Watesan jeung Rumusan Masalah .1 Tujuan Panalungtikan Mangpaat Panalungtikan Définisi Operasional

salaku tetekon pangluhungna pikeun kalakuan manusa nu leuwih kongkrit, kitu deui étika dina campur gaul museur kana ajén budaya nu mangrupa kaaripan lokal. Ajén-inajén dina dongéng téh saterusna dijadikeun bahan pikeun panalungtikan. Éta ajén-inajén téh diulik pikeun larapkeuneun dina perkara pédagogik, nu engkéna baris museur kana hiji obyék ulikan étnopédagogi. Nu jadi obyék dina ieu panalungtikan nya éta dongéng-dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya. Ieu dongéng dipilih lantaran ieu dongéng téh geus ngaliwatan tahap seléksi ti unggal wewengkona nu tinangtu euyeub ku ajén atikan dumasar kaaripan lokal. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah Ieu panalungtikan téh rék diwatesanan medar perkara sawatara dongéng nu dipasanggirikeun di Kota Tasikmalaya. 1.2.2 Rumusan Masalah Sangkan masalah nu dipedar museur kana tujuan nu dipimaksud diperlukeun rumusan masalah. Masalah nu rék ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta: 1 Kumaha papasingan dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya? Dina ieu hal ngawengku dongéng fabel, dongéng mite, dongéng jalma teu lumrah, jeung dongéng sasakala. 2 Kumaha struktur dongéng di kota Tasikmalaya? 3 Ngaliwatan ulikan hermemeutik, ajén étnopédagogi naon waé nu aya dina dongéng di kota Tasikmalaya nu mangpaat pikeun bahan atikan?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Hiji panalungtikan kudu museur, sangkan museur jeung teu méngpar tina pedaran utamana. Ku kituna, ieu panalungtikan téh tujuanna pikeun: 1 Ngelompokkeun dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya. Dina ieu hal ngawengku dongéng fabel, dongéng mite, dongéng jalma teu lumrah, jeung dongéng sasakala;. 2 Ngadeskripsikeun struktur dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya; 3 Ngadéskripsikeun ajén étnopedagogi nu aya dina dongéng di kota Tasikmalaya nu mangpaat pikeun bahan atikan.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Dumasar kana tujuan panalungtikan, ieu panalungtikan téh mibanda sababaraha mangpaat, di antarana: 1 Pikeun ngamumulé salasahiji warisan karuhun; 2 Pikeun jadi latihan dina nganalisis karya sastra, hususna ngeunaan ajén étnopédagogi; 3 Bisa digunakeun salaku bahan ajar ngaprésiasi karya sastra; 4 Hasil panalungtikan bisa dijadikeun dokumén ngeunaan karya dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya.

1.5 Définisi Operasional

Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun sacara operasional sakumaha ieu di handap. 1 Ajén-ajén étnopédagogi Ajén, pangaji, harga: ngajénan, ngahormatan, ngahargaan LBSS, 1995:7. Étnopédagogi nya éta praktek atikan dumasar kaarifan lokal {Alwasilah, 2010:45. Ajén-ajén étnopédagogi dina ieu panalungtikan nya éta mangrupa ajén- ajén kaaripan lokal nu nyampak dina dongéng. 2 Dongéng di Kota Tasikmalaya Dongéng nya éta carita rékaan dina wangun lancaran nu panjangna rélatip pondok jeung ngandung unsur pamohalan. Kota Tasikmalaya nya éta hiji kota di Priangan wétan nu diresmikeun jadi kota dumasar Undang-undang No.10 Taun 2001. Kota Tasikmalaya ngawengku 10 kacamatan, 69 kalurahan. Dongéng di Kota Tasikmalaya dina ieu panalungtikan nya éta carita rékaan nu ngandung unsur pamohalan. nu sumebar di Kota Tasikmalaya. Nu jadi obyék dina ieu panalungtikan nya éta dongéng nu dipasanggirikeun bulan Maret taun 2011 di Kota Tasikmalaya. 3 Ulikan Stuktur jeung Hermeneutik Struktur asal kecapna tina struktura basa Latin nu hartina wangun atawa wangunan. Strukturalisme téh salasahiji pamarekan dina panalungtikan sastra nu leuwih museurkeun nalungtik hubungan antara unsur-unsur nu ngawangun sastrana. Ulikan Struktural nya éta ngadadarkeun teks dongéng dumasar unsur- unsur intrinsik pikeun mikanyaho patalina éta unsur. Dina ieu panalungtikan analisis téks didadarkeun pikeun néangan hubungan sabab-musababna unsur- unsur pangwangun karya sastra saperti dina alur jeung palaku. Sacara étimologis, kecap hermeneutika asalna tina basa Yunani: hermeneuin nu hartina “napsirkeun”. Kecap hermeneuin lamun diIndonésiakeun jadi hermeneutika nu hartina napsirkeun atawa ngébréhkeun pikiran hiji jalma dina kecap nu dipakéna Martono, 2006:11. Nu ditapsirkeun dina ieu panalungtikan nya éta mangrupa basa jeung nu lain basa nu aya dina téks.

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN