MEMORIZATION MODEL OF MNEMONICS METHOD IN LEARNING AKSARA SUNDA WRITING.
viii
DAPTAR EUSI
Kaca
PANGJAJAP ... i
TAWIS PANUHUN ... ii
ABSTRAK ... vi
DAPTAR EUSI ... viii
DAPTAR TABÉL ... xii
DAPTAR GRAFIK ... xiii
DAPTAR GAMBAR ... xiv
DAPTAR BAGAN ... xv
DAPTAR LAMPIRAN ... xvi
DAPTAR SINGGETAN ... xvii
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1 Watesan Masalah ... 4
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan... 5
1.3.1 Tujuan Umum ... 5
1.3.2 Tujuan Husus ... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6
(2)
ix
BAB II NULIS, AKSARA SUNDA, MODÉL MEMORIZATION, JEUNG MÉTODE MNEMONIK
2.1 Nulis ... 8
2.1.1 Wangenan Nulis ... 8
2.1.2 Fungsi Nulis ... 8
2.1.3 Mangpaat Nulis ... 10
2.2 Aksara Sunda ... 11
2.2.1 Wangenan Aksara Sunda ... 11
2.2.2 Sajarah Aksara Sunda ... 12
2.2.3 Tipologi Aksara Sunda ... 14
2.2.4 Kamekaran Aksara Sunda ... 15
2.2.5 Sistem Tata Tulis Aksara Sunda ... 19
2.2.6 Wujud Aksara Sunda ... 20
2.2.7 Aksara Sunda Standar ... 21
2.3 Modél Pangajaran... 28
2.3.1 Rumpun Modél Pangajaran ... 29
2.3.2 Komponén Modél Pangajaran ... 33
2.3.3 Modél Pangajaran Memorization ... 34
2.3.4 Métode Mnemonik ... 42
2.4 Asumsi jeung Hipotésis ... 47
2.4.1 Asumsi ... 47
2.4.2 Hipotésis ... 47
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 49
3.2 Desain Panalungtikan ... 49
3.3 Métode Panalungtikan ... 50
3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional ... 50
(3)
x
3.4.2 Wangenan Operasional ... 50
3.4.2.1 Modél Pangajaran Memorization métode Mnemonik ... 51
3.4.2.2 Nulis Aksara Sunda ... 51
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 51
3.6 Prosedur Panalungtikan ... 53
3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 54
3.8 Téhnik Nganalisis Data ... 54
BAB IV NULIS AKSARA SUNDA NGAGUNAKEUN MODÉL PANGAJARAN MEMORIZATION METODE MNEMONIK DI KELAS X-C SMA LABORATORIUM-PERCONTOHAN UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA TAUN AJARAN 2012-2013 4.1 Prak-prakan Modél Pangajaran Memorization Métode Mnemonik dina Pangajaran Nulis Aksara Sunda ka Siswa Kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2012-2013 ... 67
4.2 Analisis Kamampuh Nulis Aksara Sunda Ngagunakeun Modél Pangajaran Memorization Métode Mnemonik ka Siswa Kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2012-2013 ... 70
4.2.1 Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2012-2013 Saméméh Ngagunakeun Modél Panagajaran Mémorization Métode Mnemonik ... 70
4.2.2 Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2012-2013 Sabada Ngagunakeun Modél Panagajaran Mémorization Métode Mnemonik 75 4.3 Analisis kaéféktifan Modél Pangajaran Memorization Métode Mnemonik pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2012-2013... 80
(4)
xi
4.3.1 Uji Sifat Data... 80
4.3.1.1 Uji Normalitas Data Pretés... 81
4.3.1.2 Uji Normalitas Data Postés ... 85
4.3.2 Uji Homogénitas Data Pretés jeung Data Postés Siswa ... 90
4.3.3 Uji Gain ... 92
4.3.4 Uji Hipotésis ... 95
4.4 Pedaran Kaéféktifan Modél Pangajaran Memorization Métode Mnemonik dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2012-2013 ... 97
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 98
5.2 Rékoméndasi ... 99
DAPTAR PUSTAKA ... 100
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 102
(5)
1
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Basa téh nya éta sistem lambang sora omongan nu sifatna arbitrér anu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sudaryat (2004:6) anu nyebutkeun yén basa nya éta sistem lambang sora omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi.
Dina prak-prakanna, kaparigelan ngagunakeun basa ngawengku opat komponén nya éta: (1) kaparigelan ngaregepkeun (listening skills); (2) kaparigelan nyarita (speaking skills); (3) kaparigelan maca (reading skills); jeung (4) kaparigelan nulis (writing skills).
Nulis mangrupa salasahiji komponén tina kaparigelan ngagunakeun basa di sagigireun ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Nulis téh mangrupa kaparigelan basa anu digunakeun pikeun komunikasi anu sifatna teu langsung paamprok jonghok jeung nu diajak nyarita. Nulis nya éta kagiatan ékspresif jeung produktif. Ku sabab teu langsung paamprok jeung nu diajak nyarita, kagiatan nulis merlukeun hiji média anu disebut aksara.
Urang Sunda ti jaman baheula mula geus mibanda ciri mandiri dina wangun aksara anu disebut aksara Sunda. Aksara Sunda mangrupa hasil ciciptan manusa Sunda jaman baheula anu jadi ciri “jati diri” jeung simbul kareueus masarakat Sunda. Aksara Sunda digunakeun ku karuhun urang Sunda pikeun ngawangun komunikasi tinulis atawa tradisi tulisan. Ku ayana tradisi tulisan éta, mangka generasi saterusna bisa manggihan informasi penting ngeunaan sajarah, ajén-ajén budaya, jeung aspék budaya lianna anu diwariskeun ti karuhun. Aksara Sunda minangka hasil karya urang Jawa Barat, mangka masarakat Jawa Barat kudu bisa nulis aksara Sunda, hususna paraguru jeung siswa.
Aksara Sunda ditangtayungan ku payung hukum anu mangrupa Perda Provinsi Jawa Barat Nomor 6 taun 1996 ngeunaan Ngamumulé, Ngabina, jeung
(6)
2
Ngamekarkeun Basa, Sastra, jeung Aksara Sunda. Saterusna dituturkeun ku Surat Keputusan Gubernur Kepala Daerah Tingkat I Jawa Barat No. 434/SK-614-Dis.PK/99 ngeunaan Ngabakukeun Aksara Sunda. Perda No. 6 taun 1996 tadi diropéa deui jadi Perda Nomer 5 Taun 2003 ngeunaan Miara Basa, Sastra, jeung Aksara Daérah. Dina éta Perda ditétélakeun yén“Aksara daerah adalah sistem ortografi hasil masyarakat daerah yang meliputi aksara dan sistem pengaksaraan
untuk menuliskan bahasa daerah”.
Ieu hal téh mangrupa salasahiji tarékah pamaréntah Provinsi Jawa Barat pikeun nangtayungan aksara daérah anu geus jarang digunakeun ku masarakat lantaran teu diwanohkeun. Ngaliwatan éta Perda jeung ngaliwatan pangajaran di sakola dipiharep masarakat Sunda bisa wanoh kana dirina jeung kana budayana.
Nulis aksara Sunda kaunggel dina Standar Isi (Kompetensi dan Kompetensi
Dasar) KTSP Pangajaran Basa Sunda 2006 anu unina, “Mampu menulis untuk
mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam bentuk terjemahan, menggunakan aksara Sunda, serta menulis surat dan biografi”.
Pangajaran aksara Sunda di sakola-sakola mangrupa salasahiji cara anu paling éféktif pikeun ngawanohkeun aksara Sunda jeung sistem tata tulisna. Sok sanajan kitu, pangajaran aksara Sunda tétéla dipangaruhan ku sawatara faktor anu jadi bangbaluh jeung mangaruhan kana kamekaranana, di antarana alokasi waktu nu disadiakeun, jeung kurangna minat siswa kana pangajaran aksara Sunda. Aksara Sunda dianggap hésé diapalkeunna, hésé diulikna, sarta aksarana béda jauh jeung aksara latén. Di sagigireun éta ogé, faktor séjén anu jadi bangbaluh nya éta kurangna kamampuh guru dina ngawasa pangajaran aksara Sunda. Guru teu nyangking kana bahan pangajaran aksara Sunda sarta ditambah modél pangajaran anu digunakeunna masih ngagunakeun modél tradisional.
Salasahiji modél pangajaran anu bisa mantuan ngamekarkeun pangajaran nulis aksara Sunda nya éta modél memorization métode mnemonik. Modél pangajaran memorization métode mnemonik kaasup kana rumpun modél-modél pemrosésan informasi (information-processing modéls), sabab ieu modél pangajaran museurkeun kana cara-cara dina ngaronjatkeun sikep alamiah manusa pikeun ngawangun ma’na ngeunaan dunya (sense of the world) ku cara
(7)
3
meunangkeun jeung ngolah data, ngarasakeun masalah-masalah, sarta ngamekarkeun konsép jeung basa pikeun nepikeun solusi (Joyce jeung Weil, 2011: 31).
Modél memorization métode mnemonik dina enas-enasna mangrupa modél pangajaran anu miboga oriéntasi sangkan siswa mampuh atawa parigel dina nginget-nginget barang-barang atawa informasi-informasi anu kacangking dina kagiatan diajar. Aksara Sunda minangka pangajaran nulis anu mikabutuh kaparigelan dina hal nginget-nginget lambang grafik anu kawilang hésé. Salasahiji cara pikeun maham hiji aksara tangtuna waé kudu diapalkeun, diinget-inget, dipraktékeun (ngalakukeun latihan) sarta ngalakukeun pengulangan.
Niténan kana sawatara masalah anu dipedar di luhur, perlu diayakeun panalungtikan ngeunaan éféktivitas modél memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda. Panalungtikan ngeunaan modél memorization métode mnemonik ieu lain anu munggaran dilaksanakeun. Saméméhna ogé aya panalungtikan anu sarua nalungtik ngeunaan modél pangajaran memorization métode mnemonik. Judul panalungtikana nya éta, “Éféktivitas Modél Memorization (Mnemonik) pikeun Ngaronjatkeun Pangaweruh Léksikon Siswa Kelas XI SMA (Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas IPA 9 SMA Negeri 3 Bandung taun ajaran 2011-2012)”. Tujuanana pikeun ngadéskripsikeun kamampuh siswa kelas XI IPA 9 SMA Negeri 3 Bandung taun ajaran 2011-2012 dina pangaweruh léksikon saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Memorization. Hasil tina éta panalungtikan nétélakeun yén modél memorization métode mnemonik éféktif pikeun ngaronjatkeun pangaweruh leksikon anu katitén tina ayana béda anu signifikan antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél memorization dina prosés diajar ngajar. Anu paling ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan saméméhna nya éta kompetensi anu digunakeunna, antara pangaweruh léksikon jeung nulis aksara Sunda. Salian ti éta, hal anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung pananlungtikan saméméhna nya éta téhnik anu digunakeunna antara téhnik kata-link jeung téhnik asosiasi.
Ku kituna, dumasar kana masalah anu diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan anu dijudulan “Modél Memorization Métode Mnemonik dina
(8)
4
Pangajaran Nulis Aksara Sunda (Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2012-2013)” perlu dilaksanakeun.
1.2Watesan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
Kaparigelan basa (ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis) téh kacida legana, mangka diperlukeun hiji watesan masalah sangkan ieu panalungtikan henteu lega teuing ambahanna tur ieu panalungtikan anu dilaksanakeun téh bisa museur. Ku kituna, ieu panalungtikan téh, leuwih museurkeun objék panalungtikana kana kaéféktifan modél pangajaran memorization métode mnemonik dina nulis aksara Sunda anu ngawengku aksara ngalagena, aksara swara, jeung rarangkén ka siswa kelas X-C SMA sekolah Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah, panalungtikan ieu dirumuskeun dina wangun kalimah pananya saperti ieu di handap:
1) Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda saméméh ngagunakeun modél memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013?
2) Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda sabada ngagunakeun modél memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013?
3) Naha aya béda anu signifikan kamampuh siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013 dina nulis aksara Sunda antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél memorization métode mnemonik?
(9)
5
1.3 Tujuan Panalungtikan
Tujuan dina ieu panalungtikan ngawengku kana tujuan umum jeung tujuan husus, nya éta sakumaha anu dipedar di handap.
1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum tina ieu panalungtikan téh nya éta pikeun nambahan référénsi ngeunaan kaéféktifan modél pangajaran anu bisa dilaksanakeun di sakola-sakola utamana dina pangajaran basa Sunda.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Kamampuh nulis aksara Sunda saméméh ngagunakeun modél memorization
métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
2) Kamampuh nulis aksara Sunda sabada ngagunakeun modél memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
3) Bédana kamampuh siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013 dina nulis aksara Sunda antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél memorization métode mnemonik.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, sakumaha anu dipedar ieu di handap.
1.4.1 Mangpaat Téoritis
Sacara téoritis, ieu panalungtikan téh bisa méré pangdeudeul pikeun élmu pangaweruh utamana dina ngamekarkeun kaéféktifan modél pangajaran basa
(10)
6
jeung sastra Sunda dina pangajaran nulis aksara Sunda pikeun siswa SMA kelas X.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Panalungtikan ieu miboga mangpaat praktis, diantarana: 1) Mangpaat pikeun siswa
Ku digunakeunna modél memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda, siswa bisa kataji, balukarna siswa leuwih daria sarta kamotivasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh dina nulis aksara Sunda.
2) Mangpaat pikeun guru
Ieu panalungtikan bisa méré référénsi pikeun Guru ngeunaan stratégi anu bisa digunakeun dina pangajaran nulis aksara Sunda. Salian ti éta, bisa méré alternatif pikeun guru sangkan teu monoton dina nalika nepikeun pangajaran, hususna nepikeun pangajaran nulis aksara Sunda.
3) Mangpaat pikeun panalungtik
Pikeun panalungtik sorangan nya éta panalungtik bisa mikanyaho kaéféktifan modél pangajaran, nya éta éféktivitas modél memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda, sarta bisa méré pangalaman dina widang akademik hususna pangalaman panalungtikan hiji modél pangajaran.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Dina Bab I dideskripsikeun bubuka nu ngawengku kasang tukang tina masalah anu baris ditalungtik, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat praktis boh mangpaat téoritis, sarta raraga tulisan dina ieu skripsi.
Dina Bab II didéskripsikeun rupaning tatapakan téori nu ngawengku tiori nulis, aksara Sunda, jeung model pangajaran memorization métode mnemonik sarta léngkah-léngkah dina pangajaran nulis aksara Sunda ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik. Salian ti éta, dina ieu bab dipedar ngeunaan asumsi sarta hipotésis tina panalungtikan anu dilaksanakeun.
(11)
7
Dina Bab III didéskripsikeun ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh jenis métode panalungtikan boh cara prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, sumber data anu digunakeun dina panalungtikan, desain panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sarta wangenan operasional.
Dina Bab IV didéskripsikeun ngeunaan hasil panalungtikan anu ngawengku prak-prakana panalungtikan, analisis data hasil panalungtikan, jeung medar kaéféktifan modél pangajaran memorization métode mnemonik dina nulis aksara Sunda.
Dina Bab V didéskripsikeun ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan sarta saran atawa rékoméndasi-rékoméndasi pikeun panalungtikan anu dilaksanakeun sabada ieu panalungtikan.
(12)
49
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010: 129) sumber data dina panalungtikan nya éta subjék anu ngahasilkeun éta data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil diajar nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012/2013 anu jumlahna 27 urang, siswa lalaki jumlahna 15 urang sedengkeun siswa awéwé jumlahna 12 urang dina pangajaran basa Sunda semester 1 taun ajaran 2012/2013.
3.2 Desain Panalungtikan
Desain anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta desain One-group pretés-postés design. Dina ieu desain henteu aya variabel kontrol. Sampel panalungtikan henteu dipilih sacara acak. Salian ti éta, desain ieu leuwih dipikawanoh salaku desain saméméh jeung sabada. Sabab aya pretés saméméh dibéré perlakuan. Ku kituna, hasil perlakuan bisa katitén kalayan leuwih akurat, sabab bisa dibandingkeun jeung kaayaan saméméh dibéré perlakuan. Struktur desain bisa digambarkeun saperti ieu dihandap:
Katerangan:
O1 = pretés (saméméh dibéré treatment)
O2 = postés (sabada
dibéré treatment)
X = treatment (ngajar nulis aksara Sunda ngagunakeun modél Memorization métode Mnemonik)
(13)
50
3.3 Métode Panalungtikan
Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén atawa disebeut ogé éksperimén semu nya éta hiji panalungtikan ngagunakeun kelas ékspérimen kalayan henteu maké kelas kontrol.
Kamampuh siswa diukur dua kali, nya éta saméméh jeung sabada siswa dibéré perlakuan ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik. Cara ngukur kamampuh siswa nu dilakukeun saméméh dibéré perlakuan disebut tés awal (pretés), sedengkeun ngukur kamampuh siswa sabada dibéré perlakuan disebut tés ahir (postés). Métode ieu digunakeun pikeun ngukur éféktivitas modél pangajaran memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda ka siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional
3.4.1 Variabel Panalungtikan
Variabel nya éta objék panalungtikan atawa naon-naon nu jadi objék dina hiji panalungtikan (Arikunto, 2010: 126). Numutkeun Arikunto aya dua wangun variabel dina panalungtikan anu maluruh pangaruh treatment nya éta variabel bébas (independent variable) jeung variabel kauger (dependent variable).
Dumasar kana babagian variabel anu ditétélakeun di luhur, modél mémorization métode mnemonik dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel bébas (variabel X), sabab mangrupa variabél anu mangaruhan kana variabel séjén (variabel Y). Sedengkeun nulis aksara Sunda dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén atawa variabel bébas (variabel X).
3.4.2 Wangenan Operasional
Wangenan operasional nya éta istilah-istilah anu aya patalina jeung variabel-variabel anu aya dina prosés panalungtikan. Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksudna, tujuan sarta udaganna, baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan sakumaha anu dipedar ieu di handap.
(14)
51
3.4.2.1Modél Pangajaran Memorization métode Mnemonik
Modél pangajaran memorization métode mnemonik nya éta prosés nginget-nginget atawa ngapalkeun hiji informasi. Ieu modél kaasup kana rumpun modél-modél pemrosésan informasi (information-processing modél-modéls), sabab ieu modél-modél pangajaran museurkeun kana cara-cara dina ngaronjatkeun sikep alamiah manusa pikeun ngawangun ma’na ngeunaan dunya (sense of the world) ku cara meunangkeun jeung ngolah data, ngarasakeun masalah-masalah, sarta ngamekarkeun konsép jeung basa pikeun nepikeun solusi (Joyce jeung Weil, 2011: 31). Modél memorization (mnemonik) anu dimekarkeun tina kajian Pressley, Levin dina Joyce (2011: 235) ngawengku opat tahapan, nya éta: midangkeun matéri, ngamekarkeun hubungan-hubungan, ningkatkeun gambar sensori, sarta ngalakukeun pengulangan.
3.4.2.2Nulis Aksara Sunda
Nulis aksara Sunda nya éta nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun basa hiji jalma, nepi ka jalma lian bisa nyangkem éta basa tina gambaran grafik tadi ngagunakeun sistem ortografi hasil kréasi masarakat Jawa Barat anu disebut aksara Sunda.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumen panalungtikan nurutkeun Arikunto (2010: 203) nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagaweanana leuwih babari sarta hasilna ogé leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis anu balukarna data babari pikeun diolah. Alat anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta lembar soal tés atawa tés tulis. Éta tés anu mangrupa patalékan jeung latihan téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda. Nulis aksara Sunda dina ieu tés ngawengku aksara ngalagena, aksara swara, jeung cara ngagunakeun rarangkén saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik.
(15)
52
Anapon lembar soal tés atawa tés tulis anu digunakeun dina ieu panalungtikan bisa diilikan ieu di handap.
Wasta : Kelas :
Salin kana aksara Sunda!
1. Aya →
2. Acara →
3. Siti →
4. Cakra → 5. Bekel →
6. Beureum →
7. Bobotoh →
8. Gebyar →
9. Kupluk →
10.Bangké →
Soal tés tulis éta ngawengku aksara swara, aksara ngalagena, jeung rarangkén. Dina soal nomer hiji jeung nomer dua, aya aksara ngalagena jeung aksara swara. Dina soal nomer tilu, aya aksara ngalagena jeung rarangkén
‘panghulu’. Dina soal nomer opat, aya aksara ngalagena jeung rarangkén
‘panyakra’. Dina soal nomer lima, aya aksara ngalagena, rarangkén ‘pamepet’, jeung rarangkén ‘pamaéh’. Dina soal nomer genep, aya aksara ngalagena jeung rarangkén ‘paneuleung’. Dina soal nomer tujuh, aya aksara ngalagena, rarangkén
‘panolong’, jeung rarangkén ‘pangwisad’. Dina soal nomer dalapan, aya aksara ngalagena, rarangkén ‘pamingkal’, jeung rarangkén ‘panglayar’. Dina soal nomer salapan, aya aksara ngalagena, rarangkén ‘panyuku’, jeung rarangkén ‘panyiku’. Sarta dina soal nomer sapuluh, aya aksara ngalagena, rarangkén ‘panyecek’, jeung rarangkén ‘panéléng’.
(16)
53
3.6 Prosedur Panalungtikan
Léngkah-léngkah atawa prosedur anu dilakukeun dina ieu panalungtikan ngaliwatan sababaraha léngkah, luyu jeung pamadegan Sugiyono (2011:49) anu bisa diilikan dina bagan 3.1.
Bagan 3.1 Prosedur Panalungtikan
Dina éta gambar diébréhkeun yén hal anu munggaran tina hiji panalungtikan nya éta milih masalah, tuluy éta masalah téh diidéntifikasi, diwatesanan, sarta dirumuskeun. Rumusan masalah dijieun dina wangun patalékan. Panalungtik ngagunakeun rupaning tiori pikeun ngajawab éta pasualan. Jawaban pikeun rumusan masalah éta, anu dumasar kana tiori disebut hipotésis. Satuluyna éta hipotésis téh dibuktikeun sacara émpiris ngaliwatan panalungtikan di lapangan. Ku kituna, panalungtik perlu ngumpulkeun data. Ngumpulkeun data dilakukeun kana populasi jeung sampel anu dicokot tina éta populasi. Ku lantaran merlukeun data anu akurat, diperlukeun instrumén panalungtikan anu dijieun tur dimekarkeun ku panalungtik. Data anu geus kakumpul tuluy dianalisis, dipedar, sarta dicindekkeun. Ku sabab panalungtik miboga tujuan pikeun ngungkulan pasualan, panalungtik wajib méré saran.
Rumusan Masalah
Tatapakan Téori
Ngarumuskeun Hipotésis
Ngumpulkeun Data
Kacindekkan jeung saran
Analisis Data Populasi
jeung Sampel Ngamekarkeun Instrumen Nguji Istrumén
(17)
54
3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés tulis. Éta tés tulis téh digunakeun pikeun ngukur kamampuh siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013 dina nulis aksara Sunda saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik.
Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha tahapan saperti diébréhkeun ieu di handap.
1) Siswa dibéré pretés pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis aksara Sunda; 2) Sabada mikanyaho hasil pretés siswa, panalungtik nangtukeun pakakas anu
dibutuhkeun pikeun ngaaplikasikeun modél pangajaran memorization métode mnemonik, sarta média pangajaranana;
3) Ngalakukeun prosés diajar ngajar ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik kana matéri nulis aksara Sunda; sarta
4) Sabada ngalaksanakeun treatment ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik saterusna dilaksanakeun kagiatan postés pikeun mikanyaho kamampuh nulis aksara Sunda siswa naha ngaronjat atawa henteu.
3.8 Téhnik Nganalisis Data
Data anu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis pikeun ngajawab hipotésis atawa pikeun néangan jawaban-jawaban anu jadi masalah dina ieu panalungtikan.
Data hasil panalungtikan ieu ditujukeun pikeun ngajawab ieu masalah-masalah di handap.
1) Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda saméméh ngagunakeun modél memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012/2013?
2) Kumaha kamampuh nulis aksara Sunda sabada ngagunakeun modél memorization métode mnemonik dina pangajaran nulis aksara Sunda di kelas
(18)
55
X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012/2013?
3) Naha aya béda anu signifikan kamampuh siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012/2013 dina nulis aksara Sunda antara saméméh jeung sabada ngagunakeun modél memorization métode mnemonik?
Pikeun maluruh tujuan di luhur, dina ieu panalungtikan digunakeun léngkah-léngkah panalungtikan saperti ieu dihandap.
1) Mariksa pretés jeung postés.
2) Méré peunteun kana hasil pretés jeung postés siswa ngagunakeun pedoman meunteun saperti dina tabel 3.1. Dumasar kana éta pedoman, skor maksimal tina karangan siswa nya éta 100. Skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor ahir kalayan ngagunakeun rumus:
P = ∑Skor siswa
∑Skor maksimal x 100
Katerangan:
P = peunteun
∑ Skor siswa = jumlah peunteun siswa ∑ Skor maksimal = jumlah peunteun maksimal
Tabél 3.1
Format Skala Peunteun Nulis Aksara Sunda
No. Soal Aspék anu Dipeunteun Skala Peunteun
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
1. Aya Ngalagena Swara - 5 5 -
2. Acara Ngalagena Swara - 5 5 -
3. Siti Ngalagena Panghulu - 7,5 2,5 -
4. Cakra Ngalagena Panyakra - 7,5 2,5 -
(19)
56
6. Beureum Ngalagena Paneuleung - 7,5 2,5 -
7. Bobotoh Ngalagena Panolong Pangwisad 5 2,5 2,5 8. Gebyar Ngalagena Pamingkal Panglayar 5 2,5 2,5 9. Kupluk Ngalagena Panyiku Panyuku 5 2,5 2,5 10. Bangké Ngalagena Panyecek Panéléng 5 2,5 2,5
Jumlah 100
Saterusna éta skor téh ditabulasikeun dina tabél 3.2 ieu di handap. Tabél 3.2
Tabél Kamapuh Siswa dina Nulis Aksara Sunda
KS
Katégori Penilaian
P Q
Aksara Rarangkén
A B C D E F G H I J K L M N O
CT
T
∑
� Katerangan:
KS = Kode Siswa A = Aksara Swara B = Aksara Ngalagena
C = Rarangkén ‘Panghulu’
D = Rarangkén ‘Panyakra’ E = Rarangkén ‘Pamepet’ F = Rarangkén ‘Pamaéh’ G = Rarangkén ‘Paneuleung’ H = Rarangkén ‘Panolong’
I = Rarangkén ‘Pangwisad’ J = Rarangkén ‘Pamingkal’ K = Rarangkén ‘Panglayar’ L = Rarangkén ‘Panyuku’ M = Rarangkén ‘Panyiku’ N = Rarangkén ‘Panyecek’ O = Rarangkén ‘Panéléng’ P = Peunteun
(20)
57
T = Tuntas CT= Can Tuntas
Kategori:
- Peunteun ≥ 75 Tunta (siswa dianggap mampuh nulis aksara Sunda ) - Peunteun < 75 Can Tuntas (siswa dianggap can mampuh nulis aksara
Sunda)
Data anu ditabulasikeun dipaké pikeun nguji hipotésis kalayan ngagunakeun analisis ngagunakeun statistik anu ngawengku: (1) Uji Sipat Data; (2) Uji Gain; jeung (3) Uji Hipotésis.
(1) Uji Sipat Data
Uji sipat data dina ieu panalungtikan ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas. Anu kahiji nya éta uji normalitas, uji normalitas ieu dilakukeun pikeun nangtukeun distribusi data, naha normal atawa henteu.
Pikeun nangtukeun signifikansi béda niléy rata-rata, dilakukeun dua jenis analisis. Kahiji nya éta uji sifat data. Data anu miboga distribusi normal diolah ku cara analisis paramétrik kalawan ngagunakeun t-tést. Sabalikna data anu distribusina henteu normal diolah ngagunakeun analisis nonparamétrik kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon. Anu kadua, uji homogénitas variasi anu tujuanana pikeun nangtukeun homogénitas data niléy siswa.
a. Uji Normalitas
Uji normalitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho normal henteuna data anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Pikeun nangtukeun yén éta data téh miboga sipat anu normal atawa henteu bisa ngagunakeun rumus Chi kuadrat (X2).
Saméméh ngagunakeun rumus Chi kuadrat, aya sawatara léngkah anu kudu dilaksanakeun saperti ieu di handap.
(21)
58
b) Ngitung rentang (range).
Daérah jangkauan data atawa range nya éta selisih data anu panggedéna (maksimum) jeung data anu pangleutikna (minimal), anu dinotasikeun dina rumus ieu di handap:
r = Xmaks– Xmin
Katerangan:
r : rentang atawa range atawa jangkauan
Xmaks : skor panggedéna
Xmin : skor pangleutikna
(Subana, 2005: 38) c) Nangtukeun jumlah kelas interval (k) ngagunakeun aturan anu diciptakeun ku
H. A Struges, anu satuluyna disebut aturan struges saperti ieu di handap: k = 1 + 3,3 Log n
Katerangan:
k : lobana kelas
n : lobana data (frekuensi) 3,3 : bilangan konstan
(Subana, 2005: 39) d) Nangtukeun panjang kelas interval (p) ngagunakeun ieu rumus di handap:
P = r
k
Katerangan:
p : panjang kelas (interval kelas) r : rentang (jangkauan)
k : lobana kelas
(22)
59
e) Nyieun tabél frekuensi peunteun tés awal (pretés) jeung tés ahir (postés) ngagunakeun ieu rumus di handap:
Tabél 3.3
Format Frékuénsi Peunteun Pretés Jeung Postés
No. Kelas Interval fi xi xi2 fixi fixi2
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
1 2
∑
f) Ngitung rata-rata (méan) peunteun pretés jeung postés siswa ngagunakeun ieu rumus di handap:
�= ∑���� ∑�� Katerangan:
� = rata-rata (méan) ∑ = jumlah (sigma) fi = jumlah data
xi = niléy tengah
(Subana, 2005: 63) g) Ngitung standar déviasi (Sd) ngagunakeun ieu rumus di handap:
� = �∑��.��
2 –(�
�.��)2 � (� −1)
(23)
60
h) Ngitung frekuensi observasi jeung frekuensi ékspéktasi (perkiraan) kalayan ngagunakeun léngkah-léngkah ieu di handap:
(1) Nyieun tabél frekuensi observasi jeung frekuensi ékspéktasi Tabél 3.4
Perhitungan Chi Kuadrat
Kelas
Interval Oi Bk Z Ztabél L Ei
(Oi+Ei)2 Ei
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)
∑ Katerangan:
Kelas interval : lobana kelas interval ngagunakeun aturan Struges Oi :frékuénsi obsérvasi
Bk : batas kelas
Z : transformasi normal standar bébas kelas
Ztabél : niléy Z tina tabél distribusi data normal
L : lega kelas interval
Ei : frékuénsi ékspéktasi (n x luas Ztabél)
(Subana, 2005: 125) (2) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi), nya éta lobana data anu kaasup kana
hiji kelas interval.
(3) Nangtukeun batas kelas interval (bk)
(4) Ngitung Z itung (transformasi normal standar bébas kelas)
Z =(bk− x)
(24)
61
(5) Nangtukeun Ztabél
(6) Ngitung ambahan legana unggal kelas interval (L) L = Ztabél 1 - Ztabél2
(7) Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei)
Ei = n x L
(8) Nangtukeun niléy X2 (Chi kuadrat)
X² =∑(Oi−Ei )
2
Ei
(Sudjana, 2005: 273) (9) Nangtukeun derajat kabébasan (dk)
dk = k - 3
(Sudjana, 2005: 293) (10)Nangtukeun harga X2tabél
(11)Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap: (a) Lamun X2itung <X2tabél, hartina distribusi data normal.
(b) Lamun X2itung >X2tabél, hartina distribusi data teu normal.
b. Uji Homogénitas
Uji homogénitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho varian populasi data anu diujikeun téh naha homogén atawa henteu.
(25)
62
Pikeun nangtukeun homogénitas, léngkahna nya éta saperti ieu di handap. a) Ngitung variasi masing-masing kelompok
Variasi pretes (Si2)
Si2 =
n ∑fi ��2− ∑��.�� 2 � �−1
Variasi postés (S22)
S22 =
n ∑fi ��2− ∑��.�� 2 � �−1
(Sudjana, 2005:95) b) Ngitung harga variasi (F)
F = variasi anu leuwih gedé
variasi anu leuwih leutik
c) Ngitung derajat kabébasan (dk)
dk = n−1
d) Nangtukeun Ftabél
e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap: Saupama Fitung < Ftabél, hartina variasi sampel homogén.
Saupama Fitung > Ftabél, hartina variasi sampel teu homogén.
(26)
63
(2) Uji Gain
Tujuan tina dilaksanakeunna uji gain nya éta pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pretés jeung postés. Hasil tina uji gain dipaké salaku gambaran ngeunaan éféktivitas modél pangajaran memorization métode mnemonik dina nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013. Rumusan pikeun ngajawab yén aya béda anu signifikan atawa henteu sabada dibéré perlakuan, dirumuskeun saperti ieu di handap.
Ha : xpretés ≠ :xpostés, hartina aya béda anu signifikan antara jumlah rata-rata
pretés jeung jumlah rata-rata postés.
Ha : xpretés =xpostés, hartina henteu aya béda anu signifikan antara jumlah
rata-rata pretés jeung jumlah rata-rata-rata-rata postés. Tabél 3.5
Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun
No. Ngaran
Siswa
Peunteun pretés
Peunteun
postés D d
2
(1) (2) (3) (4) (5) (6)
∑
(3) Uji Hipotésis
Pikeun nangtukeun uji hipotéssis aya dua cara anu bisa digunakeun. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data téh miboga distribusi data anu normal, éta data dina nguji hipotésisna ngagunakeun statistik paramétrik kalayan ngagunakeun uji t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu teu normal, éta data dina nguji hipotésisna ngagunakeun statistik nonparamétrik kalayan ngagunakeun uji wilcoxon.
(27)
64
a) Statistik Paramétrik digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal. Léngkah-léngkahna ngawengku ieu di handap.
(a) Nangtukeun rata-rata (mean) tina béda pretés jeung postés kalayan ngagunakeun rumus:
Md =∑d
n
(b) Ngitung darajat kabébasan (dk) kalayan ngagunakeun rumus:
dk = n−1
(c) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, kalayan ngagunakeun rumus:
∑�2� = ∑�2− (∑�) 2
� (d) Ngitung t, kalayan ngagunakeun rumus:
= ��
∑��(� −2�1) Katerangan:
t = tés signifikansi
Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil pretés jeung postés
∑x²d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel
(28)
65
(e) Nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.
(1) Saupama titung > ttabél, hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung
hipotésis nol (Ho) ditolak, nya éta modél pangajaran memorization
métode mnemonik éféktif dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
(2) Saupama titung <ttabél, hartina hipotésis nol (Ho) ditarima jeung hipotésis
kerja (Ha) ditolak, nya éta modél pangajaran memorization métode
mnemonik teu éféktif dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013, (Arikunto, 2010: 307).
b) Statistik Nonparamétrik
Statistik nonparamétrik digunakeun pikeun nguji hipotésis anu distribusi datana teu normal. Téhnik statistik anu dipaké nya éta uji wilcoxon. Numutkeun Sudjana (2005) léngkah-léngkah uji wilcoxon téh nya éta:
(a) Asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 (XA1); (b) Asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);
(c) Itung bédana antara pretés jeung postés ku cara XA1-XB1, tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4;
(d) Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti niléy béda anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna;
(e) Niléy tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna; (f) Sabada diurutkeun, asupkeun niléy jenjang kana kolom ka-5;
(g) Asupkeun niléy jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya niléy béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7;
(h) Ningali kana tabél harga-harga kritis uji wilcoxon, misal n = 23 kalayan ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 73;
(i) Data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji wilcoxon ieu di handap.
(29)
66
Tabél 3.6 Tabél uji wilcoxon
KS XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang
XA1-XB1 Jenjang + -
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Katerangan:
XA1 = peunteun pretés XB1 = peunteun postés
(j) Ditarima henteuna hipotésis dina uji wilcoxon hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.
(1) Saupama Witung(-) < Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina
(Ha) ditarima yén modél pangajaran memorization métode mnemonik
éféktif dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
(2) Saupama titung > ttabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina
hipotésis kerja (Ha) ditolak, yén modél pangajaran memorization métode
mnemonik teu éféktif dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
(30)
98
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung pedaran kamampuh nulis aksara Sunda ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik di kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013, bisa dicindekkeun yén: (1) kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik ngaronjat. Hal ieu bisa katitén tina hasil pretés jeung postés siswa. Saméméh ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik kapaluruh yén 23 urang atawa 85,19% siswa anu meunang peunteun < 75 kalawan katégori can tuntas jeung 4 urang atawa 14,81% siswa meunang peunteun ≥ 75 kalawan katégori tuntas. Sedengkeun sabada ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik kapaluruh 5 urang atawa 18,52% siswa anu meunang peunteun < 75 kalawan katégori can tuntas jeung 22 urang atawa 81,48% siswa meunang peunteun ≥ 75 kalawan katégori tuntas; (2) aya béda anu signifikan antara jumlah rata-rata pretés jeung jumlah rata-rata postés kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik. Saupama dititétan tina hasil pretés jeung postés siswa nya éta tina 48,61% ngaronjat jadi 82,50% anu ngahasilkeun rata-rata gainna nya éta 33, 89%; jeung (3) tina uji hipotésis anu ngahasilkeun titung > ttabél, nya éta 12,5 >
2,48 bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak. Hal ieu nuduhkeun yén éta modél pangajaran memorization métode mnemonik éféktif dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
(31)
99
Dumasar kana hasil ieu panalungtikan, bisa dicindekkeun yén modél pangajaran memorization métode mnemonik éféktif pikeun dilarapkeun dina pangajaran nulis aksara Sunda.
5.2 Rékoméndasi
Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan nulis aksara Sunda ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik di kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013, aya sababaraha rékoméndasi tina ieu, diantarana:
1) Modél pangajaran memorization métode mnemonik anu kabukti éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda, bisa dijadikeun salasahiji alternatif pikeun guru dina pangajaran séjénna;
2) Lakukeun ékpérimén murni sangkan hasil tina éta panalungtikan bisa digeneralisasikeun kana populasi anu leuwih lega;
3) Ayana panalungtikan ngeunaan modél pangajaran memorization métode mnemonik dina matéri pangajaran lianna pikeun leuwih ngabuktikeun kaéféktifan éta modél pangajaran;
4) Pikeun panalungtik satuluyna dipiharep bisa leuwih asak dina ngararancang pangajaran ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik; 5) Gunakeun modél-modél pangajaran séjénna dina ngaronjatkeun kamampuh
(32)
100
DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian; Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Baidillah, I., Komara, C. & Fitni, D. (2010). Aksara Sunda; Pangajaran Maca jueng Nulis Aksara Sunda Pikeun Guru jeung Murid SMA/SMK/MA. Bandung: Walatra.
Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Darsa, U.A. (2006). Aksara Sunda Kaganga dan Sistem Tata Tulisnya. Bandung: Walatra.
Dinas Kebudayaan dan Pariwisata. (2007). Aksara Sunda. Bandung: Disbudpar. Hamdani, M.A. (2011). Strategi Belajar Mengajar. Bandung: CV. Pustaka Setia. Joyce, B., Weil, M. & Calhoun, E. (2011). Modéls of Teaching; Modél-modél
Pengajaran. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Jurusan Pendidikan Basa Daerah. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press.
Kodir, A. (2011). Strategi Belajar Mengajar. Bandung: Pustaka Setia.
Mulyanto. (2012). Jurus Praktis Baca-Tulis Aksara Sunda Baku “Kaganga”. Bandung: Kiblat.
Munawar, T.C. (2009). Panduan Baca Tulis Aksara Sunda. Bandung: Yrama Widya.
Nasution, S. (2011). Metode Research. Jakarta: Bumi Aksara.
Nurjanah, N. (2008). Tiori Nulis. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.
Permadi, T. Spk. (2000). Aksara Sunda. Bandung: Galura.
Phill. 2011. Memory Techniques – The Method of Loci Tersedia: http://www.education-acceleration.com/memory-techniques-the-method-of-loci/[15 Oktober 2012]
Rahman. (2009). Modél Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqaprint Bandung.
(33)
101
Rahman, Spk. (2009). Modél-Modél Pembelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: JPDB.
Ruhimat, spk. (2009). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.
Subana,. Rahadi, M,. & Sudrajat. (2005). Statistik Pendidikan. Bandung : Pustaka setia.
Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.
Sugiyono. (2011). Métode Penelitian Pendidikan; Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.
Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.
Sukardi. (2008). Metodologi Penelitian Pendidikan. Jakarta: Bumi Aksara
Suprijono, A. (2010). Cooperative Learning; Teori dan Aplikasi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis; Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Trianto. (2011). Mendesain Modél Pembelajaran Inovatif Progresif. Jakarta: Kencana.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.
(1)
65
(e) Nangtukeun ditarima atawa henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.
(1) Saupama titung > ttabél, hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak, nya éta modél pangajaran memorization métode mnemonik éféktif dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
(2) Saupama titung <ttabél, hartina hipotésis nol (Ho) ditarima jeung hipotésis kerja (Ha) ditolak, nya éta modél pangajaran memorization métode mnemonik teu éféktif dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013, (Arikunto, 2010: 307).
b) Statistik Nonparamétrik
Statistik nonparamétrik digunakeun pikeun nguji hipotésis anu distribusi datana teu normal. Téhnik statistik anu dipaké nya éta uji wilcoxon. Numutkeun Sudjana (2005) léngkah-léngkah uji wilcoxon téh nya éta:
(a) Asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 (XA1); (b) Asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);
(c) Itung bédana antara pretés jeung postés ku cara XA1-XB1, tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4;
(d) Nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti niléy béda anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna;
(e) Niléy tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna; (f) Sabada diurutkeun, asupkeun niléy jenjang kana kolom ka-5;
(2)
66
Tabél 3.6 Tabél uji wilcoxon
KS XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang
XA1-XB1 Jenjang + -
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)
Katerangan:
XA1 = peunteun pretés XB1 = peunteun postés
(j) Ditarima henteuna hipotésis dina uji wilcoxon hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.
(1) Saupama Witung(-) < Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina (Ha) ditarima yén modél pangajaran memorization métode mnemonik éféktif dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
(2) Saupama titung > ttabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina hipotésis kerja (Ha) ditolak, yén modél pangajaran memorization métode mnemonik teu éféktif dipaké dina pangajaran nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013.
(3)
98
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung pedaran kamampuh nulis aksara Sunda ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik di kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013, bisa dicindekkeun yén: (1) kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik ngaronjat. Hal ieu bisa katitén tina hasil pretés jeung postés siswa. Saméméh ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik kapaluruh yén 23 urang atawa 85,19% siswa anu meunang peunteun < 75 kalawan katégori can tuntas jeung 4 urang atawa 14,81% siswa meunang peunteun ≥ 75 kalawan katégori tuntas. Sedengkeun sabada ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik kapaluruh 5 urang atawa 18,52% siswa anu meunang peunteun < 75 kalawan katégori can tuntas jeung 22 urang atawa 81,48% siswa meunang peunteun ≥ 75 kalawan katégori tuntas; (2) aya béda anu signifikan antara jumlah rata-rata pretés jeung jumlah rata-rata postés kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik. Saupama dititétan tina hasil pretés jeung postés siswa nya éta tina 48,61% ngaronjat jadi 82,50% anu ngahasilkeun rata-rata gainna nya éta 33,
(4)
99
Dumasar kana hasil ieu panalungtikan, bisa dicindekkeun yén modél pangajaran memorization métode mnemonik éféktif pikeun dilarapkeun dina pangajaran nulis aksara Sunda.
5.2 Rékoméndasi
Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan nulis aksara Sunda ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik di kelas X-C SMA Laboratorium-Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia taun ajaran 2012-2013, aya sababaraha rékoméndasi tina ieu, diantarana:
1) Modél pangajaran memorization métode mnemonik anu kabukti éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis aksara Sunda, bisa dijadikeun salasahiji alternatif pikeun guru dina pangajaran séjénna;
2) Lakukeun ékpérimén murni sangkan hasil tina éta panalungtikan bisa digeneralisasikeun kana populasi anu leuwih lega;
3) Ayana panalungtikan ngeunaan modél pangajaran memorization métode mnemonik dina matéri pangajaran lianna pikeun leuwih ngabuktikeun kaéféktifan éta modél pangajaran;
4) Pikeun panalungtik satuluyna dipiharep bisa leuwih asak dina ngararancang pangajaran ngagunakeun modél pangajaran memorization métode mnemonik; 5) Gunakeun modél-modél pangajaran séjénna dina ngaronjatkeun kamampuh
(5)
100
DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian; Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Baidillah, I., Komara, C. & Fitni, D. (2010). Aksara Sunda; Pangajaran Maca jueng Nulis Aksara Sunda Pikeun Guru jeung Murid SMA/SMK/MA. Bandung: Walatra.
Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Darsa, U.A. (2006). Aksara Sunda Kaganga dan Sistem Tata Tulisnya. Bandung: Walatra.
Dinas Kebudayaan dan Pariwisata. (2007). Aksara Sunda. Bandung: Disbudpar. Hamdani, M.A. (2011). Strategi Belajar Mengajar. Bandung: CV. Pustaka Setia. Joyce, B., Weil, M. & Calhoun, E. (2011). Modéls of Teaching; Modél-modél
Pengajaran. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Jurusan Pendidikan Basa Daerah. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press.
Kodir, A. (2011). Strategi Belajar Mengajar. Bandung: Pustaka Setia.
Mulyanto. (2012). Jurus Praktis Baca-Tulis Aksara Sunda Baku “Kaganga”. Bandung: Kiblat.
Munawar, T.C. (2009). Panduan Baca Tulis Aksara Sunda. Bandung: Yrama Widya.
Nasution, S. (2011). Metode Research. Jakarta: Bumi Aksara.
Nurjanah, N. (2008). Tiori Nulis. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.
(6)
101
Rahman, Spk. (2009). Modél-Modél Pembelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: JPDB.
Ruhimat, spk. (2009). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.
Subana,. Rahadi, M,. & Sudrajat. (2005). Statistik Pendidikan. Bandung : Pustaka setia.
Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.
Sugiyono. (2011). Métode Penelitian Pendidikan; Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.
Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.
Sukardi. (2008). Metodologi Penelitian Pendidikan. Jakarta: Bumi Aksara
Suprijono, A. (2010). Cooperative Learning; Teori dan Aplikasi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis; Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Trianto. (2011). Mendesain Modél Pembelajaran Inovatif Progresif. Jakarta: Kencana.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.