ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA.

(1)

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Iman Nurdin

1003143

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2015


(2)

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Oleh Iman Nurdin

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi sebagian syarat untuk memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas

Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Iman Nurdin2015 Universitas Pendidikan Indonesia

DESEMBER 2015

Hak Cipta dilindungi Undang-Undang

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, dengan dicetak ulang, diphotocopy, atau cara lainnya tanpa izin penilis.


(3)

LEMBAR PENGESAHAN

IMAN NURDIN NIM 1003143

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping 1,

DR. Dedi Koswara, M.Hum. NIP ...

Pangaping II,

Agus Suherman, S. Pd., M. Hum. NIP ...

Kauninga ku

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001


(4)

(5)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANA PIKEUN BAHAN PANGAJAN DI SMA1

IMAN NURDIN2 NIM 1003143

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul ”Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon

Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana pikeun Bahan Pangajaran di

SMA”, di dalamnya mengkaji persoalan aspék sosiologi sastra dalam buku kumpulan cerpen Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana yang ditujukan

untuk bahan ajar di SMA. Menurut Wellek & Warren, aspek sosiologi sastra meliputi sosiologi pengarang, sosiologi karya, dan sosiologi pembaca. Penelitian ini dilaksanakan untuk mengungkap hubungan yang pasti di antara keterkaitan pengarang, karya, dan lingkup sosial masyarakat yang menyertainya. Untuk mencapai tujuan tersebut, metode yang digunakan ialah metode deskriptif-analitik, yaitu metode untuk mendeskripsikan data-data, kemudian menafsirkan objek penelitian berdasarkan data-data tersebut. Teknik yang digunakan ialah teknik wawancara, studi analisis data, dan studi pustaka. Maka hasil yang diperoleh dari penelitian ini ialah: (1) proses kreatif Yus Rusyana dalam mencipta karya, ternyata tidak dapat dipisahkan dari kehidupan interaksi sosialnya; (2) gagasan yang terkandung dalam kumpulan cerpen Jajatén Ninggang Papastén

ialah tentang kehidupan sosial kemasyarakatan, secara khusus kehidupan sosial

ménak dan masyarakat kecil, kepemimpinan dan juga religiusitas; (3) keberadaan

buku kumpulan cerpen Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana di

tengah-tengah masyarakat telah menimbulkan dampak yang positif. Dalam pandangan para kritikus sastra sebagai perwakilan masyarakat ahli, karya Yus Rusyana merupakan karya realis yang berat dalam segi ide. Kenyataan cerita kehidupan yang ada dibalut dengan pemilihan kata-kata puitis yang dituangkan dalam sebuah karangan; (4) aplikasi hasil penelitian aspek sosiologi sastra untuk bahan ajar di SMA. Dari penelitian ini dapat disimpulkan bahwa buku kumpulan cerpen Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana, mencerminkan bagaimana seharusnya

pemimpin bersikap terhadap rakyatnya. Saran untuk penelitian selanjutnya ialah

1 Skripsi ini dibawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum., dan Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. 2 Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra


(6)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

agar kajian terhadap ketiga aspek sosiologi sastra dapat dilakukan lebih mendalam demi kepentingan pendidikan di sekolah.

Kata kunci: Jajatén Ninggang Papastén, sosiologi sastra, bahan ajar

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANA PIKEUN BAHAN PANGAJAN DI SMA3

IMAN NURDIN4 NIM 1003143

ABSTRAK

Ieu skripsi dijudulan "Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon

Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana pikeun Bahan Pangajaran di

SMA", dijerona maluruh ngeunaan aspék sosiologi sastra dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana anu ditujukeun pikeun

bahan pangajaran di SMA. Nurutkeun Wellek & Warren, aspék sosiologi sastra ngawéngku sosiologi pangarang, sosiologi karya, jeung sosiologi nu maca. Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun nyangking gambaran nu jéntré di antara hubungan pangarang, karya, jeung lingkungan sosial masarakatna. Pikeun ngahontal éta tujuan, ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif-analitik, ieu métode digunakeun pikeun ngadéskripsikeun data-data, tuluy napsirkeun objék panalungtikan dumasar kana data nu kapanggih. Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik wawancara, studi analisis data, jeung studi pustaka. Hasil anu kacangking tina ieu panalungtikan nyaéta: (1) prosés anu dilakonan Yus Rusyana dina nyiptakeun karyana, teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan interaksi sosialna; (2) kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén

ngamuat gagasan-gagasan ngeunaan kahirupan sosial masarakat, sacara husus kahirupan sosial ménak jeung masarakat leutik, kapamingpinan jeung réligiusitas; (3) buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana geus

nimbulkeun pangaruh nu positif di masarakat. Nurutkeun sawangan para kritikus sastra salaku wawakil masarakat ahli, karya Yus Rusyana minangka karya réalis anu beurat dina ideu. Kanyataan kajadian anu aya di masarakat ditarétés deui ku kekecapan puitis anu ngajanggélék jadi karangan; (4) aplikasi hasil panalungtikan

3 Ieu skripsi diaping ku Dr. Dedi Koswara, M.Hum., jeung Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. 4 Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra


(7)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

aspék sosiologi sastra pikeun bahan pangajaran di SMA. Tina hasil panalungtikan bisa dicindekkeun yén buku kumpulan cerpen Jajatén Ninggang Papastén karya

Yus Rusyana jadi eunteung kumaha sikep pamingpin anu sakuduna. Saran pikeun panalungtikan satuluyna, nyaéta sangkan talaah kana katilu aspék sosiologi sastra bisa dilaksanakeun leuwih teleb tur mundel pikeun bahan pangajaran di sakola.


(8)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

Kaca

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN ... v

DAFTAR EUSI ... vii

DAPTAR BAGAN ... x

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR GAMBAR ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan Masalah Panalungtikan... 6

1.3 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 6

1.4 Tujuan Panalungtikan... 6

1.4.1 Tujuan Umum ... 6

1.4.2 Tujuan Husus ... 6

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 7

BAB II SOSIOLOGI SASTRA, PÉRIODISASI SASTRA SUNDA, CARITA PONDOK SUNDA JEUNG BAHAN PANGAJARAN ... 8

2.1 Sosiologi Sastra ... 8

2.1.1 Wangenan Sosiologi Sastra ... 8

2.1.2Sajarah Kamekaran Sosiologi Sastra ... 9

2.1.3Ambahan Sosiologi Sastra ... 10

2.2 Périodisasi Sastra Sunda ... 11

2.3 Carita Pondok Sunda ... 13

2.3.1 Wangenan Carita Pondok ... 13

2.3.2 Sajarah Kamekaran Carita Pondok ... 14

2.3.3 Papasingan Carita Pondok ... 15

2.4 Bahan Pangajaran ... 16

2.4.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 16


(9)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

viii

BAB III MÉTODEU PANALUNGTIKAN ... 18

3.1 Métodeu jeung Désain Panalungtikan ... 18

3.1.1 Métodeu Panalungtikan ... 18

3.1.2 Désain Panalungtikan ... 18

3.2 Wangenan Oprasional ... 19

3.3 Instrumén Panalungtikan ... 20

3.4 Téhnik Ngumpulkeun jeung Nganalisis Data ... 20

3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 20

3.4.2 Téhnik Nganalisis Data ... 21

3.5 Sumber Data Panalungtikan ... 21

3.5.1 Idéntitas Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén ... 22

3.5.2Ringkesan Carpon Jajatén Ninggang Papastén ... 23

BAB IV ASPK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA ... 29

4.1Sosiologi Pangarang ... 29

4.1.1 Riwayat Hirup Yus Rusyana ... 29

4.1.2 Riwayat Atikan Yus Rusyana ... 31

4.1.3Riwayat Atikan Yus Rusyana ... 32

4.1.4 Kagiatan Sastra jeng Karya-Karya Yus Rusyana ... 33

4.1.4.1 Sajak ... 33

4.1.4.2 Carita Pondok ... 33

4.1.4.3 Drama ... 34

4.1.4.4 Dangding ... 34

4.1.4.5 Carita Barudak ... 34

4.1.4.6 Studi Ngeunaan Sastra ... 35

4.1.4.7 Buku ... 35

4.1.4.8 Esai ... 36

4.2 Sosiologi Karya Sastra Kumulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén ... 48

4.2.1 Analisis Carpon “Putri Jin” ... 49

4.2.2 Analisis Carpon “Di Pasaréan” ... 50

4.2.3 Analisis Carpon “Rerempon” ... 53

4.2.4 Analisis Carpon “Pasang Subaya” ... 54

4.2.5 Analisis Carpon “Apun Gencay” ... 57


(10)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ix

4.2.7 Analisis Carpon “Nyingkur” ... 61

4.2.8 Analisis Carpon “Pugerwangi” ... 63

4.2.9 Analisis Carpon “Du’a Keur Umi” ... 64

4.2.10 Analisis Carpon “Geuning Gamparan Sumping” ... 66

4.2.11 Analisis Carpon “Miang” ... 67

4.3 Sosiologi nu Maca Karya Sastra ... 69

4.3.1 Sawangan Duduh Durahman... 70

4.3.2 Sawangan Teddi Muhtadin ... 72

4.3.3 Sawangan Hawe Setiawan ... 74

4.4 Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén pikeun Bahan Pangajaran di SMA ... 77

4.4.1 Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén pikeun Bahan Pangajaran Nulis Biografi ... 78

4.4.2 Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén pikeun Bahan Pangajaran Ngaprésiasi Carita Pondok ... 78

4.4.3 Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya ... 79

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 80

5.1 Kacindekan ... 80

5.2 Rékoméndasi ... 81

DAPTAR PUSTAKA ... 83 LAMPIRAN-LAMPIRAN ... RIWAYAT HIRUP ...


(11)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Hakékatna mah sastra téh fiksionalitas anu nandeskeun sual kaartistikan.Di satukangeun kafiksian jeung kaartistikanana téh ngajengléng ajén-ajén kajujuran jeung bebeneran (Koswara, 2011, kc. 6).Karya sastra téh minangka hasil rinéka cipta atawa imajinasi pangarang anu nyekel pageuh perkara-perkara nu dianggap éndah sarta di jerona miboga maksud jeung tujuan pikeun nepikeun hiji atawa sababaraha hal ka masarakat (pamaca).

Salian ti éta, sastra miboga fungsi pikeun ngalipur ka pamaca. Saluyu jeung konsép anu diasongkeun ku Horace yén sastra téh mangrupa salasahiji unsur tina seni. Dina seni aya istilah dulce jeung utile anu pihartieunana seni téh éndah tur

aya mangpaatna (Koswara, 2011: 7).

Sastra moal leupas tina sual kamasarakatan lantaran pangarang jeung pamaca jadi bagian tina masarakat sosial anu sapopoéna hirup kumbuhdi lingkungan masarakat. Karya sastra minangka hasil cipta imajinasi pangarang mangrupa invéstasitina kumpulan gagasan jeung pangalaman lahiriah batiniah pangarang tepi ka jadi karya anu miboga ajén luhung. Kaayaan sosial anu digambarkeun pangarang dina karyana ngaliwatan carita fiktif mangrupa hiji bukti yén ayana kajujuran dina ngainterprétasikeun kondisi sosial anu karandapan.

Pikeun ngabuktikeun yén karya sastra téh moal leupas tina sual kamasarakatan (sosial), tangtu kudu aya analisis anu matalikeun antara karya sastra jeung studi sastra. Aya rupa-rupa analisis anu bisa dipaké dina maluruh aspék sosial masarakat dina karya sastra, salasahijina – jeung anu dipaké dina ieu panalungtikan – analisis sosiologi sastra.

Analisis sosiologi sastra mangrupa analisis gabungan unsur intrinsik jeung ékstrinsik karya sastra anu matalikeun karya sastra jeung kondisi sosial


(12)

2

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

masarakatna.Numutkeun Wellek jeung Warren (dina Ratna, 2003: 16-17) ulikan sosiologi sastra ngawengku tilu garapan nya éta: 1) analisis pangarang salaku

pencipta, 2) analisis karyana, sarta 3) analisis pamaca.Pangarang mangrupa unsur

di luar karya sastra anu jadi konci utama lahirna karya sastra nurutkeun jihat sawangan sosiologi sastra.

Pamadegan Wéllek & Warren diwewegan ogé ku Ian Watt (dina Damono, 1979, kc. 3-4), kalayan catetan wangenan anu diasongkeun ku Watt mah leuwih positif.

Kahiji, kontéks sosial pangarang.Ieu hal raket patalina jeung posisi sosial

pangarang di masarakat sarta patalina jeung masarakat pamaca, kaasup faktor-faktor sosial anu bisa mangaruhan pangarang salaku individu di sagigireun mangaruhan eusi karya sastrana. Anu jadi garapan panalungtikan téh nya éta: (a) kumaha pangarang matéakeun pakasabana, (b) propésionalismeu dina kapangarangan; nepi ka mana pangarang nganggap pagawéanana salaku propési, sarta (c) masarakat anu mana anu jadi dimaksud ku pangarang; hubungan antara pangarang jeung masarakat dina ieu hal kawilang penting, lantaran sering kapanggih yén masarakat anu dimaksud téh nangtukeun wangun jeung eusi karya sastra.

Kadua, sastra salaku eunteung masarakat.Maksudna, nepi ka mana sastra

bisa ngagambarkeun kaayaan masarakatna, sanajan wangenan “eunteung” ieu sorangan masih multitapsir. Anu dimaksud multitapsir nya éta: (a) sastra téh boa-boa teu ngagambarkeun masarakat nalika éta karya sastra ditulis, sabab loba ciri-ciri masarakat anu ditembrakkeun dina karya sastra geus teu luyu deui nalika éta karya sastra ditulis. (b) Sipat hayang béda ti batur ti diri pangarang mindeng

mangaruhan kana milih jeung némbongkeun fakta-fakta sosial dina karyana. (c)

Génré sastra sering ngan saukur sikep sabagian sosial masarakat lain

ngambarkeun sikep sakabéh masarakat. (d) Sastra anu dianggap bisa némbongkeun kaayaan masarakat kalayan taliti bisa waé teu dipercaya salaku


(13)

3

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

eunteung masarakat. Sabalikna, karya sastra anu teu ngagambarkeun kaayaan masarakat kalayan taliti bisa dipaké pikeun mikanyaho kaayaan masarakat.

Katilu, fungsi sosial sastra. Tilu perkara anu kudu dipaluruh nya éta: (a)

nepi ka mana sastra miboga fungsi salaku perombak masarakatna; (b) nepika

mana sastra ngan saukur dianggap hiburan wungkul; (c) nepi ka mana sastra méré pesen ka pamaca tapi ku cara ngahibur.

Nilik kana wangunna, karya sastra dibagi jadi tilu golongan nya éta puisi, drama jeung prosa.Ari carpon asup kana prosa.Prosa ogé kabagi kana prosa buhun jeung prosa modern. Pangpangna disebut prosa sabab wangun lancaran anu teu kauger ku guru lagu, guru wilangan, jumlah padalisan dina unggal padana, purwakanti, atawa ngolah wirahma (Tamsyah, 1996, kc. 12-13).

Carita pondok (carpon) téh nya éta karangan (tinulis) rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran. Galur caritana relatif basajan lantaran jumlah kajadian dina caritana henteu réa, museur kana kajadian utama, mangrupa hiji episodeu. Palakuna ogé ukur dua tilu.Ku lantaran kitu, ieu carita téh relatif pondok. Umumna mah jejer, latar (setting) jeung kajadianana téh diolah tina kahirupan sapopoé (Koswara, 2011, kc. 97). Kusabab kajadian anu diolah ku pangarang téh tina kahirupan sapopoé, pangarang dibéré kalaluasaan pikeun ngébréhkeun maksud jeung tujuan anu hayang dihontal dina éta carpon kalayan singget tur mundel.

Tamsyah (1996, kc. 161) ogé nambahkeun yén lebah ukuran pondokna, carita pondok aya anu diukur ku jumlah kecapna nya éta antara 5000-10.000 kecap. Aya ogé anu diukur ku waktu macana nya éta kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepi ka réngsé téh. tapi umumna carita pondok Sunda mah lamun diketik dina ukuran kertas folio téh antara 4-8 lambar. Kajadian anu dicaritakeunna ogé henteu loba, biasana diwangun ku hiji kajadian utama. Kitu deui palaku jeung latarna, umumna tara loba.


(14)

4

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Geus barang tangtu henteu sakabéh carpon méré gambaran sosial anu gembleng, kitu ogé henteu sakabéh pangarang mampuh ngébréhkeun sawangan dunyana sacara objéktif. Kamampuh pangarang diperlukeun pisan dina ngébréhkeun gagasan kréatifna. Kamampuh maham kana kajadian sosial masarakat tangtu ngan aya di sababaraha jalma, tapi kamampuh ngamaniféstasikeun kondisi sosial tadi kana wangun karya sastra (tulisan) tangtu leuwih saeutik deui ti éta. Ku kituna, dina ieu panalungtikan, carpon anu ditalungtik téh nya éta buku kumpulan carpon anu judulna Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana.

Ieu panalungtikan diperedih pisan bisa méré mangpaat pikeun siswa dina nyangking pamahaman ngeunaan kumaha ari ngaprésiasi karya sastra. Tina ieu hasil panalungtikan tangtu saeutik-lobana bakal kagambar kumaha aspék social pangarangna, karya jeung pamaca anu bisa dipedar nalika lumangsung prosés pangajaran.

Salian ti siswa diperedih maham kumaha ngaprésiasi karya sastra, ieu panalungtikan ogé meredih ka paraguru sangkan maham kana eusi carita buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén.Anu jadi sababna dina ieu buku

masih kénéh kapanggih kekecapan anu kiwari mah bisa kasebutna arkais atawa

hésé diserepna ku parasiswa. Nu matak, guru kudu parigel ngajarkeun ieu bahasan sangkan bener-bener bisa diaprésiasi ku siswa.

Yus Rusyana salasahiji inohong Sunda anu lahir di Pameungpeuk Garut 24 Maret 1938.Satamatna sakola di SGA Negeri 1 Bandung (1958), tuluy nyuprih élmu di Fakultas Sastra dan Seni IKIP Bandung (1958-1964). Laju nuluykeun program “Pos-Graduate Training in the Study of Indonesian Languages and Philology” di Universitas Leiden, Nederland, taun 1971-1973. Meunang gelar doktor ngeunaan élmu-élmu sastra hususna linguistik di Universitas Indonesia tanggal 5 Juli 1975 kalayan disertasi anu judulna: Interferensi Morfologi pada Penggunaan Bahasa Indonesia oleh Anak-Anak yang Berbahasa Pertama Bahasa


(15)

5

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ibu, Murid Sekolah Dasar di Daerah Provinsi Jawa Barat (Rusyana, 1977, kc.

2-3). Kiwari Yus Rusyana nganjrek di Cimahi.

Karya-karya Yus Rusyana diantarana: drama Cahaya Maratan Waja (1964), Hutbah Munggaran di Padjadjaran (1965), Di Karaton Najasi (1966), Rékening

(1967), Tukang Palka (1968); kumpulan carpon Di Luhureun Jukut Reumis

(1965), Jajatén Ninggang Papastén (1988); kumpulan sajak Nu Mahal tibatanInten (1980), Buana nu Pinuh ku Méga (1992) jeung Guguritan Munggah Haji (1995).

Buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana

dilélér Hadiah Sastra Rancagé munggaran taun 1989.Teu matak hémeng lantaran eusi carita jeung basana beunghar pisan.Sabelas judul carita pondok anu aya di jerona leubeut pisan ku perkara-perkara sosial anu ngirut pisan pikeun ditalungtik.Katapisan pangarang dina ngolah basana ogé jadi salasahiji aspék anu ngalantarankeun ieu karya téh ngirut pisan pikeun ditalungtik. Bakal jadi hal anu matak hookeun saupama ieu buku kumpulan carita pondok disalusur aspék sosialna, nya salasahiji carana ku jalan ngaliwatan analisis sosiologi sastra.

Panalungtikan ilmiah lianna anu maluruh aspék sosial dina karya sastra saperti novel jeung kumpulan carpon geus kaitung loba, diantarana: “Aspék Sosiologis Sastra dina Novel Kembang-Kembang Petingan karya Holisoh M.E”

(Dewi Supriatin Imanti, 2005);Aspék Sosiologi Sastra dina kumpulan Carpon Nu Baralik Manggung Karangan Nano S (Fery Timorocmadi, 2005); “Sosiologi

Sastra kana Kumpulan Carpon Oknum Karangan Hadi AKS pikeun Bahan

Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA” (Tika Yuanita, 2011); “Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu Harayang Dihargaan Karya Darpan” (Arif Ali

Abdillah, 2013).

Malah anu nalungtik buku Jajatén Ninggang Papastén ogé geus aya, nya éta

panalungtikan “Klausa Sélér dina Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén


(16)

6

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

yén éta panalungtikan téh dumasar kana jihat sawangan kabasan, lain dumasar sosiologi sastra. Aya deui bahasan beunang Duduh Durahman anu dijejeran

Kumaha Nataranana, Inggis Magar Humayua (Ngajejeran Sawala Buku Jajatén Ninggang Papastén) dinaSastra Sunda Sausap Saulas (2011), anu mémang ngan

saukur sausap saulas, teu nyosok jero nyaritakeun eusi buku. Anu leuwih nyosok jero téh panalungtikan anu dilaksanakeun ku Kalsum spk.Kalsum spk.maluruhPemimpin Ideal dalam Kumpulan Cerpen Jajatén Ninggang Papastén Karya Yus Rusyana anu geus kungsi diseminarkeun di Fakultas Sastra Universitas

Padjadjaran tanggal 29 Januari 2000. Éta ogé masih kawatesanan ukur maluruh aspék kapamingpinan anu idéalna wungkul, teu pati nyabit-nyabit ambahan analisis sosiologi sastra.

Nilik kana tinimbangan-tinimbangan anu geus dipedar di luhur, ku kituna, ieu panalungtikan ngeunaan “Aspék Sosiologi Sastra dina Buku Kumpulan Carita pondok Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana” perlu dilaksanakeun.

1.2Watesan Masalah Panalungtikan

Sangkan teu lega teuing ambahana, ieu panalungtikan diwatesanan ukur maluruh perkara aspék sosiologi sastra dina kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana. Numutkeun Wellek jeung Warren, (dinaRatna,

2003, kc. 16-17) ulikan sosiologi sastra ngawengku tilu ambahan nya éta: 1) analisis pangarang salaku pencipta, 2) analisis karyana, 3) analisis pamaca, sarta

4) analisis kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén pikeun bahan pangajaran

di SMA.

1.3Rumusan Masalah Panalungtikan

Dumasar kana watesan masalah di luhur, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina ieu kalimah pananya di handap.


(17)

7

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Kumaha kasang tukang sosial pangarang kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papasténkarya Yus Rusyana?

2) Aspék-aspék sosiologi karya nu kumaha nu aya dina kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papasténkarya Yus Rusyana?

3) Kumaha résépsi pamaca (kritikus sastra) kana kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana?

4) Naha buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana

bisa dipaké bahan pangajaran di SMA?

1.4Tujuan Panalungtikan 1.4.1Tujuan Umum

Tujuan umum dilaksanakeunna ieu panalungtikan téh nya éta pikeun maluruh jeung murak aspék sosiologis anu nyampak dina kumpulan carpon

Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana.

1.4.2Tujuan Husus

Tujuan husus dilaksanakeunna ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun: 1) aspék sosial pangarang dina kumpulan carpon Jajatén Ninggang

Papasténkarya Yus Rusyana;

2) aspék sosiologi karya kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papasténkarya Yus

Rusyana;

3) résépsipamaca (kritikus sastra) kana kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papasténkarya Yus Rusyana.

4) maluruhaspék sosiologi sastra dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana pikeun bahan pangajaran di SMA.

1.5Mangpaat Panalungtikan


(18)

8

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) bisa jadi sumber référénsi pikeun para mahasiswa jeung kaom akademisi lianna anu nalungtik sastra Sunda;

2) bisa ngeuyeuban produk panalungtikan karya ilmiah tina jihat sastra, hususna pikeun lembaga-lembaga kasundaan;

3) pikeun panalungtik bisa ngeuyeuban pangaweruh; jeung

4) pikeun masarakat sacara umum bisa nambahan kaweruh masarakat ngeunaan kumaha gambaran aspék kapangarangan dina karya sastra jeung kumaha gambaran kahirupan sosial anu diwangun ku pangarang dina karyana.


(19)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1 Métodeu jeung Désain Panalungtikan 3.1.1 Métodeu Panalungtikan

Numutkeun Djahiri (dina Heriawan,spk., 2012, kc. 73) métodeu nya éta léngkah-léngkah atawa panta-panta ngalaksanakeun atawa ngahontal hiji hal kalayan maké sajumlahing téhnik. Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia métodeu

nya éta cara “teratur” anu dipaké pikeun ngalaksanakeun hiji pagawéan sangkan

kahontal luyu jeung kahayang (KBBI, 2008, kc. 740).

Leuwih jero deui dijelaskeun yén métodeu asalna tina basa Latin nya éta tina kecap methodos. Methodos éta sorangan asalna tina kecap meta jeung hodos. Meta berarti “menuju”, ngaliwatan, nuturkeun, saenggeus, sedengkeun hodoshartina jalan, cara, arah. Wangenan anu leuwih lega deui nyebutkeun yén métodeu téh dianggap salaku cara-cara, stratégi pikeun maham kana réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun maluruh runtuyan kajadian.Métodeu miboga fungsi pikeun ngabasajankeun masalah, sangkan leuwih gampang pikeun dipaluruh jeung dipikaharti (Rattna, 2013, kc. 34).

Métodeu anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métodeu déskriptif analisis. Métodeu déskriptif analisis mangrupa métodeu anu dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun pakta-pakta anu satuluyna dianalisis. Sacara épistimologis, déskripsi jeung analisis berarti maluruh sarta méré pamahaman jeung ngajéntrékeun sacukupna (Rattna, 2013, kc. 53).

3.1.2 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan dina ieu panalungtikan diwincik jadisababaraha panta-panta, nya éta: 1) tatahar jeung niténan buku-buku réferénsi, 2) ngumpulkeun


(20)

19

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

data, 3) nganalisis data, 4) nyieun kacindekan, 5) nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntré, alur panalungtikan digambarkeun saperti ieu di handap.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.2 Wangenan Operasional

Judul dina ieu panalungtikan dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu di handap:

1. Sosiologi sastra mangrupa salasahiji élmu anu ngulik karya sastra dumasar kana hubungan social masarakatna; masarakat anu dimaksud nya éta pangarang jeung pamaca anu jadi bagian tina masarakatna éta sorangan.

Tatahar Panalungtikan

Ngumpulkeun Data

Nganalisis Data

Nyieun Kacindekkan


(21)

20

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Numutkeun klasifikasi Wellek jeung Warren, pasualan kajian sosiologi sastra ngawengku aspék pangarang, eusi karya anu aya patalina jeung pasualan sosial jeung aspék pamaca (Wellek jeung Warren, 1989, kc. 111)

2. Carpon nya éta carita pondok anu mangrupa karangan singget hasil tina beungkeutan ideu. Sakabéh bagian tina carpon kudu museur kana hiji beungkeutan jiwa anu padet tur lengkep (Rosidi dina Koswara, 2007, kc. 36). Sedengkeun buku kumpulan carpon nya éta buku anu eusina kumpulan carpon ti saurang atawa sababaraha pangarang.

3. Buku kumpulan carpon anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana. Dina ieu

buku euyeub pisan ku téma-téma sosial anu jadi dasar panalungtikan sosiologi sastra.

4. Yus Rusyana, pangarang kalih akademisi Sunda anu lahir di Pameungpeuk Garut ping 24 Maret 1938. Nyuprih élmu di Fakultas Sastra dan Seni IKIP Bandung (1958-1964). Taun 1971 kungsi milu kuliah pascasarjana di Fakultas Sastra Universitas Leiden Walanda. Taun 1975 ngaréngsékeun program doktorna di Fakultas Satra Universitas Indonésia. Buku kumpulan carpon

Jajatén Ninggang Papastén anu medal munggaran taun 1988 ku pamedal

Rahmat Cijulang meunang Hadiah Sastra Rancagé munggaran taun 1989 (Rusyana, 2010, kc. 1).

5. Bahan pangajaran nya éta sagala wangun bahan anu dipaké ku guru, anu ngawengku fakta, konsép, prinsip anu ngindung kana kurikulum, rék tinulis atawa lain, anu méré informasi jeung disusun kalayan sistematis sangkan kacipta lingkungan diajar anu kondusip pikeun ngahontal tujuan pangajaran.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara jeung studi dokuméntasi. Pedoman wawancara dipaké pikeun


(22)

21

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngumpulkeun data jeung informasi ti pangarang sarta kritikus sastra Sunda. Pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara semi struktur nya éta pedoman wawancara anu saméméh prung wawancara panalungtik nyieun heula daftar patalékan anu rék ditepikeun. Sedengkeun studi dokuméntasi dipaké pikeun maluruh aspék sosial pangarang, karya jeung kritikus sastra.

3.4 Téhnik Ngumpulkeun jeung Nganalisis Data 3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta wawancara jeung studi dokuméntasi. Wawancara dipaké pikeun ngumpulkeun data ti pangarang salaku narasumber utama dina ieu panalungtikan ogé ti kritikus sastra Sunda, sedengkeun studi dokuméntasi mangrupa panglengkep pikeun ngawewegan data-data lianna anu ngarojong kana réferénsi panalungtikan.

3.4.2 Téhnik Nganalisis Data

Arikunto (2010, kc. 278) nétélakeun yén gurat badagna mah dina nganalisis data téh ngawengku tilu léngkah dasar nya éta tatahar, tabulasi jeung ngaplikasikeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan. Atuh dina ieu panalungtikan, léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina nganalisis data nya éta: 1. maca karya sastrana pikeun maluruh pasualan anu ngawengku aspék sosiologis

dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana;

2. léngkah satuluyna nyaéta nganalisis carpon dumasar kana tiori kajian sosiologi sastra: sosiologi pangarang, karya, jeung masarakat anu aya di jero jeung saluareun karya sastra;


(23)

22

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3. milih jeung masing-masing carpon mana anu luyu dipaké jeung anu henteu pikeun pangajaran aprésiasi sastra di sakola; sarta

4. méré gambaran anu gembleng jeung kacindekan sabada réngséna tahap analisis data.

3.5 Sumber Data Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, sumber data anu dipaké nya éta buku kumpulan carita pondok Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana terbitan P.T.

Kibalat Buku Utama (citakan kahiji, 2010) anu ngamuat sabelas carpon. Sumber data lianna nya éta informasi ti para sastrawan atawa kritikus sastra anu paham kana karya sastra, hususna buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén

karya Yus Rusyana ogé tina sumber dokuméntasi lianna anu bisa méré informasi pikeun ieu panalungtikan.

3.5.1 Idéntitas Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

Buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén téh buku kumpulan

carpon kadua Yus Rusyana sabadana Di Luhureun Jukut Reumis anu munggaran

wedalan C.V. Pusaka Sunda, Bandung, taun 1965. Sakumaha anu dipedar di luhur, Jajatén Ninggang Papastén ngamuat sabelas carpon diantarana:

1. Putri Jin anu kungsi dimuat dina Mangléno. 443, Séptémber 1974;

2. Di Pasaréan anu kungsi dimuat dina Manglé no. 361, Pébruari 1973;

3. Rerempon anu kungsi dimuat dina Manglé no. 399, Nopémber 1973;

4. Pasang Subaya anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 41, Pébruari 1977;

5. Apun Gencay anu kungsi dimuat dina Hanjuang no. 26, Januari 1973;

6. Kotala anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 7, Agustus 1972;

7. Nyingkur anu kungsi dimuat dina Manglé no. 418, Maret 1974;

8. Pugerwangi anu kungsi dimuat dina Manglé no. 366, Maret 1973;


(24)

23

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

10.Geuning Gamparan Sumping anu kungsi dimuat dina Gondéwa no. 13, Juli

1972; sarta

11.Miang anu kungsi dimuat dinaGondéwa no. 25, Désémber 1972 (Rusyana,

1977, kc. 7).

Gambar 3.1

Cover Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén 3.5.2 Ringkesan Carpon Jajatén Ninggang Papastén

Sangkan méré gambaran ngeunaan eusi buku Jajatén Ninggang Papastén,

hususna eusi carita, ieu di handap dipedar ringkesan carita sabelas carpon anu aya di jerona.

1. Carpon Putri Jin nyaritakeun kumaha campuhna suasana haté Wiratanudatar,

putra Aria Wangsagorapana, anu ngarasa can sanggup saupama dijadikeun pamingpin sarta keur néangan katingtriman batin. Anjeunna neneda ka Nu Maha Kawasa sangkan dibéré pituduh meunangkeun jajatén dirina ku anjeun; salasahiji carana ku jalan menekung di tempat anu nyingkur (Sagarahérang).

Dina hiji mangsa keur menekung téh, Wiratanudatar disumpingan ku saurang awéwé anu geulis, katelah puti jin anu ngaranna Éndang Kusumah. Éta putri jin


(25)

24

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kataji ku kasoléhan Wiratanudatar anu antukna ménta diwurukan bagbagan élmu kamulyaan hirup. Wiratanudatar ogé kataji pisan ku éta putri jin nepika wani ngadatangan alam jin ménta ka ibu ramana sangkan bisa mileuleuheungkeun Nyi Éndang Kusumah nepi ka oléng pangantenanana; malah nepi ka boga turunan, lalaki-awéwé. Anu lalaki dingaranan Aria Suryakancana, anu awéwéna dingaranan Radén Ajeng Éndang Kancana.

Salila-lila hirup di alam jin, Wiratanudatar sok rajeun inget ka alam manusa; inget ka lemburna jeung inget ka ibu ramana anu antukna kasurti ku Éndang Kusumah. Wiratanudatar turun deui ka alam manusa – ka Sagarahérang – nepi ka boga pamajikan, ogé ngarundaykeun turunan nepi ka maotna.

2. Carpon Di Pasaréan nyaritakeun buyutna si “Kaula” anu geus dikurebkeun

di Wates. Ari Wates téh tempat anu geus turun-tumurun dirusiahkeun, nya aya karep hayang kapanggih raratanana, naha mani nepi ka dibunikeun sagala. “Kaula” nyorang lalampahanana téh henteu sorangan, babarengan jeung Ki Megat.

Bada solat subuh Ki Megat hariweusweus bangun anu geus manggihan nanahaon.Barang disalusur horéng kapanggih aya imah leutih hateup injuk anu di jerona aya nu nungguan, jalma anu geus kacida kolotna, sok majar disebut Olot.Olot nyaritakeun kumaha-kumaha waé piwuruk buyut “Kaula”

téh.Sakabéhna dicaritakeun.Tuluy Olot ngajakan “Kaula” mapay-mapay

leuweung anu antukna nepi ka pajaratan.

Moal salah deui éta téh pajaratan buyut “Kaula”.Laju didungakeun sangkan salamet dunya ahératna. Sabada éta, ras inget naha éta tempat téh dingaranan Wates. Horéng sabada dilelemah mah sagalana gé aya wawatesanana.Rék awak, alam sakuriling jeung anu lianna geus puguh patokanana.

Laju “Kaula” nanya ka Olot naha éta pasaréan téh dingaranan Wates.


(26)

25

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngalolosna.Tapi anu leuwih jero deuina mah kecap Wates téh mangrupa hiji siloka hirup yén urang téh hirup kudu pinuh ku aturan, kudu puguh palanggeranana ulah sagawayah nandangan hirup.Hirup téh lir ibarat buuk dibagi tujuh – ngagambarkeun jembatan Sirotol Mustaqim – anu dimana urang bisa ngaliwatanana tangtu urang bakal pinanggih jeung kabagjaan (surga).Béda deui saupama urang tisolédat, tangtu urang téh bakal pinanggih jeung cilaka (naraka).

3. Carpon Rerempon nyaritakeun kaguligahan rasa Radén Raksagati anu indit

ka padaleman mélaan kasangsaraan rahaya bari dibarengan ku Ki Jelat. Ka padaleman téh saenyana mah rék nepungan adina – anu jadi dalem. Nya kitu téa ceuk saliwat kayakinan mah rék mélaan rahayat anu katideresa.

Geuning kayakinan anu samodél kitu téh samar. Da geuning matak indit ka padaleman téh pédah ngadéngé yén kuburan Ramana Radén Raksagati rék kasabet ku jalan anu rék dijieun jalan ku Kumpeni – tangtuna alatan Rai Dalem anu nyatujuan kana éta rencana Kumpeni anu rék muka lahan keur nyieun jalan téa.

Di padaleman téh tangtuna Radén Raksagati gugujrudan jeung adina nu pabéntar paham jeung manéhna. Da dina ieu carita pondok dicaritakeun kumaha lalampahan Radén Raksagati anu susulumputan jeung Ki Jelat ngalolos ti para kapetengan adina anu keur ngarudag. Nyumput dina rembetna tatangkalan sabadana ngadagoan salila-lila di sisi walungan anu keur caah umpalan. Ari geus meuntas mah laju indit ka tempat panyumputanana sabada papanggih jeung Aki Mayuki anu mukakeun lawang guha keur manéhna.

4. Carpon Pasang Subaya nyaritakeun lalampahan hiji Dalem (pamingpin) anu

rék ngajorag tegal jarong pédah rék papanggih jeung Dira – kapala karaman anu purah nyieun karusuhan. Sanggeus ngaliwatan tegal jarong, eureun di pencelut batu – Dalem jeung Dira papanggihna lebah dinya.

Sanggeus sabaraha lila, duanana ngawarangkong nepikeun maksud anu keur dikemu ku masing-masing. Dalem nepikeun keretegna anu manghanjakalkeun


(27)

26

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

naon anu dilakukeun ku Dira purah nyieun rurusuhan téh matak nyangsarakeun rahayat.Kitu ogé Dira, nepikeun keretegna yén kikituan téh – nyieun karusuhan – pédah geus bosen nempo rahayat anu sangsara.

Beuki ka dieu paguneman beuki ragot. Dira nanya ka Dalem naha bet leuwih milih ngaula ka deungeun-deungeun – sigana mah maksudna ka Walanda atawa ka Jepang dina mangsa harita – nguruskeun kebon kopi anu nguntungkeun bangsa deungeun daripada ngabagéakeun rahayatna. Jeung deuih naha loba dalem (atawa para ménak) anu ngan saukur mentingkeun kapentingan soranganana, babanda pupulut pakaya keur ngabeungharkeun dirina séwang-séwang.

Dalem ngajelaskeun jawaban tina patalékan Dira. Nu matak Dalem milih jalan kieu téh da puguh geus aya jalanna séwang-séwangan.Dalem ogé némbal ulah nyaruakeun sakabéh Dalem atawa ménak téh boga talajak anu goréng kabéh.Da pasti aya kénéh anu paduli mikiran kumaha nasib rahayatna. Lamun kadaleman sakabéhna dicekel lain ku nu paduli ka rahayat, tangtu baé rahayat bakal beuki sangsara.

Pondok carita, Dalem meredih sangkan Dira ulah nyieun karusuhan deui sabab talajak kitu téh matak nyangsarakeun ka rahayat.Pon kitu deui jeung Dira, geus nepikeun keretegna ka Dalem ngeunaan kaayaan anu kaciri ku manéhna.

5. Carpon Apun Gencay nyaritakeun Apun Gencay urang Cikembar anu jadi

béntang di lemburna. Apun Gencay katelah panggeulisna sarta dipikahayang ku jalma réa boga papacangan urang Cipamingkis. Papacanganana urang Cipamingkis geus boga karep lamun datang usum panén bakal datang ngalamar ka Cikembar. Tapi salila ngadagoan usunm panén téh aya ménak anu mileuleuheungkeun Apun Gencay ka kolotna. Ku kolotna téh dibaékeun, Apun Gencay dipasrahkeun ka éta Ménak. Apun Gencay dijieun selir da ménak anu mileuleuheungkeuna téh puguh geus boga pamajikan. Apun Gencay laju dibawa ka Cianjur.


(28)

27

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sanggeus Apun Gencay ngarasa betah cicing di Cianjur jadi selir Dalem Wiratanudatar, dina hiji mangsa, ka Pajuaran Kangjeng Dalem téh aya nu nyampeurkeun. Barang ku dalem disampeurkeun, Dalem langsung dibedol laju palebah manahna téh ditewek ku condré.Nu newekna diudag laju galungan.

Puguh waé jadi éar sanagara.Apun Gencay milu kabawa-bawa dipikaceuceub ku balaréa. Ari anu newek Kangjeng Dalem téh lain sasahana, puguh urang Cipamingkis téa anu ku Apun dipikatineung. Matak urang Cipamingkis nepi ka kieuna gé saking ku nyaah jeung kuciwa da pédah baheula kungsi dipegat duriat.

6. Ieu carpon nyaritakeun hiji awéwé anu miharep bisa ngarundaykeun turunan anu pinilih. Manéhna mindeng tatanya kumaha sakuduna lampah anu kudu dilakonan. Hiji mangsa keur ngadu’a di hareupeun Kabah, manéhna panggih jeung lalaki anu ceuk panyangkana bakal jadi cukang lantaran manéhna ngalahirkeun turunan pinilih. Tapi éta lalaki teu narima kana pangajak éta awéwé.

Beuki lila éta awéwé beuki baluweng lantaran can manggih lalaki anu bisa diajakan babarengan pikeun ngarundaykeun turunan pinilih téa. Tungtungna mah turunan pinilih geus gumelar di tempan anu lian, lain ngaliwatan manéhna.

7. Carpon Nyingkur nyaritakeun Nyi Putri Damarséwu (salakina), Aki jeung

Nini Johén anu rék nyingkur da pédah dibeberik ku musuh. Di satengahing lalampahan nyorang walungan, Pangéran Damarséwu mah balik deui,boga maksud sangkan nahan anu keur ngabeberik ambéh ngungudag deui. Damarséwu perlaya sanggeus tarung jeung anu ngabeberik.

Di tempat séjén Nyi Putri geus nepi ka Singkur tempat panyumputan anu kacida dirusiahkeunana.Harita téh Nyi Putri keur kakandungan, teu lila laju babar, dibarengan ku béja yén salakina geus perlaya taya di kieuna. Tapi Nyi Putri anger teger, malah boga kayakinan kudu neruskeun perjoangan anu geus perlaya ku


(29)

28

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

budakna. Kudu gedé wawanén, ulah nyeungceurikan anu geus pasti nandangan kana kadar.

7. Carpon Pugerwangi nyaritakeun katunggaraan si Engkang anu ditilar ku

pamajikanana nalika ngababarkeun anak kembar, lalaki duanana. Carita katunggara si Engkang diwawaas ku carita rumahtanggana anu kakara sawelas

bulan, pamajikanana geus kaburu dipulut ku Nu Maha Kawasa. Da puguh si

Engkang mah jalma sabar, jalma kuat imanna,teu katutuluyan ngarumas pédah

ditinggalkeun ku pamajikanana. Balik deui kana kabiasaanna anu harita, nyalabarkeun deui élmu agama mapay lembur-lembur.

9. Carpon Du’a keur Umi nyaritakeun lalampahan Kuring anu nyiar agama ka

pasantrén-pasantrén nepi ka cunduk di pasantrén Sukamanah, pasantrén H. Zaenal Mustafa.Di éta pasantrén Kuring papanggih jeung Umi Umaro, awéwé anu

maheutkeun jangji jeung manéhna.

Pondok carita Pasantrén Sukamanah dijorag ku soldadu Jepang anu néangan pemberontak.Kuring ngadéngé béja yén imah Umi Umaro ogé teu kaliwat milu

dipapay diacak-acak.Mimitina mah Umi Umaro cicing teu ngalawan, tapi ari nempo kitab jeung Qur’an anu kaluluh katincakan mah Umi Umaro tungtungna mah baruntak ogé.Ti dinya Umi Umaro jeung soldadu Jepang galungan.Ngadéngé aya anu paciweuh di jero, soldadu Jepang anu lianna anu keur aya di luar laju asup.Ti dinya kadéngé sora bedil jedar-jedor.Umi Umaro perlaya ngabéla kayakinana.

10. Carpon Geuning Gamparan Sumping nyaritakeun Mamang anu kasumpingan

ku Gamparan.Mamang téh puguh geus lila teu panggih jeung Gamparan.Barang

papanggi, Gamparan hayang ngariksakeun alam sakurilingna.Barang ditengetan


(30)

29

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

anu naluaran, leuweung larangan geus teu dipaliré deui.Gamparan sumping téh

hayang mastikeun yén anak-incuna kahareupna bakal rahayu, bisa nyekel pageuh kana bebeneran. Ieu carpon ogé nyaritakeun kritik ka para pamingpin anu teu bisa ngajaga alam, ukur bisa ngamangpaatkeun bari jeung teu bisa ngajaga ngariksana.

11. Carpon Miang nyaritakeun hiji jalma anu rék miang ninggalkeun tempatna

ngumbara.Manéhna geus aya di setasion nalika haténa masih guligah mikiran dirina anu di pangumbaraan hirup nyorangan. Di setasion geus kari sajungjungeun indit. Kahayangna mah miang téh aya anu ngajajapkeun atawa miang téh teu jadi da puguh geus bumetah hirup di pangumbaraan. Sanggeus lila ngalelemah, kahayangna teu burung ngaléngkah nyorang lampah da geus puguh cunduk kana waktu anu geus dipasinikeun.


(31)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana pedaran saméméhna, ieu panalungtikan téh maluruh naon waé aspék sosiologi sastra dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén

karya Yus Rusyana anu dipatalikeun sarta dipaké pikeun bahan pangajaran di SMA. Métodeu anu digunakeun nya éta déskriptif-analitik ngaliwatan studi pustaka jeung pedoman wawancara.

Ieu panalungtikan ngawengku tilu aspék: (1) sosiologi pangarang, nya éta

riwayat hirup, prosés kréatif jeung interaksi sosialna di masarakat; (2) sosiologi karya, nyaéta nganalisis aspék sosial dina karyana; (3) sosiologi nu maca karya,

nyaéta maluruh pangaruh sosial karya kana kahirupan masarakat, anu diwakilan ku kritikus sastra.

Tina sosiologi pangarang, kapanggih yén saenyana Yus Rusyana kacida mikacinta kana élmu, seni jeung agama. Éta tilu perkara dipaké tatapakan hirup lantaran sililengkepan sarta méré kanimatan dina neuleuman kahirupan. Ti mimiti SGA Yus geus boga karep hayang neuleuman sastra.Mangsa kuliah, minat kana sastra mimiti tumuwuh jeung beuki kaasah. Ieu kabuktian ku sajakna anu munggaaran dimuat dinaSipatahoenan. Beukidieu, Yus beuki getol nulis karya

lianna kayaning carpon, drama jeung esai.

Tina sosiologi karya, carpon-carpon nu aya dinaJajatén Ninggang Papastén

leubeut ku téma-téma sosial anu ngangkat kahirupan rahayat leutik anu katideresa. Ieu carita diwadahan ku pigura anu matak teu bosen ka nu maca.Lian ti éta, kapanggih ogé yén carpon-carponna nu nyabit-nyabit masalah kapamingpinan nu


(32)

81

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kacida réligius. Ieu katitén tina amanat jeung piwuruk-piwuruk anu ditepikeun ku pangarang dina unggal caritana.

Tina sosiologi pamaca anu diwakilan ku kritikus sastra nyebutkeun yén karya-karya Yus Rusyana téh mangrupa karya réalis anu caritana nyampak di sabudeureun urang. Sok sanajan kitu, ieu karya anu réalis téh dibungkus deui ku basa-basa anu puitis sarta merlukeun pamahaman anu jero dina macana. Lian ti éta ogé karya-karya Yus mah mangrupa karya anu dijieun sabada aya studi kasajaarahan heula saméméhna, bohdina ngaran-ngaran tokoh jeung tempat, boh dina guluyuran caritana anu dimamanis deui ku kaparigelan pangarang dina ngarundaykeun kekecapan sarta ngarang caritana.

Dumasar kana analisis sosiologi sastra anu tilu éta, bisa dicindekkeun yén: (1) hasil analisis ngeunaan aspék sosiologi pangarang bisa dipaké pikeun bahan

pangajaran maca biografi di SMA; (2) hasil analisi ngeunaan sosiologi karya sastra bisa dipaké pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra hususna ngeunaan nulis carpon di SMA; (3) hasil analisis ngeunaan sosiologi nu maca karya anu

diwakilan ku kritikus sastra bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya.

5.2 Rékoméndasi

Sanggeus ieu panalungtikan ngeunaan Aspék Sosiologi Sastra dina Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana pikeun Bahan Pangajaran di SMA dilaksanakeun, panalungtik ngarasa perlu nepikeun

sababaraha rékoméndasi pikeun kapentingan panalungtikan satuluyna jeung hususna pikeun kamekaran sastra Sunda.

Kahiji, panalungtikan sarupa kieu – maluruh aspék sosiologi sastra – perlu terus dilaksanakeun boh ku masarakat akademisi atawa masarakat sacara umum. Anu jadi tinimbangan mah sangkan kapanggih aspék sosiologidina karya-karya


(33)

82

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

anu lianna, sarta sangkan ngeuyeuban hasil-hasil panalungtikan ngeunaan karya sastra.

Kadua, buku Jajatén Ninggang Papastén kacida perlu dibaca ku masarakat

umum.Ieu buku eusina euyeub ku ajén sosial jeung moral, sarta nyaritakeun perkara-perkara anu bisa ngadeukeutkeun nu maca kana hal-hal anu sipatna religius.

Katilu, ieu hasil panalungtikan kudu dipaké pikeun bahan pangajaran di SMA. Anu jadi tinimbanganna mah sangkan ngawanohkeun deui buku Jajatén Ninggang Papastén ka para siswa, leuwih hususna mah ngawanohkeun carita anu

aya di jerona, ogé basa jeung kekecapan anu dipaké ku pangarang dina ngaréka carita.


(34)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA

Abdillah, A.A. (2012). Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu Harayang di Hargaan karya Darpan. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun.

Arikunto. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka

Cipta.

Damono, S.D. (1979). Sosiologi Sastra: Sebuah Pengantar Ringkas. Jakarta:

Pusat Pembinaan dan Pengembangan Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Departemen Pendidikan Nasional (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia.

Jakarta: Pusat Bahasa.

Faruk (2010). Pengantar Sosiologi Sastra dari Strukturalisme Genetik sampai Post Modernisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar

Faturrahman, Taufik. (1982). Ulikan Sastra: Bandung: Djatnika

Heriawan, Adang Spk. (2012). Metodologi Pembelajaran Kajian Teoritis Praktis.

Serang Banten: Lembaga Pembinaan dan Pengembangan Profesi Guru. Imanti, Dewi Supriatin. (2005). Aspek Sosiologis Sastra dina Novel

Kembang-kembang Petingan Karya Holisoh ME. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun.

Iskandarwassid (1996a). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten

Iskandarwassid jeung Ruhaliah. (2007). Sejarah Sastra. Bandung: JPBD FPBS

UPI

Kalsum Spk. (2000). Pemimpin Ideal dalam Kumpulan Cerpen Jajatén Ninggang Papastén Karangan Yus Rusyana. Bandung: Fakultas Sastra Universitas

Padjadjaran.

Koswara, D. (2011). Racikan Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan

Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

Geger Sunten.

Marlina, Lina. (2006). Klausa Sélér dina Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén Karangan Yus Rusyana. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun.


(35)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 84

Ratna, N.K. (2003). Paradigma Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, N.K. (2013). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogjakarta:

Pustaka Utama

Ratna, N.K. (2013). Paradigma Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, A. (2009). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Bandung: Kiblat

Ruhimat, Toto. (2009). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Jurusan

Kurtekpen FIP UPI.

Rusyana, Y. (1977). Keterangan tentang Yus Rusyana di Bidang Sastra. Bandung:

teu diterbitkeun.

Rusyana, Y. (2010). Jajatén Ninggang Papastén. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Rusyana, Y. (1978). Panyungsi Sastra: Pangajaran Sastra Sunda pikeun Murid Sakola Lanjutan. Bandung: Gunung Larang

Tamsyah, B.R. (1996). Pangajaran Sastra Sunda: pikeun Siswa SD, SLTP, jeung Umum. Bandung: Pustaka Setia

Timorochmadi, Feri. (2005). Aspek Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon nu Baralik Manggung Karangan Nano S. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun.

Wellek, R. jeung Warren, A. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia

Pustaka Utama

Yuanita, T. (2011). Kajian Sosiologi Sastra kana Kumpulan Carpon Oknum Karangan Hadi AKS. pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA.

JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun.

(http://badanbahasa.kemdikbud.go.id/lamanbahasa/tokoh/1353/Yus%20Rusyana [diakses tanggal 23 Séptémber 2014]

(http://www.knowledge-leader.net/2010/06/maha-karya-yus-rusyana/) [diakses tanggal 23 Séptémber 2014]


(1)

29

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

anu naluaran, leuweung larangan geus teu dipaliré deui.Gamparan sumping téh hayang mastikeun yén anak-incuna kahareupna bakal rahayu, bisa nyekel pageuh kana bebeneran. Ieu carpon ogé nyaritakeun kritik ka para pamingpin anu teu bisa ngajaga alam, ukur bisa ngamangpaatkeun bari jeung teu bisa ngajaga ngariksana.

11. Carpon Miang nyaritakeun hiji jalma anu rék miang ninggalkeun tempatna ngumbara.Manéhna geus aya di setasion nalika haténa masih guligah mikiran dirina anu di pangumbaraan hirup nyorangan. Di setasion geus kari sajungjungeun indit. Kahayangna mah miang téh aya anu ngajajapkeun atawa miang téh teu jadi da puguh geus bumetah hirup di pangumbaraan. Sanggeus lila ngalelemah, kahayangna teu burung ngaléngkah nyorang lampah da geus puguh cunduk kana waktu anu geus dipasinikeun.


(2)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana pedaran saméméhna, ieu panalungtikan téh maluruh naon waé aspék sosiologi sastra dina buku kumpulan carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana anu dipatalikeun sarta dipaké pikeun bahan pangajaran di SMA. Métodeu anu digunakeun nya éta déskriptif-analitik ngaliwatan studi pustaka jeung pedoman wawancara.

Ieu panalungtikan ngawengku tilu aspék: (1) sosiologi pangarang, nya éta riwayat hirup, prosés kréatif jeung interaksi sosialna di masarakat; (2) sosiologi karya, nyaéta nganalisis aspék sosial dina karyana; (3) sosiologi nu maca karya, nyaéta maluruh pangaruh sosial karya kana kahirupan masarakat, anu diwakilan ku kritikus sastra.

Tina sosiologi pangarang, kapanggih yén saenyana Yus Rusyana kacida mikacinta kana élmu, seni jeung agama. Éta tilu perkara dipaké tatapakan hirup lantaran sililengkepan sarta méré kanimatan dina neuleuman kahirupan. Ti mimiti SGA Yus geus boga karep hayang neuleuman sastra.Mangsa kuliah, minat kana sastra mimiti tumuwuh jeung beuki kaasah. Ieu kabuktian ku sajakna anu munggaaran dimuat dinaSipatahoenan. Beukidieu, Yus beuki getol nulis karya lianna kayaning carpon, drama jeung esai.

Tina sosiologi karya, carpon-carpon nu aya dinaJajatén Ninggang Papastén leubeut ku téma-téma sosial anu ngangkat kahirupan rahayat leutik anu katideresa. Ieu carita diwadahan ku pigura anu matak teu bosen ka nu maca.Lian ti éta, kapanggih ogé yén carpon-carponna nu nyabit-nyabit masalah kapamingpinan nu


(3)

81

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kacida réligius. Ieu katitén tina amanat jeung piwuruk-piwuruk anu ditepikeun ku pangarang dina unggal caritana.

Tina sosiologi pamaca anu diwakilan ku kritikus sastra nyebutkeun yén karya-karya Yus Rusyana téh mangrupa karya réalis anu caritana nyampak di sabudeureun urang. Sok sanajan kitu, ieu karya anu réalis téh dibungkus deui ku basa-basa anu puitis sarta merlukeun pamahaman anu jero dina macana. Lian ti éta ogé karya-karya Yus mah mangrupa karya anu dijieun sabada aya studi kasajaarahan heula saméméhna, bohdina ngaran-ngaran tokoh jeung tempat, boh dina guluyuran caritana anu dimamanis deui ku kaparigelan pangarang dina ngarundaykeun kekecapan sarta ngarang caritana.

Dumasar kana analisis sosiologi sastra anu tilu éta, bisa dicindekkeun yén: (1) hasil analisis ngeunaan aspék sosiologi pangarang bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca biografi di SMA; (2) hasil analisi ngeunaan sosiologi karya sastra bisa dipaké pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra hususna ngeunaan nulis carpon di SMA; (3) hasil analisis ngeunaan sosiologi nu maca karya anu diwakilan ku kritikus sastra bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca artikel budaya.

5.2 Rékoméndasi

Sanggeus ieu panalungtikan ngeunaan Aspék Sosiologi Sastra dina Buku Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana pikeun Bahan Pangajaran di SMA dilaksanakeun, panalungtik ngarasa perlu nepikeun sababaraha rékoméndasi pikeun kapentingan panalungtikan satuluyna jeung hususna pikeun kamekaran sastra Sunda.

Kahiji, panalungtikan sarupa kieu – maluruh aspék sosiologi sastra – perlu terus dilaksanakeun boh ku masarakat akademisi atawa masarakat sacara umum. Anu jadi tinimbangan mah sangkan kapanggih aspék sosiologidina karya-karya


(4)

82

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

anu lianna, sarta sangkan ngeuyeuban hasil-hasil panalungtikan ngeunaan karya sastra.

Kadua, buku Jajatén Ninggang Papastén kacida perlu dibaca ku masarakat umum.Ieu buku eusina euyeub ku ajén sosial jeung moral, sarta nyaritakeun perkara-perkara anu bisa ngadeukeutkeun nu maca kana hal-hal anu sipatna religius.

Katilu, ieu hasil panalungtikan kudu dipaké pikeun bahan pangajaran di SMA. Anu jadi tinimbanganna mah sangkan ngawanohkeun deui buku Jajatén Ninggang Papastén ka para siswa, leuwih hususna mah ngawanohkeun carita anu aya di jerona, ogé basa jeung kekecapan anu dipaké ku pangarang dina ngaréka carita.


(5)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA

Abdillah, A.A. (2012). Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu Harayang di Hargaan karya Darpan. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun. Arikunto. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka

Cipta.

Damono, S.D. (1979). Sosiologi Sastra: Sebuah Pengantar Ringkas. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Departemen Pendidikan Nasional (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Pusat Bahasa.

Faruk (2010). Pengantar Sosiologi Sastra dari Strukturalisme Genetik sampai Post Modernisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar

Faturrahman, Taufik. (1982). Ulikan Sastra: Bandung: Djatnika

Heriawan, Adang Spk. (2012). Metodologi Pembelajaran Kajian Teoritis Praktis. Serang Banten: Lembaga Pembinaan dan Pengembangan Profesi Guru. Imanti, Dewi Supriatin. (2005). Aspek Sosiologis Sastra dina Novel

Kembang-kembang Petingan Karya Holisoh ME. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun. Iskandarwassid (1996a). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra

Sunda. Bandung: Geger Sunten

Iskandarwassid jeung Ruhaliah. (2007). Sejarah Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI

Kalsum Spk. (2000). Pemimpin Ideal dalam Kumpulan Cerpen Jajatén Ninggang Papastén Karangan Yus Rusyana. Bandung: Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran.

Koswara, D. (2011). Racikan Sastra (Diktat). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Marlina, Lina. (2006). Klausa Sélér dina Kumpulan Carpon Jajatén Ninggang Papastén Karangan Yus Rusyana. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun.


(6)

Iman Nurdin,2015 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA

DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN

KARYA YUS RUSYANAPIKEUN BAHAN PANGAJARANDI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

84

Ratna, N.K. (2003). Paradigma Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Ratna, N.K. (2013). Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogjakarta:

Pustaka Utama

Ratna, N.K. (2013). Paradigma Sosiologi Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Rosidi, A. (2009). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Bandung: Kiblat

Ruhimat, Toto. (2009). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Jurusan Kurtekpen FIP UPI.

Rusyana, Y. (1977). Keterangan tentang Yus Rusyana di Bidang Sastra. Bandung: teu diterbitkeun.

Rusyana, Y. (2010). Jajatén Ninggang Papastén. Bandung: Kiblat Buku Utama. Rusyana, Y. (1978). Panyungsi Sastra: Pangajaran Sastra Sunda pikeun Murid

Sakola Lanjutan. Bandung: Gunung Larang

Tamsyah, B.R. (1996). Pangajaran Sastra Sunda: pikeun Siswa SD, SLTP, jeung Umum. Bandung: Pustaka Setia

Timorochmadi, Feri. (2005). Aspek Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon nu Baralik Manggung Karangan Nano S. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun. Wellek, R. jeung Warren, A. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia

Pustaka Utama

Yuanita, T. (2011). Kajian Sosiologi Sastra kana Kumpulan Carpon Oknum Karangan Hadi AKS. pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA. JPBD FPBS UPI: teu diterbitkeun.

(http://badanbahasa.kemdikbud.go.id/lamanbahasa/tokoh/1353/Yus%20Rusyana [diakses tanggal 23 Séptémber 2014]

(http://www.knowledge-leader.net/2010/06/maha-karya-yus-rusyana/) [diakses tanggal 23 Séptémber 2014]