Tradisi Ngaruat Jagat Di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang : ulikan semiotik.

(1)

TRADISI NGARUAT JAGAT DI DÉSA SITURAJA KECAMATAN SITURAJA KABUPATÉN SUMEDANG

(Ulikan Sémiotik)

SKRIPSI

disusun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

WAHYUDI EKA PRADJA 1105196

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2015


(2)

LEMBAR PENGESAHAN

WAHYUDI EKA PRADJA 1105195

TRADISI NGARUAT JAGAT DI DÉSA SITURAJA KECAMATAN SITURAJA KABUPATÉN SUMEDANG

(ULIKAN SÉMIOTIK)

Disaluyukeun jeung disahkeun ku: Pangaping I

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP. 195906141986011002

Pangaping II

Drs. Dede Kosasih, M. Si. NIP 196307261990011001

Kauningakeun ku

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M. Pd. NIP 196408221989031001


(3)

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul “Tradisi

Ngaruat Jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang (Ulikan

Sémiotik)” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara tidak sesuai dengan étika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, 16 Mei 2015 Yang membuat pernyataan

Wahyudi Eka Pradja 1105196


(4)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Désain Panalungtikan

Métode nya éta cara anu kauger jeung puguh tujuanana pikeun ngahontal maksud (dina élmu pangaweruh), sakabéh hal dina métode kaatur pikeun ngagampangkeun prak-prakanana kagiatan anu tujuanana pikeun ngahontal tujuan anu tangtu (KBBI, 1995, kc. 652). Métode panalungtikan nya éta cara pikeun ngungkulan masalah panalungtikan anu dilaksanakeun sacara taliti jeung kasusun, pikeun nyangking fakta sarta kacindekan supaya bisa maham, ngaramalkeun, ngajelaskeun, jeung ngendalikeun kaayaan. Métode disebut ogé cara pikeun maham sarta neuleuman objék anu jadi sasaranana (Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc. 14).

Panalungtikan ieu téh kaasup panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu data-data hasil panalungtikanana henteu dumasar kana prosedur atawa wangun itungan. Dina panalungtikan kualitatif mah biasana panalungtik téh ilubiung kana kaayaan sarta fenoména anu keur ditalungtik. Panalungtik leuwih nyiapkeun instrument jalma tibatan instrument séjénna. (Syamsuddin jeung Damaianti, 2007, kc. 74).

Tujuan poko tina panalungtikan kualitatif nya éta ngagambarkeun, neuleuman, sarta ngajelaskeun fenoména anu ditalungtik. Pamahaman ngeunaan hal éta bisa dicangking ku cara ngadéskripsikeun dina wangun narasi. Bodgan jeung Taylor dina Ratna (2010, kc. 94) nétélakeun yén panalungtikan kualitatif téh ngahasilkeun data déskriptif dina wangun kecap-kecap, boh sacara lisan boh sacara tinulis.

Ku kituna, métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif nurutkeun Arikunto (2010, kc. 3) kecap déskriptif asalna tina basa Inggris to describe nu hartina ngajelaskeun hiji hal, misalna kaayaan, kajadian, kagiatan, atawa hal séjén anu hasilna dijelaskeun dina wangun laporan panalungtikan. Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ulikan sémiotik anu nyampak dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang.


(5)

Désain panalungtikan nya éta bagan guluyurna tahap panalungtikan anu ngagambarkeun léngkah-léngkah panalungtikan. Désain dina rarancang panalungtikan antukna bisa nyiptakeun hiji logikan. Désain anu digunakeun dina ieu panalungtika bisa katitén dina ieu bagan di handap.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

Masalah panalungtikan

Ngumpulkeun data ngagunakeun téhnik: 1) Studi pustaka

2) Obsérvasi 3) Wawancara 4) Dokuméntasi

Kacindekan Deskripsi data Téhnik analisis data: Téhnik analisis unsur langsung

Instrumén panalungtikan:

1) Catetan lapangan 2) Padoman wawancara 3) Alat rekam


(6)

3.2 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan

Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja ngagunakeun téhnik kualitatif. Nurutkeun Lofland dina Moleong (2007, kc. 157) sumber utama dina kualitatif nya éta kekecapan jeung kalakuan, saterusna mangrupa data tambahan saperti dokumén, jrrd. Anu jadi sumber data atawa sumber informasi dina ieu panalungtikan nya éta jalma anu dianggap kokolot/sesepuh di éta lembur jeung jalma anu apal kana éta tradisi ti jaman baheula tepi ka ayeuna, ogé buku sumber nu patali jeung ieu panalungtikan.

Dumasar kana éta hal, data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

a. Kekecapan sarta kalakuan ti informan nu diwawancara anu mangrupa sumber data utama. Sumber data utama ditulis, direkam, atawa difoto. Data hasil panalungtikan mangrupa hasil kagiatan ningali, ngaregepkeun, jeung wawancara. Moleong (2007, kc. 158) nétélakeun yén panalungtikan dilaksanakeun dina kaayaan sadar jeung puguh topikna, puguh topikna lantaran teu sakabéh informasi nu aya bakal ditalungtik, kudu luyu jeung rumusan masalah.

b. Sumber atawa référénsi tinulis anu miboga katégori ilmiah, misalna buku, skripsi, buku terbitan pamaréntah, jurnal ilmiah, sumber informasi di Lembaga Pemerintahan, jrrd.

c. Foto mangrupa data panalungtikan anu biasana dipaké dina panalungtikan sangkan hasilna bisa dianalisis. Kiwari lantaran téknologi geus beuki maju, sumber data panalungtikan lain ukur foto, tapi bisa wangun rékaman sora atawa rékaman video. aya dua katégori foto nu bisa dimangpaatkeun dina panalungtikan, nya éta foto hasil moto batur, jeung foto hasil moto panalungtik (Bogdan jeung Biklen dina Moleong, 2007, kc. 160).

d. Data statistik mangrupa sumber data tambahan pikeun panalungtikan sangkan data nu dipaké akurat. Data statistik bisa méré informasi ngeunaan komposisi masarakat tina wanda umur, gender, agama, pakasaban, kahirupan sosial, ékonomi, jrrd.


(7)

3.2.1 Informan

Panalungtikan tradisi upacara ngaruat jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang ngagunakeun téhnik anu nangtukeun tujuan sarta jumlah sampel dumasar kana udagan husus, anu teu méngpar tina ciri-ciri sampel anu ditangtukeun. Kritéria informan dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

a. Urang jero atawa asli warga Désa Situraja jeung sabudeureunana. b. Boga kalungguhan husus di Désa Situraja jeung sabudeureunana. c. Individu nu sadia méré informasi nu dibutuhkeun.

Tabél 3.1 Informan anu jadi sumber data dina panalungtikan

No. Wasta Jenis kelamin Umur Kalungguhan

1 Enep Suryamana Lalaki Alm. Kokolot lembur

2 Endut Lalaki 50 taun Kokolot lembur

3 Tutang Sutarna Lalaki 45 taun Tokoh masarakat anu apal kana Tradisi Ngaruat

Jagat

4 Asep Suarsa Lalaki 50 taun Tokoh masarakat anu apal kana Tradisi Ngaruat

Jagat

3.2.2 Lokasi Panalungtikan

Kecamatan Situraja nya éta salah sahiji kecamatan anu aya di Kabupatén Sumedang, Provinsi Jawa Barat. Puseur Kecamatan Situraja jauhna kira-kira 14 kilometer ka beulah wétan ti puseur kota Sumedang. Kecamatan Situraja ngawates jeung sababaraha kecamatan nya éta, dibeulah kulon ngawates jeung Kecamatan Ganeas sarta Kecamatan Cisarua, Kecamatan Paseh dibeulah kalér,


(8)

Kecamatan Cisitu jeung Kecamatan Tomo dibeulah wétan, sarta Kecamatan Cibugel dibeulah kidul.

Kecamatan Situraja miboga luas wilayah 54,03 km², anu kabagi jadi 15 Désa. Salah sahiji désa anu aya di wilayah Kecamatan Situraja nya éta Désa Situraja. Desa Situraja minangka puseur pamaréntahan Kecamatan Situraja. Sacara géografis wates administratif Désa Situraja téh diwatesan ku sababaraha Désa, saperti dibeulah kidul ngawates jeung Désa Mekarmulya, beulah kaler ngawates jeung Désa Situraja Utara, beulah kulon ngawates jeung Désa Sukatali, sarta ngawates jeung Désa Jatimekar di palebah Wétan. Jumlah penduduk di Désa Situraja téh nya éta kurang leuwih aya 3842 jiwa anu ngawengku 1910 jiwa lalaki, sarta 1932 jiwa awéwé. Salian ti éta pikeun mikanyaho wincikan jumlah penduduk dumasar kana papasingan umur bisa katitén dina tabél ieu di handap.


(9)

(10)

(11)

(12)

3.3 Ngumpulkeun data

3.3.1 Instrumen Panalungtikan

Sugiyono (2012, kc. 102) nétélakeun yén instrumén panalungtikan téh nya éta alat ukur dina prosés panalungtikan, salaku alat anu digunakeun pikeun ngukur fénoména alam jeung fénoména sosial anu ditalungtik. Sacara husus éta fénoména téh disebut variabel panalungtikan.

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta catetan lapangan, pedoman wawancara, sarta alat rekam (handphone, jeung kaméra). catetan lapangan jeung pedoman wawancara nya éta catetan leutik sarta runtuyan pananya nu bakal ditanyakeun ka narasumber ngeunaan objék anu ditalungtik. Dina ieu pedoman wawancara biasana ngawengku idéntitas réspondén sarta poko-poko patalékan anu baris ditanyakeun ka narasumber ngeunaan objék anu rék ditalungtik, nya éta ngeunaan tradisi ngaruat jagat anu aya di Désa Situraja, anu baris diulik ngeunaan sémiotikna. Narasumber anu diwawancara kudu ditulis idéntitasna. Informan dipilih dumasar kana tinimbangan husus. Di antarana miboga kalungguhan husus di Désa Situraja jeung sabudeureunana, sarta sadia méré informasi anu dibutuhkeun pikeun panalungtikan. Poko-poko patalékan anu digunakeun téh nya éta gurat bagadna hungkul anu ditulis dina wangun pernyataan, patalékan-patalékan anu ditanakeun téh leuwih ngalegaan luyu jeung kaayaan atawa situasi wawancara. Ieu poko-poko patalékan anu ditulis dina wangun pernyataan téh gunana sangkan patalékan-patalékan anu ditanyakeun téh henteu mengpar tina objék anu rék ditalungtik. Format laporan wawancara panalungtikan sarta poko-poko patalékan téh bisa ditingali dina tabél di handap.

Tabél 3.2 Pedoman Wawancara Terbuka

No. Rumusan Poko-poko pertanyaan dina wangun pernyataan

1 Sajarah

1. Sajarah ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

2. Pelaksanaanana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.


(13)

2 Prak-prakanana tradisi ngaruat jagat

3. Runtuyan sarta prak-prakan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

4. Naon waé properti anu digunakeun dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

3 Tujuan, jeung mangpaat

5. Tujuan diayakeunana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

6. Mangpaat diayakeunana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

4

Bahan-bahan jeung kalengkepan tradisi ngaruat jagat

7. Bahan-bahan sarta kalengkepan anu dipaké dina ngalaksanakeun tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

8. Ma’na anu nyampak dina pakakas atawa simbol-simbol anu dipaké dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.

5 Waktu tradisi

ngaruat jagat 9. Waktu lumangsungna tradisi ngaruat jagat.

6 Tempat

10.Tempat lumangsungna tradisi ngaruat jagat.

7 Pelaku Utama

11.Pelaku utama dina tradisi ngaruat jagat.

a. Pananya ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situjara Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang.

1. Kumaha sajarah ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja? 2. Iraha pelaksanaanana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja? 3. Dimana tempat ngalaksanakeun tradisi ngaruat jagat téh?

4. Kumaha runtuyan sarta prak-prakan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja?

5. Saha palaku utamana dina tradisi ngaruat jagat téh?

6. Naon tujuan jeung mangpaat diayakeunana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja?


(14)

7. Naon balukarna saupama éta tradisi teu dilaksanakeun?

8. Naon waé nu geus karasa salila tradisi ngaruat jagat dilumangsungkeun di éta lembur?

9. Naon waé kalengkepan/properti anu kudu diayakeun dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja?

10. Ma’na jeung simbol naon waé nu nyampak dina pakakas sarta runtuyan acara ngaruat jagat di Désa Situraja?

b. Format laporan wawancara saperti ieu di handap. - Idéntitas informan

Wasta :

Jenis kelamin :

Umur :

Kalungguhan :

Alamat :

Pakasaban :

Atikan :

2) Alat Rekam

Alat rekam anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kaméra pikeun moto, sarta handphone pikeun ngarekam sora.

a. Kaméra Digital

Kaméra digunakeun salaku alat pikeun nyokot gambar atawa ngadokuméntasikeun data-data anu sipatna penting.

b. Handphone

Handphone digunakeun pikeun ngarekam caritaan atawa data-data hasil wawancara ngeunaan objék panalungtikan.


(15)

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data a. Téhnik Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tulisan anu gunana pikeun néangan jeung nangtukeun dasar-dasar tiori anu aya patalina jeung objék panalungtikan.

b. Téhnik Obsérvasi

Marshall dina (Sugiyono, 2010, kc. 316) ngajelaskeun yén dina obsérvasi

panalungtik bakal diajar ngeunaan paripolah sarta ma’na tina éta paripolah.

Obsérvasi ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja dilakukeun ku cara niténan dokuméntasi sarta lumangsungna acara atawa hal nu aya patalina jeung panalungtikan.

c. Téhnik Wawancara

Wawancara mangrupa kagiatan komunikasi antara dua jalma atawa leuwih pikeun néangan informasi jeung idé ngaliwatan kagiatan tanya jawab nepi ka

kapanggih hiji ma’na tina hiji topik. Pamadegan Esteberg (dina Sugiyono, 2010, kc. 317).

d. Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi nya éta salaku panglengkep kana kaabsahan ieu panlungtikan anu digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakanana éta panalungtikan. Sugiyono (2010, kc. 329) nétélakeun yén hasil panalungikan bakal leuwih bisa dipercaya upama dieuyeuban ku foto atawa karya tulis akademik jeung seni nu geus aya saméméhna.

3.4 Téhnik Analisis Data

Sakabéh data anu geus ditéangan saterusna dihijikeun sarta dipilah-pilah. Data anu geus dikumpulkeun éta tuluy dianalisis maké téhnik unsur langsung. Téhnik analisis unsur langsung léngkah-léngkahna saperti ieu di handap.

1. Niténan deui data anu geus dikumpulkeun. 2. Nyieun papasingan data hasil panalungtikan.


(16)

3. Nganalisis data

4. Ngadéskripsikeun data.


(17)

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Rumusan masalah anu dijawab dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan kasang tukang ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja, runtuyan sarta prak-prakan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja, tujuan jeung mangpaat diayakeunana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja, sarta analisis unsur sémiotik anu aya dina tradisi ngaruat jagat numutkeun kana ulikan sémiotik Charles Sanders Peirce.

Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode déskriptif-kualitatif. Metode déskriptif-kualitatif téh nyaéta metode panalungtikan anu dipedar ku cara ngadéskripsikeun hasil panalungtikan dina wangun narasi sarta data hasil panalungtikanana téh lain dina wangun itungan. Téhnik ngumpulkeun jeung ngolah datana nyaéta ngagunakeun téhnik studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Anapon instrumén panalungtikan anu digunakeun nyaéta pedoman wawancara, catetan lapangan, handphone, jeung kamera.

Masarakat Désa Situraja téh bisa disebut masarakat anu euyeub ku kabudayaan. Hal éta bisa katitén tina unsur-unsur budaya anu masih kénéh aya di masarakatna, nya éta dina: (1) upacara-upacara kaagamaan anu masih kénéh sok dilaksanakeun ku masarakat; (2) sistem kekerabatan masarakat anu diébréhkeun ngaliwatan gotongroyong; (3) sistem pangaweruhna ngeunaan itung-itungan waktu (palintangan), cara ngolah sawah, jeung atikanana; (4) basa anu digunakeun dina kahirupan sapopoéna, nya éta basa Sunda; (5) ayana kasenian tradisional anu masih kénéh dilaksanakeun diantarana jaipongan, ketuk tilu, terebang, dogdog, sarta tayuban; (6) pakasaban anu leuwih nyoko kana tatanén, sarta; (7) sistem téhnologi jeung pakakas hirup masarakatna kiwari geus loba anu ngagunakeun téhnologi modern, sarta masih kénéh aya anu ngagunakeun pakakas tradisional, upamana dina wangun imah, pakakas tatanén, jeung pakakas sapopoé.

Tradisi ngaruat jagat téh nya éta tradisi asli masarakat Désa Situraja anu geus aya ti jaman baheula sarta diwariskeun sacara turun-tumurun. Sajarah ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh raket patalina jeung karuhun-karuhun baheula anu geus nyieun éta lembur. Ayana tradisi ngaruat téh patali jeung


(18)

kolot-kolot baheula anu geus ngababakan éta lembur, nata jeung ngolah taneuh pikeun kahirupanana. Ku kituna, pikeun ngahormat jeung ngadoakeun kana jasa-jasa karuhun baheula anu geus nyieun éta lembur, sarta sangkan masarakatna teu mopohokeun kana éta jasa karuhunna, masarakat Désa Situraja tiap taun miélingna ku cara ngayakeun tradisi ngaruat jagat. Masarakat Désa Situraja museurkeun éta tradisi ngaruat lembur pikeun ménta kasalametan ka Pangéran, sarta salaku wujud rasa sukur ka Pangéran lantaran geus dipaparin mangrupa-rupa ni’mat. Dina prak-prakanana éta tradisi ngaruat jagat téh sok dilaksanakeun ku cara ngariung sukuran bari maké sasajén sarta ngukus anu seungit-seungit (menyan), ngintunkeun solawat jeung doa ka Kanjeng Nabi, dahar babarengan, sarta sok dipungkas ku acara hiburan.

Ulikan ngeunaan unsur sémiotik (ikon, indéks, jeung simbol) anu aya dina tradisi ngaruat jagat téh bisa katitén tina runtuyan acarana, pakakas-pakakas kalengkepan, sarta bahan-bahan (sasajén) anu digunakeun dumasar kana hasil wawacara sabada panalungtikan. Ikon anu kapanggih dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh aya opat nya éta tumpeng, jawér kotok, jambé, jeung sawén. Indeks anu kapanggih dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh dalapan nya éta tradisi ngaruat jagat, sasajén, daun awi, seungitna menyan, seungitna cai kopi, seungitna haseup roko, sora anu ngadoa, jeung sora tatabeuhan. Simbol anu kapanggih dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh aya dua puluh nya éta parukuyan, roko surutu, menyan, rampé/seuseungitan, cai herang, cai kopi pait jeung cai kopi amis, bubur beureum jeung bubur bodas, tumpeng, seupaheun, jukut palias, bakakak, rurujakan, dewegan, tangtang angin, bungbuahan jeung beubeutian, nyiru, hanjuang, sawén, leuit, sarta paré geugeusan.

Dina tradisi ngaruat jagat téh euyeub ku siloka jeung ma’na-ma’na anu ngawujud dina wangun ajén-inajén. Éta ma’na-ma’na anu nyampak téh kudu dipikanyaho ku nonoman atawa rumaja kiwari ogé ku generasi sanggeus urang. Éta ma’na-ma’na anu nyampak téh bisa dijadikeun dadasar ku masarakatna dina ngalakonan kahirupan sapopoé, sarta bisa ngeuyeuban jeung nambahan pangaweruh katut informasi anu dibutuhkeun ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.


(19)

5.2 Implikasi

Tradis ngaruat jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang mangrupa salah sahiji upacara tradisi anu beunghar kabudayaanana sarta ngeuyeuban rupaning budaya di tatar Sunda. Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja tangtu ngabutuhkeun sababaraha elemen masarakat pikeun jadi objék sarta narasumber dina ieu panalungtikan. Kabeungharan budaya di tatar Sunda hususna dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja ditalungtik sangkan bisa méré mangpaat, salah sahijina mangpaat pikeun dokuméntasi kabudayaan.

Dokuméntasi kabudayaan lian ti miboga mangpaat sangkan entragan saterusna apal kana adat-istiadat jeung kabudayaan éntragan saméméhna, ogé bisa dimangpaatkeun keur kabutuhan séjén, saperti pikeun ngeuyeuban data atawa dadasar panalungtikan anu aya patalina jeung budaya, sarta bisa dijadikeun udagan atawa babandingan pikeun panalungtikan ngeunaan kabudayaan hususna di tatar Sunda.

5.3 Rékomendasi

Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang tangtu loba kénéh kurangna, kawatesanan ku waktu, cara ngumpulkeun data sarta sampel masarakat anu jadi narasumber ogé hal-hal séjén anu patali jeung metode ngeunaan panalungtikan masih kénéh kudu dilengkepan. Kabeungharan budaya dina ieu tradisi sabenerna loba kénéh, lantaran ieu panalungtikan kawatesanan jeung museur kana hiji hal, ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan anu leuwih daria kana hal-hal séjén anu patali jeung ieu tradisi.

Salah sahiji objék anu ngirut sarta bisa dijadikeun panalungtikan di ieu tempat nyaéta rupa-rupa kasenian anu sok dipintonkeun sabada lumangsungna tradisi ngaruat jagat. Saperti celempungan, calung, kacapi suling, terebang, ketuk tilu, jeung tayuban. Sababaraha kasenian éta bisa ditalungtik sarta bisa didokuméntasikeun pikeun daptar kasenian anu aya di tatar Sunda.


(20)

DAPTAR PUSTAKA

Abdulah, T. (2011). Menyingkap Nilai Moral Budaya Sunda. Jakarta: Pustaka Utama

Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Berger, A. (2010). Pengantar Semiotik. Yogyakarta: Tiara Wacana.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama

Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta: PT Pustaka Utama.

Disparbud. (2011). Ensiklopedia Jawa Barat. Jakarta: Lentera abadi.

Ensiklopedi Sunda. (2000). Bandung: Pustaka Jaya.

Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing.

Koentjaraningrat. (1990). Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Koentjaraningrat. (1993). Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta.

PT Djambatan

Moleong, L. J. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja

Rosda Karya.

Mustapa, H. (1991). Adat Istiadat Sunda. Bandung: Alumni.

Poerwanto, H. (2010), Kebudayaan Dan Lingkungan Dalam Perspektif Antropologi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Proyek Penelitian dan Pencatatan Kebudayaan Daerah. (1989). Adat Istiadat Daérah Jawa Barat. Jakarta: Depdikbud.

Ratna, N. K. (2010). Metodologi Penelitian. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Santosa, P. (2013). Ancaman Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung:


(21)

Sobur, A. (2009). Semiotika Komunikasi. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semiotik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D.

Bandung: Alfabeta.

Sukyadi, D. (2011). Teori Dan Analisis Semiotika. Bandung: Rizqi Press.

Sulasman jeung Gumilar, S. (2013). Teori-teori Kebudayaan. Bandung: Pustaka Setia.

Sumitra. (2013). Cara Pandang Orang Sunda Terhadap Lingkungannya. [Online]

Aya dina: http://bapeda.sumedangkab.go.id/artikel-1kearifan-lokal-- tradisi-hajat-lembur-dalam-perspektif-dinamika-cara-pandang-orang-sunda-terhadap-lingkungannya.html. Diaksés 14 Februari 2015.

Syamsuddin jeung Damaianti, V. (2007). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya

Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Pedoman Penelitian Karya Ilmiah UPI Tahun Akademik 2014 & 2015.

Wikipedia. (2013). Tradisi. [Online]


(1)

36

Wahyudi Eka Pradja, 2015

3. Nganalisis data

4. Ngadéskripsikeun data.


(2)

Wahyudi Eka Pradja, 2015

Tradisi Ngaruat Jagat Di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Rumusan masalah anu dijawab dina ieu panalungtikan nya éta ngeunaan kasang tukang ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja, runtuyan sarta prak-prakan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja, tujuan jeung mangpaat diayakeunana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja, sarta analisis unsur sémiotik anu aya dina tradisi ngaruat jagat numutkeun kana ulikan sémiotik Charles Sanders Peirce.

Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode déskriptif-kualitatif. Metode déskriptif-kualitatif téh nyaéta metode panalungtikan anu dipedar ku cara ngadéskripsikeun hasil panalungtikan dina wangun narasi sarta data hasil panalungtikanana téh lain dina wangun itungan. Téhnik ngumpulkeun jeung ngolah datana nyaéta ngagunakeun téhnik studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Anapon instrumén panalungtikan anu digunakeun nyaéta pedoman wawancara, catetan lapangan, handphone, jeung kamera.

Masarakat Désa Situraja téh bisa disebut masarakat anu euyeub ku kabudayaan. Hal éta bisa katitén tina unsur-unsur budaya anu masih kénéh aya di masarakatna, nya éta dina: (1) upacara-upacara kaagamaan anu masih kénéh sok dilaksanakeun ku masarakat; (2) sistem kekerabatan masarakat anu diébréhkeun ngaliwatan gotongroyong; (3) sistem pangaweruhna ngeunaan itung-itungan waktu (palintangan), cara ngolah sawah, jeung atikanana; (4) basa anu digunakeun dina kahirupan sapopoéna, nya éta basa Sunda; (5) ayana kasenian tradisional anu masih kénéh dilaksanakeun diantarana jaipongan, ketuk tilu, terebang, dogdog, sarta tayuban; (6) pakasaban anu leuwih nyoko kana tatanén, sarta; (7) sistem téhnologi jeung pakakas hirup masarakatna kiwari geus loba anu ngagunakeun téhnologi modern, sarta masih kénéh aya anu ngagunakeun pakakas tradisional, upamana dina wangun imah, pakakas tatanén, jeung pakakas sapopoé.

Tradisi ngaruat jagat téh nya éta tradisi asli masarakat Désa Situraja anu geus aya ti jaman baheula sarta diwariskeun sacara turun-tumurun. Sajarah ayana tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh raket patalina jeung karuhun-karuhun baheula anu geus nyieun éta lembur. Ayana tradisi ngaruat téh patali jeung


(3)

kolot-78

Wahyudi Eka Pradja, 2015

kolot baheula anu geus ngababakan éta lembur, nata jeung ngolah taneuh pikeun kahirupanana. Ku kituna, pikeun ngahormat jeung ngadoakeun kana jasa-jasa karuhun baheula anu geus nyieun éta lembur, sarta sangkan masarakatna teu mopohokeun kana éta jasa karuhunna, masarakat Désa Situraja tiap taun miélingna ku cara ngayakeun tradisi ngaruat jagat. Masarakat Désa Situraja museurkeun éta tradisi ngaruat lembur pikeun ménta kasalametan ka Pangéran, sarta salaku wujud rasa sukur ka Pangéran lantaran geus dipaparin mangrupa-rupa ni’mat. Dina prak-prakanana éta tradisi ngaruat jagat téh sok dilaksanakeun ku cara ngariung sukuran bari maké sasajén sarta ngukus anu seungit-seungit (menyan), ngintunkeun solawat jeung doa ka Kanjeng Nabi, dahar babarengan, sarta sok dipungkas ku acara hiburan.

Ulikan ngeunaan unsur sémiotik (ikon, indéks, jeung simbol) anu aya dina tradisi ngaruat jagat téh bisa katitén tina runtuyan acarana, pakakas-pakakas kalengkepan, sarta bahan-bahan (sasajén) anu digunakeun dumasar kana hasil wawacara sabada panalungtikan. Ikon anu kapanggih dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh aya opat nya éta tumpeng, jawér kotok, jambé, jeung sawén. Indeks anu kapanggih dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh dalapan nya éta tradisi ngaruat jagat, sasajén, daun awi, seungitna menyan, seungitna cai kopi, seungitna haseup roko, sora anu ngadoa, jeung sora tatabeuhan. Simbol anu kapanggih dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja téh aya dua puluh nya éta parukuyan, roko surutu, menyan, rampé/seuseungitan, cai herang, cai kopi pait jeung cai kopi amis, bubur beureum jeung bubur bodas, tumpeng, seupaheun, jukut palias, bakakak, rurujakan, dewegan, tangtang angin, bungbuahan jeung beubeutian, nyiru, hanjuang, sawén, leuit, sarta paré geugeusan.

Dina tradisi ngaruat jagat téh euyeub ku siloka jeung ma’na-ma’na anu ngawujud dina wangun ajén-inajén. Éta ma’na-ma’na anu nyampak téh kudu dipikanyaho ku nonoman atawa rumaja kiwari ogé ku generasi sanggeus urang. Éta ma’na-ma’na anu nyampak téh bisa dijadikeun dadasar ku masarakatna dina ngalakonan kahirupan sapopoé, sarta bisa ngeuyeuban jeung nambahan pangaweruh katut informasi anu dibutuhkeun ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja.


(4)

79

Wahyudi Eka Pradja, 2015

Tradisi Ngaruat Jagat Di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5.2 Implikasi

Tradis ngaruat jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang mangrupa salah sahiji upacara tradisi anu beunghar kabudayaanana sarta ngeuyeuban rupaning budaya di tatar Sunda. Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja tangtu ngabutuhkeun sababaraha elemen masarakat pikeun jadi objék sarta narasumber dina ieu panalungtikan. Kabeungharan budaya di tatar Sunda hususna dina tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja ditalungtik sangkan bisa méré mangpaat, salah sahijina mangpaat pikeun dokuméntasi kabudayaan.

Dokuméntasi kabudayaan lian ti miboga mangpaat sangkan entragan saterusna apal kana adat-istiadat jeung kabudayaan éntragan saméméhna, ogé bisa dimangpaatkeun keur kabutuhan séjén, saperti pikeun ngeuyeuban data atawa dadasar panalungtikan anu aya patalina jeung budaya, sarta bisa dijadikeun udagan atawa babandingan pikeun panalungtikan ngeunaan kabudayaan hususna di tatar Sunda.

5.3 Rékomendasi

Panalungtikan ngeunaan tradisi ngaruat jagat di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang tangtu loba kénéh kurangna, kawatesanan ku waktu, cara ngumpulkeun data sarta sampel masarakat anu jadi narasumber ogé hal-hal séjén anu patali jeung metode ngeunaan panalungtikan masih kénéh kudu dilengkepan. Kabeungharan budaya dina ieu tradisi sabenerna loba kénéh, lantaran ieu panalungtikan kawatesanan jeung museur kana hiji hal, ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan anu leuwih daria kana hal-hal séjén anu patali jeung ieu tradisi.

Salah sahiji objék anu ngirut sarta bisa dijadikeun panalungtikan di ieu tempat nyaéta rupa-rupa kasenian anu sok dipintonkeun sabada lumangsungna tradisi ngaruat jagat. Saperti celempungan, calung, kacapi suling, terebang, ketuk tilu, jeung tayuban. Sababaraha kasenian éta bisa ditalungtik sarta bisa didokuméntasikeun pikeun daptar kasenian anu aya di tatar Sunda.


(5)

Wahyudi Eka Pradja, 2015

DAPTAR PUSTAKA

Abdulah, T. (2011). Menyingkap Nilai Moral Budaya Sunda. Jakarta: Pustaka Utama

Arikunto, S. (2010). Prosedur penelitian suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Berger, A. (2010). Pengantar Semiotik. Yogyakarta: Tiara Wacana.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta: PT Pustaka Utama.

Disparbud. (2011). Ensiklopedia Jawa Barat. Jakarta: Lentera abadi. Ensiklopedi Sunda. (2000). Bandung: Pustaka Jaya.

Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing.

Koentjaraningrat. (1990). Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Koentjaraningrat. (1993). Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta. PT Djambatan

Moleong, L. J. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja Rosda Karya.

Mustapa, H. (1991). Adat Istiadat Sunda. Bandung: Alumni.

Poerwanto, H. (2010), Kebudayaan Dan Lingkungan Dalam Perspektif

Antropologi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Proyek Penelitian dan Pencatatan Kebudayaan Daerah. (1989). Adat Istiadat

Daérah Jawa Barat. Jakarta: Depdikbud.

Ratna, N. K. (2010). Metodologi Penelitian. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Santosa, P. (2013). Ancaman Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung:


(6)

Wahyudi Eka Pradja, 2015

Tradisi Ngaruat Jagat Di Désa Situraja Kecamatan Situraja Kabupatén Sumedang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sobur, A. (2009). Semiotika Komunikasi. Bandung: PT Remaja Rosdakarya. Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semiotik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D.

Bandung: Alfabeta.

Sukyadi, D. (2011). Teori Dan Analisis Semiotika. Bandung: Rizqi Press.

Sulasman jeung Gumilar, S. (2013). Teori-teori Kebudayaan. Bandung: Pustaka Setia.

Sumitra. (2013). Cara Pandang Orang Sunda Terhadap Lingkungannya. [Online] Aya dina: http://bapeda.sumedangkab.go.id/artikel-1kearifan-lokal-- tradisi-hajat-lembur-dalam-perspektif-dinamika-cara-pandang-orang-sunda-terhadap-lingkungannya.html. Diaksés 14 Februari 2015.

Syamsuddin jeung Damaianti, V. (2007). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya

Universitas Pendidikan Indonesia. (2014). Pedoman Penelitian Karya Ilmiah UPI

Tahun Akademik 2014 & 2015.

Wikipedia. (2013). Tradisi. [Online]