S BD 1002597 Chapter5

78

BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieu bab dipedar tur diebrehkeun kacindekan hasil panalungtikan kuasi
ékspérimen perkara modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita
siswa kelas X IPS SMA Kartika XIX-2 Bandung. Sanggeus dicindekkeun,
diebrehkeun saran-saran nu patali jeung panalungtikan.
5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan modélTime Token Arend dina
ngaronjatkeun kamampuh nyarita

siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2

Bandung, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.
1) Kamampuh nyarita siswa dina basa Sunda saméméhmaké modélTime Token
Arend katingali masih kurang jeung jauh dina nyumponan kritéria katuntasan

minimal (KKM). Hal éta kabuktian tina hasil tés lisan jeung obsérvasi salila
pretés, masih loba siswa anu cicing jeung henteu nepikeun pamadeganna tur

skorna masih kurang, hal ieu katitén kalayan rincian siswa nu tuntasaya 6
(17,1%) jeung nu can tuntas aya 29 (82,9%).
2) Kamampuh nyarita siswa siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung
sanggeus maké modél Time Token Arend ,ngaronjat tur bisa nyumponan kritéria
katuntasan minimal (KKM). Siswa anu tadina loba cicing jeung pasif dina
nyarita mampu nepikeun pamadeganna sok sanajan masih keneh era dina
nepikeunna. Kaayaan kelas dina pangajaran diskusi jadi leuwih tartib jeung hak
dina nepikeun pamadegan atawa kereteg haténa sarua atawa samarata,euweh
salahsahiji pihak anu ngadominasi. Hal ieu katitén kalayan rincian siswa nu
tuntas aya 30 (85,7%) jeung siswa nu can tuntas aya 5 (14,3%).
3) Aya bédana sanggeusmaké modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun
kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung, dumasar
kana hasil peunteun rata-rata pretés jumlahna64,9jeung peunteu rata-rata postés

Neni Nur’alia, 2014
Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

79


jumlahna 73,4 . Hal ieu dirojong ogé ku hasil uji hipotésis anu nétélakeunyén titung
(10,63) > ttabel (2,44).

Tina pedaran di luhur bisa dicindekkeun yénmodél pangajaran Time Token
Arend éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA

Kartika XIX-2 Bandung.

5.2 Saran
Sanggeus dilakukeun panalungtikan modélTime Token Arend dina
ngaronjatkeun kamampuh nyarita

siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2

Bandung, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun nya éta :
1) Modél pangajaran Time Token Arend geus kabuktian kaéféktifann. Ku sabab
kitu, disarankeun sangkan ieu modél dijadikeun salahsahiji alternatif pikeun
guru-guru dina ngajar nyarita.
2) Sangkan leuwih ngabuktikeun kaéféktifan modélTime Token Arend perlu
diayakeun panalungtikan séjén dina pangajaran lianna.


Neni Nur’alia, 2014
Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu