S BD 1002597 Chapter3

(1)

BAB III

METODÉ PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi atawa tempat ngalakukeun ieu panalungtikan di SMA Kartika XIX 2 Bandung jln. Pak Gatot Raya 73 S Tlp. 2011854 Kota Bandung.

3.1.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan nya éta subjek anu ngahasilkeun éta data (Arikunto, 2010, kc. 129). Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung anu jumlahna 35 siswa, ngawengku 20 lalaki jeung 15 awéwé.

3.2 Desain Panalungtikan

Nurutkeun Champbell jeung Stanley (dina Arikunto, 2010, kc. 123) desain panalungtikan dibagi dua dumasar kana sampurna atawa henteuna éta panalungtikan. Desain panalungtikan kahiji nya éta pre-examperimental design atawa disebut ogé ékspérimén anu can sampurna. Ku sabab kitu, sok disebut ogé quasi ékspérimén atawa ékspérimén semu. Desain anu kadua disebut true ékspériméntal design atawa ékspérimén murni.

Metodé panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kuasi ékspérimén. Arikunto (2010, kc. 123) nétélakeun yén aya tilu jenis desain panalungtikan dina kategori pre ékspériméntal desain 1) One Shot Case Study, 2) Pre-Tést jeung Post-Pre-Tést, 3) Static Group Comparison. Desain anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta Pre-Tést jeung Post-Téstanu maké dua kali tés, tés awal (tés saméméh perlakuan) jeung tés ahir (tés sanggeus perlakuan). Desain panalungtikan digambarkeun dina tabél ieu di handap.


(2)

Tabél 3.1

Desian Panalungtikan

O1 X O2

(Arikunto, 2010, kc. 123)

Keterangan :

O1 = Pre-tés (tés awal saméméh perlakuan)

X = Tréatmen (perlakuan maké modél Time Token Arend ) O2 = Post-tést (tés ahir sanggeus perlakuan)

3.3 Metodé Panalungtikan

Metodé nya éta cara utama anu dipaké pikeun ngahontal tujuan. Metodé anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metodé kuasi ékspérimén, nya éta metodé panalungtikan ékspérimén semu anu nyoko kana sebagian variabel, tujuanna pikeun nyangking informasi kalawan pratés jeung postést.

Metodé ékspérimén mangrupa metodé anu dipaké ku cara ngayakeun kagitan percobaan pikeun ningali kalungguhan hubungan kausal antara variabel-varibel anu ditalungtik. Tujuan dipakéna metodé ékspérimén kuasi dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngukur jeung nguji kamampuh siswa dina nyarita.

3.4 Variabel jeung Watésan Opersional 3.4.1 Variabel

Variabel nya éta objek panalungtikan atawa naon-naon anu jadi puseur perhatian dina hiji panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 161). Variabel dibagi jadi dua nya éta variabel bebas (independent variabel) jeung varibael kauger (dependent variabel).


(3)

Variabel bebas (variabel X) dina ieu panalungtikan nya éta modél Time Token Arend , sabab mangrupa variabel nu mangaruhan kana varibel séjén. Sedengkeun kamampuh nyarita kaasup kana variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén atawa variabel bebas.

3.4.2 Watésan Operasional

Nurutkeun Nurhayat (2011, kc. 38) watésan operasional nya éta rumusan ngeunaan ruang lingkup jeung ciri-ciri dina konsep anu jadi poko pedaran dina panalungtikan.

Sangkan ieu panalungtikan teu ngabalukarkeun rupa-rupa tafsiran jeung puguh udagannana, ieu di handap baris dijéntrékeun wangenan operasional tina ieu judul panalungtikan, nya éta:

1) Modél Time Token Arend dina pangajaran nyarita nya éta modél pangajaran anu

maké kupon waktu minangka alat pangawatés pikeun siswa nyarita dimana tujuanna sangkan unggal siswa miboga hak sarua dina nyarita. Ieu modél pangajaran ngungkulan siswa anu dominasi dina nyarita atawa siswa anu cicingeun salila pangajaran nyarita lumangsung.

Léngkah-léngkah maké modél timen token Arend dina pangajaran nyarita nya éta:

1) guru ngajelaskeun tujuan pangajaran atawa kompetensi dasar;

2) guru ngakondisikeun kelas pikeun nyieun kelompok anu anggotana 4-6 siswa;

3) guru méré ka unggal siswa kupon nyarita anu waktuna 30 detik;

4) guru méré hiji topik pasualan nu kudu didiskusikeun ku unggal kelompok; 5) siswa ngadiskusikeun topik pasualan jeung kelompok diskusina, tuluy

ngadiskusikeun topik pasulan ka kelompok nu lian;

6) siswa nu rék nyarita atawa nepikeun pamadeganna maké kupon nyaritana;

7) saumpama rengse nyarita, kupon anu dicekel siswa dibérékeun ka guru. Unggal nyarita hiji kupon;


(4)

8) siswa anu kuponna séép, henteu miboga hak pikeun nyarita. Siswa anu masih nyekel kupon kudu nyarita nepi ka kuponna séép. Sangkan unggal siswa miboga hak nyarita anu sarua;

9) unggal siswa dibéré nilai luyu jeung waktu anu dipakéna;jeung 10) guru jeung siswa nyindekeun hasil diskusina.

2) Kamampuh nyarita nya éta kamampuh anu dipimilik ku hiji jalma pikeun ngedalkeun naon anu aya dina pikiranna, kereteg haténa boh mangrupa ide atawa gagasan ku cara omongan atawa caritaan.

Dina ieu panaluntikan nu dijadikeun aspékdina kamampuh nyarita nya éta: (1) Akurat jeung aktualitas pedaran, (2) Hubungan antar eusi nu dipedar, (3) Adegan basa jeung kabeungharaan kecap, (4) Kalancaran, (5) Kawajaran urutan pedaram/eusi, jeung (6) Gaya.

Jadi anu dimaksud “Modél Time Token Arend dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita” nya éta pikeun maluruh sajauh mana signifikan atawa henteu

modél Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1

SMA Kartika XIX 2 Bandung.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nya éta alat bantu pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan (Purnamasari, 2013, kc. 4). Instrumén nya éta komponen penting dina hiji panalungtikan anu fungsina pikeun ngahasilkeun data ngeunaan hal-hal anu ditalungtik. Data nu dihasilkeun tina instrumén panalungtikan dipaké pikeun ngajawab hipotésis jeung masalah anu aya dina panalungtikan. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta wangun tés jeung obsérvasi.

1) Tés

Instrumén tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés dilakukeun dua kali, nya éta tés awal anu dilakukeun saméméh maké modél Time Token Arend jeung tés ahir anu dilakukeun sanggeus maké modél Time Token Arend.


(5)

Data tina hasil tés lisan dipeunteun dumasar kana ugeran meunteun kamampuh nyarita anu ngawengku genep aspék, nya éta akurat jeung aktualitas pedaran, hubungan antar eusi nu dipedar, adegan basa jeung kabeungharan kecap, kalancaran, kawajaran urutan eusi, jeung gaya (Haerudin & Suherman, 2013, kc. 128-130). Ugeran meunteun kamampuh nyarita digambarkeun saperti ieu di handap.

Tabél 3.2

Padoman Meunteun Tés Kamampuh Nyarita

No Aspék nu Diajén Skor Tingkat

(1) (2) (3) (4)

1 Akurat jeung aktualitas pedaran (teu akurat – akurat pisan)

90 – 100 80 – 89 70 – 79 60 – 69 50 - 59

Alus pisan Alus Cukup Kurang Kurang pisan

2 Hubungan antar eusi nu dipedar

(saeutik pisan- sagemblengna aya hubungan)

90 – 100 80 – 89 70 – 79 60 – 69 50 - 59

Alus pisan Alus Cukup Kurang Kurang pisan

3 Adegan basa jeung kabeungharan kecap

(teu mérénah – mérénah pisan)

90 – 100 80 – 89 70 – 79 60 – 69 50 - 59

Alus pisan Alus Cukup Kurang Kurang pisan

4 Kalancaran

(teu lacar – lancar)

90 – 100 80 – 89

Alus pisan Alus


(6)

70 – 79 60 – 69 50 - 59

Cukup Kurang Kurang pisan

5 Kawajaran urutan pedaran/eusi

(teu normal – normal)

90 – 100 80 – 89 70 – 79 60 – 69 50 - 59

Alus pisan Alus Cukup Kurang Kurang pisan

(1) (2) (3) (4)

6 Gaya

(kaku- wajar/sopan)

90 – 100 80 – 89 70 – 79 60 – 69 50 - 59

Alus pisan Alus Cukup Kurang Kurang pisan

Jumlah ajén/skor 300-600

Peunteun 50-100

Keterangan :

1) Akurat jeung aktualitas pedaran

a) 90 – 100 eusi caritaan akurat tur lengkep pisan luyu jeung topik;

b) 80 – 89 eusi caritaan akurat jeung topik, tapi aya sababaraha hal anu teu kacaritakeun;

c) 70 – 79 eusi caritaan cukup akurat jeung topik, aya sababaraha teu nyambung, jeung kurang lengkep;

d) 60 – 69 eusi caritaan kurang akurat jeung topik, jeung

e) 50 – 59 eusi caritaan teu akurat jeung topik, tur teu lengkep pisan.


(7)

a) 90 – 100 pedaran kahiji jeung pedaran nu saterusna silihpakait, tur mibanda hubungan anu logis;

b) 80 – 89 pedaran kahiji jeung pedaran saterusna silihpakait;

c) 70 – 79 pedaran kahiji jeung pedaran saterusna silihpakait tapi henteu sagemblengna;

d) 60 – 69 pedaran eusi kahiji jeung pedaran eusi silihpakait, tapi teu aya kalimah anu ngahubungkeunnana; jeung

e) 50 – 59 pedaran eusi kahiji jeung pedaran saterusna teu silihpakait jeung teu logis.

3) Adegan basa jeung kabeungharaan kecap

a) 90 – 100 kekecapan nu dipaké mérénah jeung variatif, luyu jeung kaayaan sabudeureun, jeung kayaan paregep;

b) 80 – 89 kekecapan nu dipaké mérénah, variatif, tapi henteu luyu jeung kaayaan atawa konteks caritaan;

c) 70 – 79 kekecapan nu dipaké cukup mérénah tapi kurang variatif; d) 60 – 69 kekecapan nu dipaké kurang mérénah, kurang variatif sarta teu

luyu jeung kaayaan; jeung

e) 50 – 59 kekecapan nu dipaké teu mérénah tur teu payus jeung kaayaan. 4) Kalancaran dina nyarita

a) 90 – 100 caritaan lancar pisan, boh tina basana boh tina nyangking bahanna, jeung teu arapap-eureupeup;

b) 80 – 89 caritaan lancar tapi kadang ngarandeg;

c) 70 – 79 caritaan cukup lancar, kadang ngarandeg, jeung kekecapanana dibulak-balik;

d) 60 – 69 caritaan kurang lancar, loba ngarandeg, kekecapanana dibulak-balik, jeung loba cicing; jeung

e) 50 – 59 caritaan teu lancar, loba ngarandeg, loba cicing jeung kekecapanana parondok.


(8)

a) 90 – 100 caritaan sistematis pisan nurutkeun urutanana;

b) 80 – 89 caritaan sistematis tapi aya sababaraha hal anu teu kajéntrékeun sacara jéntré;

c) 70 – 79 caritaan cukup sistematis nurutkeun urutanana tapi kurang jéntré;

d) 60 – 69 caritaan kurang sistematis, jeung teu kaharti; jeung e) 50 – 59 caritaan teu sistematis, teu kaharti, jeung teu jéntré.

6) Gaya/pintonan

a) 90 – 100 pasemon, réngkak, jeung péta luyu pisan jeung eusi caritaan nepi ka ngajadikeun caritaan leuwih ngirut;

b) 80 – 89 pintonan luyu jeung eusi caritaan, tapi masih keneh aya pasemon atawa péta anu teu payus jeung kaayaan;

c) 70 – 79 pintonan luyu jeung eusi caritaan, tapi loba pasemon atawa péta anu kaleuleuwihi tur teu payus jeung kaayaan;

d) 60 – 69 pintonan, péta jeung pasemon henteu luyu boh jeung eusi caritaan boh jeung kaayaan; jeung

e) 50 – 59 pintonan, pasemon, réngkak jeung péta patukangtonggong jeung eusi caritaan ogé kaayaan.

(Nurhayat, 2011, kc. 41-43)

2) Obsérvasi

Instrumén obsérvasi dipaké pikeun niténan aktivitas siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung jeung aktivitas guru dina pangajaran nyarita dina diskusi

saméméh jeung sanggeusmaké modél Time Token Arend. Instrumén anu dipaké

nya éta padoman obsérvasi ieu di handap.

Tabél 3.3 Ugeran Obsérvasi


(9)

Éféktif Teu Éféktif

1 Guru nepikeun matéri

pangajaran nyarita dina diskusi

2 Tés kamampuh siswa dina

nyarita (Pratés)

3 Guru nepikeun cara-cara

nyarita dina diskusi maké

modél Time Token Arend

4 Tés kamampuh siswa dina

nyarita (postés)

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés jeung obsérvasi.

1) Tés

Tés nya éta alat pikeun ngukur kamampuh hiji objek nu ditalungtik (Arikunto, 2006, kc. 223). Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés lisan dilakukeun dua kali, nya éta tés awal jeung tés ahir. Tés awal dilakukeun saméméh dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh nyarita siswa saméméh maké modél Time Token Arend. Tés ahir dilakukeun sanggeus dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh siswa sanggeus maké modél Time Token Arend.


(10)

Obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan sakabeh kagiatan-kagiatan salila proses panalungtikan lumangsung. Ieu téhnik dilakukeun sangkan panalungtik nyaksian jeung maham sacara gembleng kana jejer panalungtikan ti mimiti nepi ka ahir panalungtikan.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun ngajawab masalah-masalah dina ieu panalungtikan. Kagiatan pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan ngaliwatan sababaraha kagiatan, nya éta:

1) ngarobah caritaan siswa dina wangun lisan kana wangun tulisan; 2) mariksa hasil tés awal jeung tés ahir siswa; jeung

3) meunteun kana hasil tés awal jeung tés ahir caritaan siswa. Carana nya éta maké pedoman anu geus ditangtukeun saperti dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.4

Format Ajén Kamampuh Nyarita

No Kode

Siswa

A B C D E F Kategori

Keterangan :


(11)

B = hubungan antar eusi caritaan

C = basa jeung kabeungharan kecap caritaan D = kalancaran

E = kawajaran urutan pedaran F = gaya nyarita

Sanggeus kapanggih skorna, tuluy dipeunteun dumasar rumusna:

Keterangan :

P = peunteun

∑ skor siswa = jumlah peunteun siswa ∑ skor maksimal = jumlah peunteun maksimal

Kategori :

Dumasar kana kritéria ketuntasan Minimal (KKM) nu geus ditangtukeun ku sakola, yén:

Peunteun 70, siswa dianggap tuntas nyarita dina diskusi kalawan bener. Sabalikna, Peunteun ≤ 70, siswa dianggap can tuntas nyarita dina diskusi kalawan bener.

4) Ngasupkeun data peunteun tés awal jeung tés ahir kana ieu tabél di handap.

Tabél 3.5

No Kode

Siswa

Kritéria Peunteun ∑ P % Kategori

A B C D E F

P =


(12)

Data anu aya tuluy dianalisis maké analisis statistik. Léngkah-léngkahana ngawengku(1) uji normalitas;(2) uji homogénitas; (3) uji gain; jeung (4) uji hipotésis.

3.8 Uji Sipat Data a. Uji Normalitas

Uji normalitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho normal henteuna data populasi nu dipaké dina panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, uji normalitas dilakukeun ku cara saperti:

1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna.

2) Ngitung rentang (r) maké ieu rumus di handap.

3) Nangtukeun jumlaah kelas interval (k).

4) Nangtukeun panjang kelas interval.

5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké tabél ieu di handap.

Tabél 3.6

tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir

No Kelas Interval

r = peunteun panggedena – peunteun pangleutikna

k = 1 + 3,3 log N


(13)

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké rumus di handap.

Keterangan :

X = rata-rata (mean) ∑ = jumlah

= jumlah data = nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 70) 7) Ngitung standar déviasi (s) kalayan maké rumus ieu di handap.

8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ekspektasi. Carana nya éta: a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ekspétasi

Tabél 3.7

Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ekspétasi Pratés

Interval Oi BK Handap

BK Luhur

L

X =

sd = √


(14)

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

d) Ngitung (transformasi normal standar bebas kelas)

e) Nangtukeun

f) Ngitung legana unggal kelas interval (L) g) Ngitung frékuénsi ekspétasi (Ei)

h) Nangtukeun nilai (chi kuadrat)

(Sudjana, 2005, kc. 273)

9) Nangtukeun derajat kabebasan (dk)

(Sudjana, 2005, kc. 293)

10) Nangtukeun harga

11) Nangtukeun normalitas maké kritéria ieu di handap.

a. Lamun > , hartina data atawa populasi distribusina normal. b. Lamun < , hartina data atawa populasi distribusina teu normal. Sanggeus dilakukeun uji normalitas, tur data nu dihasilkeun normal, kagiatan nu satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji parametrik nu luyu.

Z =

̅

Ei = n x L


(15)

(Arikunto, 2006, kc. 320)

b. Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu fungsina pikeun mikanyaho varian populasi data nu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa henteu. Léngkah-léngkah uji homogénitas nya éta:

1) Ngitung variasi unggal kelompok

Variasi tés awal

Variasi tés ahir

(Sudjana, 2005, kc. 95) 2) Ngitung harga variasi (F)

3) Ngitung derajat kabebasan (dk)

4) Nangtukeun harga

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria di handap

a) Lamun < hartina variasi sampel homogén.

b) Lamun > hartina variasi sampel henteu homoogén.

(Sudjana, 2005, kc. 250)

=

=

F =


(16)

c. Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain dipaké pikeun gambaran ngeunaan

pangaruh modél pangajran Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita

siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung taun ajaran 2013-2014. Léngkah dina nguji gain nya éta maké tabél ieu di handap.

Tabél 3.8

No Ngaran Siswa Peunteun tés awal

Peunteun tés ahir

D

d. Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilakukeunngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir.

2) Ngitung derajat kabebasan (dk).

3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi.

4) Ngitung t, rumusuna nya éta:

Md =

dk = n - 1

d = ∑

-


(17)

Keterangan :

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina neda antara hasil tés awal jeung tés ahir

∑ d = jumlah kuadrat déviasi

n = jumlah subjek dina sampel

5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria.

a) Lamun > hartina hipotésis kerja ( ) ditarima jeung hipotésis nol ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend

mampu ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung.

b) Lamun < hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung hipotésis kerja ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend teu mampu dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung.


(1)

Data anu aya tuluy dianalisis maké analisis statistik. Léngkah-léngkahana ngawengku(1) uji normalitas;(2) uji homogénitas; (3) uji gain; jeung (4) uji hipotésis.

3.8 Uji Sipat Data a. Uji Normalitas

Uji normalitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho normal henteuna data populasi nu dipaké dina panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, uji normalitas dilakukeun ku cara saperti:

1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna. 2) Ngitung rentang (r) maké ieu rumus di handap.

3) Nangtukeun jumlaah kelas interval (k).

4) Nangtukeun panjang kelas interval.

5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké tabél ieu di handap.

Tabél 3.6

tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir No Kelas Interval

r = peunteun panggedena – peunteun pangleutikna

k = 1 + 3,3 log N


(2)

Neni Nur’alia, 2014

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké rumus di handap.

Keterangan :

X = rata-rata (mean)

∑ = jumlah

= jumlah data = nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 70) 7) Ngitung standar déviasi (s) kalayan maké rumus ieu di handap.

8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ekspektasi. Carana nya éta: a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ekspétasi

Tabél 3.7

Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ekspétasi Pratés Interval Oi BK

Handap

BK Luhur

L

X =

sd = √


(3)

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

d) Ngitung (transformasi normal standar bebas kelas)

e) Nangtukeun

f) Ngitung legana unggal kelas interval (L) g) Ngitung frékuénsi ekspétasi (Ei)

h) Nangtukeun nilai (chi kuadrat)

(Sudjana, 2005, kc. 273) 9) Nangtukeun derajat kabebasan (dk)

(Sudjana, 2005, kc. 293) 10) Nangtukeun harga

11) Nangtukeun normalitas maké kritéria ieu di handap.

a. Lamun > , hartina data atawa populasi distribusina normal. b. Lamun < , hartina data atawa populasi distribusina teu normal. Sanggeus dilakukeun uji normalitas, tur data nu dihasilkeun normal, kagiatan nu satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji parametrik nu luyu.

Z =

̅

Ei = n x L


(4)

Neni Nur’alia, 2014

(Arikunto, 2006, kc. 320)

b. Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu fungsina pikeun mikanyaho varian populasi data nu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa henteu. Léngkah-léngkah uji homogénitas nya éta:

1) Ngitung variasi unggal kelompok Variasi tés awal

Variasi tés ahir

(Sudjana, 2005, kc. 95) 2) Ngitung harga variasi (F)

3) Ngitung derajat kabebasan (dk)

4) Nangtukeun harga

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria di handap a) Lamun < hartina variasi sampel homogén.

b) Lamun > hartina variasi sampel henteu homoogén.

(Sudjana, 2005, kc. 250)

=

=

F =


(5)

c. Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain dipaké pikeun gambaran ngeunaan pangaruh modél pangajran Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung taun ajaran 2013-2014. Léngkah dina nguji gain nya éta maké tabél ieu di handap.

Tabél 3.8 No Ngaran Siswa Peunteun tés

awal

Peunteun tés ahir

D

d. Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilakukeunngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir.

2) Ngitung derajat kabebasan (dk).

3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi.

4) Ngitung t, rumusuna nya éta:

Md =

dk = n - 1

d = ∑

-


(6)

Neni Nur’alia, 2014

Keterangan :

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina neda antara hasil tés awal jeung tés ahir

∑ d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subjek dina sampel

5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria.

a) Lamun > hartina hipotésis kerja ( ) ditarima jeung hipotésis nol ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend

mampu ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung.

b) Lamun < hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung hipotésis kerja ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend teu mampu dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung.