S BD 1002597 Chapter1

1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang tukang
Geus lain hal anu aneh deui nalika manggihan kecap-kecap samodél “bangor, teu disiplin,
teu kondusif nalika diajar jeung loba heureuy” napel dikalangan para siswa jurusan IPS. Ieu hal,
lain ngan saukur catur anu taya bukur tapi bukti nu kaalaman ku panalungtik nalika obsérvasi ka
sawatara sakola. Salasahijina nya éta sakola anu jadi tempat Program Pangalaman Lapangan
(PPL) panalungtik.
Pasualan-pasualan samodél kitu nyampak nalika proses diajar basa Sunda lumangsung.
Kaayaan kelas henteu kondusif, siswa loba ngalakukeun hal sangeunahna, nyarita lain dina
waktuna. Nalika guru nyarita siswa milu nyarita, nalika waktuna nyarita siswa loba cicing. Salian
ti éta, siswa anu aya lain asli urang Sunda. Antukna anu loba nyarita di kelas ngan sawatara
siswa anu bisa basa Sunda, anu liana jadi pasif dina proses diajar. Dumasar kana SKKD (Standar
Kompetensi dan Kompetensi Dasar)dina Mata Pelajaran Basa Sunda salian ti ngarégépkeun,
maca jeung nulis. Siswa dipiharep boga kamampuh dina nyarita ku basa Sunda. Siswa lain ngan
saukur narima, tapi ogé bisa leuwih aktip dina pangajaran nyarita sarta bisa maham kana
praktékna. Salasahijina bisa nepikeun naon kereteg haténa atawa pamadeganna.
Nyarita mangrupa salahsahiji aspék kaparigelan basa anu posisina ka dua sanggeus

ngarégépkeun. Ieu pamadegan luyu jeung pamanggih Rivers (dina Iskandawassid 2004, kc. 156)
yén umumna jalma dina maké waktuna 45% ngarégépkeun, 30% nyarita, 16 % maca jeung 9%
nulis dina aktivitas sapopoéna. Ngaliwatan nyarita manusa bisa ngedalkeun naon anu aya dina
kereteg haténa. Nyarita mangrupa kamampuh maké basa dina wangun lisan, pikeun nepikeun
gagasan, eusi pikiran, kahayang atawa kereteg haté. Hal anu kacida pentingna dina nyarita nya
éta ngalatih kamampuh uteuk dina mekarkeun pola pikir anu leuwih kritis jeung kréatif.
Dina sababaraha pasualan tadi, tarékah sangkan siswa alus dina pangajaran nyarita nya éta
ayana modél pangajaran anu luyu jeung pangajaran nyarita. Lantaran modél pangajaran miboga
fungsi minangka pedoman pikeun guru dina ngararancang jeung ngalakukeun pangajaran. Dina
milih modél pangajaran kudu diluyukeun jeung matéri anu rék diajarkeun, tujuan anu rék
dihontal dina éta pangajaran sarta tingkat kamampuh siswa.

Neni Nur’alia, 2014
Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2

Joyce & Weil (dina Rahman, 2006, kc. 4) nétélakeun yén modél pangajaran nya éta hiji
rarancang anu dipaké dina nyusun kurikulum, ngatur matéri pangajaran, jeung méré pituduh ka

pengajar di kelas dina setting pangajaran atawa settingan lianna. Sedengkeun numutkeun Kemp
(Rahman, 2006, kc. 4), modél pangajaran nya éta hiji rarancang pangajaran nu dipaké dina
nangtukeun maksud jeung tujuan unggal poko jeung jejer bahasan, nganalisis karakteristik siswa,
nyusun tujuan instruksional khusus, milih eusi pangajaran, ngalakukeun kagiatan diajar-ngajar
atawa sumber diajar, ngayakeun dukungan pelayanan, ngalakukeun evaluasi, jeung nyieun
revisi. Dumasar wangenan diluhur, modél pangajaran miboga kalungguhan anu penting pikeun
ngahontal tujuan pangajaran. Ku kituna pikeun ngungkulan pasualan-pasualan diluhur, perlu
ayana modél pangajaran.
Modél pangajaran Time Token Arend nurutkeun Suprijono (2011,kc. 133), nya éta modél
pangajaran anu tujuanna sangkan unggal siswa miboga kasempétan dina nepikeun pamadeganna
sarta ngarégépkeun pamadegan ti siswa nu lian. Ngaliwatan ieu modél siswa dipiharep bisa
nepikeun pamadeganna ngaliwatan nyarita, sarta bisa ngungkulan dominasi siswa anu loba
nyarita sangkan siswa anu cicingeun atawa pasif dina nyarita miboga hak sarua dina nepikeun
pamadeganna.
Modél pangajaran Time Token Arend lain mangrupa modél pangajaran anyar. Di Jurusan
Pendidikan Bahasa Daerah can aya panalungtik anu nalungtik étamodél, boh pikeun pangajaran
nyarita boh pangajaran nu lianna. Ari nu nalungtik perkara pangajaran nyarita kungsi dilakukeun.
Sababaraha panalungtikan anu geus aya ngeunaan nyarita nya éta: Penerapan Téhnik
Jigsaw pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita (Penelitian Tindakan Kelas ka Siswa SMA
Negeri 1 Cicalengka Kabupaten Bandung Taun Ajaran 2009-2010) anu ditulis ku Siti Raeni


Nisa, Éféktivitas Media Audio Visual pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nepikeun Biantara
Siswa Kelas IX MTS Negeri Sukasari Cimahi anu ditulis ku Lilis Wahyu Winarni, Modél Debat
pikeun Ngaronjatkeun Pangawéruh jeung Kamampuh maké
Nyarita

Undak Usuk Basa Sunda dina

anu ditulis ku Rahardian Mu’minati Dewi, ÉféktivitasModél Debat pikeun

Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita anu ditulis ku Arif Firmansyah, ÉféktivitasModél
Pangajaran Talking Stick dina Ngaronjatkeun Kamampuh nyarita anu ditulis ku Elliyawati

Nurhayat, jrrd.
Nilik kana sababaraha panalungtikan nu geus aya, panalungtikan ngeunaan pangajaran
nyarita dina modél Time Token Arend can kungsi aya nu nalungtik. Ku kituna, luyu jeung
Neni Nur’alia, 2014
Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu


3

pamadegan sarta pasualan-pasualan anu geus dijéntrékeun diluhur, ieu panalungtikan anu
judulna Modél Time Token Arend dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1
di SMA Kartika XIX – 2 Bandung dianggap perlu dilakukeun.

1.2 Watésan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watésan Masalah
Dumasar kana kasang tukang di luhur, sangkan ieu panalungtikan bisa dilakukeun sacara
sistematis jeung henteu mengpar tina pembahasan ieu panalungtikan baris diwatésanan.
Masalah dina ieu panalungtikan nya éta kana cara nepikeun pangajaran nyarita siswa kelas
X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung maké modél Time Token Arend . Éta pangajaran téh
ditepikeun ku cara ngadiskusikeun hiji pasualan kalayan hiji tema anu tangtu, sangkan siswa bisa
nyarita maké basa Sunda.Ku kituna, siswa dipiharep bisa leuwih parigel jeung ngaronjat dina
nyarita ku basa Sunda.

1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watésan masalah di luhur, éta masalah dirumuskeun dina kalimah pananya
ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung

saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend ?
2) Naha modél Time Token Arend bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1
di SMA Kartika XIX – 2 Bandung ?
3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika
XIX – 2 Bandung saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend ?
1.3 Tujuan Panalungtikan

Neni Nur’alia, 2014
Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4

Unggal panalungtikan tangtu miboga tujuan séwang-séwangan anu rék dihontal. Kitu ogé
dina ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung husus nu rék dihontal.

1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji naha aya pangaruh modél Time
Token Arend pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa.


1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan nya éta hayang ngadeskripsikeun:
1) Kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1di SMA Kartika XIX – 2 Bandung saméméh jeung
sanggeus maké modél Time Token Arend
2) Ngdeskripsikeun ngaronjat atawa henteu kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA

Kartika XIX – 2 Bandung nalika maké modél Time Token Arend.
3) Signifikan henteuna antara kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2
Bandung saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Salian ti miboga tujuan, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat pikeun nu maca.
Anapon anu jadi mangpaat dina ieu panalungtikan nya éta:
1.4.1 Mangpaat Teoritis
Mangpaat teoritis dina ieu panalungtikan nya éta dipiharep méré sumbangan pikeun
kamekaran modél-modél pangajaran anu éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat praktis pikeun guru, siswa, nu nalungtik
jeung panalungtik séjénna. Mangpaatna nya éta :
a. Pikeun Siswa
1) Ningkatkeun kamampuh nyarita siswa dina nepikeun pamadeganna sanggeusmaké ieu

modél;
2) Ngaronjatkeun kawani siswa nyarita hareupeun balaréa;
b. Pikeun Guru
1) Nambahan referensi guru dina maké modél-modél pangajaran anu luyu kana pangajaran
nyarita;
2) Ngarojong guru sangkan leuwih inovatif dina maké modél pangajaran;
Neni Nur’alia, 2014
Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5

c. Pikeun Panalungtik
1) Méré motivasi ka panalungtik séjén dina mekarkeun modél pangajaran basa Sunda;
2) Méré pangawéruh ka panalungtik kumaha kamampuh nyarita siswa saméméh jeung
sanggeus maké modél Time Token Arend ;

1.5 Raraga Tulisan
Eusi ieu skripsi ngawéngku lima bab di antarana : bab I bubuka. Dina ieu bab dipedar
sacara gurat badag ngeunaan pasualan anu rék ditalungtik, di jerona aya sub pokok anu

dimimitian ku kasang tukang masalah, watésan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan,
mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.
Bab II ulikan tiori. Dina ieu bab medar ngeunaan tiori-tiori anu dipaké jeung dijadikeun
tatapakan ku panalungtik dina ngalakukeun panalungtikan. Tiori-tiori anu dipaké dumasar para
ahli jeung panalungtik anu geus ngalakukeun panalungtikan anu leuwih tiheula ngeunaan
pasualan anu sarua.
Bab III metedologi panalungtikan. Dina ieu bab medar ngeunaan téhnik-téhnik sarta tahaptahapan panalungtikan anu rék dilakukeun ku panalungtik.
Bab IV hasil panalungtikan. Ieu bab eusina ngeunaan hasil panalungtikan anu geus
dilakukeun ku panalungtik sarta ngeunaan data-data anu dikumpulkeun salila panalungtikan.
Bab V eusinangeunaan kacindekan anu dihasilkeun ku panalungtik minangka jawaban tina
patalékan-patalékan panalungtik.

Neni Nur’alia, 2014
Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu