KAMAMPUH NGAREGEPKEUN PUPUH NGAGUNAKEUN MÉDIA AUDIO PUPUH RAÉHAN SANGGIAN H. YUS WIRADIREDJA : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut Taun Ajaran 2013/2014.

(1)

No. 748/FPBS/0251/2014

KAMAMPUH NGAREGEPKEUN PUPUH NGAGUNAKEUN MÉDIA AUDIO PUPUH RAÉHAN SANGGIAN H. YUS WIRADIREDJA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajengkeun pikeun nyumponan salasahiji sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan

Ku

Deti Yulianti NIM 0900590

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Kamampuh Ngaregepkeun Pupuh Ngagunakeun Média Audio Pupuh Raéhan Sanggian H. Yus Wiradiredja (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut Taun Ajaran 2013/2014)” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila di kemudian hari ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, April 2014 Yang membuat pernyataan,

Deti Yulianti NIM 0900590


(3)

LEMBAR PENGESAHAN

DETI YULIANTI 0900590

KAMAMPUH NGAREGEPKEUN PUPUH NGAGUNAKEUN MÉDIA AUDIO PUPUH RAÉHAN SANGGIAN H. YUS WIRADIREDJA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut Taun Ajaran 2013/2014)

disaluyuan jeung disahkeun ku pangaping:

Pangaping 1,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 196408221989031001

Pangaping II

Ade Sutisna, S.Pd. NIP. 197607312001121001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 196408221989031001


(4)

KAMAMPUH NGAREGEPKEUN PUPUH NGAGUNAKEUN MEDIA AUDIO PUPUH RAEHAN SANGGIAN H. YUS WIRADIREDJA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut Taun Ajaran 2013/2014)

oleh Deti Yulianti2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya kemampuan menyimak siswa dalam pembelajaran pupuh. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui kemampuan siswa dalam menyimak pupuh dengan menggunakan media audio Pupuh Raehan sanggian H. Yus Wiradiredja dan daya beda antara kemampuan sebelum dan sesudah menggunakan media audio Pupuh Raehan sanggian H. Yus Wiradiredja. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi ekspérimén dengan desain one group pretest-posttest design.Sumber data dari penelitian ini adalah siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut yang berjumlah 30 orang. Tehnik yang digunakan dalam mengolah data adalah uji sipat data yang terdiri dari uji nomalitas, uji homogenitas, uji gain, dan uji hipotesis. Hasil dari penelitian ini adalah (1) kemampuan menyimak pupuh siswa kelas XI IPA 2 sebelum menggunakan media audio Pupuh Raehan sanggian H. Yus Wiradiredja menghasilkan rata-rata 67.6, dan termasuk kedalam kategori belum mampu. Sedangkan setelah menggunakan media audio Pupuh Raehan sanggian H. Yus Wiradiredja menghasilkan rata-rata 80.3, dan termasuk kedalam kategori mampu; (2) adanya peningkatan kemampuan menyimak siswa antara sebelum dan sesudah menggunakan media audio Pupuh Raehan sanggian H. Yus Wiradiredja dengan kemampuan awal ratanya 67.6 dan kemampuan akhir rata-ratanya 80.3 dengan beda kemampuan 12.7; dan (3) adanya perbedaan yang signifikan antara kemampuan menyimak pupuh sebelum dan sesudah menggunakan media audio Pupuh Raehan sanggian H. Yus Wiradiredja. Hal ini bisa dilihat dari hasilnya yang menyimpulkan bahwa t hitung > ttabél yaitu 6.6 > 2.46. Pernyataan ini

berarti bahwa hipotesis kerja (Ha) yang berbunyi media audio Pupuh Raehan sanggian

H. Yus Wiradiredja signifikan dalam meningkatkan kemampuan menyimak pupuh diterima, dan hipotesis (H0) yang berbunyi media audio Pupuh Raehan sanggian H.

Yus Wiradiredja tidak signifikan dalam meningkatkan kemampuan menyimak pupuh ditolak.


(5)

KAMAMPUH NGAREGEPKEUN PUPUH NGAGUNAKEUN MEDIA AUDIO PUPUH RAEHAN SANGGIAN H. YUS WIRADIREDJA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut Taun Ajaran 2013/2014)

oleh Deti Yulianti2)

ABSTRACT

This research is motivated by derogate students’ ability in listening pupuh. This study aims to determine students' ability in listening pupuh by using “audio media Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja”. The method used in this study was quasi-experimental with one group pretest-posttest design. The technique used in the data analysis was data testing which includes normality test, homogeneity test, gain test, and hypotheses test. The results found that (1) the mean score of students’ ability in listening pupuh before using audio media “Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja” was 67.6, and the ability was categorized as incapable. Meanwhile, after using “audio media Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja”, the mean score was improved to 80.3, and the ability was categorized as capable; (2) there was an improvement of students’ ability in listening pupuh before and after using “audio media Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja” with the first score was 67.6 and the last score was 80.3 with the significant difference 12.7; and (3) there was a significant difference between the students’ ability in listening pupuh before and after using “audio media Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja”, with t value > t table

which means 6.6 > 2.46. It could be concluded that the research hypotheses (Ha) is accepted that the “audio media Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja” could improve students’ ability in listening pupuh significantly, and the null hypotheses (Ho) is rejected that the “audio media Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja” could not significantly improve students’ ability in listening pupuh.


(6)

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ... i

TAWIS NUHUN ... iii

ABSTRAK ... vi

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR TABEL... ... xi

DAPTAR GAMBAR... ... xii

DAPTAR GRAFIK ... xiii

DAPTAR LAMPIRAN... ... xiv

DAPTAR SINGGETAN... ... xv

BAB I BUBUKA ... 1

1.1. Kasang Tukang Masalah... ... 1

1.2. Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah... ... 4

1.2.1. Watesan Masalah... ... 4

1.2.2. Rumusan Masalah... ... 5

1.3. Tujuan Panalungtikan... 5

1.3.1. Tujuan Umum... ... 5

1.3.2. Tujuan Husus... ... 6

1.4. Mangpaat Panalungtikan... ... 6

1.4.1. Mangpaat Tioritis... ... 6

1.4.2. Mangpaat Praktis... ... 6


(7)

BAB II KAMAMPUH NGAREGEPKEUN PUPUH, MÉDIA AUDIO PUPUH

RAÉHAN SANGGIAN H. YUS WIRADIREDJA, JEUNG HIPOTÉSIS... ... 9

2.1. Kamampuh Ngaregepkeun Pupuh... ... 9

2.1.1. Kamampuh Ngaregepkeun... ... 9

2.1.1.1. Wangenan Kamampuh Ngaregepkeun... ... 9

2.1.1.2. Tujuan Ngaregepkeun... ... 9

2.1.1.3. Proses Ngaregepkeun... ... 10

2.1.1.4. Prinsip Pangajaran Ngaregepkeun... ... 11

2.1.2. Pupuh... 12

2.1.2.1. Wangenan Pupuh... ... 12

2.1.2.2. Palanggeran Pupuh ... 12

2.1.2.3. Kamekaran Pupuh ... 20

2.1.2.3.1. Dina wangun Cianjuran... 20

2.1.2.3.2. Dina wangun Ciawian ... 21

2.1.2.3.3. Dina wangun Cigawiran ... 21

2.1.2.3.4. Dina wangun Pupuh Kréasi ... 22

2.2. Média Audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ... 23

2.2.1. Wangenan Média Pangajaran... ... 23

2.2.2. Fungsi jeung Mangpaat ngagunakeun Média Pembelajaran ... 24

2.2.3. Kritéria Milih Média Pangajaran ... 25

2.2.4. Klasifikasi Média Pangajaran... ... 26

2.2.5. Média Audio Pupuh Raéhan sanggian H.Yus Wiradiredja…….. 26

2.2.5.1. Média Audio... 26

2.2.5.2. Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ... 28

2.2.5.2.1. Wangenan Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ... 28

2.2.5.2.2. Rumpaka Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja... 29

2.2.5.3. Pangajaran Ngaregepkeun pupuh ngagunakeun Média Audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ... 38


(8)

BAB III METODE PANALUNGTIKAN... ... 41

3.1. Populasi jeung Sampel Panalungtikan... ... 41

3.1.1. Populasi Panalungtikan... ... ... 41

3.1.2. Sampel Panalungtikan... ... 41

3.2. Desain Panalungtikan... ... 42

3.3. Metode Panalungtikan... ... 43

3.4. Variabel jeung Wangenan Operasional... ... 44

3.4.1. Variabel Panalungtikan ... 44

3.4.2. Wangenan Operasional ... 45

3.5. Instrumén Panalungtikan... ... 46

3.6. Téhnik Panalungtikan... 47

3.6.1. Téhnik Ngumpulkeun data... ... 47

3.6.2. Téhnik Nganalisis Data... ... 48

BAB IV ANALISIS DATA JEUNG PEDARAN HASIL PANALUNGTIKAN 59 4.1 Kamampuh Ngaregepkeun Pupuh Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut Saméméh Ngagunakeun Média Audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ... 59

4.2 Kamampuh Ngaregepkeun Pupuh Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut Sanggeus Ngagunakeun Média Audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ... 63

4.3 Analisis Data... ... 68

4.3.1 Uji Sipat Data ... 68

4.3.1.1 Uji Normalitas ... 68

4.3.1.1.1 Uji Normalitas Data Pretest ... 68

4.3.1.1.2 Uji Normalitas Data Posttest ... 72


(9)

4.3.1.3 Uji Gain ... 78

4.3.1.4 Uji Hipotésis... 79

4.4 Pedaran Hasil Panalungtikan... 81

4.4.1 Efektifitas Hasil Panalungtikan ... 82

BAB V KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI... ... 84

5.1. Kacindekan ... 84

5.2. Saran... ... 85

DAPTAR PUSTAKA... ... 87 LAMPIRAN


(10)

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Basa téh cicirén bangsa. Basa ogé minangka gerbangna budaya. Basa jeung budaya teu bisa dipisahkeun, lantaran basa téh nyaéta salasahiji unsur anu ngawangun budaya hiji bangsa.

Basa daérah mangrupa jati diri bangsa nu leubeut ku ajén-inajén palasipah hirup jeung ciri sélér bangsa, disagédéngeun alat komunikasi masarakat jeung lingkunganana katut alam (lemah cai), sarta alat komunikasi jeung Nu Maha Kawasa.

Salasahiji basa daerah ti sélér bangsa nu aya di Indonesia nyaéta basa Sunda. Basa Sunda miboga kalungguhan minangka basa indung pikeun masarakat Jawa Barat. Éta hal nuduhkeun yén basa Sunda kudu jadi basa panganteur dina pangajaran-pangajaran di sakola.

Pangajaran basa jeung sastra Sunda nyoko kana pamadegan yén basa Sunda mangrupa alat komunikasi nu diwujudkeun pikeun masarakat nu ngarojongna. Komunikasi basa diwujudkeun ngaliwatan kagiatan basa sacara lisan (ngaregepkeun-nyarita) jeung kagiatan basa sacara tinulis (maca-nulis). Ku kituna, pangajaran basa Sunda diarahkeun pikeun ngaronjatkeun kaparigelan basa jeung sastra Sunda, kamampuh mikir jeung nalar, sarta kamampuh ngajembaran wawasan ngeunaan budaya Sunda nu diarahkeun ogé pikeun ngasah rasa (sense) siswa. Siswa dipiharep henteu ngan mahir dina maké basa Sunda, pinter nalar, tapi kudu miboga rasa nu patalina kana hubungan antarmanusa, jeung bisa ngahargaan kasang tukang budaya nu béda.

Pangajaran basa Sunda diarahkeun kana kagiatan pikeun méré bekel kaparigelan maké basa lisan jeung basa tinulis sedengkeun pangajaran sastra Sunda diarahkeun sangkan siswa nyangking pangalaman aprésiasi jeung éksprési sastra lain kana pangaweruh ngeunaan sastra. Dina sastra kawengku pangalaman manusa nyaéta


(11)

pangalaman pangindraan, rasa, ngahayal, ngalenyepan nu diwujudkeun dina ngagunakeun basa boh sacara lisan boh sacara tinulis. Ngaliwatan sastra siswa diajak pikeun maham, ngarasakeun jeung ngalenyepan karya sastra. Pangaweruh ngeunaan sastra dijadikeun alat pikeun ngaprésiasi karya sastra. Ku kituna, fungsi utama sastra minangka panglemes budi, ngaronjatkeun rasa kemanusiaan, sosial, numuwuhkeun aprésiasi budaya, sarta nyalurkeun gagasan jeung imajinasi sacara kréatif.

Pangajaran basa teu lesot tina sastrana. Basa jeung sastra mangrupa dua unsur anu teu bisa dipisahkeun dina kabudayaan manusa. Dina dunya atikan mah katiténna basa teu bisa dipisahkeun jeung sastra téh ditétélakeun dina kurikulum mulok basa jeung sastra Sunda 1994 nu ngébréhkeun yén unsur-unsur carita nu kudu dirakrak dina karya sastra mangrupa wangun puisi, prosa jeung drama. (Koswara, 2007, kc.113). Éta pamadegan nuduhkeun yén patalina pangajaran basa jeung sastra Sunda téh nyaéta siswa kudu miboga lolongkrang pikeun nyangking pangalaman basa jeung sastra Sunda sacara reséptif (ngaregepkeun, maca) jeung produktif (nyarita jeung nulis).

Éta hal dideudeulan ku pamadegan Tarigan (1986, kc. 2), yén komunikasi basa ngawengku opat komponén, nyaéta: (1) kaparigelan ngaregepkeun (listening skills), (2) kaparigelan nyarita (speaking skills), (3) kaparigelan maca (reading skills) jeung (4) kaparigelan nulis (writing skills). Kaopat komponén éta patali dina ngalarapkeunana.

Salasahiji komponén komunikasi nyaéta ngaregepkeun. Ngaregepkeun nu kaasup kagiatan reseptif nyaéta kaparigelan awal dina diajar basa. Ngaregepkeun jadi urutan mimiti dina prosés komunikasi sangkan parigel dina basa, bisa dihartikeun dina ngawangun kaparigelan basa kudu hadé dina ngaregepkeunana. Saupama ngaregepkeunna geus teu hadé, dina ngawangun kaparigelan basana ogé moal sahadé anu dipiharep, jeung tangtu bakal moal alus dina kaparigelan basana. Dina pangajaran ngaregepkeun, matéri nu ditepikeun ka siswa téh dipiharep bisa méré pamahaman jeung bisa nyangkem pangaweruh tina segi ma’nana. Ieu hal katitén tina sababaraha


(12)

tujuan pangajaran basa Sunda nyaéta sangkan siswa ngajénan jeung ngarasa reueus kana basa jeung sastra Sunda; paham kana basa jeung sastra Sunda (wangun, harti jeung fungsi); sarta mampuh maké basa jeung sastra Sunda kalawan bener tur merenah.

Dina pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola, ngaregepkeun mangrupa kaparigelan basa anu ngawengku sababaraha kompetensi dasar. Salasahijina kompetensi dasar ngaregepkeun rumpaka kawih (rumpaka pupuh). Sacara kontékstual, pupuh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Tamsyah (1996, kc. 68) ngébréhkeun yén pupuh nyaéta puisi anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah padalisan dina sapadana. Pupuh jadi dadasar pikeun mekarkeun seni tembang Sunda lianna di antarana Cianjuran, Cigawiran, Ciawian, Wawacan, Gending Karesmen, jeung sajabana. Pupuh aya 17 nu diwincik jadi sekar ageung jeung sekar alit. Nu kaasup kana sekar ageung nyaéta KSAD (pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula). Sedengkeun sekar alit nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Wirangrong, jeung Ladrang.

Luyu jeung kamekaranana, aya nu disebut pupuh kréasi. Bédana pupuh sacara umum jeung pupuh kréasi ngan saeutik nyaéta ditilik tina kréasi alat musik nu dipakéna, pupuh sacara umum ngan saukur ngagunakeun instrumén kacapi, sedengkeun pupuh kréasi bisa ditambahan ku instrumén lianna. Salasahiji inovasi anyar pupuh kréasi nyaéta Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja.

Tapi dina pangajaran basa Sunda kiwari, hususna dina pangajaran “pupuh” aya salasahiji bangbaluh nyaéta katitén tina karep siswana anu kurang. Éta hal kapaluruh nalika diajar “pupuh” hésé ngucapkeun kalawan bener kekecapan dina rumpakana, ogé nyangkem tembangna. Aya sababaraha hal anu ngabalukarkeunana, di antarana pangajaran pupuh ditepikeun sacara monoton (ukur dihaleuangkeun ku guru sacara verbal salaku guru basa Sunda, atawa cukup maca rumpaka pupuhna na LKS


(13)

(Lembar Kerja Siswa). Ku kituna, sangkan kagiatan diajar siswa éféktif, tangtuna urang kudu bisa numuwuhkeun inovasi anyar kana media pangajaran nu bisa ngirut siswa sangkan diajarna babari nerap, teu bosen atawa boring. Sabab dina enas-enasna média pangajaran mangrupa sagala hal anu bisa digunakeun pikeun nyalurkeun eusi pangajaran, ngastimulus pikiran, rarasaan, perhatian tur kamampuh siswa, nepi ka ngarojong kana prosés diajar-ngajar.

Ditilik tina sipatna, numutkeun Sanjaya (2011, kc.211) média pangajaran diklasifikasikeun jadi tilu wanda, nyaéta: (a) média auditif; (b) média visual; (c) média audiovisual. Média anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta média audio nu mangrupa média atawa bahan anu ngandung pesen dina wangun auditif (pita sora atawa piringan sora nu bisa ngastimulus pikiran jeung perasaan paregep nepi ka lumangsung prosés diajar). Média audio anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja nu miboga inovasi anyar diraéh jadi pupuh kréasi dina pangajaran ngaregepkeun sangkan babari diturutan.

Saméméhna, geus aya sababaraha panalungtikan nu medar ngeunaan pupuh sacara umum dina pangajaran. Sedengkeun pupuh kréasi Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja mah can aya nu nalungtik. Ku sabab can aya nu nalungtik, panalungtik miboga pamadegan yén ieu media pangajaran Pupuh Raéhan téh bisa mangaruhan kana kamampuh diajar siswa hususna ngaregepkeun pupuh.

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut. Anu dipaluruh dina ieu panalungtikan téh nyaéta hasil ngaregepkeun siswa. Média pangajaran Pupuh Raéhan salaku stimulus sangkan siswa boga motivasi diajar anu ngagedur dina pangajaran basa Sunda hususna dina pangajaran ngaregepkeun.

Luyu jeung pasualan-pasualan di luhur, ieu panalungtikan dijudulan “Kamampuh Ngaregepkeun Pupuh Ngagunakeun Média Audio Pupuh Raéhan Sanggian H. Yus Wiradiredja (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut Taun Ajaran 2013/2014)”.


(14)

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Gagne jeung Brigg dina Ibrahim jeung Syaodih (1996, kc. 113) negeskeun pentingna média pangajaran minangka alat pikeun ngarangsang prosés diajar-ngajar. Ditilik tina sipatna, média pangajaran diklasifikasikeun jadi tilu wanda, nyaéta: (a) média auditif; (b) média visual; (c) média audiovisual.

Tapi sangkan panalungtikan ieu teu lega teuing ambahanana, masalah anu dipedar nyaéta ngeunaan kamampuh ngaregepkeun pupuh siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut ngagunakeun média audio pupuh dina wanda nu anyar nyaéta Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar watesan masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh ngaregepkeun pupuh siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut dina saméméh ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ?

2) Kumaha kamampuh ngaregepkeun pupuh siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut sanggeus ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ?

3) Naha aya béda nu signifikan tina hasil diajar siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut dina ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ?

4) Naha média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja téh éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun pupuh siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut?


(15)

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngungkulan pasualan atawa kahéngkéran dina widang atikan jeung pangajaran hususna dina pangajaran ngaregepkeun pupuh ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja sangkan mikanyaho tur meunangkeun hasil diajar (kamampuh) na.

1.3.2 Tujuan Husus

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun: 1) kamampuh ngaregepkeun pupuh siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut

saméméh ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja;

2) kamampuh ngaregepkeun pupuh siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut sanggeus ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja; 3) signifikansi hasil diajar siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut dina ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja;

4) éféktivitas média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja dina pangajaran ngaregepkeun pupuh siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat pikeun:

1) méré pangaweruh ngeunaan ngaregepkeun pupuh ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja;

2) ngajembaran élmu pangaweruh ngeunaan tarékah ngaronjatkeun jeung ngeuyeuban kaparigelan dina prosés pangajaran.


(16)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis panalungtikan nyaéta ieu di handap.

1) Pikeun guru, dipiharep bisa ngaronjatkeun pangaweruh tur kaparigelan dina prosés pangajaran pikeun méré motivasi kalawan inovatif dina ngajarkeun basa Sunda ka siswa SMA sangkan bisa narik ati siswa tur leuwih paham diajar basa Sundana;

2) Pikeun siswa, salaku upaya ngaronjatkeun motivasi diajar siswa nalika diajar basa Sunda antukna bisa ngaronjatkeun hasil diajar siswa séwang-séwangan. Salian ti éta, panalungtikan ieu dipiharep bisa numuwuhkeun kamampuh ngaronjatkeun karesep kana tembang nu aya di tatar Sunda;

3) Pikeun panulis, sangkan ngaronjatkeun kamampuh jeung kaparigelanana dina ngararancang sarta ngalaksanakeun pangajaran di kelas ngaliwatan nangtukeun média pangajaran anu inovatif dina matéri pangajaranana; jeung

4) Jadi dokuméntasi pikeun ulikan satuluyna nu aya patalina jeung média audio Pupuh Raéhan.

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi

Sistematika nyusun skripsi dina ieu panalungtikan nyaéta baris diruntuykeun ieu di handap.

BAB I Bubuka

1.1 Kasang Tukang Masalah

1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

1.2.2 Rumusan Masalah 1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum 1.3.2 Tujuan Husus


(17)

1.4.1 Mangpaat Tioritis 1.4.2 Mangpaat Praktis

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi BAB II Raraga Tiori

2.1 Kamampuh Ngaregepkeun Pupuh 2.1.1 Kamampuh Ngaregepkeun

2.1.1.1Wangenan Kamampuh Ngaregepkeun 2.1.1.2Tujuan Ngaregepkeun

2.1.1.3Proses Ngaregepkeun

2.1.1.4Prinsip Pangajaran Ngaregepkeun 2.1.2 Pupuh

2.1.2.1Wangenan Pupuh 2.1.2.2Palanggeran Pupuh 2.1.2.3Kamekaran Pupuh

2.2 Média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja 2.2.1 Wangenan Média Pangajaran

2.2.2 Fungsi jeung Mangpaat Ngagunakeun Média Pangajaran 2.2.3 Kritéria Milih Média Pangajaran

2.2.4 Klasifikasi Média Pangajaran

2.2.5 Média Audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja 2.2.5.1Média Audio

2.2.5.2Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja

2.2.5.3Pangajaran Ngaregepkeun Pupuh ngagunakeun Media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja

2.3Hipotesis Panalungtikan BAB III Metode Panalungtikan

3.1Populasi jeung Sampel Panalungtikan 3.1.1 Populasi Panalungtikan


(18)

3.1.2 Sampel Panalungtikan 3.2 Desain Panalungtikan 3.3 Metode Panalungtikan

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Panalungtikan

3.4.2 Wangenan Operasional 3.5 Instrumén Panalungtikan 3.6 Téhnik Panalungtikan

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun data 3.6.2 Téhnik Nganalisis Data

BAB IV Analisis Data jeung Pedaran Hasil Panalungtikan BAB V Kacindekan jeung Rékoméndasi

Daptar Pustaka Lampiran


(19)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Sugiyono (2012, kc. 6), nétélakeun yén métode panalungtikan pendidikan bisa dihartikeun minangka cara ilmiah pikeun meunangkeun data nu valid sangkan nimu, ngamekarkeun, jeung ngabuktikeun hiji pangaweruh nu tangtu nepikeun ka bisa maham, ngaréngsékeun jeung ngantisipasi masalah dina widang atikan.

Nilik pamadegan di luhur, dina ieu bab baris dipedar sababaraha hal pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, di antarana: (a) Populasi jeung Sampel Panalungtikan, (b) Desain Panalungtikan, (c) Métode Panalungtikan, (d) Variabel jeung Wangenan Operasional, (e) Instrumén Panalungtikan, (f) Téhnik Ngumpulkeun Data, (g) Téhnik Nganalisis Data.

3.1Populasi jeung Sampel Panalungtikan 3.1.1 Populasi Panalungtikan

Numutkeun Sugiyono (2012, kc.117), nu dimaksud populasi téh nyaéta objék atawa subjék nu miboga kualitas jeung karakteristik nu tangtu nu dipilih pikeun ditalungtik tuluy dicindekkeun. Objék atawa subjék nu ditalungtik ngawengku sakabéh karakteristik.

Populasi dina ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas XI SMA Negeri 8 Garut taun ajaran 2013/2014.

3.1.2 Sampel Panalungtikan

Sampel nyaéta sabagéan atawa wawakil tina jumlah jeung karakteristik nu aya dina populasi (Sugiyono, 2012, kc.118). Sampel nu ditalungtik dina ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik sampling purposive nyaéta téhnik nangtukeun sampel ku cara nimbang-nimbang hal nu tangtu. Sacara purposive sampling dina ieu


(20)

panalungtikan rék ditalungtik ngeunaan kamampuh ngaregepkeun nu dipiharep bisa leuwih ngaronjat. Ku kituna, sampel sumber datana nyaéta ditujukeun pikeun siswa.

Nu jadi sampel dina ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut. Kelas XI IPA 2 ieu, jadi kelas ékspérimén pikeun panalungtikan.

Leuwih écésna, didadarkeun jumlah siswa nu jadi sampel panalungtikan dina tabél 3.1 ieu di handap.

Tabél 3.1

Jumlah Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut

No Gender Jumlah

1. Awéwé 23

2. Lalaki 7

30

3.2Desain Panalungtikan

Sugiyono (2012, kc. 2) ngajéntrékeun yén métode panalungtikan nyaéta cara ilmiah pikeun meunangkeun data kalayan guna nu tangtu. Dumasar éta hal, aya opat aspék nu kudu diperhatikeun nyaéta cara ilmiah, data, tujuan, jeung guna. Cara ilmiah nyaéta kagiatan panalungtikan nu didasaran ku ciri-ciri kaélmuan (rasional, empiris, jeung sistematis). Rasional nyaéta kagiatan panalungtikan dilaksanakeun kalayan ngagunakeun cara-cara nu asup akal tur bisa dipikaharti. Émpiris nyaéta cara-cara nu dilaksanakeun bisa dipaluruh ku indra manusa nepi ka nu lianna teu bisa maluruh jeung mikanyaho cara-cara nu digunakeun. Sistematis nyaéta prosés nu digunakeun dina panalungtikanana ngagunakeun léngkah-léngkah nu sipatna logis.

Numutkeun Campbell & Stanley dina Arikunto (2010, kc.123) nétélakeun yén desain panalungtikan dibagi jadi dua dumasar kana alus henteuna ékspérimén atawa sampurna henteuna éta panalungtikan di antarana ieu di handap.

1. Pre experimental design (ékspérimén anu can sampurna). Ieu ékspérimén sok disebut panalungtikan kuasi atawa kuasi ékspérimén kusabab ékspérimén ieu can


(21)

nyumponan sarat saperti cara ékspérimén nu bisa disebut ilmiah, luyu jeung aturan-aturan nu tangtu. Pre experimental design kabagi deui jadi tilu, nyaéta (1) One Shot Study, (2) One Group Pre test and Post test, jeung (3) Static Group Comparison.

2. True experimental design (ékspérimén sampurna/murni). Ékspérimén ieu dianggap geus luyu jeung saratna, nyaéta ayana kelompok kontrol pikeun pembanding. Ku kituna, bisa dipikanyaho leuwih jelas atawa sacara pasti sabab dibandingkeun jeung kelompok nu teu meunang perlakuan.

Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta desain One group pre test and post test. Dina ieu desain, observasi dilaksanakeun dua kali saméméh perlakuan ( ) jeung sanggeus perlakuan ( ). Pola desain One group pre test and post test bisa ditingali dina bagan saperti ieu di handap.

Desain Panalungtikan:

O1 X O2

Katerangan:

O1 : pretest (saméméh perlakuan/uji coba ) O2 : postest (sanggeus perlakuan/uji coba)

X : perlakuan (treatment) anu mangrupa prosés diajar ngaregepkeun ngagunakeun Média Audio Pupuh Raéhan sanggian H.Yus Wiradiredja


(22)

3.3Metode Panalungtikan

Sudjana (2011, kc.52) nétélakeun yén metode dina panalungtikan ngaguar ngeunaan kumaha cara meunangkeun data nu diperlukeun. Metode leuwih museur kana stratégi, prosés jeung pamarekan dina milih jenis, karakteristik, sarta dimensi ruang jeung waktu tina data nu diperlukeun.

Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan dumasar kana tujuan anu hayang dihontal (ngajawab hipotesis anu geus dirumuskeun) nyaéta ngagunakeun metode kuasi ékspérimén. Metode panalungtikan kuasi ékspérimén nyaéta metode panalungtikan nu digunakeun pikeun néangan pangaruh perlakuan (treatment) pikeun hal séjén dina kondisi nu dikadalikeun. Metode kuasi ékspérimén disebut ogé ékspérimén semu, nyaéta hiji panalungtikan ngagunakeun kelas ékspérimén kalawan henteu maké kelas kontrol. Kamampuh siswa diukur dua kali, nyaéta saméméh perlakuan ( ) jeung sanggeus perlakuan ( ).

3.4Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Panalungtikan

Saupama aya patalékan ngeunaan naon nu rék ditalungtik, tangtuna jawabanana nyaéta variabel panalungtikan. Variabel panalungtikan nyaéta sagala hal dina wangun naon waé nu ditetepkeun ku panalungtik pikeun ditalungtik tur meunangkeun informasi jeung dicindekkeun.

Hatch jeung Farhady dina Sugiyono (2013, kc.3) nétélakeun yén sacara tioritis, variabel dihartikeun minangka atribut objek-objek nu miboga variasi antara objek nu hiji jeung nu lianna.

Numutkeun Kerlinger dina Sugiyono (2013, kc.3) ngébréhkeun yén variabel nyaéta :

1. konstruk (constructs) atawa sipat nu rék dipahaman.

2. variabel bisa disebut ogé minangka hiji sipat tina hiji niley nu béda (different values).


(23)

Dumasar watesan-watesan variabel di luhur, bisa dicindekkeun yén variabel panalungtikan nyaéta hiji atribut atawa sipat atawa niley tina jalma, objek atawa kagiatan nu miboga variasi nu tangtu nu ditegeskeun ku panalungtik pikeun ditalungtik tur dicindekkeun.

Variabel panalungtikan dibagi jadi sababaraha wanda, nyaéta variabel independen, variabel dependen, variabel moderator, variabel intervening, variabel kontrol. Salasahiji variabel nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta variabel independen jeung variabel dependen. Variabel independen disebut ogé variabel bebas nyaéta variabel nu mangaruhan atawa jadi sabab ayana parobahan atawa ayana variabel dependen (kauger). Sedengkeun variabel dependen (kauger) nyaéta variabel nu dipangaruhan atawa jadi akibat ku sabab ayana variabel independen (variabel bebas).

Dina ieu panalungtikan, média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja kaasup kana variabel independen atawa variabel bebas (variabel x), sabab mangrupa variabel anu mangaruhan kana variabel séjén (variabel y). Ari kamampuh ngaregepkeun pupuh dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel dependen atawa kauger (variabel y), sabab mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén (variable x).

3.4.2 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré, dina ieu panalungtikan, perlu aya istilah-istilah anu digunakeun nu diwincik saperti ieu di handap.

a) Kamampuh ngaregepkeun nyaéta maham kalayan gemet, nyangkem eusi

(talatah), mampuh ngaaprésiasi tur ngainterpretasi sarta ngaéksprésikeun ma’na

nu aya dina informasi lisan.

b) Numutkeun Sanjaya (2011, kc.216) nétélakeun yén média audio mangrupa média atawa bahan nu ngandung pesen dina wangun auditif (pita sora atawa piringan


(24)

sora nu bisa ngastimulus pikiran jeung perasaan paregep nepi ka lumangsung prosés diajar).

c) Pupuh Raéhan mangrupa média pangajaran pikeun ngaregepkeun pupuh hasil karya cipta dosen STSI Bandung kersana Dr. HRM. Yusuf Wiradiredja, S.Kar,.M.Hum (H.Yus Wiradiredja). Ieu pupuh geus ngalaman parobahan ku cara dirobah atawa diaransemen tina segi sastra, segi musikal jeung wangun pagelaranana nepi ka méré nuansa anyar sarta teu ngarobah lagam pupuh aslina.

3.5Instrumén Panalungtikan

Dina prinsipna, nalungtik téh hartina ngukur. Ku kituna, kudu aya alat ukur nu luyu pikeun panalungtikan nu ditalungtik. Alat ukur dina panalungtikan biasana disebut instrumen panalungtikan. Kahontal henteuna tujuan panalungtikan ditangtukeun ku instrumén anu digunakeun, alatan diperlukeun data pikeun ngajawab patalékan panalungtikan (masalah) jeung nguji hipotésis.

Dina ngumpulkeun data, panalungtik ngagunakeun sababaraha instrumén panalungtikan nyaéta tés (soal-soal tés) jeung rumpaka pupuh (Pupuh Raéhan sanggian H.Yus Wiradiredja). Tés dilaksanakeun saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H.Yus Wiradiredja.

Pretest dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh dina ngaregepkeun pupuh saméméh ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H.Yus Wiradiredja, sedengkeun posttest dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa sanggeus ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H.Yus Wiradiredja. Instrumén anu diujicobakeun dina ieu panalungtikan, mangrupa soal kognitif anu kudu dilaksanakeun ku siswa salila pangajaran pupuh.


(25)

Gambar 3.1 Conto Soal Pretest

Jawab patalékan di handap ieu !

1. Kumaha karasana ku hidep sanggeus ngaregepkeun tembang Pupuh “ Sinom

jeung Asmarandana” ?

2. Tulis kekecapan nu dianggap hésé dina rumpaka pupuh “ Sinom jeung

Asmarandana” nu diregepkeun !

3. Naon téma tina pupuh nu diregepkeun?

4. Dumasar pupuh nu diregepkeun, numutkeun hidep naon eusi tina éta pupuh tuluy kumaha patalina jeung kaayaan kahirupan kiwari ?

5. Amanat naon nu katarima ku hidep sanggeus ngaregepkeun pupuh “ Sinom

jeung Asmarandana”?

6. Pék tembangkeun deui pupuh nu ku hidep diregepkeun !

Saterusna, kagiatan posttest nyaéta guru méré perlakuan atawa treatment dina ngajarkeun ngaregepkeun pupuh. Treatment anu dimaksud nyaéta digunakeunana média audio Pupuh Raéhan sanggian H.Yus Wiradiredja dina pangajaran ngaregepkeun pupuh.

Satuluyna ngalaksanakeun posttest kalawan format saperti ieu di handap.

Gambar 3.2 Conto Soal Posttest

Jawab patalékan di handap ieu !

1. Kumaha karasana ku hidep sanggeus ngaregepkeun tembang Pupuh Raéhan

“ Sinom jeung Asmarandana” ?

2. Tulis kekecapan nu dianggap hésé dina rumpaka pupuh Raéhan “ Sinom


(26)

3. Naon téma tina pupuh nu diregepkeun?

4. Dumasar pupuh nu diregepkeun, numutkeun hidep naon eusi tina éta pupuh tuluy kumaha patalina jeung kaayaan kahirupan kiwari ?

5. Amanat naon nu katarima ku hidep sanggeus ngaregepkeun Pupuh Raéhan “

Sinom jeung Asmarandana”?

6. Pék tembangkeun deui pupuh nu ku hidep diregepkeun sacara kelompok!

3.6Téhnik Panalungtikan

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data mangrupa léngkah nu stratégis dina panalungtikan sabab tujuan utama tina panalungtikan nyaéta meunangkeun data. Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés. Téhnik tés digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa, hususna kamampuh dina ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H.Yus Wiradiredja.

Léngkah-léngkah dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha tahapan, nu diruntuykeun ieu di handap.

1. Ngalaksanakeun proses diajar-ngajar matéri pupuh teu ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja;

2. Siswa migawé pancén anu mangrupa pretest ngaregepkeun pupuh pikeun mikanyaho pangaweruh awal siswa ngaregepkeun pupuh.

3. Sanggeus mikanyaho pangaweruh awal siswa ngaregepkeun pupuh ngaliwatan pretest anu geus dilaksanakeun, panalungtik nyiapkeun pangajaran pikeun posttest nyaéta ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja;

4. Ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja;


(27)

5. Sanggeus ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja, saterusna dilaksanakeun posttest pikeun mikanyaho kamampuh siswa, naha ngaronjat atawa henteu.

3.6.2 Téhnik Nganalisis Data

Sanggeus meunang data tina hasil panalungtikan, kagiatan satuluyna nyaéta nganalisis data pikeun néangan jawaban-jawaban kana masalah anu ditalungtik. Data anu diolah téh mangrupa data pretest jeung posttest ngaregepkeun pupuh siswa kelas XI IPA 2 SMA Negeri 8 Garut ngaliwatan léngkah-léngkahna saperti ieu di handap.

3.6.2.1Meunteun hasil ngaregepkeun pupuh

Pikeun meunangkeun hasil ngaregepkeun pupuh siswa, data pretest jeung posttest baris dipeunteun heula dumasar kana pedoman meunteun hasil ngaregepkeun pupuh anu aya dina tabél 3.2 ieu di handap.

Tabél 3.2

Format Skala Peunteun Ngaregepkeun Pupuh Pretest jeung Posttest

No. Soal

Unsur nu dipeunteun Skor Skor Siswa

(1) (2) (3) (4)

1 Sikep (afektif) 15

2 Analisis (Analysis) 15

3 Pamahaman (Comprehension) 20

4 Pangaweruh (Knowledge) 20

5 Pamahaman (Comprehension) 15


(28)

Jumlah 100

Dina méré skor tina hasil tés ngaregepkeun pupuh kudu luyu jeung patokan pikeun nangtukeun skor siswa anu dipedar dina tabél 3.3 ieu di handap.

Tabél 3.3

Kriteria Ngajén Tés Ngaregepkeun Pupuh

Soal Nomer

Aspék Skor Kriteria

(1) (2) (3) (4)

1 Sikep (afektif) 15 ALUS

Ngalenyepan nepikeun ka aya rasa resep 10 CUKUP

Ngalenyepan biasa, teu pati resep

5 KURANG

Kurang ngalenyepan, teu resep 2 Analisis (Analysis) 15 ALUS

Mikaweruh kekecapan dina rumpaka teu aya nu hésé

10 CUKUP

Kurang mikaweruh kekecapan dina rumpaka aya nu hésé (maksimal < 5 kecap)

5 KURANG

Teu mikaweruh kekecapan nu aya dina rumpaka loba nu hésé ( > 5

kecap)


(29)

(Comprehension) Témana jelas, luyu jeung eusi pupuh 15 CUKUP

Témana kurang jelas, kurang luyu jeung eusi pupuh

10 KURANG

Témana teu jelas, teu luyu jeung eusi pupuh

4 Pangaweruh

(Knowledge)

20 ALUS

Eusina jelas, patali jeung kaayaan nu aya dina kahirupan

15 CUKUP

Eusina kurang jelas, kurang matalikeun jeung kaayaan dina kahirupan

10 KURANG

Eusina teu jelas, teu patali jeung kaayaan nu aya dina kahirupan

5 Pamahaman

(Comprehension)

15 ALUS

Jelas, paham, amanatna luyu jeung eusi nu aya dina rumpaka pupuh

10 CUKUP

Kurang jelas, kurang paham, kurang luyu jeung eusi

5 KURANG

Teu jelas, teu paham, teu luyu jeung eusi, amanat nu aya dina rumpaka pupuh 6 Penerapan/aplikasi

(Application)

15 ALUS

Lagam laguna luyu jeung nu diregepkeun, ngaguluyur teu eureun-eureun, ayana


(30)

keserasian antara ekspresi, gerak, sikep, mimic jeung ucapan.

10 CUKUP

Lagam laguna luyu jeung nu diregepkeun, kurang ngaguluyur aya randegan, kurang ayana keserasian antara ekspresi, gerak, sikep, mimic jeung ucapan.

5 KURANG

Lagam laguna teu luyu jeung nu

diregepkeun, teu ngaguluyur, teu ayana keserasian antara ekspresi, gerak, sikep, mimic jeung ucapan.

Sanggeus criteria ngajén ngaregepkeun pupuh ditangtukeun, sangkan leuwih écés, skor siswa ditabulasikeun dina tabél pikeun mikanyaho hasil ngaregepkeun siswa nalika pretest jeung posttest. Katitén dina tabél 3.4 saperti ieu di handap.

Tabél 3.4

Skor Pretest jeung Skor Posttest Ngaregepkeun Pupuh Siswa

No No.

Absen

Aspek/Soal/Skor P K.

1 2 3 4 5 6

a b c a b c a b c a b c a b c a b c

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10

) (11


(31)

Keterangan:

1 = Soal nomer 1 a = Alus 2 = Soal nomer 2 b = Cukup 3 = Soal nomer 3 c = Kurang 4 = Soal nomer 4 = Jumlah total 5 = Soal nomer 5 P = Peunteun 6 = Soal nomer 6

3.6.2.2Uji Sipat Data a. Uji Normalitas

Dina uji normalitas, data diuji pikeun mikanyaho normal atawa henteuna data nu ditalungtik. Léngkah-léngkah nangtukeun uji normalitas, nyaéta:

a Nangtukeun niléy panggédena jeung pangleutikna b Ngitung rentang ( r ) maké rumus ieu di handap:

r = niléy panggédéna – niléy pangleutikna c Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

k = 1 + log 3,3 log N

d Nangtukeun panjang kelas interval

e Nyieun tabél frékuensi peunteun pretest jeung peunteun posttest kalayan maké tabél 3.5 ieu di handap.

Tabél 3.5

Fomat Frekuensi Peunteun Pretést jeung Posttést

No Kelas Interval fi xi xi2 fi xi fi xi2

1


(32)

f Ngitung rata-rata (mean) peunteun pretest jeung peunteun posttest kalawan rumus ieu di handap:

Keterangan X = rata-rata

∑ = jumlah

i = jumlah data i = niléy tengah

(Sudjana, 2005, Kc. 95)

g Ngitung Standar Deviasi, carana nyaéta:

(Sudjana, 2005, kc. 95)

h Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nyaéta: 1) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi

SD =


(33)

Tabél 3.6

Format Obsérvasi jeung Frékuensi Éspéktasi Pretest jeung Posttest Inter

val

Oi BK

Handap

BK Luhur

Z Itung Z Tabel

L E1 X2

2) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) 3) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

4) Ngitung Z itung (transformasi normal standar bebas kelas)

5) Nangtukeun Z tabél 1

6) Ngitung lega kelas interval

7) Ngitung frékuensi ékspéktasi, ku cara:

Z tabél terbesar- Z tabél terkecil


(34)

8) Nangtukeun niléy X2 (chi kuadrat)

(Sudjana, 2005, kc. 273)

9) Nangtukeun derajat kabebasan (dk) 10) Nangtukeun derajat X2 tabél

11) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kriteria ieu di handap:

a. X2 itung < X2 tabél , hartina data atawa populasi distribusina normal; b. X2 itung > X2 tabél , hartina data atawa populasi distribusina teu normal. Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas, tur data anu dihasilkeun normal, uji anu satuluyna nyaéta uji homogénitas varian anu fungsina pikeun nangtukeun uji paramétik anu luyu.

b. Uji Homogenitas

Tujuan uji homogénitas nyaéta pikeun mikanyaho homogén atawa henteuna variansi sampel tina populasi anu sarua. Pikeun nangtukeun homogén henteuna nyaéta ngagunakeun léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

1) Ngitung variasi (S2 ) unggal kelompok Variasi Pretest

Variasi Posttest

S1 =

S1 =


(35)

2) Ngitung Harga Variasi (F)

3) Ngitung derajat kebebasan

4) Nangtukeun harga Ftabél

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kriteria ieu di handap:

a) hartina variansi sampel homogén, = ; tapi upama

b) hartina variansi sampel teu homogen.

c. Uji Gain

Uji gain dilakukeun pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pretest jeung posttest. Nangtukeun gain ngagunakeun tabél 3.7 ieu di handap.

Tabél 3.7

Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun

No. No. Absén Peunteun pretést Peunteun posttés d d2

1

2

F

=


(36)

d. Uji Hipotésis

Uji hipotésis tina ieu panalungtikan, ngagunakeun statistik paramétik dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nyaéta:

1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir. Rumusna nyaéta:

2) Ngitung derajat kebebasan (dk). Rumusna nyaéta:

3) Ngitung jumlah kuadrat deviasi, rumusna nyaéta:

4) Ngitung t, rumusna nyaéta:

Keterangan:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil pretést jeung posttést = jumlah kuadrat deviasi

n = jumlah subjek dina sampel

5) Nangtukeun ditarima heunteuna hipotésis dumasar kana ieu kriteria, nyaéta:


(37)

a) t itung > t tabél , hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0)

ditolak;

b) t itung < t tabél, hartina hipotésis nol (H0) ditarima jeung hipotésis kerja (Ha)


(38)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Dina ieu bab dicindekeun sababaraha hal hasil panalungtikan nyaéta kamampuh siswa dina ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja, béda signifikan hasil diajar siswa dina ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja, jeung éféktivitas media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja dina pangajaran ngaregepkeun pupuh.

Hasil nu baris didadarkeun tina ieu panalungtikan bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

a) Kamampuh ngaregepkeun pupuh saméméh ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja kaasup kana katégori can mampuh katitén tina jumlah 30 siswa ukur 16 urang (53.3%) anu mampuh, sedengkeun sésana 14 urang (46.7%) can mampuh. Sipat data pretest dina ieu panalungtikan distribusina normal. Hasil uji normalitas data pretest baris dicindekkeun yén X2

itung < X2 tabél, atawa 4.00 < 11.34 anu hartina ieu data pretest téh miboga distribusi

anu normal.

b) Kamampuh ngaregepkeun pupuh sanggeus ngagunakeun média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja kaasup kana katégori mampuh kapaluruh tina jumlah 30 siswa aya 27 urang (90%) anu mampuh, sedengkeun nu can mampuh, aya 3 urang siswa (10%). Sipat data posttest dina ieu panalungtikan distribusina normal. Hasil uji normalitas datana baris dicindekkeun yén X2itung <

X2 tabél atawa 7.94 < 11.34 hartina ieu data posttest miboga distribusi anu normal.

c) Uji homogénitas data nu dianalisis kapaluruh yén niléy Fitung nyaéta 1.13,

sedengkeun niléy Ftable niléy dk=29 kalayan tingkat kepercayaan 0.99 nyaéta 2.46.


(39)

homogén. Saterusna data hasil pretest jeung posttest didistribusikeun dina tabél uji gain (d). Hasilna nyaéta aya béda nu signifikan antara kamampuh ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja. Kapaluruh tina jumlah ( ) data pretest nyaéta 2030 (67,67 dina wangun rata-rata), sedengkeun data posttest 2410 (80,33 dina wangun rata-rata). Jadi bédana (d) nyaéta 380 (12,6 dina wangun rata-rata). Cindekna, hasil ngaregepkeun pupuh sanggeus ngagunakeun media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ngaronjat sabab ditilik tina présentase gain (d) 90% unggal aspékna ningkat. Ieu hal dumasar kana jumlah unggal aspék antara data pretest jeung posttest.

d) Aya béda signifikan antara pangajaran ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja dumasar kana uji hipotésis anu hasilna > , katitén yén nyaéta 6.6, sedengkeun niléy tina derajat kebébasan 29, kalayan tingkat kepercayaan 99% nyaéta 2.46. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén > atawa 6.6 > 2.46 hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak. Média audio Pupuh Raéhan sanggian H.Yus Wiradiredja signifikan dina ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun pupuh siswa. Ku kituna, ieu media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja kawilang éféktif.

5.2. Saran

Luyu jeung hasil panalungtikan, aya sababaraha saran anu diébréhkeun saperti ieu di handap.

1) Hasil ieu panalungtikan nuduhkeun yén media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja téh éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh ngaregepkeun pupuh. Ku sabab kitu, ieu média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja bisa dijadikeun salasahiji pangajaran anu kréatif pikeun pangajaran ngaregepkeun, hususna ngaregepkeun pupuh.


(40)

2) Guru-guru basa Sunda kudu leuwih parigel deui dina milih jeung nangtukeun bahan ajar, media, metode jeung model pangajaranana. Ieu hal pikeun ngirut minat siswa dina diajar basa Sunda.

3) Ieu panalungtikan masih loba kakuranganana. Alatan ukur ngagunakeun métode kuasi ékspérimén, ku kituna perlu dilaksanakeun panalungtikan anu leuwih jembar, ku cara ngagunakeun métode penelitian anu séjén.


(41)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010).Prosedur Penelitian.Jakarta: Rineka Cipta. Arsyad, A. (2009). Media Pembelajaran. Jakarta: Rajawali Pers.

Danadibrata.(2006). Kamus Basa Sunda R. A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama

Departemen Pendidikan Nasional.(2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, (2007). Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar- Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung. Haerudin, D. dan Kardana, K. (2013).Panganteur Talaah Buku Ajar.

Bandung:Wahana Karya Grafika.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran éjahan Basa Sunda (edisi revisi). Bandung: Sonagar Press.

Koswara, Dedi. (2007). Racikan Sastra. Bandung: Pendidikan Bahasa Daerah. Sanjaya, W. (2011).Perencanaan dan Desain Sistem Pembelajaran. Jakarta:

Kencana.

Sudaryat, Y. (2004). Modél Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tanggerang: CV. Pamulang.

Sudjana.(2005). Metoda Statistika.Bandung: Tarsito.

Sudjana.(2011). Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah Makalah, Skripsi, Disertasi, Tesis. Bandung: Sinar Baru Algesindo.


(42)

Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R & D. Bandung: Alfabeta.

Syaodih, S. N. jeung Ibrahim, R. (1996).Perencanaan Pengajaran. Jakarta: Rineka Cipta.

Tamsyah, B R. (1996).Pangajaran Sastra Sunda pikeun Siswa SD, SLTP, SMU jeung Umum.Bandung: CV Pustaka Setia.

Tarigan, H. G. (1986). Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Wiratmadja, S. A. (1998). Mengenal Seni Tembang Sunda. Bandung: CV Wahana Iptek.

[Online]:

Purnama, Z. (2011). Tugas Etnomusikologi “Pupuh”. [Online]. Tersedia di:

http://zackshinigami.blogspot.com/. Diakses 19 November 2011.

Risnandar, D. (2011). Kajian Terhadap Hal-hal „Baru‟ dalam Pupuh Raehan Yus Wiradiredja. [Online]. Tersedia di:

http://deriznandar.blogspot.com/2013/07/kajian-terhadap-hal-hal-baru-dalam.html. Diakses 20 Juli 2013.

Skripsi:

Wilasmi, K. (2008). Eféktifitas media kaset pikeun pangajaran maca puisi/pupuh (Studi Eksperimen Ka Siswa Kelas X SMK Penida 2 Katapang Kabupaten Bandung Taun Ajaran 2007/ 2008). Skripsi, Fakultas Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia.


(1)

a) t itung > t tabél , hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0)

ditolak;

b) t itung < t tabél, hartina hipotésis nol (H0) ditarima jeung hipotésis kerja (Ha)


(2)

Deti Yulianti, 2014

KAMAMPUH NGAREGEPKEUN PUPUH NGAGUNAKEUN MÉDIA AUDIO PUPUH RAÉHAN SANGGIAN H. YUS WIRADIREDJA

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Dina ieu bab dicindekeun sababaraha hal hasil panalungtikan nyaéta kamampuh siswa dina ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun

media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja, béda signifikan hasil diajar

siswa dina ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun media audio

Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja, jeung éféktivitas media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja dina pangajaran ngaregepkeun pupuh.

Hasil nu baris didadarkeun tina ieu panalungtikan bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

a) Kamampuh ngaregepkeun pupuh saméméh ngagunakeun média audio Pupuh

Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja kaasup kana katégori can mampuh katitén

tina jumlah 30 siswa ukur 16 urang (53.3%) anu mampuh, sedengkeun sésana 14 urang (46.7%) can mampuh. Sipat data pretest dina ieu panalungtikan distribusina normal. Hasil uji normalitas data pretest baris dicindekkeun yén X2

itung < X2 tabél, atawa 4.00 < 11.34 anu hartina ieu data pretest téh miboga distribusi

anu normal.

b) Kamampuh ngaregepkeun pupuh sanggeus ngagunakeun média audio Pupuh

Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja kaasup kana katégori mampuh kapaluruh

tina jumlah 30 siswa aya 27 urang (90%) anu mampuh, sedengkeun nu can mampuh, aya 3 urang siswa (10%). Sipat data posttest dina ieu panalungtikan distribusina normal. Hasil uji normalitas datana baris dicindekkeun yén X2itung <

X2 tabél atawa 7.94 < 11.34 hartina ieu data posttest miboga distribusi anu normal.

c) Uji homogénitas data nu dianalisis kapaluruh yén niléy Fitung nyaéta 1.13,

sedengkeun niléy Ftable niléy dk=29 kalayan tingkat kepercayaan 0.99 nyaéta 2.46.


(3)

homogén. Saterusna data hasil pretest jeung posttest didistribusikeun dina tabél uji gain (d). Hasilna nyaéta aya béda nu signifikan antara kamampuh ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun media audio Pupuh

Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja. Kapaluruh tina jumlah ( ) data pretest nyaéta 2030 (67,67 dina wangun rata-rata), sedengkeun data posttest 2410 (80,33 dina wangun rata-rata). Jadi bédana (d) nyaéta 380 (12,6 dina wangun rata-rata). Cindekna, hasil ngaregepkeun pupuh sanggeus ngagunakeun media audio Pupuh

Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja ngaronjat sabab ditilik tina présentase gain

(d) 90% unggal aspékna ningkat. Ieu hal dumasar kana jumlah unggal aspék antara data pretest jeung posttest.

d) Aya béda signifikan antara pangajaran ngaregepkeun pupuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun media audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja dumasar kana uji hipotésis anu hasilna > , katitén yén nyaéta

6.6, sedengkeun niléy tina derajat kebébasan 29, kalayan tingkat kepercayaan 99% nyaéta 2.46. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén >

atawa 6.6 > 2.46 hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak. Média audio Pupuh Raéhan sanggian H.Yus Wiradiredja signifikan dina ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun pupuh siswa. Ku kituna, ieu media audio

Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja kawilang éféktif.

5.2. Saran

Luyu jeung hasil panalungtikan, aya sababaraha saran anu diébréhkeun saperti ieu di handap.

1) Hasil ieu panalungtikan nuduhkeun yén media audio Pupuh Raéhan sanggian H.

Yus Wiradiredja téh éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh ngaregepkeun pupuh.

Ku sabab kitu, ieu média audio Pupuh Raéhan sanggian H. Yus Wiradiredja bisa dijadikeun salasahiji pangajaran anu kréatif pikeun pangajaran ngaregepkeun, hususna ngaregepkeun pupuh.


(4)

Deti Yulianti, 2014

KAMAMPUH NGAREGEPKEUN PUPUH NGAGUNAKEUN MÉDIA AUDIO PUPUH RAÉHAN SANGGIAN H. YUS WIRADIREDJA

2) Guru-guru basa Sunda kudu leuwih parigel deui dina milih jeung nangtukeun bahan ajar, media, metode jeung model pangajaranana. Ieu hal pikeun ngirut minat siswa dina diajar basa Sunda.

3) Ieu panalungtikan masih loba kakuranganana. Alatan ukur ngagunakeun métode kuasi ékspérimén, ku kituna perlu dilaksanakeun panalungtikan anu leuwih jembar, ku cara ngagunakeun métode penelitian anu séjén.


(5)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010).Prosedur Penelitian.Jakarta: Rineka Cipta.

Arsyad, A. (2009). Media Pembelajaran. Jakarta: Rajawali Pers.

Danadibrata.(2006). Kamus Basa Sunda R. A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama

Departemen Pendidikan Nasional.(2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, (2007). Standar Kompetensi jeung

Kompetensi Dasar- Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Haerudin, D. dan Kardana, K. (2013).Panganteur Talaah Buku Ajar. Bandung:Wahana Karya Grafika.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran éjahan Basa

Sunda (edisi revisi). Bandung: Sonagar Press.

Koswara, Dedi. (2007). Racikan Sastra. Bandung: Pendidikan Bahasa Daerah.

Sanjaya, W. (2011).Perencanaan dan Desain Sistem Pembelajaran. Jakarta: Kencana.

Sudaryat, Y. (2004). Modél Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tanggerang: CV. Pamulang.

Sudjana.(2005). Metoda Statistika.Bandung: Tarsito.

Sudjana.(2011). Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah Makalah, Skripsi, Disertasi,

Tesis. Bandung: Sinar Baru Algesindo.


(6)

Deti Yulianti, 2014

KAMAMPUH NGAREGEPKEUN PUPUH NGAGUNAKEUN MÉDIA AUDIO PUPUH RAÉHAN SANGGIAN H.YUS WIRADIREDJA

Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif, dan R & D. Bandung: Alfabeta.

Syaodih, S. N. jeung Ibrahim, R. (1996).Perencanaan Pengajaran. Jakarta: Rineka Cipta.

Tamsyah, B R. (1996).Pangajaran Sastra Sunda pikeun Siswa SD, SLTP, SMU

jeung Umum.Bandung: CV Pustaka Setia.

Tarigan, H. G. (1986). Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Wiratmadja, S. A. (1998). Mengenal Seni Tembang Sunda. Bandung: CV Wahana Iptek.

[Online]:

Purnama, Z. (2011). Tugas Etnomusikologi “Pupuh”. [Online]. Tersedia di:

http://zackshinigami.blogspot.com/. Diakses 19 November 2011.

Risnandar, D. (2011). Kajian Terhadap Hal-hal „Baru‟ dalam Pupuh Raehan Yus

Wiradiredja. [Online]. Tersedia di:

http://deriznandar.blogspot.com/2013/07/kajian-terhadap-hal-hal-baru-dalam.html. Diakses 20 Juli 2013.

Skripsi:

Wilasmi, K. (2008). Eféktifitas media kaset pikeun pangajaran maca puisi/pupuh (Studi Eksperimen Ka Siswa Kelas X SMK Penida 2 Katapang Kabupaten

Bandung Taun Ajaran 2007/ 2008). Skripsi, Fakultas Pendidikan Bahasa