. 1998. Pengantar Penelitian Ilmiah: Dasar Metoda Teknik.

Bandung: Tarsito.

Suryalaga, R. H. Hidayat. Étika jeung Tatakrama. Bandung: Geger Sunten.

Tarigan, Henry Guntur.1987. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tarigan, Henry Guntur.1993. Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa. Tirtawirya, Putu Arya. 1983. Apresiasi Puisi jeung Prosa. Nusa Indah.

Wahyu. 1998. Bimbingan Penulisan Skripsi. Bandung: Tarsito. Yudibrata, Karna. 1985. Kanyaah Kolot. Bandung: Rahmat Cijulang.

Yulianto, Dadang. 2006. “Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Ajalna Sang Béntang Pilem Karya Duduh Durahman”. Bandung: JPBD.

... 2006. Standar Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Waluyo, Herman. J. 1987. Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga.

Zakaria, Syofyan & Syofyan, Suari Mariani. 1982. Kamus Kecil Kesusastraan indonesia. Bandung: Theme 76.


Dokumen yang terkait

AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII(TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK).

0 12 28

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik.

1 31 27

KUMPULAN DONGÉNG SASAKALA TALAGA WARNA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP :Tilikan Struktural, Pendidikan Karakter, jeung Sawangan HirupUrang Sunda.

2 74 27

STRUKTUR CARITA DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARANGAN MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

11 103 31

AJÉN MORAL JEUNG PSIKOLOGI PERKEMBANGAN RUMAJA DINA NOVELÉT JAMPARING KARYA CHYE RETTY ISNENDES PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NYARITA DI SMP KELAS IX.

5 47 31

ASPÉK HUMOR DINA KUMPULAN CARPON KI MEREBOT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARPON DI SMP KELAS VII.

29 374 22

AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012 PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

0 32 39

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA - repository UPI S BD 1105648 Title

7 80 3

AJÉN MORAL DINA KUMPULAN DONGÉNG SI KABAYAN TAPA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DONGÉNG DI SMP KELAS VII(TILIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK) - repository UPI S BD 1005827 Title

0 1 3

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN MORAL DINA KUMPULAN CARPON SANGGEUS UMUR TUNGGANG GUNUNG KARYA USÉP ROMLI H.M. PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP - repository UPI S BD 1103698 Title

18 83 3