Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA
2
Ai Jamilah, 2015 Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty
Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
nimbulkeun rupa-rupa interprétasi. Pon kitu deui eusi novél, nu maca bisa miboga interprétasi nu béda-béda kana eusi hiji novél.
Novél bisa jadi hiji média pikeun ngagambarkeun rupa-rupa kahirupan, contona kahirupan wanoja, boh ditilik tina sisi positif boh négatifna. Salah sahiji
novél nu nyaritakeun kahirupan wanoja nya éta novél Handeuleum ‘na Haté
Beureum karangan Chyé Rétty Isnéndés nu dipedalkeun ku Yrama Widya taun 2014. Novél
Handeuleum ‘na Haté Beureum nyaritakeun kahirupan wanoja Sunda nu keur meujeuhna pajurawet ku masalah cinta, éta wanoja Sunda téh
digambarkeun ku tokoh Mayangningrum Téjaasih. Tina kahirupan Mayang bisa katitén kumaha pribadina dina nyanghareupan cintana nu pinuh ku teka-teki,
kumaha peran Mayang di lingkungan kulawarga jeung sosialna, kumaha kuatna watek Mayang nu bisa nyekel jeung ngéléhkeun watek dua jajaka nu micinta
manéhna. Ku gambaran pribadi Mayang salaku tokoh utama dina ieu novél, bisa jadi eunteung atawa gambaran pikeun wanoja Sunda jaman ayeuna jeung mangsa
nu bakal datang dina ngalaksanakeun peran salaku dirina pribadi, peran di lingkungan kulawarga, jeung lingkungan masarakat.
Djajanegara 2000, kc. 51 nétélakeun yén umumna karya sastra anu midangkeun tokoh wanoja téh bisa ditalungtik tina segi féminisna. Ku kituna,
panalungtik miboga maksud pikeun nalungtik citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum. Nu jadi tatapakan novél Handeuleum ‘na Haté
Beureum dikaji féminisna nya éta dina ieu novél nyampak ajén-ajén féminis anu dicirian ku ayana opat ciri téks féminis nya éta: 1 jadi forum pikeun wanoja dina
ngedalkeun aspirasina; 2 ayana usaha pikeun ngahontal kasaimbangan budaya androginitas; 3 nyadiakeun métode conto ku jalan éksplorasi petualangan
pangalaman anyar, jeung 4 ngawanohkeun solidaritas di antara tokoh wanojana sisterhood Register, dina Isnéndés 2010, kc. 48.
Dina maca téks féminis, nu maca kudu nempatkeun manéh salaku wanoja. Hartina nu maca kudu sadar yén dina téks karya nu dibacana, aya sora wanoja nu
kudu didéngé jeung diperhatikeun leuwih jero. Sugihastuti jeung Suharto 2010, kc. 15 nétélakeun yén tina résépsi nu maca karya sastra di Indonesia, sacara
3
Ai Jamilah, 2015 Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty
Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
umum bisa katitén yén tokoh wanoja dina karya sastra tinggaleun tibatan tokoh lalaki, misalna waé dina hal sosial, atikan, pacabakan, kalungguhan di masarakat,
sarta darajat wanoja salaku bagéan integral dina susunan masarakat. Ieu hal bisa katingali dina réalitas sapopoé di masarakat nu digambarkeun dina hiji karya
sastra. Pangajaran novél aya dina Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar
SKKD di SMA kelas XI Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan, dina Standar Kompetensi 11.3, disebutkeun yén siswa mampu membaca untuk memahami dan
menanggapi bacaan yang berupa biografi, novel, laporan jurnalistik perjalanan, dan bahasan jeung Kompetensi Dasar 11.3.2 Membaca novel Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat, 2007, kc. 122. Ku kituna ieu panalungtikan dipatalikeun jeung pangajaran di sakola, sangkan rumaja Sunda ayeuna wanoh kana karya
sastra Sunda hususna novél rumaja tur bisa ngajembaran pangaweruh sarta pamahamanna dina ngaaprésiasi karya sastra.
Aya sababaraha panalungtikan saméméhna nu sarupa ngeunaan kajian féminis di antarana:
1 Munisa Ambarina. 2004. “Unsur-unsur Féminis dina Novél Kembang-
Kembang Petingan Karangan Holisoh M.E”;
2 Rétty Isnéndés. 2004. “Suara Perempuan dalam Novél Sunda Puputon “Buah
Hati” Karya Aam Amilia: Kajian Féminisme”; 3
Dedi Taopik. 2006. “Citra Wanoja dina Sastra Sunda: Kritik Sastra Féminis Idéologis kana Novél Sunda Saméméh Perang”;
4 Ai Rohmawati. 2008. “Citra Wanoja dina Sastra Sunda: Kritik Sastra Féminis
Idéologis kana Novél Pipisahan Karangan R.A.F.”, jeung
5 Yuda Irawan. 2009. ”Ajén-ajén Féminis dina Novél Suminar Karangan Anna
M ustika Ati”.
Nu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan séjén nya éta dina objék panalungtikanna, satuluyna ulikan struktural jeung féminis novél
Handeuleum ‘na Haté Beureum ku panalungtik dijadikeun bahan pangajaran maca novél di SMASMKMA kelas XI. Anapon lebah nganalisis ulikan struktur
4
Ai Jamilah, 2015 Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty
Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
jeung féminisna mah sarua ngagambarkeun unsur intrinsik, aspék-aspék idéologis jeung citra wanoja dina hirup di lingkungan kulawarga jeung masarakatna.
Lantaran can aya panalungtikan nu nalungtik “Ulikan Struktural jeung Féminis kana Novél
Handeuleum ‘na Haté Beureum Karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun Bahan Pangajaran Maca N
ovél di SMA Kelas XI”, ku kituna ieu panalungtikan perlu dilaksanakeun.