ÉFÉKTIVITAS MÉDIA GAMBAR JEUNG KARTU KATA PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI DI KELAS VII SMP NEGERI 1 SUKAWENING GARUT TAUN AJARAN 2012/2013.

(1)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR PANUHUN ... iii

DAFTAR EUSI ... v

DAFTAR TABÉL ... ix

DAFTAR LAMPIRAN ... x

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Indéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN MÉDIA GAMBAR, KARTU KATA, PANGAJARAN NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI, ANGGAPAN DASAR JEUNG HIPOTÉSIS... 7

2.1 Média Gambar ... 7

2.1.1 Mangpaat Gambar ... 9

2.1.2 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Média Gambar ... 10


(2)

2.2 Média Kartu Kata ... 11

2.2.1 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Média Kartu Kata ... 12

2.2.2 Mangpaat Média Kartu Kata ... 13

2.3 Pangajaran Nulis ... 13

2.3.1 Wangenan Nulis ... 13

2.3.2 Fungsi Nulis ... 14

2.3.3 Tujuan Nulis ... 15

2.3.4 Rupa-rupa Tulisan ... 16

2.3.5 Léngkah-léngkah Nulis ... 16

2.3.6 Ciri-ciri Tulisan anu Hadé ... 20

2.4 Karangan Éksposisi ... 21

2.4.1 Ciri-ciri Karangan Éksposisi ... 22

2.4.2 Sarat Nulis Karangan Éksposisi ... 22

2.4.3 Métode-métode Éksposisi ... 23

2.4.4 Eusi Karangan ... 24

2.4.5 Éjahan jeung Paragraf ... 25

2.4.6 Kerapihan Tulisan ... 26

2.5 Rarancang Nulis Karangan Éksposisi Ngagunakeun Média Gambar jeung Kartu Kata ... 26

2.5.1 Média Gambar dina Pangajaran Nulis Karangan Éksposisi ... 26

2.5.2 Média Kartu Kata dina Pangajaran Nulis Karangan Éksposisi ... 27

2.6 Anggapan Dasar jeung Hipotésis ... 27

2.6.1 Anggapan Dasar ... 27

2.6.2 Hipotésis ... 28

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 29

3.1 Sumber Data ... 29

3.2 Desain Panalungtikan ... 29


(3)

3.4 Wangenan Operasional ... 31

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 31

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 31

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 32

3.7.1 Méré Peunteun Nulis Karangan Éksposisi ... 32

3.7.2 Uji Sipat Data ... 35

3.7.3 Uji Hipotésis ... 37

BAB IV ANALISIS JEUNG PEDARAN KAÉFÉKTIFAN MÉDIA GAMBAR JEUNG KARTU KATA DINA NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI KELAS VII SMPN 1 SUKAWENING GARUT ... 38

4.1 Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Sanggeus Ngagunakeun Média Gambar jeung Ngagunakeun Média Kartu Kata... 38

4.1.1 Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Siswa Kelas Média Gambar ... 38

4.1.2 Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Siswa Kelas Média Kartu Kata ... 41

4.2 Peningkatan Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Ngagunakeun Média Gambar jeung Kartu Kata ... 45

4.2.1 Peningkatan Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Ngagunakeun Média Gambar ... 45

4.2.2 Peningkatan Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Ngagunakeun Média Kartu Kata ... 47

4.3 Kaéféktifan Média Gambar jeung Kartu Kata dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi ... 48

4.3.1 Uji Sipat Data ... 48


(4)

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 59

5.1 Kacindekan ... 59

5.2 Rékoméndasi ... 60

DAFTAR PUSTAKA ... 62

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 64


(5)

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Masalah Panalungtikan

Nulis nya éta mindahkeun pikiran atawa perasaan kana wangun lambang basa (Semi, 2003:8). Jadi nu dimaksud nulis téh nya éta ébréhan tina pikiran atawa perasaan atawa wawakil tina gemblengan basa ku cara ngagambarkeun lambang-lambang grafik. Pangajaran nulis sarua pentingna jeung pangajaran ngaregepkeun, nyarita atawa maca. Pangajaran nulis karangan éksposisi mangrupa salasahiji kompeténsi dasar nulis nu aya dina Standar Kompeténsi Kompeténsi Dasar (SKKD) pangajaran basa Sunda, ku kituna nulis karangan éksposisi perlu diajarkeun.

Masalah nu kapanggih di lapangan ngeunaan pangajaran nulis karangan éksposisi nya éta kurangna minat siswa pikeun diajar, balukarna hasilna kurang nyugemakeun. Aya sababaraha faktor nu ngalantarankeunana, nya éta di antarana pangajaran karangan éksposisi dianggap hésé, boh dina néangan ide boh milih kekecapanana. Salian ti éta, cara nepikeun matéri kurang ngirut minat siswa pikeun diajar nulis karangan éksposisi, jeung modél sarta média nu dipaké nalika prosés diajar kaitung kurang variatif.

Prosés diajar ngajar mangrupa prosés interaksi antara guru jeung siswa pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Komponén-komponén dina prosés diajar ngajar ngawengku: tujuan, guru, siswa, métode, matéri, média jeung évaluasi. Pikeun ngahontal tujuan pendidikan diperlukeun inovasi dina komponén pangajaran boh métode, média, kurikulum, guru, sarana boh prasarana. Komponén-komponén éta kudu silih ngarojong antara nu hiji jeung nu séjéna.

Salah sahiji tarékah pikeun ngungkulan masalah di luhur nya éta nyieun atawa ngagunakeun média pangajaran hususna pikeun diajar nulis karangan éksposisi. Ngagunakeun média dina prosés pangajaran miboga fungsi saperti ngirut minat siswa, pangajaran leuwih komunikatif jeung


(6)

produktif, ngaleungitkeun rasa bosen waktu diajar sarta ngaronjatkeun kaaktifan siswa dina kagiatan pangajaran.

Média pangajaran kaitung loba, saperti salasahijina nya éta nu ngagunakeun média gambar jeung média kartu kata. Numutkeun Sudjana (2010:70) yén gambar dina enas-enasna méré dorongan keur siswa jeung bisa ngahudang minat kana pangajaran. Mantuan siswa pikeun mekarkeun kamampuh ngagunakeun basa, kagiatan seni, ngadongéng, dramatisasi, bacaan, nyieun tulisan, ngagambar, sarta mantuan pikeun napsirkeun jeung nginget-nginget matéri pangajaran tina buku téks.

Média gambar dina pangajaran miboga kaonjoyan saperti murid leuwih kritis dina nganalisa gambar, murid mikanyaho aplikasi tina matéri nu mangrupa conto gambar, sarta murid miboga kasempetan pikeun ngedalkeun pamadeganana. Ieu média tangtuna bakal ngalatih siswa dina ngamekarkeun kecap-kecap nu geus kabayang tina média gambar éta pikeun ngawangun hiji karangan, hususna dina nulis karangan éksposisi. Sacara gurat badag yén ku ayana média gambar mangrupa salasahiji téhnik pangajaran nu tujuanna pikeun ngagampilkeun meunangkeun ide nu diébréhkeun ngaliwatan kekecapan nu bisa ngawakilan eusi tulisan. Ieu kagiatan pangajaran bisa dilakukeun sacara individu atawa kelompok.

Hasil panalungtikan séjén ngeunaan éféktivitas média gambar salasahijina pernah dilakukeun ku Ainun Firdausi nu judulna “Éféktifitas Média Gambar dina Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Dongéng SMP Yapida Taun Ajaran 2007/2008”. Dina éta panalungtikan dipedar ngeunaan kumaha éféktifitas média gambar kana kamampuh siswa dina maca dongéng sangkan bisa ngahudang sumanget sabab minat siswa kana maca masih kurang. Salian ti éta aya ogé panalungtikan ngeunaan média gambar nu dilakukeun ku Pitri Mulyati nu judulna "Kamampuh Nulis Éséy Ngagunakeun Média Gambar Siswa Kelas VIII SMPN 3 Lembang Taun Ajaran 2007/2008)” kitu deui panalungtikan nu dilakukeun ku Atin Supriatin nu judulna “Pangajaran Nulis jeung Maca Aksara Sunda Ngagunakeun Média Gambar Hurup Kaganga, Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X SMA Pasundan I Bandung Taun Ajaran


(7)

2008/2009)”. Dina dua judul panalungtikan ngeunaan média gambar éta dilakukeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa hususna dina kaparigelan nulis sabab masih kurangna minat siswa kana nulis. Panalungtikan-panalungtikan séjén nu geus dilaksanakeun ngeunaan média gambar katitén masih kurang nyugemakeun.

Salian ti média gambar ieu panalungtikan ngagunakeun média kartu kata pikeun ngabandingkeun kaéféktifan média dina ngaronjatkeun kamampuh siswa nulis karangan éksposisi. Kartu kata nya éta média basajan dina wangun kartu anu eusina mangrupa kekecapan (kata) pikeun dimekarkeun sangkan jadi karangan éksposisi.

Béda jeung panalungtikan saméméhna ngeunaan média gambar, panalungtikan ngeunaan kartu kata kakara dilarapkeun dina mata pelajaran Bahasa Indonesia wungkul sarta can kungsi dilaksanakeun panalungtikan husus ngeunaan éféktivitas média kartu kata dina pangajaran basa Sunda.

Dumasar kana éta hal, bisa dihartikeun yén pentingna média pangajaran kana ngaronjatkeun diajar nulis karangan éksposisi dumasar kana kamampuh siswa nu variatif. Kualitas diajar siswa dipiharep bisa ngaronjat kalawan ngagunakeun média pangajaran.

Cindekna, milih média pangajaran penting pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis, utamana dina nulis karangan éksposisi. Salasahiji média pangajaran nu bisa ngahudang rasa sumanget jeung daya kréatif pikeun siswa dina nulis karangan éksposisi nya éta ngagunakeun média gambar jeung kartu kata. Luyu jeung pamadegan sarta masalah-masalah nu geus dijéntrékeun di luhur, panalungtikan dina wangun skripsi anu judulna, “Éféktivitas Média Gambar jeung Kartu Kata pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Siswa Nulis Karangan Éksposisi di Kelas VII SMP Negeri 1 Sukawening Garut Taun Ajaran 2012/2013” perlu dilakukeun.


(8)

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Rupa-rupa karangan nya éta aya karangan éksposisi, narasi, persuasi, arguméntasi, jeung déskripsi. Nilik kana kasang tukang, aya sawatara masalah anu kapanggih jeung perlu diwatesanan. Masalah-masalah diwatesanan ngan ngawengku hal-hal nu aya patalina jeung nulis karangan éksposisi.

Dina nulis hususna nulis karangan aya sawatara hal anu kudu dipaluruh ku siswa nya éta:

1) éjahan nu digunakeun, ngawengku nuliskeun aksara, nuliskeun kecap, ngalarapkeun tanda baca,

2) eusi karangan, ngawengku cara mekarkeun eusi karangan, kasaluyuan idé, gagasan jeung prosédur léngkah-léngkah, atawa prosés sacara sistematis, jeung kualitas eusi karangan,

3) paragraf ngawengku cara mekarkeun paragraf, patalina antarparagraf jeung bagian-bagian eusi sarta susunan paragraf, jeung

4) kerapihan tulisan, kerapihan jeung kajelasan tulisan bakal ngagampangkeun nu maca sangkan leuwih gancang nyangkem atawa maham eusi tulisan.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan di luhur, ieu masalah panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun média gambar siswa kelas VII SMP 1 Sukawening Garut?

2) Kumaha kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun kartu kata siswa kelas VII SMP Negeri 1 Sukawening Garut?

3) Naha aya bédana antara kamampuh nulis karangan éksposisi ngagunakeun média gambar jeung média kartu kata?


(9)

1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1) kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun média gambar;

2) kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun média kartu kata;

3) bédana anu signifikan kamampuh nulis karangan éksposisi antara ngagunakeun média gambar jeung média kartu kata.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan bisa nambahan élmu pangaweruh, jeung tiori-tiori pikeun sistem pendidikan dina hal milih média pangajaran nulis.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan nya éta méré kontribusi nu positif pikeun:

1) pikeun nu nalungtik, ngajembaran paélmuan anu keur ditalungtik. Nu nalungtik baris ngalaksanakeun uji coba torojogan langsung ka sakola, nepi ka bisa nambahan pangaweruh jeung pangalaman.

2) pikeun siswa, bisa resep kana nulis karangan éksposisi. Bisa paham ngeunaan karangan éksposisi.

3) pikeun guru basa Sunda, ngandung mangpaat bisa dijadikeun tatapakan pikeun ngaronjatkeun kaparigelan siswa, hususna dina nulis.

4) pikeun sakola, ayana panalungtikan ieu dipiharep bisa aya kontribusi anu nyata di SMP Negeri 1 Sukawening Garut kana ngaronjatkeun kamampuh siswa, nepi ka bisa nimbulkeun kapercayaan masarakat kana éksisténsi éta lembaga pendidikan, sabab geus ngaping siswana kalayan bener, boh binaan méntal, fisik, jeung inteléktual.


(10)

1.5Raraga Tulisan

Ieu laporan panalungtikan téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bab munggaran dina ieu panalungtikan. Dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah panalungtikan, tujuan diayakeun panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan.

Bab II mangrupa bab anu eusina medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan. Dina ieu bab dipedar leuwih jero ngeunaan nulis karangan éksposisi jeung média pangajaran, nya éta média gambar jeung kartu kata. Salian ti éta, dina ieu bab aya nu disebut asumsi atawa anggapan dasar jeung hipotésis anu miboga tujuan pikeun méré anggapan awal kana hasil panalungtikan.

Bab III mangrupa bab anu eusina medar ngeunaan métode panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Eusina ngawengku léngkah-léngkah panalungtikan, prak-prakan dina panalungtikan jeung cara ngolah data tina hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun. Salian ti éta, bab III jadi dadasar pikeun nyusun bab IV lantaran aya patalina antara bab III jeung bab IV.

Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan anu dilakukeun. Eusina mangrupa hasil sagemblengna tina panalungtikan anu dilakukeun, ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh perlakuan jeung kamampuh ahir siswa dina nulis karangan éksposisi.

Bab V mangrupa kacindekan tina sakabéh pedaran hasil panalungtikan. Sarta aya saran atawa rékoméndasi anu ditepikeun patali jeung hasil panalungtikan.


(11)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII C jeung VII A SMPN 1 Sukawening taun ajaran 2012/2013 anu jumlah siswana kelas VII C 28 siswa, sarta kelas VII A ogé 28 siswa. Hasil tina nulis karangan éksposisi éta mangrupa data anu satuluyna dijadikeun bahan panalungtikan.

3.2Desain Panalungtikan

Dumasar kana masalah jeung tujuan anu hayang dihontal, ieu panalungtikan ngagunakeun métode ékspérimén. Nurutkeun Campbell & Stabley dina bukuna Experimental and Quasi-Experimental Designs for Research (1996), ngajéntrékeun aya tilu desain ékspérimén penelitian pendidikan, nya éta pre-eksperimental, quasi-pre-eksperimental, jeung true-eksperimental. Desain atawa modél pre-eksperimental kagolong kana ékspérimén awal atawa bisa ogé disebut ékspérimén nu kurang sampurna, lantaran teu aya variabel kontrol. Hartina ieu desain ngan ukur kasus teu ngagunakeun random. Ku kituna, sok disebut studi kasus. Pre-eksperimental miboga tilu rupa desain, nya éta saperti ieu di handap.

- The One-Shot Case Study Design X 0

- The One- Group Prettest-Posttest Designs 0 X 0

- The Static-Group Comparasion Designs X 0

X 0

Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta desain perbandingan kelompok statis (The Static-Group Comparison Design). Arikunto

(2010:6) nétélakeun “Kata ‘komparasi’ dalam bahasa Inggris comparation, adalah perbandingan. Makna dari kata tersebut menunjukkan bahwa dalam


(12)

penelitian ini peneliti bermaksud mengadakan perbandingan kondisi yang ada di dua tempat, apakah kedua kondisi tersebut sama, atau ada perbedaan, dan kalau ada perbedaan, kondisi di tempat mana yang lebih baik”. Dumasar kana éta hal nuduhkeun yén dina ieu panalungtikan tujuanana ngayakeun babandingan antara dua kaayaan, pikeun mikanyaho ayana bébédaan, sarta nangtukeun kaayaan mana anu leuwih hadé. Ku kituna, dipilih ieu métode sangkan leuwih bisa museur dina ngungkulan pasualan-pasualan anu keur disanghareupan, desainna saperti ieu di handap:

Tabel 3.1

The static-group comparison design

Perlakuan Tés Ahir

X1 O

X2 O

Katerangan : X1 = Pangajaran nulis karangan éksposisi ngagunakeun

média gambar

X2 = Pangajaran nulis karangan éksposisi ngagunakeun

média kartu kata

O = Tés Ahir (postest)

3.3Métode Panalungtikan

Dina ngalakukeun panalungtikan perlu pisan ayana métode salaku léngkah gawé panalungtik pikeun nyingkahan ayana salah paham sarta pikeun ngaréngsékeun masalah.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode pre-eksperimental. Métode pre-eksperimental anu digunakeun tipe The Static-Group Comparasion Designs, mangrupa métode panalungtikan anu kurang sampurna, lantaran teu aya variabel kontrol. Ieu desain sok disebut studi kasus sabab teu ngagunakeun random.


(13)

3.4Wangenan Operasional

Sangkan teu nimbulkeun salah tafsir, istilah dina ieu panalungtikan baris ditétélakeun ti poin ka 1 nepi ka poin 4.

1) Éféktivitas, dina ieu panalungtikan nya éta kahontalna tujuan sacara bener atawa milih tujuan-tujuan nu bener tina runtuyan pilihan cara jeung nangtukeun pilihan tina sababaraha pilihan. Atawa pengukuran keberhasilan dina ngahontal tujuan-tujuan nu geus ditangtukeun.

2) Média gambar maksudna perantara nu miboga fungsi pikeun nepikeun informasi dina wangun gambar.

3) Média Kartu Kata, bisa kaasup kana média dina wangun nu basajan mangrupa kertas. Biasana ukurana mangrupa wangun persegi panjang, nu eusina mangrupa kecap-kecap (kata) pikeun dimekarkeun nepi ka ngawujud jadi hiji karangan.

4) Kamampuh nulis karangan éksposisi, maksudna kasanggupan siswa nulis atawa nyusun hiji karangan jenis paparan.

3.5Instrumén Panalungtikan

Isntrumén nya éta alat bantu pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan. Isntrumén mangrupa hal anu kawilang penting, sabab hasil henteuna panalungtikan dipangaruhan ku instrumén anu digunakeun. Data anu diperlukeun pikeun ngajawab masalah jeung nguji hipotésis dikumpulkeun ngaliwatan instrumén.

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta instrumén tés. Tés nya éta runtuyan pertanyaan atawa alat anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, intelegénsi, kamampuh atawa bakat nu dipiboga ku individu atawa kelompok (Arikunto, 2010:150).

3.6Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ku cara téhnik tés. Tés anu dilakukeun tujuanana pikeun mikanyaho sarta ngabandingkeun kaéféktifan média gambar jeung kartu kata dina kamampuh siswa nulis karangan


(14)

éksposisi. Hasil nulis karangan éksposisi dianalisis anu hasilna mangrupa angka anu dijieun data panalungtikan.

Dumasar kana éta hal, ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Nangtukeun sumber data.

2) Ngalaksanakeun pangajaran nulis karangan éksposisi ka kelas anu ngagunakeun média gambar jeung ka kelas anu ngagunakeun média kartu kata.

3) Ngalaksanakeun tés salaku léngkah pikeun mikanyaho kamekaran kamampuh anu dipiboga ku siswa sanggeus dibéré perlakuan.

3.7Téhnik Ngolah Data

Data anu geus kakumpulkeun tuluy diolah pikeun mikanyaho hasil henteuna prosés pangajaran nulis karangan éksposisi sanggeus ngagunakeun média gambar jeung anu ngagunakeun média kartu kata. Dina bagian ieu dipedar carana ngolah data tina hasil pangajaran anu geus dilakukeun. Léngkah-léngkah nganalisis anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta méré peunteun jeung uji sipat data.

3.7.1 Méré Peunteun Nulis Karangan Éksposisi

Méré peunteun dina nulis karangan éksposisi di dieu ngagunakeun pedoman penilaian saperti ieu di handap.


(15)

Tabél 3.2

Kritéria Meunteun Hasil Karangan

Kamampuh nulis karangan Eksposisi

Skor Tingkat

1 2 3

Éjahan (nuliskeun aksara, kecap, jeung ngalarapkeun tanda baca) 5 4 3 2 1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang Pisan Paragraf (cara mekarkeun paragraf) 5 4 3 2 1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan Eusi (cara mekarkeun

eusi jeung kualitas eusi)

5 4 3 2 1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan

Kerapihan tulisan 5

4 3 2 1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan

Jumlah skor 20-4


(16)

Katerangan:

1) Éjahan, nya éta kamampuh siswa dina katepatan nulis aksara, kecap, jeung ngalarapkeun tanda baca dina tulisan.

2) Cara mekarkeun paragraf, nya éta kamampuh siswa dina mekarkeun hiji paragraf anu sinambung (ayana hubungan atawa kohérénsi) antara hiji paragraf jeung paragraf satuluyna jeung logis.

3) Cara mekarkeun eusi karangan jeung kualitas eusi, nya éta kamampuh siswa dina kaparigelan mekarkeun ide atawa gagasan nepi ka jadi hiji karangan anu logis tur komunikatif.

4) Kerapihan tulisan, nya éta tampilan tulisan anu jelas, sistematis tur kaharti atawa kabaca.

Pikeun meunteun karangan siswa digunakeun padoman meunteun saperti tabél 3.2. peunteun maksimal karangan siswa nya éta 20. Peunteun anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor atah ngagunakeun rumus saperti ieu di handap:

Skor atah = Peunteun Anu Kahontal

Skor Maksimal Karangan x 100%

Sangkan leuwih écés, skor ahir siswa ditabulasikeun dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.3

Skor Tés Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

No Wasta A B C D P Kategori

Katerangan: A = Éjahan B = Paragraf C = Eusi D = Panulisan


(17)

Ʃ = Jumlah Skor P = Peunteun

Katégori = Presentase ≥ 65, siswa dianggap mampuh nulis karangan éksposisi. Presentase < 65, siswa dianggap can mampuh nulis karangan éksposisi.

3.7.2 Uji Sipat Data

Nguji sipat data ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas.

a) Uji Normalitas

Tujuan dilakukeun uji normalitas nya éta pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh miboga distribusi anu normal, salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh dua rata-rata.

Pikeun nangtukeun yén data téh miboga sipat anu normal atawa henteu bisa ngagunakeun rumus chi kuadrat (x²). Dina nangtukeun uji normalitas, aya sababaraha léngkah anu dilakukeun numutkeun Sudjana dina buku nu judulna Metode Statistika (1992). Léngkah-léngkahna nya éta saperti ieu di handap.

1) Ngitung mean atawa rata-rata tés

x=⅀ �

Katerangan:

x : rata-rata nilai tés

fx : jumlah skor nilai kali frekuensi N : jumlah subjek

2) Néangan standar déviasi ngagunakeun rumus

SD = �⅀ �

2 ( )²

� (�−1) Katerangan:

SD : Standar Deviasi

⅀ fx² : jumlah frekuensi nilai

(⅀ fx)² : jumlah frekuensi nilai x kuadrat N : jumlah subjek panalungtikan


(18)

3) Nyieun frekuensi observasi jeung frekuensi ékspéktasi anu léngkah-léngkahna nya éta:

a) Ngitung jumlah kelas (k), ngagunakeun rumus k = 1 + 3,3 log n b) Ngitung rentangan (r)

r = peunteun panggedéna - peunteun pangleutikna

c) Nangtukeun panjang kelas (p), ngagunakeun rumus p = r/k d) Nangtukeun Z keur wates kelas maké rumus:

Z = BK−X SD

e) Nangtukeun ambahan atawa legana unggal kelas interval (L) L = ZS - Ztabel

f) Nangtukeun frekuensi ékspéktasi: Ei = L x N g) Nangtukeun chi kuadrat (x²)

X² = ⅀(Oi−Ei )² Ei

h) Nangtukeun darajat kabébasan db = k-3

i) Nangtukeun normalitas

Pikeun nangtukeun normalitas distribusi populasi digunakeun kritéria ieu di handap.

X²itung < X²tabel hartina distribusi data normal

X²itung > X²tabel hartina distribusi data teu normal

b) Uji Homogénitas

Tujuan tina homogénitas nya éta pikeun mikanyaho homogén henteuna variasi sampel tina populasi anu sarua. Sarua jeung uji normalitas, pikeun nangtukeun homogén henteuna data ngagunakeun rumus chi kuadrat.Pikeun nangtukeun homogénitas, léngkah-léngkahna nya éta:

1) Nangtukeun variabel tés (S2²)

SI² = �⅀�² (⅀�)² � (�−1)


(19)

F = s²b s²k

3) Nangtukeun darajat kabébasan (db) db = n – 1

4) Nangtukeun F tabél 5) Uji Homogénitas

Pikeun nangtukeun homogénitas digunakeun kritéria ieu di handap

�� � < � � hartina variasi sampel homogén

�� � > � � hartina variasi sampel teu homogén

3.7.3 Uji Hipotésis

Pikeun nguji hipotésis, ieu panalungtikan ngagunakeun rumus uji t saperti ieu di handap.

t = M2− M2 ⅀x 1² + x 2²

N (N−1)

Nguji hipotésis ditingali tina hasil ahir kelas média gambar jeung kelas média kartu kata uji t. Kritéria anu digunakeun nya éta (Ha) ditarima (Ho) ditolak lamun < � � jeung (Ha) ditolak (Ho) ditarima lamun > � � . (Arikunto, 2010).


(20)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1Kacindekan

Dumasar kana data hasil panalungtikan jeung pedaran, dirumuskeun kacindekan hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun nya éta:

1) Kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun média gambar.

Tina hasil panalungtikan kabukti ningkatna kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus ngagunakeun média gambar. Ieu hal katitén tina hasil rata-rata tés kamampuh nulis karangan éksposisi anu ngagunakeun média gambar. Hasil rata-rata tés kelas gambar nya éta 6,73. Éta hasil nuduhkeun yén siswa kelas Gambar mampuh nulis karangan éksposisi.

2) Kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun média kartu kata.

Tina hasil panalungtikan kabukti ningkatna kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus ngagunakeun média kartu kata. Ieu hal katitén tina hasil rata-rata tés kamampuh nulis karangan éksposisi anu ngagunakeun média kartu kata nya éta 7,53. Éta hasil nuduhkeun yén siswa kelas Kartu Kata mampuh nulis karangan éksposisi.

3) Béda nu signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi ngagunakeun média gambar jeung kartu kata.

Média gambar jeung kartu kata nu digunakeun dina pangajaran nulis karangan éksposisi di kelas VII SMPN 1 Sukawening Garut kawilang cukup éféktif. Ieu kaayaan katitén ku nilai rata-rata kelas gambar (nu ngagunakeun média gambar) jeung kelas kartu kata (anu ngagunakeun média kartu kata) dina hasil tésna hadé. Dumasar hasil itungan, dipibanda � �� = 7,571 pikeun kelas média gambar jeung kelas kartu kata, sedengkeun �� 2,393. Hartina nya éta “Aya béda rata-rata antara hasil pascatés kelas gambar jeung kelas kartu kata sacara signifikan dina pangajaran nulis karangan éksposisi”.


(21)

Dumasar kana hasil babandingan nilai rata-rata pascatés nu dipibanda ku masing-masing kelas boh kelas gambar boh kelas kartu kata hasil itungan dimana kelas gambar anu kategorina can mampuh nulis karangan éksposisi aya 7 urang tina 28 siswa. Sedengkeun kelas kartu kata anu kategorina can mampuh nulis karangan éksposisi aya 4 urang tina 28 siswa. Éta hal nétélakeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis karangan éksposisi nu ngagunakeun média kartu kata leuwih éféktif dibandingkeun jeung anu ngagunakeun média gambar. Jadi, Ha ditarima “Kamampuh nulis karangan éksposisi anu ngagunakeun média kartu kata leuwih éféktif dibanding jeung anu ngagunakeun média gambar”.

Kusabab kitu, kacindekan ahir tina ieu panalungtikan nuduhkeun média gambar kurang éféktif dibandingkeun jeung média kartu kata atawa média kartu kata leuwih éféktif dibandingkeun jeung média gambar dina pangajaran nulis karangan éksposisi siswa kelas VII SMPN 1 Sukawening Garut. Salian ti éta tina hasil panitén kagambar kahéngkéran jeung kaonjoyan tina dua média nu digunakeun, kahéngkérana diantarana guru diperedih sangkan leuwih parigel dina nyaluyukeun média pangajaran jeung matéri anu rék ditepikeun, merlukeun loba waktu jeung biaya. Sedengkeun kaonjoyanna nya éta siswa leuwih parigel jeung kahudang sumanget diajarna, siswa leuwih museurkeun paniténna kana matéri ku ayana média pangajaran, sarta teu nimbulkeun kabosen salila prosés diajar-ngajar.

5.2Rékoméndasi

Dumasar kana hasil panalungtikan dipedar sababaraha saran anu mudah-mudahan miboga mangpaat pikeun kamajuan dunia pendidikan utamana dina ngaronjatkeun kualitas Sakola jeung kualitas guru ngajar dina pangajaran nulis karangan éksposisi. Rékoméndasai nu diajukeun ngawengku:

a) Guru kudu parigel milih jeung ngagunakeun média pangajaran anu luyu jeung matéri pangajaran nu baris ditepikeun ka siswa.

b) Kamajuan élmu pangaweruh jeung téhnologi bisa dimangpaatkeun pikeun ngahontal tujuan pangajaran.

c) Pangajaran nulis kudu leuwih dironjatkeun deui, sangkan ngarojong kamajuan siswa utamana dina pangajaran nulis.


(22)

d) Dina prosés diajar-ngajar ngeunaan nulis karangan, pikeun siswa kelas VII, guru kudu nungtun atawa ngabimbing siswa, lantaran siswa masih kénéh kawatesanan pangaweruhna ngeunaan karangan.

e) Dipiharep hasil ieu panalungtikan bisa jadi motivasi pikeun guru hususna sangkan leuwih parigel dina milih média pangajaran séjén salian ti média gambar jeung média kartu kata anu bakal leuwih éféktif jeung mampuh ngaronjatkeun tur ngahudang motivasi siswa dina pangajaran nulis.


(23)

DAFTAR PUSTAKA

a) Buku

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Bina Aksara.

Arsyad, Azhar. (2011). Media Pembelajaran. Jakarta: Rajawali Pers.

Campbel, Donald T & Julian C. Stanley. 1996. Experimental and Quasi-Experimental Designs for Research. Chicago: Rand Menaly & Company. Dananjaya, Utomo. (2010). Media Pembelajaran Aktif. Bandung: Nuansa.

Depdiknas. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Keraf, Gorys. (1982). Eksposisi dan Deskripsi. Flores: Nusa Indah.

___________. (1984). Komposisi. Flores: Nusa Indah.

LBSS. (2006). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Nurjanah, Nunuy. (2009). Tiori Nulis. (Handout). Bandung: JPBD.

Sadiman, Arif dkk. (2011). Media Pendidikan (Pengertian, Pengembangan, dan Pemanfaatannya). Jakarta: Rajawali Pers.

Semi, M. Atar. (2003). Menulis Efektif. Padang: Angkasa Raya.

Sudaryat, Yayat. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sudjana, N. dan Ahmad Rivai. (2010). Media Pengajaran. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Sudjana, Nana. (1992). Metode Statistika. Bandung: Tarsito.


(24)

Tarigan. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Wibawa, Basuki dan Farida Mukti. (1992). Media Pengajaran. Jakarta: Depdikbud.

Widhagdo, Djoko. (1997). Bahasa Indonesia (Pengantar Kemahiran Berbahasa di Perguruan Tinggi). Jakarta: Raja Grafindo Persada.

UPI. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

b) Skripsi

Firdausi, Ainun Firdausi. 2008. Éféktifitas Média Gambar dina Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Dongéng SMP Yapida. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Fitriyani. 2008. Keefektifan Media Kartu Kata dalam Pembelajaran Menulis Puisi (Penelitian Eksperimen terhadap Siswa Kelas VIII Semester II SMP Negeri 1 Bandung). Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Mulyati, Pitri.2008. Kamampuh Nulis Éséy Ngagunakeun Média Gambar Siswa Kelas VIII SMPN 3 Lembang. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: tidak dipedalkeun.

Supriatin, Atin. 2009. Pangajaran Nulis jeung Maca Aksara Sunda Ngagunakeun Média Gambar Hurup Kaganga, Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X SMA Pasundan I Bandung Taun Ajaran 2008/2009. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan

c) Online

Marleviandra, A. (2009). Membaca Permulaan dan Permainan Bahasa. [online].

http://techonly13.wordpress.com/2009/08/26/membaca-permulaan-permainan-bahasa/html. [10 Desember 2012]


(1)

F = s²b

s²k

3) Nangtukeun darajat kabébasan (db) db = n – 1

4) Nangtukeun F tabél 5) Uji Homogénitas

Pikeun nangtukeun homogénitas digunakeun kritéria ieu di handap

�� � < � � hartina variasi sampel homogén �� � > � � hartina variasi sampel teu homogén

3.7.3 Uji Hipotésis

Pikeun nguji hipotésis, ieu panalungtikan ngagunakeun rumus uji t saperti ieu di handap.

t = M2− M2

x 1² + x 2² N (N−1)

Nguji hipotésis ditingali tina hasil ahir kelas média gambar jeung kelas média kartu kata uji t. Kritéria anu digunakeun nya éta (Ha) ditarima (Ho) ditolak lamun < � � jeung (Ha) ditolak (Ho) ditarima lamun > � � . (Arikunto, 2010).


(2)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1Kacindekan

Dumasar kana data hasil panalungtikan jeung pedaran, dirumuskeun kacindekan hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun nya éta:

1) Kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun média gambar.

Tina hasil panalungtikan kabukti ningkatna kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus ngagunakeun média gambar. Ieu hal katitén tina hasil rata-rata tés kamampuh nulis karangan éksposisi anu ngagunakeun média gambar. Hasil rata-rata tés kelas gambar nya éta 6,73. Éta hasil nuduhkeun yén siswa kelas Gambar mampuh nulis karangan éksposisi.

2) Kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus dilaksanakeun pangajaran ngagunakeun média kartu kata.

Tina hasil panalungtikan kabukti ningkatna kamampuh nulis karangan éksposisi sanggeus ngagunakeun média kartu kata. Ieu hal katitén tina hasil rata-rata tés kamampuh nulis karangan éksposisi anu ngagunakeun média kartu kata nya éta 7,53. Éta hasil nuduhkeun yén siswa kelas Kartu Kata mampuh nulis karangan éksposisi.

3) Béda nu signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi ngagunakeun média gambar jeung kartu kata.

Média gambar jeung kartu kata nu digunakeun dina pangajaran nulis karangan éksposisi di kelas VII SMPN 1 Sukawening Garut kawilang cukup éféktif. Ieu kaayaan katitén ku nilai rata-rata kelas gambar (nu ngagunakeun média gambar) jeung kelas kartu kata (anu ngagunakeun média kartu kata) dina hasil tésna hadé. Dumasar hasil itungan, dipibanda � �� = 7,571 pikeun kelas média gambar jeung kelas kartu kata, sedengkeun �� 2,393. Hartina nya éta

“Aya béda rata-rata antara hasil pascatés kelas gambar jeung kelas kartu kata


(3)

Dumasar kana hasil babandingan nilai rata-rata pascatés nu dipibanda ku masing-masing kelas boh kelas gambar boh kelas kartu kata hasil itungan dimana kelas gambar anu kategorina can mampuh nulis karangan éksposisi aya 7 urang tina 28 siswa. Sedengkeun kelas kartu kata anu kategorina can mampuh nulis karangan éksposisi aya 4 urang tina 28 siswa. Éta hal nétélakeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis karangan éksposisi nu ngagunakeun média kartu kata leuwih éféktif dibandingkeun jeung anu ngagunakeun média gambar. Jadi, Ha

ditarima “Kamampuh nulis karangan éksposisi anu ngagunakeun média kartu kata

leuwih éféktif dibanding jeung anu ngagunakeun média gambar”.

Kusabab kitu, kacindekan ahir tina ieu panalungtikan nuduhkeun média gambar kurang éféktif dibandingkeun jeung média kartu kata atawa média kartu kata leuwih éféktif dibandingkeun jeung média gambar dina pangajaran nulis karangan éksposisi siswa kelas VII SMPN 1 Sukawening Garut. Salian ti éta tina hasil panitén kagambar kahéngkéran jeung kaonjoyan tina dua média nu digunakeun, kahéngkérana diantarana guru diperedih sangkan leuwih parigel dina nyaluyukeun média pangajaran jeung matéri anu rék ditepikeun, merlukeun loba waktu jeung biaya. Sedengkeun kaonjoyanna nya éta siswa leuwih parigel jeung kahudang sumanget diajarna, siswa leuwih museurkeun paniténna kana matéri ku ayana média pangajaran, sarta teu nimbulkeun kabosen salila prosés diajar-ngajar.

5.2Rékoméndasi

Dumasar kana hasil panalungtikan dipedar sababaraha saran anu mudah-mudahan miboga mangpaat pikeun kamajuan dunia pendidikan utamana dina ngaronjatkeun kualitas Sakola jeung kualitas guru ngajar dina pangajaran nulis karangan éksposisi. Rékoméndasai nu diajukeun ngawengku:

a) Guru kudu parigel milih jeung ngagunakeun média pangajaran anu luyu jeung matéri pangajaran nu baris ditepikeun ka siswa.

b) Kamajuan élmu pangaweruh jeung téhnologi bisa dimangpaatkeun pikeun ngahontal tujuan pangajaran.


(4)

d) Dina prosés diajar-ngajar ngeunaan nulis karangan, pikeun siswa kelas VII, guru kudu nungtun atawa ngabimbing siswa, lantaran siswa masih kénéh kawatesanan pangaweruhna ngeunaan karangan.

e) Dipiharep hasil ieu panalungtikan bisa jadi motivasi pikeun guru hususna sangkan leuwih parigel dina milih média pangajaran séjén salian ti média gambar jeung média kartu kata anu bakal leuwih éféktif jeung mampuh ngaronjatkeun tur ngahudang motivasi siswa dina pangajaran nulis.


(5)

DAFTAR PUSTAKA

a) Buku

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Bina Aksara.

Arsyad, Azhar. (2011). Media Pembelajaran. Jakarta: Rajawali Pers.

Campbel, Donald T & Julian C. Stanley. 1996. Experimental and Quasi-Experimental Designs for Research. Chicago: Rand Menaly & Company. Dananjaya, Utomo. (2010). Media Pembelajaran Aktif. Bandung: Nuansa. Depdiknas. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Keraf, Gorys. (1982). Eksposisi dan Deskripsi. Flores: Nusa Indah.

___________. (1984). Komposisi. Flores: Nusa Indah. LBSS. (2006). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate. Nurjanah, Nunuy. (2009). Tiori Nulis. (Handout). Bandung: JPBD.

Sadiman, Arif dkk. (2011). Media Pendidikan (Pengertian, Pengembangan, dan Pemanfaatannya). Jakarta: Rajawali Pers.

Semi, M. Atar. (2003). Menulis Efektif. Padang: Angkasa Raya.

Sudaryat, Yayat. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. Sudjana, N. dan Ahmad Rivai. (2010). Media Pengajaran. Bandung: Sinar Baru

Algesindo.

Sudjana, Nana. (1992). Metode Statistika. Bandung: Tarsito.


(6)

Tarigan. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Wibawa, Basuki dan Farida Mukti. (1992). Media Pengajaran. Jakarta: Depdikbud.

Widhagdo, Djoko. (1997). Bahasa Indonesia (Pengantar Kemahiran Berbahasa di Perguruan Tinggi). Jakarta: Raja Grafindo Persada.

UPI. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

b) Skripsi

Firdausi, Ainun Firdausi. 2008. Éféktifitas Média Gambar dina Ngaronjatkeun Kamampuh Maca Dongéng SMP Yapida. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun.

Fitriyani. 2008. Keefektifan Media Kartu Kata dalam Pembelajaran Menulis Puisi (Penelitian Eksperimen terhadap Siswa Kelas VIII Semester II SMP Negeri 1 Bandung). Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: teu dipedalkeun. Mulyati, Pitri.2008. Kamampuh Nulis Éséy Ngagunakeun Média Gambar Siswa

Kelas VIII SMPN 3 Lembang. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: tidak dipedalkeun.

Supriatin, Atin. 2009. Pangajaran Nulis jeung Maca Aksara Sunda Ngagunakeun Média Gambar Hurup Kaganga, Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas X SMA Pasundan I Bandung Taun Ajaran 2008/2009. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan

c) Online

Marleviandra, A. (2009). Membaca Permulaan dan Permainan Bahasa. [online]. http://techonly13.wordpress.com/2009/08/26/membaca-permulaan-permainan-bahasa/html. [10 Desember 2012]