Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi : studi ékspérimén ka siswa Kelas IX SMPN 1 Susukan Kabupaten Cirebon Taun Ajaran 2014/2015.
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
METODÉ TARJAMAHAN TATA BASA
DINA PANGAJARAN MACA KARANGAN ÉKSPOSISI
(Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas IX SMPN 1 Susukan Kabupaten Cirebon Taun Ajaran 2014/2015) 1)
NUR FITRI MARDHOTILLAH2)
ABSTRAK
Masalah anu ditalungtik nyaéta kajian kaéféktifan métode tarjamahan tata basa dina pangajaran maca karangan ésposisi, sedengkeun tujuan ieu panalungtikan nyaéta deskripsi (a) kamampuh kandaga kecap dina maca karangan éksposisi saméméh jeung sabada maké métode tarjamahan tata basa; (b) kamampuh kandaga kecap dina maca karangan éksposisi saméméh jeung sabada henteu maké métode tarjamahan tata basa; jeung (c) éféktivitas diajar maké métode tarjamahan tata basa dibanding diajar henteu maké métode tarjamahan tata basa. Métode ieu panalungtikan nyaéta métode ékspérimén, kalawan desain pre-test and post-test
control group desaign. Téhnik ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés. Populasi ieu
panalungtikan nyaéta siswa kelas IX kalawan sampel siswa kelas ékspérimén nyaéta siswa kelas IX B jeung sampel kelas kontrol siswa kelas IX G SMPN 1 Susukan Kabupaten Cirebon Taun Ajaran 2014/2015. Temuan ieu panalungtikan téh nyaéta: (1) Nilai rata-rata pascates di kelas kontrol ningkat tina nilai pratesna nyaéta tina 50,67 jadi 63,00 atawa ningkat 12,33. Hartina, sanggeus dilakukeun pangajaran henteu ngagunakeun métode tarjamahan tata basa hasil pangajaran maca karangan éksposisi di kelas kontrol cukup éféktif; (2) Nilai rata-rata pascates di kelas eksperimen ogé ningkat nilaina tina 46,84 jadi 68,44 atawa ningkat 21,60. Ieu data hartina, yén sanggeus dilakukeun pangajaran kalawan ngagunakeun métode tarjamahan tata basa di kelas eksperimen ningkat jeung ningkatna téh leuwih luhur tibatan di kelas kontrol. Ku kituna, pangajaran maca karangan éksposisi kalawan ngagunakeun métode tarjamahan tata basa leuwih éfektif tibatan di kelas kontrol. (3) Dumasar hasil analisis uji t bisa dicindekkeun yén métode tarjamahan tata basa éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh kandaga kecap dina maca karangan éksposisi siswa kelas IX SMPN 1 Susukan kabupaten Cirebon taun ajaran 2014/2015. Hartina, métode tarjamahan tata basa bisa digunakeun salaku salah sahiji alternatif métode dina pangajaran maca karangan éksposisi.
1) Ieu tesis diaping ku Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. 2) Mahasiswa Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda
(2)
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
METODE TERJEMAHAN TATA BAHASA
DALAM PEMBELAJARAN MEMBACA KARANGAN EKSPOSISI (Studi Ékspérimén ke Siswa Kelas IX SMPN 1 Susukan Kabupaten Cirebon
Taun Ajaran 2014/2015) 1) NUR FITRI MARDHOTILLAH2)
ABSTRAK
Masalah yang diteliti, yaitu kajian keefektifan metode terjemahan tata bahasa dalam pembelajaran membaca karangan eksposisi, sedangkan tujuan penelitian ini adalah deskripsi (a) kemampuan kosakata siswa dalam pembelajaran membaca karangan eksposisi sebelum dan sesudah menggunakan metode terjemahan tata bahasa; (b) kemampuan kosakata siswa dalam pembelajaran membaca karangan eksposisi dan sesudah diajar tanpa menggunakan metode terjemahan tata bahasa; dan (c) efektivitas diajar menggunakan metode terjemahan tata bahasa dibandingkan dengan diajar tanpa menggunakan metode terjemahan tata bahasa. Metode penelitian ini adalah metode eksperimen, dengan desain pre-test and
post-test control group desaign. Teknik penelitian ini adalah teknik tes. Populasi
penelitian ini yaitu siswa kelas IX dengan sampel siswa kelas eksperimen yaitu siswa kelas IX B dan sampel kelas kontrol siswa kelas IX G SMPN 1 Susukan Kabupaten Cirebon Taun Ajaran 2014/2015. Temuan penelitian ini sebagai berikut: (1) Nilai rata-rata pascates di kelas kontrol naik dari nilai pratesnya yaitu dari 50,67 menjadi 63,00 atau naik 12,33. Hal ini berarti setelah dilakukan pembelajaran tanpa menggunakan metode terjemahan tata bahasa hasil pembelajaran membaca karangan eksposisi di kelas kontrol cukup efektif; (2) Nilai rata-rata pascates di kelas eksperimen juga naik nilainya dari 46,84 menjadi 68,44 atau naik 21,60. Data ini berarti, bahwa setelah dilakukan pembelajaran dengan menggunakan metode terjemahan tata bahasa di kelas eksperimen meningkat dan peningkatannya lebih tinggi daripada di kelas kontrol. Dengan kata lain, pembelajaran membaca karangan eksposisi dengan menggunakan metode terjemahan tata bahasa lebih efektif dibandingkan dengan di kelas kontrol. (3) Berdasarkan hasil analisis uji t dapat disimpulkan bahwa metode terjemahan tata bahasa efektif dalam meningkatkan kemampuan kosakata dalam membaca karangan eksposisi siswa kelas IX SMPN 1 Susukan Kabupaten Cirebon taun ajaran 2014/2015. Dengan demikian, metode terjemahan tata bahasa dapat digunakan sebagai salah satu metode alternatif dalam pembelajaran membaca karangan eksposisi.
3) Tesis ini di bawah bimbingan Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. 4) Mahasiswa Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda
(3)
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
GRAMMAR TRANSLATION METHOD THE READING EXPOSITION STORY
(Experimental Study toward Ninth-Grade Students at Susukan 1 Junior High School, Cirebon Academic year 2014/2015)1)
NUR FITRI MARDHOTILLAH2)
ABSTRAK
The problem studied is to test the effectiveness of language structure method on learning the reading exposition story. The purposes of this research are describing about:a) The ability of students on learning the reading exposition story before and after using the grammar translation methodb) The ability of students on learning the reading exposition story before and after taught without using grammar translation method.c) The effectiveness of taught by using translation method of language stucture compared with taught without using grammar translation method.The method used in this research is experimental method, with pre-test and post-test desaign. The technique used in this research is a test technique. The population of this study are the ninth-grade students with students sample of ninth-grade B students and the control students of ninth-grade G students at Susukan 1 Junior High School, Cirebon academic year 2014/2015. Finding of the research are; (1) The average value of the total post-test in the control class increase from the value of pre-test. From 50.67 into 63.00, or up to 12.32. It means that after learning without using the grammar translation method, the results of learning the reading exposition story in control class is quite effective. (2) The average value of the total post-test in experimental class also increase from the value of pre-test. From 46.84 into 68.44, or up to 21.60. It means that after learning the grammar translation method in experimental class is increasing. And the increasing is higher than the control class. In other words, learning the reading exposition story by using translation method is more effective than the control class. (3) Based on the results of test analysis, it can be concluded that the grammar translation method is effective in improving the reading skill of exposition story of nint-grade students at Susukan 1 Junior High School, Cirebon academic year 2014/2015. Therefore, the grammar translation method can be used as one of the alternative method of learning the reading exposition story.
5) Ieu tesis diaping ku Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd. 6) Mahasiswa Prodi Pendidikan Bahasadan Budaya Sunda
(4)
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI
ABSTRAK (Basa Sunda) ... i
ABSTRAK (Basa Indonésia) ... ii
ABSTRAK (Basa Inggris) ... iii
PANGJAJAP ... iv
CATUR NUHUN ... v
DAPTAR EUSI ... vii
DAPTAR TABÉL... x
DAPTAR BAGAN ... xi
DAPTAR GAMBAR ... xii
DAPTAR LAMPIRAN ... xiii
BAB I BUBUKA ... 1
1.1Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2Rumusan Masalah ... 4
1.3Tujuan Panalungtikan... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.5 Sistematika Tulisan ... 5
BAB II MÉTODE PANGAJARAN, METODE TARJAMAHAN TATA BASA, MACA KARANGAN EKSPOSISI, RARAGA MIKIR JEUNG HIPOTÉSIS PANALUNGTIKAN ... 7
2.1Métode Pangajaran ... 7
2.1.1 Ciri-ciri Umum Métode anu Hadé ... 7
2.1.2 Ragam Métode Pangajaran Basa ... 8
2.2Métode Tarjamahan Tata Basa... 8
2.2.1 Wangenan Métode Tarjamahan Tata Basa ... 8
2.2.2 Ciri-ciri Métode Tarjamahan Tata Basa ... 9
2.2.3 Kaunggulan jeung Kahéngkeran Métode Tarjamahan Tata Basa ... 10
2.3Hakikat Maca ... 10
2.3.1 Tujuan Maca... 11
2.3.2 Mangpaat Maca ... 12
2.3.3 Aspék-aspék Maca ... 12
2.3.5 Kamampuh Maca ... 15 vii
(5)
viii
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.4Wangun Karangan ... 18
2.4.1 Karangan Éksposisi ... 18
2.4.2 Téhnik Mekarkeun Éksposisi ... 18
2.5 Évaluasi ... 19
2.5.1 Tarjamahan ... 19
2.5.2 Kosakecap ... 20
2.5.2.1 Wangenan Kecap ... 20
2.5.2.2 Bagian-bagian Kecap ... 21
2.5.2.2.1 Kecap Barang (Nomina) ... 21
2.5.2.2.2 Kecap Pagawéan (Verba) ... 24
2.5.2.2.3 Kecap Sipat (Adjéktiva) ... 25
2.5.2.2.4 Kecap Bilangan (Numeralia)... 26
2.5.2.2.5 Kecap Pancen ... 27
2.6 Métode Tarjamahan Tata Basa dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi ... 28
2.7 Hasil Panalungtikan Saméméhna ... 29
2.8 Raraga Mikir ... 30
2.9 Hipotésis ... 31
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 32
3.1Desain Panalungtikan ... 32
3.2Populasi jeung Sampel ... 33
3.2.1 Populasi ... 33
3.2.2 Sampel ... 33
3.3Instrumén Panalungtikan ... 34
3.4Téhnik Ngumpulkeun Data ... 37
3.5 Téhnik Ngolah Data ... 38
BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN ... 42
4.1Hasil Panalungtikan ... 42
4.1.1 Kamampuh Kandaga Kecap dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi Siswa Kelas Ékspérimén ... 42
(6)
ix
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.1.1.2 Kamampuh Ahir ... 46
4.1.3 Analisis Data Kelas Ékspérimén ... 44
4.1.2 Kamampuh Kandaga Kecap dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi Siswa Kelas Kontrol ... 51
4.1.2.1 Kamampuh Awal ... 51
4.1.2.2 Kamampuh Ahir ... 55
4.1.3 Uji Sipat Data jeung Hipotésis ... 59
4.1.3.1 Uji Normalitas ... 59
4.1.3.2 Uji Homogénitas ... 61
4.1.3.3 Analisis Béda Rata-rata Nilai Pratés jeung Nilai Pascatés (uji d) ... 62
4.1.3.4 Uji Hipotésis... 63
4.2 Pedaran ... 65
4.2.1 Kelas Ékspérimén... 65
4.2.2 Kelas Kontrol ... 91
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 117
5.1Kacindekan ... 117
5.2Saran ... 119
DAPTAR PABUKON ... 120
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 121 RIWAYAT HIRUP
(7)
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta desain pretest and
posttest control group desaign. Pola desain panalungtikan bisa dititénan dina tabél
di handap.
Tabél 3.1 Desain Panalungtikan
R O1 X O2
R O3 O4
(Sugiyono, 2013:76) Katerangan:
O1 = Pratés (hasil observasi saméméh diajar maké métode TTB)
O2 = Pascatés (hasil observasi sabada ‘perlakuan’ diajar maké métode TTB )
O3&O4= Pratés & pascatés (hasil observasi saméméh jeung sabada diajar teu
ngagunakeun métode TTB) X = Perlakuan
Tujuan ieu desain téh nyaéta pikeun nalungtik aya henteuna hubungan sebab akibat anu ngagunakeun perlakuan ku salah sahiji kelompok sarta ngabandingkeun hasilna jeung kelompok anu teu maké perlakuan.
Ieu panalungtikan dimimitian ku nyieun heula rarancang panalungtikan, tuluy dijieun ogé rarancang pangajaran (RPP). Sanggeus kitu, perlu nyusun instrumén panalungtikan anu diujikeun ka kelas ékspérimén jeung kelas kontrol. Boh kelas ékspérimén boh kelas kontrol, duanana dibéré tés awal (pratés) jeung tés ahir (pascatés) anu sarua. Bédana, kelas ékspérimén dibéré perlakuan anu mangrupa ngagunakeun métode tarjamahan tata basa sedengkeun kelas kontrol henteu ngagunakeun métode tarjamahan tata basa.
(8)
33
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.2 Populasi jeung Sampel 3.2.1 Populasi
Populasi nya éta objék anu baris ditalungtik dina hiji kagiatan panalungtikan, boh mangrupa benda, manusa, boh kajadian (Suyatna, 2002).
Anu dijadikeun populasi dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas IX SMPN 1 Susukan Kabupatén Cirebon Taun Ajaran 2014/2015 anu jumlahna dalapan kelas. Jumlah populasi bisa dititenan dina tabel di handap.
Tabél 3.2
Data Populasi Panalungtikan
Kelas Siswa Jumlah
Lalaki Awewe
IX A 19 24 43
IX B 19 24 43
IX C 18 25 43
IX D 19 24 43
IX E 20 24 44
IX F 18 24 42
IX G 20 23 43
IX H 20 23 43
3.2.2 Sampel
Sampel mangrupa bagéan tina populasi sarta dipandang bisa ngawakilan populasi (Suyatna, 2002).
Dina ieu panalungtikan sampel anu digunakeun nya éta purposive
sampling, nyaéta nyokot sampel teu ngagunakeun dasar peluang tapi ku cara
ditangtukeun ku panalungtik dumasar kabutuh jeung tinimbangan anu tangtu. Pengklasifikasian kelas IX SMPN 1 Susukan ngagunakeun kritéria anu nuduhkeun perlakuan nu sarua boh dina préstasi siswa, jumlah siswa, kaayaan siswana, guru nu ngajarna, buku sumber jeung kurikulum nu dipakéna sarua. Ku sabab di ieu sakola téh teu aya kelas unggulan atawa bisa disebut kaayaan kelas IX SMPN 1 Susukan téh homogén. Jumlah kelas IX téh aya dalapan, nyaéta IX-A,
(9)
34
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
IX-B, IX-C, IX-D, IX-E, IX-F, IX-G, jeung IX-H kalawan karaktéristik anu sarua. Ku sabab kitu, sampel anu dicokot téh dua kelas nyaéta kelas IX-B salaku kelas ékspérimen jeung kelas IX-G salaku kelas kontrol.
Tabél 3.3
Data Siswa Kelas Ékspérimen jeung Kelas Kontrol
Kelas Siswa Jumlah
Lalaki Awéwé
Ékspérimén (IX B) 19 24 43
Kontrol (IX G) 20 23 43
3.3 Instrumén Panalungtikan
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés. Tés digunakeun pikeun meunangkeun data kamampuh maca karangan éksposisi. Ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik tés pratés jeung pascatés. Pratés dilakukeun pikeun sakabéh kelompok. Sanggeus ngalakukeun pratés kelas ékspérimén diajar kalawan ngagunakeun métode tarjamahan tata basa sedengkeun kelas kontrol henteu ngagunakeun métode tarjamahan tata basa.
Instrumén pratés jeung pascatés
Nyieun Batik Tulis Trusmian
Méméh ngamimitian nyieun batik taya salahna urang mikanyaho rupa-rupa batik has Cirebon. Batik Cirebon téh kabagi dua aya motif batik klasik (kraton) jeung batik Cirebon pesisir.
Macam motif klasik batik Cirebon diantarana
nyaéta Mega Mendung, Paksinagaliman, Banjar Balong, Singa Payung, Singa Barong, Patran Keris, jeung Ayam Alas. Sedengkeun jenis batik Pesisiran Cirebon diantarana motif Kapal Kompeni, Pekalis, Penari Cina, Semarangan, Burung Gelatik, jeung réa-réa deui.
Nyieun batik tulis bisa meakkeun waktu lila nepi ka minggu-minggu bisa jadi mangbulan-bulan. Tapi sok sanajan kitu tong leutik hate, nyieun batik lila téh sotéh lamun rék nyieun batik nu miboga kualitas nu hadé. Di dieu mah urang
(10)
35
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngan sakadar hayang nyaho atawa hayang diajar kumaha carana nyieun batik tulis. Jadi teu masalah lamun bisa sakali jadi.
Saméméh urang ngamimitian nyieun hiji batik urang kudu nyiapkeun sababaraha hal. Di handap sababaraha alat nu diperlukeun dina proses nyieun batik diantarana:
1. Lilin Malam
Lilin malam mangrupa cairan hideung nu lamun dipanaskeun miboga fungsi minangka alat pikeun nyieun pla batik. Fungsina nyaéta pikeun pelindung warna cai dina proses ngawarnaan ngahasilkeun motif batik nu luyu jeung kontur lilin malam. Bagean nu aya lilin moal keuna warna sedengkeun bagéan anu teu aya lilinna bakal keuna warna. Lilin warna miboga fungsi pikeun nyieun pola atawa rengrengan, isian atawa isén-isén jeung blok atawa tembokan dina proses nyieun batik.
2. Panci Leutik jeung Kompor
Panci fungsina pikeun nyimpen lilin malam nu saterusna dipanaskeun dina kompor. Saméméhna mah lilin malam téh padet jadi kudu dicairkeun ku cai panas. Sanggeus lilin malam cair terus turunkeun suhu panas kompor ku cara ngaleutikan seuneu tina kompor. Lamun suhu panas teuing bakal ngabalukarkeun lilin malagancang nguap sarta bakal ngabahayakeun pangrajin.
3. Canting Batik
Canting mangrupa alat nu digunakeun pikeun nyimpen malam nu cair anu saterasna dilukiskeun kana kaén batik. Kiwari pikeun manaskeun lilin bisa dina cantingna kalawan ngagunakeun canting éléktronik. 4. Kaén Batik
Kaén batik nu biasa digunakeun nyaéta mori (bahan kaén nu dijieun tina katun). Ukuran kaén mori masih make sistem tradisional nu kasohor kalwan
ngaran “kacu”. Hiji kacu sarua jeung ukuran lébar kaén nu aya dikali lébar
kaén, jadi ukuranna bujursangkar. Misalna lebar hiji kaén 120 cm maka hiji kacu sarua jeung 120 cm X 120 cm. Salian kaén mori aya ogé sutra jeung organdi minangka bahan pikeun nyieun batik.
5. Gawangan atawa Kanco
Gawangan atawa kanco nyaéta pakakas pikeun ngaitkeun jeung ngabébérkeun mori dina waktu keur ngabatik. Gawangan dijieun tina bahan kai atawa awi. Diusahakeun sapraktis mungkin, sangkan gampang dipundah-pindah, tapi kudu kuat jeung hampang.
(11)
36
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
6. Pangjepit
Fungsina pikeun ngajepit kaén. Pangjepit diperlukeun dina waktu kaén keur prosés ngajiplak ogé pikeun ngajepit kaén dina gawangan.
7. Celemek atawa Kaén Pelindung
Pikeun ngahindari tetesan lilin malam panas diperlukeun kaén pelindung nu ditempatkeun di luhur pingping. Ieu kaén téh kudu kandel sangkan teu tembus lilin.
8. Pawarna Batik
Pawarna batik nu digunakeun di tiap daérah béda-béda. Pawarna biasana asalna tina bahan-bahan nu aya di daérah satémpat. Conto di Kebumen, pawarna batik nyaéta tangkal tom, tangkal pace, jeung cangkudu nu méré warma beureum jeung semu konéng. Di Tegal digunakeun pacé atawa cangkudu, nila, jeung soga kayu.
Tah kitu alat nu dibutuhkeun dina nyieun batik tulis. Éta alat-alat téh wajib digunakeun dina prosés nyieun batik.
(dicutat tina LKS Basa Sunda, 40-41)
Tina bacaan éksposisi di luhur pék tarjamahkeun jeung klasifikasi dumasar warna kecapna!
(12)
37
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Pikeun nguji instrumén panalungtikan ku cara: a. Uji Validitas
Uji validitas dipaké pikeun mikanyaho validitas instrumen tés. Ieu uji téh dilakukeun kalawan ngagunakeun program SPSS dina komputer anu ngagunakeun rumus koefisien korélasi pearson product moment (r).
Kritéria uji validitas dina derajat kasalahan atawa signifikansi 0.05 (5%) nyaéta:
- Instrumén tés disebut valid lamun signifikansi peunteun r < 0.05 - Instrumén tés disebut teu valid lamun signifikansi peunteun r > 0.05 b. Uji Realibitas
Uji realibitas dipaké pikeun mikanyaho reliabilitas atawa konsistensi instrumén tés dina ngukur hasil tés. Ieu uji téh dilakukeun kalawan ngagunakeun program SPSS dina komputer anu ngagunakeun rumus Guttman (ri).
Kritéria uji realibilitas dina derajat kasalahan atawa signifikansi 0.05 (5%) nyaéta:
- Instrumén tés disebut reliabel lamun peunteun ri > 0 - Instrumén tés disebut teu reliabel lamun peunteun ri < 0
3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Tés nya éta saruntuyan patalékan atawa latihan nu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, kamampuh atawa bakat nu dipibanda ku sorangan (individu) atawa kelompok (Arikunto, 1998:139).
Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés awal jeung tés ahir anu dibikeun ka siswa nu jadi sampel panalungtikan. Pre-tést digunakeun pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina maca karangan éksposisi saacan perlakuan, sedengkeun tés ahir digunakeun pikeun mikanyaho aya atawa henteuna peningkatan kamampuh siswa dina maca karangan éksposisi sanggeus dibéré perlakuan ngagunakeun métode tarjamahan tata basa.
(13)
38
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Anapon léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data nyaéta: (1) nyusun instrumén pananlungtikan anu wangunna tés; (2) ngalaksanakeun pratés kelas ékspérimén jeung kelas kontrol; (3) ngayakeun pascatés kelas ékspérimén kalawan perlakuan (treatment) ngagunakuen métode tarjamahan tata basa; (4) ngalaksanakeun pascatés kelas kontrol; jeung (5) analisis hasil tés.
3.5 Téhnik Ngolah Data
Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan téh ngagunakeun téhnik statistik déskriptif jeung inférénsial. Téhnik statistik diférénsial digunakeun minangka alat bantu penulis dina maham data. Léngkah awal anu dilakukeun nyaéta ngalaksanakeun pengolahan data pikeun nguji hipotésis kalawan bantuan SPSS. Prosés pengolahan data ieu panalungtikan téh nyaéta;
1) Méré skor kana hasil siswa dina maca karangan éksposisi Tabél 3.4
Kriteria Meunteun Kandaga Kecap Kamampuh kandaga kecap dina maca
karangan éksposisi
Skor Tingkat
1 2 3
Kecap barang 35-43
26-34 17-25 8-16
0-7
Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan
Kecap pagawéan 12-13
9-11 6-8 3-5 0-2
Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan
Kecap sipat 13-15
10-12 7-9
Hadé pisan Hadé Sedeng
(14)
39
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4-6 0-3
Kurang Kurang pisan
Kecap bilangan 7
6 4-5 2-3 0-1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan
Kecap panyambung 7
6 4-5 2-3 0-1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan
Kecap pangantét 5-6
4 3 2 0-1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan
Kecap katérangan 9-10
7-8 5-6 4-6 0-3 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan
Jumlah skor 100 – 0
Pikeun meunangkeun peunteun ahir ngagunakeun rumus :
Katerangan:
1. Kecap barang, nya éta kamampuh siswa dina ngalompokkeun kecap barang tina éta bacaan.
(15)
40
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2. Kecap pagawéan, nya éta kamampuh siswa dina ngalompokkeun kecap barang tina éta bacaan.
3. Kecap sipat, nya éta kamampuh siswa dina ngalompokkeun kecap barang tina éta bacaan.
4. Kecap bilangan, nya éta kamampuh siswa dina ngalompokkeun kecap barang tina éta bacaan.
5. Kecap panyambung, nya éta kamampuh siswa dina ngalompokkeun kecap barang tina éta bacaan.
6. Kecap pangantét nya éta kamampuh siswa dina ngalompokkeun kecap barang tina éta bacaan.
7. Kecap katerangan, nya éta kamampuh siswa dina ngalompokkeun kecap barang tina éta bacaan.
2) Ngalakukeun uji normalitas kana data skor pratés jeung pascatés kamampuh maca karangan éksposisi. Pengujian normalitas data digunakeun pikeun mikanyaho bentuk distribusi data (sampel) anu digunakeun dina panalungtikan. Ieu uji téh dilakukeun ngagunakeun komputer (program SPSS) kalawan rumus Chi Kuadrat (Chi square atawa x2).
Kritéria uji normalitas dina darajat kasalahan atawa signifikansi 0,005 (5%) nyaéta:
- Nilai normal (distribusi normal) lamun Asymp Signification (Asymp.Sig) tina x2 > 0,05.
- Nilai henteu normal (distribusi teu normal) lamun Asymp Signification
(Asymp.Sig) tina x2 < 0,05.
3) Nguji homogénitas data pratés jeung pascatés kamampuh maca karangan éksposisi kalawan tujuan pikeun mikanyaho naha variaan kadua kelopok téh homogén atawa henteu. Uji homogénitas dilakukeun ku komputer (program SPSS) ngagunakeun rumus Levene Statistic (Lev. Stat).
Kritéria uji homgénitas dina darajat kasalahan atawa signifikansi 0,005 (5%) nyaéta:
(16)
41
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
- Nilai tés teu homogén lamun signifikansi tina nilai Lev.Stat < 0,05. Léngkah-léngkah pengujian homogénitas kalawan SPSS téh nyaéta; a. Asupkeun data dina format SPSS kalawan format kolom kahiji penimbang
jeung kolom kadua peunteun.
b. Pilih menu analysis, compare means, jeung pilih oneway anova.
c. Pilih option jeung tandaan descritive jeung homogenity df variance tés. d. Pilih continue.
e. Pilih ok.
4) Nguji béda antara pratés jeung pascatés kadua kelompok kamampuh maca karangan éksposisi kalawan uji t.
5) Nangtukeun signifikasi hasil kadua tés.
6) Napsirkeun hasil itung kalawan ngagunakeun uji t pikeun mikanyaho aya henteuna bébédaan varians tina peunteun pratés jeung pascatés. Uji t dilakukeun ku komputer (program SPSS) ngagunakeun rumus Paired Samples Test. Uji t dilakukeun pikeun ngabuktikeun naha aya paningkatan rata-rata nilai tés signifikan atawa henteu. Kriteria uji t pada derajat kesalahan atawa signifikansi 0,05 (5%) nyaéta;
- lamun signifikansi tina nilai t > 0,05 maka aya beda anu signifikan antara nilai pascatés kelas kontrol jeung nilai pascatés kelas ékspérimén.
- lamun signifikansi tina nilai t < 0,05 maka teu aya beda anu signifikan antara nilai pascatés kelas kontrol jeung nilai pascatés kelas ékspérimén.
(17)
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, kacindekan ieu panalungtikan nya éta:
1) Kamampuh kandaga kecap dina maca karangan éksposisi siswa kelas IX SMPN 1 Susukan saméméh diajar maké métode tarjamahan tata basa di kelas ékspérimén hasilna can mampuh, katiten tina hasil kandaga kecap 43 siswa anu diajén dumasar kana aspék-aspékna anu ngawengku; (1) kecap barang rata-ratana 20,70, (2) kecap pagawéan rata-rata-ratana 6,51, (3) kecap sipat rata-rata-ratana 8,42, (4) kecap bilangan rata-ratana 3,40, (5) kecap katerangan rata-ratana 2,84, (6) kecap panyambung rata-ratana 2,35, jeung (7) kecap pangantét rata-ratana 2,63. Jadi, rata-rata ahir tina tujuh aspék nya éta 46,84.
2) Kamampuh kandaga kecap dina maca karangan éksposisi siswa kelas IX SMPN 1 Susukan sabada diajar maké métode tarjamahan tata basa di kelas ékspérimén hasilna geus mampuh, katiten tina hasil kandaga kecap 43 siswa anu diajén dumasar kana aspék-aspékna anu ngawengku; (1) kecap barang rata-ratana 29,91, (2) kecap pagawéan rata-rata-ratana 7,60, (3) kecap sipat rata-rata-ratana 11,14, (4) kecap bilangan rata-ratana 4,95, (5) kecap katerangan rata-ratana 6,30, (6) kecap panyambung ratana 4,47, jeung (7) kecap pangantét rata-ratana 4,07. Jadi, rata-rata ahir tina tujuh aspék nya éta 68,44.
3) Kamampuh kandaga kecap dina maca karangan éksposisi siswa kelas IX SMPN 1 Susukan saméméh diajar henteu maké métode tarjamahan tata basa di kelas kontrol hasilna can mampuh, katiten tina hasil kandaga kecap 43 siswa anu diajén dumasar kana aspék-aspékna anu ngawengku; (1) kecap barang rata-ratana 23,30, (2) kecap pagawéan rata-rata-ratana 8,14, (3) kecap sipat rata-rata-ratana 8,14, (4) kecap bilangan rata-ratana 3,26, (5) kecap katerangan rata-ratana 2,56,
117 112
(18)
118
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(6) kecap panyambung rata-ratana 2,77, jeung (7) kecap pangantét rata-ratana 2,51. Jadi, rata-rata ahir tina tujuh aspék nya éta 50,67.
4) Kamampuh kandaga kecap dina maca karangan éksposisi siswa kelas IX SMPN 1 Susukan sabada diajar henteu maké métode tarjamahan tata basa di kelas kontrol hasilna geus mampuh, katiten tina hasil kandaga kecap 43 siswa anu diajén dumasar kana aspék-aspékna anu ngawengku; (1) kecap barang rata-ratana 26,53, (2) kecap pagawéan rata-rata-ratana 8,35, (3) kecap sipat rata-rata-ratana 10,93, (4) kecap bilangan rata-ratana 4,23, (5) kecap katerangan rata-ratana 4,72, (6) kecap panyambung ratana 4,37, jeung (7) kecap pangantét rata-ratana 3,95. Jadi, rata-rata ahir tina tujuh aspék nya éta 68,44.
5) Aya béda anu signifikan antara pratés jeung pascatés di kelas ékspérimén jeung di kelas kontrol. Ieu hal nuduhkeun yén kamampuh kandaga kecap dina pangajaran maca karangan éksposisi sabada ngagunakeun métode tarjamahan tata basa di kelas ékspérimén nuduhkeun hasil anu leuwih hadé atawa leuwih éféktif tibatan di kelas kontrol anu henteu ngagunakeun métode tarjamahan tata basa. Dumasar éta katerangan, bisa dicindikkeun yén hipotésis Ha (hipotesis
alternatif) ditarima sedengkeun Ho (hipotesis nol) ditolak. Hartina, métode
tarjamahan tata basa leuwih éféktif tibatan anu henteu maké métode tarjamahan tata basa dina ningkatkeun kamampuh kandaga kecap dina maca karangan éksposisi siswa kelas IX SMPN 1 Susukan Kabupatén Cirebon taun ajaran 2014/2015.
(19)
119
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
5.2 Saran
Tina hasil ieu panalungtikan, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun di antarana saperti ieu di handap.
1) Dumasar kana hasil panalungtikan, métode tarjamahan tata basa éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh maca karangan éksposisi siswa kelas IX SMPN 1 Susukan Kabupatén Cirebon. Ku kituna, métode tarjamahan tata basa bisa dijadikeun salah sahiji métode alternatif dina pangajaran maca.
2) Nalika guru rék ngagunakeun métode tarjamahan tata basa, hal anu kudu diperhatikeun nya éta tarjamahan jeung mekarkeun kaparigelan nganalisis ngaliwatan talaah tata basa.
(1)
39
Nur Fitri Mardhotillah, 2015
Métode Tarjamahan Tata Basa Dina Pangajaran Maca Karangan Éksposisi
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4-6
0-3