S BD 1305082 Chapter1
BAB 1
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Atikan téh hakékatna mah salaku usaha sadar jeung sistematis pikeun
ngahontal kamajuan anu leuwih hadé deui. Atikan bisa dihartikeun salaku usaha
sadar nu dilakukeun ku kulawarga, masarakat jeung pamaréntah ngaliwatan
bimbingan, pangajaran atawa latihan, nu lumangsung di sakola jeung di luar
sakola kalawan lumangsung saumur hirup pikeun nataharkeun siswa sangkan bisa
mintonkeun
peran
dina
rupa-rupa
lingkungan
kalawan
bener,
nurutkeun
Mudyahardjo (dina Maulida, 2014).
Fungsi atikan dina kontéks kabudayaan kacida pentingna, lantaran salah sahiji
fungsina nyaéta pikeun ngawariskeun ajén-ajén kamanusaan anu sumebarna tina
budaya bangsa. Salah sahiji sumber atikan téh nyaéta tina kabudayaan anu aya di
lingkungan sabudeureun, anu kiwari dipikawanoh salaku “kearifan lokal”.
Salah sahiji produk tina kearifan lokal anu kiwari masih nyampak tur
diwariskeun kénéh nyaéta tembang Sunda. Salah sahiji lagam tembang Sunda anu
masih kénéh kakoncara nepi ka ayeuna nyaéta lagam Cianjuran. Cianjuran
mangrupa éksprési kaéndahan anu lain baé miboga ajén éstétis tapi ogé miboga
fungsi salaku média pikeun ngalemeskeun budi. Hal ieu saluyu jeung pamadegan
Zanten (dina Deni Hermawan, 2002, kc. 43) yénCianjuran nyaéta pikeun usaha
nyangkem ma’na kahirupan. Lantaran upama ditaliti dina rumpaka Cianjuran
kacangking rupa-rupa ajén kahirupan (didaktis). Teu ngan saukur ésénsi réligius,
tapi ogé miboga ma’na anu leuwih jero anu bisa ngalemeskeun budi ogé akal. Éta
hal téh kasampakdinarumpakana.
Rumpaka tembang Cianjuran mibanda kualitas anu hadé boh tina segi jejer,
tata basa, boh tina segi ma’na anu kacangking dina éta rumpaka. Jejer rumpaka
tembang Cianjuran ngawengku rupa-rupa hal, saperti kasono, kasedih, kaéndahan
alam, cinta asih, ajaran moral, agama jeung ajén atikan.Ku sabab kitu, rumpaka
anu beunghar ku ajén atikan bisa dimekarkeun jeung diintegrasikeun dina
1
Noni Mulyani, 2016
ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN
WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu
2
pangajaran di sakola. Ajén-ajén atikan karakter nu kasebut mangrupa pancén nu
kacida beuratna dina ngatikeunana, perlu dijaga sarta kudu disalametkeun pikeun
ngabeungharan pangaweruh ngeunaan kasusastraan Sunda sarta bisa ditepikeun ka
unggal
generasi.
Salah
sahijina
ku
cara
dipilah
ajén-inajén
nu
leuwih
diprioritaskeun ngajarkeunana ka parasiswa.
Wanda
Cianjuran,
diantarana
aya
wanda
papantunan,
jejemplangan,
rarancagan, dedegungan, kakawén jeung panambih. Unggal wanda téh boga cirri
hasna sewang-séwang. Upamana wanda jejemplangan, anu hasna ngagunakeun
laras pélog atawa wanda papantunan mah boga has dina pirigananana anu dina
unggal laguna nyaéta metik kacapi indung ku cara metik dua nada sakaligus atawa
katelah ku sebutan sakempyang (Ischak, 2006, kc. 64).
Mung dina ieu panalungtikan mah wanda Cianjuran anu jadi puseur ulikan
téh nyaéta wanda panambih.Wiradiredja spk. (2003, kc. 17) nétélakeun yén wanda
panambih mangrupa wanda nu mibanda irama sekar tandak (ketukana tetep).
Wanda panambih mimitina mangrupa lagu tambahan (ékstra, ku sabab kitu ngaran
tembangna ogé disebut panambih (tambahan).
Sok sanajan rumpaka tembang Cianjuran téh réa ajén-inajénna nu nyangkaruk
dijerona anu bisa ditepikeun ka balaréa, tapi éta hal téh sakapeung mah kurang
kaguar. Ari nu jadi sabab, réajalma nu leuwih resep kana unsur sorana, lain kana
unsur ma’na nu nyampak dina rumpakana.
Ku kituna, ajén anu ditalungtik dina rumpaka tembang Cianjuran téh nyaéta
ajén atikan karakterna. Ari ulikan nu dipaké pikeun ngaguar éta rumpaka téh nya
éta ngagunakeun ulikan structural jeung ajén étnopédagogik. Ari dina prakna, éta
rumpaka téh dianalisis heula strukturna, tuluy dipaluruh ajén atikan karakterna ku
jalan ngagunakeun tiori étnopédagogik.
Étnopédagogik dimangpaatkeun pikeun ajén kahirupan, nyaéta ajén atikan,
ajén kaagamaan, ajén moral, jeung ajén sosial. Dasar tina étnopédagogik nyaéta
ajén-inajén budaya anu geus disapukan jeung dipaké di masarakat, organisasi,
lingkungan
masarakat,
jadi
hiji
kabiasaan,
kapercayaan,
simbol,
jeung
karakteristik anu tangtu (Sudaryat, 2015, kc. 120).

3
Pikeun ngaguar ajén étnopédagogik
kacangking tina rumpaka
rumpaka
tembangCianjuran
tangtu kudu ngaguar ma’na anu
tembang Cianjuran. Pikeun maham kana ma’na
salahsahijina
dilakukeun
analisis
ngagunakeun
pamarekan struktural pikeun maluruh struktur sarta interprétasi hartina.
Dina ulikan struktural diulik ayana hubungan anu tetep antara kelompokkelompok gejala atawa unsur (Koswara, 2013, kc. 13). Éta kaitan atawa hubungan
téh saéstuna anu nangtukeun sarta ngécéskeun saban-saban objék nu ditalungtik
dina rumpaka Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang.
Jaba
ti
ngandung
struktur,
Cianjuran
téh
ngandung
ajén-inajén
étnopédagogik. Salah sahiji aspék tina ajén-inajén étnopédagogik nyaéta ajén
atikan karakter. Dina Kebijakan Nasional Pembangunan Karakter Bangsa Tahun
2010-2025 ditegeskeun yén karakter mangrupa hasil adumanis opat bahan, nyaéta
olah haté, olah pikir, olah raga, sarta olah rasa jeung karsa.
Ngaliwatan daya aprésiasi nu teleb kana hiji hal, nu dimaksud di dieu mah
rumpaka tembang Cianjuran, urang bisa nyeukeutan pola pikir jalma dina nalaah
eusi atawa maksud hiji karya rumpaka sangkan leuwih gampang tur katémbong
pamaksudanana. Pon kitu deui siswa, hususna tingkat SMA, teu bisa disingkahan
deuiyén maranéhna geus kapangaruhan ku budaya deungeun. Balukarna, siswa
hésé nyangkem eusi karya budaya daérah sorangan. Ku kituna, ngaliwatan ieu
panalungtikan dipiharep bisa ningkatkeun daya irut siswa tur pamahaman siswa
kana karya sastra, hususna rumpaka tembang.
Ieu panalungtikan téh lain panalungtikan anu munggaran sabab saméméhna
geus
kungsi
aya
sababaraha
panalungtikan
ngeunaan
tembang
Cianjuran
diantarana “Tilikan Struktural jeung Sémiotik kana Rumpaka Cianjuran Wanda
Rarambatan sanggian Ubun Kubarsah pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di
SMA” (Dimas Patria, 2012). Dina éta panalungtikan, diulik rumpaka Cianjuran
wanda Rarambatan sanggian Ubun Kubarsah. Satuluyna “Rumpaka Cianjuran
(Ulikan Struktural jeung étnopédagogik)” (Siti Maryam Maulida, 2014). Ieu
panalungtikan museurkeun panitén kana
sakabéh rumpaka wanda tembang hasil
karya sababaraha panulis, henteu dipuseurkeun hiji wanda jeung hiji karya
pangarang.

4
Salian ti éta, aya “Rumpaka Cianjuran Wanda Rarancagan Karya Mang
Bakang
pikeun
bahan
pangajaran
di SMA” (Dyna
Islami,
2011).
Ieu
panalungtikan museurkeun panitén kana wanda rarancagan, ku kituna béda jeung
wanda nu rék dilaksanakeun panalungtikan. Sok sanajan karyana sarua nyaéta
karya Mang Bakang, tapi objék nu ditalungtik jeung ulikanana béda jeung
panalungtikan saméméhna. Dina ieu panalungtikan dipuseurkeun kana wanda
panambih.
Luyu jeung pedaran di luhur, ieu panalungtikan nu dijudulan “Ulikan
Struktural jeung Ajén Étnopédagogik dina Rumpaka Tembang Cianjuran Wanda
Panambih Karya Mang Bakang pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMA” téh
dilaksanakeun.
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Idéntifikasi Masalah
Dumasar kana kasang tukang anu geus diébréhkeun di luhur, kapanggih ruparupa
masalah.
Aya
sawatara
masalah
dina
ieu
panalungtikan
nu
perlu
diidéntifikasi, nyaéta:
1) Struktur puisi jeung eusi rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya
Mang Bakang;
2) Ajén étnopédagogik dina rumpaka tembang Cianjuran anu luhung; jeung
3) Larapna struktur puisi, eusi jeung ajén étnopédagogik rumpaka tembang
Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakangdina bahan pangajaran sastra
di SMA.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar
kasang
tukang
anu
geus
diébréhkeun
saméméhna,
sangkan
panalungtikan teu lega teuing ambahanana sarta bisa leuwih museur, perlu dijieun
rumusan masalahna. Ieu panalungtikan téh ngulik ngeunaan analisis strukturna
sarta ajén atikan karakter anu nyangkaruk dina rumpaka tembang Cianjuran
wanda panambih karya Mang Bakang.

5
Ku kituna, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun saperti ieu di
handap.
1) Kumaha struktur puisi jeung eusi rumpaka Cianjuran wanda panambih karya
Mang Bakang?
2) Kumaha ajén-ajén étnopédagogik dina rumpaka tembang Cianjuran wanda
panambih karya Mang Bakang ?
3) Kumaha larapna struktur puisi, eusi jeung ajén étnopédagogik rumpaka
tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang dina bahan
pangajaran sastra di SMA.
1.3 Tujuan Panalungtikan
Panalungtikan miboga tujuan anu dibagi jadi dua nyaéta tujuan umum jeung
tujuan husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan sacara umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan nyaéta pikeun
maluruh tur ngadéskripsikeun struktur jeung ajén étnopédagogik dina rumpaka
tembang
Cianjuran
wanda
panambih karya Mang Bakang pikeun bahan
pangajaran sastra di SMA.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun opat
hal, nyaéta:

2) Ajén étnopédagogik rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih karya Mang
Bakang; jeung
3) Larapna struktur puisi, eusi jeung ajén étnopédagogik dina rumpaka tembang
Cianjuran wanda panambih karya Mang Bakang dina bahan pangajaran sastra

6
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Panalungtikan miboga mangpaat anu dibagi jadi dua, nyaéta mangpaat tioritis
jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Ieu
panalungtikan
tangtu
moboga
mangpaat
pikeun
ngeuyeuban élmu
pangaweruh tembang jeung kawih. Jaba ti éta, hasil panalungtikan téh bisa dipaké
ngeuyeuban widangélmu struktural jeungélmu étnopédagogik.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis anu dipiharep bisa dihontal tina ieu panalungtikan, saperti
ieu di handap,
1) Pikeun anu nalungtik, bisa jadi référénsi pikeun panalungtikan satuluyna nu
aya patalina jeung rumpaka tembang Cianjuran tina segi struktural jeung ajén
étnopédagogik.
2) Pikeun guru, bisa dipakénambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan ajar
di sakola, ku cara ngagunakeun rumpaka tembang Cianjuran wanda panambih
dina bahan ajar.
3) Pikeun siswa, bisa dipaké media pikeun numuwuhkeun karesep tur karepna
kana diajar Cianjuran. Lian ti éta, dipiharep ku ayana ieu panalungtikan siswa
bisa leuwih neuleuman ma’na tina rumpaka tembang Cianjuran dina wanda
panambih nepi ka bisa ngarobah karakter siswa, ngalemeskeun budi jeung
ngalempengkeun akal.
4) Pikeun masarakat, dipiharep bisa numuwuhkeun minat karep masarakat pikeun
ngamumulé
seni
karuhun,
nyaéta
tembang
Cianjuran.
Masarakat
kudu
ngarojong kana seni tradisional hususna Cianjuran ngarah tetep nanjeur di
tengah-tengah budaya modéren.

7
1.5 Raraga Tulisan
BAB I Bubuka, eusina medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan,
idéntiikas masalah jeung rumusan masalah,
tujuan panalungtikan, mangpaat
panalungtikan, jeung raraga tulisan.
BAB II Ulikan Tiori, eusina medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina
panalungtikan, dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan
jeung
ajén
atikan
ulikanétnopédagogik,
bahan
tembang, struktural
pangajaran,
panalungtikan
saméméhna, kalungguhan tiori, jeung raraga mikir.
BAB III Métodeu Panalungtikan, eusina ngabahas ngeunaan métodologi
panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan
desain panalungtikan,
data jeung sumber data,
téhnik
ngumpulkeun data,
instrumén panalungtikan, jeung léngkah- léngkah panalungtikan.
BAB IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran, eusina medar ngeunaan
déskripsi rumpaka tembang Cianjuran, analisis struktural, analisis ajén atikan
karakterdumasar kana ulikan étnopédagogik jeung larapna bahan pangajaran dina
pangajaran rumpaka kawih di SMA. Dina ieu bab dipedar sagemblengna hasil tina
analisis panalungtikan anu dilaksanakeun.
BAB V Kacindekan jeung Saran, eusina mangrupa bagian pamungkas tina
skripsi, nyaéta kacindekan tina sakabéh pedaran. Salian ti éta, aya saran nu
ditepikeun keur nu maca.
Éta saran téh tujuanna sangkan panalungtikan
kahareupna bisa leuwih hadé.