Metode Panalungtikan Wangenan Operasional

Tintin Supriatin, 2014 Interférénsi Basa Indonesia Kana Basa Sunda D ina Abstrak Skripsi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Metode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa bagian anu kawilang penting dina hiji kagiatan panalungtikan. Éta hal téh mangrupa tarékah pikeun ngahontal udagan dina panalungtikan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu hal dilakukeun pikeun ngumpulkeun informasi faktual kalawan wincik jeung ngagambarkeun hal-hal nu jadi puseur panitén dina éta objék panalungtikan. Ieu métode dieuyeuban ku kagiatn prosés analisis sangkan nyangking pedaran teleb ngeunaan interférénsi dina abstrak skripsi mahasiswa FISIP UNPAS tina sababaraha sumber data anu saterusna dianalisis. Anu didéskripsikeunana nya éta perkara interférénsi morfologis jeung interférénsi léksikosemantis dina abstrak skripsi mahasiswa FISIP UNPAS.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan henteu nimbulkeun salah tapsir ti nu maca, ieu di handap baris dijelaskeun kalawan écés ngeunaan wangenan operasional anu digunakeun dina ieu panalungtikan. a. Interférénsi nya éta ayana pasosok basa dina hiji basa anu tangtu. Bisa jadi basa kahiji nu kacampuran basa kadua, atawa sabalikna. Interférénsi ogé bisa jadi ayana pasosok tina basa katilu. Kituna téh lumangsung bari silih pangaruhan di antara éta basa. b. Abstrak Skripsi nya éta hiji tingkesan dina karya ilmiah pikeun mikanyaho eusi karangan dina waktu nu singget. c. Unsur morfologis nya éta nyoko kana wangun kecap katut prosésna. Wangun kecap nyoko kana kecap asal jeung kecap jembar minangka hasil prosés morfologis saperti ngararangkénan, ngarajék, ngantétkeun, jeung ngawancah. Kasalahan morfologis diukur ku kasalahan ngawangun kecap rundayan, rajékan, kantétan jeung wancahan. d. Unsur Léksikosematis nya éta nyoko kana makéna kecap katut hartina dina kalimah. Kasalahan léksikosemantis museur kana kasalahan makéna kecap Tintin Supriatin, 2014 Interférénsi Basa Indonesia Kana Basa Sunda D ina Abstrak Skripsi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu katut hartina disawang tina rélasi semantis nu ngawengku homonimi, sinonimi, jeung antonimi, kaasup kasaahan narjamahkeun. Interférénsi léksikosemantis muncul balukar kontakna basa Sunda jeung Bahasa Indonésia.

3.5 Instrumén Panalungtikan