CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG.

(1)

Dian Astriani, 2013

No. 534/FPBS/0251/2013

CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah

ku

DIAN ASTRIANI 0903915

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2013

(2)

Dian Astriani, 2013

CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI

SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG

Oleh Dian Astriani

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Dian Astriani 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

Dian Astriani, 2013

LEMBAR PENGESAHAN

DIAN ASTRIANI NIM. 0903915

CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG

DISALUYUAN JEUNG DISAHKEUN KU PANGAPING:

Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP. 196302101987031001

Pangaping II,

Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 196408221989031001

(4)

Dian Astriani, 2013

CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG1)

Dian Astriani2)

ABSTRAK

Penelitian yang berjudul “Campur Kode dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas

VIII SMPN 1 Lembang” ini bertujuan untuk mendeskripsikan bentuk, wujud, dan faktor penyebab terjadinya campur kode yang ada pada surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif analitik dengan menggunakan teknik tes, angket, dan studi dokumentasi. Untuk mengumpulkan data, digunakan instrumen yang berupa lembaran tes, angket, dan kartu data. Hasil penelitian menunjukkan bahwa campur kode merupakan salah satu dari fenomena gejala kebahasaan yang diakibatkan oleh adanya kontak bahasa. Campur kode sering terjadi pada peristiwa komunikasi lisan ataupun tulisan. Dari hasil analisis, ditemukan 102 kata campur kode antara bahasa Sunda dengan bahasa lainnya. Berdasarkan bentuk, terdapat dua jenis campur kode yaitu campur kode ke dalam (inner code-mixing) sebanyak 91 kata (89,2%) dan campur kode ke luar (outer code-mixing) sebanyak 11 kata (10,8%), sedangkan berdasarkan wujud terdapat empat jenis campur kode, yaitu 1) 86 kata (84,3%), 2) 7 frasa (6,9%), 3) 6 kata ulang (5,9), dan 4) 3 idiom (2,9%). Faktor utama yang melatarbelakangi proses campur kode adalah kebiasaan pemakaian bahasa sehari-hari di mana siswa-siswi hampir 82% menggunakan bahasa campuran untuk berkomunikasi dan kedwibahasaan (73%). Penelitian ini bermanfaat untuk memperluas pengetahuan tentang permasalahan-permasalahan kebahasaan terutama dalam pengajaran bahasa Sunda. Selain itu, bagi para pengajar penelitian ini bisa dijadikan pertimbangan untuk memilih media dan bahan pembelajaran.

1)

Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.

2)

(5)

ii

Dian Astriani, 2013

CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

CODE-MIXING WHEN WRITING PERSONAL LETTERS BY THE GRADE VIII STUDENTS OF SMPN 1 LEMBANG

Dian Astriani

Abstract

This research entitled “Code-Mixing When Writing Personal Letters by the Grade

VIII Students of SMPN 1 Lembang” was intended to describe the forms, shapes,

and factors that cause the occurrence of code-mixing in the personal letters of Grade VIII students of SMPN (State Junior High School) 1 Lembang. The method used in this research was a descriptive-analytical method by using testing technique, questionnaire, and documentary study. To collect data, the instruments used were test sheets, questionnaire, and data cards. The research results showed that code-mixing was one of the linguistic phenomena due to a contact of languages. Code-mixing frequently occurs in both oral and verbal communicational events. From the results of analysis, 102 code-mixing words were found between Sundanese language and other languages. Based on form, there were two types of code-mixing, namely inner code-mixing, consisting of 91 words (89,2%), and outer code-mixing, consisting of 11 words (10,8%), while based on shape there were four types of code-mixing, namely: 1) 86 words (84,3%), 2) 7 phrases (6,9%), 3) 6 repetitious words (5,9%), and 4) 3 idioms (2,9%). The main factors that become the background of a code-mixing process were the habit of using daily language, where nearly 82% of the students used a mixture language in their communication, and a state of being bilingual (73%). This research was beneficial in broadening knowledge on language problems, particularly in Sundanese language teaching. In addition, for teachers, this research could be used as a consideration in selecting learning media and materials.

(6)

Dian Astriani, 2013

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR PANUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... ix

DAPTAR BAGAN ... x

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Idéntifikasi Jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Sistematika Panulisan ... 7

BAB II KADWIBASAAN, CAMPUR KODE, JEUNG SURAT PRIBADI 2.1 Kadwibasaan ... 8

2.1.1 Wangenan Kadwibasaan ... 9

2.1.2 Faktor anu Ngabalukarkeun Kadwibasaan ... 10

2.1.3 Aspék-Aspék Kadwibasaan ... 11

(7)

vii

Dian Astriani, 2013

2.1.5 Pola-Pola Kadwibasaan ... 13

2.1.6 Cara Ngukur Tingkat Kadwibasaan ... 14

2.2 Campur Kode ... 14

2.2.1 Wangenan Campur Kode ... 15

2.2.2 Kasang Tukang Lumangsungna Campur Kode ... 16

2.2.3 Faktor anu Ngabalukarkeun Ayana Campur Kode ... 17

2.2.4 Papasingan Campur Kode ... 18

2.2.4.1Wanda Campur Kode ... 18

2.2.4.2Wujud Campur Kode ... 18

2.3 Nulis Surat ... 20

2.3.1 Nulis ... 20

2.3.1.1Wangenan, Fungsi, jeung Tujuan Nulis ... 20

2.3.1.2Papasingan Tulisan ... 24

2.3.1.3Kamampuh Nulis ... 25

2.3.2 Surat Pribadi ... 26

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Jejer Panalungtikan ... 30

3.2 Desain Panalungtikan ... 30

3.3 Métode Panalungtikan ... 32

3.4 Wangenan Operasional ... 32

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 32

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 35

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 35

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 35

BAB IV CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG 4.1 Wanda Campur Kode dina Surat Pribadi ... 37

4.2 Wujud Campur Kode dina Surat Pribadi ... 42

(8)

viii

Dian Astriani, 2013

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan ... 68

5.2 Saran ... 68

DAPTAR PUSTAKA ... 70

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 72

(9)

Dian Astriani, 2013

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Dina campur gaulna sakabéh manusa ngagunakeun basa, sabab ngaliwatan basa bisa ngébréhkeun sagala pamaksudan. Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004:6).

Basa mangrupa salah sahiji alat komunikasi anu penting dina kahirupan manusa, sabab ngaliwatan basa manusa bisa nepikeun naon-naon anu aya dina uteukna. Fungsi basa numutkeun Kinneavy dina Chaer (1994:33) nya éta fungsi éksprési, informasi, éksplorasi, persuasi, jeung éntertainmen. Lima fungsi dasar ngeunaan basa ngawakilan konsép yén basa mangrupa alat pikeun ngedalkeun ungkaban-ungkaban batin, atawa nepikeun informasi anu hayang ditepikeun ku panyatur ka pangregep.

Basa kabagi jadi dua bagian, nya éta basa resmi anu biasa disebut basa baku jeung basa teu resmi atawa basa non baku anu nalika digunakeunana kudu merhatikeun sababaraha situasi, saperti saha lawan nyaritana, dimana, sarta iraha digunakeunana. Basa baku digunakeun dina situasi resmi, upamana dina situasi rapat, situasi diajar ngajar, surat dines jeung sajabana, sedengkeun basa non baku (basa daérah) umumna mindeng digunakeun salaku basa sapopoé dina situasi anu leuwih rinéh sarta teu resmi, nyalsé, teu nyoko ka lawan wicara anu leuwih luhur posisina saperti dina ragam basa resmi. Dina basa daérah ogé aya aturan-aturan anu kudu diperhatikeun, saperti dina basa Sunda. Ieu aturan téh katitén tina basa Sunda anu dibagi jadi sababaraha tingkatan dumasar kana tingkat kasopanan jeung lemesna éta basa (undak-usuk basa).

Basa Sunda mangrupa salah sahiji basa daérah anu digunakeun pikeun alat komunikasi ku masarakat Sunda sacara turun-tumurun. Basa Sunda miboga sababaraha ragam basa, saperti ragam dialék. Dina basa Sunda aya ragam dialék basa Kuningan, Majaléngka, Cirebon, jeung sajabana. Ayana ragam basa téh bisa

(10)

2

Dian Astriani, 2013

jadi pasualan anyar, nya éta kumaha kudu ngagunakeun basa di lingkungan masarakat.

Kitu deui basa anu digunakeun dina pangajaran di sakola. Pangajaran basa di SMP miboga tujuan sangkan murid ngawasa opat kaparigelan basa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Diajar ngagunakeun basa (nulis) téh, bisa ngasah kamampuh mikir kritis siswa.

Nulis mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa anu kudu dihontal ku siswa anu sipatna produktif, sarta miboga tujuan pikeun komunikasi sacara teu langsung. Ku kituna, panulis kudu miboga kaparigelan pikeun ngadumaniskeun antara struktur basa jeung kosa kecapna. Salah sahiji kaparigelan nulis anu diajarkeun di sakola, utamana jenjang atikan SMP nya éta kaparigelan nulis surat pribadi.

Kaparigelan nulis surat pribadi geus diatur ku Dinas Pendidikan Jawa Barat dina Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) 2006 mata pelajaran Basa jeung Sastra Sunda pikeun tingkat SMP kelas VIII, nya éta

“Mampu menulis untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam

bentuk surat, esai, laporan, sisindiran, dan guguritan”.

Dina kanyataanana, siswa SMP kelas VIII miboga bangbaluh dina nulis surat pribadi basa Sunda, nya éta héséna nepikeun atawa ngébréhkeun pikiran lantaran kawatesanan ku kamampuh ngagunakeun jeung milih kosa kecap. Ku kituna, loba siswa anu macorokkeun basa Sunda jeung basa Indonesia atawa basa séjénna dina surat pribadina.

Hymes pakar sosiolinguistik dina Sudaryat (2004:13) ngajéntrékeun yén komunikasi ngagunakeun basa kudu merhatikeun kana dalapan unsur, anu diakronimkeun jadi SPEAKING, nya éta: 1) setting and scene, nya éta unsur anu patali jeung tempat sarta waktu lumangsungna paguneman atawa obrolan; 2)

participants, nya éta jalma-jalma (palaku) anu kalibet dina paguneman atawa

obrolan; 3) ends, nya éta maksud jeung hasil paguneman atawa obrolan; 4) act

sequences, nya éta hal anu museur kana wangun jeung eusi paguneman atawa

obrolan; 5) key, nya éta cara atawa motivasi dina ngalaksanakeun paguneman atawa obrolan; 6) instrumentalities, nya éta anu museur kana jalur paguneman

(11)

3

Dian Astriani, 2013

atawa obrolan boh lisan boh non lisan; 7) norms, nya éta anu museur kana norma paripolah jalma anu aya dina paguneman atawa obrolan; jeung 8) genres, nya éta anu museur kana kategori atawa ragam basa anu digunakeun.

Ku ayana masarakat anu multilingual pasti baris aya interferensi, integrasi, sarta alih kode jeung campur kode. Éta opat peristiwa tutur téh gejalana sarua, nya éta ayana unsur basa séjén anu digunakeun dina tulisan atawa omongan tapi konsep pasualanana béda. Campur kode mangrupa salah sahiji masalah dina lumangsungna kagiatan nyarita.

Kasang tukang ayana campur kode nya éta: 1) identifikasi peranan; 2) idéntifikasi ragam; jeung 3) kahayang pikeun ngébréhkeun sarta ngagambarkeun. Éta tilu hal téh raket pisan patalina sarta silih deudeul.

Thealander dina Chaer (2010:115) nétélakeun yén dina hiji peristiwa tutur aya klausa-klausa atawa frase-frase anu diwangun ku klausa jeung frase campuran (hybrid clauses, hybrid phrases), tapi fungsi tina sabagian klausa jeung frase téh patukang tonggong, mangka peristiwa anu lumangsung nya éta campur kode.

Campur kode lumangsung saupama panyatur basa Indonesia ngasupkeun unsur-unsur basa daérahna kana obrolan anu ngagunakeun basa Indonesia atawa sabalikna. Ciri anu pangonjoyna tina campur kode bisa katitén dina situasi non formal.

Ayana masalah campur kode téh bisa nyieun siswa leuwih apik dina milih kekecapan basa Sunda dina waktu diajar, sabab campur kode mangrupa hiji kasalahan dina makéna basa. Ku kituna, dipiharep siswa bisa lancar dina nulis atawa nyarita ngagunakeun dua basa, upamana ngagunakeun basa Sunda jeung basa Indonesia.

Tapi dina prakna nulis atawa nyarita, loba kénéh siswa anu ngagunakeun dua basa kalayan henteu saluyu jeung aturan anu tangtu. Ku ayana éta hal, mangka diperlukeun ayana panalungtikan ngeunaan campur kode, sangkan anu diajak nyarita ngarti kana naon anu keur dicaritakeun sarta bisa ngagunakeun basa kalayan bener.

Dina panalungtikan saacanna aya sababaraha panalungtik anu geus medar ngeunaan campur kode. Éta panalungtik téh nya éta Risma Dwi Gustiana anu

(12)

4

Dian Astriani, 2013

nalungtik ngeunaan Campur Kode dina Paguneman Siswa RSBI Kelas X SMA

Pasundan 1 Bandung (2011), Kamilah Intan Hartati anu nalungtik ngeunaan

Campur Kode Basa Indonesia kana Basa Sunda dina Naskah Khutbah Juma’ah

Ditilik tina Segi Morfologi (2004), Karsim anu nalungtik ngeunaan Campur Kode Basa Jawa kana Basa Sunda di Wewengkon Tangkolo Desa Tegalurung Kecamatan Cimalaya Kulon (2010), Rahmasari Aulia Khotimah anu nalungtik

ngeunaan Campur Kode Basa Sunda jeung Basa Indonesia dina Kagiatan Diajar

Kelas II SDN Sentra Masekdas II Kalurahan Suka Asih (2010), Lesi Nursintawati

anu nalungtik ngeunaan Campur Kode Basa Indonesia kana Basa Sunda dina

Naskah Biantara Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung (2008), Ade Herni

Nurkolbi anu nalungtik ngeunaan Campur Kode dina Karangan Pangalaman

Siswa Kelas VII SMPN 1 Bandung Taun Ajaran 2011/2012 (2011), Sri Supartini

anu nalungtik ngeunaan Tilikan Morfologi Campur Kode Sunda – Indonesia dina Pagelaran Seni Banyolan Longsér di STV Bandung (2007), jeung Nita Novita

Permatasari anu nalungtik ngeunaan Campur Kode dina Siaran Tarucing Salasa

Naker (Tarsan) I-Radio 105,1 FM Bandung pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun

(2012).

Tina sababaraha judul panalungtikan anu geus aya, panalungtikan ngeunaan campur kode masih perlu dilaksanakeun. Sasaruaan tina ieu panalungtikan téh nya éta sarua nalungtik ngeunaan kasalahan makéna basa, hususna ngeunaan campur kode. Bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan séjén nya éta dina sumberna, utamana nu sumber datana surat pribadi, kumaha jeung nepi ka mana campur kode basa Sunda jeung basa séjén dina surat pribadi. Ku kituna, panulis ngayakeun panalungtikan anu judulna “Campur Kode dina

(13)

5

Dian Astriani, 2013

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Campur kode téh nya éta kaayaan pacampurna kecap hiji basa jeung basa séjén dina basa anu digunakeun. Ambahan campur kode nyoko kana wanda, faktor, jeung wangun-wangun kecap anu digunakeunana. Latar basa anu digunakeunana ogé bisa béda-béda. Masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan téh ngan ukur ngeunaan campur kode anu aya dina nulis surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang. Pedaranana ngawengku wanda, wujud, jeung faktor anu mangaruhan kana lumangsungna campur kode.

1.2.2 Rumusan Masalah

Rumusan malasah dipiharep bisa méré pituduh pikeun ngumpulkeun data anu aya patalina jeung pananya anu aya dina rumusan. Rumusan-rumusan masalah anu aya dina ieu panalungtikan saperti ieu di handap.

1) Wanda campur kode naon waé anu aya dina nulis surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang?

2) Wujud campur kode naon waé anu kapanggih dina nulis surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang?

3) Faktor naon anu mangaruhan kana lumangsungna prosés campur kode anu aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngungkulan pasualan atawa kahéngkéran dina widang atikan jeung pangajaran hususna dina pangajaran basa Sunda, nya éta nulis surat pribadi pikeun SMP kelas VIII.

(14)

6

Dian Astriani, 2013 1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

1) pola campur kode anu aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang;

2) wujud campur kode anu aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang; jeung

3) faktor-faktor anu mangaruhan kana lumangsungna prosés campur kode anu aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Unggal panalungtikan tangtu miboga mangpaat. Kitu deui dina ieu panalungtikan. Mangpaat anu baris dihontal dibagi jadi dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis anu aya dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngajembaran ambahan élmu sosiolinguistik minangka élmu anu maluruh basa katut makéna basa di masarakat. Ngajembaran élmu sosiolinguistik di dieu leuwih museur kana widang karagaman basa. Jadi, campur kode bisa diasupkeun kana ragam basa anu mangrupa masalah anu aya di masarakat multilingual.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:

1) pikeun guru, méré informasi yén dina kagiatan diajar-ngajar utamana dina kagiatan nulis surat pribadi loba siswa anu salah dina ngagunakeun basa; 2) pikeun murid, méré informasi ngeunaan kasalahan makéna basa;

3) pikeun sakola, méré informasi yén di sakola loba kénéh murid anu masih salah dina ngagunakeun basa;

4) pikeun masarakat, méré informasi ka balaréa yén campur kode mangrupa hiji masalah dina masarakat anu multilingual; jeung

(15)

7

Dian Astriani, 2013

5) pikeun nu nalungtik, nambahan pangaweruh ngeunaan campur kode.

1.5 Sistematika Panulisan

BAB I BUBUKA, anu ngawengku kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika panulisan.

BAB II LANDASAN TIORI, anu ngawengku ngeunaan tiori anu aya patalina jeung masalah anu ditalungtik di antarana medar ngeunaan campur kode jeung kasalahan makéna basa.

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN, anu medar ngeunaan métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, saperti sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

BAB IV ANALISIS CAMPUR KODE, anu ngawengku data jeung hasil panalungtikan.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN, anu ngawengku kacindekan jeung saran.

DAPTAR PUSTAKA, anu ngawengku ngeunaan judul-judul buku anu digunakeun salaku sumber tiori dina skripsi.

(16)

Dian Astriani, 2013

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku: lokasi jeung jejer panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan anu ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.1Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan

Lokasi panalungtikan dilaksanakeun di SMPN 1 Lembang, Jl. Raya Lembang No. 357 – Bandung Barat. Jejer panalungtikan nya éta campur kode dina nulis surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang.

Sumber data mangrupa subjék anu bisa dipaké pikeun meunangkeun data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta surat pribadi siswa kelas VIII A SMPN 1 Lembang anu jumlahna aya 30 siswa, ngawengku 6 urang lalaki jeung 24 urang awéwé, sarta siswa kelas VIII D SMPN 1 Lembang anu jumlahna aya 27 siswa, ngawengku 11 urang lalaki jeung 16 urang awéwé. Lian ti éta, jawaban angkét siswa kelas VIII A jeung VIII D anu patali jeung faktor anu ngabalukarkeun kana lumangsungna campur kode ogé jadi sumber data dina ieu panalungtikan.

3.2Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta prosés anu dirarancang pikeun ngajawab sarta ngajéntrékeun sababaraha masalah anu aya dina panalungtikan. Ieu desain panalungtikan disusun dumasar kana léngkah-léngkah: 1) nangtukeun masalah, 2) studi pendahuluan, 3) ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, 4) ngarumuskeun anggapan dasar, 5) milih pamarekan, 6) nangtukeun sumber data, 7) nangtukeun jeung nyusun instrumén, 8) ngumpulkeun data, 9) analisis data, 10) nyieun kacindekan, jeung 11) nyusun laporan (Arikunto, 2010:61).

(17)

31

Dian Astriani, 2013

Desain panalungtikan dibagankeun saperti ieu di handap.

Nangtukeun Masalah

Studi Pendahuluan

Ngawatesanan jeung Ngarumuskeun Masalah

Ngarumuskeun Anggapan Dasar

Milih Pamarekan

Nangtukeun Sumber Data

Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén

Ngumpulkeun Data

Analisis Data

Nyieun Kacindekan

Nyusun Laporan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

(18)

32

Dian Astriani, 2013 3.3Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu métode digunakeun pikeun ngagambarkeun karakteristik data jeung kaayaan anu sabenerna sacara faktual, sistematis, tur akurat (Suyatna, 2002:14).

Métode déskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun fakta-fakta jeung sipat-sipat campur kode utamana wanda, faktor, jeung wangun kecap dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang.

Métode déskriptif bisa ngagambarkeun karakteristik data campur kode dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang. Dina ieu métode, panalungtik ngadéskripsikeun data-data anu dikumpulkeun dumasar hasil analisis nepi ka bisa nyieun kacindekkan tina ieu panalungtikan.

3.4Wangenan Operasional

Judul tina ieu panalungtikan dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu di handap kalayan tujuan pikeun nyingkahan ayana salah tafsir ti pamaca.

1) Campur Kode

Campur kode dina ieu panalungtikan nya éta campur kode tina basa Indonesia atawa basa séjénna kana basa Sunda anu aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang ditilik tina wanda jeung wujud kecapna .

2) Surat Pribadi

Surat pribadi dina ieu panalungtikan nya éta téks tulisan anu dijieun ku siswa-siswi kelas VIII SMPN 1 Lembang.

Bisa dicindekkeun maksud tina judul “Campur Kode dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas VIII SMPN 1 Lembang” téh nya éta ngadéskripsikeun

campur kode anu aya dina téks surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang ditilik tina wanda jeung wujud kecapna.

3.5Instrumén Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun sababaraha instrumén, nya éta instrumén tés, kartu data, jeung angkét.

(19)

33

Dian Astriani, 2013

1) Instrumén tés, mangrupa lembaran tés anu eusina paréntah ka siswa pikeun nyieun hiji conto surat pribadi.

2) Kartu data, digunakeun pikeun kalancaran klasifikasi jeung déskripsi data. Dina kartu data aya nomer data, paragraf, prosés campur kode, jeung conto kalimahna.

Tabél 3.1 Conto Kartu Data

3) Angkét, digunakeun pikeun mikanyaho faktor anu mangaruhan kana lumangsungna prosés campur kode anu aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang.

Conto kisi-kisi angkét:

No. Aspék anu ditalungtik

1 Suku bangsa/alamat asal 2 Basa anu dikawasa

3 Suku bangsa/asal indung/bapa

4 Basa anu digunakeun sapopoé jeung kulawarga 5 Basa anu digunakeun sapopoé di sakola

6 Basa anu digunakeun sapopoé di masarakat 7 Bahan bacaan di imah

8 Acara Radio/TV anu sok diregepkeun/ditongton 9 Aya rasa gengsi atawa henteu maké basa Sunda

Tabél 3.2 Conto Kisi-Kisi Angkét

Nomer/kode data : ……….

Paragraf ka : ……….

Prosés campur kode : ……….

(20)

34

Dian Astriani, 2013

Conto angkét

ANGKET CAMPUR KODE

Wasta : ………..

Alamat Asal : ………..

Alamat Ayeuna : ………..

Kelas : ………..

Basa anu Dikawasa : ………..

Asal Bapa : ………..

Asal Indung : ………..

1. Basa anu Digunakeun

A.Di Imah (Anggota Kulawarga) : a. BS b. BI c. BDS d. BC

Alesan : ………..

B. Di Sakola (Waktu Istirahat) : a. BS b. BI c. BDS d. BC

Alesan : ………..

C.Di Masarakat (Babaturan/Tatangga) : a. BS b. BI c. BDS d. BC

Alesan : ………..

2. Bacaan di Imah : a. Majalah : ………..

b. Koran : ………..

c. Nu Séjénna : ………..

3. Acara Radio/TV : a. Warta : ………..

b. Seni Sunda : ………..

c. Acara Séjénna : ………..

4. Géngsi atawa Henteu Maké Basa Sunda : ………..

Alesan : ………..

Katerangan

(21)

35

Dian Astriani, 2013

b. BI : Basa Indonesia c. BDS : Basa Daerah Séjén d. BC : Basa Campuran

3.6Téhnik Panalungtikan

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés, angkét, jeung studi dokuméntasi.

1) Téhnik tés tinulis, digunakeun pikeun meunangkeun data surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang.

2) Téhnik angkét, digunakeun pikeun meunangkeun data ngeunaan faktor anu ngabalukarkeun lumangsungna campur kode dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang.

3) Ulikan dokuméntasi, digunakeun pikeun nganalisis wanda campur kode jeung wujud campur kode anu aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang.

Ari léngkah-léngkah ngumpulkeun datana saperti ieu di handap. 1) Malikan deui matéri anu geus ditepikeun ku guru ngeunaan surat pribadi; 2) Ngabagikeun lembar tés ka siswa pikeun nulis surat pribadi; jeung 3) Ngumpulkeun surat pribadi hasil tulisan siswa.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun didéskripsikeun sangkan bisa ngahasilkeun kacindekan. Éta data diolah ngaliwatan sababaraha léngkah ieu di handap.

1) Data wanda jeung wujud campur kode

Pikeun ngolah ieu data, panalungtik ngalakukeun sababaraha léngkah ieu di handap.

(22)

36

Dian Astriani, 2013

1) Hasil surat pribadi siswa dibaca jeung dibéré tanda kecap-kecap anu ngalaman campur kode ditilik tina wanda jeung wangun kecap;

2) Hasil maca dianalisis tur diklasifikasikeun dumasar kana wanda jeung wangun kecap;

3) Hasil analisis ditulis dina kartu data, unggal campur kode dibéré tanda nu tangtu;

4) Kartu data disusun dina tabél; jeung

5) Nyieun kacindekan tina data anu geus diolah dina wangun perséntaseu, kalayan rumus:

Katerangan:

ECK = jumlah CK dina surat pribadi

CK = jumlah total CK dina sakabéh surat pribadi 2) Data angkét

Data angkét digunakeun pikeun mikanyaho faktor naon waé anu mangaruhan kana lumangsungna campur kode. Data angkét diolah ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

1) siswa dibagi angkét campur kode;

2) angkét dianalisis dumasar kana aspék jeung kategorina;

3) hasil analisis diitung frékuénsina dumasar kana aspék anu ditalungtik; jeung

4) nyieun kacindekan dina wangun perséntaseu. Rumus anu digunakeunna nya éta:

Katerangan:

f = frékuénsi aspék nu ditalungtik = jumlah siswa

(23)

Dian Astriani, 2013

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana rumusan jeung watesan masalah, sarta tujuan panalungtikan jeung hasil analisis data ngeunaan campur kode anu aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang, kapanggih aya 102 kecap campur kode. Campur kode anu kapanggih dina surat pribadi siswa dipasing-pasing deui jadi dua bagian, nya éta campur kode dumasar kana wandana jeung wujudna.

Tina 102 kecap campur kode anu kapanggih, éta kecap dipasing-pasing deui dumasar kana wandana. Dumasar kana wandana, aya 91 kecap (89,2%) anu kaasup kana campur kode ka jero (inner code-mixing) nya éta Basa Indonesia (BI) – Basa Sunda (BS) jeung 11 kecap (10,8%) anu kaasup kana campur kode ka luar

(outer code-mixing) nya éta Basa Asing (BA) – Basa Sunda (BS).

Dumasar kana wujudna, tina data campur kode anu jumlahna aya 102 kecap campur kode, dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang téh kapanggih aya opat tina genep wujud campur kode, nya éta: 1) 86 kecap (84,3%) seselan unsur anu ngawujud kecap, 2) 7 kecap (6,9%) seselan unsur anu ngawujud frasa, 3) 6 kecap (5,9%) seselan unsur anu ngawujud rajékan, jeung 4) 3 kecap (2,9%) seselan unsur anu ngawujud idiom.

Anu jadi faktor anu mangaruhan kana ayana campur kode dina surat pribadi siswa aya dua, nya éta: 1) basa anu digunakeun sapopoé jeung 2) kadwibasaan. Faktor séjénna ngawengku faktor karesep kana acara tv/radio jeung bahan bacaan sapopoé siswa di imah, daérah asal siswa jeung kolotna.

5.2 Saran

Sabada panalungtikan ngeunaan campur kode dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang dilaksanakeun, aya sababaraha saran anu perlu ditepikeun.

1) Hasil panalungtikan ngabuktikeun, lobana kecap injeuman ngabalukarkeun kana ayana parobahan basa Sunda ti waktu ka waktu luyu jeung kamekaran

(24)

69

Dian Astriani, 2013

élmu pangaweruh sarta téhnologi. Ku kituna, kekecapan basa Sunda anu aya dina kamus kudu dilengkepan deui luyu jeung kamekaran basa Sunda.

2) Pikeun siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang dipiharep sangkan ulah waka ngagunakeun kecap injeuman salila masih kénéh bisa ngagunakeun kecap tina basa Sunda, sarta siswa dipiharep kudu leuwih mindeng maca atawa ngaregepkeun kana bahan bacaan atawa acara tv/radio anu aya patalina jeung basa sunda. Ieu hal bisa mangaruhan kana kabeungharan kosa kecap dina basa sunda.

3) Pikeun guru dipiharep dina nalika kagiatan diajar-ngajar lumangsung, guru kudu bisa ngagunakeun basa sunda anu bener sangkan bisa méré conto ka siswa. Lian ti éta, guru kudu ngabiasakeun siswa sangkan ngagunakeun basa sunda dina waktu kagiatan diajar-ngajar lumangsung. Ku kituna, dina kagiatan ngajar, utamana dina kagiatan nulis surat pribadi siswa moal loba anu salah dina ngagunakeun basa Sunda.

4) Pikeun nyingkahan ayana campur kode di masarakat, masarakat kudu kukuh kana aturan makéna basa, iraha waktuna, dimana tempatna, jeung saha anu diajak nyaritana.

(25)

Dian Astriani, 2013

DAPTAR PUSTAKA

Abduh, Muhammad. (2012). Penyebab Siswa Cepat Bosan dan Malas Belajar. [Online].

Tersedia://http://mjeducation.co/penyebab-siswa-cepat-bosan-dan-malas-belajar/ [21 Januari 2013]

Alwasilah, A. Chaedar. (1993). Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa. Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: Rineka Cipta.

Aslinda dan Leni Syafyahya. (2010). Pengantar Sosiolinguistik. Limau Manih: Reflika Aditama.

Chaer, Abdul dan Leonie Agustina. (2010). Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. (1994). Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta. Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar

Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Jawa Barat. Mar’at, Samsunuwiyati. (2005). Psikolinguistik Suatu Pengantar. Bandung:

Refika Aditama.

Nababan. (1991). Sosiolinguistik Suatu Pengantar. Jakarta: PT. Gramedia. Nurjanah, Nunuy. (2007). Teori Nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Prawirasumantri, Abud spk. (2007). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap

Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Rusyana, Y. (1984). Bahasa dan Sastra dalam Gampitan Pendidikan. Bandung: CV. Dipenogoro.

Semi, Atar. (2008). Terampil Menulis Surat. Bandung: Titian Ilmu. Sudaryat, Yayat spk. (2007). Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.

Sudaryat, Yayat spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV Walatra.

(26)

71

Dian Astriani, 2013

Suwito. (1983). Sosiolinguistik: Teori dan Problema. Surakarta: Henary Offset Solo.

Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian dan Pengajaran

Bahasa. ___________________.

Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Jawa Barat.

Mar’at, Samsunuwiyati. (2005). Psikolinguistik Suatu Pengantar. Bandung: Refika Aditama.

Nababan. (1991). Sosiolinguistik Suatu Pengantar. Jakarta: PT. Gramedia. Nurjanah, Nunuy. (2007). Teori Nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Prawirasumantri, Abud spk. (2007). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap

Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Rusyana, Y. (1984). Bahasa dan Sastra dalam Gampitan Pendidikan. Bandung: CV. Dipenogoro.

Semi, Atar. (2008). Terampil Menulis Surat. Bandung: Titian Ilmu. Sudaryat, Yayat spk. (2007). Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.

Sudaryat, Yayat spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV Walatra.

(6)

71

Suwito. (1983). Sosiolinguistik: Teori dan Problema. Surakarta: Henary Offset Solo.

Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian dan Pengajaran

Bahasa. ___________________.

Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Dokumen yang terkait

CAMPUR KODE DAN ALIH KODE PERCAKAPAN GURU DAN SISWA PADA PEMBELAJARAN BAHASA INDONESIA KELAS VIII A DI SMP Campur Kode Dan Alih Kode Percakapan Guru Dan Siswa Pada Pembelajaran Bahasa Indonesia Kelas Viii A Di Smp Negeri 1 Juwiring Kabupaten Klaten.

0 3 14

7 29 13

KECAP PANYAMBUNG DINA SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII-C SMPN 45 BANDUNG TAUN AJARAN 2014-2015.

1 18 8

CAMPUR KODE DINA SIARAN BÉNTANG PARAHYANGAN BANDUNG TV.

1 11 22

KORELASI ANTARA MAKÉNA BASA INDUNG JEUNG PRÉSTASI DIAJAR NULIS SURAT BASA SUNDA SISWA KELAS VIII SMP NEGERI 3 LEMBANG.

0 13 33

KASALAHAN MORFOLOGIS DINA SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP PASUNDAN 3 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013.

0 11 20

LARAPNA UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII A SMP KARTIKA SILIWANGI XIX-1 BANDUNG TAUN AJAR 2015-2016 - repository UPI S BD 1206213 Title

1 2 3

KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA DINA NULIS PANGAN PRIBADI SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 3 LEMBANG TAUN AJARAN 2015 2016 - repository UPI S BD 1204307 Title

0 2 3

KECAP PANYAMBUNG DINA SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII-C SMPN 45 BANDUNG TAUN AJARAN 2014-2015 - repository UPI S BD 1105895 Title

0 1 3

1 CAMPUR KODE DALAM TULISAN TEKS DESKRIPSI PADA SISWA KELAS VIIE SMPN 2 SUNGAI RAYA

0 0 9