BABANDINGAN HARTI PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA PIKEUN BAHAN AJAR IDIOM DI SMA.

(1)

BABANDINGAN HARTI PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA PIKEUN BAHAN AJAR IDIOM DI SMA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

CHAERUNNISA 1000736

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014

(2)

BABANDINGAN HARTI PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA PIKEUN BAHAN AJAR IDIOM DI SMA

Oleh: Chaerunnisa

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Universitas Pendidikan Indonesia

©Chaerunnisa 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni, 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN CHAERUNNISA

NIM 100736

BABANDINGAN HARTI PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA PIKEUN BAHAN AJAR IDIOM DI SMA

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 196408221989031001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(4)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu PERBANDINGAN MAKNA PERIBAHASA

SUNDA DAN INDONESIA UNTUK BAHAN AJAR IDIOM DI SMA

Chaerunnisa1), Yayat Sudaryat2),Hernawan3)

Email: chaerunnisa.aria@gmail.com, yayatsudaryat@upi.edu hernawan.upi.edu

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui dan mendéskripsikan perbandingan arti peribahasa Sunda dan Indonésia yang mempunyai arti atau makna yang sama. Déskripsi dalam penelitian ini meliputi (1) jumlah peribahasa Sunda yang memiliki arti yang sama dengan peribahasa Indonésia; (2) jumlah peribahasa Sunda dan Indonésia berdasarkan bentuk kalimatnya; (3) jumlah peribahasa Sunda dan Indonésia berdasarkan maksud yang dikandungnya; serta (4) penerapannya dalam bahan ajar idiom di SMA. Dalam penelitian ini digunakan métode déskriptif dengan téknik studi pustaka. Sumber data dalam penelitian ini adalah kumpulan peribahasa 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda karya Budi Rahayu Tamsyah dkk. dan kumpulan peribahasa Super Lengkap Peribahasa Indonésia karya Ariawan Prasetyo. Data dalam penelitian ini berupa seluruh daptar peribahasa Sunda dan Indonésia dalam arti yang sama dari kedua buku kumpulan peribahasa tersebut. Hasil penelitian ini menyimpulkan bahwa, (1) dari 199 peribahasa Sunda ditemukan 130 peribahasa yang memiliki arti sama dengan peribahasa Indonésia; (2) berdasarkan bentuk kalimatnya, ditemukan 94 peribahasa Sunda dalam bentuk kalimat tunggal dan 36 dalam bentuk kalimat majemuk, sedangkan dalam peribahasa Indonésia ditemukan 64 dalam bentuk kalimat tunggal dan 66 dalam bentuk kalimat majemuk; (3) berdasarkan maksud yang dikandungnya, peribahasa Sunda dan Indonésia ditemukan sebanyak 86 ke dalam bentuk peribahasa pengalaman, 9 ke dalam bentuk peribahasa perintah, dan 35 ke dalam bentuk peribahasa petuah; (4) perbandingan arti peribahasa Sunda dan Indonésia, dapat diterapkan dalam bahan ajar idiom di SMA melalui sebuah bahasan atau wacana mengenai peribahasa.

Kata kunci: peribahasa, makna, dan bahan ajar idiom

1 Penulis Utama 2

Penanggung Jawab 1

(5)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu THE COMPARISON OF THE MEANING OF SUNDANESE AND INDONESIAN PROVERBS FOR IDIOM TEACHING MATERIALS IN HIGH SCHOOL

Chaerunnisa1), Yayat Sudaryat2), Hernawan3)

Email: chaerunnisa.aria@gmail.com, yayatsudaryat@upi.edu, hernawan.upi.edu

Sundanese Language Education, Faculty of Language and Arts Education Indonesia University of Education

ABSTRACT

This study aims to identify and describe the comparison of meaning of Sundanese and Indonesian proverbs. The description covers the number of Sundanese and Indonesian proverbs that have the same meaning, the number of Sundanese and Indonesian proverbs based on the form of sentence, the number of Sundanese and Indonesian proverbs based on the meaning they convey, also their application for idiom teaching materials in high school. This study used descriptive method with literature study technique. The data was processed through text analysis or direct analysis technique. The sources of data in this study were the collection of proverbs 1000 babasan jeung paribasa Sunda by Budi Rahayu Tamsyah et al. and the collection of proverbs Super Lengkap

Peribahasa Indonesia by Ariawan Prasetyo. The data in this study was the list

of Sundanese and Indonesian proverbs that have the same meaning from the previous two sources of data. The result of this study concluded that (1) 130 of 199 Sundanese proverbs have the same meaning as Indonesian ones; (2) based on the form of sentence, 94 Sundanese proverbs are in simple sentence, 36 proverbs are in complex sentences, on the other hand 64 Indonesian proverbs are in simple sentence and 66 proverbs are in complex sentence; (3) based on the meaning, each Sundanese and Indonesian proverbs are experiential proverbs, 9 proverbs are command proverbs, and 35 proverbs are religious advice proverbs; (4) the result of the meaning comparison of Sundanese and Indonesian proverbs can be applied for idiom teaching materials in high school through a discourse about proverbs.

1 Author 2

Co Author 1

(6)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(7)

(8)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iv

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... ix

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR BAGAN ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.3 Rumusan Masalah ... 3

1.4 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4.1 Tujuan Umum ... 4

1.4.2 Tujuan Husus ... 4

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.5.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.5.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.6 Raraga Tulisan ... 5

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 6

2.1 Ulikan Tiori ... 6

2.1.1 Paribasa ... 6

2.2 Paribasa Minangka Wangun Basa ... 8

2.2.1 Wangun Basa ... 8

2.2.2 Wangun Paribasa ... 12

(9)

vii

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.2.2.2 Wangun Paribasa Indonésia ... 17

2.3 Harti dina Paribasa ... 20

2.3.1 Wangenan Harti ... 20

2.3.2 Wanda Harti ... 21

2.3.2.1 Harti Idiomatik Minangka Harti dina Paribasa ... 22

2.4 Bahan Pangajaran Idiom ... 23

2.4.1 Watesan Bahan Pangajaran ... 23

2.4.2 Bahan Pangajaran Basa Sunda dina Kurikulum ... 24

2.4.3 Tujuan, Fungsi, jeung Prinsip Bahan Pangajaran Basa Sunda ... 27

2.4.3.1 Tujuan Pangajajran Basa Sunda ... 25

2.3.4.2 Fungsi Pangajaran Basa Sunda ... 25

2.3.4.3 Prinsip Bahan Pangajaran Basa Sunda ... 26

2.4.3.5 Bahan Ajar Idiom ... 28

2.5 Raraga Mikir ... 29

2.6 Anggapan Dasar ... 30

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 31

3.1 Data jeung Sumber Data ... 31

3.2 Desain Panalungtikan ... 31

3.3 Métode Panalungtikan ... 33

3.4 Wangenan Operasional ... 33

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 36

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN ... 37

4.1 Data Paribasa Sunda jeung Indonésia anu Hartina Sarua ... 37

4.2 Wangun Kalimah Paribasa Sunda jeung Indonésia ... 64

4.2.1 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Salancar .... 65

4.2.1.1 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Salancar Basajan ... 65

(10)

viii

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.1.2 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Salancar

Jembar ... 66

4.2.2 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Ngantét ... 67

4.2.2.1 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Ngantét Satata ... 68

4.2.2.2 Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Kalimah Ngantét Sumélér ... 68

4.3 Wangun Paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar Maksud nu Dikandungna ... 69

4.3.1 Wangun Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Piluangeun ... 70

4.3.2 Wangun Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Paréntah ... 71

4.3.3 Wangun Paribasa Sunda jeung Indonésia dina Wangun Pituah... 71

4.4 Babandingan Paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun Bahan Ajar Idiom di SMA ... 72

4.4.1 Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar ... 73

4.4.2 Bahan Ajar Idiom ... 74

4.5 Pedaran ... 79

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 81

5.1 Kacindekan ... 81

5.2 Saran ... 82

DAPTAR PUSTAKA ... 83

LAMPIRAN ... 86

(11)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Cara manusa ngedalkeun gagasanna nepi ka jadi hiji basa téh rupa-rupa, nu matak unggal wewengkon nu ditempatan ngabogaan ciri sewang-séwangan, sakur dipikaharti di sabudeureunana. Dina nembrakkeun kedaling diri, manusa ilaharna aya nu togmol atawa teu ngucapkeun sajalantrahna sarta loba dibalibirkeun. Komo di tatar Sunda anu teu pati togmol téh katelahna paribasa, masarakat lolobana maké paribasa dina komunikasi pikeun sindir sampir, nyindiran paripolah sarta pasipatan jalma nu ngagambarkeun kaayaan dina hiji mangsa. Paribasa teu dipikanyaho saha nu nyieunna, kumbuh kitu waé di lingkungan masarakat, da kitu téa gumelar sacara tatalépa. Istilah paribasa ogé aya di wewengkon séjén, dina basa Inggris paribasa téh disebut proverb, di Cina disebut

chengyu, jeung di Jepang disebut kotowaza. Komo dina basa Indonésia, boga

sebutan nu teu béda jauh jeung urang Sunda, nyaéta disebutna peribahasa.

Cervantes (dina Danandjaja, 2007, kc. 28) nétélakeun yén paribasa téh nyaéta ‘kalimat pendek yang disarikan dari pengalaman panjang.’ Ari paribasa dina KUBS (Kamus Umum Basa Sunda), nu dikaluarkeun ku LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda) (2007, kc. 362) nyaéta kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun. Ditilik tina tiori-tiori kasebut, yén saenyana paribasa téh kekecapan ngandung pituah nu kaalaman ku manusa, pangalaman panjang nu jadi pituah kasebut antukna bisa jadi milik saréréa sacara tatalépa. Teu nutup kamungkinan, unggal pituah-pituah kasebut ku lantaran tatalépa jadi aya pakuat-pakaitna, silih mangaruhan atawa saduran. Paribasa anu aya di tatar Sunda, bisa jadi kapangaruhan kajaba ngandung harti nu sarua jeung séjénna, contona waé jeung paribasa dina basa Indonésia. Saupama dina paribasa Indonésia aya paribasa mentimun melawan durian, sarta dina paribasa Sunda aya paribasa

bonténg ngalawan kadu, kadua paribasa kasebut sacara basa tangtuna béda, tapi

(12)

2

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saenyana ngaliwatan paribasa urang diajar kaéndahan hasil pamikiran manusa, saperti paribasa nu geus disebutkeun di luhur, duanana ngandung piluangeun nu sarua, bisa dipaké ku unggal jalma. Tapi kitu téa, kanyataan jaman ayeuna sabagéan masarakat geus teu apal kana paribasa boh wangun kecap-kecapna boh hartina. Sabada diayakeun panalungtikan minat paribasa dina wangun angkét ka lingkungan atikan nu ditujukeun ka murid SMA, yén kalungguhan minat ngagunakeun paribasa bisa dicindekeun teu dipikaresep. Di lingkungan murid SMA kalungguhan paribasa kasebutna geus héngkér, murid teu pati loba apal paribasa, komo kana paribasa Sunda. Di lingkungan atikan, kiwari paribasa sakur kapanggih dina buku-buku mata pelajaran hungkul, éta ogé langka ditepikeun langsung kapentingan bahan ajar. Salian ti éta, kiwari paribasa katangen sakur dina karangan, nu jadi mamanis dina karangan fiksi atawa non fiksi. Ayeuna mah manggihan générasi ngora nu ngagunakeun basa Sunda téh teu pati loba, komo ngagunakeun sarta nyiptakeun deui warisan budaya saperti paribasa.

Ngamumulé budaya Sunda bisa ngaliwatan sababaraha cara, sahenteuna tina hal nu leutik, kawas ngawanohkeun deui paribasa nu dilarapkeun di lingkungan kulawarga, masarakat, sarta di sakola. Sakola salah sahiji tempat nepikeun warisan budaya ka générasi ngora, tina ieu hal siswa bisa meunangkeun pangaweruh nu leuwih salian ti pangajaran sakola, lantaran sacara nyamuni siswa diajar paripolah kahirupan tina budaya. Ku lantaran kitu, salasahijina di lingkungan sakola paribasa bisa dijadikeun bahan ajar ngaliwatan pangajaran basa.

Nilik kana sawatara pasualan di luhur, ku kituna perlu diayakeun panalungtikan paribasa, pangpangna ngabandingkeun harti paribasa Sunda jeung Indonésia. Sajaba ti éta, aspék pakeman basa atawa idiom nu salah sahijina niténan paribasa, kiwari geus aya dina Kompetensi Dasar SMA kelas XI dina KIKD bahasa dan sastra Sunda 2013. Tangtuna, raket pakuat-pakaitna ieu panalungtikan dilakukeun téh jeung éta Kompeténsi Dasar. Dina harti,

(13)

3

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngabandingkeun harti paribasa bisa jadi bahan pangajaran pikeun murid, sangkan nambahan pangaweruh kana idiom atawa pakeman basa.

Panalungtikan ngeunaan paribasa téh saenyana mah kungsi dilaksanakeun, di antarana waé, “Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan Linguistik Antropologis)”

(Nining Novianti, 2008), jeung “Babandingan Paribasa Sunda Indonésia Disawang tina Maksud anu Dikandungna jeung Bahan anu Dibandingkeunana”

(Demaswati, 2004). Éta panalungtikan nu kahiji téh ngulik babasan jeung paribasa Sunda tina jihat antropologi basa sarta semantik. Dina panalungtikan nu kadua, panalungtik medar jumlah paribasa Sunda jeung Indonésia, nu dipasing tina maksud nu dikandungna jeung bahan anu dibandingkeunana, can ngulik harti paribsa Sunda jeung Indonesia tina jihat hartina.

Dumasar kana kasang tukang anu geus dijéntrékeun di luhur, panalungtikan paribasa anu dibandingkeun antara basa Sunda jeung Indonésia perlu dilaksanakeun. Ku lantaran kitu, ieu panalungtikan dijudulan “Babandingan Harti

Paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun Bahan Ajar Idiom di SMA.”

1.2Idéntifikasi Masalah

Saluyu jeung kasang tukang, masalah anu diidéntifikasi dina ieu panalungtikan nyaéta nganalisis tur ngadéskripsikeun babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia. Ieu panalungtikan ngawengku (jumlah harti nu sarua, wangun kalimahna, sarta maksud anu dikandungna, katut larapan babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun bahan ajar idiom di SMA).

1.3 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah saperti pananya ieu di handap.

a. Paribasa Sunda jeung Indonésia naon waé anu hartina sarua?

b. Kumaha wangun kalimah paribasa Sunda jeung Indonésia nu hartina sarua? c. Kumaha wangun paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar maksud anu

(14)

4

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d. Kumaha lamun hasil babandinganana paribasa Sunda jeung Indonésia dijadikeun bahan ajar idiom di SMA?

1.4Tujuan Panalungtikan 1.4.1Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan, nyaéta pikeun maluruh sarta meunangkeun gambaran objéktif babandingan harti nu sarua dina paribasa Sunda jeung Indonesia. Salian ti éta, tujuan panalungtikan nyaéta rumusan kalimah nu ngébréhkeun ayana hiji hal nu dibeunagkeun sanggeus panalungtikan kasebut dilaksanakeun.

1.4.2Tujuan Husus

Ieu panalungtikan ogé miboga sababaraha tujuan husus, nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun:

a. paribasa Sunda jeung Indonesia nu hasilna sarua;

b. rupa-rupa wangun kalimah paribasa Sunda jeung Indonésia anu hartina sarua; jeung

c. rupa-rupa wangun paribasa dumasar maksud anu dikandungna

d. hasil babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA.

1.5Mangpaat Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, tangtuna boga mangpaat pikeun kapentingan boh nu nulis boh nu maca. Mangpaat anu baris dihontal dibagi jadi dua bagéan, nyaéta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.5.1Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis anu aya dina ieu panalungtikan nya éta méré pangaweruh anu leuwih jembar dina ambahan élmu tata basa atawa linguistik. Ambahan linguistik

(15)

5

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kasebut engkéna aya dina ambahan semantik, sabab élmu semantik mangrupa élmu anu maluruh basa katut harti basa nu kumbuh di masarakat. Ngajembaran élmu semantik di dieu leuwih museur kana idiomatik ngeunaan paribasa.

1.5.2Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nyaéta:

a. méré informasi ngeunaan paribasa ka balaréa nu geus ilahar dipaké sapopoé, sangkan bisa ngabandingkeun dina basa nu séjen, jeung deui paribasa ogé saenyana lain saukur basa, tapi ogé ungkara nu ngandung sawangan hirup sarta ngandung kaéndahan;

b. mangrupa salasahiji tambahan pikeun bahan pangajaran; jeung

c. nambahan pangaweruh pikeun nu lian ngeunaan paribasa pikeun bahan panalungtikan satuluyna, dina raraga ngaronjatkeun kamampuh makéna basa Sunda.

1.6Raraga Tulisan

Raraga tulisan dina ieu panalungtikan disusun jadi lima bab. Dina Bab I dipedar kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. Bab II eusina tiori-tiori nu aya dina panalungtikan nu ngawengku tiori idiom (paribasa), frasa, sarta bahan pangajaran idiom.

Satuluyna dina bab III dipedar métode panalungtikan nu ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data jeung analisis data. Dina bab IV mangrupa analisis data sarta pedaran hasil panalungtikan. Anu pamungkas bab V ngawengku kacindekan tina sakabéh hasil panalungtikan, katut rékoméndasi atawa saran ti panalungtik pikeun panalungtikan kahareupna.

(16)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 172) sumber data nyaéta subjék data-data panalungtikan anu dikumpulkeun ku panalungtik. Ieu panalungtikan merlukeun sumber data pikeun meunangkeun data anu baris ditalungtik. Data dina ieu panalungtikan nyaéta paribasa Sunda jeung Indonésia, nu disusun dumasar harti nu sarua, maksud anu dikandungna, sarta wangun kalimahna, anu dicokot tina sumber data. Éta susunan data téh, nyoko kana ulikan semantik.

Aya dua sumber data dina ngumpulkeun data paribasa. Kahiji, sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta paribasa Sunda tina buku 1000 Babasan jeung

Paribasa Sunda karangan Budi Rahayu Tamsyah, spk. Ukuran buku 14, 8 cm x

20, 8 cm, kandelna 160 kaca, diterbitkeun di Bandung ku Pustaka Setia. Jumlah babasan jeung paribasa dina éta buku aya 1000, kalayan babasan 801 jeung paribasa 199. Kadua, sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta paribasa Indonésia tina buku Super Lengkap Peribahasa Indonesia, karangan Ariawan Prasetyo. Ukuran buku 20, 5 cm x 14, 5 cm, kandelna 496 kaca. diterbitkeun di Yogyakarta, ku Cakrawala.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa prosés-prosés anu dibutuhkeun dina ngararancang tur dina prak-prakanana ngalakonan panalungtikan sangkan sagala patalékan bisa kajawab. Ieu desain panalungtikan disusun dumasar kana léngkah-léngkah: 1) nangtukeun masalah, 2) studi pendahuluan, 3) ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, 4) ngarumuskeun anggapan dasar, 5) nangtukeun sumber data, 6) nangtukeun jeung nyusun instrumén, 7) ngumpulkeun data, 8) analisis data, 9) nyieun kacindekan sarta nyusun laporan (Arikunto, 2010, kc. 61).

(17)

32

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.2

Desain Panalungtikan

Nangtukeun Masalah

Studi Pendahuluan

Ngawatesanan jeung Ngarumuskeun

Ngarumuskeun Anggapan Dasar

Nangtukeun Sumber Data

Nangtukeun jeung Nyusun Instrumen : Kartu Data

Ngumpulekun Data: Tehnik ulikan pustaka

Nganalisis jeung Ngadeskripsikeun Data

(18)

33

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salasahiji cara pikeun ngahontal tujuan dina panalungtikan. Sakumaha nu ditétélakeun ogé ku Arikunto (2010: 192), yén métode dihartikeun minangka cara-cara nu bisa digunakeun pikeun ngumpulkeun data.

Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif, sabab objék panalungtikan mangrupa bagian tina peristiwa basa sarta hasil panalungtikan mangrupa wangun tinulis.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif, nyaéta métode anu dipaké pikeun ngaréngsékeun hiji masalah aktual waktu lumangsungna panalungtikan. Anu didéséskripsikeun dina ieu panalungtikan nyaéta perkara babandingan harti paribasa dina paribasa Sunda jeung Indonésia, sarta wangun frasa dina paribasa Sunda jeung Indonésia.

3.4 Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nyaéta “Babandingan Harti Paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun Bahan ajar Idiom di SMA.” Sangkan leuwih gampang dina nganalisis data, di handap baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan.

a. Babandingan atawa komparasi nyaéta tehnik analisis dua hal, kaasup unsur basa, boh dina sawaktu (sinkronis) boh dina dua kurun waktu (dikaronis). Dina ieu panalungtikan digunakeun unsur sinkronis, anu satuluyna dipatalikeun kana analisis kontrastif, nyaéta analisis sasaruaan jeung bédana dua basa dina sawaktu. Ku kituna, dina ieu panalungtikan unsur anu dibandingkeun téh paribasa Sunda jeung Indonésia, anu disawang tina jihat harti hususna dina konsép sémantis.

b. Paribasa nyaéta basa pakeman, kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun.

(19)

34

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Ma’na atawa harti paribasa nyaéta maksud anu dikandung ku paribasa, atawa dina harti idiom anu wangunna has tur mandiri, sarta harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa atawa harti, nu dikandung ku unsur-unsur pangwangunna.

d. Bahan pangajaran nyaéta matéri au dipaké dina prosés diajar ngajar, boh di jero kelas boh di luar kelas. Bahan pangajaran basa bisa patali jeung pakecapan (kabeungharan kecap), adegan basa, sarta wacana dina kamahéran basa.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat anu dipaké pikeun panalungtikan dina ngumpulkeun data, sangkan pagawéan bisa lumangsung leuwih gampang jeung hasilna leuwih alus. Dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis anu ngajadikeun data leuwih gampang diolah (Arikunto, 2010, kc. 203).

Instrumén anu dpaké dina ieu panalungtikan nyaéta ngagunakeun kartu data, ku cara méré nomer kode dina data paribasa Sunda jeung Indonésia anu dijadikeun sampel. Anapon format kartu data digambarkeun sepaerti di handap ieu.

Tabél 3.5

Format Kartu Data Paribasa Sunda jeung Indonesia Ditilik tina Jihat Harti

No Urut

No Kode

Paribasa Harti

1 (001) Adéan ku kuda beureum (1000 BPS/119)

Ginding ku barang batur atawa ku barang meunang injeuman. Bagai umang-umang

(SLPI/58)

Bangga dengan barang yang bukan dimilikinya.

(20)

35

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.5

Format Kartu Data Paribasa Sunda jeung Indonésia Ditilik tina Wangun Kalimah

Pikeun ngitung préséntase paribasa nu disawang tina wangun kalimah, dipaké rumus kieu:

Jumlah paribasa dumasar wangun kalimah x 100% Jumlah daptar paribasa

Conto :

Jumlah paribasa anu kaasup kalimah salancar jumlahna aya 52 paribasa, jadi présentasena nyaéta:

52 x 100 % = 52% 10

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

No Wangun

Kalimah

Paribasa Sunda

% Paribasa

Indonésia

%

1 Salancar Basajan 2 Salancar Jembar 3 Ngantét Satata 4 Ngantét Sumélér

(21)

36

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nyaéta ulikan pustaka (studi bilbiografi). Téhnik ulikan pustaka mangrupa kagiatan niténan, neuleuman, nalaah, jeung ngaidéntifikasi pangaweruh. Dilaksanakeun ku cara neuleuman buku-buku sumber anu aya pakuat-pakait jeung konsép tioritis katut bahasan pasualan panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 75)

Aya sababaraha tahap dina prosés ngumpulkeun data nyaéta: a. maca buku paribasa Sunda jeung Indonésia;

b. nangtukeun jeung nyirian paribasa Sunda jeung Indonésia anu hartina sarua, masing-masing dumasar kana wangun kalimahna, sarta masing-masing wangun maksud nu dikandungna, katut larapanana dina bahan ajar idiom di SMA;

c. nyusun paribasa anu geus dikumpulkeun; d. nyalin kana kartu data

3.7 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data digunakeun téhnik analisis unsur langsung, ari léngkah-léngkah ngolah datana saperti kieu:

a. mariksa deui sakabéh data kalimah dumasar kana tanggal kiriman; b. méré kode jeung nomer kana kartu data panalungtikan;

c. nganalisis data dumasar kana: (1) harti paribasa Sunda jeung Indonésia, (2) wangun kalimah dina paribasa Sunda jeung Indonésia (3) wangun paribasa dumasar maksud anu dikandungna (4) larapan babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia kana bahan ajar idiom;

d. ngadéskrpsikeun data nu geus dianalisis; jeung e. napsirkeun jeung nyieun kacindekan data.

(22)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data anu geus dijéntrékeun dina bab IV, babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

a. Tina hasil ngabandingkeun buku 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda jeung Super

Lengkap Peribahasa Indonésia, kapanggih 130 (65%) harti paribasa Sunda jeung

Indonésia nu sarua. Data kasebut dibagi-bagi deui dumasar wangun kalimahna, nu kabagi kana dua rupa nyaéta kalimah salancar jeung kalimah jembar. Dina paribasa Sunda wangun kalimah salancar jumlahna aya 94 (72%), nu satuluyna dibagi deui kana kalimah salancar basajan anu jumlahna aya 51 (39%), jeung kalimah salancar jembar anu jumlahna aya 43 (33%). Dina wangun kalimah ngantét jumlahna aya 36 (28%), nu satuluyna dibagi deui kana kalimah ngantét satata anu jumlahna aya 9 (7%), jeung kalimah ngantét sumélér nu jumlahna aya 27 (21%). Dina paribasa Indonésia wangun kalimah salancar jumlahna aya 64 (49%), nu satuluyna dibagi deui kana kalimah salancar basajan anu jumlahna aya 44 (34%), jeung kalimah salancar jembar anu jumlahna aya 20 (15%). Dina wangun kalimah ngantét jumlahna aya 66 (51%), nu satuluyna dibagi deui kana kalimah ngantét satata anu jumlahna aya 24 (19%), jeung kalimah ngantét sumélér nu jumlahna aya 42 (32%).

b. Paribasa Sunda jeung Indonésia disawang tina maksud anu dikandungna aya tilu rupa nyaéta paribasa piluangeun, paribasa paréntah, jeung paribasa pituah. Paribasa Sunda jeung Indonésia nu kaasup piluangeun kapanggih aya 86 (68%), ogé nu kaasup paréntah aya 9 (7%), jeung nu kaasup pituah aya 35 (25%).

(23)

82

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia téh saenyana bisa dilarapkeun kana bahan pangajaran di SMA, hal éta saluyu jeung KIKD nu kompeténsi dasarna nyaéta matéri pakeman basa nu salasahijina nyaéta paribasa. Ku kituna, larapan babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia téh bisa dijadikeun bahan ajar idiom di SMA, nyaéta ngaliwatan maca wacana (bahasan) ngeunaan paribasa.

5.2 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan babandingan harti paribasa Sunda jeung

Indonésia pikeun bahan ajar idiom di SMA, aya sababaraha hal nu hayang ditepikeun ku nu nulis, di antarana:

a. Ieu panalungtikan karék ngabahas babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia nu hartina sarua. Masih bisa ngabandingkeun harti pakeman basa nu séjénna, saupama dina babasan atawa ungkapan dina basa Indonésia mah can kapaluruh, ogé ngabandingkeun jeung basa séjenna.

b. Dina ieu panalungtikan, ngabandingkeun paribasa Sunda jeung Indonésia téh ditalungtikna tina jihat semantik. Panalungtikan ngeunaan babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia masih bisa ditalungtikan tina rupa-rupa paélmuan saperti filsafat, antropologi, sosiologi, atikan, jeung sajabana.

c. Paribasa boh dina basa Sunda bh dina basa Indonésia, perlu dilarapkeun deui dina kahirupan sapopoé, utamana jadi bahan pangajaran di sakola sangkan générasi ngora wanoh kana paribasa.

(24)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Balai Pustaka.

Bagus, P. I. (2010). Analisis Kalimat. Jakarta: Refika Aditama.

Chaér, A. (2007). Linguistik Umum. Jakarta: PT Rinéka Cipta.

. .(2002). Linguistik Suatu Pengantar . Bandung: Angkasa.

Danadjaja, J. (2007). Folklor Indonésia. Jakarta: PT. Pustaka Utama Grafiti.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (1989). Kamus Besar Bahasa

Indonésia. Jakarta: Balai Pustaka.

Déwan Rédaksi Énsiklopedi Sastra Indonésia. (2000). Énsiklopédi Sastra

Indonésia. Bandung: Titian Ilmu.

Déwan Rédaksi Pustaka Média. (2013). Kamus Peribahasa dan Ungkapan. Jakarta: Pustaka Média.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompeténsi dan

Kompeténsi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Djajasudarma, F. (2013). Semantik 2. Bandung: PT Réfika Aditama.

Farida, E. (2009). Ragam Basa Padagang Asongan pikeun Bahan Pangajaran Nyarita

di SMP (Studi Kasus Basa Sunda Padagang Asongan dina DAMRI

Tanjungsari Kebon Kalapa). Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: teu

(25)

84

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kuswari, U. & Hérnawan. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: CV Wahana Karya Grafika.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung; Ternaté.

Miftah, F. (2014). Kamus Lengkap Peribahasa dan Ungkapan. Jakarta: Publishing Langit.

Hornby, A. (2009). Oxford Dictionary and Thesaurus. Oxford: Oxord University Préss.

Paréra, D. (1988). Sintaksis. Jakarta: Gramédia.

Prasetyo, A. (2010). Super Lengkap Peribahasa Indonésia. Yogyakarta: Cakrawala.

Prawirasumantri, A, spk. (2007). Kamekaran, Adegan,jeung Kandaga Kecap Basa

Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Prawirasumantri, A & Suriamiharja, A . (1973). Idiomatik Sunda. Bandung: Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan.

Sudjana, N. (1996). Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru Algésindo.

Sudaryat, Y. (2010) Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

. .(2004). Élmuning basa. Bandung: CV walatra.

(26)

85

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

. (2004). Modél Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tangerang: Pamulang.

Sudaryat, Y, spk. (2009). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Tamsyah, B, spk. (2003). 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

TIM Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2009). Kurikulum dan

Pembelajaran. Bandung: UPI.

Wikipedia. Proverb. [online]. Aya dina http://en.m.wikipedia.org/wiki/proverb. Diundeur 20 Mei 2014, 10:43.

(1)

36

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nyaéta ulikan pustaka (studi bilbiografi). Téhnik ulikan pustaka mangrupa kagiatan niténan, neuleuman, nalaah, jeung ngaidéntifikasi pangaweruh. Dilaksanakeun ku cara neuleuman buku-buku sumber anu aya pakuat-pakait jeung konsép tioritis katut bahasan pasualan panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 75)

Aya sababaraha tahap dina prosés ngumpulkeun data nyaéta:

a. maca buku paribasa Sunda jeung Indonésia;

b. nangtukeun jeung nyirian paribasa Sunda jeung Indonésia anu hartina sarua,

masing-masing dumasar kana wangun kalimahna, sarta masing-masing wangun maksud nu dikandungna, katut larapanana dina bahan ajar idiom di SMA;

c. nyusun paribasa anu geus dikumpulkeun;

d. nyalin kana kartu data

3.7 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data digunakeun téhnik analisis unsur langsung, ari léngkah-léngkah ngolah datana saperti kieu:

a. mariksa deui sakabéh data kalimah dumasar kana tanggal kiriman;

b. méré kode jeung nomer kana kartu data panalungtikan;

c. nganalisis data dumasar kana: (1) harti paribasa Sunda jeung Indonésia, (2) wangun kalimah dina paribasa Sunda jeung Indonésia (3) wangun paribasa dumasar maksud anu dikandungna (4) larapan babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia kana bahan ajar idiom;

d. ngadéskrpsikeun data nu geus dianalisis; jeung

(2)

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data anu geus dijéntrékeun dina bab IV, babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

a. Tina hasil ngabandingkeun buku 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda jeung Super

Lengkap Peribahasa Indonésia, kapanggih 130 (65%) harti paribasa Sunda jeung

Indonésia nu sarua. Data kasebut dibagi-bagi deui dumasar wangun kalimahna, nu kabagi kana dua rupa nyaéta kalimah salancar jeung kalimah jembar. Dina paribasa Sunda wangun kalimah salancar jumlahna aya 94 (72%), nu satuluyna dibagi deui kana kalimah salancar basajan anu jumlahna aya 51 (39%), jeung kalimah salancar jembar anu jumlahna aya 43 (33%). Dina wangun kalimah ngantét jumlahna aya 36 (28%), nu satuluyna dibagi deui kana kalimah ngantét satata anu jumlahna aya 9 (7%), jeung kalimah ngantét sumélér nu jumlahna aya 27 (21%). Dina paribasa Indonésia wangun kalimah salancar jumlahna aya 64 (49%), nu satuluyna dibagi deui kana kalimah salancar basajan anu jumlahna aya 44 (34%), jeung kalimah salancar jembar anu jumlahna aya 20 (15%). Dina wangun kalimah ngantét jumlahna aya 66 (51%), nu satuluyna dibagi deui kana kalimah ngantét satata anu jumlahna aya 24 (19%), jeung kalimah ngantét sumélér nu jumlahna aya 42 (32%).

b. Paribasa Sunda jeung Indonésia disawang tina maksud anu dikandungna aya tilu rupa nyaéta paribasa piluangeun, paribasa paréntah, jeung paribasa pituah. Paribasa Sunda jeung Indonésia nu kaasup piluangeun kapanggih aya 86 (68%), ogé nu kaasup paréntah aya 9 (7%), jeung nu kaasup pituah aya 35 (25%).

(3)

82

Chaerunnisa, 2014

Babandingan harti paribasa sunda jeung indonesia pikeun bahan ajar idiom di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

c. Babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia téh saenyana bisa dilarapkeun kana bahan pangajaran di SMA, hal éta saluyu jeung KIKD nu kompeténsi dasarna nyaéta matéri pakeman basa nu salasahijina nyaéta paribasa. Ku kituna, larapan babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia téh bisa dijadikeun bahan ajar idiom di SMA, nyaéta ngaliwatan maca wacana (bahasan) ngeunaan paribasa.

5.2 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan babandingan harti paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun bahan ajar idiom di SMA, aya sababaraha hal nu hayang ditepikeun ku nu nulis, di antarana: