T PBBS 1201458 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan
Dumasar kana analisis jeung déskripsi data anu geus ditepikeun dina bab
IV, hasil panalungtikan ngeunaan wangunan sirnaan dina paguneman di pasar
Padayungan Tasikmalaya, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.
Unsur-unsur

nu

ngalaman

sirna

dina

paguneman

masarakat


pasar

Padayungan Tasikmalaya aya 1) sirnaan jejer, 2) sirnaan caritaan, 3) sirnaan
udagan, 4) sirnaan panglengkep, jeung 5) sirnaan katerangan.
Transformasi kalimah dina basa lisan di masarakat pasar Padayungan
Tasikmalaya aya 1) transformasi tunggal, 2) transformasi seselan, 3) transformasi
ngantét, 4) transformasi puseur, jeung 5) transformasi husus.
Jadi, unsur-unsur nu sirna dina paguneman nu aya di masarakat kacida
lobana alatan dirojong jeung basa nonverbal (ngagunakeun anggahota awak
contona bari nunjuk, ngarawu, ngalungkeun, ngawadahan, jsb).

5.2 Saran
Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sawatara saran anu perlu ditepikeun
patali jeung ieu panalungtikan.
a. Ieu panalungtikan ngeunaan wangunan sirnaan perlu dipatalikeun jeung bahan
pangajaran sarta dilarapkeun kana kamampuh siswa dina ngagunakeun jeung
nganalisis wangun sirnaan.

Ai Paridah, 2014
Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

88

b. Panalungtikan ngeunaan sirnaan dina ragam basa lisan téh sumberna kakara di
masarakat pasar, ku kituna perlu aya panalungtikan séjén anu ngulik wangun
sirnaan nu sumberna sakabéh masarakat ti unggal pakasaban.

Ai Paridah, 2014
Wangunan Sirnaan D ina Kalimah Basa Sunda Lisan D i Pasar Padayungan Kota Tasikmalaya
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu