ULIKAN STRUKTURAL JEUNG FÉMINIS KANA NOVÉL HANDEULEUM ‘NA HATÉ BEUREUM KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI SMA KELAS XI.

(1)

No. 818/FPBS/0251/2015

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG FÉMINIS KANA NOVÉL HANDEULEUM ‘NA HATÉ BEUREUM

KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI SMA KELAS XI SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat

ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Departemen Pendidikan Bahasa Daerah

ku Ai Jamilah NIM 1103201

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2015

(2)

Ulikan Struktural jeung Féminis

kana Novél

Ha

deuleu ‘ a Haté Beureu

Karya Chyé Rétty Isnéndés

pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél

di SMA Kelas XI

Oleh Ai Jamilah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Ai Jamilah 2015

Universitas Pendidikan Indonesia Februari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

(4)

vii

KAJIAN STRUKTURAL DAN FEMINIS

DALAM NOVEL HANDEULEUM ‘NA HATÉ BEUREUM KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS

UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA NOVEL DI SMA KELAS XI1

Ai Jamilah2

ABSTRAK

Novel Handeuleum ‘na Haté Beureum mempunyai unsur-unsur feminis yang perlu dikaji dan diketahui oleh masyarakat umum. Secara umum, penelitian ini bertujuan untuk menggambarkan karakter-karakter perempuan yang ada dalam novel Handeuleum ‘na Haté Beureum, supaya karakter-karakter positifnya bisa dijadikan contoh perempuan Sunda sekarang dan masa yang akan datang. Metode yang digunakan adalah metode deskriptif analitik, dengan menggunakan teknik telaah pustaka dan analisis data. Hasil penelitian menunjukkan bahwa novel Handeuleum ‘na Haté Beureum disusun oleh tiga unsur intrinsik (tema, fakta cerita, dan sarana cerita) dan mengandung citra perempuan yang dapat dijadikan gambaran. Dalam novel ini terdapat sembilan tokoh perempuan dengan watak berbeda, dan kepribadiannya dikaji dengan empat kajian feminis, yaitu citra fisik, citra psikis, citra perempuan di keluarga, dan citra perempuan di masyarakat. Citra fisik kesembilan tokoh menunjukkan bahwa fisiknya itu cantik dan manis. Citra psikis masing-masing tokoh perempuan berbeda, hal ini dilihat dari sikap tokoh dalam menghadapi berbagai situasi dan masalah, juga dari pendeskripsian pengarang. Citra perempuan di keluarga menunjukkan bahwa sebagian besar hidupnya mandiri, dan citra perempuan di masyarakat menunjukkan bahwa tokoh perempuannya memiliki peranan penting di masyarakat. Jadi dari keempat citra perempuan yang dijadikan kajian pokok, dapat dilihat bahwa kedudukan perempuan dalam novel Handeuleum ‘na Haté Beureum dalam hal sosial, pendidikan, dan pekerjaannya sudah baik. Hasil penelitian ini bermanfaat dalam memperkaya khazanah sastra khususnya struktural dan feminis, serta dapat dijadikan bahan pembelajaran membaca novel di SMA kelas XI.

Kata kunci: struktural, feminis, novel Handeuleum ‘na Haté

Beureum, bahan pembelajaran membaca novel

1

Skripsi di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum., dan Dr. Ruhaliah, M.Hum. 2

(5)

viii

STUDY OF STRUCTURALISM AND FEMINISM

IN NOVEL HANDEULEUM ‘NA HATÉ BEUREUM

BY RÉTTY ISNÉNDÉS

LEARNING MATERIAL FOR READING NOVEL IN THE SENIOR HIGH SCHOOL OF CLASS XI3

Ai Jamilah4 ABSTRACT

Novel Handeuleum ‘na Haté Beureum has feminism elements which is needed to be studied and to be known by the public. In general, this research aims to describe women characters in novel Handeuleum ‘na Haté Beureum, so those positive characters can be used as an example for nowadays and the future of Sundanese women. The method used is descriptive analytic method, by using the techniques of literature review and data analysis. The result of this research showed that the novel Handeuleum ‘na Haté Beureum was developed by three intrinsic elements (theme, the fact of story, and the means of story) and woman characters can be used as an example. In this novel there are nine female characters with different character and personality assessed by four studies feminism, there are physical image, mental image, the image of women in the family, and the image of women in society. Physical image of the women figure shows that their physic was beautiful and cute. Psychological image of each figure has a different character, it was seen from their attitude in facing with various situations and problems, also from the description of the author. The image of women in the family generally shows that they are independent. The image of women in society shows that those ninth figures of women have an important role. So, from the fourth image of women who were the principal study, we can see that the wicket of woman in the novel Handeuleum ‘na Haté Beureum base on social, education, and work has well enough. The benefit of this research result is for enriching the treasury of literature especially structuralism and feminism, and can be used as the learning material for reading novel in the senior high school of class XI.

Keywords: structuralism, feminism, novel Handeuleum ‘na Haté

Beureum, the learning material for reading novel

3

The script guided by Dr. Dedi Koswara, M. Hum., and Dr. Ruhaliah, M.Hum. 4

(6)

ix

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG FEMINIS

KANA NOVÉL HANDEULEUM ‘NA HATÉ BEUREUM

KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL

DI SMA KELAS XI5 Ai Jamilah6

ABSTRAK

Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum miboga unsur-unsur féminis nu perlu diulik jeung dipikanyaho ku masarakat umum. Sacara umum, tujuan ieu panalungtikan pikeun ngaguar gambaran karakter-karakter wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum, sangkan karakter-karakter nu positifna bisa dijadikeun conto wanoja Sunda ayeuna jeung mangsa nu bakal datang. Métode nu digunakeun nya éta métode déskriptif analitik, kalayan ngagunakeun téknik talaah pustaka jeung analisis data. Hasil panalungtikan nuduhkeun yén novél Handeuleum ‘na Haté Beureum diwangun ku tilu unsur intrinsik (téma, fakta carita, jeung sarana carita) jeung miboga citra wanoja nu bisa dijadikeun eunteung. Dina ieu novél aya salapan tokoh wanoja nu watekna béda. Kapribadian tokoh wanoja diulik ku opat ulikan féminis, nya éta citra pisik, citra psikis, citra wanoja di kulawarga, jeung citra wanoja di masarakat. Citra pisik salapan tokoh nuduhkeun yén pisikna geulis jeung manis. Citra psikis masing-masing tokoh wanoja béda, ieu hal ditingali tina sikep tokoh dina nyanghareupan masalah, ogé tina gambaran pangarang. Citra wanoja di kulawarga umumna nuduhkeun yén hirupna mandiri, jeung citra wanoja di masarakat nuduhkeun yén tokoh wanojana miboga kalungguhan penting di masarakat. Jadi tina opat citra wanoja nu dijadikeun ulikan poko, bisa ditingali yén kalungguhan wanoja dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum dumasar hal sosial, atikan, jeung pacabakanna geus alus. Hasil ieu panalungtikan miboga mangpaat dina ngabeungharan khazanah sastra hususna struktural jeung féminis, sarta bisa dijadikeun bahan pangajaran maca novél di SMA kelas XI.

Kecap galeuh: struktural, féminis, novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum, bahan pangajaran maca novél

Novel Handeuleum ‘na Haté Beureum has feminism elements which is needed to be studied and to be known by the public. In general, this research aims to describe women characters in novel Handeuleum ‘na Haté Beureum,

5

Skripsi diaping ku Dr. Dedi Koswara, M. Hum., jeung Dr. Ruhaliah, M.Hum.

6

(7)

x

so those positive characters can be used as an example for nowadays and the future of Sundanese women. The method used is descriptive analytic method, by using the techniques of literature review and data analysis. The result of this research showed that the novel Handeuleum ‘na Haté Beureum was developed by three intrinsic elements (theme, the fact of story, and the means of story) and woman characters can be used as an example. In this novel there are nine female characters with different character and personality assessed by four studies feminism, there are physical image, mental image, the image of women in the family, and the image of women in society. Physical image of the women figure shows that their physic was beautiful and cute. Psychological image of each figure has a different character, it was seen from their attitude in facing with various situations and problems, also from the description of the author. The image of women in the family generally shows that they are independent. The image of women in society shows that those ninth figures of women have an important role. So, from the fourth image of women who were the principal study, we can see that the wicket of woman in the novel Handeuleum ‘na Haté Beureum base on social, education, and work has well enough. The benefit of this research result is for enriching the treasury of literature especially structuralism and feminism, and can be used as the learning material for reading novel in the senior high school of class XI.

Keywords: structuralism, feminism, novel Handeuleum ‘na Haté

(8)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ... i

TAWIS NUHUN ... ii

ABSTRAK ... vi

DAPTAR EUSI ... ix

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR BAGAN ... xii

DAPTAR GAMBAR ... xiii

DAPTAR SINGGETAN ... xiv

DAPTAR LAMPIRAN ... xv

BAB I: BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Sistematika Tulisan ... 6

BAB II: ULIKAN PUSTAKA ... 8

2.1 Novél, Strukturalisme, Féminisme, jeung Bahan Pangajaran ... 8

2.1.1 Novél ... 8

2.1.1.1 Wangenan Novél ... 8

2.1.1.2 Sajarah jeung Kamekaran Novél ... 9

2.1.1.3 Papasingan Novél ... 26

2.1.2 Strukturalisme ... 27

2.1.2.1 Téma ... 27

2.1.2.2 Fakta Carita ... 29

2.1.2.3 Sarana Carita ... 31

2.1.3 Kritik Sastra Féminisme ... 33

2.1.3.1 Wangenan Kritik Sastra Féminisme ... 34

2.1.3.2 Sajarah jeung Kamekaran Kritik Sastra Féminisme ... 35

2.1.3.3 Jenis Kritik Sastra Féminisme ... 36

2.1.3.4 Féminisme dina Karya Sastra ... 38

2.1.3.5 Citra Wanoja ... 40

2.1.4 Bahan Pangajaran ... 42

2.1.4.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 42

(9)

x

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.4.3 Kriteria Milih Bahan Pangajaran ... 44

2.1.4.4 Pangajaran Maca ... 44

2.1.4.5 Pangajaran Maca Novél di SMA ... 45

2.2 Panalungtikan Saméméhna ngeunaan Ulikan Strukturalisme jeung Féminisme kana Novél Sunda ... 46

2.3 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan ... 47

BAB III: MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 49

3.1 Desain Panalungtikan ... 49

3.2 Data jeung Sumber Data ... 50

3.2.1 Déskripsi Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum ... 51

3.3 Ngumpulkeun Data ... 58

3.3.1 Instrumén Panalungtikan ... 58

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 59

3.4 Analisis Data ... 59

BAB IV: HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 61

4.1 Hasil Panalungtikan ... 61

4.1.1 Analisis Struktural Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum ... 61

4.1.1.1 Téma ... 61

4.1.1.2 Fakta Carita ... 62

4.1.1.3 Sarana Carita ... 93

4.1.2 Kalungguhan Tokoh Wanoja dina Novél ... 98

4.1.3 Analisis Citra Wanoja dina Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum ... 101

4.1.3.1 Analisis Citra Pisik Wanoja ... 101

4.1.3.2 Analisis Citra Psikis Wanoja ... 106

4.1.3.3 Analisis Citra Wanoja di Kulawarga ... 117

4.1.3.4 Analisis Citra Wanoja di Masarakat ... 119

4.2 Pedaran ... 122

4.2.1 Kacindekan Analisis Struktural jeung Féminis dina Novél Handeuleu ‘na Haté Beureum ... 125

4.3 Bahan Pangajaran Maca tina Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum ... . 126

4.3.1 Matéri Bahan Pangajaran Maca ... 126

4.3.1.1 Soal Latihan ... 130

4.3.1.2 Konci Jawaban ... 132

BAB V: PANUTUP ... 133

(10)

xi

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran ... 134

DAPTAR PUSTAKA ... 136

LAMPIRAN ... 138

(11)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Karya sastra mangrupa titiron atawa gambaran kahirupan manusa. Nu maca karya sastra bisa ngeunteung kana réalitas kahirupan naon waé nu diébréhkeun ku pangarang, boh réalitas kahirupan sosial boh budaya. Salah sahiji conto karya sastra nu mangrupa gambaran réalita kahirupan manusa nya éta novél. Nu dimaksud novél nya éta karangan wangun lancaran anu sipatna rékaan tapi ngeunteung kana kanyataan sapopoé, caritana relatif panjang, tur nyaritakeun kajadian nu sambung-sinambung. Iser (dina Teeuw, 1984, kc. 249) nyebutkeun yén rékaan téh lain lawan tina kanyataan, tapi méré nyaho hiji hal ngeunaan kanyataan. Ku kituna novél bisa dijadikeun salah sahiji eunteung kahirupan masarakat Sunda.

Novél pasti miboga struktur/komponén-komponén nu ngajadikan éta novél

jadi hiji karangan nu gembleng tur miboga ma’na. Iskandarwassid (1992, kc. 153)

ngécéskeun yén:

“Struktur nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karangan

nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng boga ma’na. Dina prosa upamana kumaha ngaréka-réka unsur téma, galur, tokoh jeung latar nepi ka bisa ngawujud jadi carita pondok atawa novél”

Nalungtik atawa maluruh struktur carita dina novél rumaja kawilang penting, sabab para rumaja ayeuna perelu mikanyaho kana karya sastra Sunda tur mikanyaho kana komponén-komponén naon waé anu ngawangun hiji novél. Kayaning maluruh téma, sarana carita, jeung fakta carita saperti penokohan, latar, galur, jeung amanat nu aya dina novél.

Karya sastra teu cukup dipikaharti wungkul, tapi kudu bari dilenyepan jeung diinterprétasi. Ku dilenyepan jeung diinterprétasi téh ngabalukarkeun pamahaman kana hiji karya sastra ti tiap jalma béda-béda, antukna ngahasilkeun rupa-rupa penafsiran. Tapi henteu anéh saupama hiji karya sastra bisa nimbulkeun rupa-rupa penafsiran, sabab hakékatna sastra mah polinterpretable, maksudna bisa

(12)

2

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nimbulkeun rupa-rupa interprétasi. Pon kitu deui eusi novél, nu maca bisa miboga interprétasi nu béda-béda kana eusi hiji novél.

Novél bisa jadi hiji média pikeun ngagambarkeun rupa-rupa kahirupan, contona kahirupan wanoja, boh ditilik tina sisi positif boh négatifna. Salah sahiji novél nu nyaritakeun kahirupan wanoja nya éta novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum karangan Chyé Rétty Isnéndés nu dipedalkeun ku Yrama Widya taun

2014. Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum nyaritakeun kahirupan wanoja Sunda nu keur meujeuhna pajurawet ku masalah cinta, éta wanoja Sunda téh digambarkeun ku tokoh Mayangningrum Téjaasih. Tina kahirupan Mayang bisa katitén kumaha pribadina dina nyanghareupan cintana nu pinuh ku teka-teki, kumaha peran Mayang di lingkungan kulawarga jeung sosialna, kumaha kuatna watek Mayang nu bisa nyekel jeung ngéléhkeun watek dua jajaka nu micinta manéhna. Ku gambaran pribadi Mayang salaku tokoh utama dina ieu novél, bisa jadi eunteung atawa gambaran pikeun wanoja Sunda jaman ayeuna jeung mangsa nu bakal datang dina ngalaksanakeun peran salaku dirina pribadi, peran di lingkungan kulawarga, jeung lingkungan masarakat.

Djajanegara (2000, kc. 51) nétélakeun yén umumna karya sastra anu midangkeun tokoh wanoja téh bisa ditalungtik tina segi féminisna. Ku kituna, panalungtik miboga maksud pikeun nalungtik citra wanoja nu aya dina novél

Handeuleum ‘na Haté Beureum. Nu jadi tatapakan novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum dikaji féminisna nya éta dina ieu novél nyampak ajén-ajén féminis anu

dicirian ku ayana opat ciri téks féminis nya éta: 1) jadi forum pikeun wanoja dina ngedalkeun aspirasina; 2) ayana usaha pikeun ngahontal kasaimbangan budaya (androginitas); 3) nyadiakeun métode conto ku jalan éksplorasi (petualangan) pangalaman anyar, jeung 4) ngawanohkeun solidaritas di antara tokoh wanojana (sisterhood) (Register, dina Isnéndés 2010, kc. 48).

Dina maca téks féminis, nu maca kudu nempatkeun manéh salaku wanoja. Hartina nu maca kudu sadar yén dina téks karya nu dibacana, aya sora wanoja nu kudu didéngé jeung diperhatikeun leuwih jero. Sugihastuti jeung Suharto (2010, kc. 15) nétélakeun yén tina résépsi nu maca karya sastra di Indonesia, sacara

(13)

3

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

umum bisa katitén yén tokoh wanoja dina karya sastra tinggaleun tibatan tokoh lalaki, misalna waé dina hal sosial, atikan, pacabakan, kalungguhan di masarakat, sarta darajat wanoja salaku bagéan integral dina susunan masarakat. Ieu hal bisa katingali dina réalitas sapopoé di masarakat nu digambarkeun dina hiji karya sastra.

Pangajaran novél aya dina Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) di SMA kelas XI Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan, dina Standar Kompetensi 11.3, disebutkeun yén siswa mampu membaca untuk memahami dan

menanggapi bacaan yang berupa biografi, novel, laporan jurnalistik perjalanan, dan bahasan jeung Kompetensi Dasar 11.3.2 Membaca novel (Dinas Pendidikan

Provinsi Jawa Barat, 2007, kc. 122). Ku kituna ieu panalungtikan dipatalikeun jeung pangajaran di sakola, sangkan rumaja Sunda ayeuna wanoh kana karya sastra Sunda hususna novél rumaja tur bisa ngajembaran pangaweruh sarta pamahamanna dina ngaaprésiasi karya sastra.

Aya sababaraha panalungtikan saméméhna nu sarupa ngeunaan kajian féminis di antarana:

1) Munisa Ambarina. 2004. “Unsur-unsur Féminis dina Novél

Kembang-Kembang Petingan Karangan Holisoh M.E”;

2) Rétty Isnéndés. 2004. “Suara Perempuan dalam Novél Sunda Puputon “Buah

Hati” Karya Aam Amilia: Kajian Féminisme”;

3) Dedi Taopik. 2006. “Citra Wanoja dina Sastra Sunda: Kritik Sastra Féminis

Idéologis kana Novél Sunda Saméméh Perang”;

4) Ai Rohmawati. 2008. “Citra Wanoja dina Sastra Sunda: Kritik Sastra Féminis

Idéologis kana Novél Pipisahan Karangan R.A.F.”, jeung

5) Yuda Irawan. 2009. ”Ajén-ajén Féminis dina Novél Suminar Karangan Anna

Mustika Ati”.

Nu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan séjén nya éta dina objék panalungtikanna, satuluyna ulikan struktural jeung féminis novél

Handeuleum ‘na Haté Beureum ku panalungtik dijadikeun bahan pangajaran

(14)

4

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung féminisna mah sarua ngagambarkeun unsur intrinsik, aspék-aspék idéologis jeung citra wanoja dina hirup di lingkungan kulawarga jeung masarakatna.

Lantaran can aya panalungtikan nu nalungtik “Ulikan Struktural jeung Féminis

kana Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum Karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél di SMA Kelas XI”, ku kituna ieu panalungtikan perlu dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan téh museur kana ulikan struktural jeung féminis novél

Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun bahan

pangajaran maca novél di SMA kelas XI.

Anu dimaksud strukturalisme nya éta salah sahiji métode atawa pamarekan anu dipaké pikeun nganalisis karya sastra nu dirojong ku unsur-unsur pangwangunna. Analisis struktur karya sastra bisa ku cara ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun fungsi antar unsur instrinsik fiksi nu aya patalina jeung karya sastra. Ambahan struktural dina ieu panalungtikan ngawengku téma, fakta carita, jeung sarana carita nu aya dina novél.

Kritik sastra féminisme nya éta kritik sastra nu didadasaran ku ayana kasadaran bébédaan antara lalaki jeung wanoja nu mangaruhan budaya sarta kahirupan manusa. Ambahan féminis dina ieu panalungtikan nya éta citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum, nu ngawengku citra pisik wanoja, citra psikis wanoja, citra wanoja di kulawarga, jeung citra wanoja di masarakat.

Nu dimaksud novél nya éta karangan wangun lancaran anu sipatna rékaan tapi ngeunteung kana kanyataan sapopoé, caritana relatif panjang, tur nyaritakeun kajadian nu sambung sinambung. Novél nu dijadikeun objék dina ieu panalungtikan nya éta novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty Isnéndés nu dipedalkeun ku Yrama Widya taun 2014, nu midangkeun tokoh wanoja salaku tokoh utamana nya éta Mayangningrum Tejaasih.

(15)

5

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Hasil tina ieu panalungtikan téh dipatalikeun jeung bahan pangajaran, nu dimaksud bahan pangajaran nya éta salah sahiji komponén dina prosés diajar ngajar. Bahan pangajaran ngawengku sajumlah matéri anu ditepikeun ku pangajar ka siswa dina kagiatan diajar ngajar. Bahan pangajaran nu dipatalikeun jeung ieu panalungtikan nya éta bahan pangajaran maca novél di SMA kelas XI.

Dumasar idéntifikasi masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun pananya ieu di handap.

1) Kumaha unsur intrinsik novél Handeuleum ‘na Haté Beureum nu ngawengku téma, fakta carita, jeung sarana carita?

2) Kumaha kalungguhan tokoh wanoja dina novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum dumasar hal sosial, atikan, jeung pacabakan?

3) Kumaha citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum dumasar kabiasaan masarakat Sunda?

4) Kumaha lamun hasil ulikan struktural jeung féminis novél Handeuleum ‘na

Haté Beureum dipaké pikeun bahan pangajaran maca novél di SMA kelas XI?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngaguar gambaran karakter-karakter wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum sangkan karakter-karakter nu positifna bisa dijadikeun conto wanoja Sunda ayeuna jeung mangsa nu bakal datang.

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan ngadéskripsikeun:

1) unsur intrinsik novél Handeuleum ‘na Haté Beureum nu ngawengku téma,

fakta carita, jeung sarana carita;

2) kalungguhan tokoh wanoja dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum

dumasar hal sosial, atikan, jeung pacabakan;

3) citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum dumasar kabiasaan masarakat Sunda, jeung

(16)

6

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) larapna hasil ulikan struktural jeung féminis novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum dina bahan pangajaran novél di SMA kelas XI.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan dibagi jadi dua, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta nambahan pangaweruh jeung pamahaman dina ngajén karya sastra, hususna kajian kritik sastra strukturalisme jeung féminisme kana novél rumaja.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta:

1) pikeun guru, hasil tina ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan pangajaran novél di SMA kelas XI;

2) pikeun siswa, bisa ngajembaran pangaweruh sarta pamahaman dina ngaprésiasi karya sastra, hususna ngeunaan ulikan struktural sarta féminis, jeung

3) pikeun masarakat, bisa mikanyaho gambaran umum citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun eunteung wanoja-wanoja Sunda ayeuna jeung mangsa nu bakal datang maham kana kalungguhan jeung peran wanoja Sunda nu sabenerna.

1.5 Sistematika Tulisan

Ieu skripsi disusun jadi lima bab, sakumaha nu dipedar ieu di handap.

Bab I eusina ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan nu dibagi jadi dua, tujuan umum jeung tujuan husus,

(17)

7

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

mangpaat panalungtikan nu dibagi jadi dua, mangpaat tioritis, jeung mangpaat praktis, jeung sistematika tulisan.

Bab II eusina ngeunaan tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan sarta kalungguhan masalah nu ditalungtik dina widang paélmuan. Dina ulikan pustaka, tiori-tiori nu aya dibandingkeun sarta dipatalikeun jeung masalah nu keur ditalungtik. Salian ti ayana tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan, dina Bab II gé kudu aya pedaran ngeunaan panalungtikan saméméhna jeung kalungguhan tioritis panalungtikan nu dilaksanakeun.

Bab III medar ngeunaan métode panalungtikan nu diwincik deui jadi desain panalungtikan, data jeung sumber data, ngumpulkeun data, jeung analisis data.

Bab IV eusina ngeunaan hasil jeung pedaran analisis data nu patali jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, katut tiori-tiori dina Bab II.

Bab V eusina ngeunaan kumaha panalungtik nafsirkeun hasil analisis panalungtikan. Kacindekan mangrupa jawaban tina daftar pertanyaan nu aya dina rumusan masalah. Saran atawa rékoméndasi ditujukeun ka nu nyieun kawijakan, ka nu ngagunakeun éta hasil panalungtikan, jeung ka para panalungtik lianna nu rék nalungtik masalah nu sarua minangka lajuning lakuna tina hasil panalungtikan.

(18)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu datana atawa sumber datana mangrupa kecap-kecap dina wangun lisan atawa tulisan, hal anu ditalungtikna ditalaah leuwih jero

sangkan bisa kacangkem ma’nana (Moleong, dina Arikunto, 2010, kc. 22).

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analitik. Suyatna (2002, kc. 14) nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif analitik nya éta panalungtikan anu di jerona ngawengku akumulasi data ku cara déskriptif, henteu maké uji hipotésis, teu nyieun ramalan/prédiksi, jeung teu

nyangking ma’na implikasi, sanggeus didéskripsikeun satuluyna dianalisis

kalawan maké interprétasi jeung pamahaman anu jero. Métode déskriptif analitik dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun sarta nganalisis unsur intrinsik, kalungguhan, jeung citra wanoja nu aya dina novél, kalawan maké ulikan strukturalisme jeung féminisme. Satuluyna hasil tina ieu analisis dijadikeun bahan pangajaran novél di SMA kelas XI.

Dina ieu bab dipedar opat perkara nu patali jeung métode panalungtikan. Éta opat perkara téh nya éta desain panalungtikan, data jeung sumber data, ngumpulkeun data, jeung analisis data.

3.1Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa rarancang anu digunakeun ku panalungtik pikeun meunangkeun data anu rék ditalungtik. Desain panalungtikan miboga tujuan pikeun ngagambarkeun léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun panalungtikan, ti mimiti ngaidéntifikasi masalah, ngarumuskeun tur ngawatesanan

masalah, studi pustaka/tala’ah pustaka kana novél Handeuleum ‘na Haté Beureum jeung sumber pustaka lianna nu ngarojong kana panalungtikan, ngumpulkeun data kalawan ngagunakeun slip data/kartu data minangka instrumén panalungtikan,

(19)

50

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngolah data hasil panalungtikan ku cara nganalisis data nu ngawengku tatahar, tabulasi, jeung ngamangpaatkeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan, nu pamungkas nyieun kacindekan tina hasil panalungtikan. Galur ieu panalungtikan dibagankeun saperti ieu di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.2Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta sagemblengna eusi carita nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.

Idéntifikasi Masalah

Ngarumuskeun tur Ngawatesanan Masalah

Studi Pustaka

Ngumpulkeun Data

Ngolah Data Hasil Panalungtikan

(20)

51

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Arikunto (2010, kc. 172) nyebutkeun yén sumber data panalungtikan nya éta subjék data anu ditalungtik. Sacara gurat badag, sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma (person), tempat (place), jeung keretas atawa dokumén (paper). 1) Jalma (person) nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban

lisan ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét.

2) Tempat (place) nya éta sumber data nu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing jeung gerak mangrupa objék pikeun métode observasi.

3) Keretas atawa dokumén (paper) nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda hurup, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén mangrupa objék pikeun métode dokuméntasi.

Saupama nilik kana pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta data tina keretas atawa dokumén (paper). Keretas atawa dokumen (paper) nu digunakeun nya éta novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karangan Chyé Rétty Isnéndés sarta dideudeulan ku buku-buku lianna anu ngarojong kana ieu panalungtikan.

3.2.1 Déskripsi Novél Handeuleum na Haté Beureum

Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum mangrupa novél rumaja anu téma jeung masalah nu dicaritakeunna téh ngeunaan silih asih. Ieu novél nyaritakeun asmara manusa nu pajurawet, nyaahna hiji wanoja ka dua jajaka nu patukang tonggong watekna, cinta jajaka ka wanoja nu béda-béda ngabuktikeunana.

Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum ditulis ku Chyé Rétty Isnéndés, dipedalkeun ku Yrama Widya dina bulan Februari taun 2014. Chyé Rétty Isnéndés dibabarkeun di Sukabumi, ping 2 Désémber 1972. Ku lobana nulis sajak nu leuwih ti 100 sajak, puluhan carpon, jeung tilu novéllét, ngabuktikeun yén Chyé parigel pisan dina minuhan tur ngawarnaan karya sastra nu aya di tatar Sunda. Salah sahiji karyana nu meunang penghargaan Hadiah Sastra Rancagé

(21)

52

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

taun 2000 nya éta buku kumpulan sajak nu judulna Kidang Kawisaya nu dipedalkeun ku Girimukti Pasaka, Jakarta, taun 1999.

Hawé Setiawan, salah sahiji pangarang nu kawéntar, ngilu ngaaprésiasi ku nepikeun aprésiasina dina panganteur ieu novél. Hawé Setiawan nyebutkeun yén tokoh Mayang nu dipidangkeun ku Chyé téh bisa jadi ngasongkeun gambaran wanoja Sunda nu kasebut idéal. Idéal di dieu téh geulis rupana, miboga prinsip hirup nu kuat (teu poho kana ajén dirina), panjang léngkahna, lega deuleuna jeung jembar panalarna. Saupama ditingali tina judul, ceuk Hawé Setiawan mah

“handeuleum” téh mangrupa metaphor pikeun karudet, jeung “haté beureum” téh

mangrupa metaphor pikeun masalah cinta.

Jilid ieu novél cocog pisan jeung judul Handeuleum na Haté Beureum. Warna dasar ieu novél kayas ngalambangkeun kaasih, jilid hareupna dipinuhan ku daun handeuleum warna beureum ati, sisina maké garis warna hideung. Éta daun handeuleum téh loba pisan tur ngawangun écéng (lambang cinta) di tengahna, di jerona ditulisan Handeuleum ‘na Haté Beureum salaku judul novél nu diwarnaan beureum ati. Di luhureun garis aya tulisan Chyé Rétty Isnéndés salaku pangarang novél. Gabungan warna kayas jeung beureum ati jadi papaés jilid novél. Dina jilid tukang dipapaésan ku foto pangarang jeung sempalan panganteur ti Hawé Setiawan, nu nyebutkeun Chyé boga tarékah pikeun ngagambarkeun kasang budaya nu aya dina kahirupan masarakat Indonesia. Salian ti panganteur Hawé Setiawan, dina jilid tukang aya ringkesan eusi novél nu nambah kapanasaran nu maca. Di handapeun ringkesan aya gambar daun handeuleum tilu lambar, nu ngalambangkeun tilu tokoh utama dina ieu novél nya éta, Mayangningrum Téjaasih, Andi Samsudin Manyili, jeung Yudi Raga Jatnika. Di handap, sisi kénca, aya logo penerbit Yrama Widya, logona gabungan warna hejo, kulawu, konéng, jeung beureum. Tulisan “penerbit” warna héjo, “Yrama Widya” warna bodas, “Sarana Meraih Prestasi” warna héjo, jeung nu pamungkas tulisan alamat pamedal ditulis ku warna hideung. Di tengah pembatas jilid hareup jeung tukang

(22)

53

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

aya tulisan Chyé Rétty Isnéndés salaku pangarang, novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum salaku judul novél, jeung Yrama Widya salaku pamedal.

Format ukuran novél nya éta 12,5 cm x 19,5 cm. Dina lambar kahiji aya tulisan “Novél Cinta”, judul novél, jeung pangarang. Tukangeun lambar kahiji aya idéntitas pamedal, idéntitas buku, jeung hak cipta. Lambar kadua aya tawis nuhun ti pangarang ka Prof. Dr. H. Yus Rusyana, tuluy aya tulisan “hiji catetan keur awaking, Andi, jeung Didi (Didi alm. 2008- trésnana digupay pati)”. Dina lambaran katilu aya panganteur ti Hawé Setiawan nu dijudulan Panganteur Cinta

dina Kasang Budaya Hawé Setiawan. Lambar kagenep aya daptar eusi, tukangeunna aya cutatan lirik “Rozzana- Singer of Malaysia”.

Gambar 3.1

Jilid Novél Bagian Hareup jeung Tukang

Eusi novél diwangun ku dalapan épisode, kandelna 98 kaca. Épisode kahiji dijudulan “Ka Yogya Deui”, épisode kadua dijudulan “Di Paténggang”, épisode katilu dijudulan “Asosiasi Kajian Budaya Indonesia”, épisode kaopat dijudulan

(23)

54

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

“Dijambatanan”, épisode kalima dijudulan “Kajadian di Hotél”, épisode kagenep dijudulan “Ngumbar Panineungan”, épisode katujuh dijudulan “Surat”, jeung épisode kadalapan dijudulan “Tutup Layar”.

Épisode kahiji dimimitian ti kaca 1 nepi ka 14, gurat badagna nyaritakeun waktu Mayang kudu ngaluuhan Seminar Penulisan Naskah Basa jeung Sastra Daerah sa-Indonesia, nu dipancénkeun ku Direktur Penerbitan “Kamandaka” tempat digawé Mayang. Ieu seminar téh diayakeun di Yogya, tempat anu loba pisan panineunganna antara Mayang jeung Andi. Mayang sabenerna embungeun indit ka Yogya téh, tapi kusabab tugas nu kudu dilakonan dina profésina, Mayang kapaksa indit. Sapanjang jalan ka Yogya, lelembutan Mayang mah kumalayang ngumbar panineungan manéhna jeung Andi. Waktu manéhna ngaliwatan Stasion Tugu, manéhna inget kana carita éndah tapi peurih, peurih tapi bagja, bagja tapi sedih, sedih tapi bungah, bungah tapi kaduhung, kaduhung maké aya carita éndah tapi peurih. Ieu acara seminar téh diluuhan ku wawakil sa-Nusantara, pamilonna diluuhan ku opat lapis kalungguhan nya éta pagawé, mahasiswa, para panulis/pangarang, jeung pejabat. Lain ngan ukur Mayang nu haténa tagiwur mancawura téh, Andi ogé kitu sarua. Andi kapapancénan pikeun ngeusi kasenian dina ieu seminar, dipénta jadi panitia ku séniorna. Andi nyahoeun Mayang aya jeung bakal ngaluuhan ieu acara. Manéhna bingung kudu kumaha, naha manéhna rék api-api teu wawuh atawa rék nyumput salila lumangsungna ieu acara.

Épisode kadua dimimitian ti kaca 15 nepi ka 26, gurat badagna nyaritakeun waktu Yudi jeung Mayang ka Situ Paténggang-Ciwidey, nempo katumbiri di sasaungan, maranéhna ngobrolkeun tujuh pohaci. Waktu keur ngobrol, ujug-ujug Yudi nyabit cintana ka Mayang, antukna haté Mayang jeung Yudi jadi teu puguh. Da ari nyaah Mayang ka Yudi mah mung nyaah ka sobat, jeung mung nyaah ti adi ka lanceukna, tapi sok sanajan kitu Yudi mah tara maksa kana sagala kahayang rasana. Teu lila ti dinya duanana balik. Mayang ngageter rasana pinuh ku kabingung, kitu ogé Yudi ngageter rasana pinuh ku kuciwa. Deui-deui Yudi salah

(24)

55

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pok, waktu Yudi ngomongkeun nu geulis gunung, Mayang nyangka Yudi nyindiran kana kaayaan maranéhna. Mayang baeud ka Yudi nepi ka Ciwidey kota. Ngan pas ngaliwat ka pasawahan, munding sarakit ditambah énéngna meuntas jalan, teu karaseun Mayang nyekelan cangkéng Yudi, bari nitah ngeureunkeun. Tapi ku Yudi dihajakeun eureun. Mayang beuki pias, untung budak angon buru-buru nungtun mundingna. Ti dinya Mayang galécok deui, nyaritakeun kajadian nu ngalantarankeun Mayang sieun ku munding.

Épisode katilu dimimitian ti kaca 27 nepi ka 36, gurat badagna nyaritakeun acara panggung kliningan nu nanggap Cicih Cangkurileung jadi sindénna. Dina ieu acara aya rombongan panalungtik ti Asosiasi Kajian Budaya Indonesia nu dipingpin ku Dr. Purwadi. Anggota ieu asosiasi nya éta Andi, Taufik, Asih, Laras, Yudi, jeung Johanes. Ieu acara ogé nu nepungkeun Mayang jeung Andi. Waktu saréréa keur makalangan ngigelan sindén nu ngarangkep penari jaipong téa, Andi, Mayang, jeung Bu Cicih mah uplek diskusi dina panggung. Mayang téh wanoja tomboy (pakéan saraket awak, lévis belél kabéh, buuk panjang diuntun hiji). Sanggeus makalangan, tim Asosiasi Kajian Budaya Indonesia ngayakeun diskusi di Hotél Girimukti-Pamanukan, nepi ka jam sabelas peuting, ngadiskusikeun wayang di Tambi jeung jaipongan di Subang.

Épisode kaopat dimimitian ti kaca 37 nepi ka 42, gurat badagna nyaritakeun waktu Johanes nanya ka Andi, saha awéwé nu diuk di gigireun Andi basa di panggung kliningan Cicih Cangkurileung. Andi ngajelaskeun yén Mayang téh babaturan nu sanasib, hayang nalungtik kasenian jeung budaya. Andi mah nalungtik babandingan alat musik/waditra di Jawa Tengah jeung di Jawa Barat, sedengkeun Mayang mah nalungtik perkara sastra dina kawih-kawih nu kungsi ditembangkeun ku Bu Cicih. Andi ngajak Mayang ngagabung ka rombongan manéhanana. Dr. Purwadi salaku pingpinan panalungtikan ngijinan Mayang ngagabung, tapi status Mayang lain angota penelitian. Dasar Johanes mah jalmana jail, Johanes nyebutkeun yén Andi téh playboy, awéwé jalanan gé disabet pokna.

(25)

56

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Andi kapancing émosina, nepi ka émosina kababawa saré. Manéhna mimpi jaipongan jeung si Kumpay (pengisi dina acara Cicih Cangkurileung), tapi di tengah impianna si Kumpay leungit, ngajanggélék Mayang. Waktu manéhna keur jaipongan jeung Mayang, Johanes ngaganggu tarian manéhna jeung Mayang. Dina éta impian manéhna gelut buk-bek jeung Johanes. Sigana kahayang manéhna ti beurang téh kalaksanakeun dina impian.

Épisode kalima dimimitian ti kaca 43 nepi ka 56, gurat badagna nyaritakeun waktu Mayang geus ditarima di lingkungan anggota panalungtikan Asosiasi Kajian Budaya Indonesia. Dr. Purwadi sikepna jadi béda, jadi simpatieun ka Mayang, simpati kana kahayang jeung téma garapan skripsi Mayang. Pa Purwadi nguji kana kamampuh Mayang ku cara nanya ka Mayang “Kumaha rumpaka kawih nu ngandung ajén sastra?” Mayang ngajawab nepi ka écésna, nepi ka Pa Purwadi muji tur ngarasa reueus kana kamampuh Mayang. Pa Purwadi ngomong ka Mayang, Mayang bisa asup ka Asosiasi Kajian Budaya Indonesia. Mayang nganuhunkeun pisan ka Pa Purwadi, tapi Pa Purwadi nitah Mayang nganuhunkeun ka Andi. Waktu keur nganuhunkeun ka Andi, Andi nanya ka Mayang, naha mawa ganti baju atawa henteu, Mayang ngajawab henteu. Mayang rék balik heula ka Bandung. Tapi Andi nyaram Mayang balik, lantaran hariwang. Andi méré Mayang baju ganti, tapi Mayang salah paham, ngarasa harga diri salaku awéwé téh ditincak ku Andi. Andi reuwaseun, ti dinya Andi ngomong togmol, yén Andi kagum, resep, jeung nyaah ka Mayang. Antukna Mayang narima éta baju. Dina hiji poé Mayang keseleun pisan ka sikep Johanes, da unggal panggih téh Johanes sok melong Mayang ti handap ka luhur, siga dipeunteun, ditilik-tilik, bari dibarengan ku teuteupan cunihin sagala, nepi ka hiji waktu mah ngaharéwos

Kutunggu di kamarku, cantik”. Sakali dua kali mah teu dipaliré ku Mayang téh, tapi da ari kaseringan mah Mayang jadi mikir, naon maksudna? Manéhna asa dibalangkeun harga dirina, harga diri wanoja utamana, komo waktu di Réstoran mah Johanes nepi ka nyepeng taktak Mayang. Nu paling fatal mah, Johanes nanya

(26)

57

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ka Mayang masih parawan atawa henteu. Mayang ti dinya ngambek, manéhna asa dijejeléh, dibeubeutkeun tur ditijek harga dirina ku Johanes, antukna Mayang nyabok Johanes. Nu nyaho kajadian ieu téh Yudi, da Yudi kabeneran aya di Réstoran harita téh. Ku Yudi Mayang ditenangkeun, tur dianteurkeun ka tempat saré Mayang. Mayang ku Yudi dibéré kasét “Tembang Sunda Cianjuran Cacandran Laras Mandalungan Mamah Dasimah”.

Épisode kagenep dimimitian ti kaca 57 nepi ka 68, gurat badagna nyaritakeun waktu di Yogya di Balai Pertemuan Seniman, Mayang sakamar jeung Sri Rejeki ti Penerbit Sastra Maju, Jawa Timur. Waktu diajak ka kantin ku Sri, manéhna nolak da embung liar kaluar, sieun panggih jeung Andi nu geus teu pendak salila tilu taun. Tapi teu lila ti dinya Mayang kaluar ti kamar, tuluy ngaliwat ka taman nu rajeg ku tatangkalan. Di dinya pisan Mayang téh baheula ngalalakon jeung Andi. Mayang ngumbar panineunganna jeung Andi. Baheula Andi nyebutkeun yén Mayang téh simbulna seuneu, panas, aktif, agresif, jeung berbahaya, sedengkeun Andi simbulna angin. Gedé leutikna seuneu téh diatur ku angin, jadi Mayang bisa dikadalikeun ku Andi, kitu pokna. Di dinya pisan Andi wakca balaka ka Mayang ngeunaan eusi haténa. Beuki wanoh beuki bogoh, beuki deukeut beuki geugeut. Mayang sering diélingan ku Laras jeung Yudi, yén Andi téh lalaki teu bener, tapi da ari bogoh kumaha atuh. Omongan Yudi jeung Laras téh teu dipaliré, da najan jauh gé Andi mah sok nelepon jeung nyuratan, pokna téh kitu. Waktu manéhna keur baluweng soal hubunganna jeung Andi nu geus tara nelepon jeung ngirim surat deui, ngan Yudi nu sok jadi tempat pakumaha téh. Mayang mah mikir Andi téh keur sibuk ngerjakeun tesis wé. Yudi mah ukur rumahuh, karunya ka wanoja anu dipikanyaahna.

Épisode katujuh dimimitian ti kaca 69 nepi ka 82, gurat badagna nyaritakeun Yudi méré Surat ka Mayang. Sanggeus sataun kagiatan di Subang, Mayang teu kungsi panggih jeung Yudi. Tah diparengkeun deui téh di STSI waktu pagelaran tari Indrawati Lukman. Di dinya Mayang sok nyaritakeun Andi ka Yudi. Yudi

(27)

58

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sakapeung mah sok nyalahkeun Mayang, da Mayang mah teu beunang diélingan cenah. Surat Yudi ku Mayang mimiti dibaca, teu karasa cipanonna geus maseuhan éta surat. Eusi suratna téh Yudi nembrakkeun katrésnana, nepi ka dina surat téh ku Yudi dibéjakeun yén Yudi ku Pa Made sok disebut Mahésa Agni papacangan Kén Dédés, nu Kén Dédésna téh direbut ku Tunggul Ametung, ti Tunggul Ametung direbut deui ku Kén Arok. Mayang gé siga si Apun Gencay cenah dina Jajatén

Ninggang Papastén. Ti dinya Mayang ngarasa salah pisan ka Yudi, tuluy Mayang

nyetél kasét nu ti Yudi, kabeneran lagu campaka, nu marengan haté Mayang ayeuna. Nu marengan nogéncangna haté Yudi ka Mayang, haté Mayang nu nogéncang ka Andi.

Nu pamungkas épisode kadalapan, dimimitian ti kaca 83 nepi ka 98. Gurat badagna nyaritakeun lekasanna Seminar Penulisan Naskah Basa jeung Sastra Daerah Sa-Indonesia. Opat lapis pamilon sugema kana ieu seminar. Mayang ogé sugema pisan, manéhna bisa ngalakukeun studi banding ka Penerbit Percetakan nu aya di Jawa Tengah, jeung studi banding ka museum di tatar Jawa. Hiji mangsa Sri Rejeki mimiti curiga kana sikep Mayang ka Andi. Dina poé kasalapan ieu seminar, Andi karék wani nunutur Mayang. Waktu panon poé maju ka soré, Andi ngajak ngobrol ka Mayang di Basisir Parangtritis. Andi ménta hampura ka Mayang, tapi Mayang nyorocos ngedalkeun eusi haténa, ngedalkeun kanyeri Mayang waktu Andi nitah Mayang ka Yogya pikeun nungtaskeun masalah. Sabenerna Mayang embung ka Yogya téh, tapi ku sabab sono jeung trésna ka Andi, Mayang indit. Harita Mayang dibawa ka Parangtritis, sabab di imah Andi aya Roro Retno Wulan, ningrat Jawa nu kakara sabaraha minggu dicangcang ku Andi. Tapi hubungan jeung Roro téh pegat di tengah jalan ukur lima bulan. Baheula mah di Parangtritis téh ngomongkeun Roro, ayeuna mah Andi ménta hampura kana kalakuan-kalakuanna. Mayang geus teu sabar, Mayang ngabudalkeun kakeuheulna ku cara nyabok Andi dua kali. Cabokan kahiji mangrupa hiji kasono ti Mayang jeung cabokan kadua mangrupa hiji kakeuheul

(28)

59

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Mayang lantaran Andi hianat. Ahirna, Mayang indit teu maliré Andi, ti dinya Andi jangji ka dirina sorangan rék néangan Mayang, rék ngudag Mayang ka mana waé inditna, sanajan ka tungtung buana.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan téh nya éta alat/fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu data, nu gunana pikeun ngumpulkeun jeung mindahkeun data nu geus aya. Éta kartu data téh ngawengku unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél, saperti palaku jeung watek, latar tempat, latar waktu, gaya basa, citra pisik wanoja, citra psikis wanoja, citra wanoja di kulawarga, jeung citra wanoja di masarakat. Di handap ieu mangrupa conto gambaran kartu data nu digunakeun.

Gambar 3.2 Gambaran Kartu Data

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik talaah pustaka. Kusumah (2012, kc. 25) nétélakeun yén téhnik talaah pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun data nu mangrupa sumber tinulis pikeun néangan tur nangtukeun tatapakan tioritis anu aya patalina jeung objék panalungtikan. Objék dina ieu panalungtikan nya éta novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum. Data nu kakumpul mangrupa data nu luyu jeung tujuan nu hayang

dihontal. Léngkah-léngkah ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

Cutatan-cutatan unsur intrinsik jeung citra wanoja

kaca, alinea/paragrap

(29)

60

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Maca novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.

2) Nyirian unsur-unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél

Handeuleum ‘na Haté Beureum.

3) Nyalin kana kode data sangkan data leuwih gampang diolah jeung leuwih alus hasilna.

3.4 Analisis Data

Sanggeus data hasil panalungtikan dikumpulkeun, léngkah séjén nu perlu dilakukeun nya éta kagiatan ngolah data (analisis data). Sacara umum analisis data ngawengku tilu hal, nya éta tatahar, tabulasi, jeung ngamangpaatkeun data luyu jeung pamarekan panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 278). Tatahar mangrupa kagiatan mimiti anu dilaksanakeun dina analisis data. Tabulasi nya éta proses ngahijikeun sakabéh data anu kapanggih. Data anu geus ditabulasi tuluy diolah dumasar pamarekan panalungtikan nya éta struktural jeung féminis.

Sanggeus data kakumpul, léngkah-léngkah nu dilakukeun dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

1) Nyieun papasingan data.

2) Mindahkeun sakabéh unsur intrinsik jeung citra wanoja kana wangun tabél/instrument.

3) Nganalisis unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum

‘na Haté Beureum.

4) Ngadéskripsikeun unsur intrinsik jeung citra wanoja nu aya dina novél

Handeuleum ‘na Haté Beureum.

5) Napsirkeun jeung méré interpretasi kana sakabéh data anu kapanggih dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.

6) Nyindekkeun hasil analisis data, nu satuluyna dijadikeun bahan pangajaran novél di SMA kelas XI.

(30)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

PANUTUP

5.1 Kacindekan

Tina hasil analisis data dina Bab IV, bisa dicindekkeun yén novél

Handeuleum ‘na Haté Beureum diwangun ku unsur-unsur intrinsik (téma, fakta carita, jeung sarana carita) jeung ajén-ajén féminis. Tokoh-tokoh wanoja dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum hampir sakabéhna digambarkeun ku pangarang ngaliwatan citra pisik, citra psikis, citra di lingkungan kulawarga, jeung citra di masarakat.

Téma ieu novél nya éta ngeunaan cinta/asmara, pajurawetna cinta antara hiji wanoja jeung dua jajaka, cinta jeung nyaahna jajaka ka wanoja nu béda-béda ngabuktikeunana, cinta jeung nyaahna hiji wanoja ka dua jajaka nu patukang tonggong watekna. Dina nyaritakeun ieu novél, pangarang maké galur bobok tengah. Dina ieu novél aya 27 palaku. Tina 27 palaku ngawengku tilu palaku utama nya éta Mayang, Andi, jeung Yudi, opat palaku tambahan nu marengan palaku utama, jeung 20 palaku piguran. Latar dina ieu novél aya 61 latar tempat, 38 latar waktu, sarta maké latar sosial lingkungan masarakat sedeng jeung luhur. Pangarang ngagunakeun puseur panitén jalma katilu sagala nyaho. Dina nyaritakeun eusi novél pangarang ngagunakeun salapan gaya basa. Gaya basa nu mindeng dipaké ku pangarang nya éta rarahulan jeung mijalma. Amanat dina ieu novél nya éta: saapik-apikna nyumputkeun kagoréngan, pasti bakal kapanggih; mending kénéh dipikacinta daripada micinta; élmu jeung kabisa mah moal beurat mamawa, jeung jadi wanoja mah ulah leumpeuh yuni, ulah babari kagoda ku omongan/pisikna lalaki. Wanoja mah kudu tanggoh, rupa-rupa hal/masalah téh saméméh diuruskeun ku batur, kudu disanghareupan heula ku sorangan.

Hampir sakabéh tokoh wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum leuwih mentingkeun karir atawa atikan, ti batan kalungguhanna jadi

(31)

134

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

novél, manéhna nyorakeun nu aya dina dirina salaku Warga Negara Indonesia, ku cara nyaimbangkeun kalungguhanna sarua jeung lalaki, miboga daya saing jeung aktif, bisa ngalaman dunya atikan tingkat S1 jeung gawé di tempat penerbitan buku. Mayang miboga jiwa féminis nu kuat, katitén tina cita-cita, kahayang, jeung tingkah polah Mayang dina nyanghareupan masalah.

Citra pisik jeung citra psikis wanoja dina ieu novél miboga citra nu positif. Pangarang ngan ngagambarkeun sabéngbatan citra tokoh Mayang jeung Roro di kulawargana. Mayang miboga watek nu mandiri, sedengkeun Roro mah miboga sipat nu nurut pisan ka kolotna. Saupama ditilik tina carita novél, citra tokoh-tokoh wanoja di masarakat miboga kalungguhan penting. Lantaran kitu, bisa dicindekkeun yén kalungguhan tokoh-tokoh wanoja dina hal sosial, atikan, jeung pacabakanna positif alus.

Sabada ditalungtik, téks carita nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum bisa dijadikeun alternatif bacaan pikeun bahan pangajaran maca novél di

SMA kelas XI. Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum dijadikeun bahan pangajaran maca sabab saluyu jeung kriteria, sarta sarat bahan pangajaran. Carita ieu novél ogé miboga unsur budaya, atikan nu hadé, jeung ajén-ajen féminis nu kudu dipikanyaho ku siswa-siwa SMA nu keur rumaja, sangkan siswa bisa nyaho jeung nyonto kana citra-citra wanoja positif nu aya dina novél Handeuleum ‘na

Haté Beureum, ku kituna hasil tina ieu panalungtikan dipatalikeun jeung

pangajaran.

5.2 Saran

Tina hasil panalungtikan, aya sababaraha saran pikeun ngaronjatkeun hasil aprésiasi karya satra hususna novél, pikeun panalungtik saterusna, para sastrawan ngora, kritikus karya sastra, guru, jeung masarakat. Éta saran téh nya éta ieu di handap.

(32)

135

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Pikeun panalungtik saterusna, hasil tina ieu panalungtikan téh ngan dirarancang pikeun bahan pangajaran maca novél di SMA kelas XI wungkul. Ku kituna, dipiharep aya panalungtikan saterusna nu nguji ieu bahan pangajaran ku tiori keterbacaan pikeun ngukur kamampuh siswa dina pangajaran maca novél.

2) Pikeun guru, dipiharep bisa ngamangpaatkeun hasil panalungtikan ngeunaan ulikan struktural jeung féminis dina pangajaran sastra/aprésiasi prosa.

3) Masarakat, dipiharep bisa mikanyaho gambaran umum tokoh wanoja nu aya dina novél-novél Sunda, hususna novél Handeuleum ‘na Haté Beureum.

(33)

136

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

(34)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Anwar, A. (2009). Geneologi Feminis Dinamika Pemikiran Feminis dalam Novel

Pengarang Perempuan Indonesia 1933-2005. Jakarta: Republika.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama & Universitas Padjajaran.

Departemen Pendidikan Nasional. (1991). Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi

Kedua. Jakarta: Balai Pustaka.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Djajanegara, S. (1995a). Citra Wanita Dalam Lima Novel Terbaik Sinclair Lewis

dan Gerakan Wanita di Amerika. Depok: Fakultas Sastra Universitas

Indonesia.

Djajanegara, S. (2000b). Kritik Sastra Feminis: Sebuah Pengantar. Jakarta: Gramedia.

Faturohman, T. (1983). Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.

Haerudin, D. & Kardana, K. (2013). Panganteur Talaah Buku Ajar. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Hellwigg, T. (2003). In The Shadow of Change Citra Perempuan dalam Sastra

Indonesia. Depok: Desantara.

Humm, M. (2002). Ensiklopedia Feminisme. Yogyakarta: Fajar Pustaka Baru. Iskandarwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, R. (2010a). Kajian Sastra: Aplikasi Teori & Kritik Pada Karya Sastra

Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

Isnendes, R. (2010b). Teori Sastra. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika. Isnendes, R. (2013c). Handeuleum ‘na Haté Beureum. Bandung: Yrama Widya.

(35)

137

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kusumah, F.H. (2012). Simbol-Simbol dina Kasenian Sampyong di Kelurahan

Simpeureum Kacamatan Cigasong Kabupaten Majalengka pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Bandung: Tidak diterbitkan.

Koswara, D. (2011). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

Nurgiyantoro, B. (1995). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Rosidi, A. (1965). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. Ruhaliah. (2012). Diktat Kuliah Sajarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD UPI. Rusman. (2009). Manajemen Kurikulum. Jakarta: Raja Grafindo Persada. Rusyana, Y. (1984). Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.

Salmun, M. A. (1958). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco N.V. Semi, A. (1985). Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.

Sugihastuti & Suharto. (2010). Kritik Sastra Feminis Teori dan Aplikasinya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Pendidikan Dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional Universitas Pendidikan Indonesia Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia Dan Daerah.

Tamsyah, B.R., spk. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tarigan, H.G. (1979a). Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

Tarigan, H.G. (1986b). Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa.

Tarigan, H.G. (1988c). Metodologi Pangajaran Bahasa (Suatu Penelitian

Kepustakaan). Jakarta: Depdikbud Dikti Proyek Pengembangan lembaga

pendidikan tenaga kependidikan.

Teeuw. (1984). Sastra dan Ilmu Sastra Pengantar Teori Sastra. Jakarta: Girimukti Pasaka.

Tina hasil analisis data dina Bab IV, bisa dicindekkeun yén novél Handeuleum ‘na Haté Beureum diwangun ku unsur-unsur intrinsik (téma, fakta carita, jeung sarana carita) jeung ajén-ajén féminis. Tokoh-tokoh wanoja dina

novél Handeuleum ‘na Haté Beureum hampir sakabéhna digambarkeun ku

pangarang ngaliwatan citra pisik, citra psikis, citra di lingkungan kulawarga, jeung citra di masarakat.

Téma ieu novél nya éta ngeunaan cinta/asmara, pajurawetna cinta antara hiji wanoja jeung dua jajaka, cinta jeung nyaahna jajaka ka wanoja nu béda-béda ngabuktikeunana, cinta jeung nyaahna hiji wanoja ka dua jajaka nu patukang tonggong watekna. Dina nyaritakeun ieu novél, pangarang maké galur bobok tengah. Dina ieu novél aya 27 palaku. Tina 27 palaku ngawengku tilu palaku utama nya éta Mayang, Andi, jeung Yudi, opat palaku tambahan nu marengan palaku utama, jeung 20 palaku piguran. Latar dina ieu novél aya 61 latar tempat, 38 latar waktu, sarta maké latar sosial lingkungan masarakat sedeng jeung luhur. Pangarang ngagunakeun puseur panitén jalma katilu sagala nyaho. Dina nyaritakeun eusi novél pangarang ngagunakeun salapan gaya basa. Gaya basa nu mindeng dipaké ku pangarang nya éta rarahulan jeung mijalma. Amanat dina ieu novél nya éta: saapik-apikna nyumputkeun kagoréngan, pasti bakal kapanggih; mending kénéh dipikacinta daripada micinta; élmu jeung kabisa mah moal beurat mamawa, jeung jadi wanoja mah ulah leumpeuh yuni, ulah babari kagoda ku omongan/pisikna lalaki. Wanoja mah kudu tanggoh, rupa-rupa hal/masalah téh saméméh diuruskeun ku batur, kudu disanghareupan heula ku sorangan.

Hampir sakabéh tokoh wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum leuwih mentingkeun karir atawa atikan, ti batan kalungguhanna jadi

(2)

134

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

novél, manéhna nyorakeun nu aya dina dirina salaku Warga Negara Indonesia, ku cara nyaimbangkeun kalungguhanna sarua jeung lalaki, miboga daya saing jeung aktif, bisa ngalaman dunya atikan tingkat S1 jeung gawé di tempat penerbitan buku. Mayang miboga jiwa féminis nu kuat, katitén tina cita-cita, kahayang, jeung tingkah polah Mayang dina nyanghareupan masalah.

Citra pisik jeung citra psikis wanoja dina ieu novél miboga citra nu positif. Pangarang ngan ngagambarkeun sabéngbatan citra tokoh Mayang jeung Roro di kulawargana. Mayang miboga watek nu mandiri, sedengkeun Roro mah miboga sipat nu nurut pisan ka kolotna. Saupama ditilik tina carita novél, citra tokoh-tokoh wanoja di masarakat miboga kalungguhan penting. Lantaran kitu, bisa dicindekkeun yén kalungguhan tokoh-tokoh wanoja dina hal sosial, atikan, jeung pacabakanna positif alus.

Sabada ditalungtik, téks carita nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum bisa dijadikeun alternatif bacaan pikeun bahan pangajaran maca novél di

SMA kelas XI. Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum dijadikeun bahan

pangajaran maca sabab saluyu jeung kriteria, sarta sarat bahan pangajaran. Carita ieu novél ogé miboga unsur budaya, atikan nu hadé, jeung ajén-ajen féminis nu kudu dipikanyaho ku siswa-siwa SMA nu keur rumaja, sangkan siswa bisa nyaho

jeung nyonto kana citra-citra wanoja positif nu aya dina novél Handeuleum ‘na

Haté Beureum, ku kituna hasil tina ieu panalungtikan dipatalikeun jeung

pangajaran.

5.2 Saran

Tina hasil panalungtikan, aya sababaraha saran pikeun ngaronjatkeun hasil aprésiasi karya satra hususna novél, pikeun panalungtik saterusna, para sastrawan ngora, kritikus karya sastra, guru, jeung masarakat. Éta saran téh nya éta ieu di handap.

(3)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Pikeun panalungtik saterusna, hasil tina ieu panalungtikan téh ngan

dirarancang pikeun bahan pangajaran maca novél di SMA kelas XI wungkul. Ku kituna, dipiharep aya panalungtikan saterusna nu nguji ieu bahan pangajaran ku tiori keterbacaan pikeun ngukur kamampuh siswa dina pangajaran maca novél.

2) Pikeun guru, dipiharep bisa ngamangpaatkeun hasil panalungtikan ngeunaan

ulikan struktural jeung féminis dina pangajaran sastra/aprésiasi prosa.

3) Masarakat, dipiharep bisa mikanyaho gambaran umum tokoh wanoja nu aya

(4)

136

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

(5)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Anwar, A. (2009). Geneologi Feminis Dinamika Pemikiran Feminis dalam Novel

Pengarang Perempuan Indonesia 1933-2005. Jakarta: Republika.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama & Universitas Padjajaran.

Departemen Pendidikan Nasional. (1991). Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi

Kedua. Jakarta: Balai Pustaka.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Djajanegara, S. (1995a). Citra Wanita Dalam Lima Novel Terbaik Sinclair Lewis

dan Gerakan Wanita di Amerika. Depok: Fakultas Sastra Universitas

Indonesia.

Djajanegara, S. (2000b). Kritik Sastra Feminis: Sebuah Pengantar. Jakarta: Gramedia.

Faturohman, T. (1983). Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.

Haerudin, D. & Kardana, K. (2013). Panganteur Talaah Buku Ajar. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Hellwigg, T. (2003). In The Shadow of Change Citra Perempuan dalam Sastra

Indonesia. Depok: Desantara.

Humm, M. (2002). Ensiklopedia Feminisme. Yogyakarta: Fajar Pustaka Baru. Iskandarwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, R. (2010a). Kajian Sastra: Aplikasi Teori & Kritik Pada Karya Sastra

Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

Isnendes, R. (2010b). Teori Sastra. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika.

(6)

137

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kusumah, F.H. (2012). Simbol-Simbol dina Kasenian Sampyong di Kelurahan

Simpeureum Kacamatan Cigasong Kabupaten Majalengka pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Bandung: Tidak diterbitkan.

Koswara, D. (2011). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

Nurgiyantoro, B. (1995). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Rosidi, A. (1965). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. Ruhaliah. (2012). Diktat Kuliah Sajarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD UPI. Rusman. (2009). Manajemen Kurikulum. Jakarta: Raja Grafindo Persada. Rusyana, Y. (1984). Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.

Salmun, M. A. (1958). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco N.V. Semi, A. (1985). Kritik Sastra. Bandung: Angkasa.

Sugihastuti & Suharto. (2010). Kritik Sastra Feminis Teori dan Aplikasinya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Pendidikan Dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional Universitas Pendidikan Indonesia Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia Dan Daerah.

Tamsyah, B.R., spk. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tarigan, H.G. (1979a). Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

Tarigan, H.G. (1986b). Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa.

Tarigan, H.G. (1988c). Metodologi Pangajaran Bahasa (Suatu Penelitian

Kepustakaan). Jakarta: Depdikbud Dikti Proyek Pengembangan lembaga

pendidikan tenaga kependidikan.

Teeuw. (1984). Sastra dan Ilmu Sastra Pengantar Teori Sastra. Jakarta: Girimukti Pasaka.

Dokumen yang terkait

SENI BELUK DI DÉSA RANCAKALONG KACAMATAN RANCAKALONG KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Ulikan Struktural jeung Sémiotik.

1 10 38

ULIKAN STRUKTURAL-SEMIOTIK KANA KUMPULAN SAJAK LAGU PADUNGDUNG KARANGAN DENI AHMAD FAJAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA SAJAK DI SMA.

0 30 35

ULIKAN STRUKTURAL NOVÉL RASIAH NU GORÉNG PATUT KARYA DJUHANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL KELAS XI.

68 547 22

ANALISIS STRUKTURAL NOVÉL TRI TANGTU DI BUMI KARYA YOSÉPH ISKANDAR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI.

194 926 26

UNSUR OBJÉKTIF JEUNG ÉKSPRÉSIF NOVÉL BÉNTANG PASANTRÉN KARYA H. USEP ROMLI HM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA PEDARAN SASTRA DI SMA KELAS XI.

79 451 32

ANALISIS KECAP SULUR DINA NOVÉL PIPISAHAN KARANGAN RAF PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BASA SUNDA DI SMA.

6 114 28

ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK DINA NOVÉL SUDAGAR BATIK KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI SASTRA DI SMA.

23 253 28

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA - repository UPI S BD 1105648 Title

7 80 3

ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK DINA NOVÉL SAÉNI KARANGAN HADI AKS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI SMA - repository UPI S BD 1201784 Title

0 0 3

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG FÉMINIS KANA NOVÉL HANDEULEUM ‘NA HATÉ BEUREUM KARYA CHYÉ RÉTTY ISNÉNDÉS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1103201 Title

0 0 3