Téhnik Ngumpulkeun Data

60 Ai Jamilah, 2015 Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Maca novél Handeuleum ‘na Haté Beureum. 2 Nyirian unsur-unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum. 3 Nyalin kana kode data sangkan data leuwih gampang diolah jeung leuwih alus hasilna.

3.4 Analisis Data

Sanggeus data hasil panalungtikan dikumpulkeun, léngkah séjén nu perlu dilakukeun nya éta kagiatan ngolah data analisis data. Sacara umum analisis data ngawengku tilu hal, nya éta tatahar, tabulasi, jeung ngamangpaatkeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan Arikunto, 2010, kc. 278. Tatahar mangrupa kagiatan mimiti anu dilaksanakeun dina analisis data. Tabulasi nya éta proses ngahijikeun sakabéh data anu kapanggih. Data anu geus ditabulasi tuluy diolah dumasar pamarekan panalungtikan nya éta struktural jeung féminis. Sanggeus data kakumpul, léngkah-léngkah nu dilakukeun dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap. 1 Nyieun papasingan data. 2 Mindahkeun sakabéh unsur intrinsik jeung citra wanoja kana wangun tabélinstrument. 3 Nganalisis unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum. 4 Ngadéskripsikeun unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum. 5 Napsirkeun jeung méré interpretasi kana sakabéh data anu kapanggih dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum. 6 Nyindekkeun hasil analisis data, nu satuluyna dijadikeun bahan pangajaran novél di SMA kelas XI. Ai Jamilah, 2015 Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V PANUTUP

5.1 Kacindekan

Tina hasil analisis data dina Bab IV, bisa dicindekkeun yén novél Handeuleum ‘na Haté Beureum diwangun ku unsur-unsur intrinsik téma, fakta carita, jeung sarana carita jeung ajén-ajén féminis. Tokoh-tokoh wanoja dina novél H andeuleum ‘na Haté Beureum hampir sakabéhna digambarkeun ku pangarang ngaliwatan citra pisik, citra psikis, citra di lingkungan kulawarga, jeung citra di masarakat. Téma ieu novél nya éta ngeunaan cintaasmara, pajurawetna cinta antara hiji wanoja jeung dua jajaka, cinta jeung nyaahna jajaka ka wanoja nu béda-béda ngabuktikeunana, cinta jeung nyaahna hiji wanoja ka dua jajaka nu patukang tonggong watekna. Dina nyaritakeun ieu novél, pangarang maké galur bobok tengah. Dina ieu novél aya 27 palaku. Tina 27 palaku ngawengku tilu palaku utama nya éta Mayang, Andi, jeung Yudi, opat palaku tambahan nu marengan palaku utama, jeung 20 palaku piguran. Latar dina ieu novél aya 61 latar tempat, 38 latar waktu, sarta maké latar sosial lingkungan masarakat sedeng jeung luhur. Pangarang ngagunakeun puseur panitén jalma katilu sagala nyaho. Dina nyaritakeun eusi novél pangarang ngagunakeun salapan gaya basa. Gaya basa nu mindeng dipaké ku pangarang nya éta rarahulan jeung mijalma. Amanat dina ieu novél nya éta: saapik-apikna nyumputkeun kagoréngan, pasti bakal kapanggih; mending kénéh dipikacinta daripada micinta; élmu jeung kabisa mah moal beurat mamawa, jeung jadi wanoja mah ulah leumpeuh yuni, ulah babari kagoda ku omonganpisikna lalaki. Wanoja mah kudu tanggoh, rupa-rupa halmasalah téh saméméh diuruskeun ku batur, kudu disanghareupan heula ku sorangan. Hampir sakabéh tokoh wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum leuwih mentingkeun karir atawa atikan, ti batan kalungguhanna jadi pamajikan jeung hiji indung. Misalna tokoh Mayang salaku tokoh utama dina ieu

Dokumen yang terkait

SENI BELUK DI DÉSA RANCAKALONG KACAMATAN RANCAKALONG KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Ulikan Struktural jeung Sémiotik.

1 10 38

ULIKAN STRUKTURAL-SEMIOTIK KANA KUMPULAN SAJAK LAGU PADUNGDUNG KARANGAN DENI AHMAD FAJAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA SAJAK DI SMA.

0 30 35

ULIKAN STRUKTURAL NOVÉL RASIAH NU GORÉNG PATUT KARYA DJUHANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL KELAS XI.

68 547 22

ANALISIS STRUKTURAL NOVÉL TRI TANGTU DI BUMI KARYA YOSÉPH ISKANDAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI.

194 926 26

UNSUR OBJÉKTIF JEUNG ÉKSPRÉSIF NOVÉL BÉNTANG PASANTRÉN KARYA H. USEP ROMLI HM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA PEDARAN SASTRA DI SMA KELAS XI.

79 451 32

ANALISIS KECAP SULUR DINA NOVÉL PIPISAHAN KARANGAN RAF PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BASA SUNDA DI SMA.

6 114 28

ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK DINA NOVÉL SUDAGAR BATIK KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA.

23 253 28

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA - repository UPI S BD 1105648 Title

7 80 3

ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK DINA NOVÉL SAÉNI KARANGAN HADI AKS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI SMA - repository UPI S BD 1201784 Title

0 0 3

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG FÉMINIS KANA NOVÉL HANDEULEUM ‘NA HATÉ BEUREUM KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1103201 Title

0 0 3