S BD 1200810 Chapter3
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara ilmiah pikeun nyangking data nu miboga udagan jeung mangpaat nu tangtu. Dumasar kana éta hal, kagiatan panalungtikan kudu dumasar kana ciri paélmuan nya éta rasional, empiris, jeung sistematis. Rasional hartina kagiatan panalungtikan dilakukeun ku cara anu asup akal, data anu diteanganna mangrupa data anu empiris (bisa ditalungtik) sarta miboga kriteria nu tangtu nya éta data anu valid ngagunakeun lengkah-lengkah anu sifatna logis jeung sistematis (Sugiyono, 2013, kc 2).
Ieu panalungtikan, ngagunakeun pamarekan kualitatif kalayan métode déskriptif. Nurutkeun (Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc. 23) panalungtikan kualitatif mangrupa panalungtikan anu dipaké pikeun ngaguar kaunikan individu, kelompok, masarakat atawa organisasi anu tangtu dina kahirupan sapopoé sacara komprehensif jeung rinci. Panalungtikan kualitatif salaku prosedur panalungtikan déskriptif dipaké pikeun nyangking data nu mangrupa kecap-kecap tinulis atawa lisan ti manusa jeung paripolahna anu bisa ditanglungtik Bogdan jeung Taylor (dina Moleong, 2007, kc. 4). Anapon anu disebut métode deskriptif nurutkeun (Moleong, 2007, kc. 11) mangrupa métode anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa kecap-kecap, gambar, jeung lain mangrupa angka-angka. Pikeun meunangkeun éta data dilakukeun ngaliwatan wawancara, catetan lapangan, foto, videotape, dokumen pribadi, catetan atawa memo, jeung dokumen resmi séjénna.
Dumasar kana pedaran di luhur, métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif kalayan pamarekan kualitatif, pikeun ngaguar sagala hal nu aya patalina jeung panalungtikan ti mimiti ayana kasang tukang masalah nepi ka bisa ngébréhkeun hasil panalungtikan pikeun ngahontal udagan utama panalungtikan. Gambaran dina ieu panalungtikan ngawengku désain panalungtikan, lokasi jeung sumber data panalungtikan, ngumpulkeun data, téhnik ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, ngolah data jeung analisis data.
(2)
3.1 Désain Panalungtikan
Désain panalungtikan mangrupa rarancang panalungtikan anu ngawengku prosés talaah pustaka, obsérvasi, ngumpulkeun data, ngolah data, jeung nyieun kacindekan tina hasil panalungtikan.
Bagan 3.1 Désain Panalungtikan
3.2 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.2.1 Lokasi Panalungtikan
Lokasi anu dijadikeun tempat panalungtikan nya éta di Dusun Cimendong Désa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis. Dusun Cimendong téh
Ngumpulkeun data
(talaah pustaka, observasi, wawancara)
Ngolah data
Nyieun kacindekan
Nyusun laporan tina hasil panalungtikan Tujuan panalungtikan Ngadéskripsikeun:
1. Asal-muasal kasenian Buta Daor 2. Prak-prakan kasenian Buta Daor 3. Ajén éstétika dina kasenian Buta Daor 4. Ngalarapkeun hasil panalungtikan ngeunaan
ajén éstétika dina KBD kana bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII
(3)
Jumlah penduduk di Dusun Cimendong aya 1.304 jiwa, kepadatan pendudukna 839/km², tur legana 155.509. Désa Panjalu sacara géografis aya di antara 7º9’
-7º17” Lintang Selatan jeung 108º4’-108º21’ Bujur Timur, kalayan watesan wilayahna, nya éta:
1) wates wétan : Désa Kertamandala jeung Mandalare Kecamatan Panjalu 2) wates kulon : Désa Bahara jeung Hujungtiwu Kecamatan Panjalu
3) wates kidul :Désa Payungsari jeung Banjarangsana Kecamatan Panumbangan
4) wates kalér : Désa Ciomas jeung Maparah Kecamatan Panjalu
Gambar 3.1 Lokasi Panalungtikan
Kasenian Buta Daor di Dusun Cimendong
(4)
3.2.1.1 Kondisi Sosial 1) Penduduk
Jumlah penduduk di Désa Panjalu Kacamatan Panjalu Kabupatén Ciamis sajumlah 12.102 jiwa, ngawengku jumlah kepala keluarga aya 3.841 KK. Ku kituna, jumlah penduduk rata-rata Désa Panjalu 1.227,99 jiwa/KM. Sacara rinci bisa katitén tina data di handap.
Tabél 3.1 Jumlah Penduduk Désa Panjalu taun 2015
No Jenis Kelamin Jumlah
1 Laki – laki 6.144
2 Perempuan 5.958
Jumlah 12.102
Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015 Tabél 3.2 Kaayaan Jumlah Penduduk Désa Panjalu
nurutkeun jenis kelamin
No Tahun Jumlah Jiwa
Laju Pertumbuhan Penduduk/tahun
(%)
Ratio Sex 1. 2008 10.934 2.61 104.56 2. 2009 11.241 2.81 103.72 3. 2010 11.406 1.48 103.28 4. 2011 11.453 0,04 103.50 5. 2012 11.505 0,04 103.50 6. 2013 11.528 0,02 103.55 7. 2014 12.116 5,10 103.00 8. 2015 12.102 5,04 103.12
Rata-rata 2,14 103.52
(5)
Tabél 3.3 Kaayaan Penduduk Désa Panjalu nurutkeun Jumlah Rumah Tangga (Kepala Keluarga)
No Tahun
Jumlah Rumah Tangga (KK)
Laju Pertumbuhan Penduduk/tahun
(%)
Ratio Sex
1 2008 3.018 2.61 520
2 2009 3.044 0.85 535
3 2010 3.139 3.04 545
4 2011 3.243 3.13 567
5 2012 3.316 2,37 572
6 2013 3.370 1,63 581
7 2014 3.476 3,14 581
8 2015 3.841 3,52 564
Rata-rata 2,53 558
Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015
2) Pendidikan
Kamekaran pendidikan di Désa Panjalu ngalaman parobahan anu kawilang alus, sanajan loba keneh anu lulusan SD tapi ku ayana kawijakan pamaréntah ngeunaan wajib belajar salapan taun, jenjang pendidikan di Désa Panjalu ngalaman parobahan. Katitén tina ieu tabél di handap.
Tabél 3.4 Kaayaan Désa Panjalu nurutkeun Pendidikan taun 2015
Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015
No. Jenjang Pendidikan Jumlah
1. Tamat SD 5.743
2. Tamat SMP 2.105
3. Tamat SMA 1.232
4. D-1 16
5. D-2 48
6. D-3 105
7. S-1 211
8. S-2 18
9. S-3 1
(6)
Tabél 3.5 Kaayaan Jumlah Jenjang Pendidikan Formal jeung Non-formal di Désa Panjalu Taun 2015
No Jenis Jenjang Pendidikan
Jumlah
Keterangan Sekolah Murid Guru
1 TK/PAUD/RA 15 756 70 10 Dusun
2 SD 8 1.680 48
Paricariang, Cimendong, Pabuaran, Garahang, Simpar, Banjarwaru 3 SLTP 3 581 63 Pabuaran, Sriwinangun
4 SLTA 2 213 18 Pabuaran, Sriwinagun
5 Paket B 1 50 5 Garahang, Banjarwaru, Simpar, Dukuh
6 Paket C 1 50 5 Banjarwaru, Garahang,
7 PT (STAI) 1 9 6 Pabuaran
8 Pontren 4 150 20 Paricariang, Simpar, Banjarwaru, Garahang Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015
3) Agama
Mayoritas masarakat Désa Panjalu ngagem agama Islam. Masarakat Désa Panjalu ngarojong pisan kana kamekaran agama Islam, ieu hal katitén tina tabél sarana kaagamaan ieu di handap.
Tabél 3.6 Kaayaan Sumber Daya Sarana Kaagamaan di Désa Panjalu taun 2015
No Jenis dan Tempat Peribadatan Jumlah Lokasi
1 Mesjid 12 10 Dusun
2 Mushola/Langgar 62 10 Dusun
3 Majelis Taklim 10 10 Dusun
Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015
4) Pakasaban
Nurutkeun data monografi Désa Panjalu taun 2015, rupa-rupa pakasaban masarakat Panjalu bisa katitén tina tabél ieu di handap.
(7)
Tabél 3.7 Kaayaan Penduduk Désa Panjalu nurutkeun Pakasaban Taun 2015
No Pakasaban Jumlah
1. PNS Umum 157
2. TNI/POLRI 13
3. Purnawirawan 118
4. Pagawé Swasta 405
5. Padagang 3.798
7. Patani 378
8. Buruh Tani 1.020
9. Pamayang 4
10. Patukangan 1.752
11. Séjéna 4.437
Jumlah 10.867
Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015
5) Basa
Basa anu dipaké sapopoé pikeun komunikasi masarakat Désa Panjalu nya éta basa Sunda. Ku kituna, masarakat Désa Panjalu katelah ku kasundaan sabab masih nyekel pageuh basa Sunda salaku basa anu dipaké sapopoé dina hirup kumbuhna. Tapi, nalika acara-acara resmi biasana sok maké basa Indonesia.
3.2.2 Sumber Data Panalungtikan
Sumber data panalungtikan mangrupa subjek data anu rék ditalungtik. (Arikunto, 2006, kc. 129). Sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma (person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper).
1) Jalma (person), nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngalewatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angka.
2) Tempat (place), nya éta sumber data anu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing atawa gerak mangrupa objék pikeun métode observasi.
3) Kertas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data anu mangrupa tanda-tanda, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjénna. Dokumén mangrupa objek nu dipaké pikeun métode dokuméntasi.
(8)
Dumasar kana pedaran di luhur, sumber data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta seniman, masarakat, jeung dokumén-dokumén dina pintonan KBD.
1) Sumber data anu mangrupa jalma (person) nya éta Aan Ardiana nu nyiptakeun KBD, jeung seniman-seniman nu ilubiung dina mekarkeun KBD. 2) Sumber data anu mangrupa tempat (place), nya éta masarakat di Dusun
Cimendong Désa Panjalu.
3) Sumber data anu mangrupa kertas atawa dokumén (paper), nya éta dokumén-dokumén pintonan KBD, boh foto boh video.
3.3 Ngumpulkeun Data
3.3.1 Téknik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta observasi, wawancara, catetan lapangan, jeung dokuméntasi.
1) Observasi
Téhnik observasi mangrupa cara anu dilakukeun ku panalungtik pikeun ngarekam unggal kagiatan jeung peristiwa anu keur kajadian boh maké alat bantu boh henteu (Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc. 99). Nurutkeun Ratna (2010, kc. 220) dina observasi ngalibatkeun tilu objek sakaligus, nya éta lokasi atawa tempat lumangsungna panalungtikan, para palaku, jeung aktivitas para palaku anu dijadikeun objek panalungtikan.
Téhnik observasi dina ieu panalungtikan dipaké pikeun ngumpulkeun data sacara langsung ngeunaan naon-naon anu katempo jeung karasa anu aya patalina jeung KBD, ogé pikeun niténan ngeunaan sosial masarakatna.
2) Wawancara
Wawancara (interview) mangrupa cara anu dipaké pikeun meunangkeun data ku cara pahareup-hareup langsung, tanya jawab, boh antara individu jeung individu, boh individu jeung kelompok (Ratna, 2010, kc. 222). Dina ieu panalungtikan ngagunakeun wawancara terbuka langsung ka informan. Téhnik wawancara dipaké pikeun ngadeudeulan data panalungtikan. Wawancara dina ieu
(9)
panalungtikan nya éta wawancara ka pihak-pihak anu sacara langsung anclub dina KBD.
3) Catetan Lapangan
Nurutkeun Basrowi jeung Suwandi (2008, kc. 177) Catetan lapangan mangrupa corétan anu saperluna anu singget, eusina mangrupa kecap-kecap galeuh, frase, pokok-pokok eusi paguneman dina panalungtikan, bisa mangrupa gambar, sketsa, sosiogram, diagram, jrrd. Nurutkeun Bogdan jeung Biklen (dina Moleong, 2007, kc. 209) catetan lapangan mangrupa catetan tinulis ngeunaan naon-naon anu kadangu, katempo, kaalaman, jeung anu kapikir dina ngumpulkeun data jeung refleksi kana data panalungtikan kualitatif.
Catetan lapangan dina ieu panalungtikan dipaké waktu ngawawancara informan saupama aya hal-hal anu dianggap penting pikeun pangdeudeul panalungtikan.
4) Dokuméntasi
Dokuméntasi mangrupa catetan peristiwa anu geus karandapan Sugiyono (2013, kc. 240). Dokuméntasi bisa mangrupa dokumén tinulis, gambar, vidéo jeung karya-karya monumental. Dokuméntasi dina ieu panalungtikan salaku bukti panalungtik ngalaksanakeun observasi langsung. Hasilna mangrupa gambar, foto, jeung video pikeun pangdeudeul data sangkan diolah kalayan jéntré.
3.3.2 Instrumen Panalungtikan
Instrumen panalungtikan nya éta alat anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun jeung ngolah data, sangkan leuwih gampang dina nyieun hasil panalungtikan. Dina panalungtikan kualitatif instrumen nu mimit nya éta manusa, manusa salaku konci instrumen pikeun ngumpulkeun, napsirkeun, jeung nangtukeun data panalungtikan (Ratna, 2010, kc. 248). Anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta instrumen observasi, pedoman wawancara, instrumen catetan lapangan, alat rekam, jeung kamera foto.
(10)
1) Instrumen Observasi
Instrumen observasi mangrupa alat nu dipaké waktu ngayakeun observasi ngaliwatan nongton, ngadangu, jeung nitétan pintonan KBD. Instrumen observasi anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta:
Tabél 3.8 Instrumen Observasi
No Indikator Perkara nu diobservasi Kaobservasi Henteu 1 Ngaran kasenian 1. Ngaran kasenian
2. Alesan ngaran KBD
√
√ - -
2 Prak-prakan pintonan KBD
3. Prak-prakan pintonan KBD 4. Lilana pintonan KBD 5. Tempat pintonan KBD 6. Iraha lumangsungna pintonan
√ √ √ √ - - - 3 Palaku nu ilubiung
dina KBD
7. Pamaén dina pintonan KBD 8. Seniman anu nyieun KBD
√
√ - -
4 Gerakan-gerakan dina pintonan KBD
9. Gerakan nu dipaké salila pintonan KBD
10. Ngaran gerakan dina pintonan KBD
11. Alesan gerakan anu dipaké
√ √ √ - - - 5 Ajén-inajén dina KBD 12. Ajén éstétika nu nyangkaruk
dina KBD
13. Unsur seni dina KBD 14. Pungsi KBD
√ √ √ - - - 6 Tarékah ngamumulé 15. Peran pamaréntah dina KBD
16. Peran masarakat dina KBD
√
√ - -
2) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara nya éta pedoman pikeun nungtun panalungtik dina ngawawancara narasumber sangkan lumangsung sacara lancar. Pedoman wawancara nu dipaké dina ieu panalungtikan mangrupa sajumlahing patalékan, saperti ieu di handap.
(11)
Instrumen I: Data Informan
Instrumen II: Daptar Patalékan
No Aspék Patalékan
(1) (2) (3)
1. Asal-muasal Kasenian Buta Daor
1)Kumaha sajarah mimiti ayana KBD?
2) Persisna anu ngawitan nyiptakeun KBD teh saha?
3)Iraha ieu KBDdibentuk?
4)Naha ieu kasenian dingaranan Buta Daor? 5) Naon tujuan dibentuk KBD?
6) Saha waé anu milu dina nyieun KBD? 7) Bahan naon waé anu dipaké dina KBD? 8) Kumaha cara nyieun rangka nepi ka jadi
ngawujud KBD? 2. Prak-prakan Kasenian Buta
Daor
9) Iraha jeung dimana KBD dipintonkeun? 10) Naha aya ritual husus teu saméméh
minton?
11)Kumaha prak-prakan KBD téh?
12)Waditra naon waé anu dipaké dina KBD? 13)Kumaha rumpaka lagu dina KBD?
14)Gerakan naon waé anu dipaké nalika minton?
15)Tema naon anu dipaké unggal minton? 16)Kumaha tanggapan masarakat kana KBD? 3. Ajén-inajén 17)Aya ajén filosofi naon dina KBD?
18)Aya ajén éstétika naon dina KBD?
4. Kamekaran 19) Ti mimiti ngadeg KBD naha aya parobahan naon wae dina wangun jeung bahanna?
20) Naon kasang tukang ayana parobahan? 5. Layang Pangajén 21)Layang Pangajén naon anu pernah
dicangking KBD? 3) Instrumen Catetan Lapangan
Dina catetan lapangan kabagi dua, nya éta bagian déskriptif jeung réfléktif. Bagian déskriptif eusina gambaran ngeunaan kasang tukang panalungtikan, jalma, paripolah, jeung paguneman. Bagian réfléktif nu eusina ngeunaan raraga mikir,
Data Informan 1. Waktu Wawancara:
2. Wasta :
3. Yuswa :
4. Jenis Kelamin : 5. Pakasaban : 6. Kalungguhan : 7. Padumukan :
(12)
sawangan panalungtik, ide, jeung gagasan Bogdan jeung Biken (dina Moleong, 2007, kc. 211).
4) Instrumen Dokuméntasi
Instrumen dokuméntasi mangrupa alat nu dipaké pikeun ngadokuméntasikeun kagiatan observasi, instrumen dokuméntasi nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta alat rékam jeung kamera foto.
a) Alat Rékam: ieu media dipaké pikeun ngarékam lumangsungna kagiatan wawancara dina prosés ngumpulkeun data. Ieu hal dilaksanakeun sangkan data anu dicangking téh akurat jeung pikeun bukti data panalungtikan.
b) Kaméra Foto: ieu media dipaké pikeun ngadokuméntasikeun kagiatan wawancara jeung observasi panalungtikan, sarta pikeun ngadokumentasikeun dina prak-prakan pintonan KBD.
Catetan Lapangan : No. Pengamatan/Wawancara : P/W
Waktu :
Disusun Jam :
Tempat :
Subjék Panalungtikan : (Déskriptif)
(Judul)
... ... ... ... Réfléktif
Sawangan Panalungtik:
... ... ... ... ..
(13)
3.3.3 Téhnik Ngolah Data
Data-data nu geus kakumpul diketik, tuluy diolah dumasar kana téhnik-téhnik nu geus dipedar diluhur. Léngkah-léngkahna ieu dihandap.
1) Niténan data nu geus dikumpulkeun.
2) Milah-milah data nu nuduhkeun asal-muasal KBD, prak-prakan KBD, unsur-unsur seni nu nyampak dina KBD, jeung ajén éstétika naon waé nu nyangkaruk dina KBD.
3) Ngadéskripsikeun data nu mangrupa asal-muasal KBD, prak-prakanKBD, unsur-unsur seni nu nyampak dina KBD, ajén éstétika nu aya dina KBD, jeung larapna KBD kana bahan pangajaran maca bahasan.
4) Nyieun kacindekan tina hasil data nu dipaluruh.
3.4 Analisis Data
Analisis data mangrupa tarekah anu dilakukeun pikeun ngorganisasikeun data, milah-milah data jadi hiji hal nu bisa dikokolakeun, disistensikeun, diteangan jeung manggihan hal-hal anu penting nu bisa diajarkeun sarta bisa dicaritakeun ka jalma séjén Bogdan jeung Biklen (dina Moleong, 2007, kc. 248).
Nurutkeun Arikunto (2006, kc. 235) sacara gurat badag, dina nganalisis data ngawengku tilu hal, nya éta tatahar, tabulasi, jeung dipakéna data saluyu jeung pamarekan panalungtikan.
1) Tatahar
Tatahar mangrupa kagiatan pikeun milah-milah data hasil panalungtikan anu tuluy misahkeun data anu kapaké sangkan dina ngolah jeung nganalisis datana rapih tur gemet. Nu kaasup kana kagiatan tatahar nya éta:
a) mariksa ngaran jeung kalengkepan narasumber, ieu hal patali jeung validitas data;
b) mariksa kalengkepan data, maksudna mariksa ngeusian instrumen dina ngumpulkeun data, sangkan nalika data aya anu kurang bisa buru-buru ditambahan; jeung
c) mariksa rupa-rupa data anu kakumpul, maksudna bisi aya data anu teu luyu jeung kahayang panalungtik.
(14)
2) Tabulasi
Tabulasi nya éta prosés ngahijikeun data anu kapanggih dina prosés panalungtikan. Kagiatan dina tabulasi diantarana nya éta:
a) ngumpulkeun kabéh data anu kapanggih dina hasil studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung studi dokuméntasi;
b) masing-masingkeun data dumasar gundukanana; jeung c) ngaluyukeun data jeung téhnik analisis anu rék dipaké;
3) Dipakéna data saluyu jeung pamarekan panalungtikan
Data-data hasil panalungtikan anu geus ditabulasikeun tuluy diolah ngagunakeun pamarekan anu saluyu jeung éta panalungtikan, dina ieu panalungtikan data diolah dumasar kana pamarekan éstétika. Anu dipaluruhna ngeunaan: 1) asal-muasal KBD; 2) prak-prakan KBD; 3) ajén éstétika dina KBD; jeung 4) larapna hasil panalungtikan KBD pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII.
(1)
panalungtikan nya éta wawancara ka pihak-pihak anu sacara langsung anclub dina KBD.
3) Catetan Lapangan
Nurutkeun Basrowi jeung Suwandi (2008, kc. 177) Catetan lapangan mangrupa corétan anu saperluna anu singget, eusina mangrupa kecap-kecap galeuh, frase, pokok-pokok eusi paguneman dina panalungtikan, bisa mangrupa gambar, sketsa, sosiogram, diagram, jrrd. Nurutkeun Bogdan jeung Biklen (dina Moleong, 2007, kc. 209) catetan lapangan mangrupa catetan tinulis ngeunaan naon-naon anu kadangu, katempo, kaalaman, jeung anu kapikir dina ngumpulkeun data jeung refleksi kana data panalungtikan kualitatif.
Catetan lapangan dina ieu panalungtikan dipaké waktu ngawawancara informan saupama aya hal-hal anu dianggap penting pikeun pangdeudeul panalungtikan.
4) Dokuméntasi
Dokuméntasi mangrupa catetan peristiwa anu geus karandapan Sugiyono (2013, kc. 240). Dokuméntasi bisa mangrupa dokumén tinulis, gambar, vidéo jeung karya-karya monumental. Dokuméntasi dina ieu panalungtikan salaku bukti panalungtik ngalaksanakeun observasi langsung. Hasilna mangrupa gambar, foto, jeung video pikeun pangdeudeul data sangkan diolah kalayan jéntré.
3.3.2 Instrumen Panalungtikan
Instrumen panalungtikan nya éta alat anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun jeung ngolah data, sangkan leuwih gampang dina nyieun hasil panalungtikan. Dina panalungtikan kualitatif instrumen nu mimit nya éta manusa, manusa salaku konci instrumen pikeun ngumpulkeun, napsirkeun, jeung
(2)
1) Instrumen Observasi
Instrumen observasi mangrupa alat nu dipaké waktu ngayakeun observasi ngaliwatan nongton, ngadangu, jeung nitétan pintonan KBD. Instrumen observasi anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta:
Tabél 3.8 Instrumen Observasi
No Indikator Perkara nu diobservasi Kaobservasi Henteu 1 Ngaran kasenian 1. Ngaran kasenian
2. Alesan ngaran KBD
√
√ - -
2 Prak-prakan pintonan KBD
3. Prak-prakan pintonan KBD 4. Lilana pintonan KBD 5. Tempat pintonan KBD 6. Iraha lumangsungna pintonan
√ √ √ √ - - - 3 Palaku nu ilubiung
dina KBD
7. Pamaén dina pintonan KBD 8. Seniman anu nyieun KBD
√
√ - -
4 Gerakan-gerakan dina pintonan KBD
9. Gerakan nu dipaké salila pintonan KBD
10. Ngaran gerakan dina pintonan KBD
11. Alesan gerakan anu dipaké √ √ √ - - - 5 Ajén-inajén dina KBD 12. Ajén éstétika nu nyangkaruk
dina KBD
13. Unsur seni dina KBD 14. Pungsi KBD
√ √ √ - - - 6 Tarékah ngamumulé 15. Peran pamaréntah dina KBD
16. Peran masarakat dina KBD √
√ - -
2) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara nya éta pedoman pikeun nungtun panalungtik dina ngawawancara narasumber sangkan lumangsung sacara lancar. Pedoman wawancara nu dipaké dina ieu panalungtikan mangrupa sajumlahing patalékan, saperti ieu di handap.
(3)
Instrumen I: Data Informan
Instrumen II: Daptar Patalékan
No Aspék Patalékan
(1) (2) (3)
1. Asal-muasal Kasenian Buta Daor
1)Kumaha sajarah mimiti ayana KBD?
2) Persisna anu ngawitan nyiptakeun KBD teh saha?
3)Iraha ieu KBDdibentuk?
4)Naha ieu kasenian dingaranan Buta Daor? 5) Naon tujuan dibentuk KBD?
6) Saha waé anu milu dina nyieun KBD? 7) Bahan naon waé anu dipaké dina KBD? 8) Kumaha cara nyieun rangka nepi ka jadi
ngawujud KBD? 2. Prak-prakan Kasenian Buta
Daor
9) Iraha jeung dimana KBD dipintonkeun? 10) Naha aya ritual husus teu saméméh
minton?
11)Kumaha prak-prakan KBD téh?
12)Waditra naon waé anu dipaké dina KBD? 13)Kumaha rumpaka lagu dina KBD?
14)Gerakan naon waé anu dipaké nalika minton?
15)Tema naon anu dipaké unggal minton? 16)Kumaha tanggapan masarakat kana KBD? 3. Ajén-inajén 17)Aya ajén filosofi naon dina KBD?
18)Aya ajén éstétika naon dina KBD?
4. Kamekaran 19) Ti mimiti ngadeg KBD naha aya parobahan naon wae dina wangun jeung bahanna?
20) Naon kasang tukang ayana parobahan? 5. Layang Pangajén 21)Layang Pangajén naon anu pernah
dicangking KBD? Data Informan
1. Waktu Wawancara: