S BD 1200810 Chapter1

BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Dina hirup kumbuhna, kasenian mangrupa bagian tina kabudayaan anu perlu
dibina, dipiara, jeung dimekarkeun. Kasenian daerah kaasup kana kabudayaan
daerah anu aya di Jawa Barat sarta jadi asét kabudayaan anu kudu diriksa,
dimumulé, jeung dimekarkeun.
Kasenian anu aya di tatar Sunda téh euyeub pisan, ti mimiti anu buhun nepi
ka anu modéren. Aya ogé kasenian réka-kréasi salah sahijina nya éta Kasenian
Buta Daor (anu satuluyna disingget KBD). KBD mangrupa hasil kaparigelan Aan
Ardiana, salah sahiji seniman rancagé Ciamis. Aan Ardiana ngahartikeun ngaran
Buta Daor téh tina kecap ‘buta’ nya éta dedegan jelema anu gedé saperti bebegig
sawah tur jangkung badag jiga buta, kecap ‘daor’ dibawa tina kecap dower nu
hartina badag kagigir. Ku sabab teu genah disebutkeunna, tuluy diteangan
sasaruanna nya éta jadi ‘daor’. Jadi, Buta Daor téh hartina buta anu jangkung
badag saperti bebegig sawah.
Ayana KBD teu leupas tina maksud jeung tujuan diciptakeunna. Aan Ardiana
nyiptakeun ieu kasenian lantaran Aan boga kahayang anu gédé pikeun
ngawujudkeun kasenian kréasi nu bakal jadi ciri has daérahna, tur bisa nambahan
kajembaran kasenian nu aya di tatar Sunda sangkan terus mekar jeung teu kadéséh

ku kasenian deungeun. Lian ti éta, Aan kainspirasi ku seniman-seniman anu sok
babarengan jeung anjeunna waktu masih jadi pamaén wayang landung jeung
bebegig Sukamantri.
KBD diciptakeun taun 2010. Sanajan KBD mangrupa kasenian anu anyar,
KBD geus sababaraha kali nyangking layang pangajén malah jadi pinunjul kahiji
dina acara Kirab Budaya Kemilau Nusantara 2015 ngawakilan Provinsi Jawa
Barat. Nilik kana prestasina, KBD bisa terus mekar jadi kasenian has Ciamis
saupama aya perhatian ti pajabat pamaréntah satempat pikeun terus ngokolakeun
kasenian anu aya di daerah binaannana.
KBD bisa terus mekar jeung hirup gumantung masarakat anu ngarojongna.
KBD mangrupa kasenian helaran anu boga pungsi pikeun hiburan. Dina sakali
1
Lisa Aprisa Kartikasari, 2016
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR
DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2

minton KBD butuh ku pamaén anu loba leuwih ti lima belas urang. Dina milih

para pamaén Aan ngutamakeun para nonoman, ku sabab topéng jeung awak KBD
beurat jadi butuh tanaga anu gedé. Lian ti éta, Aan boga harepan sangkan para
nonoman bisa terus miara KBD salaku lambang kareueus masarakat Dusun
Cimendong téh henteu leungit.
Kasenian téh minangka bagian tina unsur kabudayaan. Kasenian mangrupa
wangun éksprési émosi seniman, anu ngarasakeun hiji émosi nu satuluyna
ngajanggélék jadi hiji kasenian nu boga harti pikeun dirina tur jalma nu séjén
(Liliweri, 2014, kc. 354). Sacara umum kasenian bisa jadi alat pikeun
ngaraketkeun tali mimitran di masarakat. Ku kituna, kasenian téh mangrupa asét
bangsa anu kudu dimumulé, diriksa, tur dimekarkeun sangkan éta budaya teu
leungit tur bisa manjang dipikanyaho ku unggal masarakat, hususna masarakat
anu aya di wewengkonna sorangan.
Kasenian raket patalina jeung kaéndahan. Sisi kaéndahan téh disebut ogé
éstétika. Nurutkeun Kattsof (dina Kartika jeung Perwira, 2004, kc 6), éstétika nya
éta cabang filsafat anu aya patalina jeung watesan rakitan (structure) jeung rasa
(role) tina kaéndahan, hususna dina seni. Seni moal bisa leupas tina kahirupan
masarakat, sabab tumuwuhna gumantung kana masarakat anu ngarojongna.
Kiwari kasenian-kasenian anu aya di masarakat téh hirup tapi teu hurip, éta
hal alatan masarakat kurang wanoh kana kasenian anu aya di wewengkonna. Kitu
deui dina KBD, masarakat di Désa Panjalu teu kabeh wanoh kana KBD. Éta

pasualan dibalukarkeun ku heureutna pangaweruh masarakat di Désa Panjalu,
hususna generasi ngora kana éta kasenian. Patalina jeung éta hal, salah sahiji
tarékah pikeun ngariksa kasenian Sunda nya éta ku cara diwanohkeun ka para
nonoman jaman ayeuna ngaliwatan pangajaran di sakola. Pangajaran ngeunaan
kabudayaan Sunda nyampak dina SKKD KTSP ngeunaan bahasan anu patalina
jeung kaseniaan, dina KD 12.3.3 anu unina maca bahasan ngeunaan kasenian di
SMA kelas XII.
Di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah geus réa anu nalungtik ngeunaan
ajén éstétika anu dijadikeun tatapakan dina panalungtikanna, anu medar ngeunaan
masalah dina kasenian di antarana: (1) “Ajén Éstétika dina Seni Raja Dogar di
Kecamatan Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII.”
Lisa Aprisa Kartikasari, 2016
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR
DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3

magrupa hasil panalungtikan Marlina Efendi (2013) dina wangun skripsi. Eusina
ngabahas ngeunaan éstétika dina kasenian raja dogar nu aya di Kecamatan Cibatu

Kabupatén Garut, (2) ”Ajén Éstetika dina Kasenian Wayang Landung di Désa
Panjalu Kecamatan Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA
Kelas XII.” mangrupa hasil panalungtikan Risma Nurjatika (2015) dina wangun
skripsi, eusina ngabahas ngeunaan ajén éstétika anu aya dina Kasenian Wayang
Landung, (3) “Ajén Éstétika dina Acara Kasenian Nyiar Lumar Taun 2014 di
Désa

Kawali

Kecamatan

Kawali

Kabupatén

Ciamis.”

mangrupa

hasil


panalungtikan Santi Nurmayanti (2015) dina wangun skripsi, anu eusina ngeunaan
ajén éstétika dina kasenian nyiar lumar.
Tina judul-judul di luhur tétéla can aya anu kungsi nalungtik ngeunaan KBD.
Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Ajén Éstétika dina Kasenian Buta Daor
di Dusun Cimendong Désa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun
Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA kelas XII” perlu dilaksanakeun.
1.2 Rumusan Masalah
Ieu panalungtikan bisa diidéntifikasi jadi sababaraha masalah anu aya patalina
jeung a) perluna ngamumulé jeung ngawanohkeun kasenian anu aya di masarakat,
b) kasenian diwanohkeun ngaliwatan pangajaran di sakola, jeung c) téks kasenian
mangrupa salasahiji alat anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca di SMA,
anu bakal jadi tarékah dina ngamumulé kasenian.
Dumasar kana kasang tukang panalungtikan jeung idéntifikasi masalah di
luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina patalékan ieu di handap.
1) Kumaha asal-muasal KBD di Dusun Cimendong Désa Panjalu Kecamatan
Panjalu Kabupaten Ciamis?
2) Kumaha prak-prakanna KBD di Dusun Cimendong Désa Panjalu Kecamatan
Panjalu Kabupaten Ciamis?
3) Ajén éstétika naon anu nyampak dina KBD di Dusun Cimendong Désa

Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis?
4) Kumaha larapna hasil panalungtikan KBD pikeun bahan pangajaran maca
bahasan di SMA kelas XII?

Lisa Aprisa Kartikasari, 2016
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR
DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

4

1.3 Tujuan Panalungtikan
Luyu jeung masalah anu dipedar, ieu panalungtikan miboga tujuan umum
jeung tujuan husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun nganalisis jeung
ngadéskripsikeun ajén éstétika anu nyampak dina KBD, anu satuluyna bisa
dijieun jadi bahan pangajaran di sakola pikeun numuwuhkeun deui rasa
mikareueus para nonoman hususna, umumna pikeun masarakat kana ieu kasenian.


1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus tujuan dina ieu panalungtikan, nya éta:
1) pikeun maluruh jeung ngadéskripsikeun asal-muasal KBD di Dusun
Cimendong Désa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis;
2) pikeun ngadéskripsikeun prak-prakanna KBD di Dusun Cimendong Désa
Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis;
3) pikeun maluruh jeung ngadéskripsikeun ajén éstétika anu nyampak dina KBD
di Dusun Cimendong Désa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis;
jeung
4) pikeun nyusun artikel tina déskripsi KBD pikeun bahan pangajaran maca
bahasan nu dilarapkeun di SMA kelas XII.

1.4

Mangpaat Panalungtikan
Ieu panalungtikan miboga mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis

ditétélakeun ieu di handap.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban élmu

pangaweruh ngeunaan kasenian, sangkan bisa dimangpaatkeun jadi bahan
pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII pikeun tarékah ngaronjatkeun
pangaweruh ngeunaan budaya, husuna kasenian nu aya di tatar Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan, nya éta:
Lisa Aprisa Kartikasari, 2016
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR
DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

5

1) pikeun panalungtik, bisa nambahan pangaweruh ngeunaan kabudayaan
hususna kasenian nu aya di Dusun Cimendong Désa Panjalu Kecamatan
Panjalu Kabupaten Ciamis sarta maham kana ajén éstétika nu nyampak dina
éta kasenian;
2) pikeun masarakat, hasil panalungtikan dipiharep bisa nambahan pangaweruh
ngeunaan budaya husuna kasenian, sangkan masarakat di Désa Panjalu terus
ngaraksa jeung ngariksa budayana;

3) pikeun guru, ieu panalungtikan méré informasi jeung referensi pikeun bahan
pangajaran maca bahasan kasenian; jeung
4) pikeun siswa, ngaliwatan ieu panalungtikan, siswa bisa nambahan
pangaweruh jeung leuwih wanoh kana kabudayaan sorangan, hususna
kasenian nu aya di wewengkonna séwang-séwangan sarta maham kana ajén
éstétika dina kabudayaan atawa kasenian.

1.5 Raraga Tulisan
Ieu skripsi disusun jadi lima bab, saperti anu dipedar ieu di handap.
Bab I eusina ngeunaan kasang tukang panalungtikan, identifikasi jeung
rumusan masalah, tujuan panalungtikan nu ngawengku tujuan umum jeung tujuan
husus, mangpaat panalungtikan nu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat
praktis, jeung raraga tulisan.
Bab II dina Ieu bab dipedar kajian pustaka ngeunaan hal-hal anu patalina
jeung masalah panalungtikan, ieu bab disebutna kajian pustaka, anu eusina
matalikeun masalah anu ditalungtik jeung tiori-tiori paélmuan.
Bab III eusina ngawengku métode panalungtikan nu dipaké dina
panalungtikan nu ngawengku desain panalungtikan, sumber jeung lokasi
panalungtikan, ngumpulkeun data, téhnik ngumpulkeun data, instrumén
panalungtikan, jeung téhnik ngolah data.

Bab IV eusina mangrupa analisis data nu patalina jeung rumusan masalah
sarta tujuan panalungtikan jeung pedaran hasil analisis nu dipatalikeun jeung tiori.
Bab V eusina mangrupa kacindekan jeung rékomendasi pikeun panalungtikan
nu saterusna.

Lisa Aprisa Kartikasari, 2016
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR
DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu