KASALAHAN LÉKSIKO-SEMANTIK DINA KARANGAN NARASI SISWA KELAS VII-C SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI TAUN AJARAN 2013/2014.
KASALAHAN LÉKSIKO-SEMANTIK DINA KARANGAN NARASI SISWA KELAS VII-C SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI
TAUN AJARAN 2013/2014
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah
Ku
ku
I Wahyudi Sofyan NIM 1000056
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2014
(2)
Kasalahan Léksiko-Semantik dina Karangan Narasi
Siswa Kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI
Taun Ajaran 2013/2014
Oleh I Wahyudi Sofyan
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© I Wahyudi Sofyan 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Juli 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.
(3)
LEMBAR PENGESAHAN
I Wahyudi Sofyan NIM 1000056
KASALAHAN LÉKSIKO-SEMANTIK DINA KARANGAN NARASI SISWA KELAS VII-C SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI
TAUN AJARAN 2013/2014
disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001
Pangaping II,
Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 197810202003121001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001
(4)
vii
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR EUSI
PERNYATAAN ... i
ABSTRAK ... ii
PANGJAJAP ... iii
TAWIS NUHUN ... iv
DAPTAR EUSI ... vii
DAPTAR TABÉL ... x
DAPTAR BAGAN ... xi
DAPTAR SINGGETAN ... xii
DAPTAR LAMPIRAN ... xiii
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Masalah ... 5
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5
1.2.1 Watesan Masalah ... 5
1.2.2 Rumusan Masalah ... 5
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5
1.3.1 Tujuan Umum ... 5
1.3.2 Tujuan Husus ... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6
1.5 Raraga Tulisan ... 6
BAB II ULIKAN TIORI JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 7
2.1 Ulikan Tiori ... 7
2.1.1 Wangenan Kasalahan Basa ... 7
(5)
viii
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.1.2.1Taksonomi Katégori Linguistik ... 7
2.1.2.2Taksonomi Siasat Permukaan ... 8
2.1.2.3Taksonomi Komparatif ... 8
2.1.2.4Taksonomi Éfék Komunikatif... 9
2.1.3 Léksiko-Semantik ... 9
2.1.3.1 Wangenan Léksiko-Semantik ... 9
2.1.4 Adegan Pakecapan (Struktur Léksikal) ... 11
2.1.4.1 Watesan Adegan Pakecapan ... 11
2.1.4.2 Prinsip Adegan Pakecapan ... 11
2.1.4.3 Wanda Adegan Pakecapan ... 14
2.1.5 Harti ... 20
2.1.5.1 Wangenan Harti ... 20
2.1.5.1 Konsép Gelarna Harti ... 20
2.1.6 Kasalahan Léksiko-Semantik... 21
2.1.6.1 Wangenan Kasalahan Léksiko-Semantik ... 21
2.1.6.2 Wanda Kasalahan Léksiko-Semantik ... 22
2.1.6.2.1 Kasalahan Ngalarapkeun Undak-Usuk Basa Sunda ... 22
2.1.6.2.2 Kasalahan Struktur Léksikal ... 23
2.1.6.2.3 Interférénsi ... 23
2.1.7 Karangan Narasi ... 25
2.1.7.1 Wangenan Karangan Narasi ... 25
2.1.7.2 Wangun Karangan Narasi ... 25
2.2 Anggapan Dasar ... 26
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN... 27
3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ... 27
3.2 Desain Panalungtikan ... 27
3.3 Métode Panalungtikan ... 28
3.4 Wangenan Operasional ... 29
(6)
ix
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 31
3.7 Téhnik Ngolah Data ... 31
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 32
4.1 Data Kasalahan Léksiko-Semantik ... 32
4.2 Wanda Kasalahan Léksiko-Semantik ... 35
4.2.1 Kasalahan Ngalarapkeun Undak-Usuk Basa Sunda ... 36
4.2.1.1 Kasalahan Ngalarapkeun Basa Lemes keur Sorangan ... 37
4.2.1.2 Kasalahan Ngalarapkeun Basa Lemes keur Batur ... 42
4.2.1.3 Kasalahan Ngalarapkeun Basa Budak ... 42
4.2.2 Kasalahan Struktur Léksikal ... 44
4.2.2.1 Kasalahan Homonim Murni... 45
4.2.2.2 Kasalahan Homonim Patumpuk... 47
4.2.3 Interférénsi Basa Indonesia kana Basa Sunda ... 54
4.2.3.1 Interférénsi Fonologis ... 55
4.2.3.1.1 Pola 1 IF: Nambahan Foném Konsonan ... 55
4.2.3.1.2 Pola 2 IF: Ngaganti Foném Vokal ... 56
4.2.3.1.3 Pola 3 IF: Ngaleungitkeun Foném K jeung Nganganti Foném V ... 56
4.2.3.1.4 Pola 4 IF: Nukeurkeun Posisi Foném Vokal... 57
4.2.3.2 Interférénsi Morfologis ... 57
4.2.3.2.1 Interférénsi Morfologis Kecap Rundayan ... 60
4.2.3.2.2 Interférénsi Morfologis Kecap Rajékan ... 74
4.2.3.2.3 Interférénsi Morfologis Kecap Kantétan ... 77
4.2.3.3Interférénsi Léksikal Basa Indonesia kana Basa Sunda ... 79
4.3 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 82
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI... 84
5.1Kacindekan ... 84
5.2Rékoméndasi... 85
(7)
x
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
LAMPIRAN ... 88 RIWAYAT HIRUP ... 136
(8)
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
KASALAHAN LÉKSIKO-SEMANTIK DINA KARANGAN NARASI SISWA KELAS VII-C SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI
TAUN AJARAN 2013/2014 1)
I WAHYUDI SOFYAN 2)
Penelitian ini dilatarbekangi oleh adanya kesalahan penggunaan kata yang tidak sesuai dengan konteks pemakaiannya, atau disebut juga kesalahan leksiko-semantik. Adapun tujuan dari penelitian ini yaitu untuk mengetahui dan mendeskripsikan kesalahan leksiko-semantik yang dilakukan oleh siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Tahun Ajaran 2013/2014, yang meliputi (1) kesalahan menggunakan undak-usuk basa Sunda, (2) kesalahan stuktur leksikal, dan (3) interferensi. Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode deskriptif, sedangkan tehnik yang digunakan untuk pengumpulan serta pengolahan data yaitu tehnik tes dan tehnik analisis data. Sumber data dalam penelitian ini yaitu karangan narasi yang disusun oleh siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Tahun Ajaran 2013/2014, sedangkan data dalam penelitian ini adalah kesalahan leksiko-semantik yang terdapat dalam karangan narasi siswa. Hasil penelitian ini adalah (1) kesalahan menggunakan undak-usuk basa Sunda sebanyak 14 kata (6,93%), dengan rincian (a) kesalahan menggunakan bahasa halus (lemes) untuk diri sendiri sebanyak 8 kata (3,96%), (b) kesalahan menggunakan bahasa halus (lemes) untuk orang lain jumlahnya satu kata (0,49%), dan (c) kesalahan menggunakan bahasa anak (budak) sebanyak 5 kata (2,47%); (2) kesalahan struktur leksikal sebanyak 17 kata (8,41%), dengan rincian (a) kesalahan homonim murni sebanyak 6 kata (2,97%) dan (b) kesalahan homonim tumpang tindih sebanyak 11 kata (5,44%); serta interferensi sebanyak 171 kata (84,65%), dengan rincian (a) interferensi fonologis sebanyak 4 kata (1,98%), (b) interferensi morfologis sebanyak 94 kata (46,53%), dan interferensi leksikal bahasa Indonesia terhadap bahasa Sunda sebanyak 73 kata (36,13%). Berdasarkan hasil tersebut, dapat disimpulkan bahwa siswa masih melakukan kesalahan leksiko-semantik.
Kata Kunci: Kasalahan Léksiko-Semantik, Karangan Narasi
1
Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Hernawan, S.Pd., M.Pd. 2
(9)
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
LEXICO-SEMANTIC ERRORS IN NARRATIVE TEXT STUDENT’S OF JUNIOR HIGH SCHOOL LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI
YEAR 2013/2014 3)
I WAHYUDI SOFYAN 4)
This study is based on the use of language which is inappropriate with its context, often called as lexico-semantic errors. This study is aimed at finding out and describing lexico semantic errors practiced by seventh grade students at SMP Laboratorium UPI on 2013/2014 academic year which include the followings: 1) Errors in using undak usuk Basa Sunda, 2) errors in terms of lexical structures, and 3) language interference. Descriptive method is used in this study. Specifically, test and data analysis are as the techniques in this study. Data collected in this study are in the form of narrative text written by the students, and data to be analyzed are the lexico semantic errors found in the text. The result of this study are 1) 14 errors in using undak usuk Basa Sunda (6.93%) which include a) Eight errors in using polite language for self-representation (3.96%), b) One error in using polite language to the other people (0.49%) and five errors in using bahasa anak (2.47%), 2) 17 errors in terms of lexical structures (8.41%) which include a) six pure homonym errors (2.97%), b) 11 errors in terms of overlapped homonym, and 171 interferences (84.65%) which include a) Four errors in terms of phonological interferences (1.98%), b) Four errors in terms of morphological interferences (46.53%), and c) 94 errors in terms of lexical interferences between Bahasa and Basa Sunda (36.13%). The conclusion of those results is that the students still practiced lexico semantic errors in their writing.
Key word: Lexico-Semantic Errors, Narrative Text
3
Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Hernawan, S.Pd., M.Pd. 4
(10)
1
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Basa téh salasahiji pakakas ucap anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna. Minangka pakakas ucap, basa téh miboga fungsi pikeun alat komunikasi. Ieu pamanggih téh luyu jeung nu ditétélakeun ku Sudaryat (2004, kc. 6), yén basa nyaéta sistem lambang sora omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa, kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis), tur ragem (konvensional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi.
Kridalaksana (dina Chaer, 2007, kc. 32) nétélakeun yén basa nyaéta sistem lambang sora anu arbitrér, anu dipaké ku para anggota kelompok sosial pikeun gawé bareng, komunikasi, jeung ngaidéndifikasi diri.
Prosés komunikasi basa dina enas-enasna mah nepikeun rasa, pikiran, jeung kahayang ti panyatur (sender) ka pamiarsa atawa pangregep (receiver). Sangkan éta amanat anu ditepikeun ka pamiarsa luyu jeung pamaksudan, pamaké basa diperedih sangkan bisa ngagunakeun basana kalawan bener tur merenah. Basa anu bener nyaéta basa nu dipakéna kukuh kana aturan atawa kaédah tata basa, sedengkeun basa anu merenah nyaéta basa anu keuna larapna atawa luyu kana kontéks situasi makéna (Sudaryat, spk., 2009, kc. 6).
Kaparigelan ngagunakeun basa hiji jalma mangrupa modal anu utama pikeun ngayakeun prosés komunikasi di masarakat. Hiji jalma disebut parigel ngagunakeun basana, saupama éta jalma geus bisa ngalarapkeun aturan-aturan atawa kaédah makéna basa.
Minangka alat komunikasi, basa Sunda miboga kalungguhan salaku basa daérah di Indonésia. Dina kalungguhanana salaku basa daérah, saperti anu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi (1) lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jatidiri (idéntitas) masarakat Sunda, (3) alat paguneman di lingkungan
(11)
2
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kulawarga jeung masarakat Sunda, (4) pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di sakola dasar (SD) jeung di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonesia jeung pangajaran lianna, sarta (6) alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Halim dina Sudaryat, spk., 2009, kc. 2).
Kiwari, basa Sunda téh kaasup basa daérah anu masih dipiara tur dipaké ku masarakat. Ku kituna, hirup-huripna basa Sunda téh ditangtayungan ku pamaréntah. Bukti dipiarana basa Sunda ku pamaréntah nyaéta ku kaluarna Perda Provinsi Jawa Barat Nomer 5 Taun 2003, ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara, serta Petunjuk Pelaksanaannya, anu eusina netepkeun basa daérah, kaasup basa Sunda, diajarkeun ti TK nepi ka SMA/SMK/MA/Sadarajat di Jawa Barat.
Pangajaran basa Sunda téh ngawengku opat aspék kaparigelan basa, nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Tangtu baé, pikeun nyangkem éta kaparigelan basa téh kudu dibarung ku ngawasa élmu basana, sangkan pangajaran basa Sunda bisa kahontal sacara optimal.
Disawang tina adeganana, élmu basa téh dibagi kana tilu bagian, nyaéta (1) tata sora (fonologi), (2) tata basa (gramatik), jeung (3) tata harti (semantik). Tata sora maluruh perkara sora-sora basa anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa; tata basa dibagi dua bagian, nyaéta (1) tata wangun kecap (morfologi) maluruh morfém dina prosés ngawangun kecap, jeung (2) tata kalimah (sintaksis) maluruh adegan frasa, klausa, jeung kalimah; sarta tata harti (semantik) anu maluruh harti atawa ma’na basa (Sudaryat, 2010, kc. 9).
Adegan basa téh patali jeung kaédah basa. Kaédah basa dipaké ku panyatur ngarah basana bener tur merenah. Lamun makéna basa nyimpang tina kaédah, balukarna jadi salah.
Kasalahan makéna basa téh bisa lumangsung dina tataran fonologi, morfologi, sintaksis, jeung léksikon, boh sacara lisan boh sacara tulisan. Ieu kasalahan téh bisa lumangsung balukar kurangna pangaweruh ngeunaan kaédah
(12)
3
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
basa, sakumaha anu disebutkeun ku Chomsky (1965) (dina Tarigan & Tarigan, 2011, kc. 127) salaku faktor kompeténsi.
Nulis minangka salasahiji aspék tina opat kaparigelan basa, anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, jeung maca geus sakuduna dikawasa ku siswa. Éta kaparigelan nulis téh raket patalina jeung kaparigelan basa séjénna. Pikeun nyangkem kaparigelan nulis, ilaharna dimimitian ku prosés ngaregepkeun, nyarita, jeung maca, anu satuluyna diteruskeun kana kaparigelan nulis.
Nurutkeun Tarigan (2011, kc. 3), nulis mangrupa salasahiji kaparigelan basa anu dipaké pikeun komunikasi sacara teu langsung. Nulis ogé bisa disebut minangka hiji kagiatan anu produktif jeung éksprésif. Tangtu baé, ieu kaparigelan nulis téh teu bisa dicangkem sacara otomatis, tapi kudu dibarung ku latihan, jeung parigel dina ngolah, sarta ngamangpaatkeun grafologi, struktur basa, jeung kandaga kecap sakumaha mistina.
Pikeun ngaréalisikeun kaparigelan nulis atawa ngarang bisa dina wujud rupa-rupa wacana, boh fiksi boh non-fiksi. Dina wujud naon waé, ngarang atawa nulis mangrupa hiji prosés kagiatan pikeun ngébréhkeun kereteg haté, pikiran, kahayang, atawa informasi dina wangun tinulis.
Dina prakna kagiatan nulis atawa ngarang, siswa diperedih mampuh ngagunakeun kaparigelan basana enggoning ngahontal karangan anu hadé. Kitu deui dina nulis karangan narasi, siswa kudu parigel dina milih, ngolah, jeung ngalarapkeun kecap anu merenah tur luyu jeung hartina, sarta nyusun karangan kalawan hadé.
Salian ti éta, Morsey (1976) (dina Tarigan, 2011, kc. 4) nétélakeun yén sangkan tulisan (karangan) urang bisa mangaruhan, méré informasi, ngadadarkeun, jeung ngagambarkeun ngeunaan hiji hal ka pamaca, hal anu kudu diperhatikeun nyaéta kamampuh sarta kaparigelan dina ngolah alur mikir, organisasi tulisan, makéna kandaga kecap (léksikon), jeung struktur kalimah.
Hanjakalna, niténan lumangsungna prosés pangajaran basa Sunda kiwari, hususna dina pangajaran nulis réa nimbulkeun pasualan, salasahijina nyaéta kasalahan ngalarapkeun kecap anu teu luyu jeung hartina atawa teu merenah
(13)
4
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
larapna, atawa disebut ogé kasalahan léksiko-semantik. Éta kasalahan téh kapanggih dina karangan narasi anu disusun ku siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014.
Niténan kana éta hal, bisa disebutkeun yén kaparigelan nulis téh kawilang bangga. Luyu jeung anu ditepikeun ku Iskandarwassid & Sunendar (2008, kc. 291), yén kaparigelan nulis mangrupa kaparigelan panghéséna dibandingkeun jeung tilu kaparigelan lianna.
Dumasar kana éta hal, katitén yén nulis atawa ngarang téh merlukeun kamampuh anu kawilang cukul, utamana kamampuh dina ngalarapkeun ma’na kecap, ngolah kecap, sarta nyusun struktur kalimah anu bener tur merenah. Patalina jeung kasalahan dina ngalarapkeun kecap anu teu luyu jeung hartina (léksiko-semantik) téa, tangtu jadi bangbaluh pikeun siswa enggoning ngahontal kamampuh dina aspék nulis.
Saupama niténan panalungtikan anu aya, mémang geus aya nu nalungtik ngeunaan kasalahan basa, hususna kasalahan léksikal. Tapi panalungtikan ngeunaan kasalahan léksiko-semantik mah acan kungsi aya nu nalungtik. Panalungtikan ngeunaan kasalahan basa di antarana, ”Interférénsi Léksikal Basa Indonésia kana Basa Sunda dina Karangan Pangalaman Siswa Kelas VII SMP Negeri 1 Ciawigebang Kab. Kuningan” (Teten Sutendi, 2010); “Analisis Kasalahan Léksikal dina Karangan Déskripsi Siswa Kelas VII SMP Negeri 1 Lembang Kabupaten Bandung Barat Taun Ajaran 2007/2008” (Yuyun Yunengsih, 2008); jeung ”Interférénsi Basa Indonésia kana Basa Sunda dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung” (Arif taufik R, 2013).
Tina sababaraha panalungtikan anu geus aya, mémang aya sasasaruanana jeung ieu panalungtikan, nyaéta sarua nalungtik perkara léksikal. Tapi panalungtikan saméméhna mah medar ngeunaan gejala hiperkorék jeung gejala pléonasme dina karangan déskripsi, sarta interférénsi basa Indonésia kana basa Sunda dina otobiografi. Ari dina ieu panalungtikan mah nalungtik ngeunaan wanda kasalahan léksiko-semantik dina karangan narasi.
(14)
5
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Nilik kana tinimbangan di luhur, panalungtikan nu judulna Kasalahan Léksiko-Semantik dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014, perlu dilaksanakeun.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Kasalahan basa téh ngawengku kasalahan fonologis, éjahan, morfologis, sintaksis, jeung léksikal. Sangkan teu lega teuing, ieu panalungtikan baris diwatesan, nyaéta maluruh perkara kasalahan léksiko-semantik dina karangan narasi anu ngawengku (1) kasalahan ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda; (2) kasalahan struktur léksikal; sarta (3) interférénsi.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
a. Naon waé kasalahan léksiko-semantik anu kapanggih dina karangan narasi siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014?
b. Kumaha wanda kasalahan léksiko-semantik dina karangan narasi siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014?
1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan sacara umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan nyaéta pikeun maluruh, tur ngadadarkeun kasalahan léksiko-semantik anu nyampak dina karangan narasi siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014.
(15)
6
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun
a. kasalahan léksiko-semantik dina karangan narasi siswa kelas VII-C SMP Labratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014; jeung
b. wanda kasalahan léksiko-semantik dina karangan narasi siswa kelas VII-C SMP Labratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014.
1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan, nyaéta: a. ngalengkepan informasi ngeunaan élmu semantik;
b. pikeun méré informasi ngeunaan élmu léksiko-semantik; jeung
c. pikeun kamekaran élmu, bisa jadi sumber réferénsi pikeun mahasiswa dina nalungtik tata basa Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Anapon mangpaat praktis anu dipiharep bisa dihontal tina ieu panalungtikan, nyaéta:
a. pikeun guru, bisa jadi bahan évaluasi diajar-ngajar basa Sunda, utamana dina ngajarkeun kaparigelan nulis ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah;
b. pikeun siswa, bakal méré gambaran ngeunaan cara makéna basa Sunda anu bener tur merenah; jeung
c. pikeun anu nalungtik, bisa ngeuyeuban wawasan jeung pangaweruh anu patali jeung élmu léksiko-semantik.
1.5 Raraga Tulisan
Raraga tulisan dina ieu skripsi ngawengku lima bab, nyaéta: Bab I bubuka, ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan; Bab II ngeunaan ulikan tiori jeung anggapan dasar, anu eusina ngeunaan kasalahan basa,
(16)
léksiko-7
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
semantik, adegan pakecapan, harti jeung karangan narasi; Bab III ngeunaan métode panalungtikan, anu eusina ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, téhnik panalungtikan, jeung instrumén panalungtikan; Bab IV pedaran hasil tina panalungtikan, nyaéta ngeunaan wanda kasalahan léksiko-semantik dina karangan narasi; sarta dipungkas ku Bab V ngeunaan kacindekan jeung rékoméndasi tina hasil panalungtikan.
(17)
27
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan
Data dina ieu panalungtikan nyaéta kasalahan léksiko-semantik dina karangan narasi anu disusun ku siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014. Ari nu jadi sumber datana nyaéta sakabéh hasil karangan narasi siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014. Tina éta data, satuluyna karangan narasi anu ngandung kasalahan léksiko-semantik dipasing-pasing dumasar kana wanda kasalahan léksiko-semantik, anu ngawengku (1) kasalahan ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda (2) kasalahan struktur léksikal, jeung (3) interférénsi. Jumlah karangan narasi anu dianalisis dina ieu panalungtikan nyaéta 30 karangan.
3.2 Desain Panalungtikan
Sangkan panalungtikan lumangsung kalawan lancar, tangtu baé perlu aya desain panalungtikanana. Ari nu dimaksud desain panalungtikan dina ieu panalungtikan nyaéta rarancang dina wangun bagan atawa gambar, anu nuduhkeun léngkah-léngkah anu dilakukeun ku panalungtik dina ngalaksanakeun panalungtikan. Anapon léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan kagambar dina bagan 3.1 ngeunaan desain panalungtikan.
(18)
28
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.3 Métode Panalungtikan
Ratna (2011) (dina Abdillah, 2013, kc. 22) nétélakeun yén métode asalna tina basa Latin nyaéta methodos, anu hartina cara-cara, stratégi pikeun maham kana réalitas, jeung léngkah-léngkah sistematis dina ngungkulan runtuyan sabab-akibat. Ari fungsina nyaéta pikeun ngungkulan pasualan dina panalungtikan.
Dina seuhseuhanana mah métode téh mangrupa tarékah anu sistematis pikeun ngahontal hiji udagan sangkan maham kagemblengan dina hasil panalungtikan.
Masalah Panalungtikan
Kasalahan léksiko-semantik dina karangan narasi siswa kelas VII-C SMP Laboratorium
Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014.
Téhnik Ngumpulkeun Data Digunakeun téhnik tés jeung kartu data. Instrumén Panalungtikan
Téhnik Ngolah Data Digunakeun téhnik analisis data.
Déskripsi Data
Kasalahan léksiko-semantik dina karangan narasi siswa kelas VII-C SMP Laboratorium
Percontohan UPI Taun Ajaran 2-13/2014.
Kacindekan
(19)
29
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Ku kituna, unggal panalungtikan merlukeun métode anu luyu jeung udagan anu baris dihontal, jeung ahirna nyangking atawa maham kagemblengan kana pasualan anu nyampak.
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif. Métode déskriptif mangrupa métode anu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, situasi, kajadian, kagiatan jeung sajabana, anu hasilna disusun dina wangun laporan (Arikunto, 2010, kc. 3). Nilik kana éta hal, métode déskriptif dipilih lantaran luyu jeung tujuan panalungtikan, nyaéta pikeun ngadéskripsikeun kasalahan léksiko-semantik dina karangan narasi siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014.
3.4 Wangenan Operasional
Sangkan leuwih jéntré tur nyingkahan ayana salah tapsir ti nu maca, ku kituna judul ieu panalungtikan baris dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu di handap.
a. Kasalahan Léksiko-Semantik
Kasalahan léksiko-semantik nyaéta kasalahan ngalarapkeun kecap dina basa anu teu luyu jeung hartina.
b. Karangan Narasi
Karangan narasi nyaéta wangun wacana anu eusina nyaritakeun lumangsungna kajadian atawa peristiwa kalawan ngaruntuy, boh sipatna nyata (faktual) boh sipatna rékaan (imajinatif).
3.5 Instrumén Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203), instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu dipaké panalungtik pikeun meunangkeun sarta ngumpulkeun data panalungtikan. Data panalungtikan diperlukeun pikeun ngajawab pasualan dina ieu panalungtikan. Ari nu jadi tujuan dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan kasalahan léksiko-semantik dina karangan
(20)
30
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
narasi siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014.
Instrumén anu digunakeun pikeun meunangkeun data dina ieu panalungtikan, nyaéta instrumén tés anu mangrupa lembar tés ngarang. Ari nu digunakeun pikeun ngumpulkeun datana nyaéta ngaliwatan kartu data.
a. Lembar Tés Ngarang
Ieu lembar tés ngarang téh eusina ngeunaan pituduh atawa katangtuan pikeun nulis karangan narasi. Anapon format lembar tés ngarangna, saperti ieu di handap.
Bagan 3.2 Lembar Tés Ngarang b. Kartu Data
Kartu data digunakeun pikeun ngumpulkeun data kasalahan léksiko-semantik anu aya dina karangan narasi siswa. Anapon format kartu datana digambarkeun saperti kieu.
KARTU DATA Wasta : Kelas : No. Absén : Mata Pelajaran:
Soal!
Jieun hiji karangan narasi anu témana ngeunaan pangalaman salila liburan, dina kertas anu geus disadiakeun! (Minimal 3 paragrap)
KARTU DATA
Kalimah : Pada lami di dinya téh. (KN1/12) Kecap nu teu luyu jeung ma’na (semantik): pada Kuduna: sarua
(21)
31
I Wahyudi Sofyan, 2014
Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.3 Kartu Data
Data kasalahan léksiko-semantik anu kapanggih dina karangan dibéré kode. Éta kode téh eusina nyaéta (1) nomer karangan siswa, jeung (2) baris tempat kasalahanana. Contona:
(KN1/12) …pada dinten éta…
Hartina, éta kasalahan téh kapanggih dina karangan nomer 1 baris ka 12.
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nyaéta téhnik tés. Ieu téhnik digunakeun pikeun meunangkeun data kasalahan léksiko-semantik dina karangan siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014. Anapon léngkah-lengkah ngumpulkeun datana kieu:
1) ngayakeun tés ngarang karangan narasi; 2) ngumpulkeun hasil karangan narasi siswa; 3) macaaan hasil karangan siswa;
4) nyirian sarta méré kode kasalahan léksiko-semantik anu aya dina karangan narasi siswa; jeung
5) nyatet kasalahan léksiko-semantik kana kartu data.
3.7 Téhnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik analisis data. Data anu geus dikumpulkeun tina perlu ditapsirkeun, sangkan bisa méré gambaran anu leuwih jéntré kana masalah anu jadi puseur panalungtikan. Sanggeus data dikumpulkeun, satuluyna data diolah ngaliwatan léngkah-léngkah saperti kieu:
1) macaan deui karangan narasi siswa,
(22)
32

3) satuluyna data kecap anu ngandung kasalahan léksiko-semantik dianalisis, 4) sanggeus dianalisis, satuluyna diklasifikasikeun dumasar kana wanda
kasalahanana, jeung
(23)
84

BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat, ngeunaan kasalahan léksiko-semantik dina karangan siswa kelas VII-C SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014, kasalahan anu panglobana nyaéta interférénsi basa Indonesia kana basa Sunda, kasalahan ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda (UUBS), jeung kasalahan struktur léksikal. a. Interférénsi basa Indonesia kana basa Sunda aya 171 kecap (84,65%), anu
wincikanana: (1) interférénsi fonologis aya 4 kecap (1,98%), contona kecap parintah kuduna paréntah, jeung kecap sholat kuduna solat; (2) interférénsi morfologis aya 94 kecap (46,53%), anu ngawengku a) interférénsi morfologis kecap rundayan aya 71 kecap (35,14%), contona kecap besokna kuduna isukna, jeung jantanna kuduna jaluna; b) interférénsi morfologis kecap rajékan aya 13 kecap (6,43%), contona kecap makan-makan kuduna dahar, jeung kecap bérés-bérés kuduna bébérés, jeung c) interférénsi kecap kantétan aya 10 kecap (4,95%), contona kecap menjelang siang kuduna maju ka beurang, jeung kecap matahari kuduna panonpoé, (3) interférénsi léksikal basa Indonesia kana basa Sunda aya kecap (36,13%), contona kecap pulang kuduna balik, jeung kecap rumah kuduna imah.
b. Kasalahan ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda (UUBS) aya 14 kecap (7%), anu wincikanana: (1) kasalahan ngalarapkeun kecap lemes keur sorangan aya 8 kecap (3,96%), contona ngadangu kuduna nguping; (2) kasalahan ngalarapkeun kecap lemes keur batur aya sakecap (0,49%), contona dongkap kuduna sumping; jeung (3) kasalahan ngalarapkeun basa budak aya 5 kecap (2,47%), contona, kecap ibak kuduna mandi.
c. Kasalahan struktur léksikal aya 17 kecap (8,41%), anu wincikanana: (1) kasalahan homonim murni aya 6 kecap dina 5 frasa (2,97%), nyaéta aki abdi
(24)
85

kuduna kuduna pun aki; (2) kasalahan homonim patumpuk aya 11 kecap (5,44%), conto kecapna nyaéta indah kuduna éndah, jeung kecap puas kuduna sugema.
5.2 Rékoméndasi
Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sababaraha rékoméndasi anu perlu ditepikeun patali jeung ieu panalungtikan.
a. Ieu panalungtikan téh ngan ukur nganalisis kasalahan léksiko-semantik dina wangun karangan tinulis. Ku kituna, perlu aya panalungtikan léksiko-semantik dina wangun lisan sangkan hasilna leuwih munel.
b. Objék anu ditalungtik ngan sakelas, tangtu baé data anu kapanggihna ogé kawatesanan. Ku ayana éta hal, panalungtik miharep aya panalungtik séjén nu ngulik kasalahan léksiko-semantik anu leuwih jembar.
Salian ti éta, pikeun guru anu notabene ilubiung langsung dina prosés diajar-ngajar, kudu méré pangaweruh anu patali jeung léksiko-semantik, sangkan siswa
henteu salah dina ngalarapkeun ma’na kecap atawa milampah kasalahan léksiko
(25)
86

DAPTAR PUSTAKA
Abdillah, A. A. (2013). Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu Harayang Di Hargaan. (Skripsi). Jurusan Pendidikan bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Rineka Cipta.
Aslinda & Syafyahya, L. (2007). Pengantar Sosiolinguistik. Bandung: Refika Aditama.
Chaer, A. & Leonie, A. (2010). Sosiolinguistik: Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.
Chaer, A. (2007a). Leksikologi & Leksikografi Indonesia. Jakarta: PT Rineka Cipta.
Chaer, A. (2007b). Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta.
Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran.
Darpan. (2010). Kamus Sunda-Indonesia: Untuk Pelajar. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.
Iskandarwassid dan Sunendar, D. (2008). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: Refika Aditama.
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda Édisi Révisi. Bandung: Sonagar Press.
Keraf, G. (1994). Komposisi: Sebuah Pengantar Kemahiran Berbahasa. Jakarta: IKRAR MANDIRIABADI.
Keraf, G. (2010). Argumentasi dan Narasi. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. Kridalaksana, H. (1982). Kamus Linguistik. Jakarta: PT Gramedia.
Pateda, M. (2010). Semantik Leksikal. Jakarta: PT Rineka Cipta.
Prawirasumantri, A., spk. (2007). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.
(26)
87

Rahman, A. T. (2013). Interférénsi Basa Indonesia kana Basa Sunda dina Tulisan Otobiografi Siswa Kelas VII SMP Pasundan 4 Bandung. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia.
Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.
Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A., & Yudibrata, K. (2009). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sudaryat, Y. (2010a). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sudaryat, Y. (2010b). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten. Sutendi, T. (2010). Interférénsi Léksikal Basa Indonesia kana Basa Sunda dina
Karangan Pangalaman Siswa Kelas VII SMP Negeri Ciawigebang Kab. Kuningan. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Tamsyah, B. R., spk. (2010a). Kamus Lengkep Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda. Bandung: CV PUSTAKA SETIA.
Tamsyah, B. R. (2010b). Kamus Undak-Usuk Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
Tarigan, H. G. & Tarigan, D. (2011). Pengajaran Analisis Kesalahan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Tarigan, H. G. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Tarigan, H. G. (2009). Pengajaran Semantik. Bandung: Angkasa.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI PRESS.
Wulansari, I. S. (2007). Analisis Kasalahan Sintaksis dina Karangan Narasi Siswa SMP Negeri 1 Campaka Kabupatén Perwakarta Taun Ajaran 2007/2008. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Universitas Pendidikan Indonesia.
(1)

84 I Wahyudi Sofyan, 2014

86 I Wahyudi Sofyan, 2014