ULIKAN STRUKTURAL-SEMIOTIK KANA KUMPULAN SAJAK LAGU PADUNGDUNG KARANGAN DENI AHMAD FAJAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA SAJAK DI SMA.

(1)

No. 737/FPBS/0251/2014

ULIKAN STRUKTURAL-SEMIOTIK

KANA KUMPULAN SAJAK LAGU PADUNGDUNG

KARANGAN DENI AHMAD FAJAR

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA SAJAK DI SMA

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Arini Dwi Jayanti 1005859

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014

(2)

No. 737/FPBS/0251/2014

ULIKAN STRUKTURAL-SEMIOTIK

KANA KUMPULAN SAJAK LAGU PADUNGDUNG

KARANGAN DENI AHMAD FAJAR

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA SAJAK DI SMA

Oleh : Arini Dwi Jayanti

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Universitas Pendidikan Indonesia

©Arini Dwi Jayanti 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Maret, 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

No. 737/FPBS/0251/2014

LEMBAR PENGESAHAN

ARINI DWI JAYANTI 1005859

ULIKAN STRUKTURAL-SEMIOTIK

KANA KUMPULAN SAJAK LAGU PADUNGDUNG

KARANGAN DENI AHMAD FAJAR

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA SAJAK DI SMA

disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002

Pangaping II,

Dian Hendrayana, S.S., M.Pd.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(4)

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ANALISIS STRUKTURAL-SEMIOTIK PADA KUMPULAN SAJAK LAGU PADUNGDUNG

KARANGAN DENI AHMAD FAJAR

UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA SAJAK DI SMA 1)

Arini Dwi Jayanti 2)

ABSTRAK

Latar belakang penelitian ini dikarenakan sajak masih berkembang di masyarakat, termasuk pelajar dan mahasiswa. Penelitian ini bertujuan untuk menganalisis teks-teks sajak yang terdapat dalam kumpulan sajak Lagu Padungdung karangan Deni Ahmad Fajar, untuk mendeskripsikan: (1) struktur sajak, (2) unsur semiotik sajak, dan (3) penerapan hasil penelitian terhadap bahan pembelajaran membaca sajak di SMA. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif-analitik dengan menggunakan tehnik studi pustaka dan analisis data, yakni mencari referensi yang dapat dijadikan landasan teori untuk mendeskripsikan hasil analisis. Instrumen penelitian yang digunakan adalah kartu data. Analisis struktural dalam sajak meliputi unsur tema, nada, rasa, dan amanat yang terdapat dalam struktur sajak, yang kemudian dipahami maknanya melalui analisis semiotik Charles Sander Peirce, yaitu ikon, indeks, dan simbol. Hasil pengolahan data struktural didapat tema, nada, rasa, dan amanat. Tema yang paling banyak yaitu, tema cinta dan kematian, nadanya nada menyindir dan sedih, rasanya menggambarkan rasa kerinduan, dan amanatnya lebih banyak mengingatkan pada pembaca. Hasil pengolahan semiotik didapat data unsur ikon ada 76, unsur indeks ada 140, dan unsur simbol ada 120. Secara keseluruhan dari hasil penelitian ini terdapat 30 sajak yang bisa direkomendasikan untuk bahan pembelajaran membaca sajak di SMA.

(5)

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

STRUCTURAL-SEMIOTIC ANALYSIS

ON THE POEM ANTOLOGHY LAGU

PADUNGDUNG

BY DENI AHMAD FAJAR FOR TEACHING

MATERIALS OF POEM READING IN SENIOR HIGH

SCHOOL

1) Arini Dwi Jayanti 2)

ABSTRACT

This research is based on the ever-growing development in the community, including senior high school students and college students. The study aims to analyze poem texts from the poem anthology Lagu Padungdung by Deni Ahmad Fajar, to describe: (1) poem structure, (2) poem semiotic elements, and (3) the application of the result of the study on teaching poem reading in senior high school. The method used in the study is descriptive-analysis by conducting literature review and data analysis, namely searching available to be referred theories as the foundation to describe the analysis results. The instrument used is data cards. Structural analysis in poem covers theme, tone, feel, and moral value of the poem, which are later interpreted through Charles Sander Peirce semiotic analysis, namely icon, index, dan symbool. The result of structural data collections includes theme, tone, feel, and moral value. The most common themes are love and death, the tones are sarcasm and sorrow, the feel is yearning, and the moral value deals more with making the readers to remember. The result of semiotic analysis is that there are 76 icons, 140 indexes, and 120 symbols. Over all findings of this study is that there are approximately 30 poems which can be recommended to be used as teaching materials of poem reading in senior high school.

(6)

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

(7)

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAFTAR EUSI ... vi

DAFTAR TABÉL ... ix

DAFTAR LAMPIRAN ... x

DAFTAR SINGGETAN ... xi

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Sistematika Nyusun Skripsi ... 6

BAB II ULIKAN TIORI ... 8

(8)

vii

2.1.1 Wangenan Sastra ... 8

2.1.2 Hakékat Sastra ... 9

2.1.3 Fungsi Sastra ... 12

2.1.4 Wangun Karya Sastra ... 12

2.2 Puisi ... 13

2.2.1 Kamekaran Sajak dina Karya Sastra ... 15

2.2.2 Papasingan Sajak dina Sastra Sunda ... 16

2.3 Sajak ... 16

2.3.1 Wangenan Sajak ... 16

2.3.2 Struktur Sajak ... 18

2.3.3 Hakékat Sajak ... 19

2.4 Analisis Struktural-Semiotik dina Karya Sastra ... 23

2.5 Strukturalisme ... 26

2.5.1 Wangenan Struktruralisme ... 26

2.6 Semiotik ... 27

2.6.1 Wangenan Semiotik ... 27

2.6.2 Unsur Semiotik Dumasar Tiori Charles Sander Peirce ... 28

2.7 Bahan Pangajaran ... 30

2.7.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 30

2.7.2 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ... 31

2.7.3 Nyusun Bahan Pangajaran ... 32

2.7.4 Métode Pangajaran ... 33

2.8 Pangajaran Basa Sunda ... 34

2.8.1 Kasang Tukang Pangajaran Basa Sunda ... 34

2.8.2 Kompeténsi Inti Kompeténsi Dasar Pangajaran Basa Sunda di SMA ... 35

2.8.3 Tujuan jeung Fungsi KIKD Basa Sunda ... 38

2.9 Bahan Pangajaran Maca ... 39

2.9.1 Wangenan Maca ... 39

(9)

viii

2.9.3 Aspék-aspék Maca ... 41

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 42

3.1 Sumber Data ... 42

3.1.1 Déskripsi Data ... 43

3.2 Desain Panalungtikan ... 44

3.3 Métode Panalungtikan ... 46

3.4 Wangenan Operasional ... 46

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 47

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 48

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 48

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 48

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 51

4.1 Struktur Sajak dina Kumpulan Sajak LP ... 51

4.2 Semiotik dina Kumpulan Sajak LP ... 107

4.3 Larapna Hasil Panalungtikan pikeun Bahan Pangajaran Maca Sajak di SMA ... 153

4.3.1 Kompeténsi Inti jeung Kompeténsi Dasar ... 153

4.3.2 Milih Bahan Ajar ... 154

4.3.3 Matéri Bahan Pangajaran Maca Sajak ... 156

4.3.4 Évaluasi ... 158

4.3 Pedaran ... 168

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 171

5.1 Kacindekan ... 171

5.2 Saran ... 172

(10)

ix

LAMPIRAN ... 177 RIWAYAT HIRUP ... 182

(11)

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Sastra téh alat pikeun nepikeun kahayang nu diébréhkeun dina wangun tulisan atawa lisan, karya sastra mangrupa kedaling eusi haté ti pangarangna dina ngolah basa nu diébréhkeun ngaliwatan média tulisan anu ngandung unsur kaéndahan. Réka basa nu dihasilkeun tina hiji pamikiran ngawangun runtuyan basa atawa tulisan nu karasa éndah ku nu macana. Basa dina sastra bisa mangrupa basa lisan nu ngahasilkeun sastra lisan, kitu deui jeung basa tulis nu ngahasilkeun sastra tulis.

Ku ayana wangun tulisan balukar tina kamajuan élmu pangaweruh jeung téhnologi, ieu hal mangrupa sarana dina kamekaran basa, anu saterusna lahir rupa-rupa aktivitas jeung kréativitas manusa nu diébréhkeun kana wangun karya sastra. Sastra mangrupa kagiatan kréatip ti pangarangna, ku cara nyipta jeung ngolah basa. Kamekaran hiji karya sastra némbongkeun kaparigelan ti masarakat dina jamanna. Sabab sastra nu ditulis dina hiji période, tangtu bakal ngagambarkeun adat-istiadat atawa kabiasaan masarakat dina jamanna.

Pangarang ngaliwatan karya sastrana lain saukur némbongkeun kaéndahan atawa miboga unsur hiburan wungkul tapi dina karya sastra miboga ajén-inajén nu mangrupa simbol ngeunaan harti kahirupan. Ku cara maca karya sastra, pangalaman katut wawasan pasti bakal nambahan, rupa-rupa hal nu patali jeung kahirupan bakal kapanggih tina karya sastra. Dina karya sastra loba ajén anu luhung teuleumaneun nu maca sangkan ngarti kana harti jeung hakékat hirup. Hasil karya sastra dipiharep bisa dipikaharti ku nu macana, boh eusina boh maksudna. Nu maca dipiharep bisa meunang informasi anyar jeung pangalaman tina téks nu dibacana.

(12)

2

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Nilik kana wangunna karya sastra dibagi kana tilu wangun, nyaéta: puisi, prosa, jeung (carita) drama (Iskandarwassid, 2003, kc. 138). Karya sastra anu jadi bahan dina ieu panalungtikan nyaéta dina wangun puisi, dihususkeun kana wanda sajak

Basa dina sajak biasana ngagunakeun pilihan kecap nu padet, jeung miboga

sifat konotatif. Dina ngama’naan hiji téks sajak nu maca kudu telik, taliti,

ngalibetkeun daya nalar jeung imajinasi nu kuat dina prosés maham eusi sajak. Sangkan nu maca bisa nyangkem maksud jeung harti tina éta sajak, saméméh

ngama’naan sajak sacara gembleng, biasana nu maca kudu wanoh heula kana

unsur-unsur batin nu aya dina sajak sacara implisit ku cara ngulik kana téks sajakna. Ieu ulikan mangrupa cara nganalisis struktur sajak.

Kamekaran sajak ti waktu ka waktu ngalaman rupa-rupa parobahan, nu dilantarankeun ku ayana élmu pangaweruh, téknologi, jeung ajén éstétika ti pangarangna. Kiwari karya sastra sajak katitén beuki loba peminatna. Contona ku diayakeunana pasanggiri-pasanggiri ngeunaan sajak, boh pasanggiri macana boh nulis sajakna, acara-acara nu mintonkeun kréasi sajak, jsb. Sajak beuki dipikaresep ku balaréa. Ku masarakat, mahasiswa, kitu deui ku budak sakola dina pangajaran ngeunaan sajak.

Data-data nu kapanggih ngeunaan kagiatan nu aya hubunganna jeung sajak, upama baé dina bulan April 2013 di SMKN 2 Pasundan Kota Tasikmalaya ngayakeun pasanggiri maca sajak Sunda keur barudak sakola, tingkat SD, SMP jeung SMA. Ieu mangrupa pasanggiri maca sajak ka-12 nu diayakeun di éta tempat, dina bulan April 2012 kungsi diayakeun workshop basa jeung sastra Sunda anu eusina ngabahas ngeunaan sajak-sajak Sunda ti Disparbud Provinsi Jawa Barat, kalayan pangjejer ti Etty R.S., Godi Suwarna, Acep Zamzam Noor, Hawe Setiawan, jeung Dian Hendrayana, aya pintonan rampak sajak, aya ogé wanda anyar nu disebut musikalisasi sajak. Kitu deui jeung acara rutin unggal

(13)

3

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

taun nu diayakeun ku Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI dina kagiatan Riksa Budaya Sunda (RBS), nyaéta pasanggiri-pasanggiri ngeunaan kasundaan, kaasup di jerona aya pasanggiri maca sajak. Ku kituna katitén yén karya sastra wanda sajak téh beuki loba peminatna. Sajak geus jadi salasahiji wangun sastra Sunda sarta ditarima minangka wangun éksprési sastra Sunda dina basa Sunda. Luyu jeung nu aya di sastra Indonesia, Pradopo (dina Jabrohim, 2012, kc. 119), méré gambaran yén:

“Puisi kian diminati oleh masyarakat, baik oleh pelajar, mahasiswa, maupun

masyarakat pada umumnya. Akan tetapi puisi atau sajak sukar dimengerti karena kompleksitas, pemadatan, kiasan-kiasan, dan pemikirannya yang

sukar”.

Ayana kompléksitas cara ngama’naan sajak, ngabalukarkeun perlu ayana analisis sajak. Dina nganalisis karya sastra tangtu kudu ngagunakeun salasahiji tiori sastra, dina ieu panalungtikan digunakeun ulikan struktural karya sastra anu saterusna diwewegan ku tiori semiotik. Ieu hal luyu jeung pamadegan Pradopo (2007, kc. 118) yén strukturalisme teu bisa dipisahkeun jeung semiotik. Panalungtikan sastra maké pamarekan semiotik saenyana tuluyna tina pamarekan strukturalisme.

Taun 2012 terbit buku kumpulan sajak Lagu Padungdung (LP), éta buku téh dilélér hadiah Sastra Rancagé taun 2013, sarta miboga ajén sastra anu hadé. Tina éta indikator, panalungtik nalungtik éta buku. Ku kituna, objék dina ieu panalungtikan téh nyaéta kumpulan sajak LP karangan Deni Ahmad Fajar, anu hasil panalungtikanna dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA. Dina kurikulum 2013, pangajaran ngeunaan sajak pernahna aya di kelas XI SMA. Eusi tina éta kumpulan sajak LP bisa narik minat siswa lantaran sajakna nyaritakeun téma-téma nu aya di sabudeureun lingkungan sosial siswa.

(14)

4

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saméméhna aya sababaraha panalungtikan ti Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah anu kungsi medar ngeunaan analisis struktural wungkul jeung aya nu medar ngeunaan analisis struktural-semiotik. Upamana baé:

1)“Ajén Moral dina Kumpulan Sajak Sasambat Karya Yayat Hendrayana” ku

Mahyar Suryadi (2002),

2)“Analisis Struktural Semiotik dina Kumpulan Sajak Waruga Garba

Karangan Eddy D. Iskandar” ku Nunung Sulastri (1999),

3)“Sajak dina Manglé Alit anu Medal dina Taun 2009 pikeun Bahan Pangajaran Maca Sajak di SMP Kelas VIII: (Analisis Unsur Intrinsik)” ku Nurwita (2009),

4)“Ajén Patriotis dina Kumpulan Carita Pondok Oléh-oléh Pertempuran Karangan Rukmana Hs. (Ulikan Struktural-Semiotik)” ku Yayu Aisyah (2004).

Panalungtikan (skripsi) ngeunaan sajak nu diulik maké tiori struktural-semiotik katitén masih kénéh kurang, nu nyusun niténan panalungtikan-panalungtikan dina wangun skripsi saméméhna ngan aya hiji skripsi nu medar ngeunaan struktural-semiotik kana wangun sajak. Dina ieu panalungtikan dipedar unsur struktural-semiotik dina kumpulan sajak Lagu Padungdung karangan Deni Ahmad Fajar. Panalungtikan ngeunaan struktural-semiotik sakumaha nu geus ditetelakeun di luhur, mémang geus aya. Tapi anu ditalungtik dina ieu sajak mah béda objék anu ditalungtikna. Lian ti éta téks-téks sajak dina kumpulan saja LP miboga kaistiméwaan dina basana, beuki pondok sajakna beuki kompléks dina ngama’nana, nepi ka panyusun kataji. Ku kituna ieu panalungtikan dijudulan Ulikan Stuktural-Semiotik kana Kumpulan Sajak Lagu Padungdung Karangan Deni Ahmad Fajar pikeun Bahan Pangajaran Maca Sajak di SMA, sarta perlu dilaksanakeun.

(15)

5

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Luyu jeung kasang tukang panalungtikan nu geus dipedar saméméhna, ieu panalungtikan téh diwatesanan. Pasualan nu dipedar dina ieu panalungtikan museur kana tiori sastra dina ulikan struktural-semiotik dina kumpulan sajak Lagu Padungdung karangan Deni Ahmad Fajar, anu saterusna hasil panalungtikan disusun sangkan bisa dijadikeun bahan ajar pikeun pangajaran maca di SMA.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah ieu di handap.

1) Kumaha jengléngan kumpulan sajak Lagu Padungdung ditilik tina jihad struktural?

2) Kumaha jengléngan kumpulan sajak Lagu Padungdung ditilik tina jihad semiotik?

3) Kumaha larapna sajak-sajak nu aya dina kumpulan sajak Lagu Padungdung pikeun bahan ajar maca dina pangajaran basa Sunda di tingkat SMA?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan diayakeun ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun karya sastra, hususna dina wanda sajak dumasar kana ulikan struktural-semiotik.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta:

1) Ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun unsur-unsur struktural sajak anu aya dina buku kumpulan sajak Lagu Padungdung karangan Deni Ahmad Fajar.

(16)

6

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun unsur-unsur semiotik sajak dina buku kumpulan sajak Lagu Padungdung karangan Deni Ahmad Fajar.

3) Ngalarapkeun hasil panalungtikan kana bahan pangajaran maca sajak di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nganalisis, ngaidéntifikasi katut ngadéskripsikeun karya sastra wangun sajak dina kumpulan sajak Lagu Padungdung karangan Deni Ahmad Fajar. Lian ti éta hasil panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban bahan ajar pangajaran maca basa Sunda dina widang atikan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis anu dipiharep tina ieu panalungtikan nyaéta:

1) Pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kasusastraan Sunda hususna dina widang sajak.

2) Pikeun ngadéskripsikeun hasil analisis karya sastra dina wangun sajak dumasar kana struktur pangwangunna.

3) Pikeun ngadéskripsikeun hasil analisis karya sastra dina wangun sajak maké ulikan semiotik.

4) Pikeun nu ngabutuhkeun bisa dijadikeun bahan bacaeun atawa mangrupa salasahiji bahan référénsi sastra.

5) Pikeun dijadikeun bahan tinimbangan dina nganalisis karya-karya sastra. 6) Hasil panalungtikna bisa dijadikeun alternatif bahan pikeun pangajaran maca

basa Sunda di SMA. Ku ayana bahan atawa matéri nu anyar dipiharep bisa nambahan bahan ajar maca sajak basa Sunda di SMA.

(17)

7

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.5 Sistematika Nyusun Skripsi

BAB I: BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.3 Tujuan Panalungtikan

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.5 Sitematika Nyusun Skripsi

BAB II: ULIKAN TIORI 2.1 Sastra

2.2 Puisi 2.3 Sajak

2.4 Analisis Struktural-Semiotik dina Karya Sastra 2.5 Struktural

2.6 Semiotik

2.7 Bahan Pangajaran

BAB III: MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data

3.2 Desain Panalungtikan 3.3 Métode Panalungtikan 3.4 Wangenan Operasional 3.5 Instrumén Panalungtikan 3.6 Téhnik Panalungtikan

BAB IV: HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Déskripsi Data

(18)

8

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4.2 Analisis Struktural Kumpulan Sajak Lagu Padungdung 4.3 Analisis Semiotik Kumpulan Sajak Lagu Padungdung 4.4 Bahan Pangajaran Maca di SMA

4.5 Pedaran

BAB V: KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

(19)

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Siswantoro (2010, kc. 72) méré gambaran yén sumber data téh mangrupa subjék panalungtikan pikeun dijadikeun bahan panalungtikanana. Subjék panalungtikan sastra nyaéta téks-téks novél, carita pondok, drama jeung sajak.

Arikunto (2010, kc. 172) ngelompokkeun sumber data jadi tilu tingkatan huruf “P” tina basa Inggris, nyaéta:

P = person, sumber data mangrupa jalma, P = place, sumber data mangrupa tempat, jeung P = paper, sumber data mangrupa simbol.

Éta sumber data téh dijelaskeun saperti ieu di handap:

a) Person nyaéta sumber data nu bisa méré data nu mangrupa jawaban lisan

ngaliwatan wawancara atawa jawaban nu ditulis ngaliwatan angkét.

b) Place nyaéta sumber data nu nembongkeun tampilan tempat. Éta objék tempat

téh pikeun diobsérvasi. Contona kana rohangan, kalengkepan alat, wujud barang, warna, majuna kendaraan, lagu atawa musik, gerakan tari, pintonan drama, kagiatan diajar-ngajar, jsb.

c) Paper nyaéta sumber data nu mangrupa tanda-tanda dina huruf, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjénna.

Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta sakabéh sajak nu aya dina kumpulan sajak Lagu Padungdung karangan Deni Ahmad Fajar anu ngawengku unsur strukturna kayaning téma, nada, rasa jeung amanat. Sarta unsur semiotikna saperti ikon, indéks, jeung simbol.

(20)

43

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.1.1 Déskripsi Data

Buku kumpulan sajak LP karangan Deni Ahmad Fajar, diterbitkeun ku Syabas Books. Ieu buku mangrupa buku citakan kahiji dina taun 2012, jumlah kacana aya 53 kaca. Dina jilid bukuna aya gambar lalaki maké sarung dicalanakeun bari mawa kalakay kai, buukna ngalangkang bari nyungcung jiga buuk Semar. Éta lalaki téh aya na luhureun barang nu mirupa siga batu nu buleud. Wangun nu katingalina jiga batu buleud téh bisa ditafsirkeun mangrupa gambaran alam semesta. Di sakuriling éta gambar nu jiga batu gedé téh, aya anu jiga batu- batu laleutik digambarkeun jeung kalangkangna. Luhureun gambar aya tulisan judul sajak jeung ngaran pangarangna, Lagu Padungdung antologi puisi Deni A. Fajar. Di jero bukuna diselang ku gambar-gambar abstrak nu nyaritakeun eusi tina sajakna.

Eusi dina ieu kumpulan sajak LP, aya 31 judul sajak. Anu judulna (1)

”Réquim”, (2) “Aya Nu Ngali Kuburan” (3) “Dina Harina”, (4) “Sisiphus”, (5)

“Linglung”, (6) “Sajak Heureuy”, (7) “Hirup”, (8) “Parodi”, (9) “Bandung”, (10)

“Kalangkang”, (11) “Kalangkang II”, (12) “Ayun Ambing Panineungan”, (13)

“Tol”, (14) “Tol II”, (15) “Legénda”, (16) “Obituari”, (17) “Obituari II”, (18)

“Lagu Padungdung”, (19) “Lagu Gandrung”, (20) “Introspéksi Tungtung Taun”, (21) “Introspéksi Statsion Rangkasbitung”, (22) “Introspéksi ti rumentang Siang”, (23) “Bayah: Hiji Catetan”, (24) “Panggih jeung Sobat”, (25) “Panto”, (26)

(21)

44

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

“Ngabungbang”, (27) “Ngabungbang II”, (28) “Milangkala”, (29) “Milangkala II”, (30) “Milangkala III”, jeung (31) “Bangkarak Panineungan”.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain (design) panalungtikan nyaéta rencana atawa rarancang nu dijieun ku panalungtik, nu jadi dasar kagiatan nu rék dilaksanakeun (Arikunto, 2010, kc. 90). Dina desain panalungtikan sakurang-kurangna kudu aya: (1) judul panalungtikan nu nandeskeun masalah, (2) alesan diayakeunna panalungtikan, (3) tujuan panalungtikan, (4) mangpaat hasil panalungtikan, (5) landasan téori, (6) talaah kapustakaan, (7) métodologi (ngawengku téhnik sampling, métode ngumpulkeun data, jeung métode analisis data), léngkah-léngkah jadwal panalungtikan, jeung biaya.

Ali (dina Jabrohim, 2012, kc. 31) méré gambaran yén panalungtikan dilaksanakeun dumasar sababaraha tahap panalungtikan, nyaéta: (1) tahap rencana panalungtikan, (2) tahap ngalaksanakeun panalungtikan, jeung (3) tahap nyieun laporan. Tahap rencana panalungtikan ngawengku tahap perumusan masalah, talaah kana kasang tukang masalah, jeung nyusun rarancang panalungtikan. Anu saterusna dituluykeun kana tahap ngalaksanakeun panalungtikan, nu ngawengku tahap ngumpulkeun data, ngelompokkeun, jeung tahap nganalisis. Tahap nu katilu nyaéta tahap nyieun laporan panalungtikan nu eusina mangrupa hasil jeung kacindekan panalungtikan.

(22)

45

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.1

Galur Panalungtikan

Idéntifikasi masalah

Ngarumuskeun Masalah

Nangtukeun pamarekan (nangtukeun cara atawa métode, jenis, jeung tujuan panalungtikan)

Ngumpulkeun data

Ngolah jeung nganalisis data

Nyieun kacindekan

Nyusun laporan

Nyieun duplikat laporan Rarancang Panalungtikan

Ngalaksanakeun Panalungtikan

(23)

46

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bagan arus kagiatan panalungtikan nurutkeun Jabrohim (2012, kc. 39) kalayan pangropéa.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode asal kecapna tina kecap methodos (basa Latén), nu hartina stratégi pikeun maham kana realitas (kanyataan) dumasar léngkah-léngkah nu sistematis pikeun ngungkulan runtuyan sabab-akibat (Ratna, 2013, kc. 34).

Siswantoro (2010, kc. 55-56) nétélakeun nu disebut métode téh nyaéta cara nu dipaké ku panalungtik dina ngaréngsékeun pasualan anu ditalungtikna. Ku kituna panalungtikan mangrupa kagiatan ilmiah, métodena kudu sistematis atawa prosedural. Sistematis, miboga harti panalungtikan kudu dilaksanakeun sacara teratur dumasar kana urutan léngkah-léngkah panalungtikanna.

Panalungtikan sastra sarua jeung panalungtikan élmu séjén, maké métode nu sistematis. Bédana, panalungtikan sastra mah sifatna déskriptif, ku kituna métode dina ieu panalungtikan digolongkeun kana métode déskiptif. Nawawi (dina Siswantoro, 2010, kc. 56) nétélakeun yén métode déskriptif nyaéta:

“Metode deskriptif dapat diartikan sebagai prosedur pemecahan masalah

yang diselidiki dengan menggambarkan atau melukiskan keadaan subjek atau objek penelitian (novel, drama, cerita pendek, puisi) pada saat sekarang

(24)

47

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif-analitik. Métode déskriptif-analitik nyaéta métode nu ngadéskripsikeun sakabéh data kalawan rinci, anu saterusna éta data dianalisis (Ratna, 2013, kc. 53). Dina ieu panalungtikan, éta métode téh dipaké pikeun ngadéskripsikeun sajak-sajak Lagu Padungdung dumasar kana pamarekan struktural jeung semiotik kana téks sajakna, anu saterusna dijadikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA.

3.4 Wangenan Operasional

Wangenan operasional dina ieu panalungtikan nyaéta:

1) Sastra nyaéta ungkapan pribadi manusa dina wangun karya seni anu digelarkeun kalawan ngagunakeun alat basa.

2) Sajak (bébas) nyaéta salasahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu kauger ku patokan wangunna. Sajak mangrupa éksprési rasa ti pangarangna dina rékaman gambaran kahirupan, nu ngungkarakeun basa kalawan teu langsung.

3) Struktural sacara étimologis asal kecapna tina “struktur” hartina nyaéta ayana

hubungan anu tetep antara kelompok gejala atawa unsur. Salian ti éta disebut ogé tata hubungan antara bagian-bagian hiji karya sastra nepi ka jadi sagemblengna. Analisis struktural mangrupa kajian kana unsur-unsur intrinsik anu ngawangun hiji carita dina karya sastra.

4) Semiotik nyaéta élmu nu ngulik ngeunaan tanda jeung simbol-simbol, atawa élmu nu ngulik ngeunaan pamahaman ma’na karya sastra dumasar kana tanda nu aya dina éta karya. Hal ieu diluyukeun jeung kanyataan yén basa téh mangrupa sistem tanda. Dina ieu panalungtikan tanda-tanda nu dimaksud nyaéta ikon, indéks, jeung simbol.

5) Bahan pangajaran nyaéta matéri pangajaran atawa substansi poko nu rék ditepikeun ku guru ka siswa dina prosés diajar-ngajar anu luyu jeung kurikulum.

(25)

48

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.5 Instrumen Panalungtikan

Arikunto (2002, kc. 136) nétélakeun yén instrumen panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data, ngolah, data jeung ngainterprétasikeun data sangkan leuwih gampang jeung hasilna leuwih alus, leuwih taliti, lengkep, tur sistematis. Dina ieu panalungtikan instrumén nu digunakeun nyaéta kartu data. Gunana pikeun ngumpulkeun jeung mindahkeun data nu geus aya sangkan gampang dina ngainterprétasina.

Instrumen panalungtikan katitén saperti tabél di handap.

Tabél 3.1 Conto Kartu Data

Format tabél analisis unsur struktural (Téma, Nada, Rasa, Amanat)

No. Kode Objék analisis Interprétasi

1 2 3 4

Tabél 3.2 Conto Kartu Data

Format tabél analisis unsur semiotik (Ikon, Indéks, jeung Simbol)

No. Kode Objék analisis Interprétasi

1 2 3 4

(26)

49

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Téhnik asalna tina kecap tekhnikos (basa Yunani), nu miboga harti alat atawa seni ngagunakeun alat (Ratna, 2013, kc. 37). Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik studi pustaka jeung analisis data.

1) Studi pustaka nyaéta téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku cara maca bahan-bahan nu raket patalina jeung masalah nu rék ditalungtik sarta nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya hubunganna jeung bahan panalungtikan.

2) Analisis data nyaéta téhnik ngolah data hasil tina prosés panalungtikan, ku cara maparkeun hasil panalungtikan dina wangun déskriptif. Téhnik analisis digunakeun pikeun nganalisis sakabéh data nu aya dina kumpulan sajak Lagu Padungdung karangan Deni Ahmad Fajar dumasar kana ulikan struktural-semiotik.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ngumpulkeun data nyaéta studi pustaka ku cara maca sarta neuleuman hal-hal anu aya patalina jeung masalah nu rék ditalungtik.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik analisis. Ngaliwatan ieu téhnik dipiharep analisis struktural jeung semiotik dina kumpulan sajak Lagu Padungdung bisa didéskripsikeun kalawan jéntré. Data nu dikumpulkeun dina ieu panalungtikan saterusna dianalisis dumasar kana léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Maca buku kumpulan sajak Lagu Padungdung.

2) Maca buku nu aya patalina jeung masalah sarta anu bisa dijadikeun bahan dina panalungtikan.

3) Nganalisis dumasar kana ulikan struktural-semiotik kana sajak nu aya dina kumpulan sajak Lagu Padungdung.

(27)

50

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) Unggal data nu kapanggih dina kumpulan sajak Lagu Padungdung dinomeran maké kode anu tangtu, bisa katitén dina tabél 3.2 di handap. Conto kode: Kalangkang II (11.13.03)

11: nomer urut sajak 13: kaca

3: padalisan

5) Nyieun kacindekan ngeunaan hasil analisis pikeun bahan pangajaran di SMA.

Tabél 3.3 Data Nomer Urut sajak

No. Kode Sajak Judul Sajak Katerangan

1 2 3 4

1. 01.01.xx Réquim Dianalisis

2. 02.02.xx Aya Anu Ngali Kuburan Dianalisis

3. 03.03.xx Dina Harina Dianalisis

4. 04.04.xx Sisiphus Dianalisis

5. 05.06.xx Linglung Dianalisis

6. 06.07.xx Sajak Heureuy Dianalisis

7. 07.08.xx Hirup Dianalisis

8. 08.09.xx Parodi Dianalisis

9. 09.10.xx Bandung Dianalisis

10. 10.11.xx Kalangkang Dianalisis

11. 11.13.xx Kalangkang II Dianalisis

12. 12.14.xx Ayun Ambing Panineungan Dianalisis

13. 13.15.xx Tol Dianalisis

14. 14.16.xx Tol II Dianalisis

15. 15.17.xx Legénda Dianalisis

16. 16.19.xx Obituari Dianalisis

17. 17.20.xx Obituari II Dianalisis

18. 18.21.xx Lagu Padungdung Dianalisis

19. 19.22.xx Lagu Gandrung Dianalisis

20. 20.23.xx Introspéksi Tungtung Taun Dianalisis 21. 21.25.xx Introspéksi Statsion Rangkasbitung Dianalisis

1 2 3 4

22. 22.26.xx Introspéksi ti Rumentang Siang Dianalisis 23. 23.27.xx Bayah: Hiji Catetan Dianalisis 24. 24.28.xx Panggih jeung Sobat Dianalisis

(28)

51

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

25. 25.30.xx Panto Dianalisis

26. 26.31.xx Ngabungbang Dianalisis

27. 27.32.xx Ngabungbang II Dianalisis

28. 28.33.xx Milangkala Dianalisis

29. 29.34.xx Milangkala II Dianalisis

30. 30.36.xx Milangkala III Dianalisis

31. 31.37.xx Bangkarak Panineungan Dianalisis

Katerangan tina tabél 3.2

Conto angka 09.10.xx = (1) 09, (2) 10, (3) xx (1) 09 = nomer urut sajak

(2) 10 = nomer kaca

(29)

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun téks-téks sajak nu aya dina kumpulan sajak Lagu Padungdung (LP) karangan Deni Ahmad Fajar, ngagunakeun tiori struktural I.A Richard jeung tiori semiotik Peirce. Dina ieu panalungtikan métode nu digunakeun nyaéta déskriptif-analitik. Dumasar kana pedaran dina bab IV, ieu panalungtikan bisa dicidekkeun dina pedaran ieu di handap.

Kumpulan sajak LP karangan Deni Ahmad Fajar eusina aya 31 sajak. Éta sajak nu 31 téh dianalisis dumasar kana pamarekan struktur sajak nu ngawengku: (1) téma, (2) nada, (3) rasa, jeung (4) amanat, anu saterusna diwewegan ku ulikan sémiotik nurutkeun tiori Charles Shander Peirce, nyaéta ikon, indéks, jeung simbol.

Téma sajak nu kapanggih dina sajak LP nyaéta téma pati aya lima sajak, téma kaagamaan aya opat sajak, téma cinta aya sapuluh, téma kaayaan sosial aya lima, téma ngeunaan kahirupan/hakékat diri aya lima sajak, jeung téma pipisahan aya dua sajak. Nada sajak nu kapanggih dina kumpulan sajak LP nyaéta nada nalangsa, nada ngahudang rasa kapanasaran, nada tenang, nada nyindir, nada pasrah, nada nangtang, nada sono, nada keueung, nada hanjakal, nada pinuh sumanget, nada sieun, nada sepi, nada bingung, nada mapatahan, jeung nada ambek. Rasa sajak nu kapanggih dina kumpulan sajak LP nyaéta rasa sedih, rasa hariwang, rasa sono, rasa melang, rasa prihatin, rasa tenang, rasa sinis, rasa bungah, rasa pasrah, rasa sombong, rasa linglung jeung rasa keuheul. Amanat sajak nu kapanggih dina kumpulan sajak LP lolobana ngan saukur ngageuing ka nu maca, méré gambaran kaayaan sosial, jeung ngingetan kana pati.

(30)

172

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Hasil analisis semiotik kapanggih aya 76 unsur ikon, 140 unsur indéks, jeung 120 unsur simbol. Dina ieu panalungtikan katitén unsur semiotik nu panglobana téh aya dina unsur indéks, tanda semiotik nu ditandaan ku ayana hubungan kausal (sebab-akibat). Tanda nu pangsaeutikna tina tilu tanda éta nyaéta tanda ikon, anu méré tanda sasaruaan.

Dina ieu kumpulan sajak Lagu Padungdung, aya 30 sajak nu luyu pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA, sedengkeun nu teu luyuna ngan aya hiji nu judulna “Sisiphus”, lantaran jauh ti kasang tukang budaya jeung pangaweruh siswa SMA.

5.2 Saran

Saréngséna ieu panalungtikan aya sababaraha saran kayaning ieu di handap. 1) Pikeun Panalungtik

Dina panalungtikan nu medar ngeunaan struktur jeung semiotik sajak, sarta hasil panalungtikanna dilarapkeun kana bahan pangajaran maca sajak, kudu terus dilaksanakeun sangkan bahan pangajaran maca sajak di sakola-sakola beuki ngeuyeuban.

2) Pikeun Siswa

Dina pangajaran ngeunaan sajak, siswa teu kudu matok kana bahan pangajaran anu dibikeun ku guru, tapi siswa bisa néangan bahan pangajaran tina sumber séjén saperti dina majalah, koran jeung media massa, sarta teu leupas tina apingan guru.

3) Pikeun Guru/Widang Atikan

Salian ti métode, téhnik jeung nangtukeun bahan pangajaran anu luyu jeung kurikulum, guru dipiharep bisa leuwih parigel dina nepikeun pangajaran ngeunaan sajak ka siswa sangkan siswa leuwih resep jeung sumanget dina diajarna. Pikeun ngamotivasi pangajaran maca sajak, aya hadéna guru

(31)

173

ngayakeun hiji kagiatan anu bisa ngahudang sumanget siswa resep kana sajak upamana ngayakeun kagiatan lomba maca sajak bébas nu kagiatana teu kudu waé di kelas tapi urang bisa ngayakeun di alam terbuka contona di tempat nu aya di sabudeureun sakola, atawa guru bisa ngajak siswa ka tempat rékréasi bari méré pancén ngeunaan matéri sajak, sangkan bisa ngahudang sumanget siswa dina diajarna.

4) Pikeun Panyajak

Saméméh nulis sajak hadéna nu nulis nangtukeun heula téma, komo lamun geus apal sasaran pikeun saha éta sajak ditujukeunana. Lamun pikeun budak tangtu waé témana kudu disaluyukeun jeung kamampuh budak kana nyangkem eusi sajak.

(32)

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, A.C. (2006) Pokoknya Sunda Interpretasi untuk Aksi. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Aminuddin. (2013). Pengantar Apresiasi karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Budiman, K. (2011). Semiotika Visual: Konsep, Isu, dan Problem Ikonisitas. Yogyakarta: Jalasutra.

Berger, A.A. (2010). Pengantar Semiotika Tanda-tanda dalam Kebudayaan Kontemporer. Yogyakarta: Tiara Wacana.

Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat. (2012). Workshop Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Disparbud Jabar.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2013). KIKD dan Silabus Mata Pelajaran Bahasa Sunda. Dinas Penprov Jabar.

Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia Pusat Bahasa. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Djaramah, S.B. & Zain, A. (2010). Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: Rineka Cipta.

Echols, J.M. & Shadily, H. (2010). Kamus Inggris Indonesia (An English-Indonesia Dictionary). Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

(33)

175

Faruk. (2012). Metode Penelitian Sastra Sebuah Penjelajahan Awal. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Gintings, A. (2012). Esensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, R. (2007). Tiori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori dan Kritik pada Karya Satra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

Jabrohim. (2012). Teori Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Jamaludin. (2003). Problematika Bahasa dan Sastra. Yogyakarta: Adicita Karya Nusa.

Kosasih, E. (2012). Dasar-dasar Keterampilan Bersastra. Bandung: Yrama Widya.

Kosasih, E. (2008). Apresiasi Sastra Indonesia. Jakarta: Nobel Edumedia.

Koswara, D. (2011). “Racikan Sastra” Diktat Kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Bandung: UPI.

Luxemburg, J.V., Bal, Mieke., & Weststeijn, W.G. (1992). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: Gramedia.

LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra). (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

(34)

176

Pradopo, Rachmat Djoko. (2013). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Pradopo, R.Dj. (2007). Pengkajian Puisi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Ratna, Ny.Kh. (2013). Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra.Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ruhaliah. (2010). “Sajarah Sastra Sunda Modern” diktat kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Bandung: UPI.

Rosidi, A. (2007). Sajak Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. Salmun, M.A. (1961). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bogor.

Santosa, P. (2013). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.

Siswantoro. (2010). Metode Penelitian Sastra Analisis Struktur Puisi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sukmarawati, D. (2005). “Gaya Basa dina Kumpulan Sajak Kembang Katiga Karya Wahyu Wibisana pikeun Milih Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di

SMP”. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah-FPBS-UPI Bandung. Teu diterbitkeun.

Sumardjo, J. & Saini. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Tamsyah, B.R. Spk. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tarigan, H.G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

(35)

177

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI PRESS.

Teeuw, A. (2003). Sastera dan Ilmu Sastera. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. Waluyo, H.J. (1987). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga.

Wellek, R. & Warren, A. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Zarkone, A. (2009). Iwan Fals, Dewa Musik dari Leuwinanggung. [Onlline]. Aya di: http://www.cerita-kawanku.blogspot.com/2009/11/iwan-fals.html. Diakses 7 Februari 2014.

Sukmarawati, D. (2005). “Gaya Basa dina Kumpulan Sajak Kembang Katiga Karya Wahyu Wibisana pikeun Milih Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMP”. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah-FPBS-UPI Bandung. Teu diterbitkeun.