RARANGKÉN TUKANG DINA KUMPULAN CARITA PONDOK RUSIAH KAOPATWELAS KARYA DARPAN: Tilikan Struktur jeung Semantis.

(1)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

RARANGKÉN TUKANG DINA KUMPULAN CARITA PONDOK

RUSIAH KAOPATWELAS KARYA DARPAN

(Tilikan Struktur jeung Semantis) SKRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

IYAN CAHYANI NIM 0902479

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013

(2)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

RARANGKÉN TUKANG DINA KUMPULAN CARITA

PONDOK RUSIAH KAOPATWELAS KARYA DARPAN

(TILIKAN STRUKTUR JEUNG SEMANTIS)

Oleh Iyan Cahyani

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Iyan Cahyani 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

April 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

IYAN CAHYANI NIM 0902479

RARANGKÉN TUKANG DINA KUMPULAN CARITA PONDOK

RUSIAH KAOPATWELAS KARYA DARPAN

(Tilikan Struktur jeung Semantis)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 197810202003121001

Kauninga ku

Ketua Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(4)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

RARANGKÉN TUKANG DINA KUMPULAN CARITA PONDOK RUSIAH KAOPATWELAS KARYA DARPAN

(Tilikan Struktur jeung Semantis) Iyan Cahyani, Yayat Sudaryat, Hernawan

Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

Jalan Setiabudhi 229, Bandung

No Telepon: 087821374574, 08122168925, 085287523114 e-mail: cahyaniiyan488@yahoo.com, kisudaryat_sunda@yahoo.com,

hernawan_sunda@yahoo.com

Abstrak: Yang melatarbelakangi penelitian ini adalah belum adanya yang mengangkat judul tentang akhiran, hususnya akhiran dalam kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas

karya Darpan.

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan akhiran yang terdapat pada buku kumpulan cerita pendek Rusiah Kaopatwelas karya Darpan. Masalah dalam penelitian ini ialah bagaimana jenis, fungsi, dan arti akhiran bahasa Sunda.

Dalam penelitian ini digunakan metode déskriptif. Data dikumpulkan dengan menggunakan tekhnik analisis teks atau analisis dokumen/wacana. Teks yang digunakan sebagai sumber data adalah buku kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas karya Darpan.

Sumber data ditentukan dari subbab “Rusiah Kaopatwelas” karya Darpan yang berjumlah

7 carpon.

Dari hasil analisis data, ditemukan 491 kata atau jumlah frekuensinya 1162 kata yang berimbuhan akhiran. Dari sejumlah data tersebut, ditemukan 5 jenis akhiran yaitu akhiran

–an, -eun, -keun, -na, jeung akhiran –(n)ing. Masing-masing akhiran tersebut mempunyai frekuensi pemakaian yang berbéda-béda yakni: (1) 226 buah akhiran –an, (2) 41 buah akhiran –eun, (3) 9 buah akhiran –keun, (4) 883 buah akhiran –na, dan (5) 3 buah akhiran

–(n)ing.

Dari hasil analisis juga ditemukan 5 fungsi akhiran, yakni: (1) 907 buah fungsi nominal, (2) 67 buah fungsi verbal, (3) 32 fungsi adjektival, (4) 7 buah fungsi numeral, dan (5) 149 buah fungsi partikel. Adapun makna yang ditemukan dari hasil analisis yaitu 36 buah makna akhiran, yakni: (1) 27 buah makna dari akhiran –an, (2) 7 buah makna akhiran –eun, (3) 2 buah makna akhiran –keun, (4) 3 buah makna akhiran –na, dan (5) 1 makna akhiran –(n)ing.

Data yang ditemukan dalam penelitian ini bisa dijadikan referensi bahan pangajaran mengenai akhiran bahasa Sunda di sekolah.

(5)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

RARANGKÉN TUKANG DINA KUMPULAN CARITA PONDOK RUSIAH KAOPATWELAS KARYA DARPAN

(Tilikan Struktur jeung Semantis) Iyan Cahyani, Yayat Sudaryat, Hernawan

Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

Jalan Setiabudhi 229, Bandung

No Telepon: 087821374574, 08122168925, 085287523114 e-mail: cahyaniiyan488@yahoo.com, kisudaryat_sunda@yahoo.com,

hernawan_sunda@yahoo.com

Abstract: The background of this research is the absence of a lift the title of the suffix, the suffix in the collection of short stories Rusiah Kaopatwelas by Darpan. This study aimed to describe the suffixes contained in the book of short stories Rusiah Kaopatwelas by Darpan. Problem in this research is how to type, function, and meaning of the suffix.

This study used a descriptive method. Data was collected using text analysis techniques or analysis document / discourse. The text used as the data source is a book of collected works carpon Rusiah Kaopatwelas Darpan. Determined from the data source section "Rusiah Kaopatwelas" Darpan work totaling 7 carpon. From the analysis of the data, found the number of frequency 491 words or 1162 words which used of suffix. Of a number of such data, found 5 types of endings are the suffix-an,-eun,-keun,-na, jeung suffix - (n) ing. Each of these suffixes have the frequency of use of different namely: (1) 226 pieces suffix-an, (2) 41 pieces suffix-eun, (3) 9 pieces suffix-keun, (4) 883 pieces suffix-na, and (5) 3 pieces suffix - (n) ing. From the analysis also found 5 suffix functions, namely: (1) 907 pieces nominal function, (2) 67 pieces of verbal function, (3) 32 adjektival function, (4) 7 pieces of numerical functions, and (5) 149 pieces of particle function . The significance of the results of the analysis found that 36 pieces suffix meaning, namely: (1) 27 pieces meaning of the suffix-an, (2) 7 pieces meaning of the suffix-eun, (3) 2 pieces meaning of the suffix-keun, (4) 3 pieces meaning of the suffix-na, and (5) 1 meaning of the suffix - (n) ing.

The data found in this study can be used as reference material regarding suffix Sundanese teaching in school.

(6)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu vi

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR BAGAN ... xiv

DAPTAR LAMPIRAN ... xv

DAPTAR SINGGETAN ... xvi

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Identifikasi Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN TIORI JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 7

2.1 Ulikan Tiori ... 7

2.1.1 Rarangkén dina Adegan Kecap ... 7

2.1.1.1 Watesan Rarangkén ... 8

2.1.1.2 Kalungguhan Rarangkén dina Adegan Kecap ... 9

(7)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu vii

2.1.1.4 Fungsi Rarangkén ... 11

2.1.1.5 Harti Rarangkén ... 13

2.1.1.6 Rarangkén Tukang ... 13

2.2 Anggapan Dasar ... 15

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 16

3.1 Sumber Data ... 16

3.2 Desain Panalungtikan ... 16

3.3 Métode Panalungtikan ... 17

3.4 Wangenan Operasional ... 18

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 18

3.6 Téhnik Panalungtikan... 20

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 20

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 21

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 22

4.1 Data Rarangkén Tukang nu Kapanggih dina Buku Kumpulan Carpon Rusiah Kaopatwelas Karya Darpan ... 22

4.2 Warna Rarangkén Tukang dina Buku Kumpulan Carpon Rusiah Kaopatwelas Karya Darpan ... 23

4.2.1 Warna Rarangkén Tukang –na ... 23

4.2.1.1 Rarangkén Tukang Mandiri Pola –na ... 23

4.2.1.2 Rarangkén Tukang Barung Pola Rdm+-na ... 31

4.2.1.3 Rarangkén Tukang Barung Pola Rdp+-na ... 32

4.2.1.4 Rarangkén Tukang Barung Pola Rdr+-na ... 33

4.2.2 Warna Rarangkén Tukang –an ... 33

4.2.2.1 Rarangkén Tukang Mandiri Pola –an ... 34

4.2.2.2 Rarangkén Tukang Barung Pola Rdm+-an ... 36

4.2.2.3 Rarangkén Tukang Barung Pola Rdp+-an ... 37

4.2.3 Warna Rarangkén Tukang –eun ... 39

(8)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu viii

4.2.3.2 Rarangkén Tukang Barung Pola Rdp+-eun ... 40

4.2.4 Warna Rarangkén Tukang –keun ... 41

4.2.4.1 Rarangkén Tukang Mandiri Pola –keun ... 41

4.2.4.2 Rarangkén Tukang Barung Pola Proléksém+-keun ... 42

4.2.5 Warna Rarangkén Tukang –(n)ing ... 43

4.3 Fungsi Rarangkén Tukang dina Kumpulan Carpon Rusiah Kaopatwelas Karya Darpan ... 44

4.3.1 Fungsi Rarangkén Tukang –eun ... 44

4.3.1.1 Fungsi Nominal Rarangkén Tukang –eun... 45

4.3.1.2 Fungsi Adjéktival Rarangkén Tukang –eun ... 45

4.3.2 Fungsi Rarangkén Tukang –na ... 47

4.3.2.1 Fungsi Nominal Rarangkén Tukang –na... 47

4.3.2.2 Fungsi Partikel Rarangkén Tukang –na ... 54

4.3.3 Fungsi Vérbal Rarangkén Tukang –keun ... 56

4.3.4 Fungsi Partikel Rarangkén Tukang –(n)ing ... 57

4.3.5 Fungsi Rarangkén Tukang –an ... 57

4.3.5.1 Fungsi Nominal Rarangkén Tukang –an... 58

4.3.5.2 Fungsi Vérbal Rarangkén Tukang –an ... 60

4.3.5.3 Fungsi Adjéktival Rarangkén Tukang –an ... 62

4.3.5.4 Fungsi Numeral Rarangkén Tukang –an... 62

4.3.5.5 Fungsi Partikel Rarangkén Tukang –an ... 63

4.4 Harti Rarangkén Tukang dina Buku Kumpulan Carpon Rusiah Kaopatwelas Karya Darpan ... 66

4.4.1 Harti Rarangkén Tukang –eun ... 66

4.4.1.1 Harti ‘tempat’ ... 66

4.4.1.2 Harti ‘dina kaayaan’ ... 67

4.4.1.3 Harti ‘kakeunaan’ ... 68

4.4.1.4 Harti ‘hal nu bakal di D’ ... 68

4.4.1.5 Harti ‘hal nu di D keun’ ... 69

4.4.1.6 Harti ‘ngarasa D’ ... 70

(9)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu ix

4.4.2 Harti Rarangkén Tukang –na ... 72

4.4.2.1 Harti ‘panuduh’ ... 72

4.4.2.2 Harti ‘milik’ ... 78

4.4.2.3 Harti ‘panganteb’ ... 80

4.4.3 Harti Rarangkén Tukang –keun ... 82

4.4.3.1 Harti ‘sangkan dilakukeun D’ ... 82

4.4.3.2 Harti ‘sangkan di D’ ... 83

4.4.4 Harti Rarangkén Tukang –(n)ing ‘panganteb’ ... 84

4.4.5 Harti Rarangkén Tukang –an ... 85

4.4.5.1 Harti ‘rupa-rupa D’ ... 85

4.4.5.2 Harti ‘hal nu patali jeung D’ ... 86

4.4.5.3 Harti ‘pura-pura ngalakukeun D’ ... 87

4.4.5.4 Harti ‘sababaraha kali ngalakukeun’ ... 88

4.4.5.5 Harti ‘hal nu di D keun’ ... 89

4.4.5.6 Harti ‘hasil tina D’ ... 90

4.4.5.7 Harti ‘sangkan di D’ ... 91

4.4.5.8 Harti ‘hal nu di D’ ... 92

4.4.5.9 Harti ‘lila ngalakukeun pikeun’ ... 93

4.4.5.10 Harti ‘aya dina hiji D’ ... 94

4.4.5.11 Harti ‘ngalakukeun’ ... 94

4.4.5.12 Harti ’panganteb’ ... 95

4.4.5.13 Harti ‘ngan’ ... 96

4.4.5.14 Harti ‘hal nu jadi D’ ... 97

4.4.5.15 Harti ‘dina kaayaan D pisan’... 97

4.4.5.16 Harti ‘kumpulan’ ... 98

4.4.5.17 Harti ‘tutuluyan ngalakukeun D’ ... 99

4.4.5.18 Harti ‘sangkan dijadikeun D’ ... 100

4.4.5.19 Harti ‘hal nu biasa di D’ ... 101

4.4.5.20 Harti ‘hal anu miboga D’ ... 101

4.4.5.21 Harti ‘lila ngalakukeun teu tangtu’ ... 102

(10)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu x

4.4.5.23 Harti ‘hal nu aya di D’ ... 104

4.4.5.24 Harti ‘dina kaayaan N’ ... 104

4.4.5.25 Harti ‘boga bakat D’... 105

4.4.5.26 Harti ‘diwangun ku D’ ... 106

4.4.5.27 Harti ‘hal nu teu saenyana’ ... 107

4.6 Pedaran Hasil Analisis ... 109

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 113

5.1 Kacindekan ... 113

5.2 Saran ... 115

DAPTAR PUSTAKA ... 116

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 117

(11)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 1

1 BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Sakumna manusa ngagunakeun basa salaku alat komunikasi dina hirup kumbuhna sapopoé. Basa téh salaku média komunikasi sangkan bisa ngébréhkeun rasa, pikiran, jeung kahayang manusa. Sakumaha pamadegan Sudaryat dina bukuna Élmuning Basa (2004:6), basa téh nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi.

Abdul Chaer dina bukuna Tata Bahasa Praktis Bahasa Indonesia (2006:1) nyebutkeun yén basa téh mangrupa hiji sistem lambang sora anu sipatna arbitrér, digunakeun ku hiji masyarakat jeung bisa ngaidéntifikasi diri.

Dumasar kana wangenan di luhur, bisa dicindekkeun yén fungsi utama basa téh nya éta mangrupa alat pikeun ngayakeun komunikasi jeung interaksi dina nepikeun rasa, pikiran, jeung kahayang antara anggota masarakat.

Basa mangrupa fénoména anu ngdumaniskeun dunya sora jeung dunya ma’na, miboga tilu subsistem, nya éta: (1) subsistem fonologis nya éta ulikan cara ngawangun sora basa atawa fonétik jeung cara nata sora basa atawa fonémik. Ieu subsistem raket patalina jeung tata aksara atawa grafologi, (2) subsistem gramatikal, nu ngawengku morfologi ( ngulik ngeunaan kecap, babagian kecap, katut prosésna ) sarta sintaksis ( ngulik ngeunaan kalimah, katut prosésna), jeung (3) subsistem léksikal nya éta ngulik ngeunaan kabeungharan kecap atawa sok disebut kandaga kecap.

Sudaryat dina bukuna Tata Basa Sunda Kiwari (2007:47), tata kecap atawa morfologi téh nya éta mangrupa salah sahiji bagian tina tata basa, anu maluruh kecap, cara ngawangunna, selang-surupna, sarta patula-patalina kana harti jeung warna kecap. Katangen yén cindekna mah tata kecap téh maluruh kecap katut cara ngawangunna.

(12)

2

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 2

Minangka bagian kalimah pangleutikna, kecap téh miboga adegan anu tangtu. Wangun atawa adegan éta kecap téh disawang tina morfém anu jadi pangwangunna. Aya kecap salancar nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas jeung aya ogé kecaap rékaan nya éta kecap anu diwangun ku dua morfém atawa leuwih. Numutkeun Sudaryat dina bukuna Tata Basa Sunda Kiwari (2007:59), kecap rékaan dina basa Sunda diwincik jadi kecap rundayan, kecap rajékan, kecap kantétan, jeung kecap wancahan. Prosés ngawangun kecap atawa tata wangun kecap sok sering disebut prosés morfémis atawa morfologis.

Sudaryat dina bukuna Tata Basa Sunda Kiwari (2007:59), kecap rundayan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén (afiks) kana wangun dasarna. Prosés ngawangun kecap rundayan disebut ngararangkénan atawa afiksasi. Rarangkén dina basa Sunda bisa diwincik jadi (1) rarangkén hareup (prefiks), (2) rarangkén tengah (infiks), (3) rarangkén tukang (sufiks), (4) rarangkén barung (konfiks), jeung (5) rarangkén bareng (ambifiks).

Pedaran ngeunaan rarangkén pikeun bahan pangajaran kungsi aya nu nalungtik, nya éta Rarangkén Hareup Dina Novél Baruang Ka Nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata (Tilikan Struktur jeung Semantis) ku (Erna Lestari, 2007), Rarangkén Tengah Dina Buku Kumpulan Carita Pondok Nu Baralik Manggung Karya Nano S. Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Di SLTP ku (Encép Ridwan, 2004), jeung Rarangkén Barung Dina Novél Baruang Ka Nu Ngarora Karangan D.K. Ardiwinata Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Di SMP ku (Nani, 2007).

Ieu panalungtikan dilaksanakeun lantaran dina panalungtikan saméméhna acan aya nu nalungtik ngeunaan rarangkén tukang hususna dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas karya Darpan. Kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas eusina aya 15 judul carpon. Kumpulan carpon ieu kabagi kana 2 subbab. Nya éta subbab kahiji anu judulna si Iblis ngawengku 8 carpon jeung subbab kadua anu judulna Rusiah Kaopatwelas anu ngawengku 7 carpon. Kumpulan carpon ieu dipilih lantaran ieu buku kacida alusna boh dina segi eusi kitu deui dina segi milih judul anu matak ngirut jeung panasaran sangkan hayang maca. Misalna aya salah sahiji

(13)

3

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 3

ka budak teu balik jeung hayang apal kumaha eusi sarta pesen caritana. Salian ti éta, milih ieu buku ogé didadasaran ku kasang tukang panulisna. Ku rancagéna Darpan, deui-deui meunang hadiah rancagé. Kaasup kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas ieu jadi salah sahiji tina lima buku nu meunang hadiah rancagé 2009 sakumaha saméméhna ogé kungsi meunang hadiah tina buku kumpulan carpon Nu Harayang Dihargaan.

Rarangkén téh loba pisan contona upama ditilik-tilik mah. Kitu ogé larapna rarangkén tukang. Di sakola ogé ti mimiti Sakola Dasar (SD), SMP, nepi ka SMA aya waé pangajaran ngeunaan pedaran rarangkén téh. Tapi anu dijadikeun conto dina buku-buku pangajaran biasana mah heureut pisan.

Ku sabab kitu, panalungtikan anu judulna “Rarangkén Tukang dina Kumpulan Carpon Rusiah Kaopatwelas Karya Darpan (Tilikan Struktur jeung Semantis)” kudu dilakukeun jeung diguar leuwih jero deui.

1.2Identifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Identifikasi Masalah

Tina pedaran masalah di luhur, méré gambaran yén kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas bisa dijadikeun sumber pikeun nalungtik rarangkén tukang. Dina ieu panalungtikan didéskripsikeun rarangkén tukang nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas sarta pedaranna diidéntifikasi jeung diwatesanan nya éta ngan medar ngeunaan:

1) Rarangkén tukang nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas subbab Rusiah Kaopatwelas,

2) Fungsi rarangkén tukang nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas subbab Rusiah Kaopatwelas, jeung

3) Harti rarangkén tukang nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas subbab Rusiah Kaopatwelas.

(14)

4

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 4

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana masalah jeung watesan masalah di luhur, nu jadi masalah poko dina ieu panalungtikan nya éta sakumna rarangkén tukang nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas subbab Rusiah Kaopatwelas nu mangrupa sampel datana, nu dirumuskeun dina wangun patalékan ieu di handap:

1) Rarangkén tukang naon waé nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas subbab Rusiah Kaopatwelas?

2) Kumaha warna rarangkén tukang nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas karya Darpan?

3) Naon waé fungsi rarangkén tukang nu aya dina éta kumpulan carpon? 4) Naon waé harti rarangkén tukang nu aya dina éta kumpulan carpon? 1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.2 Tujuan Umum

Tujuan umum diayakeun ieu panalungtikan nya éta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun rarangkén tukang nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas karya Darpan.

1.3.2 Tujuan Husus

Anapon tujuan hususna, di antarana pikeun ngadéskripsikeun:

1) Rarangkén tukang nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas subbab “Rusiah Kaopatwelas” karya Darpan,

2) Warna rarangkén tukang nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas karya Darpan,

3) Fungsi rarangkén tukang nu nyampak dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas, jeung

(15)

5

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.2 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré sumbangan pamikiran dina mekarkeun élmu pangaweruh anu hususna ngeunaan rarangkén tukang dina basa Sunda sarta méré informasi ngeunaan rarangkén dina basa Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat nu dipiharep bisa kahontal tina ieu panalungtikan sacara praktis, nya éta:

Pikeun panalungtik, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngajembaran pangaweruh, hususna ngeunaan rarangkén tukang sarta bisa nyangking data ngeunaan rarangkén tukang nu aya dina kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas karya Darpan.

Pikeun ngainvéntarisasi jeung ngadokuméntasikeun sakumna rarangkén tukang nu kapanggih dina buku kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas subbab Rusiah Kaopatwelas karya Darpan.

Pikeun dunya pangajaran, bisa dijadikeun salah sahiji sumber dina pangajaran rarangkén tukang di sakola.

Salian ti nu geus dijéntrékeun di luhur, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat minangka pangdeudeul hasanah kapustakaan di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

(16)

6

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 6

1.5 Raraga Tulisan

Bab I Bubuka ngadadarkeun perkara kasang tukang masalah, identifikai jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II Ulikan Tiori jeung Anggapan Dasar anu eusina ngadadarkeun perkara tiori ngeunaan rarangkén jeung bahan pangajaranna sarta anggapan dasar.

Bab III Métodologi Panalungtikeun anu eusina ngadadarkeun perkara métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, jeung wangenan operasional.

Bab IV Déskripsi jeung Analisis Hasil Panalungtikan anu eusina ngadadarkeun déskripsi ngeunaan rarangkén tukang naon waé nu kapendak jeung kumaha fungsi katut hartina dina ieu panalungtikan sanggeus dianalisis.

Bab V Kacindekan jeung Rekoméndasi anu eusina ngadadarkeun kacindekan tina hasil panalungtikan sarta kumaha rekoméndasina keur ka hareupna.

(17)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 7

7 BAB II

ULIKAN TIORI JEUNG ANGGAPAN DASAR

Dina ieu bab, dipedar ngeunaan ulikan tiori nya éta medar ngeunan rarangkén tukang. Ieu pedaran ngeunaan rarangkén tukang ngawengku: rarangkén dina adegan kecap, watesan rarangkén, kalungguhan rarangkén dina adegan kecap anu eusina ngadadarkeun patalina rarangkén jeung unsur morfologis saperti cakal, jeung morfém, rarangkén dina prosés morfologis anu eusina ngadadarkeun patalina rarangkén jeung kecap rundayan katut kecap rajékan, fungsi rarangkén anu eusina ngadadarkeun patalina rarangkén jeung warna kecap, harti rarangkén, jeung rarangkén tukang. Salian ti ulikan tiori, dina ieu bab ogé baris dipedar anggapan dasarna.

2.1 Ulikan Tiori

2.1.1 Rarangkén dina Adegan Kecap

Kridalaksana (Rosmana, 2003:8), nétélakeun yén kecap téh nya éta morfém atawa gabungan morfém anu mangrupa wangun pangleutikna tur sipatna mangrupa wangun bébas atawa bisa madeg mandiri.

Sudaryat dina bukuna Tata Basa Sunda Kiwari (2007: 48), nyebutkeun yén kecap téh mangrupa unsur pangleutikna dina kalimah anu sipatna bébas atawa bisa madeg mandiri tur miboga harti anu tangtu.

Dumasar kana pedaran di luhur, bisa digurat badagkeun yén kecap téh mangrupa salah sahiji unsur katatabasaan nu minangka unsur pangleutikna dina leunjeuran kalimah, bisa diwangun ku hiji morfém atawa gabungan sababaraha morfém, sipatna bébas atawa madeg mandiri tur miboga harti anu tangtu.

Minangka unsur katatabasaan nu pangleutikna dina wangun kalimah, kecap miboga adegan atawa wangun anu tangtu. Dina ngawangun kecap aya sababaraha unsur anu biasa diwuwuhkeun kana wangun dasarna. Hal ieu sok disebut pangwuwuh kecap. Sudaryat dina bukuna Tata Basa Sunda Kiwari (2007:54), nétélakeun yén dina basa Sunda nu kaasup kana pangwuwuh kecap téh nya éta afiks (rarangkén), proléksém, formatif, jeung klitik.

(18)

8

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 8

Rarangkén atawa afiks téh dina adegan kecap mangrupa salah sahiji unsur anu bisa ngawangun kecap kucara ngawuwuhkeun éta rarangkén kana wangun dasarna. Sakumaha pamadegan Sudaryat (2007:54), nyebutkeun yén afiks atawa rarangkén téh nya éta morfém anu sipatna kauger nu sok diwuwuhkeun kana wangun dasarna tur miboga harti gramatikal. Contona aya kecap dianduk. Kecap dianduk éta mangrupa kecap nu diwangun ku dua morém nya éta morfém kauger di- jeung morfém bébas anduk. Morfém kauger di- dina kecap dianduk di luhur téh nu sok disebut rarangkén atawa afiks téa. Rarangkén di- éta diwuwuhkeun kana wangun dasar anduk sangkan bisa ngawangun kecap dianduk.

2.1.1.1 Watesan Rarangkén

Sakumaha nu geus dijelaskeun di luhur yén dina adegan kecap téh aya nu disebut pangwuwuh kecap. Pangwuwuh kecap éta téh salah sahijina nya éta rarangkén atawa afiks. Ari nu dimaksud rarangkénna sorangan nya éta mangrupa morfém kauger anu sok diwuwuhkeun kana wangun dasarna jeung miboga harti gramatikal.

Sudaryat (2007: 54), rarangkén basa Sunda dipasing-pasing deui dumasar kana cara jeung tempat napelna. Éta rarangkén téh ngawengku:

1) Rarangkén hareup (awalan, préfiks), rarangkén anu diwuwuhkeun di hareup wangun dasarna;

2) Rarangkén tengah (seselan, infiks), rarangkén anu diwuwuhkeun di tengah wangun dasarna;

3) Rarangkén tukang (ahiran, sufiks), rarangkén anu diwuwuhkeun di tukangeun wangun dasarna;

4) Rarangkén barung (barungan, konfiks), rarangkén tunggal anu minangka barungan tina dua rarangkén, biasana napel di hareup jeung tukangeun dasar; jeung

5) Rarangkén bareng atawa gabung (ambifiks), rarangkén anu mangrupa gabungan hiji morfém atawa leuwih tur napelna kana wangun dasar teu binarung, tapi bareng wungkul.

(19)

9

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 9

Rarangkén dina basa Sunda di luhur téh jumlahna lain itungan nu saeutik tapi éta rarangkén téh aya kana opat puluhna.

2.1.1.2 Kalungguhan Rarangkén dina Adegan Kecap

Adegan kecap téh mibaga unsur pangwangunna anu tangtu, nya éta kecap téh aya nu diwangun ku hiji morfém jeung aya nu diwangun ku leuwih ti hiji morfém . Lamun kecap anu diwangun ku hiji morfém mah disebutna kecap salancar sedengkeun kecap nu diwangun ku leuwih ti hiji morfém disebutna kecap rékaan. Anu disebut kecap téh sarua jeung morfém bébas. Ari pangna kitu téh lantaran nu disebut kecap téh nya éta morfém anu bébas atawa bisa madeg mandiri tur miboga harti anu tangtu. Ku sabab kitu, heunteu sakabéh morfém mangrupa kecap tapi sakabéh kecap geus tangtu mangrupa morfém. Ari morfémna sorangan nya éta unsur katatabasaan anu pangleutikna anu miboga harti. Sudaryat dina bukuna Tata Basa Sunda Kiwari (2007: 51), méré papasingan kana wanda morfém nya éta : (1) morfém bébas, (2) morfém madya bébas, jeung (3) morfém kauger.

Morfém kauger téh nya éta morfém anu teu bisa madeg mandiri atawa mikabutuh bantuan morfém séjénna dina leunjeuran kalimah sangkan miboga harti anu tangtu. Nu kaasup kana morfém kauger téh nya éta : (1) rarangkén atawa afiks, (2) cakal, jeung (3) proléksém.

Sakumaha anu geus dijéntrékeun di luhur, yén rarangkén téh mangrupa morfém kauger anu diwuwuhkeun kana wangun dasarna. Sedengkeun cakal nya éta warna tina morfém kauger anu miboga harti léksikal tur can bisa ditangtukeun warna kecapna (Sudaryat, 2007:53). Lian ti éta, aya ogé nu disebut proléksém atawa pangdeudeul, nya éta morfém anu sipatna kauger anu diwuwuhkeun kana bakal kecap (cakal, bagal, atawa puhu). Contona –wan dina kecap wartawan (Sudaryat, 2007:55).

Boh rarangkén boh cakal kitu ogé proléksém, klitik jeung formatif mangrupa warna tina morfém kauger anu gunana pikeun pangwuwuh kecap atawa ngawangun kecap sangkan éta kecap miboga harti anu tangtu.

(20)

10

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 10

2.1.1.3 Rarangkén dina Proses Morfologi

Ramlan dina bukuna Morfologi Suatu Tinjauan Deskriptif (1980:2), nétélakeun yén morfologi na sorangan nya éta bagian tina ilmu basa anu medar seluk-beluk wangun kecap sarta pangaruh parobahan-parobahan wangun kecap kana golongan jeung harti kecap.

Ramlan (Rosmana, 2003: 16), nétélakeun yén prosés morfologis nya éta prosés dina ngawangun kecap tina wangun séjén nu mangrupa wangun dasarna.

Samsuri (Rosmana, 2003:16), nyebutkeun yén prosés morfologis téh nya éta prosés ngawangun kecap-kecap ku cara nepungkeun morfém nu hiji jeung morfém séjénna.

Sudaryat (2007:47), méré sawangan kana prosés morfologis nya éta prosés morfologis téh mangrupa prosés anu maluruh kecap, cara ngawangunna, selang surupna, sarta patula-patalina kana harti jeung warna kecap.

Tina pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén prosés morfologis téh nya éta prosés ngawangun kecap ku cara nepungkeun morfém hiji jeung morfém séjénna nepi ka bisa ngarobah wangun, nya éta tina wangun dasar jadi wangun nu anyar atawa wangun nu jembar.

Wangun kecap dina basa Sunda kabagi kana dua rupa nya éta kecap salancar jeung kecap rékaan. Kecap salancar nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas jeung bisa madeg mandiri tur miboga harti anu tangtu. Sedengkeun kecap rékaan nya éta kecap anu diwangun ku leuwih ti hiji morfém. Kecap rékaan ieu kabagai kana opat rupa, nya éta: (1) kecap rundayan, (2) kecap rajékan, (3) kecap kantétan, jeung (4) kecap wancahan.

Rosmana (2003:23), nyebutkeun yén kecap rundayan téh nya éta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun atawa ngantétkeun rarangkén (afiks) kana wangun asalna ngaliwatan prosés morfologis.

Sudaryat (2007:59), nétélakeun yén kecap rundayan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén (afiks) kana wangun dasarna. Prosés ngawangun kecap rundayan disebut ngararangkénan (afiksasi).

Dumasar kana pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén kecap rundayan nya éta kecap anu anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén atawa afiks anu biasa

(21)

11

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 11

disebut prosés ngararangkénan. Antara rarangkén jeung kecap rundayan tangtu miboga hubungan anu dalit. Nya éta rarangkén téh mangrupa unsur atawa morfém kauger anu diwuwuhkeun kana wangun dasar nepi ka wangun dasar éta ngalaman parobahan wangun tina hiji kecap jadi kecap séjén anu leuwih jembar. Ieu kecap téh disebut kecap rundayan. Prosés ngawangun kecap rundayan ieu disebut prosés ngararangkénana atawa afiksasi.

Rarangkén sorangan salian ti miboga hubungan jeung kecap rundayan, ogé miboga patalimarga jeung kecap rajékan. Hal ieu katitén tina wangenan kecap rajékanna sorangan. Sudaryat (Rosmana, 2003:32-33), nétélakeun yén kecap rajékan téh mangrupa kecap anu diwangun ku cara ngarajék atawa ngulang sabagian atawa sagemblengna wangun asal, boh binarung rarangkén boh henteu. Minangka pangwuwuh kecap, rarangkén téh miboga kalungguhan anu penting dina adegan kecap. Fungsina dina ngawangun kecap téh nya éta bisa diwuwuhkeun kana wangun dasar nepi ka ngawangun kecap rundayan atawa sok disebut ngararangkénan (afiksasi). Salian ti éta rarangkén ogé bisa napel kana wangun dasar anu geus dirajék atawa diulang nepi ka ngawangun kecap rajékan binarung rarangkén. Ku sabab kitu, rarangkén sorangan sok sanajan mangrupa morfém kauger anu teu bisa madeg mandiri, tapi kalungguhanna dina adegan kecap kacida pentingna nepi ka ku cara ngawuwuhkeun éta rarangkén kana wangun dasarna bisa ngarobah fungsi katut harti tina éta wangun dasarna sorangan.

2.1.1.4 Fungsi Rarangkén

Dina tataran sintaksis atawa leunjeuran kalimah, kecap téh mangrupa bagian pangleutikna anu madeg mandiri tur miboga harti anu tangtu. Dina prakna, ieu kecap téh dipasing-pasing jadi rupa-rupa anu biasa disebut warna kecap. Warna kecap dina basa Sunda téh kabagi jadi dua nya éta : (1) kecap lulugu jeung (2) kecap pancén atawa partikel. Sudaryat (2007:64), nétélakeun yén kecap lulugu nya éta warna kecap anu miboga harti léksikal, sipatna peka alam, budaya, jeung tempat, sarta umumna bisa dirobah tina wangun dasarna. Sedengkeun kecap

(22)

12

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 12

pancén nya éta warna kecap anu biasa jadi pakakas dina leunjeuran kalimah, biasana teu boga harti léksikal, tapi harti gramatikal, sarta hésé dirobah wangunna. Kecap lulugu jeung kecap pancén téh dipasing-pasing deui. Boh kecap lulugu boh kecap pancén dibagi jadi opat rupa. Nu kaasup kecap lulugu nya éta: (1) kecap barang (nomina), (2) kecap pagawéan (vérba), (3) kecap sipat (adjéktiva), jeung (4) kecap bilangan (numeralia). Sedengkeun nu kaasup kecap pancén nya éta: (1) kecap panambah (advérbia), (2) kecap panyambung (konjungsi), (3) kecap pangantét (préposisi), jeung (4) kecap panyeluk (interjéksi).

Patalina rarangkén jeung warna kecap nya éta rarangkén salaku pangwuwuh kecap miboga fungsina taya lain wuwuh dina kecap anu mangrupa wangun dasarna. Wuwuh atawa napelna éta rarangkén dina wangun dasar téh sok ngabalukarkeun robahna wangun katut hartina. Wangun nu tadina wangun dasar jadi wangun anyar anu leuwih jembar. Robahna éta wangun tina wangun dasar kana wangun nu leuwih jembar sanggeus ngalaman prosés ngararangkénan ilaharna mangaruhan kana warna kecap. Sok sanajan teu sakabéh kecap anu ngalaman prosés morfologis ngalaman parobahan kana warna kecapna. Contona wangun dasar dahar mangrupa wangun asal anu kagolong kana kecap pagawéan atawa vérba, upama dirarangkénan ka-an, robah jadi wangun jembar kadaharan sarta kagolong kana warna kecap barang atawa nomina.

Sanggeus niténan pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén prosés morfologis anu di jerona aya prosés ngararangkénan miboga fungsi gramatis jeung fungsi semantis. Rosmana (2003:19), nyebutkeun yén fungsi gramatis téh nya éta fungsi prosés morfologis anu raket patalina jeung robahna wangun katut warna katatabasaan. Fungsi gramatis anu ngalantarankeun robahna kategori kecap disebut dérivasi. Sabalikna, fungsi gramatis anu teu ngalantarankeun robahna kategori disebut infléksi.

(23)

13

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 13

2.1.1.5 Harti Rarangkén

Dina basa Sunda kabagi kana lima rupa rarangkén dumasar kana cara jeung tempat napelna éta rarangkén, nya éta: (1) rarangkén hareup (préfiks), (2) rarangkén tengah (infiks), (3) rarangkén tukang (sufiks), (4) rarangkén barung (konfiks), jeung (5) rarangkén bareng (ambifiks).

Unggal rarangkén dina basa Sunda di luhur mibanda harti anu tangtu tur béda séwang-séwangna. Harti rarangkén téh nya éta ma’na anu aya nalika éta

rarangkén napel kana wangun dasar.

Rarangkén téh salaku pangwuwuh kecap dina adegan kecap ngaliwatan prosés morfologis bisa ngarobah fungsi katut hartina. Ramlan (Rosmana, 2003:21),

nétélakeun yén fungsi semantis atawa ma’na nya éta fungsi prosés morfologis anu

raket patalina jeung robahna harti unsur-unsur gramatis balukar tepungna wangun katatabasaan anu hiji jeung wangun katatabasaan séjénna. Dina Kamus Basa Sunda (2006:610), aya conto kecap sapu anu mibanda harti parabot paranti bebersih. Sanggeus dirarangkénan –keun robah wangunna jadi sapukeun. Ku kituna, robah ogé harti léksikalna jadi ‘sangkan di sapu’. Bisa dicindekkeun yén rarangkén -keun dina kecap sapukeunmibanda harti ‘sangkan di D’.

2.1.1.6 Rarangkén Tukang

Rarangkén tukang nya éta rarangkén anu napel atawa diwuwuhkeunna di tukangeun wangun dasarna. Prosés ngararangkéna tukang disebutna sufiksasi. Rarangkén tukang dina basa sunda aya lima rupa nya éta: (1) rarangkén tukang – an, (2) rarangkén tukang –eun, (3) rarangkén tukang –keun, (4) rarangkén tukang

–na, jeung (5) rarangkén tukang –(n)ing.

Lima rupa rarangkén di luhur mibanda fungsi katut harti anu tangtu dina séwang-séwangna. Sudaryat (2007:72-144), nyebutkeun yén fungsi jeung harti rarangkén tukang saperti ieu di handap:

1) Ngararangkénan tukang –an fungsina pikeun ngawangun:

a. Kecap barang anu miboga harti : ’hal nu jadi D’, ‘hal nu di-D-keun’, ‘hal nu miboga D’, ‘hasil tina nga-D-keun’, ‘kumpulan’, ‘hal nu aya di

(24)

14

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 14

D’, ‘hal nu di-D’, ‘tempat D’, ‘tiap-tiap D’, alat atawa hasil tina D’, ‘hal nu patali jeung D’, ‘aya dina hiji D’.

b. Kecap barang wangun Rdp-an anu miboga harti: ‘hal nu patali jeung D’, ‘rupa-rupa (nu) D’,’ hal nu nyarupaan D’, ‘jalma/hal nu jadi D’, ‘

hal nu teu saenyana’, ‘hal nu aya dina D’, ‘hal nu di-D/ka-D’, ‘hal nu

biasa di-/N-D(-an)’.

c. Kecap barang Rdm-an anu miboga harti: ‘hal nu dijadikeunD’, hal nu

di-D-keun

d. Kecap pagawéan anu mibanda harti: ‘sangkan di-D’,’ sangkan dijadikeun D’,’sangkan dibéré D’, ‘ngalakukeun D’.

e. Kecap pagawéan rajékan wangun R-an : ‘ngalakukeun pagawéan’,

‘tutuluyan ngalakukeun D’, ‘rupa-rupa ngalakukeun D’,’lila

ngalakukeun D (pikeun), ‘lila ngalakukeun D teu tangtu’, ‘rupa-rupa

ngalakukeun D jama’, ‘ sababaraha kali ngalakukeun D’, jeung dina kaayaan N’.

f. Kecap sipat anu mibanda harti: ‘miboga D’, ‘miboga sipat kawas D’,

‘biasa/boga bakat D’,’miboga sipat D’, ‘dina kaayaan D pisan’.

g. Kecap sipat wangun R-an

h. Kecap bilangan anu mibanda harti : ‘ diwangun ku D’, ‘giliran’, ‘jama teu tangtu’, ‘gundukan, jinis, atawa golongan’.

i. Kecap bilangan wangun rajékan dirarangkénan anu mibanda harti nya

éta ‘jama teu tangtu’.

2) Ngararangkénan tukang –eun fungsina pikeun ngawangun:

a. Kecap barang anu mibanda harti :’tempat’, ‘hal nu di-D-keun’, ‘hal nu

bakal atawa pikeun di-D’.

b. Kecap barang wangun Rdp-eun mibanda harti nya éta ‘hal nu dijadikeun D’.

c. Kecap sipat anu mibanda harti:’ (jadi) ngarasa D’, ‘(jalma katilu) dina kaayaan’, jeung ‘kakeunaan’.

(25)

15

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 15

3) Ngararangkénan tukang –keun fungsina pikeun ngawangun:

Kecap pagawéan anu mibanda harti :’sangkan di-D, jeung’sangkan dilakukeun D’.

4) Ngararangkénan tukang –na anu miboga alomorf –ana jeung –nana fungsina pikeun ngawangun:

a. Kecap barang anu mibanda harti: ‘milik’, jeung’nuduhkeun’.

b. Kecap sipat wangun R-na

5) Rosmana dina bukuna Morfologi Basa Sunda (2003:30), nyebutkeun yén rarangkén tukang -(n)ing fungsina pikeun ngawangun kecap partikel anu pihartieunana ngantebkeun (inténsitas).

2.2 Anggapan Dasar

Anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Rarangkén tukang mangrupa rarangkén nu napel ditukangeun dasar.

2) Ngararangkénan téh mangrupa bagian kajian tina élmu morfologis basa Sunda.

3) Unggal rarangkén tukang mibanda harti anu béda-béda, aya anu mibanda harti hiji ogé aya nu leuwih ti hiji.

(26)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 113

113 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Dumasar kana pedaran dina bab opat, bisa dicindekkeun kana sabaraha hal saperti ieu di handap:

1) Rarangkén tukang nu kapanggih dina buku kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas subbab “Rusiah Kaopatwelas” karya Darpan aya lima rupa nya éta: (1) rarangkén tukang –an, (2) rarangkén tukang –eun, (3) rarangkén tukang –keun, (4) rarangkén tukang –na, jeung (5) rarangkén tukang –(n)ing.

2) Warna rarangkén tukang nu kapanggih dina ieu panalungtikan nya éta: (1) rarangkén tukang –an anu miboga pola mandiri –an jeung Rdp+-an, (2) rarangkén tukang –eun anu miboga pola mandiri –eun jeung Rdp+-eun, (3) rarangkén tukang –keun anu mibanda pola mandiri –keun jeung proléksém+-keun, (4) rarangkén tukang –na anu mibanda pola mandiri –

na, Rdm+-na, Rdp+-na, sarta Rdr+-na, jeung (5) rarangkén tukang –(n)ing anu ngan mibada hiji pola nya éta pola mandiri –(n)ing. Tina hasil analisis data ogé, kapanggih frékuénsi nu sering muncul téh nya éta rarangkén tukang –na lamun dibandingkeun jeung frékuénsi rarangkén tukang lainna. Ari anu pangsaeutikna muncul nya éta rarangkén tukang –(n)ing.

3) Fungsi rarangkén tukang nu kapanggih dina ieu panalungtikan nya éta aya lima fungsi rarangkén tukang. Lima fungsi rarangkén tukang téh ngawengku: (1) fungsi nominal, (2) fungsi vérbal, (3) fungsi adjéktival, (4) fungsi numeral, jeung (5) fungsi partikel. Fungsi rarangkén tukang anu sering muncul dina ieu panalungtikan nya éta fungsi nominal anu jumlah frékuénsina 907 kecap, ari anu pangsaeutikna nya éta fungsi numeral nu frékuénsina ngan tujuh kecap.

(27)

114

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

114

4) Harti rarangkén tukang nu muncul dina ieu panalungtikan:

a. Rarangkén tukang –na miboga tilu harti : (1) panuduh, (2) milik, jeung (3) panganteb.

b. Rarangkén tukang –eun miboga tujuh harti : (1) tempat, (2) ngarasa D, (3) kakeunaan, (4) dina kaayaan D, (5) hal nu di D keun, (6) hal nu bakal di D, jeung (7) hal nu dijadikeun D.

c. Rarangkén tukang –keun miboga dua harti : (1) sangkan di D, jeung (2) sangkan dilakukeun D.

d. Rarangkén tukang –(n)ing ngan miboga saharti nya éta harti

„panganteb‟.

e. Rarangkén tukang –an miboba 27 harti: (1) rupa-rupa D, (2) pura-pura ngalakukeun,(3) tutuluyan ngalakukeun D, (4) sababaraha kali ngalakukeun D, (5) lila ngalakukeun pikeun, (6) lila ngalakukeun teu tangtu, (7) ngalakukeun, (8) hal nu di D, (9) hal nu di D keun, (10) sangkan di D, (11) panganteb, (12) boga bakat D, (13) diwangun ku D, (14) hal nu teu saenyana, (15) hal nu patali jeung D, (16) hasil tina D, (17) hal nu jadi D, (18) kumpulan, (19) gundukan, (20) ngan, (21) aya dina hiji D, (22) dina kaayaan N, (23) hal anu miboga D, (24) hal anu biasa di D, (25) sangkan dijadikeun D, (26) hal nu aya di D, jeung (27) dina kaayaan D pisan.

Bisa dicindekkeun yén rarangkén tukang dina ieu panalungtikan nu miboga loba harti téh nya éta rarangkén tukang –an, ari nu pangsaeutikna boga harti nya éta rarangkén tukang –(n)ing.

5) Rarangkén bisa dijadikeun référénsi dina pangajaran basa Sunda di sakola, hususna di SMP.

(28)

115

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

115

5.2 Saran

Saréngséna ngayakeun ieu panalungtikan, aya sababaraha hal anu disarankeun pikeun ka hareupna, nya éta:

1) Perlu ayana panalungtikan anu leuwih jembar ngeunaan analisis rarangkén tukang dina ragam basa lisan anu patalina jeung bahan pangajaran. Hal ieu bisa dilakukeun ku cara nyuruh siswa nyarita pangalaman, tuluy analisis tina segi ucapanna. Tujuanna sangkan ngukur dugi kamana siswa maham rarangkén tukang jeung mampu ngalarapkeun dina kahirupan sapopoéna, 2) Perlu diayakeun panalungtikan ngeunaan analisis rarangkén tukang anu

leuwih gemet dina kaparigelan nulis. Hal ieu bisa dilakukeun ku cara nyokot tina hasil karangan siswa. Tujuanana nya éta taya lain ti pikeun meunangkeun informasi ngeunaan kamampuh siswa dina ngalarapkeun rarangkén tukang, jeung

3) Ieu hasil panalungtikan téh bisa aya mangpaatna dina widang atikan, nya éta bisa dijadikeun référénsi pikeun bahan pangajaran rarangkén tukang di sakola.

(29)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

116

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta

Chaer, Abdul.2006. Tata Bahasa Praktis Bahasa Indonesia. Jakarta:Rineka Cipta Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung:

PT Kiblat Utama

Darpan. 2008.Rusiah Kaopatwelas.Bandung:PT Kiblat Buku Utama.

Lestari, Erna. 2007. Rarangkén Hareup Dina Novél Baruang Ka Nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata (Tilikan Struktur jeung Semantis). Bandung: JPBD FPBS UPI

Nani. 2007. Rarangkén Barung Dina Novél Baruang Ka Nu Ngarora Karangan D.K. Ardiwinata Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Di SMP . Bandung: JPBD

FPBS UPI

Ramlan.1980. Morfologi Suatu Tinjauan Deskriptif. Yogyakarta: U.P. Karyono.

Ridwan, Encep. 2004. Rarangkén Tengah Dina Buku Kumpulan Carita Pondok Nu Baralik Manggung Karya Nano S. Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda Di SLTP. Bandung: JPBD FPBS UPI

Rosmana, Iyos Ana.2003. Morfologi Bahasa Sunda.Bandung: JPBD FPBS UPI. Sudaryat, Yayat Spk.2007.Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung:Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. 2004.Élmuning Basa.Bandung: CV WALATRA

Universitas Pendidikan Indonesia. 2009. Pedoman Pensulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI

(1)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 14

D’, ‘hal nu di-D’, ‘tempat D’, ‘tiap-tiap D’, alat atawa hasil tina D’, ‘hal nu patali jeung D’, ‘aya dina hiji D’.

b. Kecap barang wangun Rdp-an anu miboga harti: ‘hal nu patali jeung D’, ‘rupa-rupa (nu) D’,’ hal nu nyarupaan D’, ‘jalma/hal nu jadi D’, ‘

hal nu teu saenyana’, ‘hal nu aya dina D’, ‘hal nu di-D/ka-D’, ‘hal nu

biasa di-/N-D(-an)’.

c. Kecap barang Rdm-an anu miboga harti: ‘hal nu dijadikeunD’, hal nu

di-D-keun

d. Kecap pagawéan anu mibanda harti: ‘sangkan di-D’,’ sangkan dijadikeun D’,’sangkan dibéré D’, ‘ngalakukeun D’.

e. Kecap pagawéan rajékan wangun R-an : ‘ngalakukeun pagawéan’, ‘tutuluyan ngalakukeun D’, ‘rupa-rupa ngalakukeun D’,’lila

ngalakukeun D (pikeun), ‘lila ngalakukeun D teu tangtu’, ‘rupa-rupa

ngalakukeun D jama’, ‘ sababaraha kali ngalakukeun D’, jeung dina kaayaan N’.

f. Kecap sipat anu mibanda harti: ‘miboga D’, ‘miboga sipat kawas D’, ‘biasa/boga bakat D’,’miboga sipat D’, ‘dina kaayaan D pisan’.

g. Kecap sipat wangun R-an

h. Kecap bilangan anu mibanda harti : ‘ diwangun ku D’, ‘giliran’, ‘jama teu tangtu’, ‘gundukan, jinis, atawa golongan’.

i. Kecap bilangan wangun rajékan dirarangkénan anu mibanda harti nya

éta ‘jama teu tangtu’.

2) Ngararangkénan tukang –eun fungsina pikeun ngawangun:

a. Kecap barang anu mibanda harti :’tempat’, ‘hal nu di-D-keun’, ‘hal nu

bakal atawa pikeun di-D’.

b. Kecap barang wangun Rdp-eun mibanda harti nya éta ‘hal nu dijadikeun D’.

c. Kecap sipat anu mibanda harti:’ (jadi) ngarasa D’, ‘(jalma katilu) dina kaayaan’, jeung ‘kakeunaan’.

(2)

15

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 15

3) Ngararangkénan tukang –keun fungsina pikeun ngawangun:

Kecap pagawéan anu mibanda harti :’sangkan di-D, jeung’sangkan dilakukeun D’.

4) Ngararangkénan tukang –na anu miboga alomorf –ana jeung –nana fungsina pikeun ngawangun:

a. Kecap barang anu mibanda harti: ‘milik’, jeung’nuduhkeun’.

b. Kecap sipat wangun R-na

5) Rosmana dina bukuna Morfologi Basa Sunda (2003:30), nyebutkeun yén rarangkén tukang -(n)ing fungsina pikeun ngawangun kecap partikel anu pihartieunana ngantebkeun (inténsitas).

2.2 Anggapan Dasar

Anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Rarangkén tukang mangrupa rarangkén nu napel ditukangeun dasar.

2) Ngararangkénan téh mangrupa bagian kajian tina élmu morfologis basa Sunda.

3) Unggal rarangkén tukang mibanda harti anu béda-béda, aya anu mibanda harti hiji ogé aya nu leuwih ti hiji.

(3)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 113 113 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Dumasar kana pedaran dina bab opat, bisa dicindekkeun kana sabaraha hal saperti ieu di handap:

1) Rarangkén tukang nu kapanggih dina buku kumpulan carpon Rusiah Kaopatwelas subbab “Rusiah Kaopatwelas” karya Darpan aya lima rupa nya éta: (1) rarangkén tukang –an, (2) rarangkén tukang –eun, (3) rarangkén tukang –keun, (4) rarangkén tukang –na, jeung (5) rarangkén tukang –(n)ing.

2) Warna rarangkén tukang nu kapanggih dina ieu panalungtikan nya éta: (1) rarangkén tukang –an anu miboga pola mandiri –an jeung Rdp+-an, (2) rarangkén tukang –eun anu miboga pola mandiri –eun jeung Rdp+-eun, (3) rarangkén tukang –keun anu mibanda pola mandiri –keun jeung proléksém+-keun, (4) rarangkén tukang –na anu mibanda pola mandiri –

na, Rdm+-na, Rdp+-na, sarta Rdr+-na, jeung (5) rarangkén tukang –(n)ing anu ngan mibada hiji pola nya éta pola mandiri –(n)ing. Tina hasil analisis data ogé, kapanggih frékuénsi nu sering muncul téh nya éta rarangkén tukang –na lamun dibandingkeun jeung frékuénsi rarangkén tukang lainna. Ari anu pangsaeutikna muncul nya éta rarangkén tukang –(n)ing.

3) Fungsi rarangkén tukang nu kapanggih dina ieu panalungtikan nya éta aya lima fungsi rarangkén tukang. Lima fungsi rarangkén tukang téh ngawengku: (1) fungsi nominal, (2) fungsi vérbal, (3) fungsi adjéktival, (4) fungsi numeral, jeung (5) fungsi partikel. Fungsi rarangkén tukang anu sering muncul dina ieu panalungtikan nya éta fungsi nominal anu jumlah frékuénsina 907 kecap, ari anu pangsaeutikna nya éta fungsi numeral nu frékuénsina ngan tujuh kecap.

(4)

114

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 114

4) Harti rarangkén tukang nu muncul dina ieu panalungtikan:

a. Rarangkén tukang –na miboga tilu harti : (1) panuduh, (2) milik, jeung (3) panganteb.

b. Rarangkén tukang –eun miboga tujuh harti : (1) tempat, (2) ngarasa D, (3) kakeunaan, (4) dina kaayaan D, (5) hal nu di D keun, (6) hal nu bakal di D, jeung (7) hal nu dijadikeun D.

c. Rarangkén tukang –keun miboga dua harti : (1) sangkan di D, jeung (2) sangkan dilakukeun D.

d. Rarangkén tukang –(n)ing ngan miboga saharti nya éta harti

„panganteb‟.

e. Rarangkén tukang –an miboba 27 harti: (1) rupa-rupa D, (2) pura-pura ngalakukeun,(3) tutuluyan ngalakukeun D, (4) sababaraha kali ngalakukeun D, (5) lila ngalakukeun pikeun, (6) lila ngalakukeun teu tangtu, (7) ngalakukeun, (8) hal nu di D, (9) hal nu di D keun, (10) sangkan di D, (11) panganteb, (12) boga bakat D, (13) diwangun ku D, (14) hal nu teu saenyana, (15) hal nu patali jeung D, (16) hasil tina D, (17) hal nu jadi D, (18) kumpulan, (19) gundukan, (20) ngan, (21) aya dina hiji D, (22) dina kaayaan N, (23) hal anu miboga D, (24) hal anu biasa di D, (25) sangkan dijadikeun D, (26) hal nu aya di D, jeung (27) dina kaayaan D pisan.

Bisa dicindekkeun yén rarangkén tukang dina ieu panalungtikan nu miboga loba harti téh nya éta rarangkén tukang –an, ari nu pangsaeutikna boga harti nya éta rarangkén tukang –(n)ing.

5) Rarangkén bisa dijadikeun référénsi dina pangajaran basa Sunda di sakola, hususna di SMP.

(5)

Iyan Cahyani, 2013

Rarangken tukang dina kumpulan carita pondok rusiah kaopatwelas karya darpan.

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu 115