KUMPULAN CARITA PONDOK PANGGUNG WAYANG.

(1)

KUMPULAN CARITA PONDOK PANGGUNG WAYANG (Tilikan Strukturalisme jeung Psikologi Sastra)

TESIS

diajengkeun pikeun nyumponan syarat nyangking Magister Pendidikan Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

RONI SURYANA SAPUTRA 1201340

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014


(2)

KUMPULAN CARITA PONDOK PANGGUNG WAYANG (Tilikan Strukturalisme jeung Psikologi Sastra)

Oleh

RONI SURYANA SAPUTRA

S.Pd UPI Bandung, 2005

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan(M.Pd.) pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budya Sunda Sekolah


(3)

© Roni Suryana Saputra 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(4)

Lembar Pengesahan Tesis

RONI SURYANA SAPUTRA 1201340

KUMPULAN CARITA PONDOK PANGGUNG WAYANG (Tilikan Strukturalisme jeung Psikologi sastra)

Disaluyuan ku: Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M. Hum. NIP 19590614 198801 1 002

Pangaping II,

Dr. Ruhaliah, M. Hum. NIP 19641110 198903 2 002

Kauninga ku:

Pupuhu Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum. NIP 19630210 198703 1 001


(5)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK……….. i

PANGJAJAP……….. iv

CATUR NUHUN………. v

DAFTAR EUSI………. vii

DAFTAR BAGAN………. x

DAFTAR TABEL……….. xi

DAFTAR LAMPIRAN………. xiii

DAFTAR SINGGETAN... BAB I BUBUKA……….. 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan………. 1

1.2 Watesan Masalah……… 6

1.3 Rumusan Masalah……… 6

1.4 Tujuan Panalungtikan……….. 7

1.4.1 Tujuan Umum………. 7

1.4.2 Tujuan Husus………... 7

1.5 Mangpaat Panalungtikan………... 8

1.5.1 Mangpaat Téoritis………. 8

1.5.2 Mangpaat Praktis……… 8

1.6 Struktur Orgnisasi Tésis……….. 8

BAB II CARITA PONDOK, STRUKTURALISME JEUNG PSIKOLOGI SASTRA... 10

2.1 Hakékat Carita Pondok……… 10

2.2 Sajarah Kamekaran Carita Pondok………. 11

2.3 Ciri-ciri Carita Pondok……… 15

2.4 Wangun Carita Pondok……….. 16


(6)

2.6 Struktur Carita Pondok……… 18

2.6.1 Téma……… 18

2.6.1.1 Papasingan Téma………... 19

2.6.2 Fakta Carita………. 20

2.6.2.1 Plot/ Alur………. 23

2.6.2.2 Tokoh jeung Penokohan……… 23

2.6.2.2.1 Tokoh………... 23

2.6.2.2.2 Penokohan……… 25

2.6.2.3 Latar/Setting………. 26

2.6.3 Sarana Carita……… 27

2.6.3.1 Judul……….. 28

2.6.3.2 Puseur Implengan……….. 28

2.6.3.3 Gaya Basa……… 30

2.7 Strukturalisme……… 35

2.7.1. Kamekaran Strukturalisme……….. 36

2.8. Psikologi Sastra………... 38

2.9 Psikologi Behaviorisme……… 39

BAB III METODE PANALUNGTIKAN……… 42

3.1 Sumber Data...……… 42

3.2 Désain Panalungtikan……….. 48

3.3 Metode Panalungtikan………. 49

3.4 Wangenan Oprasional………. 50

3.5 Instrumén Panalungtikan ……… 51

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ………... 52

3.7 Téhnik Ngolah jeung Analisis Data………. . 53

BAB IV ANALISIS JEUNG DEKKRIPSI STRUKTUR CARITA KATUT ASPÉK PSIKOLOGIS DINA KUMPULAN CARITA PONDOK PANGGUNG WAYANG………... 54


(7)

4.1. 2 Sinopsis………….……… 55

4.2. Analisis Struktur Carita dina Kumpulan Carita Pondok Panggung Wayang……….. 80

4.2.1 Téma……… 80

4.2.2 Sarana Carita……… 84

4.2.2.1 Alur……….. 84

4.2.2.2 Latar………. 86

4.2.2.3 Tokoh jeung Penokohan……….. 87

4.2.3 Sarana Carita………. 89

4.2.3.1 Judul………... 89

4.2.3.2 Puseur Implengan……….. 90

4.2.3.3 Gaya Basa………. 91

4.3 Analisis Aspék psikologis dina Kumpulan Carita Pondok Panggung Wayang……… 93

4.3.1 Pedaran Analisis Aspék Psikologis dina Kumpulan Carita Pondok Panggung Wayang…. 130 4.4 Patalina Antara Struktur Carita jeung Kagemblengan Carita……… 131

4.5 Patalina antara Aspék Psikologis jeung Struktur Carita……….. 135

BAB V Kacindekan jeung Saran………. 138

5.1 Kacindekan……… 138

5.2 Saran……… 141

DAFTAR PUSTAKA 142 LAMPIRAN 145


(8)

(9)

KUMPULAN CERITA PENDEK PANGGUNG WAYANG (Pendekatan Strukturalisme dan Psikologi Sastra)

RONI SURYANA SAPUTRA

ABSTRAK

Tesis ini bertujuan untuk mendeskripsikan struktur cerita, aspek psikologi tokoh, hubungan antarunsur dalam keutuhan cerita, serta hubungan antara aspek psikologis dengan struktur cerita. Pendekatan yang digunakan adalah pendekatan strukturalisme dan psikologi sastra, yang beranggapan bahwa karya sastra dibangun oleh struktur-struktur yang saling mendukung dan melengkapi, serta karya sastra selalu menggambarkan gejala-gejala kejiwaan yang dialami oleh tokoh-tokohnya. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Sedangkan tehnik yang digunakan adalah telaah pustaka dan analisis wacana. Berdasarkan hasil penelitian, (1) tema yang diangkat dalam kumpulan cerita pendek ini sebagian besar menceritakan masalah sehari-hari seperti masalah budaya, percintaan, kondisi sosial, tanggung jawab, mistik, misteri, dan rumah tangga, (2) alur yang tergambar menggunakan alur maju dan “book tengah”, (3) tokoh dalam kumpulan cerita pendek ini menggambarkan tokoh wanita yang mempunyai karakter pencemburu, perasa, mandiri, bertanggung jawab, dan penuh kasih. Sedangkan tokoh laki-laki digambarkan dengan karakter, egois, diktator, pencemburu, emosional, tidak bertanggung jawab, dan mengumbar nafsu. Penokohan yang tergambar dalam kumpulan cerpen ini menggunakan tehnik ekspositori dan tehnik dramatik, (4) latar tempat yang tergambar dalam kumpulan cerita pendek ini menggambarkan kondisi di perkotaan, perkampungan, perumahan, dan alam. Adapun kondisi sosial yang tergambar sebagian besar menggambarkan individu dengan status sosial yang tinggi, miskin, berpendidikan, dan mempunyai pekerjaan yang tetap, (5 ) judul yang terdapat dalam kumpulan cerpen ini sebagian besar bermakna konotasi, bukan dalam arti sebenarnya dan perlu diberi makna serta diinterpretasikan lagi, (6) pusat pengisahan dalam kumpulan cerita pendek ini menggunakan pusat pengisahan orang ketiga dan orang pertama (7) gaya bahasa/majas yang terdapat dalam kumpulan cerita pendek ini sebagian besar menggunakan gaya bahasa simile, personifikasi, hiperbola, metonomia, ironi, peripraseu, dan eufimisme, (8) sedangkan aspek psikologis menggambarkan stimulus respon yang membentuk karakter dan perilaku tokoh-tokohnya yang sudah terkondisikan oleh lingkungan yang berada di sekitarnya.


(10)

THE COMPILATION OF PANGGUNG WAYANG SHORT STORIES (Literature Structuralism and Psychological Approach)

RONI SURYANA SAPUTRA

ABSTRACT

The thesis was intended to describe the structure of the short story, the characters’ psychological aspects, the relationship among aspects in the complete stories, and the relationship among psychological aspects with structures of the stories. It used structuralism and psychological literature approach which assumed that literary works were constructed by structures that supported and completed each other, and literary works frequently showed psychological phenomena experienced by the characters. The method employed was descriptive method. It used literature reviews and document analysis technique. It was then found out that (1) the theme raised in the collection of short stories were mostly about daily life such as cultural issues, love, social condition, responsibility, mystic, mystery, and household, (2) the plot illustrated was progressive and “bobok tengah”, (3) the character of the stories indicated a woman who was envious, sensitive, autonomous, responsible, and full of love, while the man character was described as a selfish person, dictator, full of jealous, emotional, irresponsible, and exploded his desire. The characters illustrated in the short stories used expository and dramatic technique, (4) the setting shown condition in towns, villages, housing complex, and nature. The social condition illustrated were mostly about individuals with high-social status, poor, educated, and had firm jobs, (5) most titles in the collection were connotative, not in the true meaning, and needed to be meant and interpreted more, (6) the point of view used the third person point of view and the first person point of view, (7) the figure of speech mostly used terms, methapore, hyperbolic, personification, metonim, periphrase, and euphemism (8) psychological aspects indicated stimulus response which constructed characters and their characteristics conditioned by the environment.


(11)

1

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Karya sastra dina enas-enasna mangrupa hasil karya cipta manusa anu gelar dina média lisan atawa tulisan. Karya sastra gelar salaku réfléksi kahirupan masarakat anu mangrupa eunteung tina kahirupan anu sabenerna. Ngaliwatan basa pangarang ngébréhkeun sagala rasa nu nu aya dina jiwana, boh dina wangun konsép, boh dina wangun gagasan jeung pikiran. Réalita tina kahirupan anu sabenerna dikokolakeun ngaliwatan prosés kréatif manusa anu tuluy ngajanggélék jadi karya sastra. Prosés kréatif tangtuna luyu jeung pangaweruh, pangalaman,

“pemahaman”, sarta “penghayatan” pangarang dina dunya anu sabenerna.

Ngaliwatan proés kréatif anu diwuwuh ku imajinasi, kahirupan manusa kagambar dina karya sastra.

Minangka produk seni anu kréatif, karya sastra diwuwuh ku ajén-ajén nu luhung. Karya sastra ogé jadi média pikeun ngébréhkeun idé, téori sarta sistem mikir manusa. Salaku karya anu kréatif, sastra diperedih pikeun ngahasilkeun kréasi anu éndah tur jadi bahan pikeun ngamalirkeun kaéndahan-kaéndahan, pikeun nyumponan kabutuh manusa sacara lahiriah jeung batiniah. Ku kituna karya sastra jadi média kréatif pangarang dina ngébréhkeun jeung nyurahan kahirupan manusa.

Minangka produk tina prosés kréatif, sastra mangrupa ékprési jiwa pangarang dina ngagelarkeun karya-karyana, boh lisan boh tulisan. Ieu hal teh luyu jeung pamanggih Isnéndés (2009, kc. 11) anu nétélakeun yén sastra téh mangrupa produk tina prosés kréatif anu taya lian mangrupa éksprésitas pangarang dina ngagelarkeun karyana, boh lisan boh tulisan. Éta ébréhan rasa anu ngajangélék jadi sastra teh diwadahan kana wadah nu dianggap merenah ku sastrawan, nya éta dina wanda prosa, puisi, atawa (naskah) drama.


(12)

2

Dina hasanah kasusastraan Sunda, karya sastra téh digolongkeun jadi tilu wanda karya, nya éta: puisi, prosa, jeung carita drama. Salah sahiji wanda sastra nu sumebar dimasarakat nya éta karya sastra dina wanda prosa. Sastra anu kaasup kana wanda prosa nya éta: carita pondok, roman, novelét jeung novel. Luyu jeung pamanggih Sumardjo jeung Saini KM (1988, kc. 29) anu nétélakeun yén prosa atawa nu ilahar disebut prosa naratif dina enas-enasna dibagi jadi tilu genre, nya éta novel, roman, carita pondok, jeung novelét.

Carita pondok (carpon) salaku salahsahiji wanda karya sastra mibanda fungsi dina kahirupan masarakat, di antarana ngagambarkeun situasi jeung kondisi kamanusaan, kepekaan batin, kondisi sosial, atikan sarta ajén estétis. Ieu hal téh luyu jeung pamanggih Sumardjo jeung Saini KM (1988, kc.16) anu nétélakeun:

‘sebagai cabang kesenian, sastra berfungsi memperjelas, memperdalam, dan memperkaya penghayatan manusia terhadap kehidupan mereka. Alatan kitu penghayatan manusa kana kahirupanna, dipiharep bisa ngaronjatkeun ajén

kahirupanana.

Karya sastra anu dihasilkeun ku sastrawan, kaasup carita pondok, salalawasna midangkeun fénomena gejala-gejala kejiwaan. Fénomena-fénomena kajiwaan téh kagambar dina paripolah tokoh-tokohna. Tokoh nu dimaksud nya éta tokoh dina karya sastra atawa tokoh fiksional. Tokoh nurutkeun Isnéndés (2010, kc. 163) nya éta individu-individu anu dipidangkeun dina hiji carita anu ngalaman pertistiwa sarta mibanda sikep, sipat, émosi, prinsip, jst. Sedengkeun Baldic (Nurgiyantoro, 2013, kc 247) nétélakeun tokoh téh nya éta individu anu jadi palaku dina carita fiksi atawa drama. Tina wangenan di luhur katitén yén tokoh mibanda posisi stratégis salaku pembawa sarta penyampai pesan, amanat, moral, atawa sagala hal anu dihaja nu hayang ditepikeun ku pangarang. Tokoh mangrupa hal anu penting dina karya satra sabab jadi jejer carita. Ku kituna, teu salah upama tokoh jadi puseur kajian dina sastra.

Patali jeung aspék kajiwaan tokoh dina karya sastra, tokoh nu dipidangkeun ku pangarang mibanda gejala-gejala kajiwaan anu bisa dianalisis jeung diinterprétasikeun. Gambaran jiwa tokoh anu dihirupkeun ku pangarang téh mangrupa interprétasi sarta éksprési pangarang kana aspék kahirupan manusa,


(13)

3

kaasup aspék kajiwaan manusa. Gambaran kajiwaan para palaku dina sastra mangrupa gambaran jiwa pangarangna. Salian ti éta, gambaran jiwa para palaku gé bisa ngawakilan jiwa-jiwa anu séjénna anu diolah ku pangarang ngaliwatan prosés mikir kréatif.

Panalungtikan ngeunaan aspék kajiwaan tokoh mangrupa hiji panalungtikan nu boga tujuan pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan tokoh sarta rélévansina jeung kahirupan nyata. Panalungtikan samodél kitu ilahar disebut panalungtikan psikologi sastra. Psikologi sastra mangrupa kajian interdisiplin antara psikologi jeung sastra (Endraswara, 2008, kc. 16). Nalaah psikologi sastra dina enas-enasna sarua jeung nalaah manusa tina segi kajiwaanna. Manusa nu jadi objék kajian dina psikologi sastra nya éta tokoh-tokoh dina sastra. Psikologi sastra mangrupa hiji kajian nu sifatna tékstual kana aspék psikologis tokoh dina karya sastra. Lian ti éta, psikologi sastra ogé boga anggapan yén sastra mangrupa hasil ébréhan tur kréativitas pangarang ngaliwatan média basa nu ngaruntuy pikeun kapentingan éstétis, sarta ébréhan jiwa pangarang anu di jerona kagambarkeun suasana kajiwaan, boh suasana mikir boh suasana rasa. Ieu hal luyu jeung pamanggih Ratna (Minderop, 2013, kc 54) anu nétélakeun yén hakékat tina psikologi sastra museurkeun panitén kana masalah unsur-unsur kajiwaan tokoh-tokoh fiksional anu aya dina karya sastra.

Wellek & Warren (Endraswara, 2008, kc.64) nétélakeun yén psikologi sastra dina hakékatna mibanda opat kamungkinan definisi, nya éta: (1) studi pengarang salaku tipe atawa pribadi, (2) studi prosés kréatif. (3) studi tipe jeung hukum-hukum psikologi anu dilarapkeun dina karya sastra, (4) studi akibat sastra ka nu macana.

Pon kitu deui jeung pamanggih Scott (Endraswara, 2008, kc. 65) anu nétélakeun yén aya tilu sasaran analisis dina psikologi sastra anu masih bisa diluyukeun jeung pamanggh di luhur. Tilu sasaran analisis dina psikologi sastra téh nya éta: (1) panalungtikan anu aya patalina jeung ketidaksengajaan antara pengarang jeung nu maca, (2) panalungtikan kahirupan pangarang keur nalungtik karya-karyana, (3) panalungtikan karakter tokoh anu aya dina karya sastra.


(14)

4

Pamanggih lain anu ampir sajalan nya éta pamanggih Daiches (Endrsawara, 2008, kc. 65) anu ngabagi psikologi sastra kana tilu kajian nya éta: (1) Analisis dunia kepengarangan. (2) Analisis tokoh jeung penokohan.(3) Panalungtikan ngeunaan citra arkatipe.

Nu jadi objék dina ieu panalungtikan téh nya éta kumpulan carita pondok

Panggung Wayang. Panggung Wayang mangrupa kumpulan carita podok karya

Aam Amilia anu munggaran jeung anu panglengkepna, ngurung waktu kurang leuwih 20 taun lilana. Ampir kabéh carpon nu dibukukeun mangrupa carpon nu geus terbit dina majalah jeung koran-koran jaman harita. Ieu kumpulan carpon dipilih sabab panalungtik boga anggapan yén ieu kumpulan carpon téh leubeut ku gejala-gejala kajiwaan dina mangsana, anu can kapaluruh tur kagambarkeun nepi ka danget ieu.

Dina ieu panalungtikan pamarekan psikologi anu dilarapkeun nya éta pamarekan psikotékstual. Psiotékstual nya éta pamarekan psikologi sastra tina aspék teks. Ku kituna, panalungtikan nu dipilampah museurkeun kajianana kana analisis tokoh nu aya dina téks sastra.

Téori nu dilarapkeun dina ieu panalungtikan nya éta psikologi behaviorisme. Psikologi behaviorisme nya éta psikologi nu boga anggapan yén paripolah manusa téh ditangtukeun ku lingkunganna. Lingkungan boga peran nu paling penting dina ngawangun karakter jeung paripolah manusa. Sedengkeun konsep teori nu dilarapkeun dina ieu panalungtikan nya éta konsép téori psikologi behaviorime Stimulus-Respon

B.F Skiner nétélakeun yén paripolah manusa téh dipangaruhan ku lingkungan. Lingkungan mangrupa stimulus-stimulus nu ngabalukarkeun ayana réspon nu mangrupa paripolah. Pamarekan behavioral dina kajian psikologi sastra kudu dipilampah dumasar kana tahapan: (1) néangan tur nangtukeun tokoh nu rék dikaji (2) maluruh kamekaran karakter tokoh nu rék dianalisis dumasar kana paripolahna, dialogna, tur pikiranana (3) ngaidentifikasi rupa-rupa paripolah tokoh tur ngadeskripsikeun sarta nyusun klasipikasina (4) ngaidentifikasi lingkungan anu ngawangun paripolah tokoh, jeung (5) matalikeun paripolah anu muncul jeung lingkungan nu jadi kasangtukangna (Aminuddin, 2009, kc. 97). Pamarekan


(15)

5

Psikologi behaviorisme dipilih ku sabab ieu téori boga anggapan yén manusa téh produk lingkungan, sarta karakter nu dipibandana mangrupa réspon tina stimulus nu aya di sabudeureunana. Lian ti éta, panalungtik boga kayakinan yén ieu konsep bisa dilarapkeun pikeun nganalisis tokoh fiksional.

Dina hasanah panalungtikam sastra Sunda, panalungtikan karya sastra nu maké pamarekan psikologis jeung nu sawandana kungsi aya nu nalungtik diantarana baé (1) Novel Patepung di Bandung Karangan Taufik Faturahman (Tilikan Psikologi Sastra). Ieu skripsi téh mangrupa hasil panalungtikan Suci Sarifah Mudaim, dina taun 2013. Dina ieu panalungtikan novel dipedar tur dianalisis dumasar kana pamarekan psikoanalisis Freud. Hasil panalungtikanana nétélakeun yén kapribadian manusa kapasing-pasing jadi tilu nya éta, id, ego, jeung super ego.(2) Panalungtikan Gungun Dedi Guntara anu judulna Tokoh Novel Pipisahan Karya R.A.F (Kajian Psikologis Humanistik). Ieu skripsi medar tokoh-tokohna dina nyumponan kabutuh hirupna. Teori nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téori psikologi Abraham Maslow. (3) Panalungtikan Nur Aliawati Aliyah dina taun 2013 anu jejerna Kapribadian Manusa Sunda dina Kumpulan Carita Pondok Taun 1950-an Nepi Kataun 2000-an. (Ulikan Psikosastra). Dina ieu tésis dipedar ngeunaan kapribadian urang Sunda nu kapanggih dina carpon dina mangsa 1950-an nepi ka taun 2000-an. Teori nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta psikologi kapribadian Carl Gustav Jung. Hasil tina panalungtikanana kagambar yén kapribadian manusa Sunda nu kapanggih dina carpon dina taun 1950-an nepi ka200-an lolobana kapribadian

introvert batan kapribadian ekstrovert.

Salian ti pamarekan psikologi sastra, objék nu ditalungtik dina ieu panalugtikan téh kungsi aya nu ngaguar, diantarana, (1) panalungtikan Rini Rosdiani dina taun 2003 anu jejerna Kecap Panambah Aspek Modalitas dina Kumpulan Carita Pondok Panggung Wayang. Ieu skripsi medar tur ngainvétarisir ngeunaan kecap panambah aspék modalitas nu aya dina kumpulan carita pondok

Panggung Wayang. (2) Panalungtikan Yanti Nuryanti dina taun 2005 anu jejerna


(16)

6

Wayang. Ieu skripsi medar tur ngainvétarisir kecap panganteur anu aya dina

kumpulan carita pondok Panggung Wayang

Tina pedaran di luhur katitén yén panalungtikan nu dipilampah téh béda jeung panalungtikan-panalungtikan anu kasebut di luhur. Sok sanajan kajian nu dipaké sarua nya éta kajian psikologi sastra tapi tangtuna téori nu dilarapkeun béda jeung panalungtikan anu kasebut di luhur. Lian ti éta, sok sanajan Panggung

Wayang kungsi aya nu nalungtik tapi objék kajianna béda pisan jeung

panalungtikan nu rék dipilampah. Ku kituna, dumasar kana pedaran di luhur diayakeun panalungtikan kana Kumpulan carita pondok Panggung Wayang

(Tilikan strukturalisme jeung Psikologi Sastra)

1.2 Watesan Masalah

Sastra téh diwangun ku unsur-unsur anu tangtu tur silih lengkepan. Sangkan teu lega teuning ambahanna, struktur dina ieu panalungtikan ngawengku: (1) téma, (2) struktur carita; alur, latar, tokoh jeung penokohna, (3) sarana carita; judul, puseur implengan, jeung gaya basa. Pon kitu deui jeung Psikologi sastra. Psikologi sastra téh museur kana aspék-aspék kajiwaan nu aya dina karya sastra. Aya opat kajian psikologi sastra anu jadi puseur dina panalungtikan karya sastra nya éta: (1) pangarang salaku pribadi, (2) proses kréatif, (3) tokoh jeung penokohan sarta, (4) réspon pamaca kana karya sastra. Alatan kahengkér ku waktu panalungtikananana, ieu panalungtikan dipuseurkeun kana karakter jeung paripolah tokoh disawang tina aspék psikologi sastra.

1.3 Rumusan Masalah

Sabada diwatesanan, ieu panalungtikan baris dirumuskeun saperti ieu di handap:

a. Kumaha struktur carita (téma, alur, latar, tokoh jeung penokohan, judul, puseur implengan jeung gaya basa) nu kapangih dina kumpulan carita pondok Panggung Wayang?

b. Aspék psikologis naon waé nu aya dina kumpulan carita pondok


(17)

7

c. Kumaha patalina antarstuktur carita dina kagemblengan carita nu aya dina kumpulan carita pondok Panggung Wayang?

d. Kumaha patalina aspék psikologis jeung struktur carita dina kumpulan carita pondok Pangung Wayang?

1.4 Tujuan Panalungtikan 1.4.1 Tujuan umum

Sacara umum ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngagambarkeun stuktur carpon nu ngawengku téma, alur, latar, tokoh, jeung penokohan, gaya basa, puseur implengan, jeung judul, patalina antarstruktur dina carita, sarta patalina karakter tokoh jeung aspek psikologi, disawang tina pamarekan strukturalisme. Salian ti éta, ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngagambarkeun karakter tur paripolah tokoh nu aya dina kumpulan carpon

Panggung Wayang disawang tina aspék psikologi sastra.

1.4.2 Tujuan husus

Sacara husus ieu panalungtikan mibanda tujuan pikeun mikanyaho sarta ngadéskripsikeun:

a. Struktur carita (téma, alur, latar, tokoh jeung penokohan, judul, puseur implengan jeung gaya basa) dina kumpulan carita pondok Panggung

Wayang

b. Aspék psikologis anu aya dina kumpulan carita pondok Panggung

Wayang.

c. Patalina antrarsrtuktur jeung kagemblengan carita nu aya dina kumpulan carita pondok Panggung Wayang

d. Patalina antara aspék psikologis jeung struktur carita dina kumpulan carita pondok Pangung Wayang


(18)

8

1.5 Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Téoritis

Sacara téoritis ieu panalungtikan dipiharep jadi salah sahiji cara pikeun mekarkeun teori strukturalisme jeung psikologi sastra, sarta jadi bahan pikeun nguatkeun téori-téori strukturalisme jeung psikologi sastra nu boga anggapan yén sastra téh mangrupa beungkeutan struktur anu gumulung, sarta hasil kréativitas sarta éksprési pangarangna anu leubeut ku aspék-aspék psikologis.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan nambahan kabeungharan hasanah kasusastraan Sunda, sarta ieu panalungtikan bisa jadi référénsi pikeun nalungtik ieu kumpulan carpon tina aspék nu séjéna.

1.6 Srtuktur Organisasi Tésis

Ieu panalungtikan baris disusun dina lima bab kalawan sistematika saperti ieu dihandap:

BAB I BUBUKA, mertélakeun kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi tésis.

BAB II, mertélakeun, kumpulan carita pondok Panggung Wayang dumasar kana tilikan strukturalisme jeung psikologi sastra. Ngadadarkeun sajumlahing téori anu dijadikeun tatapakan pikeun nganalisis pasualan anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lainna salaku rujukan konsép. Sawangan anu didadarkeun ngawengku kana, carita pondok, strukturalisme, jeung tilikan psikologi sastra.

BAB III Metode Panalungtikan, mertélakeun perkara metode panalungtikan, téhnik panalungtikan, sumber data, tehnik ngumpulkeun data, prosedur analisis data,

BAB IV Déskripsi jeung Analisis data, ngadadarkeun hasil analisis data anu dijadikeun sampel dina panalungtikan jeung pedaranana dumasar kana pamarekan strukturalisme jeung psikologi sastra.


(19)

9

BAB V Kacindekan jeung Saran, mertelakeun kacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab saméméhna, jeung sawatara saran anu dianggap penting pikeun panalungtikan liana.


(20)

42

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Nu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta kumpulan carita pondok Panggung Wayang. Kumpulan carita pondok Panggung wayang mangrupa kumpulan carita podok karya Aam Amalia anu munggaran jeung anu panglengkepna. Ieu kumpulan carita pondok téh eusina 50 judul carpon. Saperti nu dipedar dina tabél di handap.

Tabél 3.1

Judul–Judul Carpon dina Kumpulan Carita Pondok Panggung Wayang

No Judul Carpon Tempat Dipedalkeuanna Téma

1 “Timburu” Manglé, No. 100 Cinta

2 “Talaga Nu Liuh” Manglé ,No.121 Rumah tangga

3 “Kikisik Sisi Basisir” Hanjuang, No. 3 Cinta

4 “Sabot Panonpoé Surup” Hanjuang, No.4 Tanggung jawab

5 “Halimun” Hanjuang No. 08 Tanggung jawab

6 “Rarakitan” Hanjuang, No. 014 Cinta

7 “Ratu Nu Pangdusunna” Manglé, No 347 Rumah tangga

8 “Deudeuh Nila” Manglé, No. 314 Rumah tangga

9 Satria Gagah Sakti Manglé, No 337 Sosial

10 “Laut Kidul Kabéh Katingali” Manglé, No 314 Tanggung jawab

11 “Sumuhun Dawuh” Manglé, No 922 Sosial

12 “Dukun Kartu” Manglé, No 872 Budaya

13 “Angin Jalan-Jalan” Manglé, No. 814 Sosial

14 “Kedok” Manglé, No 816 Rumah tangga

15 “Lipstik” Manglé, No 866 Rumah tangga

16 “Eyang Putri Ronggengsari” Manglé, No 876 Budaya

17 “Lalajo Wayang” Manglé, No 881 Budaya


(21)

43

No Judul Carpon Tempat Dipedalkeuanna Téma

19 “Alwasim” Manglé, No 1000 Sosial

20 “Peso Balati” Manglé, No 990 Sosial

21 “Angin Rintih Langit

lénglang”

Manglé, No 982 Rumah tangga

22 “Sora” Manglé, No 964 Rumah tangga

23 Karang Manglé, No 938 Cinta

24 “Imah Anu Tiis Tingtrim” Manglé, No. 947 Rumah tangga

25 “Boneka Diuntun Dua” Manglé, No 934 Sosial

26 “Sinom Sumbang” Manglé, No 953 Tanggung jawab

27 “Umbul-Umbul” Manglé, No. 965 Sosial

28 “Buronan” Manglé, No.--- Sosial

29 “Peuting Ngagayuh Ka Subuh” Manglé, No 653 Rumah tangga

30 “Harga Kajujuran” Manglé, No. 710 Sosial

31 “Lir sakeclak ciibun” Manglé, No. 752 Rumah tangga

32 “Nu Reureuh Handapeun

Tangkal”

Manglé, No. 807 Sosial

33 “Ngeunteung” Manglé, No. 689 sosial

34 “Galatik” Manglé, No. 637 Sosial

35 “Sit Uncuing” Manglé, No. 665 Budaya

36 “Jugjugeun” Manglé, No. 673 sosial

37 “ Jasa” Manglé, No.662 sosial

38 “Orok” Manglé, No.977-980 mistik

39 “Korsi Goyang” Manglé, No 866-871 mistik

40 “Imah Angker” Katumbiri No. 2 Misteri

41 “Sarung Batik” Katumbiri, No 3 Misteri

42 “Heulang Ruyuk” Katumbiri, No.7 Misteri

43 “Randa Beunghar” Katumbiri, No 5 Misteri

44 “Dina Hiji Peuting” Galura, No. 2 Taun ka-1 Rumah tangga


(22)

44

46 “Dina Lolongkrang Peuting” Galura, No.37 Taun ka-3 Sosial

47 “Tepung Taun” Galura, No.19 Taun ka-3 Budaya

48 “Panonpoé Tunggang

Gunung”

Galura, No.40 Taun ka-3 Cinta

49 “ Kongorong Emas” Galura, No 10 Taun ka-4 sosial

50 “Kincir Angina Muter Kénéh” Galura, No24 Taun ka-4 Cinta

Sabada diidentifikasi dumasar kana téma, téma dina ieu carpon kabagi jadi 7 téma jembar nya éta, budaya, cinta, mistik, mistreri, rumah tangga, tanggung jawab, jeung sosial, saperti nu dipedar ieu di handap.

3.2 Tabél

Judul Carpon dumasar Téma Budaya

NO Judul Carpon Tempat di Pedalkeunana

1 “Dukun Kartu” Manglé, No 872

2 “Eyang Putri Ronggeng Sari” Manglé, No 876

3 “Lalajo Wayang” Manglé, No 881

4 “Sit Uncuing” Manglé, No. 665

5 “Tepung Taun” Galura, No.19 Taun ka-3

3.3 Tabél

Judul Carpon dumasar Téma Cinta

NO Judul Carpon Tempat Dipedalkeunana

1 “Timburu” Manglé, No. 100

2 “Kikisik Sisi Basisir” Hanjuang, No. 3

3 “Rarakitan” Hanjuang, No. 014

4 “Karang” Manglé, No 938

5 “Panonpoé Tunggang Gunung” Galura, No.40 Taun ka-3


(23)

45

3.4 Tabél

Judul Carpon dumasar Téma Mistik

NO Judul Carpon Tempat Dipedalkeunana

1 “Orok” Manglé, No.977-980

2 “Korsi Goyang” Manglé, No 866-871

3.5 Tabél

Judul Carpon dumasar Téma Misteri

NO Judul Carpon Tempat Dipedalkeunana

1 “Imah Angker” Katumbiri No. 2

2 “Sarung Batik” Katumbiri, No 3

3 “Heulang Ruyuk” Katumbiri, No.7

4 “Randa Beunghar” Katumbiri, No 5

3.6 Tabél

Judul Carpon dumasar Téma Rumah Tangga

NO Judul Carpon Tempat Dipedalkeunana

1 “Talaga Nu Liuh” Manglé ,No.121

2 “Ratu Nu Pangdusunna” Manglé, No 347

3 “Deudeuh Nila” Manglé, No. 314

4 “Kedok” Manglé, No 816

5 “Lipstik” Manglé, No 866

6 “Fatamorgana” Manglé, No 1019

7 “Angin Rintih Langit lénglang” Manglé, No 982

8 “Sora” Manglé, No 964

9 “Imah Anu Tiis Tingtrim” Manglé, No. 947

10 “Peuting Ngagayuh Ka Subuh” Manglé, No 653

11 “Lir Sakeclak Ciibun” Manglé, No. 752


(24)

46

3.7 Tabél

Judul Carpon dumasar Téma Sosial

NO Judul Carpon Tempat Dipedalkeunana

1 Satria Gagah Sakti Manglé, No 337

2 “Sumuhun Dawuh” Manglé, No 922

3 “Angin Jalan-Jalan” Manglé, No. 814

4 “Alwasim” Manglé, No 1000

5 “Péso Balati” Manglé, No 990

6 “Boneka Diuntun Dua” Manglé, No 934

7 “Umbul-Umbul” Manglé, No. 965

8 “Buronan” Manglé, No.---

9 “Harga Kajujuran” Manglé, No. 710

10 “Nu Reureuh Handapeun Tangkal” Manglé, No. 807

11 “Ngeunteung” Manglé, No. 689

12 “Galatik” Manglé, No. 637

13 “Jugjugeun” Manglé, No. 673

14 “ Jasa” Manglé, No.662

15 “Méga-méga Tingrariak” Katumbiri, No 8

16 “Dina Lolongkrang Peuting” Galura, No.37 Taun ka-3

17 “ Kongorong Emas” Galura, No 10 Taun ka-4

3.8 Tabél

Judul Carpon dumasar Téma Tanggung Jawab

NO Judul Carpon Tempat di Pedalkeunana

1 “Sabot Panonpoé Surup” Hanjuang, No.4

2 “Halimun” Hanjuang No. 08

3 “Laut Kidul Kabéh Katingali” Manglé, No 314


(25)

47

Patali jeung waktu, katut kasempétan dina nganalisisna, ku kituna teu sakabeh carita pondok bakal dianalisis, tapi kucara maké sampel purposif nya éta dumasar kana kabutuhan panalungtikan luyu jeung pamanggih Sedamaryanti

(2002, kc. 131) anu netelakeun yén “dalam sampling pertimbangan/purposive,

pertimbangan peneliti memegang peranan, bahkan menentukan dalam

pengambilan sekumpulan objek”.

Arikunto (2010, kc. 183) anu netelakeun yén:

“Sampel bertujuan atau purposive sample dilakukan dengan cara mengambil subjek bukan disasarkan atas strata, random atau daerah tetatpi didasarkan adanya tujuan. Walaupun cara ini diperbolehkan, yaitu peneliti bisa menenukan sampel berdasarkan tujuan tertentu, tetapi ada syarat-syarat yang harus dipenuhi.

a. Pengambilan sampel harus didasarkan atas ciri-ciri, sifat-sifat atau karakteristik tertentu, yang merupakan ciri-ciri pokok populasi

b. Subjek yang diambil banyak mengandung ciri-ciri yang terdapat pada populasi

c. Penentuan karakteristik populasi dilakukan dengan cermat dalam studi pendahuluan”

Tina pedaran diluhur katitén yén panalungtik bisa nangtukeun sampel dumasar kana kapentingan jeung kaperluan panalungtikan. Sabada di identifikasi jeung diklasifikasikeun dumasar kana tema. Tina 50 judul carpon nu aya, dipilih 20 carpon nu dianggap bisa ngawakilan jejer panalungtikan jeung bisa ngagambarkeunsituasi pajamanana.

carpon nu dipilih nya éta carpon anu dianggap bisa ngawakilan jejer panalungtikan. Nu jadi tinimbangan liana nya éta salaku salasahiji karya sastra nu jadi eunteung atawa titiron kahirupan (mimétik), carpon nu dipilih bisa ngahibur sarta gedé mangpaatna pikeun nu maca. Luyu jeung pamanggih Edgar Allan Poe (Wellek & Warren, 1990, kc, 24-25) anu nétélakeun yén karya sastra téh ngaboggan fungsi pikeun ngahibur, sakaligus ngajarkeun hiji hal anu aya mangpaatna. Éta hal ogé luyu jeung pamanggih Horace ngeunaan dulce at etile, yén sastra téh éndah sarta gedé mangpaatna.


(26)

48

3.2 Desain Panalungtikan

Panalungtikan kumpulan carita pondok Panggung Wayang (Tilikan Strukturalisme jeung Psikologi Sastra) digambarkeun dina désain panalungtikan sakumaha bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 : Desain Panalungtikan.

Tina bagan di luhur katitén yén kumpulan carita pondok dianalisis strukturna tuluy pikeun nganalisis aspék kajiwaan dipaké pamarekan psikologi sastra. Ieu desain téh dipiharep bisa ngajéntrékeun sarta ngajawab nu jadi jejer panalungtikan

Salian ti bagan di luhur ieu panalungtika ogé maké siklus analisis data model interaktif mangrupa salah sahiji model dina tahap ngumpulkeun jeung nganalisis data. Ieu model analisis upama digambarkeun katiten siga ieu di handap:

Psikologi Sastra 1.Tema

2. Fakta carita - Latar - Alur

- Tokoh jeung Penokohan

3.Sarana Carita - Judul

- Puseur implengan - Gaya basa

Respon Stimulus Kumpulan Carita Pondok Panggung Wayang

Struktural

Karakter jeung paripolah tokoh


(27)

49

3.2 : Bagan Siklus Analisis Data Panalungtikan Model Interaktif

Saméméh dianalisis, data nu geus kakumpulkeun ngaliwatan téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. Satuluyna diklasifikasikeun, data direduksi ngaliwatan proses seleksi dumasar kana kapentingan panalungtikan. Kagiatan midangkeun data mangrupa hiji proses ngaorganisasikeun informasi anu kapaluruh ngaliwatan panalungtikan. Dina ieu pidangan data aya kagiatan nyindekkeun jeung memverifikasi. Basrowi (2008, kc. 209-210) nétélakeun yén kagiatan nyindekkeun jeung memverifikasi mangrupa léngkah penting dina prosés panalungtikan. Nyindekkeun hasil panalungtikan téh dumasar kana informasi analisis data nu geus dipaluruh. Sabada kitu dilaksanakeun tapsiran inteléktual kana kacindekan-kacindekan nu dicangking.

3.3 Metode Panalungtikan

Sacara umum metode panalungtikan dihartikeun salaku cara ilmiah pikeun meunangkeun data kalayan tujuan jeung mangpaat anu tangtu (Sugioyono, 2012, kc. 3). Metode panalungtikan téh mangrupa hiji tarékah anu dipaké pikeun ngahontal hiji tujuan. Arikunto (1996, kc. 150) nétélakeun yén metode panalungtikan teh nya éta cara anu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Dumasar kana rumusan jeung tujuan nu hayang dihontal, metode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metode kualitatif. Kalayan pidangan

Ngumpulkeun data

Pidangan data

Reduksi data

Kacindekan/ verifikasi data


(28)

50

data anu deskriptif nya éta mangrupa metode anu ngungkulan pasualan nu aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun, atawa milah-milah, dipasing-pasingkeun, analisis sarta nafsirkeun data. Luyu jeung pamanggih Sukmadinata (2009, kc.72) anu nétélakeun yén metode deskriptif téh nya éta mangrupa metode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fenoména, boh anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa rekayasa, kalayan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan sarta bédana jeung fénomena liana. Ratna (2008, kc. 45-46) nétélakeun yén metode kualitatif déskriptif téh nya éta metode anu ngagunakeun penapsiran, pikeun mertahankeun hakékat ajén-ajén dina wangun deskriptif.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré jeung teu lésot tina udagan panalungtikan, perlu ayana wangenan istilah-istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan, sakumaha anu ditétélakeun ieu di handap:

1. Strukturalisme nya éta hiji kajian dina teori sastra anu medar tur nganalisis karya sastra dumasar kana hiji prinsip yén sastra téh nya éta hiji-hijina jalan pikeun néangan ma’na. Téks sastra téh nya éta dunya otonom. Téks sastra téh nya éta dunya kecap. Ku sabab kitu. makna gembleng téks sastra mah lain dumasar kana unsur perstruktur, tapi dumasar kana hubungan antara pangwangun hiji struktur/sistem. Struktrur/sistem nu dimaksud dina ieu panalungtikan ngawengku: téma, alur, latar, tokoh jeung penokohan, judul, puseur implengan, sarta gaya basa.

2. Psikologi sastra nya éta pamarekan anu boga sawangan yén karya sastra téh mindeng ngabahas karakter jeung paripolah manusa nu rupa-rupa. Psikologi sastra mangrupa konsép anu dipaké pikeun neuleuman aspék kajiwaan tokoh dina hiji carita. Ngaliwatan psikologi sastra, carpon ditalaah salaku karya sastra, nu mangrupa hasil tina kayaan kajiwaan jeung pamikiran pangarangna ku kituna pamarekan psikologi sastra dipaké pikeun meunang gambaran negunaan karakter jeung paripolah tokoh-tokohna.


(29)

51

3. Carita pondok nu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta karangan prosa dina wangun lancaran anu pondok, sarta ngabogaan sifat naratip. Carpon-carpon nu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta carpon anu aya dina kumpulan carita pondok karya Aam Amilia anu judulna

Panggung Wayang

3.5Instrumen Panalungtikan

Pikeun mikanyaho struktur carita sarta aspék psikologis, anu aya dina sumber data. Diperlukeun hiji instrumén panalungtikan. Instrument anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta lembar analisis.

Lembar analisis anu dipaké dina ieu panalungtikan katitén saperti ieu di handap:

3.9 Tabél Lembar Analisis

No Struktur Carpon Analisis pangjentre

1 Tema

2 Fakta carita 2.1. Alur 2.2 Latar

2.2.1 Latar Tempat 2.2.2. Latar waktu 2.2.3 Latar sosial 2.3. Tokoh

2.3.1 Tokoh Utama 2.3.2. Tokoh tambahan 2.4. Penokohan

3 Sarana carita 3.1 Judul

3.2 Puseur Implengan 3.3 Gaya Basa


(30)

52

Karakter jeung

Paripolah tokoh utama

Karakter jeung

paripolah tokoh

tambahan

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik Ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik taalah pustaka, analisis téks (wacana). Téhnik talaah pustaka dipaké pikeun nalaah sajumlahing teori nu aya patalina jeung panalungtikan. Sedengkeung analisis téks dipaké pikeun neuleuman bahan nu geus dikumpulkeun tuluy diteuleuman eusina nepika kapanggih jeung jejer panalungtikan.

Téhnik ngumpulkeun data mangrupa léngkah anu paling utama dina panalungtikan, sabab tujuan utama tina panalungtikan nya éta pikeun meunangkeun data. Suharsaputra (2012, kc.207) nétélakeun yén ngumpulkeun data dina enas-enasna mangrupa runtuyan prosés anu kudu dipilampah ku saurang panalungtik anu diluyukeun jeung panalungtikan anu keur dipilampah. Tahapan ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta make metode dokuméntasi. Arikunto (2010, kc.274) anu netelakeun yén metode dokumentasi nya éta cara néangan data ngeunaan hal-hal atawa variable nu mangrupa catétan, transkrif, surat kabar, majalah, prasasti, notulén rapat, legger, agenda jrrd.

Lengkah-lengkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan dipilampah saperti ieu di handap:

a. Maca kumpulan carita pondok Panggung Wayang, b. Nyieun klasifikasi carpon dumasar kana témana. c. Nangtukeun/milah carpon nu rék dianalisis,


(31)

53

3.7 Téhnik Ngolah jeung Analisis Data

Sabada data kakumpulkeun ngaliwatan lembar analisis, tuluy data nu kapumpulkeun téh di analisis. Analisis data anu baris dipilampah ngaliwatan prosés-prosés kayanging, (1) réduksi data nya éta prosés ngolah data ti lapangan kalayan dipilih jeung dipilah, tuluy dibasajankeun kalayan ngarangkum nu penting-penting luyu jeung kabutuhan panalungtikan, (2) pidangan data, nya éta prosés dimana data-data nu réngsé diréduksi dipidangkeun pikeun dianalisis sacara gembleng, (3) kacindekan jeung verifikasi, sabada data dipidangkeun satuluyna data diverifikasi jeung dianalisis nepikeun ka meunangkeun gambaran ngeunaan masalah jeung jawaban tina panalungtikan.

Léngkah-léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan dipilampah saperti ieu di handap:

a. Niténan deui data nu geus dikumpulkeun

b. Nyieun papasingan data struktur jeung aspék psikologis carpon c. Analisis struktur carita jeung aspék psikologis

d. Ngadéskripsikeun struktur carita jeung aspék psikologis e. Nafsirkeun struktur carita jeung aspék psikologis


(32)

138

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan medar struktur carita jeung aspék psikologis dina kumpulan carita pondok Panggung Wayang. Luyu jeung tujuan anu rék dihontal dina ieu panalungtikan, nya éta pikeun ngdéskirpsikeun struktur jeung aspék psikologis dina kumpulan carita pondok Panggung Wayang, sabada dipaluruh, tuluy dicindekkeun yén:

a. Struktur carita dina ieu kumpulan carita pondok ngawengku:

1) Tema-tema nu kapanggih dina ieu carita pondok umumna ngeunaan kahirupan sapopoé, kayaning masalah cinta, sosial, budaya, tanggung jawab jeung rumah tangga, misteri jeung mistik. 2) Fakta carita nu ngawengku: alur tokoh jeung penokohan;latar, nu

kapanggih dina ieu kumpulan carita pondok, dicindekkeun saperti ieu di handap:

a) Alur téh mangrupa runtyan kajadian nu aya dina carita. Alur nu kapanggih dina ieu kumpulan carita pondok loloana make alur merele, aya sababraha carpon anu make alur bobok tengah,

b) Tokoh jeung penokohan, tokoh téh nya éta palaku nu aya dina carita. Dumasar kana perananan tokoh Dina kumpulan carita pondok kabagi dua nya eta tokoh utama jeung tokoh tambahan. Tokoh utama dina ieu kumpulan carita pondok lolobana tokoh awewe. Tokoh awewe nu dipidang mibanda karakter anu kompleks, mandiri, pasrah, percaya diri teu boga pendirian, ngagugulung perasaan, timburuan jeung tanggung jawab. Sedengkeun tokoh utama lalaki dipidangkeun boga karakter anu kurang hade kayaning: egois, ngalajur napsu, resep salingkuh ,jeung tukang tipu Tapi aya oge karakter tokoh utama lalaki anu dipidangkeun boga karakter, motekar,


(33)

139

rajin, jujur, jeung tanggung jawab. Tokoh-tokoh tambahan boga karakter nu rupa-rupa, ieu karakter téh dijieun pikeun ngarojong kana karakter tokoh utamana.

c) Latar téh nya éta tempat, waktu jeung kondisi sosial dina carita. Latar tempat nu kagambar dina ieu kumpulan carpon, lolobana sarua jeung latar carpon nu umum. nya éta nyaritakeun kahirupan kota dikota, di kampung jeung padesaan, nu dikampus, di kantor, di imah, tapi aya oge nu nyaritakeun latar pagawean di hotel, lokalisasi jeung di bar, sarta sisi laut. Latar waktu oge teu pati beda jeung carpon dina umumna, nyaritkeun kajadian ti beurang, tipeuting, mangsa nu geus kaliwat. Latar sosial nya éta kondisi jeung status tokoh dina carita. Dina ieu kumpuln carita pondok, tokoh-tokohna lolobana digolongkeun kana status sosial nu menengah ka luhur, aya eta oge carpon anu nyaritakeun status sosial anu handap.tokoh nu status sosialna handap ulukutek we jeung kahirupanna teu boga kereteg pikeun robah. Tapi aya oge carpon nu nyaritakeun latar sosial nu handap tapi boga kereteg keur ngarobah diri. Tina sawangan pakasaban tokoh digambarkeun ku ayana direktur, guru, patani, pengusaha, koruptor, wartawan, awewe baong.

3) Sarana carita nu ngawengku; judul; puseur implengan; gaya basa. Nu kapaluruh dina ieu kumpula carpon bisa dicindekkeun saperti ieu dihandap:

1) Judul téh mangrpa gambar tina eusi carita nu rek ditepikeu.dina ieu kumpulan carpon kapaluruh yénjudul-judul nu aya dina ieu kumpulan carita pondok mangrupa simbol-simbol, atawa tanda nu kudu dimaknaan

2) Puseur implengan téh mangrupa karancagean pangaran dina mawakeu carita. Puseur implengan nu dipake dina ieu


(34)

140

kumpulan carpon nya éta make puseur implengan caturan jalma ka tilu, jeung caturan jalmakahiji

3) Gaya basa téh mangrupa cara pangarang dina ngebrehkeun ide gagasanna ngaliwatan media basa. Basa nu dipake dina ieu kumpulan carita pondok nya eta basa sapopoe anu basajan tur gampang dipikahari ku nu macana. Sakapeung basa direumbeuy ku basa indonesia jeung basa asing dumasar kana warnana gaya basa nu kapanggih dina ieu kumpulan carpon nya eta ngupamakeun, mijlama, rarahulan, ebrehan, silib, ocon jeung rautan.

b. Aspek Psikologis dina ieu carpon museur kana karakter jeung paripolah tokoh-tokohna numangrupa pagaruh tina lingkungan sabudeureunana. Karekter jeung paripolah tokoh teh mangrupa respon tina stimulus-stimulus lingkuganana. Lingkungan nu dimaksud nya éta kaayan ekonomi,, sosial, pikiran, rasa, jeung paripolah tokoh sejen. Karakter jeung paripolah tokoh-tokohna mangrupa respon jeung stimulus nu geus dikondisikeun samemehna. Stimulus jeung respon nu geus dikondisikeun ieu anu ngawangun karakter jeung paripolah tokoh-tokoh dina ieu kumpulan carita pondok

c. Patalina Antar unsur jeung kagemblengan carita, di cindekkeun yen Patalina antarusur dina ieu panalungtikan ngawengkeu kana, (1) patalina tema jeung alur, (2) patalina tema jeung tokoh sarta penokohan, (3) patalina téma jeung latar, (4) patalina alur jeung tokoh sarta penokohan, (5) patalina alur jeung latar,(6) patalina latar jeung tokoh sarta penokohan. d. Patalina Antara aspek Psikologis jeung struktur carita dicindekkeun yén

Dina ieu kumpulan carpon patalina Aspék psikologis jeung struktur carita kapanggih dina tema, jeung tokoh sarta penokohanna


(35)

141

5.2. Saran

Ieu panalungtikan téh medar masalah sturuktur jeung aspék psikologis. Sabada ngayakeun panalungtikan, dina ieu kumpulan carita pondok téh gening leubeut pisan ku ajen-inajen anu can kaguar ku ieu panalungtikan.ku kituna saran tina ieu panalungtikan nya eta:

a) Tina sisi aspék psikologi sastra ieu panalungtikan téh ngan medar kajiwaan tokoh sacara tékstual. ku kituna, dipiharep aya panalungtikan psikologi sastra tina aspek proses kreatif pangarang, kajiwaan pangarang, sarta respon pamaca kana ieu kumpulan carpon disawang tina jihat kajian nu sejen.

b) Ieu kumpulan carita pondok téh leubeut ku ajén inajén anu can kaguar. Ku kitunna, dipiharep aya panalungtikan ngeunaan kumpulan carpon disawang tina jihat paelmuan sejen.

c) Disawang tina aspék psikologis, karakter jeung paripolah dina ieu kumpulan carita pondok bisa dijadikeun bahan pangajaran apresiasi sastra di SMA/SMK/MA.


(36)

142

DAFTAR PUSTAKA

Aliyah, Nur Aliawati (2013) Kapribadian Manusa Sunda dina Kumpulan Carita

Pondok Taun 1950-an Nepi Kataun 2000-an. (Ulikan Psikosastra). (Tesis).

Sekolah Pascasarjana, Universitas Pendidikan Indonesia

Arikunto, Suharsimi. (1996). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Aminuddin.(2009). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Malang: Sinar Baru. Chaer, Abdul. (1984). Dasar-Dasar Psikosastra. Bandung: Angkasa. Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat

Depdikbud. (1990) Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Endraswara, Suwardi. (2008). Metode Penelitian Psikologi Sastra:Teori, Langkah

dan Penerapannya. Yogyakarta: Med Pres.

Endraswara, Suwardi. (2011) Metodologi Penelitian Sastra: Epistimologi, Model,

Teori dan Aplikasi. Yogyakarta: Caps

Faturohman, Taufik. (1983). Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.

Dedi Guntara, Gungun. (2008) Tokoh Novel Pipisahan Karya R.A.F (Kajian

Psikologis Humanistik. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas

Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia Iskandarwassid. (1992) Kamus Istilah Sastra: Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. (2009). Panyawangan Sastra Handout Tiori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universita Pendidikan Indonesia.

Isnendes, Retty.(2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori & Kritk Pada Karya Sastra

Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

Kartono, Kartini. (2005). Teori Kepribadian.Bandung: CV Mandar Jaya. Keraf, Gorys.(1990). Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta. PT. gramedia. Koswara.E. (1991). Teori-teori Kepribadian. Bandung: Eresco.


(37)

143

Koswara, Dedi (2013). Racikan Sastra Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Minderop, Albertine. (2013). Psikologi Sastra. Jakarta: yayasan Pustaka Obor Indonesia.

Mudaim, Suci Sarifah. (2013). Novel Patepung di Bandung Karangan Taufik

Faturahman (Tilikan Psikologi Sastra). (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

Nurgiyantoro, Burhan.(2013). Teori Pengkajian Fiksi: Edisi Revisi. Yogyakarta: Gajah Mada University Pers.

Nuryanti, Yanti. (2005) Kecap Panganteur Kalimah Pagawean dina Kumpulan

Carita Pondok Panggung Wayang.(Skripsi) Jurusan Pendidikan Bahasa

Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia.

Pradopo, R.D.( 2009). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, Nyoman Kutha.(2008).Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosdiani, Rini (2003) Kecap Panambah Aspek Modalitas dina Kumpulan Carita

Pondok Panggung Wayang. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah,

Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia. Ruhaliah, Dr, M. Hum. (2012). Sejarah Sastra Sunda. Bandung: JPPD FPBS UPI. Rusyana, Rus. (1981). Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.

Salmun. M. A. (1963). Kandaga Kasusatraan. Bandung: Tarate.

Sedarmayanti, Syarifudin Hidayat. (2002). Metodologi Penelitian. Bandung: Mandar Maju.

Semi, M. Atar. (1998). Anatomi Sastra. Padang: Angkasa Raya.


(38)

144

Sudaryat, Yayat, spk.(2007). Makaya Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press. Sudaryat, Yayat. (2009) Makna dalam Wacana. Bandung. Yrama Widya. Sudjiman, Panuti.(1988). Memahami Cerita Rekaan. Jakarta: Garmedia.

Sugiono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif. Bandung: Alfabeta.

Sukmadinata, Nana Syaodih. (2009). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja: Rosdakarya.

Sumardjo, Jakob jeung Saini KM. (1988). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Sumardjo, Jakob. (2004). Menulis Cerita Pendek. Bandung: Pustaka latifah. Supratiknya, A. (1993) Psikologi Kepribadian 3. Teori-teori, Sifat dan

Behavioristik. Jakarta: Kanisius.

Stanton, Robert. (2007). Teori Fiksi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Tarigan, Henri Guntur. (1991) Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa. Teeuw. A.Prof. Dr. (1988). Sastera dan Ilmu Sastera. Jakarta: Pustaka Jaya. Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah

Universitan Pendidikan Indonesia 2013. Bandung: Universitan pendidikan

Indonesia

Walgito Bimo.(1997). Pengantar Pikologi Umum. Yogyakarta: Andi Offset. Wellek, Renne dan Austin Warren (1989). Teori Kesusastran. Jakrta: PT

Gramedia.


(1)

rajin, jujur, jeung tanggung jawab. Tokoh-tokoh tambahan boga karakter nu rupa-rupa, ieu karakter téh dijieun pikeun ngarojong kana karakter tokoh utamana.

c) Latar téh nya éta tempat, waktu jeung kondisi sosial dina carita. Latar tempat nu kagambar dina ieu kumpulan carpon, lolobana sarua jeung latar carpon nu umum. nya éta nyaritakeun kahirupan kota dikota, di kampung jeung padesaan, nu dikampus, di kantor, di imah, tapi aya oge nu nyaritakeun latar pagawean di hotel, lokalisasi jeung di bar, sarta sisi laut. Latar waktu oge teu pati beda jeung carpon dina umumna, nyaritkeun kajadian ti beurang, tipeuting, mangsa nu geus kaliwat. Latar sosial nya éta kondisi jeung status tokoh dina carita. Dina ieu kumpuln carita pondok, tokoh-tokohna lolobana digolongkeun kana status sosial nu menengah ka luhur, aya eta oge carpon anu nyaritakeun status sosial anu handap.tokoh nu status sosialna handap ulukutek we jeung kahirupanna teu boga kereteg pikeun robah. Tapi aya oge carpon nu nyaritakeun latar sosial nu handap tapi boga kereteg keur ngarobah diri. Tina sawangan pakasaban tokoh digambarkeun ku ayana direktur, guru, patani, pengusaha, koruptor, wartawan, awewe baong.

3) Sarana carita nu ngawengku; judul; puseur implengan; gaya basa. Nu kapaluruh dina ieu kumpula carpon bisa dicindekkeun saperti ieu dihandap:

1) Judul téh mangrpa gambar tina eusi carita nu rek ditepikeu.dina ieu kumpulan carpon kapaluruh yénjudul-judul nu aya dina ieu kumpulan carita pondok mangrupa simbol-simbol, atawa tanda nu kudu dimaknaan

2) Puseur implengan téh mangrupa karancagean pangaran dina mawakeu carita. Puseur implengan nu dipake dina ieu


(2)

kumpulan carpon nya éta make puseur implengan caturan jalma ka tilu, jeung caturan jalmakahiji

3) Gaya basa téh mangrupa cara pangarang dina ngebrehkeun ide gagasanna ngaliwatan media basa. Basa nu dipake dina ieu kumpulan carita pondok nya eta basa sapopoe anu basajan tur gampang dipikahari ku nu macana. Sakapeung basa direumbeuy ku basa indonesia jeung basa asing dumasar kana warnana gaya basa nu kapanggih dina ieu kumpulan carpon nya eta ngupamakeun, mijlama, rarahulan, ebrehan, silib, ocon jeung rautan.

b. Aspek Psikologis dina ieu carpon museur kana karakter jeung paripolah tokoh-tokohna numangrupa pagaruh tina lingkungan sabudeureunana. Karekter jeung paripolah tokoh teh mangrupa respon tina stimulus-stimulus lingkuganana. Lingkungan nu dimaksud nya éta kaayan ekonomi,, sosial, pikiran, rasa, jeung paripolah tokoh sejen. Karakter jeung paripolah tokoh-tokohna mangrupa respon jeung stimulus nu geus dikondisikeun samemehna. Stimulus jeung respon nu geus dikondisikeun ieu anu ngawangun karakter jeung paripolah tokoh-tokoh dina ieu kumpulan carita pondok

c. Patalina Antar unsur jeung kagemblengan carita, di cindekkeun yen Patalina antarusur dina ieu panalungtikan ngawengkeu kana, (1) patalina tema jeung alur, (2) patalina tema jeung tokoh sarta penokohan, (3) patalina téma jeung latar, (4) patalina alur jeung tokoh sarta penokohan, (5) patalina alur jeung latar,(6) patalina latar jeung tokoh sarta penokohan. d. Patalina Antara aspek Psikologis jeung struktur carita dicindekkeun yén

Dina ieu kumpulan carpon patalina Aspék psikologis jeung struktur carita kapanggih dina tema, jeung tokoh sarta penokohanna


(3)

5.2. Saran

Ieu panalungtikan téh medar masalah sturuktur jeung aspék psikologis. Sabada ngayakeun panalungtikan, dina ieu kumpulan carita pondok téh gening leubeut pisan ku ajen-inajen anu can kaguar ku ieu panalungtikan.ku kituna saran tina ieu panalungtikan nya eta:

a) Tina sisi aspék psikologi sastra ieu panalungtikan téh ngan medar kajiwaan tokoh sacara tékstual. ku kituna, dipiharep aya panalungtikan psikologi sastra tina aspek proses kreatif pangarang, kajiwaan pangarang, sarta respon pamaca kana ieu kumpulan carpon disawang tina jihat kajian nu sejen.

b) Ieu kumpulan carita pondok téh leubeut ku ajén inajén anu can kaguar. Ku kitunna, dipiharep aya panalungtikan ngeunaan kumpulan carpon disawang tina jihat paelmuan sejen.

c) Disawang tina aspék psikologis, karakter jeung paripolah dina ieu kumpulan carita pondok bisa dijadikeun bahan pangajaran apresiasi sastra di SMA/SMK/MA.


(4)

DAFTAR PUSTAKA

Aliyah, Nur Aliawati (2013) Kapribadian Manusa Sunda dina Kumpulan Carita Pondok Taun 1950-an Nepi Kataun 2000-an. (Ulikan Psikosastra). (Tesis). Sekolah Pascasarjana, Universitas Pendidikan Indonesia

Arikunto, Suharsimi. (1996). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Aminuddin.(2009). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Malang: Sinar Baru. Chaer, Abdul. (1984). Dasar-Dasar Psikosastra. Bandung: Angkasa. Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat

Depdikbud. (1990) Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Endraswara, Suwardi. (2008). Metode Penelitian Psikologi Sastra:Teori, Langkah dan Penerapannya. Yogyakarta: Med Pres.

Endraswara, Suwardi. (2011) Metodologi Penelitian Sastra: Epistimologi, Model, Teori dan Aplikasi. Yogyakarta: Caps

Faturohman, Taufik. (1983). Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.

Dedi Guntara, Gungun. (2008) Tokoh Novel Pipisahan Karya R.A.F (Kajian Psikologis Humanistik. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

Iskandarwassid. (1992) Kamus Istilah Sastra: Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Retty. (2009). Panyawangan Sastra Handout Tiori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universita Pendidikan Indonesia.

Isnendes, Retty.(2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori & Kritk Pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

Kartono, Kartini. (2005). Teori Kepribadian.Bandung: CV Mandar Jaya. Keraf, Gorys.(1990). Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta. PT. gramedia. Koswara.E. (1991). Teori-teori Kepribadian. Bandung: Eresco.


(5)

Koswara, Dedi (2013). Racikan Sastra Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Minderop, Albertine. (2013). Psikologi Sastra. Jakarta: yayasan Pustaka Obor Indonesia.

Mudaim, Suci Sarifah. (2013). Novel Patepung di Bandung Karangan Taufik Faturahman (Tilikan Psikologi Sastra). (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

Nurgiyantoro, Burhan.(2013). Teori Pengkajian Fiksi: Edisi Revisi. Yogyakarta: Gajah Mada University Pers.

Nuryanti, Yanti. (2005) Kecap Panganteur Kalimah Pagawean dina Kumpulan Carita Pondok Panggung Wayang.(Skripsi) Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia.

Pradopo, R.D.( 2009). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, Nyoman Kutha.(2008).Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosdiani, Rini (2003) Kecap Panambah Aspek Modalitas dina Kumpulan Carita Pondok Panggung Wayang. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia. Ruhaliah, Dr, M. Hum. (2012). Sejarah Sastra Sunda. Bandung: JPPD FPBS UPI. Rusyana, Rus. (1981). Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.

Salmun. M. A. (1963). Kandaga Kasusatraan. Bandung: Tarate.

Sedarmayanti, Syarifudin Hidayat. (2002). Metodologi Penelitian. Bandung: Mandar Maju.


(6)

Sudaryat, Yayat, spk.(2007). Makaya Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press. Sudaryat, Yayat. (2009) Makna dalam Wacana. Bandung. Yrama Widya. Sudjiman, Panuti.(1988). Memahami Cerita Rekaan. Jakarta: Garmedia.

Sugiono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif. Bandung: Alfabeta.

Sukmadinata, Nana Syaodih. (2009). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja: Rosdakarya.

Sumardjo, Jakob jeung Saini KM. (1988). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Sumardjo, Jakob. (2004). Menulis Cerita Pendek. Bandung: Pustaka latifah. Supratiknya, A. (1993) Psikologi Kepribadian 3. Teori-teori, Sifat dan

Behavioristik. Jakarta: Kanisius.

Stanton, Robert. (2007). Teori Fiksi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Tarigan, Henri Guntur. (1991) Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa. Teeuw. A.Prof. Dr. (1988). Sastera dan Ilmu Sastera. Jakarta: Pustaka Jaya. Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah

Universitan Pendidikan Indonesia 2013. Bandung: Universitan pendidikan Indonesia

Walgito Bimo.(1997). Pengantar Pikologi Umum. Yogyakarta: Andi Offset. Wellek, Renne dan Austin Warren (1989). Teori Kesusastran. Jakrta: PT

Gramedia.