KORÉLASI ANTARA KAMAMPUH MACA JEUNG KAMAMPUH NULIS ÉSÉY SISWA KELAS XII SMK NEGERI 5 BANDUNG TAUN AJAR 2013/2014.
KORÉLASI ANTARA KAMAMPUH MACA JEUNG KAMAMPUH NULIS ÉSÉY
SISWA KELAS XII SMK NEGERI 5 BANDUNG TAUN AJAR 2013/2014
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Basa Daérah
ku
Esty Karya Astuti NIM 0902435
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG
(2)
Korélasi Antara Kamampuh Maca jeung
Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII SMK
Negeri 5 Bandung
Taun Ajar 2013/2014
Oleh Esty Karya Astuti
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Esty Karya Astuti 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Agustus 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis
(3)
LEMBAR PENGESAHAN
ESTY KARYA ASTUTI NIM 0902435
“KORÉLASI ANTARA KAMAMPUH MACA
JEUNG KAMAMPUH NULIS ÉSÉY
SISWA KELAS XII SMK NEGERI 5 BANDUNG TAUN AJAR 2013/2014” Disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping 1,
Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 195901191986011001
Pangaping II,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001
(4)
vi
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI
PERNYATAAN ... i
ABSTRAK ... ii
PANGJAJAP ... iii
CATUR NUHUN ... iv
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABÉL ... ix
DAPTAR SINGGETAN ... x
DAPTAR LAMPIRAN ... xii
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1 Watesan Masalah ... 4
1.2.1 Rumusan Masalah ... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5 Raraga Tulisan ... 5
BAB II ULIKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR, JEUNG HIPOTESIS . . 7
2.1 Ulikan Tiori ... 7
2.1.1 Maca ... 7
2.1.1.1 Wangenan Maca ... 7
2.1.1.2 Tujuan Maca ... 8
2.1.2.2 Pentingna Kagiatan Maca ... 9
2.1.2.3 Papasingan Maca ... 9
(5)
vii
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.1.2.1 Wangenan Maca Pamahaman ... 11
2.1.2.2 Aspék-aspék Maca Pamahaman ... 11
2.1.2.3 Tingkatan Kamampuh Maca Pamahaman ... 12
2.1.2.4 Hal-hal anu Diukur dina Maca Pamahaman ... 13
2.1.3 Nulis ... 14
2.1.3.1 Wangenan Nulis ... 14
2.1.3.2 Fungsi Nulis ... 15
2.1.3.3 Tujuan Nulis... 15
2.1.3.4 Papasingan Nulis ... 16
2.1.3.5 Tahap-tahap Nulis ... 18
2.1.4 Kamampuh Nulis Éséy ... 18
2.1.4.1 Wangenan Nulis Éséy... 18
2.1.4.2 Ciri-ciri Éséy ... 19
2.1.4.3 Papasingan Éséy ... 20
2.1.4.4 Léngkah-léngkah Nulis Éséy ... 23
2.1.4.5 Aspék Kamampuh Nulis Éséy ... 23
2.2 Anggapan Dasar ... 48
2.3 Hipotésis ... 48
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 49
3.1 Populasi jeung Sampel ... 49
3.1.1 Populasi ... 49
3.1.2 Sampel ... 49
3.2 Desain Panalungtikan ... 50
3.3 Métode Panalungtikan ... 50
3.4 Wangenan Operasional ... 51
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 52
3.5.1 Wanda Instrumén ... 52
3.5.2 Kisi-kisi Instrumén ... 53
3.5.3 Uji Validitas Instrumén ... 54
3.5.4 Uji Réliabilitas Instrumén ... 56
(6)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.7 Téhnik Ngolah Data ... 58
3.7.1 Ngolah Data Tés Kamampuh Maca Pamahaman ... 58
3.7.2 Ngolah Data Tés Nulis Éséy ... 59
3.8 Téhnik Nganalisis Data ... 63
3.8.1 Nguji jeung Ngitung Signifikansi Korélasi ... 63
3.8.2 Kritésia Nguji Hipotésis ... 64
3.8.3 Ngitung Koéfisién Déterminasi ... 65
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 66
4.1 Hasil Panalungtikan ... 66
4.1 .1 Kamampuh Maca Pamahaman Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung... ... 66
4.1.2 Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung ... 70
4.1.3 Korélasi Antara Kamampuh Maca Pamahaman jeung Kamampuh Nulis Éséy Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung ... 74
4.1.4 Uji Hipotesis ... 76
4.1.5 Uji Déterminasi ... 78
4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 78
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI... 80
5.1 Kacindekan ... 80
5.2 Saran ... 81
DAPTAR PUSTAKA ... 82
LAMPIRAN ... 85
(7)
ii
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu KORÉLASI ANTARA KAMAMPUH MACA
JEUNG KAMAMPUH NULIS ÉSÉY
SISWA KELAS XII SMK NEGERI 5 BANDUNG TAUN AJAR 2013/20141) Esty Karya Astuti2)
ABSTRAK
Penelitian ini memiliki tujuan untuk mengetahui hubungan antara kemampuan membaca pemahaman dengan kemampuan menulis esey. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif korelasional. Sumber data dalam penelitian ini yaitu hasil tes membaca pemahaman dan hasil tes menulis esey siswa kelas XII KA SMK Negeri 5 Bandung tahun pelajaran 2013/2014 yang berjumlah 30 siswa. Teknik penelitian yang digunakan yaitu teknik tes. Adapun instrumen yang digunakan dalam penelitian ini adalah lembar soal tes atau tes tulis dan wacana dalam bentuk esey. Berdasarkan hasil penelitian diperoleh kesimpulan bahwa (1) kemampuan membaca siswa tergolong baik dengan rata-rata nilai 74,33, (2) kemampun menulis esey siswa tergolong baik dengan rata-rata nilai 72,8, (3) dari hasil uji koefisien korelasi, penelitian ini menghasilkan nilai koefisien korelasi yang signifikan dengan angka 0,99 (korelasi tinggi), karena rhitung=0,99 lebih besar dari rtabél=0,463, (4) dari hasil uji hipotesis
diperoleh thitung (37,127) > ttabél (1,70), hal ini menyatakan bahwa hipotesis kerja
(Ha) diterima, (5) dari hasil uji determinasi, diketahui sebanyak 98,01%
kemampuan menulis esey dipengaruhi oleh kemampuan membaca pemahaman dan 1,99% dipengaruhi oleh faktor lain selain kemampuan membaca pemahaman. Dengan demikian dapat disimpulkan bahwa ada korelasi yang signifikan antara kemampuan membaca dengan kemampuan menulis esey siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Tahun Ajaran 2013/2014.
Kata Kunci: kamampuh maca, kamampuh nulis éséy.
1)
Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. 2)
(8)
iii
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Correlation Between Students’ Reading Comprehension Ability
And Writing Essay Ability in SMK Negeri 5 Bandung Grade XII KA School Year 2013/20143)
Esty Karya Astuti4)
ABSTRACT
The goal of this research is to find out relationship between reading comprehension ability and writing essay ability. The method used in this research is descriptive correlational method. The source of the data in this research is the result of students’ reading comprehension test and students’ writing essay test in SMK Negeri 5 Bandung grade XII KA school year 2013/2014. The number of the students are 30 students. The research technique used in this research is test technique and the instrument used is worksheet or written test and essay. Based on the research, the conclusion is that: (1) students’ reading ability is classified as good with the average value 74,33, (2) students’ writing essay ability is classified as good with the average value 72,8, (3) drawn from the result of correlation coefficient test, this research results significant correlation coefficient value which is 0,99 (high correlation), because rcount=0,99 is greater than rtable=0,463, (4)
drawn from the result of the hipothesis test, tcount (37,127) > ttable (1,70), this shows
that the alternative hypothesis (H1) is accepted, (5) the determination test pictures
that the writing essay ability is 98,01% affected by reading comprehension ability and the rest (1,99%) is affected by other factors. Therefore, the conclusion that can be drawn from this research is that there is correlation between students’ reading comprehension ability and writing essay ability in SMK Negeri 5 Bandung grade XII KA school year 2013/2014.
Keywords: reading comprehension ability and writing essay ability.
3)
Skripsi ini dibimbing oleh Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. 4)
(9)
1
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang
Basa mangrupa pakakas anu dipaké ku manusa pikeun komunikasi jeung sasama dina kahirupan sapopoé. Basa téh kabagi jadi dua bagian nya éta basa lisan jeung basa tulisan. Ku kituna basa miboga kalungguhan anu kacida pentingna dina kahirupan manusa. Ku ayana basa, manusa bisa nepikeun maksud, ide, gagasan jeung tujuan ka manusa séjénna nepi ka bisa ngarti naon anu dipimaksudna. Basa dipaké ku manusa dina sagala widang, di antarana dina widang atikan. Dina widang atikan basa dipaké pikeun nepikeun matéri pelajaran, komunikasi antara guru jeung siswa, atawa komunikasi antara guru jeung guru séjénna. Dina widang atikan ogé basa mangrupa salah sahiji mata pelajaran anu di ajarkeun ka siswa.
Kaparigelan basa ngawengku opat aspék nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Kaopat kaparigelan basa éta téh silih patali, silih lengkepan jeung silih deudeul ku sabab mangrupa hiji sistem anu teu bisa dipisahkeun. Ngaregepkeun jeung maca mangrupa kaparigelan basa anu sipatna réséptif sedengkeun nyarita jeung nulis mangrupa kaparigelan basa anu sipatna produktif. Ayana pangajaran basa di sakola-sakola taya lian tujuanana nya éta sangkan murid nyangkem kana opat kaparigelan basa. Kitu ogé pangajaran Basa Sunda di sakola anu nurutkeun Sudaryat (2004:12) miboga tilu tujuan pangajaran nya éta sangkan siswa: (1) ngajénan jeung ngarasa reueus kana basa jeung sastra Sunda; (2) paham kana basa jeung sastra Sunda (wangun, harti, jeung pungsi); sarta (3) mampuh maké basa jeung sastra Sunda kalawan bener tur merenah.
Kaparigelan maca mangrupa salah sahiji kaparigelan basa anu gunana pikeun narima informasi anu sumberna tina tulisan. Maca nya éta proses anu
dilakukeun ku nu maca pikeun nyangkem eusi atawa ma’na anu dikandung ku
(10)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sahiji proses anu dilakukeun sarta digunakeun ku nu maca pikeun nyangkem pesen, anu rék ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan kekecapan atawa basa tinulis.
Nurutkeun Tarigan (2008:13) maca dipasing-pasing deui jadi sababaraha bagian, nya éta maca bedas jeung maca dina jero haté. Maca dina jero haté ngawengku maca éksténsif jeung maca inténsif. Maca éksténsif dibagi deui jadi tilu, nya éta maca suvey, maca saliwat, jeung maca saulas, sedengkeun maca inténsif dibagi deui jadi dua, nya éta maca talaah eusi jeung maca talaah basa. Maca talaah eusi ngawengku maca taliti, maca pamahaman, maca kritis, jeung maca ide. Maca talaah basa ngawengku maca pedaran jeung maca sastra. Dina ieu panalungtikan panulis baris nguji ngeunaan kamampuh maca pamahaman siswa.
Nurutkeun Garner dina Tésis Hérnawan (2009:28-29) maca pamahaman téh nya éta kagiatan nu raket patalina antara nu maca, téks bacaan jeung eusi amanat nu ditepikeun ku nu nulis. Nu maca bisa disebutkeun paham kana eusi bacaan nalika nu maca geus bisa nyangkem informasi tina téks bacaan, boh nu katémbong sacara langsung, boh nu teu ditembongkeun sacara langsung.
Kaparigelan nulis ogé mangrupa kaparigelan anu kacida pentingna dina kahirupan manusa kitu ogé dina widang pendidikan. Kaparigelan nulis mangrupa salah sahiji kaparigelan basa anu kudu dikawasa ku siswa. Ku cara nulis siswa bisa ngébréhkeun jeung ngaéksprésikeun gagasan atawa pamadegan, pamikiran, jeung perasaan anu dipikaboga ku siswa. Salian ti éta, ku cara nulis, siswa bisa mekarkeun daya pikir jeung kréativitasna dina nulis.
Saperti anu ditétélakeun ku H.G. Tarigan yén nulis téh nya éta:
Menurunkan atau melukiskan lambing grafik yang menggambarkan suatu bahasa yang dipahami oleh seseorang sehingga orang lain dapat membaca lambang– lambang grafik tersebut kalau mereka memahami bahasa dan gambar grafik tersebut.
Kamampuh maca jeung nulis mangrupa kamampuh anu kacida pentingna dina kahirupan manusa. Aya korélasi antara maca jeung nulis. Panulis anu hadé mangrupa pamaca anu hadé. Tapi, pamaca anu hadé can tangtu jadi panulis anu hadé. Maca jeung nulis mangrupa hiji kagiatan anu ngajadikeun hiji penulis
(11)
3
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
salaku nu maca jeung nu maca salaku penulis. Hiji jalma bakal mampuh nulis sanggeus maca hiji karya atawa sacara teu langsung bakal maca karyana sorangan. Nalika hiji jalma maca karangan jalma lian manéhna ogé miboga peran salaku penulis, manéhna baris nimukeun topik jeung tujuan, gagasan, sarta ngaorganisasi bacaan tina karangan anu dibacana. Nurutkeun Tarigan (2008:4) aya hubungan antara nulis jeung maca anu raket patalina. Lamun urang nuliskeun hiji hal, taya lian sangkan tulisana dibaca ku jalma lian. Ku kituna, hubungan antara nulis jeung maca mangrupa hubungan antara nu nulis jeung nu maca.
Aya sasaruaan antara maca jeung nulis, nya éta (1) duanana sipatna henteu langsung, (2) duanana ngagunakeun media tinulis dina komunikasina. Tapi, aya ogé bébédana nya éta (1) nulis mah sipatna produktif sedengkeun maca mah sipatna réséptif, (2) nulis mah sipatna éksprésif sedengkeun maca mah sipatna aprésiatif.
Aya sababaraha panalungtikan anu nétélakeun hubungan antara kaparigelan maca jeung nulis, di antarana risét anu ditalungtik ku dr.Krashen. Hasil tina éta riset némbongkeun yén urang diajar nulis téh tina maca. Urang bakal nimukeun gaya tulisan, basa (gaya penulisan) ku cara maca. Éta gaya
penulisan téh sacara teu sadar langsung diserap ku diri urang tina maca. Hiji
jalma anu bener dina macana, tangtu bener dina nulisna ku sabab manéhna sacara teu sadar meunangkeun gaya penulisan anu bener tina bacaan anu dibaca.
Patali jeung hal di luhur, dina ieu panalungtikan baris dipedar dua variabel nu ngawengku variabel kamampuh maca jeung variabel kamampuh nulis éséy. Dua variabel éta dipatalikeun naha aya korélasi anu signifikan atawa henteu. Ieu panalungtikan dilaksanakeun lantaran dina panalungtikan saméméhna tacan aya anu nalungtik ngeunaan korélasi antara kamampuh maca jeung kamampuh nulis éséy di SMK. Aya ogé panalungtikan anu judulna Korélasi Antara Kamampuh Maca jeung Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Siswa SMP. Ku ayana panalungtikan saméméhna ngeunaan korelasi antara kamampuh maca jeung nulis, panalingtik baris ngabuktikeun ayana korélasi antara kamampuh maca jeung nulis,
(12)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
tapi bedana panalungtikan dilakukeun di SMK ngaliwatan karangan anu béda nya éta éséy.
1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Dumasar kana kasang tukang anu diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nalungtik ayana korélasi antara kamampuh maca jeung nulis éséy siswa kelas XII SMK. Sangkan ambahanana teu lega teuing, kamampuh maca dina ieu panalungtikan diwatesanan ku kamampuh maca pamahaman. Aya opat tingkatan kamampuh maca pamahaman, nya éta 1) pamahaman literal; 2) pamahaman inferensial; 3) pamahaman élaborasi; jeung 4) pamahaman évaluasi. Dina ieu panalungtikan tingkatan kamampuh maca anu digunakeun nya éta kamampuh maca pamahaman literal jeung inferensial anu ngukur pamahaman siswa ngeunaan pamahaman kana naon-naon anu dina eusi bacaan saperti ide pokok, urutan, perbandingan, palaku dina bacaan, napsirkeun, jeung ngaévaluasi eusi bacaan (Dalman, 2013:94-101), anu satuluyna di korélasikeun jeung kamampuh nulis éséy. Kamampuh nulis éséy anu diukur ngeunaan éjahan, paragraf, jeung eusi karangan.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh maca pamahaman siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung?
2) Kumaha kamampuh nulis éséy siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung?
3) Naha aya korélasi anu signifikan antara kamampuh maca pamahaman jeung kamampuh nulis éséy siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung?
(13)
5
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.3Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun korélasi antara kamampuh maca jeung kamampuh nulis éséy siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan baris ngadéskripsikeun: 1) kamampuh maca pamahaman siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung; 2) kamampuh nulis éséy siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung; sarta 3) korélasi antara kamampuh maca pamahaman jeung kamampuh nulis
éséy siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung.
1.4Mangpaat panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan minat maca jeung kamampuh nulis éséy sarta korélasi antara kaduana.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan, nya éta:
1) pikeun siswa, dipiharep bisa nyangking pangalaman sarta bisa leuwih paham kana pentingna maca anu bakal mangaruhan kana kamampuh nulis hususna nulis éséy.
2) pikeun guru basa Sunda, bisa dijadikeun bahan tinimbangan dina ngaronjatkeun kamampuh maca siswa jeung kamampuh nulis éséy. 3) pikeun nu nalungtik, bisa mikanyaho aya henteuna korélasi antara
kamampuh maca jeung kamampuh nulis éséy siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung.
(14)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.5Raraga tulisan
Bab I medar kasang tukang masalah, rumusan jeung watesan masalah, tujuan panalungtikan, nu ngawengku tujuan umum jeung tujuan khusus, mangpaat panalungtikan, boh mangpaat téoritis boh mangpaat praktis, jeung nu pamungkas ngeunaan raraga tulisan.
Bab II medar teori ngeunaan kaparigelan maca, kaparigelan nulis jeung nulis éséy, anggapan dasar, jeung hipotésis panalungtikan. Dina ieu bab, eusina ngeunaan tatapakan téori anu dipaké dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan.
Bab III medar populasi jeung sampel, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, nguji instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data, jeung téhnik nganalisis data.
Bab IV ngadéskripsikeun kamampuh maca siswa, kamampuh nulis éséy siswa, korélasi antara kamampuh maca jeung kamampuh nulis éséy, nguji korélasi antara kamampuh maca jeung kamampuh nulis éséy, uji hipotésis, jeung nguji détérminasi, sarta pedaran hasil panalungtikan.
(15)
49
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Populasi jeung Sampel 3.1.1 Populasi
Nurutkeun Arikunto (2006:130), populasi nya éta sakabéh subjék dina panalungtikan. Dumasar éta pamadegan, anu jadi populasi nya éta sajumlahing siswa SMK Negeri 5 Bandung anu dibagi jadi salapan kelas ti mimiti kelas XII Kimia Aanalitik (KA) nepi ka kelas Téknik Konstruksi Baja Beton (TKBB) saperti anu kaugel dina tabél 3.1 ieu di handap.
Tabél 3.1
Populasi Panalungtikan
Kelas Jenis Kelamin Jumlah
Lalaki Awewe
Kimia Analitik (KA) 8 22 30
Téknik Gambar Bangunan (TGB) 1 16 14 30
Téknik Gambar Bangunan (TGB) 2 18 12 30
Téknik Gambar Bangunan (TGB) 3 14 16 30
Téknik Gambar Bangunan (TGB) 4 16 14 30
Téknik Gambar Bangunan (TGB) 5 14 16 30
Téknik Survey Pemetaan (TSP) 1 16 8 24
Téknik Survey Pemetaan (TSP) 2 18 6 24
Téknik Konstruksi Baja Beton (TKBB) 22 - 22
Jumlah 142 108 250
3.1.2 Sampel
Sampel nya éta wawakil populasi anu rék ditalungtik. Ieu panalungtikan ngagunakeun sampel acak, lantaran dina nangtukeun sampelna panalungtik nyampurkeun sakabéh subjék dina populasi, anu hartina sakabéh subjék dianggap sarua. Sanajan jurusan unggal kelas XII di SMK Negeri 5 Bandung béda-béda,
(16)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
tapi dina nepikeun pangajaran Basa Sunda materi ajar anu ditepikeun sarua. Dina nangtukeun sampel, panalungtik nyieun salapan nomer dina kertas anu ngawakilan kelas XII KA nepi ka kelas XII TKBB. Sanggeus kitu kasalapan nomer éta di koclok nepi ka kaluar hiji nomer. Nomer anu kaluar nya éta nomer 1, ku kituna kelas anu dijadikeun sampel dina ieu panalungtikan nya éta kelas XII KA (Kimia Analitik), anu jumlahna katitén tina tabél 3.2 ieu di handap.
Tabel 3.2
Sampel Panalungtikan
Kelas Jenis Kelamin Jumlah
Lalaki Awéwé
Kimia Analitik 8 22 30
3.2 Desain Panalungtikan
Ieu panalungtikan ngagunakeun métode korélasional pikeun nangtukeun gedéna hubungan antara kamampuh maca pamahaman (x), jeung kamampuh nulis éséy siswa (y). Desain anu digunakeun dina ieu metode deskriptif korélasional bisa digambarkeun saperti ieu di handap:
Kamampuh maca pamahaman Kamampuh nulis éséy
(X) (Y)
Katerangan : X = Kamampuh maca pamahaman Y = Kamampuh nulis éséy
3.3 Metode Panalungtikan
Dumasar kana tujuan nu rék dihontal, ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif korélasional. Numutkeun Amir Suyatna (2002:14), ieu métode digunakeun pikeun (1) ngumpulkeun informasi faktual kalayan gemet jeung ngagambarkeun gejala nu aya, (2) ngaidéntifikasi masalah-masalah nu aya kiwari, (3) nyieun babandingan, jeung (4) nangtukeun naon waé anu bisa dicokot atawa implikasina tina éta pangalaman pikeun rarancang jeung kacindekan dina mangsa anu bakal datang.
(17)
51
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Métode déskriptif mangrupa hiji cara pikeun meunangkeun jeung ngaréngsékeun masalah panalungtikan anu keur digarap; data anu geus dikumpulkeun, disusun, dianalisa, sarta diinterprétasikeun.
Métode déskriptif dina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun kamampuh maca pamahaman, sanggeus meunangkeun gambaran kamampuh maca pamahaman siswa satuluyna dikorélasikeun jeung kamampuh nulis éséy siswa.
3.4 Wangenan Operasional
Sangkan ulah aya kakaliruan dina nafsirkeun atawa méré interprétasi nu sarua kana variabel-variabel nu aya dina panalungtikan, perlu aya définisi nu aya dina judul ngeunaan istilah-istilah nu dipaké. Nilik kana judulna, ieu panalungtikan téh mibanda sababaraha variabel anu baris ditalungtik. Ku kituna, panalungtik baris ngajéntrékeun masalah/variabel ngeunaan istilah nu dipaké. 1) Korélasi nya éta hubungan antara variabel nu hiji (x) jeung variabel anu
lianna (y). Korélasi dina ieu panalungtikan nya éta pikeun néangan hubungan variabel x (kamampuh maca pamahaman siswa) jeung variabel y kamampuh nulis éséy siswa). Lamun variabel x (kamampuh maca pamahaman siswa) jeung variabel y (kamampuh nulis éséy siswa) aya korélasi, bisa disebutkeun yén kamampuh nulis teh dipangaruhan ku kamampuh maca.
2) Kamampuh Maca nya éta kamampuh pikeun meunangkeun pesen (informasi)
sarta maham kana eusi jeung ma’na anu ditepikeun ngaliwatan média tinulis.
Kamampuh maca anu dimaksud dina ieu panalungtikan nya éta kamampuh maca pamahaman. Kamampuh maca pamahaman nya éta kamampuh pikeun nyangkem eusi bacaan boh dina wangun tinulis boh dina wangun lisan anu cara macana disorakeun atawa henteu disorakeun (dina jero haté). Aspék maca pamahaman anu dipaluruh dina ieu panalungtikan nya éta aspék literat jeung inférénsial, nu ngawengku, maham kana naon-naon anu dina eusi bacaan saperti ide pokok, urutan, perbandingan, palaku dina bacaan, napsirkeun, jeung ngaévaluasi eusi bacaan (Dalman, 2013:94-101).
(18)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3) Kamampuh Nulis Éséy nya éta kamampuh pikeun ngébréhkeun ide, pikiran, gagasan jeung perasaan dina wangun karangan prosa anu medar hiji pasualan maké sudut pandang panulisna. Kamampuh nulis éséy dina ieu panalungtikan nya éta kamampuh nulis éséy siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung. Kamampuh anu diukur nya éta ngeunaan kamapuh ngalarapkeun éjahan, eusi karangan, jeung mekarkeun paragraf.
3.5Insterumen Panalungtikan 3.5.1 Wanda Instrumén
Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho korélasi antara kamampuh maca pamahaman jeung kamampuh nulis éséy siswa. Ku kituna, data anu dikumpulkeun ngawengku dua variabel, nya éta variabel kamampuh maca pamahaman siswa (x) jeung variabel kamampuh nulis éséy siswa (y).
Instrumén mangrupa hal anu kawilang penting, sabab hasil henteuna panalungtikan dipangaruhan ogé ku instrumén anu digunakeun. Data nu diperlukeun pikeun ngajawab masalah jeung nguji hipotésis bisa dikumpulkeun ngaliwatan instrumén. Ku kituna, kualitas instrumén panalungtikan bakal nangtukeun kana kualitas data nu aya. Instrumén atawa alat anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta:
(1) Wacana.
Wacana nu digunakeun nya éta éséy anu judulna “Pamajikan Si Kabayan” nu ditulis ku Chye Retty Isnendes anu dicutat tina majalah Cahara Bumi Siliwangi édisi Maret 2009.
(2) Tés
Tés pikeun ngukur kamampuh maca pamahaman anu digunakeun nya éta tés objéktif atawa tés pilihan ganda anu lobana 20 soal, tina 20 soal éta dibagi nurutkeun tingkat pamahaman literat jeung inferensial, nya éta tilu soal ngeunaan palaku, lima soal ngeunaan pamahaman eusi bacaan, dua soal ngeunaan aplikasi tina bacaan, tilu soal ngeunaan analisis eusi bacaan, lima soal ngeunaan tafsiran bacaan, jeung dua soal ngeunaan evaluasi tina bacaan.
(19)
53
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sedengkeun tés anu digunakeun pikeun ngukur kamampuh nulis éséy nya éta tés subjéktif atawa tés éséy anu lobana sasoal.
3.5.2 Kisi-kisi Instrumén
Tabel 3.3
Kisi-kisi Soal Tés Maca Pamahaman Standar
Kompetensi
Matéri Indikator No
Soal
Bobot
12.3 Mampu
membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang berupa artikel, carita buhun, dan bahasan Maca bahasan (éséy) “Pamajikan Si Kabayan”
Bisa nyebutkeun
palaku dina
bacaan
1, 4, 9 3
Bisa maham kana eusi bacaan
3, 7, 10, 12, 16,
5
Bisa
ngaplikasikeun eusi bacaan jeung kahirupan
sapopoe
8, 17 2
Bisa nganalisis eusi bacaan
5, 6, 13 3
Bisa nafsirkeun eusi bacaan
2, 11, 14, 15, 18
5
Bisa ngaévaluasi eusi bacaan
19, 20 2
(20)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabel 3.4
Kisi-kisi Tés Kamampuh Nulis Éséy Standar
Kompetensi
Matéri Indikator Bobot
12.4 mampu menulis untuk mengungkapkan pikiran,
perasaan, dan keinginan dalam bentuk puisi, esai, dan teks drama
Nulis éséy dumasar kana éséy anu geus dibaca
(Pamajikan Si Kabayan)
Éjahan:
1. Makéna aksara 2
2. Nuliskeun aksara 2
3. Nuliskeun kecap 2
4. Nulis unsur serapan 3
5. Ngalarapkeun tanda baca 3 Eusi Karangan:
1. Cara mekarkeun
karangan
3
2. Kasaluyuan jeung
karangan nu asli
3
3. Kuantitas eusi 3
Paragraf:
1. Cara mekarkeun paragraf 3 2. Patalina antar paragraf 3
3. Susunan paragraf 3
Jumlah 30
3.5.3 Uji Validitas Instrumén
Nurutkeun Arikunto (2006:168), validitas nya éta ukuran nu nuduhkeun tingkatan-tingkatan validna instrumén. Instrumén nu valid atawa sahih mibanda validitas anu luhur, sabalikna instrumén anu kurang valid berarti mibanda validitas anu kawilang kurang. Kurang henteuna validitas instrumén nuduhkeun data nu bisa dikumpulkeun teu salah atawa saluyu jeung gambaran ngeunaan validitas nu dimaksud.
(21)
55
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Validitas tés nu dipaké nya éta “validitas eksternal”. Validitas tésna
dihontal ku jalan ngabandingkeun peunteun siswa anu dihontal tina instrumén jeung peunteun Basa Sunda di rapot. Éta data téh dipatalikeun maké rumus
“poduct moment” saperti di handap: �xy =
n∑XY− ∑X (∑Y)
{n∑X2− ∑X 2} {n∑Y2− ∑Y 2}
Katerangan:
�xy : koéfisién korélasi antara dua variabel anu dipaluruh n : jumlah subjék
X : skor tés tina instrumén Y : peunteun dina rapot
Hasil tina koéfisién dikonsultasikeun kana tabél harga kritik tabél product
moment kalawan tingkat kapercayaan 5%. Kritéria anu digunakeun nya éta lamun
r itung > r tabel, éta soal téh dianggap valid.
Pikeun ngayakeun intérprétasi luhur handapna validitas koéfisién korélasina diklasifikasieun saperti ieu di handap:
Tabel 3.5
Klasifikasi Koéfisién Korélasi
“r” Interprétasi
0,800 – 1,000 Luhur Pisan
0,600 – 0,800 Luhur
0,400 – 0,600 Cukup
0,200 – 0,400 Handap
0,000 – 0,200 Handap Pisan
(Suharsimi Arikunto, 200906:276) Tina hasil uji validitas kapanggih harga n=30, x=2230, y=2415, x2=168600, y2=194729, xy=180050. Saterusna éta angka-angka téh disaupkeun kana rumus ieu di handap:
(22)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
rxy = n.Ʃxy - (Ʃx)(Ʃy)
(�.Ʃ 2 − (Ʃ )2) (�.Ʃ 2 − (Ʃ )2)
rxy = 30. 180050- (2230)( 2415)
(30. (168600) − (2230)2) (30. ( 194729) − (2415)2)
rxy = 5401500 - 5385450
(5058000 − 4972900) (5841870−5832225)
rxy = 16050
(85100) (9645)
rxy = 16050
28649,42 rxy = 0,560
Tina hasil ngitung, katitén harga r téh 0,560. Éta harga koéfisién téh lamun dibandingkeun jeung harga r anu aya dina tabél, dina taraf signifikansi 5% atawa taraf kapercayaan 95% anu nuduhkeun angka 0,361, katitén harga r itung leuwih gede ti batan r tabél. Éta hal téh nuduhkeun yén soal anu dipaké tés kamampuh maca pamahaman téh valid.
3.5.4 Uji Réliabilitas Instrumén
Sabada diuji validitasna tuluy diuji ogé réliabilitasna, sangkan éta soal téh bisa dibuktikeun bebenerannana. Réliabilitas soal anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta réliabilitas antara kelompok soa, dimana éta soal dikelompokkeun jadi dua gundukan, nya éta kelompok ganjil jeung kelompok
genap. Jumlah tina skor-skor dikorélasikeun nepi ka kapanggih harga koéfisién
korélasina (r), pikeun réliabilitas digunakeun rumus korélasi saperti ieu di handap:
� = ∑xy
∑x2 ∑y2 Katerangan:
� : réliabilitas instrumén
(23)
57
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2 : variasi beulahan kadua (varian skor butir-butir genap) 2 : variasi skor total
Tina hasil ngitung uji réliabilitas kapanggih harga ∑x2=1248.6,
∑y2=954.2, jeung ∑xy=337.617. Tuluy diitung maké rumus saperti ieu di handap:
� = ∑xy
∑x2 ∑y2
� = 337,617 1248,6 954,2
� = 337,617 1191414,12
� = 398,857 1091,52 � = 0,365
Tina hasil ngitung, katitén harga r nya éta 0,365. Éta harga koéfisién téh lamun dibandingkeun jeung harga r dina tabél, dina taraf signifikansi 5% atawa taraf kepercayaan 95% anu nuduhkeun angka 0,361, katitén harga r itung leuwih gedé ti batan r tabél. Éta hal nuduhkeun yén soal anu dipaké pikeun tés kamampuh maca pamahaman téh geus réliabel.
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Dina ngumpulkeun data panalungtikan perlu aya alat atawa téhnik anu tangtu luyu jeung masalah katut métode panalungtikan. Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta ku cara ngalaksanakeun tés. Tés digunakeun pikeun ningali kamampuh maca pamahaman siswa katut kamampuh nulis éséy siswa.
Prosedur atawa léngkah-léngkah anu dilakukeun nalika ngumpulkeun data ieu panalungtikan dimimitian ku tahap tatahar jeung tahap pelaksanaan.
(24)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina tahap tatahar, kagiatan anu dilakukeun nya éta nataharkeun naon-naon anu rék dipaké nalika panalungtikan, saperti nyiapkeun instrumén panalungtikan nya éta wacana jeung soal, oge nyieun lembar jawabana. Dituluykeun ka tahap anu kadua, nya éta tahap pelaksanaan. Dina tahap pelaksanaan kagiatan anu dilakukeun nya éta nepikeun ulasan ngeunaan éséy, ngabagikeun bacaan éséy, tuluy ngayakeun tés maca, jeung tés nulis.
3.7 Téhnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data digunakeun pikeun maluruh jawaban tina pasualan anu
kapanggih dina panalungtikan. Data hasil tés maca pamahaman jeung tés nulis éséy diolah deui sangkan kapaluruh korélasi antara kaduana.
3.7.1 Ngolah Data Tés Kamampuh Maca Pamahaman
Ngolah data tés kamampuh maca pamahaman dilakukeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap:
1) Mariksa hasil tés kamampuh maca
2) Méré peunteun kana hasil tés kamampuh maca pamahaman Méré peunteun ngagunakeun rumus:
P = Skor jawaban nu bener
Skor total x 100
Katerangan: P = Peunteun
Sanggeus tés kamampuh maca pamahaman siswa dipeunteun, tuluy ditapsirkeun saperti tabél ieu di handap:
Tabél 3.6
Kritéria Peunteun Maca Pamahaman
Angka 100 Tapsiran
80-100 Alus Pisan
66-79 Alus
56-65 Cukup
(25)
59
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
30-39 Handap Pisan
3.7.2 Ngolah Data Tés Nulis Éséy
Ngolah data tés nulis éséy dilakukeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap:
1) Mariksa hasil tés nulis éséy
2) Méré peunteun kana hasil tés nulis éséy. Téhnik ngolah data tés kamampuh nulis éséy dijieun dina wangun skala peunteun (ranting scale), saperti tabél ieu di handap:
Tabél 3.7 Skala Peunteun
(tés kamampuh nulis éséy) Ngaran siswa : ... Kelas : ...
Komponén Nulis Éséy nu Diukur
Skala Peunteun Bobot Skor
1 2 3 4 5
Éjahan:
1. Makéna aksara 2
2. Nuliskeun aksara 2
3. Nuliskeun kecap 2
4. Nulis unsur serapan 3
5. Ngalarapkeun tanda baca 3
Eusi Karangan:
1. Cara mekarkeun karangan 3
2. Kasaluyuan jeung
karangan nu asli
3
3. Kuantitas eusi 3
Paragraf:
1. Cara mekarkeun paragraf 3
(26)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3. Susunan paragraf 3
Jumlah
Katerangan:
1) Pikeun méré skor masing-masing komponén digunakeun tanda (√) dina kolom skala peunteun nu dianggap cocog.
2) Harti skala peunteun: 1 = kurang pisan 2 = kurang
3 = sedeng/ cukup 4 = alus
5 = alus pisan
3) Harti skala lamun dipatalikeun jeung kriteria ajén masing-masing komponén (titik-titik dieusian ku kritéria masing-masing komponén). 1 = henteu... pisan
2 = henteu... 3 = hampir 4 = alus... 5 = alus... pisan
4) Bobot, pikeun ngabédakeun tingkat pentingna masing-masing komponén, miboga fungsi pikeun ngalikeun angka skala anu dihontal masing-masing komponén.
5) Pikeun nangtukeun peunteun siswa dumasar kana standar peunteun 100, digunakeun rumus:
P = Skor Tercapai Skor Ideal x 100
Sanggeus tés nulis éséy siswa dipeunteun, tuluy ditapsirkeun saperti tabél ieu di handap:
(27)
61
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.8
Kritéria Peunteun Nulis Éséy
Angka 100 Tapsiran
80-100 Alus Pisan
66-79 Alus
56-65 Cukup
40-55 Handap
30-39 Handap Pisan
6) Kritéria Peunteun Nulis Éséy
Ieu di handap mangrupa wincikan ngeunaan unggal komponén karangan ngagunakeun skala 5.
(1)Éjahan
a. Makéna aksara 5 = euweuh nu salah;
4 = salah saeutik, henteu penting; 3 = salah saeutik anu penting; 2 = loba nu salah;
1 = loba pisan nu salah. b. Nuliskeun aksara
5 = euweuh nu salah;
4 = salah saeutik, henteu penting; 3 = salah saeutik anu penting; 2 = loba nu salah;
1 = loba pisan nu salah. c. Nuliskeun kecap
5 = euweuh nu salah;
4 = salah saeutik, henteu penting; 3 = salah saeutik anu penting; 2 = loba nu salah;
(28)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1 = loba pisan nu salah. d. Nuliskeun unsur serapan
5 = euweuh nu salah;
4 = salah saeutik, henteu penting; 3 = salah saeutik anu penting; 2 = loba nu salah;
1 = loba pisan nu salah. e. Ngalarapkeun tanda baca
5 = euweuh nu salah;
4 = salah saeutik, henteu penting; 3 = salah saeutik anu penting; 2 = loba nu salah;
1 = loba pisan nu salah. (2)Eusi Karangan
a. Cara mekarkeun karangan
5 = luyu jeung wangun karangan sarta eusina lengkep;
4 = aya saeutik nu leu luyu, tapi henteu mémpar sarta lengkep; 3 = kurang luyu jeung wangun karangan;
2 = kurang luyu jeung wangun karangan jeung kurang lengkep; 1 = euweuh kasaluyuan jeung kurang lengkep.
b. Kasaluyuan jeung karangan nu asli
5 = kabéh eusina luyu pisan jeung karangan nu asli; 4 = aya sabagian anu kurang luyu, tapi henteu mémpar; 3 = aya sabagian anu henteu perlu diasupkeun kana karangan; 2 = loba pisan anu henteu perlu diasupkeun kana karangan; 1 = loba pisan méngparna.
c. Kuantitas eusi
5 = alus pisan kuantitas eusina; 4 = alus kuantitas eusina;
3 = kurang alus kuantitas eusina; 2 = kuantitas eusina goréng;
(29)
63
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1 = kuantitas eusina goréng pisan. (3)Paragraf
a. Cara mekarkeun paragraf
5 = unggal paragraf mekar tur lengkep; 4 = aya sawatara paragraf anu kurang mekar; 3 = sabagian paragraf henteu mekar;
2 = loba paragraf anu kurang dimekarkeun; 1 = loba pisan paragraf anu teu dimekarkeun. b. Patalina antar paragraf
5 = patalina antar paragraf raket pisan; 4 = patalina antar paragraf hadé, raket; 3 = aya sawatara paragraf anu teu patali; 2 = loba paragraf anu teu aya patalina; 1 = loba pisan paragraf anu teu aya patalina. c. Susunan paragraf
5 = susunan karangan lengkep tur ngéntép seureuh; 4 = susunan karangan lengkep, tapi ngéntép seureuh; 3 = susunan karangan teu lengkep, tapi ngéntép seureuh; 2 = susunan karangan teu lengkep, tur teu ngéntép seureuh; 1 = susunan karangan acak-acakan, henteu maké aturan.
3.8 Téhnik Nganalisis Data
3.8.1 Nguji jeung Ngitung Signifikasi Korélasi
Pikeun mikaweruh merenah atwa henteuna angka korélasi anu dihasilkeun tina korélasi antara variabel-variabel dina panalungtikan, perlu diuji jeung diitung signifikasi koéfisién korélasina.
Léngkah-léngkah pikeun nguji signifikasi koéfisién korélasi nya éta saperti ieu di handap:
1) Nangtukeun hargana ∑X,∑Y,∑ 2, ∑ 2, jeung ∑
(30)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina ieu panalungtikan, variabel x kamampuh maca pamahaman siswa) kana variabel y (kamampuh nulis éséy siswa). Rumus anu dipaké nya éta rumus (Sugiyono, 2006:213).
� = ∑
∑ 2 (∑ 2) Katerangan:
� = koéfisién korélasi
∑ = jumlah produk X jeung Y
∑ 2= jumlah kuadrat peunteun X
∑ 2= jumlah kuadrat peunteun Y
3) Nafsirkeun gedéna koéfisién kalawan ngagunakeun ukuran klasifikasi Sugiyono (2006: 216).
< 20 = teu aya korélasi 0,21 – 0,40 = korélasi handap 0,41 – 0,70 = korélasi sedeng 0,71 – 0,90 = korélasi luhur 0,91 – 1,00 = korélasi luhur pisan >1,00 = korélasi sampurna
3.8.2 Kritéria Nguji Hipotésis
Kritéria nguji hipotésis kalawan ngagunakeun rumus nu diébréhkeun ku Sugiyono (2006:215), saperti:
� = r n−2 1−r2 Katerangan:
t = koéfisién signifikasi r = koéfisién korélasi
Kritéria anu dipaké pikeun nguji hipotésis atawa korélasi antara kamampuh maca pamahaman jeung nulis éséy siswa kelas XII SMK Negeri 5
(31)
65
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bandung nya éta Hi ditarima lamun t itung > t tabel, sabalikna lamun t itung < t tabel berarti Hi ditolak.
3.8.3 Ngitung Koéfisién Déterminasi
Tujuan ngitung koéfisién déterminasi nya éta pikeun mikaweruh gedéna kontribusi (sumbangan) variabel bébas kana variabel kauger dina panalungtikan. Rumus nu dipaké pikeun ngitung koéfisién déterminasi, nurutkeun Sudjana (1992:455) nya éta:
KD = r2 X 100% Katerangan:
KD = koéfisién déterminasi r = koéfisién korélasi
Dina ieu panalungtikan, variabel x nya éta (kamampuh maca pamahaman siswa) kana variabel y (kamampuh nulis éséy siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung).
(32)
80
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, hasil panalungtikan bisa dicindekeun saperti ieu di handap.
1) Kamampuh maca pamahaman siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung téh alus, peunteunna aya dina rata-rata 74,17. Tina 30 siswa kelas XII KA SMK Negeri 5 Bandung anu ditalungtik, nuduhkeun yén aya 13 siswa anu peunteun maca pamahamanna alus pisan, 9 siswa peunteun maca pamahamanna alus, 7 siswa peunteun maca pamahamanna cukup, jeung 1 siswa peunteun maca pamahamanna handap, sedengkeun anu peunteun maca pamahamanna handap pisan teu aya.
2) Kamampuh nulis éséy siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung téh alus, rata-rata peunteunna nya éta 70,45. Tina 30 siswa kelas XII KA SMK Negeri 5 Bandung anu geus ditalungtik, nétélakeun yén aya 6 siswa anu peunteun nulis éséyna alus pisan, 19 siswa peunteun nulis éséyna alus, sésana 5 siswa peunteun nulis éséyna cukup, sedengkeun anu nulis éséyna handap jeung handap pisan teu aya.
3) Tina hasil nguji korelasi, katitén yén hasilna aya korélasi anu signifikan antara kamampuh maca pamahaman jeung nulis éséy siswa. Éta hal katitén tina harga r itung anu hargana 0,99 leuwih gedé tibatan t tabél anu hargana 0,463. Saupama ditilik tina interprétasi nilai „r‟, indéks korélasi 0,99 aya dina katégori korélasi luhur.
Uji déterminasi dilakukeun pikeun mikaweruh gedéna konstribusi (sumbangan) variabel bébas kana variabel kauger dina panalungtikan. Tina hasil ngitung koéfisién determinasi dumasar kana rumus Sudjana, kanyahoan yén koéfisién déterminasi kamampuh maca pamahaman kana kamampuh nulis éséy téh gedéna 98,01%. Ieu hal miboga harti yén 98,01% kamampuh nulis éséy kapangaruhan ku kamampuh maca pamahaman, sedengkeun 1,99%
(33)
81
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
deui kapangaruhan ku faktor séjén salian ti faktor kamampuh maca pamahaman kana kamampuh nulis éséy. Dumasar kana hasil itungan uji hipotésis, katitén yén t itung na nya éta 37,127. Ari dina dk: n-2, dina taraf signifikansi 5% nuduhkeun angka 1,70. Ieu hal nuduhkeun yén t itung leuwih gédé tibatan t tabel. Ku sabab kitu hartina Hi ditarima nya éta “Aya korélasi anu positif tur signifikan antara kamampuh maca pamahaman jeung kamampuh nulis éséy siswa kelas XII SMK Negeri 5 Bandung”.
5.2 Saran
Dumasar hasil panalungtikan anu dilaksanakeun, aya sababaraha saran pikeun ngoptimalkeun kamampuh maca pamahaman jeung kamampuh nulis siswa.
1) Saran pikeun guru:
Dumasar kana hasil panalungtikan, yén aya korélasi anu signifikan antara kamampuh maca pamahaman jeung kamampuh nulis éséy siswa, dipiharep guru bisa ngaronjatkeun rasa jeung minat siswa kana maca sangkan ngarojong kana kamampuh nulis. Kitu ogé dina pangajaran, pangajaran maca jeung pangajaran nulis bisa dipatalikeun. Salian ti éta guru dipiharep bisa ngayakeun hiji kagiatan anu ngarojong kana kamampuh maca pamahaman jeung nulis dina basa Sunda. Kitu ogé fasilitas pikeun maca kudu leuwih ditingkatkeun.
2) Saran pikeun siswa:
Siswa salawasna kudu boga rasa resep kana maca. Boh maca dina basa Sunda boh maca dina basa séjén. Lantaran ku lobana maca, bakal meunang sagala informasi jeung gaya penulisan pikeun dilarapkeun dina kagiatan nulis. 3) Saran pikeun panalungtik:
Perlu pisan ayana panalungtikan anu leuwih jembar ngeunaan kamampuh maca jeung kamampuh nulis. Nepi kabisa méré hal-hal anu anyar tur positif pikeun ningkatkeun kamampuh maca jeung nulis siswa.
(34)

Mudah-mudahan ku ayana saran-saran nu diasongkeun di luhur, aya mangpaatna pikeun ngaronjatkeun kamampuh maca jeung kamampuh nulis siswa.
(35)
82
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA
Sumber Buku:
Ahuja, Pramila. 2010. Membaca Secara Efektif dan Efisien. Bandung: Kiblat. Akhadiah, Sabarti, spk. 1994. Pembinaan Kemampuan Menulis Bahasa
Indonesia. Jakarta: Erlangga
Alwasilah, A Chaedar dan Senny Suzanna Alwasilah. 2007. Pokoknya Menulis
Cara Baru Menulis dengan Metode Kolaborasi. Bandung: Kiblat
Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian Suatu Pendeketan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta
Dalman. 2013. Keterampilan Membaca. Jakarta: Rajawali Pers Dinas PendidikanProvinsi Jawa Barat. 2005. Standar Kompetensi dan
Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda.
Bandung: Disdik Jabar.
Haerudin, D. Gentra Basa Sunda: Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda pikeun
Murid SMA/MA/SMK Keas XII Semester I. Bandung: Atikan Mandiri
Jurusan Pendidikan Bahasa Derah. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda Edisi
Revisi. Bandung: Sonagar Press
Karsana, Ano dan Chye Retty Isnendes. 2008. Lir Cahya Nyorot Eunteung. Bandung: Sonagar Press
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 1992. Kamus Umum Basa Sunda Lembaga
Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: Tarate
Nurhadi. 2008. Membaca Cepat dan Efektif. Bandung: Sinar Baru Algensindo. Parera, Jos Daniel.1993. Menulis Tertib dan Sistematik. Jakarta: Erlangga
Purba, Antilan.2008.Esai Sastra Indonesia Teori dan Penulisan. Yogyakarta: Graha Ilmu
Rusyana, Yus. 1984. Bahasa dan Sasrta dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: CV Dipenogoro
Soedjito jeung Mansyur Hasan. 1996. Keterampilan Menulis Paragraf. Bandung: Remadja Karya
(36)
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sudaryat, Yayat. 2004. Élmuning Basa. Bandung: Walatra.
Sudaryat, Yayat, Spk. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung. Yrama Widya Sudjana. 1992. Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.
Sudjana, Nana. 1992. Penilaian Hasil Proses Belajar Mengajar. Bandung: Rosdakarya.
Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan (Pendekatan Kuantitatif),
Kualitatif, dan R&d). Bandung: Alfabeta.
Suhendar,M.E. jeung Pien Supinah.1992. MKDU Bahasa Indonesia Pengajaran
dan Ujian Keterampilan Membaca dan Keterampilan Menulis. Bandung:
Pionir Jaya
Sujanto. 1988. Keterampilan Berbahasa Membaca-Menulis-Berbicara untuk
Mata Kuliah Dasar Umum Bahasa Indonesia. Jayapura: FKIP
UNCEN
Suyatna, Amir. 2002. Pengantar Metodologi penelitian Pendidikan dan
Pengajaran Bahasa. Diktat Perkuliahan Jurusan Pendidikan Bahasa
Indonesia dan Daerah. Bandung: FPBS UPI
Tampubolon, D.P. 2008. Kemampuan Membaca, Teknik Membaca Efektif dan
Efisien. Bandung: Angkasa.
Tarigan, H.G. 2008. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Tarigan, H.G. 2008. Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa
Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.
Sumber Tésis:
Hérnawan. 2009. Peningkatan Kemampuan Membaca Bahasa Indonesia
Menggunakan Model Pengalaman Berbahasa Terkonsentrasi (Concentrated Language Encounter). Tésis Master di FPBS UPI.
(37)
84
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Sumber Handout:
Kuswari, Usep. 1995. Handout Tiori Maca. Bandung: IKIP Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Solehudin, Oleh. 2009. Handout Tiori Maca. Bandung: UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Sumber Internet:
___________. (______). Menulis Membutuhkan Membaca dan Membaca
Membutuhkan Menulis. [Online]. Tersedia
http://m.pelitaku.sabda.org/menulis_membutuhkan_membaca_dan_m embaca_membutuhkan_menulis
(1)
80
Esty Karya Astuti, 2014
Korelasi Antara Kamampuh Maca Jeung Kamampuh Nulis Esey Siswa Kelas XII SMK Negeri 5 Bandung Taun Ajar 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V

DAPTAR PUSTAKA

83

Sumber Handout: