T PBBS 1201458 Chapter3

(1)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1Sumber Data

Pikeun nyumponan data dina ieu panalungtikan, data anu didéskripsikeun téh dicokot data primér. Data primér tina sumber lisan nya éta hasil sadap rékam paguneman masarakat nu interaksi di sabudeureun pasar Padayungan Kota Tasikmalaya. Netepkeun sumber data ku cara sadap rékam tina data basa lisan téh jalaran sajalan jeung sawangan Grinder jeung Elgin dina Sudaryat (1991:10) nu nyebutkeun yén nu nalungtik basana sorangan, di sagédéngeun dirina bisa salaku informasi, ogé bisa merhatikeun intuisi panyatur lianna. Panyatur basa nu dipilih salaku informan kudu miboga sarat tina segi umur, jenis kelamin, kualitas budaya katut kajiwaan basana.

Nangtukeun jeung néangan data nu saperti kitu téh dipiharep cukup réfréséntatitf pikeun ieu panalungtikan. Nu saterusna dicokot sajumlah kalimah nu bakal dijadikeun bahan kajian data. Korpus data nu alus kudu miboga ciri seragemna sacara dialkétis, alamiah, loba ragamna, lengkep, terus-terusan, jeung narik (Samarin dina Sudaryat, 1991:11).

3.2Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan nya éta gemblengan rencana pikeun ngumpulkeun data dina raraga ngajawab patalékan panalungtikan, sarta téhnik analisis atawa métode husus anu rék digunakeun ku panalungtik.

Desain dina ieu panalungtikan, nyoko kana léngkah-léngkah ieu di handap,

(2)

Nangtukeun masalah ngeunaan unsur-unsur sirnaan dina ragam

basa lisan

Ragam basa lisan di sabudeureun Pasar Padayungan

Kota Tasikmalaya

Rumusan anggapan dasar ngeunaan sirnaan dina ragam basa lisan di sabudeureun Pasar

Padayungan Kota Tasikmalaya

Nangtukeun sumber data

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan 3.3Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara pikeun matotoskeun masalah panalungtikan anu dilaksanakeun kalawan dirarancang heula sacara gemet, anu maksudna sangkan meunang fakta jeung kacindekan sangkan bisa mikaharti, jeung ngajelaskeun kaayaan. Métode mangrupa cara digawé sangkan

Rumusan masalah ngeunaan unsur sirnaan dina ragam basa

lisan

Nyusun laporan

Analisis data

Transkripsi Paguneman

Obsérvasi ka lapangan ku cara sadap rékam

(3)

paham jeung bisa neuleuman kana objék anu jadi sasaran panalungtikan (Syamsudin jeung Damaianti, 2006:14).

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metode déskriptif analitis tina hasil transkripsi basa lisan nu ngandung unsur-unsur sirnaan. Métode déskriptif ieu pungsina nya éta pikeun milih, milah, ngolah jeung nafsirkeun data. Salian ti éta, objék anu didéskripsikeunana nya éta sakabéh wangun kalimah dina basa lisan nu digunakeun ku masarakat di masarakat pasar Padayungan Kota Tasikmalaya. Analisisna nyoko kana unsur-unsur nu sirna, sarta transformasi kalimahna.

3.4Wangenan Operasional

Sangkan jelas tur aya kasaruaan pandangan ngeunaan istilah-istilah poko anu dipaké dina ieu panalungtikan, perlu diwincik wangenan operasional nya éta ieu di handap.

a. Kalimah nya éta wangunan basa maksimal nu miboga harti sarta diébréhkeun ngaliwatan hiji omongan atawa wacana nu miboga lentong pamungkas turun atawa naék.

b. Sirnaan kalimah nya éta ngaleungitkeun unsur-unsur fungsional (jejer, caritaan, udagan, panglengkep, jeung katerangan) dina kalimah sirnaan kalimah unggal bagian tina preposisi kalimah.

c. Sirnaan disebut ogé délisi. Délisi disebut ogé kalimah ringkesan, nya éta wangun kalimah anu sabagian unsur kalimahna dileungitkeun. Lamun ditilik tina kalengkepan unsurna, éta kalimah téh kaasup kalimah teu lengkep. Ieu kalimah téh disebut ogé kalimah sirnaan, anu prosésna disebut délisi (élipsis).

(4)

Délisi atawa elipsis téh lumangsung lamun dina hiji kalimah aya unsur-unsur atawa bagian-bagian anu dileungitkeun atawa henteu dikedalkeun. Unsur atawa bagian anu henteu dikedalkeun téh bisa mangrupa unsur anu sarua wujudna, bisa jadi mangrupa unsur anu wenang ayana dina hiji struktur, atawa nurutkeun kontéks situasina éta unsur téh geus kamaphum ku nu marakéna basa. Kulantaran kitu, unsur anu dileungitkeun atawa anu henteu dikedalkeun téh aya nu bisa kapaluruh tina téksna atawa wacanana (délisi tékstual), aya anu bisa kapaluruh dumasar kana strukturna (délisi struktural), aya ogé anu bisa kapaluruh nurutkeun kontéks situasina (délisi situasional).

d. Transformasi nya éta prosés pangwangunan unsur basa tina struktur dasar ka struktur turunan. Aya lima rupa transformasi nya éta, (1) transformasi tunggal, (2) transformasi seselan, (3) transformasi ngantét, (4) transformasi puseur, jeung (5) transformasi husus.

3.5Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan téh mangrupa alat pikeun ngumpulkeun data atawa cara pikeun ngajaring data anu diperlukeun pikeun ngajawab patalékan panalungtikan (Arikunto, 2002:102). Anapon instrumén anu diperlukeun dina ieu panalungtikan:

1) Alat Rékam ( HP) 2) Transkripsi Paguneman 3) Kartu Data

(5)

4) Alat Panyatet

Tabél 3.1 Format Transformasi Kalimah

No Paguneman Transformasi

Kalimah Kalimah Dasar 1

Tabél 3.2 Format Prosés Transformasi No Kalimah

Transformasi

Kat. Tunggal Sematan Rapatan Fokus Khusus

1

Sirnaan:

J C U Pel. Kat

Transformasi:

Tunggal Seselan Ngantét Puseur Khusus Alfabét

Data Kalimah

(6)

Tabél 3.3 Format Unsur-Unsur nu Sirna No Transformasi

Kalimah

Unsur nu Sirna

Jejer Caritaan Udagan Panglengkep Katerangan 1

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun téhnik sadap rékam. Téhnik sadap rékam nya éta digunakeun pikeun ngajaring data ku cara ngarékam paguneman masarakat Sunda, boh sacara terang-terangan

boh susulumputan.

Léngkah-léngkah téhnik ngumpulkeun data di luhur, saperti ieu di handap. a. Nangtukeun sumber data;

b. Rékaman paguneman basa Sunda di masarakat; c. Transkripsi data lisan kana tulisan;

d. Nyirian jeung nyatet anu kaasup kalimah sirnaan kana kartu data e. Milah-milah unsur fungsional nu sirna; jeung

f. Ngadaptarkeun unsur-unsur nu sirna kana wangun transformasi kalimah.

3.7Téhnik Ngolah Data

Sabada data kumpul, nurutkeun Botha dina Sudaryat (2000:32), aya kénéh lajuning laku nu mangrupa tahap ngéntépseureuhkeun (sistematisasi) lantaran kakara mangrupa korpus nu can écés korélasina. Ari aktivitas inteléktual nu kudu

(7)

dipilampah téh nya éta (1) nyieun papasingan, (2) ngorélasikeun, (3) ngaruntuykeun, jeung (4) ngukur.

Data nu geus diéntépseureuhkeun téh disebutna korpus data. Korpus data anu hadé, ceuk Samarin dina Sudaryat (2004:32), kudu nyumponan pasaratan nu saragem, di antarana, (a) dialéktis, (b) alamiah, (c) variatif, (d) lengkep, (e) mindo (berulang), jeung (f) narik ati.

Numutkeun Hocket dina Sudaryat (2004:32) nétélakeun yén dina nganalisis data basa sok digunakeun analisis unsur langsung (immediate constituent (IC) analysis), nya éta analisis anu niténan unsur-unsur basa anu langsung ngawangun unsur saluhureunana. Upamana baé dina nagtukeun unsur fungsional kalimah saperti J, C, U, Panglengkep, jeung Katerangan. Kalimah di handap ieu bisa kapanggih unsur langsungna.

Kalimah

J C U Kat.

Néng Zaini keur meuli témpé ka pasar Padayungan.

Analisis unsur langsung téh mangrupa téhnik dasar, anu dituturkeun ku téhnik (1) pérmutasi, (2) substitusi, (3) ékspansi, (4) téhnik délisi, jeung (5) téhnik seselan. Téhnik permutasi atawa téhnik balik, nya éta téhnik analisis ku cara malikeun unsur kalimah tina wangun dasar, anu engkéna éta wangun dasar téh ngalaman parobahan wangun. Téhnik ganti atawa subtitusi bisa digunakeun pikeun nangtukeun sinonim dina wates anu tangtu. Téhnik ékspansi nya éta téhnik pikeun mikanyaho kadar saruana kelas katégori atawa unsur anu diganti

(8)

jeung unsur anu ngagantina. téhnik téh pikeun nangtukeun segi-segi ma’na (aspék semantis) lingual anu tangtu. Hartina, penting pikeun mikawanoh kadar sinonim upamana, aya dina tataran anu sarua (sinonim téh sarua informasina, mirip ma’nana, tapi wangunna béda). Téhnik délisi nya éta téhnik lesap atawa ngaleupaskeun, ngaleungitkeun, ngahapus atawa ngurangan hiji unsur dina wangun kalimah. Téhnik seselan loba disaruakeun jeung téhnik ganti atawa téhnik ngalegaan, tapi saenyana mah dina dua téhnik éta téh aya bédana. Téhnik ganti moal ngamungkinkeun hiji unsur lingual nambahkeun unsur lingual anu anyar, boh sacara kelas boh sacara ma’na. Téhnik seselan leuwih luyu disaruakeun jeung téhnik ngalegaan. Téhnik seselan miboga mangpaat pikeun mikawanoh kadar raketna dua unsur anu dipisahkeun ku hasil seselan éta.

Dumasar kana sababaraha téhnik di luhur, ngolah data sirnaan kalimah ngaliwatan léngkah- léngkah ieu di handap.

a. Niténan data nu geus dikumpulkeun;

b. Ngadaptarkeun data kalimah sacara alfabétis; c. Méré nomer kode data kalimah;

d. Nyieun papasingan data sirnaan kalimah dumasar kana unsur fungsional nu dileungitkeun;

e. Nganalisis prosés transformasi dina sirnaan kalimah; f. Ngadéskripsikeun sirnaan kalimah;

g. Napsirkeun sirnaan kalimah; jeung h. Nyindekkeun sirnaan kalimah.

(9)