KASALAHAN MORFOLOGIS DINA SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP PASUNDAN 3 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013.

(1)

ix

DAPTAR EUSI

LEMBAR PENGESAHAN ... i

INKRIPSI ... ii

LEMBAR PERNYATAAN ... iii

PANGJAJAP ... iv

TAWIS PANUHUN ... v

ABSTRAK ... vii

DAPTAR EUSI ... ix

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II KASALAHAN BASA, MORFOLOGI, JEUNG SURAT PRIBADI 2.1 Kasalahan Basa ... 6

2.1.1 Wangenan Kasalahan Basa ... 6

2.1.2 Kasang Tukang Kasalahan Basa ... 6

2.1.3 Ragem Kasalahan Basa ... 9

2.1.4 Taksonomi Kasalahan Linguistik ... 9

2.1.4.1 Kasalahan Morfologis ... 9

2.2 Morfologi ... 10

2.2.1 Wangenan Morfologi ... 10

2.2.2 Prosés Morfologis ... 10

2.2.3 Morfofonémik ... 15

2.3 Surat ... 16

2.3.1 Wangenan Surat ... 16

2.3.2 Warna Surat ... 16

2.3.3 Diksi dina Surat ... 17

2.3.4 Palanggeran Éjahan dina Surat ... 18

2.3.5 Surat Pribadi ... 18

2.3.5.1 Wangenan Surat Pribadi ... 18

2.3.5.2 Bagian-bagian Surat Pribadi ... 19

2.3.5.3 Basa dina Surat Pribadi ... 20

2.3.5.4 Éjahan dina Surat Pribadi ... 20

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data ... 22


(2)

x

3.3 Métode Panalungtikan ... 24

3.4 Wangenan Operasional ... 24

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 25

3.6 Téhnik Pnalungtikan ... 26

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 26

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 27

BAB VI KASALAHAN MORFOLOGIS DINA SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMP PASUNDAN 3 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013 4.1 Data Kasalahan Morfologis ... 28

4.2 Kasalahan Ngagunakeun Wangun Kecap Rundayan ... 30

4.2.1 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Hareup ... 32

4.2.1.1 Kasalahan Milih Rarangkén Hareup ... 33

4.2.1.2 Kasalahan ku sabab Henteu Maké Rarangkén Hareup ... 33

4.2.1.3Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Hareup Interférénsi tina Basa Indonésia ... 34

4.2.2 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Tengah ... 34

4.2.2.1 Kasalahan Milih Rarangkén Tengah ... 36

4.2.2.2 Kasalahan ku sabab Henteu Maké Rarangkén Tengah ... 37

4.2.3 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Tukang ... 38

4.2.3.1 Kasalahan Milih Rarangkén Tukang ... 39

4.2.3.2 Kasalahan ku sabab Henteu Maké Rarangkén Tukang ... 40

4.2.3.3 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Tukang Interférénsi tina Basa Indonésia ... 40

4.2.4 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Barung ... 41

4.2.4.1 Kasalahan Milih Rarangkén Barung ... 41

4.2.4.2 Kasalahan Ngaguankeun Rarangkén Barung Interférénsi tina Basa Indonésia ... 42

4.2.5 Kasalahan Ngagunakeun Rarangkén Gabung ... 43

4.2.5.1 Kasalahan Milih Rarangkén Gabung ... 43

4.2.5.2 Kasalahan ku sabab Henteu Maké Rarangkén Gabung ... 43

4.3 Kasalahan Ngagunakeun Wangun Kecap Rajékan ... 44

4.3.1 Kasalahan Ngagunakeun Wangun Kecap Rajékan Dwimurni ... 45

4.3.1.1 Kasalahan Milih Wangun Kecap Rajékan Dwimurni ... 45

4.3.1.2 Kasalahan Ngagunakeun Wangun Kecap Rajékan Dwimurni Interférénsi tina Basa Indonésia ... 46

4.3.2. Kasalahan Ngagunakeun Wangun Kecap Rajékan Dwipurwa ... 47

4.3.2.1 Kasalahan Milih Wangun Kecap Rajékan Dwipurwa ... 48

4.3.2.2 Kasalahan ku sabab Henteu Dirajék Dwipurwa ... 48

4.3.3 Kasalahan Ngagunakeun Wangun Kecap Rajékan Dwiréka ... 49

4.4 Kasalahan Ngagunakeun Wangun Kecap Kantétan ... 49

4.4.1 Kasalahan Milih Wangun Kecap Kantétan ... 49

4.4.2 Kasalahan Ngagunakeun Wangun Kecap Kantétan Interférénsi tina Basa Indonésia ... 50

4.5 Kasalahan Morfofonémis ... 50

4.5.1 Kasalahan Bagantina Foném ... 51


(3)

xi

4.6 Hasil Analisis Data ... 53

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 54

5.2 Rékoméndasi ... 56

DAFTAR PUSTAKA ... 58

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 60


(4)

1 BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004:6).

Fungsi utama basa dina kahirupan sapopoé manusa nya éta pikeun alat komunikasi jeung antaranggota masarakatna. Komunikasi nya éta prosés tukeur informasi antarindividu ngaliwatan sistem simbol, tanda, atawa paripolah anu umum (Abdul Chaer & Leonie Agustina, 2004:17). Ku kituna, salaku alat komunikasi, basa miboga rupa-rupa fungsi anu kawilang pentingna pikeun masarakat anu makéna.

Nilik kana pentingna basa salaku alat komunikasi, unggal jalma diperedih bisa ngagunakeun basa anu hadé, kalawan puguh éntép seureuhna tur bener undak-usuk basana. Kaparigelan ngagunakeun basa hiji jalma mangrupa modal anu utama pikeun ngayakeun prosés komunikasi di masarakat. Hiji jalma disebut geus parigel ngagunakeun basana upama éta jalma geus bisa ngalarapkeun aturan-aturan makéna basa kayaning komponén-komponén basa jeung éjahan basa Sunda anu bener. Salaku alat komunikasi, basa kudu luyu jeung kontékna (situasi, kondisi, jeung tujuan). Minangka alat komunikasi, basa Sunda miboga kalungguhan salaku basa daérah.

Pangajaran basa Sunda ditangtayungan ku payung hukum anu ngajanggélék dina Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat No. 5 Tahun 2003 ngeunaan ngamumulé basa, sastra jeung aksara daérah, anu netepkeun basa daérah, kaasup basa Sunda, diajarkeun ti TK nepi ka SMA/sadarajat di Jawa Barat.


(5)

2

Salian ti éta, basa Sunda mangrupa salasahiji mata pangajaran muatan lokal anu kudu diajarkeun di SD, SMP, jeung SMA di Jawa Barat. Basa Sunda diajarkeun di sakola-sakola sangkan siswa wanoh jeung weruh kana budaya jeung sastra Sunda, sarta bisa ngagunakeun basa Sunda kalawan bener tur merenah dina kahirupan sapopoé.

Dina kalungguhanana salaku basa daérah, saperti nu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi (1) lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jati diri (idéntitas) masarakat Sunda, (3) alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, (4) pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di sakola dasar (SD) di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonesia jeung pangajaran lianna, sarta (6) alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Halim dina Sudaryat, 2009:2).

Kaparigelan basa téh kudu kahontal kalawan hadé luyu jeung tujuan sarta fungsi pangajaran basa Sunda anu geus ditétélakeun di luhur. Nulis ogé mangrupa salasahiji aspék tina opat kaparigelan basa.

Dina kagiatan ngarang mikabutuh kaweruh kana tata basa, saperti kamampuh nuliskeun kecap, nyusun kalimah, nyusun paragrap, sarta kudu ngawasa éjahan basa Sunda anu bener.

Kamampuh nuliskeun kecap kalawan luyu jeung hartina, boh harti leksikal boh harti gramatikal kudu bener-bener kacangking ku nu nulis. Kamampuh ngagunakeun kaédah basa anu bener bakal mangaruhan kana hadé goréngna hasil tulisan.

Morfologis mangrupa sifat anu patali jeung morfologi. Morfologi nya éta bagian tina élmu basa anu medar asal-muasal wangun kecap sarta fungsi parobahan-parobahan éta wangun kecap, boh fungsi gramatikal boh fungsi semantik (Ramlan, 2009:21). Ku kituna, morfologi raket patalina jeung pilihan kecap (diksi). Ku lantaran kaédah morfologis mangrupa salasahiji kaédah basa anu kudu kacangking ku nu maké basa, kaasup para siswa di sakola, ku kituna perkara morfologis ogé jadi salasahiji bahan pangajaran di sakola. Dina prakna


(6)

3

digunakeun, kaédah morfologis téh tara salawasna bener, tapi bisa baé salah. Kasalahan saperti kitu bisa disebut kasalahan morfologis.

Sabada ngayakeun analisis kana sababaraha tulisan siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung, boh éta dina wangun kalimah boh dina wangun wacana, loba pisan kasalahan anu dilakukeun ku siswa. Dina hal ieu utamana kasalahan dina ngagunakeun kecap rundayan, kecap rajékan, kecap kantétan, jeung wangun morfonémis. Ieu hal patali jeung pangajaran kabasaan anu diajarkeun di sakola-sakola, kaasup di sakola menengah. Lolobana guru mentingkeun kana SKSD anu aya dina RPP anu ngawengku kaparigelan ngagunakeun basa kayaning matéri ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Sedengkeun matéri kabasaanana mah ngan saukur dijadikeun matéri tambahan.

Panalungtikan anu geus pernah dilakukeun ku mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah patali jeung kasalahan morfologis aya dua nya éta (1) “Kasalahan Morfologis dina Karangan Déskripsi Siswa SMP Percontohan Lab

School UPI” (Indah Kartika D, 2009), jeung (2) “Kasalahan Morfologis dina

Karangan Esay Siswa Kelas XII SMA Kartika Siliwangi 2 Bandung Taun Ajaran 2010/2011” (Restilawati Mustika, 2011). Sanajan sarua nalungtik ngeunaan kasalahan morfologis, tapi béda wangun wacana anu ditalungtikna sarta béda ogé sumber datana.

Dumasar kana sagala hal anu geus diébréhkeun di luhur jeung pentingna kaédah basa nu kudu kacangking ku pamaké basa, kaasup para siswa di sakola, panalungtikan anu judulna “Kasalahan Morfologis dina Surat Pribadi Siswa Kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013” ieu perlu dilaksanakeun.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Sangkan ambahan ieu panalungtikan teu lega teuing, ieu panalungtikan diwatesan ngan nalungtik perkara kasalahan morfologis dina:

1) ngagunakeun kecap rundayan; 2) ngagunakeun kecap rajékan;


(7)

4

4) ngagunakeun wangun morfofonémis.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang jeung watesan masalah anu geus dipedar, masalah ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap. 1) Kasalahan morfologis naon baé anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP

Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna?

2) Kasalahan ngagunakeun kecap rundayan naon baé anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat Pribadi anu disusunna? 3) Kasalahan ngagunakeun kecap rajékan naon baé anu dilakukeun ku siswa

kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna? 4) Kasalahan ngagunakeun kecap kantétan naon baé anu dilakukeun ku siswa

kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna? 5) Kasalahan ngagunakeun wangun morfofonémis naon baé anu dilakukeun ku

siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna?

1.3Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan téh boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

1) kasalahan morfologis anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna.

2) kasalahan ngagunakeun kecap rundayan anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 bandung dina surat pribadi anu disusunna.

3) kasalahan ngagunakeun kecap rajékan anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna.

4) kasalahan ngagunakeun kecap kantétan anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna.

5) kasalahan ngagunakeun wangun morfofonémis anu dilakukeun ku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung dina surat pribadi anu disusunna.


(8)

5

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun: 1) nambahan référénsi ngeunaan ulikan morfologis; jeung 2) méré informasi ngeunaan kaédah morfologis.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun méré gambaran ka paraguru pikeun nangtukeun léngkah-léngkah anu kudu dilaksanakeun patali jeung ngalatih kamampuh siswa dina ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah.

1.5Raraga Tulisan

Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap ahir dina ieu panalungtikan nya éta nyusun hiji laporan dina wangun skripsi. Raraga nulisna kabagi jadi lima bab, nya éta:

Bab I dijudulan bubuka, anu eusina ngawengku kasang tukang panulisan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II dijudulan kasalahan basa, morfologi jeung surat pribadi, anu eusina ngawengku wangenan kasalahan basa, kasang tukang kasalahan basa, ragem kasalahan basa, taksonomi kasalahan linguistik, kasalahan morfologis, wangenan morfologi, prosés morfologis: prosés ngararangkénan (afiks), prosés ngarajék (réduplikasi), prosés ngantétkeun (komposisi), morfofonémis, jeung matéri ngeunaan surat pribadi.

Bab III dijudulan métode panalungtikan, anu ngawengku sumber data, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

Bab IV dijudulan Kasalahan morfologis dina surat pribadi siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/213, eusina ngeunaan hasil analisis kasalahan morfologis anu nyampak dina surat pribadi nu ditulis ku siswa.


(9)

6

Bab V dijudulan kacindekan jeung Rékoméndasi , anu eusina nyindekkeun hasil panalungtikan sarta maparin rékoméndasi pikeun panalungtikan salajengna.


(10)

22 BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan nya éta ti mana asalna subjék data ditalungtik (Arikunto, 2006:129).

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh hasil karangan surat pribadi siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun ajaran 2012/2013.

Tabél 3.1

Sumber Data Panalungtikan

No. Kelas Siswa Jumlah

Awéwé Lalaki

1. VIII A 16 20 36

2. VIII B 14 25 39

3. VIII C 17 23 40

4. VIII D 15 15 30

Jumlah 62 83 145

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta anu dirancang pikeun ngajawab atawa ngajelaskeun masalah-masalah panalungtikan. Ieu desain panalungtikan téh disusun dumasar kana léngkah-léngkah: (1) nangtukeun masalah, (2) studi pendahuluan, (3) ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, (4) ngarumuskeun anggapan dasar, (5) nangtukeun sumber data, (6) nangtukeun jeung nyusun instrumen, (7) ngumpulkeun data, (8) analisis data, (9) nyieun kacindekan, jeung (10) nyusun laporan, Arikunto (2006:22-23).

Desain panalungtikan anu dilakukeun ku panalungtik didadasaran ku léngkah-léngkah panalungtikan anu geus ditétélakeun ku Arikunto di luhur


(11)

23

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Nangtukeun Masalah

Studi Pendahuluan

Ngawatesanan jeung Ngarumuskeun Masalah

Ngarumuskeun Anggapan Dasar

Ngumpulkeun Data

Nganalisis Data

Nyusun Laporan Nangtukeun Sumber Data

Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén


(12)

24

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu baris digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kasalahan-kasalahan morfologis anu ngawengku kasalahan ngagunakeun kecap rundayan, kasalahan ngagunakeun kecap rajékan, jeung kasalahan ngagunakeun kecap kantétan dina surat pribadi siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

Léngkah-léngkah métode panalungtikan:

1) ngumpulkeun data, anu mangrupa hasil karangan surat pribadi siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung,

2) nganalisis hasil karangan siswa anu mangrupa surat pribadi, jeung 3) ngadadarkeun hasil analisis.

3.4 Wangenan Operasional

Dina ieu panalungtikan dibutuhkeun katerangan-katerangan pikeun nyingkahan ayana multitafsir, ieu katerangan téh patali jeung judul panalungtikan.

1) Kasalahan morfologis nya éta kasalahan ngagunakeun kaédah atawa norma prosés morfologis nu ngawengku ngararangkénan (afiksasi), ngarajék (réduplikasi), ngantétkeun (komposisi). Luyu jeung pamadegan Tarigan & Tarigan (2011:180) anu nétélakeun yén kasalahan morfologis téh mangrupa kasalahan ngagunakeun basa anu dilantarankeun ku salah nangtukeun rarangkén, salah nangtukeun kecap rajékan, salah nyusun kecap kantétan, jeung salah milih wangun kecap.

2) Surat pribadi nya éta surat anu ditulis ku hiji jalma pikeun ngébréhkeun pikiran, rasa, sarta kahayangna anu sipatna pribadi ka jalma lian. Ciri-ciri surat pribadi di antarana nya éta teu ngagunakeun kop surat, teu ngagunakeun nomer surat, salam bubuka jeung panutupna rupa-rupa, sarta basa nu digunakeun bébas kumaha nu nulisna, tapi disaluyukeun jeung jalma anu ditujuna.


(13)

25

Dumasar wangenan-wangenan di luhur, bisa dicindekeun yén anu dimaksud Kasalahan Morfologis dina Surat Pribadi Siswa Kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 téh nya éta panalungtikan anu tujuanna pikeun ngadéskripsikeun kasalahan-kasalahan morfologis anu aya dina kecap-kecap anu digunakeun dina surat pribadi siswa salaku siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Aajaran 2012/2013.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan nya éta alat anu ngarojong kana panalungtikan. Instrumen anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta instrumen tés. Éta instrumen tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data kasalahan morfologis dina surat pribadi siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

Pancén atawa tés anu ditugaskeun ka siswa contona bisa dititénan ieu di handap:

Pancén!

Jieun hiji surat pribadi kalawan téma bébas keur ka: 1) Kolot

2) Babaturan

Dina bagian ngolah data, panalungtik nganalisis data anu geus dikumpulkeun. Tuluy nyirian kecap rundayan, kecap rajékan, jeung kecap kantétan anu salah anu kapanggih dina surat pribadi siswa. Anapon instrumén pikeun ngolah data bisa ogé ditalungtik ngaliwatan kartu data anu bisa dititénan dina kartu data ieu di handap.


(14)

26

Kartu Data KARTU DATA

Kode Siswa:

Kalimah :………...

………...

Kecap nu teu luyu jeung prosés léksémikna:

………...

………..

………..

………..

Kuduna: ………..

………..

………..

Warna Kasalahan:………... Data kasalahan morfologis nu kapanggih dina kalimah dibéré kode. Éta kode téh eusina nya éta (1) nomer karangan siswa, jeung (2) baris tempat kasalahan, contona:

(SP.1/2) …kuring sararéa tumpak angkot…

Hartina, éta kasalahan téh kapanggih dina karangan nomer 1 baris ka 2. 3.6Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés jeung téhnik dokuméntasi. Téhnik tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data hasil karangan siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013. Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun nganalisis kasalahan morfologis dina surat pribadi siswa kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.


(15)

27

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun diolah dumasar sababaraha léngkah ieu di handap.

a. Maca hasil karangan siswa sarta nyirian kecap rundayan, rajékan, kantétan, jeung wangun morfofonémis anu salah,

b. Ngasupkeun kecap-kecap rundayan, rajékan, kantétan, jeung wangun morfofonémis anu salah kana kartu data.

c. Ngawilah-wilah kartu data dumasar kana kasalahan morfologisna, anu ngawengku kasalahan ngagunakeun wangun kecap rundayan, kasalahan ngagunakeun wangun kecap rajékan, kasalahan ngagunakeun wangun kecap kantétan, jeung kasalahan morfofonémis,

d. Ngasupkeun data tina kartu data anu geus diwilah-wilah kana tabél.


(16)

55 BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasilpanalungtikanjeunganalisis data dinababopatngeunaankasalahanmorfologisdinasuratpribadisiswakelas VIII SMP

Pasundan 3 Bandung,

kasalahananupanglobananyaétakasalahanngagunakeunwangunkecaprundayan, kasalahanngagunakeunwangunmorfofonémis,

kasalahanngagunakeunwangunkecaprajékan,

jeungkasalahanngagunakeunwangunkecapkantétan.

1) Kasalahandinangagunakeunwangunkecaprundayanaya66kecap (62,04%), anuwincikanana: (1) kasalahanngagunakeunrarangkénhareupaya 6 kecap (5,66%),

anungawengkukasalahanmilihrarangkénhareup,contonakapanggihkudunapapa nggih,

kasalahankusababhenteumakérarangkénhareup,contonacaritakudunanyarita, jeungkasalahanngagunakeunrarangkénhareupinterférénsitinabasaIndonésia, contonaberubahkudunarobah; (2) kasalahanngagunakeunrarangkéntengahaya 29 kecap (27,36%), anungawengkukasalahanmilihrarangkéntengah, contonaaralaluskudunaaralus, jeungkasalahankusababhenteu make

rarangkéntengah, contonadamangkudunadaramang; (3)

kasalahanngagunkeunrarangkéntukangaya 18kecap(16,98%), anungawengkukasalahanmilihrarangkéntukang,

contonaanjeunakudunaanjeunna,

kasalahankusababhenteumakérarangkéntukang,

contonarupikudunarupina,jeungkasalahanngagunakeunrarangkéntukanginterf érénsitinabasaIndonésia, contonabakalankudunabakal; (4) kasalahanngagunakeunrarangkénbarungaya 6kecap (5,66%),


(17)

56

anungawengkukasalahanmilihrarangkénbarung, contonapatempatankudunatempat,

kjeungkasalahanngagunakeunrarangkénbarunginterférénsitinabasaIndonésia,

contonaperobahankudunarobah; jeung (5)

kasalahanngagunakeunrarangkéngabungaya 4kecap

(3,77%)anungawengkukasalahanmilihrarangkéngabung, contonadiamengkeunkudunaameng,

jeungkasalahankusababhenteumakérarangkéngabung, contonaajakkudunangajakan.

2) Kasalahanngagunakeunwangunmorfofonémisaya 20 kecap (918,88%), anuwincikanana: (1) kasalahanbagantinafonémaya 14 kecap

(13,21%),contonagalalakkudunagaralak; jeung(2)

kasalahantambahnafonémaya 6 kecap (5,66%), contonaninggalikudunaningali. 3) Kasalahanngagunakeunwangunkecaprajékanaya 17 kecap (15,98%), anuwincikanana: (1) kasalahanngagunakeunwangunrajékandwimurniaya 13 kecap (12,26%), anungawengkukasalahanmilihwangunkecaprajékandwimurni, contonadahar-daharkudunadahar,

jeungkasalahanngagunakeunwangunkecaprajékandwimurniinterférénsitinabasa Indonésia, contonabareng-barengkudunababarengan; (2) kasalahanngagunakeunwangunkecaprajékandwipurwaaya 3 kecap (2,83%), anungawengkukasalahanmilihwangunkecaprajékandwipurwa,

contonagugunungankudunapagunungan, kasalahankusababhenteudirajékdwipurwa, contonadipohokeunkudunadipopohokeun,

jeungkasalahanngagunakeunwangunkecaprajékandwipurwainterférénsitinabasa Indonésia, contonababakarankudunabeubeuleuman; jeung (3) kasalahanngagunakeunwangunkecaprajékandwirékaayasakecap

(0,94%)nyaétakulawarga-wargikudunawargi-wargi.

4) Kasalahanngagunakeunwangunkecapkantétanaya 3 kecap (2,83%), anungawengkukasalahanmilihwangunkecapkantétan,


(18)

57

jeungkasalahanngagunakeunwangunkecapkantétaninterférénsitinabasaIndonési a, contonaulangtahunkudunatepangtaun.

5.2 Rékoméndasi

Sabadangalaksanakeunpanalungtikanngeunaankasalahanmorfologisdinasur atpribadisiswakelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung taunajaran 2012/1013, ieu di handapbarisdiébréhkeunsababaraharékoméndasi.

1) Pangajaranngeunaankaédahmorfologisperludiajarkeunsacarainténsifkabarudaks akolaminangkasalasahijitarékahpikeunnyingkahankasalahanmakénabasa, utamanadinawangunkecaprékaan.

2) Ieuhasilpanalungtikantéhbisadijadikeunbahanperhatianpikeun

gurumatapelajaranbasaSundadinanyusunrarancangbahanpangajaranbasaSunda. 3) Ieupanalungtikanngansaukurnganalisiskasalahanmorfologistinawacanatulisanw ungkul. Data nu leuwihlengkeptangtu kudu ayasumberwacanalisan. Ku kituna, panalungtikankasalahanmorfologistéhmasihbisadituluykeun, pangpangnaanu make sumber data basaSundalisan.


(19)

58

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. Chaedar. (1987). LinguistikSuatuPengantar. Bandung: Angkasa. Arikunto, Suharsimi. (2006). ProsedurPenelitianSuatuPendekatanPraktik.

Jakarta: RinekaCipta.

Chaer, Abdul.(2008). MorfologiBahasa Indonesia Pendekatan Proses. Jakarta: RinekaCipta.

Chaer, Abdul & Leonie Agustina.(2004). SosiolinguistikPerkenalanAwal. Jakarta: RinekaCipta.

Danadibrata, R. A. (2006). KamusBasaSunda. Bandung: Kiblat.

Finoza, Lamuddin. (2010). Aneka SuratSekretaris&Bisnis Indonesia. Jakarta: Diksi.

Hadi, Ahmad. (2011). LancarBasaSundaPikeunPangajaranBasaSunda SMP/MTs

Kelas VIII. Bandung: CV. AtikanMandiri.

Hengnurwida, Risal. (2012). Model Pangajaran Cooperative Integrated Reading

and Composition (CIRC) Dina PangajaranNUlisSuratPribadi (StudiKuasiÉkspériménkaSiswaKelas VIII D SMPN 3 LembangTaunAjaran 2011/2012). SkripsiSarjanapada FPBS UPI Bandung: tidakditerbitkan.

LembagaBasajeungSastraSunda.(2007). KamusUmumBasaSunda. Bandung: GegerSunten.

Mahsun, M.S. (2012). MetodePenelitianBahasa. Jakarta: PT RajaGrafindoPersada.

Marjo, Y. S. (2008). Surat-SuratLengkap Complete Letters. Jakarta: SetiaKawan.

Mustika, Restylawati. (2011).

KasalahanMorfologisdinaKaranganÉséySiswaKelas XII SMA KartikaSiliwangi 2 Bandung TaunAjaran 2010/2011.SkripsiSarjanapada

FPBS UPI Bandung: tidakditerbitkan.

Prawirasumantri, Abud, spk. (1989). SeratSineratBasaSunda. Bandung: RahmatCijulang.

Ramlan, M. (2009).MorfologiSuatuTinjauanDeskriptif. Yogyakarta: CV. Karyono.


(20)

59

Sudaryat, Yayat.(1985). PedaranBasaSunda. Bandung: CV GegerSunten. Sudaryat, Yayat.(2004). ÉlmuningBasa. Bandung: CV. Walatra.

Sudaryat, Yayat. (2005). KamusIstilahÉlmuningBasa. Bandung: CV. KaryaIptek. Sudaryat, Yayat, spk. (2007). MakayaBasajeungSastraSunda. Bandung: Sonagar

Press.

Sudaryat, Yayat, spk. (2009). Tata BasaSundaKiwari. Bandung: YramaWidya.

Tarigan, Henry Guntur &DjagoTarigan. (2011).

PengajaranAnalisisKesalahanBerbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Dosen JPBD FPBS UPI. (2008). PalanggeranEjahanBasaSunda. Bandung: Sonagar Press.

UniversitasPendidikan Indonesia.(2012). PedomanPenulisanKaryaIlmiah.


(1)

27

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun diolah dumasar sababaraha léngkah ieu di handap.

a. Maca hasil karangan siswa sarta nyirian kecap rundayan, rajékan, kantétan, jeung wangun morfofonémis anu salah,

b. Ngasupkeun kecap-kecap rundayan, rajékan, kantétan, jeung wangun morfofonémis anu salah kana kartu data.

c. Ngawilah-wilah kartu data dumasar kana kasalahan morfologisna, anu ngawengku kasalahan ngagunakeun wangun kecap rundayan, kasalahan ngagunakeun wangun kecap rajékan, kasalahan ngagunakeun wangun kecap kantétan, jeung kasalahan morfofonémis,

d. Ngasupkeun data tina kartu data anu geus diwilah-wilah kana tabél.


(2)

55 BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasilpanalungtikanjeunganalisis data dinababopatngeunaankasalahanmorfologisdinasuratpribadisiswakelas VIII SMP

Pasundan 3 Bandung,

kasalahananupanglobananyaétakasalahanngagunakeunwangunkecaprundayan, kasalahanngagunakeunwangunmorfofonémis,

kasalahanngagunakeunwangunkecaprajékan,

jeungkasalahanngagunakeunwangunkecapkantétan.

1) Kasalahandinangagunakeunwangunkecaprundayanaya66kecap (62,04%), anuwincikanana: (1) kasalahanngagunakeunrarangkénhareupaya 6 kecap (5,66%),

anungawengkukasalahanmilihrarangkénhareup,contonakapanggihkudunapapa nggih,

kasalahankusababhenteumakérarangkénhareup,contonacaritakudunanyarita, jeungkasalahanngagunakeunrarangkénhareupinterférénsitinabasaIndonésia, contonaberubahkudunarobah; (2) kasalahanngagunakeunrarangkéntengahaya 29 kecap (27,36%), anungawengkukasalahanmilihrarangkéntengah, contonaaralaluskudunaaralus, jeungkasalahankusababhenteu make rarangkéntengah, contonadamangkudunadaramang; (3) kasalahanngagunkeunrarangkéntukangaya 18kecap(16,98%), anungawengkukasalahanmilihrarangkéntukang,

contonaanjeunakudunaanjeunna,

kasalahankusababhenteumakérarangkéntukang,

contonarupikudunarupina,jeungkasalahanngagunakeunrarangkéntukanginterf érénsitinabasaIndonésia, contonabakalankudunabakal; (4) kasalahanngagunakeunrarangkénbarungaya 6kecap (5,66%),


(3)

56

anungawengkukasalahanmilihrarangkénbarung, contonapatempatankudunatempat,

kjeungkasalahanngagunakeunrarangkénbarunginterférénsitinabasaIndonésia,

contonaperobahankudunarobah; jeung (5)

kasalahanngagunakeunrarangkéngabungaya 4kecap

(3,77%)anungawengkukasalahanmilihrarangkéngabung, contonadiamengkeunkudunaameng,

jeungkasalahankusababhenteumakérarangkéngabung, contonaajakkudunangajakan.

2) Kasalahanngagunakeunwangunmorfofonémisaya 20 kecap (918,88%), anuwincikanana: (1) kasalahanbagantinafonémaya 14 kecap (13,21%),contonagalalakkudunagaralak; jeung(2) kasalahantambahnafonémaya 6 kecap (5,66%), contonaninggalikudunaningali. 3) Kasalahanngagunakeunwangunkecaprajékanaya 17 kecap (15,98%), anuwincikanana: (1) kasalahanngagunakeunwangunrajékandwimurniaya 13 kecap (12,26%), anungawengkukasalahanmilihwangunkecaprajékandwimurni, contonadahar-daharkudunadahar,

jeungkasalahanngagunakeunwangunkecaprajékandwimurniinterférénsitinabasa Indonésia, contonabareng-barengkudunababarengan; (2) kasalahanngagunakeunwangunkecaprajékandwipurwaaya 3 kecap (2,83%), anungawengkukasalahanmilihwangunkecaprajékandwipurwa,

contonagugunungankudunapagunungan, kasalahankusababhenteudirajékdwipurwa, contonadipohokeunkudunadipopohokeun,

jeungkasalahanngagunakeunwangunkecaprajékandwipurwainterférénsitinabasa Indonésia, contonababakarankudunabeubeuleuman; jeung (3) kasalahanngagunakeunwangunkecaprajékandwirékaayasakecap

(0,94%)nyaétakulawarga-wargikudunawargi-wargi.

4) Kasalahanngagunakeunwangunkecapkantétanaya 3 kecap (2,83%), anungawengkukasalahanmilihwangunkecapkantétan,


(4)

57

jeungkasalahanngagunakeunwangunkecapkantétaninterférénsitinabasaIndonési a, contonaulangtahunkudunatepangtaun.

5.2 Rékoméndasi

Sabadangalaksanakeunpanalungtikanngeunaankasalahanmorfologisdinasur atpribadisiswakelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung taunajaran 2012/1013, ieu di handapbarisdiébréhkeunsababaraharékoméndasi.

1) Pangajaranngeunaankaédahmorfologisperludiajarkeunsacarainténsifkabarudaks akolaminangkasalasahijitarékahpikeunnyingkahankasalahanmakénabasa, utamanadinawangunkecaprékaan.

2) Ieuhasilpanalungtikantéhbisadijadikeunbahanperhatianpikeun

gurumatapelajaranbasaSundadinanyusunrarancangbahanpangajaranbasaSunda. 3) Ieupanalungtikanngansaukurnganalisiskasalahanmorfologistinawacanatulisanw ungkul. Data nu leuwihlengkeptangtu kudu ayasumberwacanalisan. Ku kituna, panalungtikankasalahanmorfologistéhmasihbisadituluykeun, pangpangnaanu make sumber data basaSundalisan.


(5)

58

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. Chaedar. (1987). LinguistikSuatuPengantar. Bandung: Angkasa. Arikunto, Suharsimi. (2006). ProsedurPenelitianSuatuPendekatanPraktik.

Jakarta: RinekaCipta.

Chaer, Abdul.(2008). MorfologiBahasa Indonesia Pendekatan Proses. Jakarta: RinekaCipta.

Chaer, Abdul & Leonie Agustina.(2004). SosiolinguistikPerkenalanAwal. Jakarta: RinekaCipta.

Danadibrata, R. A. (2006). KamusBasaSunda. Bandung: Kiblat.

Finoza, Lamuddin. (2010). Aneka SuratSekretaris&Bisnis Indonesia. Jakarta: Diksi.

Hadi, Ahmad. (2011). LancarBasaSundaPikeunPangajaranBasaSunda SMP/MTs Kelas VIII. Bandung: CV. AtikanMandiri.

Hengnurwida, Risal. (2012). Model Pangajaran Cooperative Integrated Reading

and Composition (CIRC) Dina PangajaranNUlisSuratPribadi

(StudiKuasiÉkspériménkaSiswaKelas VIII D SMPN 3

LembangTaunAjaran 2011/2012). SkripsiSarjanapada FPBS UPI

Bandung: tidakditerbitkan.

LembagaBasajeungSastraSunda.(2007). KamusUmumBasaSunda. Bandung: GegerSunten.

Mahsun, M.S. (2012). MetodePenelitianBahasa. Jakarta: PT RajaGrafindoPersada.

Marjo, Y. S. (2008). Surat-SuratLengkap Complete Letters. Jakarta: SetiaKawan.

Mustika, Restylawati. (2011).

KasalahanMorfologisdinaKaranganÉséySiswaKelas XII SMA

KartikaSiliwangi 2 Bandung TaunAjaran 2010/2011.SkripsiSarjanapada FPBS UPI Bandung: tidakditerbitkan.

Prawirasumantri, Abud, spk. (1989). SeratSineratBasaSunda. Bandung: RahmatCijulang.

Ramlan, M. (2009).MorfologiSuatuTinjauanDeskriptif. Yogyakarta: CV. Karyono.


(6)

59

Sudaryat, Yayat.(1985). PedaranBasaSunda. Bandung: CV GegerSunten. Sudaryat, Yayat.(2004). ÉlmuningBasa. Bandung: CV. Walatra.

Sudaryat, Yayat. (2005). KamusIstilahÉlmuningBasa. Bandung: CV. KaryaIptek. Sudaryat, Yayat, spk. (2007). MakayaBasajeungSastraSunda. Bandung: Sonagar

Press.

Sudaryat, Yayat, spk. (2009). Tata BasaSundaKiwari. Bandung: YramaWidya. Tarigan, Henry Guntur &DjagoTarigan. (2011).

PengajaranAnalisisKesalahanBerbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Dosen JPBD FPBS UPI. (2008). PalanggeranEjahanBasaSunda. Bandung: Sonagar Press.

UniversitasPendidikan Indonesia.(2012). PedomanPenulisanKaryaIlmiah. Bandung: UPI.