Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA
2
Rini Sutanti, 2015 Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun
kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
sastra téh salawasna dicipta napak dina usaha ngolah unsur-unsur éstétis kaéndahan sastra.
Karya sastra téh mangrupa ébréhan éksprési jiwa anu gelar dina wangun basa. Wangun basa nu dipaké dina karya sastra éstuna ragam basa anu éndah,
miboga ajén éstétis sarta bisa ngahudang rasa nu maca dina néangan ajén bebeneran. Anu dimaksud ajén bebeneran nya éta gambaran tina kahirupan
sapopoé nu diolah deui sarta disaluyukeun jeung imajinasi pangarang. Saenyana mah karya sastra téh geus dipikawanoh ti béh ditu kénéh, sacara
teu sadar maranéhna geus kungsi nyieun karya-karya nu mangpaat pikeun mekarkeun kabudayaanna. Hasil kabudayaan nu dijieunna gé tangtu rupa-rupa,
sarta hasil kabudayaanana kudu dimumulé ku urang salaku urang Sunda nu masih reueus kana kamekaran karya sastrana sorangan.
Istilah-istilah asihan, pupujian, sésébréd, balada, alegori, babad, roman sajarah, jsté, nuduhkeun golongan-golongan karya sastra dumasar kana eusina.
Dumasar kana umurna, karya sastra dibagi dua, nya éta: aya anu kagolong karya sastra buhun, aya anu kagolong karya sastra modern. Nilik mediana ogé dibagi
dua, nya éta: aya anu kagolong karya sastra lisan, jeung sastra tulisan. Sastra lisan nya éta sastra nu hirupna tumuwuhna, mekarna jeung sumebarna dina média
lisan sakurang-kurangna dina mangsana. Sedengkeun karya sastra tulisan nya éta anu hirupna dina média tulis. Kaayeunakeun, karya sastra loba nu diadaptasi jadi
pidangan atawa pagelaran média éléktronik radio, kasét, televisi. Iskandarwasid 1996, kc. 139.
Mantra téh warna puisi ugeran buhun tradisional anu eusina jajampéan, jangjawokan, parancah, singlar, jeung asihan Iskandarwasid, 1996, kc. 80.
Mantra téh kaasup puisi buhun nu teu ngawujud carita naratif sarta sumebarna sacara lisan. Dina kahirupan masarakat baheula mantra raket patalina jeung
kahirupan agama sarta kapercayaan masarakatna. Mantra mangrupa do’a husus nu ditepikeunna ngagunakeun basa sarta miboga maksud nu tangtu. Mantra bakal
miboga kakuatan gaib lamun dina ngucapkeunnana maké ritual husus.
3
Rini Sutanti, 2015 Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun
kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Ngagunakeun mantra ogé teu sagawayah, tapi aya padikana. Tujuan makéna mantra ogé rupa-rupa. Kitu deui jalma nu ngagunakeun mantra kudu nyumponan
sarat nu geus ditangtukeun. Mantra bisa tetep aya, mekar, atawa bisa ogé tumpur, luyu jeung kahirupan
manusa nu makéna. Manusa nu ngagunakeun mantra pikeun tujuan magis kiwari geus jarang. Kitu deui nu miboga mantrana gé ngan ukur golongan kolot.
Saupama aya nu ngora, meureun ngan saukur warisan ti karuhunna. Minat jeung panitén masarakat kana naskah ayeuna geus kurang, hal éta katitén tina héséna
manggih naskah. Salian ti éta, karya sastra buhun kurang dipikaresep lantaran can loba digarap jadi bacaan nu gampang dipaham jeung ditarima ku balaréa. Ku
ayana hal éta panalungtik miboga karep pikeun nalungtik sarta nganalisis Naskah Kumpulan Mantra. Éta naskah mangrupa titinggal karuhun baheula anu ayeuna di
wariskeun ka salasahiji dulurna. Saenyana mantra mangrupa bagian tina budaya jeung sastra anu perlu
diriksa sarta dimumulé, lantaran mantra mangrupa salasahiji titinggal karuhun baheula nu miboga ajén luhung ogé kudu dipiara. Pikeun masarakat Sunda,
naskah buhun masih boga fungsi kultural dina kahirupan masarakatna, lantaran masih aya kénéh sababaraha masarakat Sunda nu nganggap sakral kana hiji
naskah buhun. Hal ieu téh didadasaran kusabab masih kénéh ayana kapercayaan masarakat ka karuhunna.
Geus teu anéh deui yén masarakat Sunda miboga hasil budaya anu jembar. Ieu hal bisa katitén tina rupa-rupa hasil budayana, boh anu ngawujud boh anu
abstrak. Wangun budaya anu mangrupa artéfak réa jirimna, diantarana prasasti, naskah kuna, candi, waditra, jeung musik. Salahsahiji jinis artéfak anu gedé
pangaruhna pikeun studi atawa panalungtikan nya éta naskah manuscript. Nurutkeun Ekadjati 2006, kc. 198, sacara gurat badag klasifikasi eusi
naskah Sunda ngawengku: 1 sajarah; anu diwincik deui jadi sajarah Jawa Barat, sajarah Jawa jeung mitologi; 2 ajaran agama islam; 3 sastra; 4 paririmbon
jeung mujarobat; jeung 5 adat-istiadat.
4
Rini Sutanti, 2015 Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun
kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Pentingna panalungtikan filologi perlu dimekarkeun pikeun ngajaga jeung ngariksa naskah-naskah buhun anu aya di masarakat nu geus teu kapaliré deui,
katambah ku kurangna minat masarakat kana naskah buhun. Salian ti éta, karya sastra buhun kurang dipikaresep lantaran can loba digarap pikeun jadi bahan
bacaan nu gampang dipaham ku balaréa. Ku kituna, diayakeun panalungtikan ngeunaan naskah pikeun maliré hasil kabudayaan kolot baheula sangkan
masarakat kiwari jeung masarakat nu bakal datang teu pareumeun obor kana karya sastra buhun.
Dina kahirupan masarakat Sunda, naskah buhun dianggap masih miboga fungsi kultural. Aya sawatara masarakat anu masih boga anggapan yén naskah
buhun téh boga ajén sakral, pangpangna mah ku lantaran masarakat Sunda masih leket kapercayaan kana karuhunna.
Naskah Sunda loba nu geus leungit atawa ruksak lantaran prosés alam, atawa teu kariksa ruksak ku rayap, bobo lantaran kabeueusan, malah ngahaja
dimusnahkeun. Naskah Sunda ogé aya di masarakat, boh anu dipaké pikeun kahirupan sapopoé, boh anu dijieun pusaka atawa koléksi Ruhaliah, 2005, kc.
54. Tarékah pikeun ngagarap naskah-naskah heubeul terus dilakonan sangkan
eusi tina naskah téh bisa kasalametkeun jeung kacangking. Inventarisasi jeung pencatatan mangrupa salah sahiji tarékah sangkan naskah-naskah Sunda anu
sumebar di masarakat bisa dipikanyaho. Sanajan kitu, tarékah ku cara inventarisir jeung nyutat dirasa kurang cukup lamun henteu dibarengan ku transliterasi, jeung
édisi téks naskah. Sangkan gampang ngaguar eusi téksna, naskah leuwih heula ditransliterasikeun kana aksara Latén. Kagiatan samodél kitu asup kana garapan
filologi, sabab objék kongkrit filologi mangrupa téks tulisan. Kagiatan panalungtikan filologi ieu kudu terus dimekarkeun jeung di rojong pikeun
ngungkabkeun informasi nu aya dina naskah-naskah heubeul Baried dina Ruhaliah, 2005, kc. 55
5
Rini Sutanti, 2015 Ulikan filologi naskah kumpulan mantra ti dusun pereng desa Talun kecamatan Ibun
kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Aya sawatara hasil panalungtikan ngeunaan Kajian Filologis jeung analisis kana mantra di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI diantarana: 1 Puisi
Mantra di Kecamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi: Analisis Déskriptif Téks jeung Kontéks meunang Retty Isnéndés 1998; 2 Kajian Filologis jeung Analisis
Struktur Wawacan Raja Ayaban ku Siti Rukoyah 2007; 3 Kajian Filologis jeung Analisis Silsilah Téks Sajarah Turunan Parakanmuncang ku Diqi Munawar
Shodiq 2008; jeung 4 Analisis Struktural Puisi Mantra Di Désa Cenggal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi
Puisi Di SMA ku Ayu Aningsih 2013. Ieu naskah kumpulan mantra kapanggih di Dusun Péréng, Désa Talun,
Kecamatan Ibun, Kabupatén Bandung. Ieu naskah can pernah ditalungtik saacanna. Panalungtikan kalawan maké métode transliterasi, analisis téks kana ieu
naskah, dipiharep bisa méré informasi anu mangpaat pikeun masarakat atawa panalungtik séjénna. Lian ti éta, ieu panalungtikan penting pikeun ngeuyeuban
panalungtikan saacanna. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Ulikan Filologi
Naskah Kumpulan Mantra ti Dusun Péréng Désa Talun Kecamatan Ibun Kabupatén Bandung
”.