S BD 1200810 Chapter5

BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan
Udagan tina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun asal-muasal KBD,
ngadéskripsikeun prak-prakan KBD, maluruh jeung ngdéskripsikeun ajén éstétika
nu nyampak dina KBD, jeung larapna hasil panalungtikan KBD pikeun bahan ajar
dina pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII. Tiori anu dipaké pikeun medar
ajén éstétika dina KBD nya éta tiori Kant. Métode nu dipaké nya éta déskriptif
kalayan pamarekan kualitatif. Téhnik nu dipaké dina ieu panalungtikan
ngawengku téhnik observasi, wawancara, catetan lapangan, jeung dokuméntasi.
Asal-muasal KBD mimitina tina hasil kréativitas sarta éksprési seniman Aan
Ardiana. Anjeunna boga kahayang gedé pikeun nyieun hiji kasenian anu bakal
jadi ciri has daerahna tur bisa nambahan kajembaran kasenian nu aya di tatar
Sunda sangkan terus mekar jeung teu kadéséh ku kasenian deungeun. Lian ti éta,
Aan kainspirasi ku seniman-seniman anu sok babarengan jeung anjeunna waktu
masih jadi pamaén wayang landung jeung bebegig sukamantri. Gelarna KBD
persisna dina taun 2010 di Désa Cibeureum Kecamatan Sukamantri. Dina taun
2013 KBD pindah ka Dusun Cimendong Désa Panjalu lantaran kurang
pangrojong ti masarakat Désa Cibeureum. Tina hasil kamotekaran jeung gawé
bareng anu hadé antara Aan jeung Sutan Ahmad, KBD ngalaman parobahan tina

wangun jeung wandana.
Prak-prakkan pintonan KBD aya dua bentuk nya éta helaran jeung midang di
hareup podium. Helaran nya éta kagiatan ngarak KBD mapay-mapay jalan pikeun
ngirut nu nongton. Sapanjang jalan KBD téh ngigel luyu jeung ketukan musik.
Dina helaran KBD bebas interaksi jeung nu nongton, aya anu leumpang
nuturkeun iring-iringan, aya anu leumpang bari pahabeuk-habeuk nyirikeun buta
nu keur gelut, aya ogé anu ngigel bari satengah lumpat nyampeurkeun nu
nongton. Midang nya éta minton di hareupeun podium. Konsép pintonan KBD
biasana ngeunaan alam, éta hal lantaran KBD boga tujuan pikeun ngingetan deui
ka masarakat yén alam mangrupa unsur anu pangpentingna tina kahirupan manusa
nu kudu dijaga jeung dipiara. Dina proses pintonan KBD, nyampak ajén
75
Lisa Aprisa Kartikasari, 2016
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR
DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

76

sabilulungan antar pamaén nya éta pikeun nangtukeun hadé gorengna pintonan

nya éta pamaén anu mawa buta, nayaga, nu ngibing jeung seniman. Salian ti éta,
dina pintonan KBD aya ajén atikan anu bisa dicangking ku nu nongton nya éta
waktu buta tarung jeung barong ngagambarkeun yén dina hirup kumbuh di
masarakat pasti loba pasualan nu disanghareupan, kitu deui dina laku lampah
manusa anu goréng bakal ngahasilkeun kagoréngan kitu ogé sabalikna. Dina
pintonan KBD aya unsur kaéndahan nu bisa dicangking ku nu nongton atawa
penikmat seni. Patalina éta unsur-unsur nu ngahasilkeun pintonan nu éndah, bisa

ditilik tina unsur-unsur seni nu ngawengku unsur seni rupa, seni musik, seni tari,
jeung seni drama.
Ajén éstétika anu nyampak dina KBD ditilik tina tiori Kant nya éta tina ajén
éstétis atawa ajén murni jeung ajén ékstra éstétis atawa ajén panambah. Tina ajén
murni aya dina wangun KBD, baju jeung ornamén, seni musik, gerak tari, jeung
drama. Baju jeung ornamén anu dipaké ku nayaga jeung pamaén KBD waktu
minton téh, nya éta pangsi jeung iket. Salian ti boga pungsi salaku kaéndahan,
busana pangsi nu warnana hideung nyimbolkeun jalma nu gedé wawanén,
tanggoh jeung rohaka, boga sikep anu panceg teu unggut kalinduan. Iket méré
kaéndahan kana nu makéna, lantaran katémpo rapih jeung gagah. Baju anu dipaké
ku nu ngibing nya éta kabaya éncim. Kabaya éncim mangrupa busana kaum hawa,
ngagambarkeun sipat wanoja anu lungguh, geulis haté jeung rupana. Kaéndahan

anu nyampak dina waditra nu mirig KBD nya éta dina sora anu dikaluarkeun tina
unggal waditra anu béda-béda, tapi bisa jadi harmonis jeung éndah. Gerak dina
KBD boga pungsi pikeun kaéndahan. Éta hal katitén tina gerakan tari anu saluyu
jeung témpo dina wirahma. Tari anu biasa dipaké mirig KBD nya éta tari kararas,
anu sipatna lungguh saluyu jeung warnana, leuleus saluyu jeung daunna saupama
katebak angin. Aya deui kaéndahan tina seni drama téaterikal anu dipintonkeun
dina KBD, katitén tina paripolah pamaén anu luyu jeung watekna, jeung cara
neuleuman peranna séwang-séwangan. Ajén éstétika nu ditilik tina ajén ékstra
éstétis atawa ajén panambah aya dina dedeg-pangadeg manusa jeung alam.
Manusa salaku palaku seni nu ngatur tur nu ngajalankeun sakabeh unsur anu aya
dina pintonan KBD. Alam nu nyadiakeun bahan dina nyieun KBD, saperti kai,
awi, dangdaunan, jeung ornamén séjénna.
Lisa Aprisa Kartikasari, 2016
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR
DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

77

Ajén éstétika anu nyampak dina KBD téh bisa dijadikeun salah sahiji

alternatif pikeun bahan pangajaran di sakola, hususna dina pangajaran ngeunaan
budaya nya éta maca bahasan kasenian. Patalina jeung pangajaran maca bahasan
kasenian, ajén éstétika anu nyampak dina KBD di Dusun Cimendong Désa
Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis bisa dijadikeun bahan ajar nu
dilarapkeun dina pangajaran maca bahasan kasenian saluyu jeung Kurikulum
Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP).

5.3 Rékoméndasi
Ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngeuyeuban deui informasi ngeunaan
kasenian anu aya di Jawa Barat, hususna di Kabupatén Ciamis. Sangkan ieu
kasenian teu tumpur ku jaman, aya sababaraha saran anu ditujukeun ka: 1)
mahasiswa; 2) guru; 3) masarakat; jeung 4) lembaga-lembaga kesenian.
Mahasiswa. Mahasiswa salaku akademisi dipiharep ngayakeun deui
panalungtikan anu leuwih jero jeung leuwih husus, sangkan bisa kaguar deui halhal séjén nu aya dina KBD. Guru. Guru salaku pengajar bisa mekarkeun KBD ku
cara dilarapkeun kana bahan pangajaran seni budaya atawa budaya Sunda luyu
jeung Rencana Pelaksanaan Pembelajran (RPP) nu disadiakeun dina bab IV.
Masarakat. Pikeun masarakat ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi hiji sarana
pikeun mikawanoh jeung mikareueus kana KBD minangka kasenian asli urang
Sunda. Lian ti éta, masarakat dipiharep bisa leuwih ngaraksa jeung ngariksa
kabudayaan nu aya di tatar Sunda. Lembaga-lembaga kasenian. Lembagalembaga kasenian dipiharep sangkan leuwih merhatikeun kana seni jeung budaya

nu aya di Jawa Barat, hususna nu aya di wewengkonna. Salian ti ngainvéntarisir,
dipiharep bisa mantuan ngawanohkeun ieu kasenian ka masarakat umum ku cara
dipintonkeun dina acara-acara nu dikokolakeun ku pamaréntah.

Lisa Aprisa Kartikasari, 2016
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR
DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu