AJÉN ATIKAN JEUNG SÉMIOTIK DINA FOLKLOR KAPAMALIAN DI KECAMATAN SUBANG KABUPATÉN SUBANG.

(1)

No. 893/FPBS/0251/2015

AJÉN ATIKAN JEUNG SÉMIOTIK DINA FOLKLOR KAPAMALIAN DI KECAMATAN SUBANG KABUPATÉN SUBANG

SKRIPSI

disusun pikeun nyumponan salasahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Iksan Kharis

1105226

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2015


(2)

AJÉN ATIKAN JEUNG SÉMIOTIK

DINA FOLKLOR KAPAMALIAN

DI KECAMATAN SUBANG KABUPATÉN SUBANG

Oleh Iksan Kharis

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu sarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

©Iksan Kharis 2015

Universitas Pendidikan Indonesia Juli 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difotokopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis


(3)

(4)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

NILAI PENDIDIKAN DAN SEMIOTIK

DALAM FOLKLOR KAPAMALIAN

DI KECAMATAN SUBANG KABUPATEN SUBANG1

Iksan Kharis2 ABSTRAK

Latar belakang penelitian ini didasari oleh langkanya penggunaan kapamalian

sebagai alat untuk mendidik dan menjaga keselamatan diri. Skripsi ini merupakan penelitian yang bertujuan untuk mengumpulkan kapamalian yang ada di

Kecamatan Subang, Kabupaten Subang. Selanjutnya mendeskripsikan arti, fungsi, analisis nilai pendidikan, dan ulikan semiotik yang terdapat dalam kapamalian tersebut. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analitik dengan teknik observasi dan wawancara. Data yang berhasil dikumpulkan lalu dideskripsikan, dianalisis berdasarkan nilai pendidikan, dan analisis unsur semiotiknya. Dari satu Kecamatan diambil sampel 5 desa dan 6 narasumber. Kapamalian yang terkumpul

dari hasil wawancara oleh peneliti kepada narasumber adalah sebanyak 65

kapamalian, lalu kapamalian tersebut dideskripsikan berdasarkan hasil

wawancara antara peneliti dengan narasumber. Aspek-aspek yang dianalisis dalam penelitian ini adalah 1) deskripsi arti kapamalian, 2) analisis nilai pendidikan yang terdapat dalam kapamalian, serta 3) unsur semiotik yang terdapat dalam

kapamalian tersebut. Berdasarkan penelitian yang dilakukan, diharapkan adanya

upaya pemerintah dalam menginventarisir aspek-aspek kapamalian yang tersebar

di masyarakat, sehingga kapamalian tersebut masih dijadikan alat atau media

dalam mendidik anak.

Kata kunci: nilai pendidikan, kapamalian, semiotik.

1Skripsi di Bawah Bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Drs. Dede

Kosasih, M.Pd.


(5)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ATIKAN JEUNG SÉMIOTIK DINA FOLKLOR KAPAMALIAN DI KECAMATAN SUBANG KABUPATÉN SUBANG3

Iksan Kharis4 ABSTRAK

Kasang tukang ieu panalungtikan nya éta kapamalian nu masih kénéh langka dipaké alat pikeun ngadidik jeung nyegah hal-hal nu teu dipikahayang pikeun kasalametan diri. Skripsi ieu miboga tujuan pikeun ngumpulkeun kapamalian nu aya di Kecamatan Subang, Kabupaten Subang, anu saterusna ngadéskripsikeun harti, fungsi, analisis ajén atikan, jeung ulikan sémiotik nu aya di jerona. Panalungtikan ieu ngagunakeun métode déskriptif analitik maké téhnik obsérvasi jeung wawancara. Data nu kakumpul didéskripsikeun, dianalisis ajén atikanana, jeung dianalisis unsur sémiotikna. Tina hiji kecamatan dicokot sample 5 désa

jeung 6 narasumber. Kapamalian nu kakumpul tina hasil wawancara ku panalungtik ti narasumber aya 65 kapamalian. Aspék-aspék nu dianalisis dina panalungtian ieu nya éta 1) déskripsi harti kapamalian, 2) analisis ajén atikan nu aya dina kapamalian, jeung 3) analisis unsur sémiotik nu aya dijerona. Tina panalungtikan nu dilakukeun, panalungtik miharep usaha pamaréntah pikeun ngainvéntarisir aspék-aspék kapamalian nu sumebar di masarakat, supaya bisa dijieun pikeun alat jeung média diajar dina ngadidik budak kahareupna.

Kata kunci: ajén atikan, kapamalian, sémiotik.

3Ieu skripsi diaping ku Dr. Dedi Koswara, M.Hum. jeung Drs. Dede Kosasih,

M.Pd.


(6)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

EDUCATION VALUE AND SEMIOTICS IN KAPAMALIAN FOLKLORE

AT SUBANG DISTRICT AND SUB-DISTRICT5 Iksan Kharis6

ABSTRACT

This study was conducted due to the words of kapamalian is rarely used to teach

and keep people safety. This study is aimed to collect several kapamalian at

Subang Sub-District, and to describe the meaning, function, analysis education value, and semiotics view in those kapamalian. Descriptive method and

observation technique are used in this study. The data collection was described, and analyzed with education value and semiotics element. From one village, 5 samples and 6 informants were taken. The results show that there are 65

kapamalian which then were described based on interview result between

researcher and informant. The aspects analyzed are: 1) the description of

kapamalian, 2) education value in kapamalian, and 3) semiotics element in kapamalian. From this study, researcher hopes that the government may have an

effort to invest kapamalian aspects which spread out in society. Therefore, those kapamalian can be a media to teach children.

Keywords: ajén atikan, kapamalian, semiotics

5This final under guidance by Dr. Dedi Koswara, M.Hum. and Drs. Dede

Kosasih, M.Pd.


(7)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu


(8)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ··· i

TAWIS NUHUN ··· ii

ABSTRAK ··· v

DAPTAR EUSI ··· viii

DAPTAR TABÉL ··· x

DAPTAR BAGAN ··· xi

DAPTAR GAMBAR··· xii

DAPTAR LAMPIRAN ··· xiii

BAB 1 BUBUKA ··· 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ··· 1

1.2 Rumusan Masalah ··· 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ··· 4

1.3.1 Tujuan Umum ……….. 4

1.3.2 Tujuan Husus ………5

1.4 Mangpaat Panalungtikan··· 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ··· 5

1.4.2 Mangpaat Pikeun Kawijakan ··· 5

1.4.3 Mangpaat Praktis ··· 5

1.4.4 Mangpaat Aksi Sosial··· 6

1.5 Sistematika Tulisan ··· 6

BAB II ULIKAN TIORI, PANALUNGTIKAN SAMÉMÉHNA, KALUNGGUHAN TIORITIS ··· 8

2.1 Ulikan Tiori ··· 8

2.1.1 Kabudayaan ··· 8

2.1.1.1 Wangenan Kabudayaan ··· 8

2.1.1.2 Wujud Kabudayaan ··· 9

2.1.1.3 Unsur Kabudayaan ··· 10

2.1.2 Folklor ··· 11

2.1.2.1 Wangenan Folklor ··· 12

2.1.2.2 Ciri-ciri Folklor ··· 12

2.1.2.3 Mangpaat Folklor ··· 13

2.1.2.4 Papasingan Folklor ··· 13

2.1.3 Pamali ··· 14

2.1.4 Sémiotik ··· 15

2.1.4.1 Wangenan Sémiotik ··· 15

2.1.4.2 Komponen Dasar Sémiotik ··· 16


(9)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.5.1 Ajén ··· 18

2.1.5.2 Atikan ··· 18

2.1.5.3 Ajén Atikan ··· 19

2.2 Panalungtikan Saméméhna ··· 20

2.3 Kalungguhan Tioritis ··· 20

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ··· 22

3.1 Desain Panalungtikan ··· 22

3.2 Métode Panalungtikan ··· 23

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data ··· 23

3.4 Instrumén Panalungtikan ··· 24

3.5 Téhnik Ngolah Data ··· 25

3.6 Sumber Data ··· 25

3.6.1 Lokasi Panalungtikan ··· 25

3.6.2 Populasi ··· 31

3.6.3 Sampel ··· 32

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ··· 35

4.1 Hasil Panalungtikan ··· 35

4.1.1 Data Kapamalian ··· 35

4.1.2 Harti jeung Fungsi Kapamalian nu aya di Kecamatan Subang ··· 37

4.2 Pedaran ··· 50

4.2.1 Unsur Sémiotik dina Kapamalian nu aya di Kecamatan Subang ··· 53

4.2.2 Ajén Atikan Kapamalian nu aya di Kecamatan Subang ··· 67

4.2.2.1 Ajén Moral dina Folklor Kapamalian ··· 70

4.2.2.2 Ajén Sosial dina Folklor Kapamalian ··· 77

4.2.2.3 Ajén Agama dina Folklor Kapamalian ··· 82

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ··· 87

5.1 Kacindekan ··· 87

5.2 Rékoméndasi ··· 90

DAPTAR PUSTAKA ··· 91

LAMPIRAN ··· 93


(10)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

Budaya mangrupa idéntitas hiji bangsa nu bisa ngabedakeun antara hiji bangsa jeung bangsa lianna. Darajat hiji bangsa bisa katitén tina budayana éta sorangan. Kabudayaan jembar pisan, sabab ngawengku kabiasaan masarakat anu ngagem kana éta budaya. Kabiasaan masarakat anu dilakukeun sacara turun-timurun disebut ogé tradisi. Ku kituna, budaya jeung tradisi téh aya pakaitna, sarta kudu di jaga sangkan ulah nepi ka leungit ku sabab tradisi nu jadi ciri bangsa urang. Nilik kaayan barudak ayeuna nu geus teu pati maliré kana pamalina éta sorangan, malah aya nu teu apal naon ari pamali.

Budaya téh asalna tina basa Sansakerta tina kecap “budhi” jeung “daya” anu

hartina usaha, tanaga, karep, pikiran jeung parasaan jelema. Sedengkeun harti kabudayaan nyaéta hasil, tanaga, karep, pikiran, sarta parasaan jelema guna

nambahan kasenangan jeung kani’matan jelema ku rupa-rupa akal jelema (dina

Danadibrata, 2009, kc.108).

Koentjaraningrat (2009, kc.144) nétélakeun yén kabudayaan nya éta sistem gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dipiboga manusa ku cara diajar. Kabudayaaan kacida mangaruhan kana ajén atikan masarakatna. Kitu ogé sabalikna kabudayaan mangaruhan kana kamekaran kabudayaan éta sorangan. Dina kabudayaan nyangkaruk ajén-inajén nu ngajanggélék dina tilu wujud budaya, tegesna wujud ideas (gagasan, ide), wujud activities

(paripolah), jeung wujud artifacts (barang hasil karya manusa). Tina tilu wujud

budaya éta, ajén-inajén anu aya dina wujud ideas teu bisa ditempo, teu bisa dicabak,

ku sabab tempatna aya dina alam pikiran masarakat. Najan kitu, wujud ideas téh

fungsina pikeun ngatur sarta méré arahan kana pari polah manusa dina masarakat salaku tatakrama.

Dina budaya téh ngandung ajén-inajén dina wujud ideel anu sipatna abstrak, teu bisa ditempo, teu bisa dicabak, tapi tempatna aya dina alam pikiran masarakat,


(11)

2 dimana éta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar. Koentjaraningrat (2009, kc. 145) nétélakeun yén kabudayaan téh mangaruhan kana ajén atikan masarakatna, kitu ogé sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran kabudayaan. Ku atikan urang bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya sangkan teu kalindih ku kamekaran jaman, ogé ajén-inajén nu dina budaya bakal managaruhan kana kamekaran atikan.

Ajén ngandung harti pangaji, harga (LBSS 1995, kc. 18). Ajén di dieu lain hartina harga nu bisa diukur ku angka tapi ajén di dieu nu aya patalina jeung norma atawa aturan kahirupan. Dina norma kahirupan tangtu nyangkaruk aturan-aturan nu aya patalina jeung atikan, ngatik manusa sangkan aya dina norma-norma kahirupan. Atikan numutkeun Danadibrata (2009, kc. 39) nya éta pangajaran kana jalan kahadéan, méré matikan, warah, jeung ngaping.

Dina kahirupan masarakat Sunda, hususna dina atikan kahirupan mibanda rupaning cara pikeun ngaaplikasikeun naon nu dimaksud atikan. Salasahiji atikan anu aya di masarakat nyaéta ngawangun étika ku cara nepikeun hal-hal nu dipahing atawa dilarang, sabab saupama dilakonan atawa dirempak pasti bakal aya balukarna. Salasahiji hal anu mindeng dijadikeun alat dina ngadidik téh nya éta ngaliwatan kapamalian anu dipaké ku masarakat.

Pamali numutkeun Danadibrata (2009, kc. 489) nya éta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna. Kecap pamali, aya nu gampang dihartikeunana, najan ukur dilelebah, teu saeutik ogé anu bangga nepi ka hésé katimuna ku akal waras. Ku lantaran teu apal nyurahanana, antukna sok kalah jadi kaheureuyan, majar pamali téh “paman diali”. Taya bédana jeung kecap dongéng anu sok jadi kaheureuyan “ngabobodo budak céngéng”, tur padahal eusina kawilang leubeut ku ajén atikan (Ruhimat, 2006, kc. 41).

Mulkan (2007) dina artikel nu judulna “Pamali, Tradisi Budaya Lisan Leluhur

Sunda” nétélakeun yén pamali nya éta larangan antara ucapan kana hiji hal nu matak mawa balai boh ka dirina sorangan boh ka sabudeureunana. Upamana hal-hal nu dipahing, biasana nu patali jeung rejeki, jodo, turunan jeung kasalametan.

Pamali mangrupa bagian tina folklor. Numutkeun Jan Harold Brunvand (dina Danandjaya, 2007, kc. 21) folklor kabagi jadi tilu bagian, nya éta folklor lisan, folklor


(12)

3 sabagian lisan, jeung folklor non lisan. Folklor lisan nya éta folklor anu wangunna murni lisan. Folklor sabagian lian nya éta folklor anu wangunna mangrupa campuran unsur lisan jeung unsur non lisan. Folklor non lisan nya éta folklor anu wangunna lain lisan, sanajan cara nyieunna ngaliwatan lisan. Tina éta papasingan di luhur téh jéntré pisan yén pamali kaasup kana folklor sabagian lisan.

Pamali, biasana raket patalina jeung mitos, nu dianggap ku sababaraha jalma minangka carita nu teu asup akal. Ari mitos mangrupa kumpulan carita atawa hal-hal anu dipercaya sacara turun-timurun ku hiji masarakat. Ku kituna mitos dianggap aya patula-patalina jeung kahirupan manusa di mangsa heubeul. Loba kolot nu masih kénéh nyekel deleg kana éta mitos.

Pamali lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngatik ku cara dibalibirkeun. Pamali téh miboga sipat nyingsieunan nu eusiana patali jeung cilaka, mamala, jeung musibah sangkan budak bisa nurut jeung tuhu kana naon nu diucapkeun ku kolotna. Dina ungkara kapamalian ogé, miboga simbol jeung tanda (sémiotik) anu ma’nana nyamuni.

Sémiotik nya éta élmu nu ngabahas ngeunaan tanda. Élmu nu nganggap yén pénoména sosial jeung kabudayaanana mangrupa tanda-tanda. Sémiotik ngaguar ngeunaan sistem-sistem, aturan-aturan, jeung konvénsi-konvénsi nu ngayakinkeun éta tanda-tanda téh ngabogaan harti. Tegesna tanda téh lain ngan saukur dina basa wungkul, tapi sagala hal anu aya disabudeureun ieu kahirupan (Pradopo, 1995, kc. 119).

Panalungtikan kana aspék kapamalian kawilang pentingna pikeun maluruh sarta maham ajén atikan tina éta pamali, nu satuluyna bakal mangaruhan kana sikep masarakatna. Ku kituna, pamali téh bisa dijadikeun alat pikeun kolot dina ngatik barudakna. Upama urang ngatik ku cara nyebut pamali atawa nyingsieunan ku hal anu matak ngarugikeun, budak téh tangtu bakal merhatikeun ku sabab ngarasa sieun kana omongan kolotna. Contona “ulah ngadiukan bantal bisi bisulan!” nu hartina kudu bisa nyaluyukeun tempat, da puguh bantal mah lain tempat keur diuk.

Panalungtikan ngeunaan ajén atikan téh kawilang loba, di antarana ngeunaan kaulinan, sisindiran, jeung kapamalian. Panalungtikan ajén atikan dina kapamalian


(13)

4 kungsi dilaksanakeun ku sadérék Diani Permasih (2010), kalayan judul “Ajén Atikan dina Istilah Kapamalian Anu Aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung (Tilikan Sémiotik)”, Sri Mulyani “Ajén Atikan Dina Kaulinan Barudak Lembur Di Désa Sukamaju Kecamatan Cigedug Kabupatén Bogor Pikeun Bahan Pangajaran Di SD”, Ayu Mustika Maya Sinta “Ajén atikan Dina Sisindiran Nu Aya Di Kampung Kiaralawang Désa Majasari Kecamatan Cibiuk Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Di SMP”.

Sedengkeun panalungtikan ngeunaan ajén atikan kapamalian sa-kécamatan hususna Kecamatan Subang mah can aya nu nalungtik . Ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan kana éta hal nu dijudulan “Ajén Atikan dina Folklor Kapamalian nu Aya di Kécamatan Subang Kabupatén Subang (Ulikan Sémiotik)”.

1.2. Rumusan Masalah

Sangkan masalah-masalah dina ieu panalungtikan jéntré, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Aspék kapamalian naon waé nu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang? 2) Unsur sémiotik naon waé nu aya dina folklor kapamalian di Kecamatan Subang,

Kabupatén Subang?

3) Ajén atikan naon waé nu nyampak dina folklore kapamalian nu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang?

1.3. Tujuan Panalungtikan

Saperti anu geus dipedar dina kasang tukang jeung rumusan masalah, ieu panalungtikan mibanda dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1.Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta maluruh ngeunaan ajén atikan dina istilah kapamalian anu aya di Kecamatan Subang Kabupaten Subang


(14)

5

1.3.2.Tujuan Husus

Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun:

1) Aspék kapamalian nu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang.

2) Unsur sémiotik dina éta istilah pamali di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang. 3) Ajén atikan nu nyampak dina istilah pamali nu aya di Kecamatan Subang,

Kabupatén Subang.

1.4. Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan dijembaran dina dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.3.3.Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna dina widang istilah kapamalian. Pikeun pamaréntah (nu mutuskeun kawijakan), hasil tina ieu panalungtikan bisa jadi bahan tinimbangan dina mutuskeun hiji kawijakan

1.4.2. Mangpaat pikeun Kawijakan

Kapamalian ngeunaan hiji hal mangrupa salah sahiji kabeungaran budaya nu nepi ka kiwari masih aya, malah geus jadi hiji warisan budaya nu kudu dipertahankeun. Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kahayang katut kereteg masarakat pikeun mikanyaho deui aspék kapamalian nu aya disabudeureunanna. Ngaliwatan ieu panalungtikan dipiharep pamaréntah bisa nyieun hiji kawijakan nu antukna bisa mertahankeun budaya kapamalian.

.

1.4.3. Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa méré gambaran ngeunaan ajén atikan dina istilah pamali nu sumebar hususna di sabudeureun


(15)

6 masarakat Kecamatan Subang Kabupaten Subang, umumna ka masarakat anu paduli kana kabudayaan.

1.4.4. Mangpaat Aksi Sosial

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi informasi jeung gambaran ngeunaan kapamalian naon waé nu aya di Kecamatan Subang sacara jelas, sarta dipiharep bisa jadi motivasi pikeun saha waé nu hayang apal kana sagala rupa kabeungharan budaya nu aya di Kecamatan Subang. Utamana ngeunaan unsur-unsur kapamalian.

1.4. Raraga Tinulis

Sistematika penulisan dina prakna nyusun skripsi baris ébréh katingali saperti di handap ieu.

1) BAB I : bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, raraga tinulis. Dina bab ieu eusina ngeunaan konteks tina masalah anu baris ditalungtik.

2) BAB II : dina ieu bab diguar ngeunaan kajian tiori, panalungtikan saméméhna, jeung kalungguhan tiorotis. Dina bagian kajian tiori, diguar ngeunaan tiori-tiori anu dipaké ku panalungtik dina prak-prakan nganalisis data panalungtikan. Éta tiori téh ngawengku tiori ngeunaan kabudayaan, folklor, pamali, sémiotik, sarta tiori ngeunaan ajén atikan. Dina bagian panalungtikan saméméhna, ditétélakeun ngeunaan panalungtikan-panalungtikan nu geus dilaksanakeun ku mahasiswa Departemen Bahasa Daerah, nu pakait boh jeung ajén atikaanna boh pakait jeung kapamalianana. Dina bagaian kalungguhan tioritis dijelaskeun kalungguhan tiori-tiori dina ieu panalungtikan.

3) BAB III : metodologi panalungtikan, medar ngeunaan metode panalungtikan, intrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data

4) BAB IV : ngadéskripsikeun data jeung ngabahas hasil panalungtikan, di antarana ngabahas ngeunaan kaayaan sosial budaya Kecamatan Subang, déskripsi kapamalian di wilayah Kecamatan Subang, déskripsi hasil jeung


(16)

7 fungsi aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang, sémiotik nu aya dina aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang Kabupatén Subang, sarta analisis ajén atikan aspék kapamalian di wilayah Kecamatan Subang.

5) BAB V : eusina ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan jeung rékoméndasi ti panalungtik ngeunaan hal-hal anu aya pakuat-pakaitna salila panalungtikan pikeun panalungtik kaharepna


(17)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1. Desain Panalungtikan

Dina ngalakukeun panalungtikan, tangtu panalungtik kudu nataharkeun sagala nu dibutuhkeun dina prosés panalungtikan. Sangkan panalungtikan lumangsung sacara lancar ku kituna dina ngalakukeun panalungtikan diperlukeun hiji desain.

Desain panalungtikan téh nya éta mangrupa gambaran ngeunaan raraga panalungtikan. Desain panalungtikan anu digunakeun nya éta:

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Identifikasi masalah

Téhnik Ngumpulkeun Data

Kacindekan Déskripsi Téhnik Ngolah Data

1. Talaah Pustaka 2. Wawancara 3. Dokumentasi 4. Observasi


(18)

23

3.2. Métodeu Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode déskripstif pikeun ngadéskripsikeun aspék kapamalian di Kecamatan Subang Kabupaten Subang. Numtukeun Sudjana (2011, kc. 52), ieu métode téh digunakeun saupama panalungtikanna miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajelaskeun kajadian nu aya dina mangsa kiwari. Masih numutkeun Sudjana (2011, kc. 52), ieu métode téh ngawengku sababaraha téknik di jerona, nya éta studi kasus, survey, studi pengembangan, studi korelasi. Metode panalungtikan deskripstif bisa ngadéskripsikeun savariabel atawa leuwih, dina hiji panalungtikan.

3.3. Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku: (1) talaah pustaka, (2) wawancara, (3) dokumentasi, (4) observasi.

1. Talaah Pustaka

Talaah pustaka dilakukeun ku cara nalaah buku-buku jeung literatur-literatur lianna nu patali jeung ieu panalungtikan, utamana tiori-tiori ngeunaan

folklor jeung semiotika Pierce. 2. Wawancara

Wawancara dilakukeun pikeun ngumpulkeun sajumlahing data nu aya di lapangan. Tahap wawancara ieu penting dilakukeun pikeun meunangkeun data nu mangrupa kapamalian nu sumebar di Kecamatan Subang Kabupatén Subang. Data nu kapanggih satuluyna dianalisis jeung dikelompokeun dumasar kana tiori hasil tina studi pustaka.

3. Dokuméntasi

Supaya data nu kapanggih leuwih valid, panalungtik ngadokumentasikeun kagiatan ieu panalungtikan. Salian ti éta hasil tina dokumentasi anu mangrupa foto jeung video, bakal ngarojong kana prosés analisis data sarta ngarojong dina prak-prakan nyusun laporan hasil panalungtikan.


(19)

24

4. Observasi

Dina ieu panalungtikan, observasi dilaksanakeun pikeun niténan objék panalungtikan, tina éta kagiatan observasi panalungtik bisa meunangkeun data nu leuwih spesifik sarta leuwih orsinil.

3.4. Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat pikeun meunangkeun data. Ieu alat kudu dipilih dumasar jinis data nu dipikahayang. Instrumen salaku alat pikeun ngumpulkeun data dina hakékatna nya éta pikeun ngukur variabel panalungtikan (dina Sudjana, 2011, kc. 58).

Anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalugtikan téh nya éta: 1. Alat pangrékam, anu dipaké pikeun ngumpulkeun data lisan ngeunaan folklor

aspék kapamalian nu aya di Kecamatan Subang.

2. Kaméra, anu dipaké dina proses panalungtikan pikeun dokumentasi. Dimana ieu kaméra dipaké pikeun nyokot foto narasumber dina panalungtikan

3. Kartu panalungtikan, ieu kartu eusina ngawengku idéntitas narasumber jeung hasil panalungtikan. Conto kartu panalungtikan:

Tabél 3.1 Format Wawancara No

Narasumber

Wasta Padumukan Umur Pakasaban Atikan Katerangan Tanda tangan

Tabél 3.2 Padoman Wawancara

No

Titimangsa Wawancara : Ngaran Narasumber : No. Narasumber :

1. Naon waé istilah pamali nu sok dipaké di ieu désa? (life cycle: ngalahirkeun, suanatan/gusaran, kawinan, maot)

2. Naon fungsi pamali éta téh?


(20)

25

4. Keur saha jeung ka saha waé éta pamali téh dilarapkeun?

5. Naon waé sangsi/akibat/balukar lamun aya nu ngareumpak pamali ? 6. Naha pernah aya kajadian nyata lamun aya nu ngareumpak ?

7. Kumaha sangkan teu keuna ku kapamalian ?

8. Naha kapamalian éta téh dipaké kénéh tepi ka ayeuna ?

3.5. Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kakumpul ngaliwatan téhnik ngumpulkeun data, satuluyna dianalisis ngaliwatan léngkah-léngkah saperti dihandap ieu:

1. Mariksa sarta niténan folklor aspék kapamalian nu geus dikumpulkeun. 2. Ngadéskripsikeun sarta nganalisis folklor aspék kapamalian.

3. Nyieun kacindekan tina folklor aspék kapamalian nu geus kapaluruh.

3.6. Sumber Data

Sumber data nya éta subjék data-data panalungtikan nu dibeunangkeun ku panalungtik. Data dina ieu panalungtikan mangrupa kapamalian nu masih kénéh aya sarta dipaké di masarakat Sunda (dina Arikunto, 2010, kc. 172)

Anu dijadikeun subjék dina ieu panalungtikan nya éta warga Désa Sukamelang, Wanerja, Parung, Dangdeur, jeung Cigadung nu umurna 40 taun kaluhur.

3.6.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi ieu panalungtikan nya éta di Kacamatan Subang Kabupatén Subang. Kecamatan Subang mangrupa salah sahiji kacamatan nu aya di Kabupatén Subang, nu dijadikeun puseur pamaréntahan. Sacara geografis, ieu lokas kaasup kana daérah dataran rendah, kira-kira 114 M dpl. Luas wilayah Kecamatan Subang, kira-kira 5.896,946 Ha atawa 54 Km2, nu ngawengku:

a. sawah : 2.922,90 ha; b. darat : 2.974,046 ha.

Kecamatan Subang téh ngawengku sababraha wilayah administratif, nya éta Kelurahan Sukamelang, Kelurahan Wanareja, Kelurahan Parung, Kelurahan


(21)

26

Pasirkareumbi, Kalurahan Dangdeur, Kelurahan Cigadung, Kelurahan Soklat, jeung Kelurahan Karanganyar.

Kecamatan Subang Kabupatén Subang téh diwatesanan ku sababaraha wilayah, nya éta:

- beulah Kulon watesna Kecamatan Dawuan; - beulah Wétan watesna Kecamatan Cibogo;

- beulah Kidul watesna Kecamatan Cijambe;

- beulah Kalér watesna Kecamatan Pagaden jeung Pagaden Barat.

Jumlah penduduk Kecamatan Subang, dumasar kana data taun 2014 kurang leuwih aya kana 124.367 jiwa, (lalaki, 63.162 jiwa atawa 50,79% jeung awéwé 61.205 jiwa atawa 49,21%). Pakasaban nu ilahar di ieu kacamatan nya éta PNS, pedagang , buruh, jeung tani.

Gambar 3.1 Péta Kecamatan Subang Kabupatén Subang

1. Kelurahan Sukamelang

Kelurahan Sukamelang aya ditungtung kalér Kecamatan Subang nu tapal wates jeung Désa Jabong, beulah kulonna tapal wates jeung Kelurahan Dangdeur, beulah wétanna tapal wates jeung Désa Belendung, beulah kidulna tapal wates jeung Kelurahan Karanganyar. Kelurahan Sukamelang lokasina di Jl. Pramuka.


(22)

27

Kelurahan Sukamelang miboga luas wilayah 338.005 Ha/m², nu ngawengku:

Tabél 3.3 Luas Wilayah Kelurahan Sukamelang

No. Tempat Luas Wilayah

1 Sawah 331.000 Ha/m²

2 Tegal/ ladang/ kebon 7.000 Ha/m²

3 Pasar 0.5 Ha/m²

4 Usaha perikanan 4 Ha/m²

5 Terminal 0.3 Ha/m²

6 Pertokoan 0.2 Ha/m²

Total Luas Wilayah 338.005 Ha/m²

Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Sukamelang nya éta 14.992 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 7.496 jalma jeung awéwé 7.496 jalma nu ngawengku penduduk dewasa 12.476 jalma jeung balita 1.498

jalma. Jumlah penduduk kabagi jadi 6.500 Kepala Keluarga.

Masarakat Kelurahan Sukamelang miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun data sénsus penduduk yén di ieu désa aya dalapan rupaning pakasaban nu dipilampah ku masarakatna, katitén saperti ieu di handap.

Tabél 3.4 Jumlah Penduduk Kelurahan Sukamelang

No. Pakasaban Jumlah Penduduk

1 Petani 1.864 jalma

2 Buruh Tani 1.578 jalma

3 Kary.swasta 899 jalma

4 Wiraswasta 1.876 jalma

5 PNS 1.555 jalma

6 TNI/Polri 750 jalma

7 Pengrajin 1.125 jalma

8 Lain-lain 5.345 jalma


(23)

28

Ditilik tina atikana di désa Sukamelang rata-rata tingkat pendidikan formal masarakatna téh lolobana tamatan SLTA (Sekolah Lanjutan Tingkat Atas)/sadrajat, katitén tina tingkatan ieu di handap.

Tabél 3.5 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Sukamelang

No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah

1 Lulusan SD 3.685 jalma

2 Lulusan SLTP 2.143 jalma

3 Lulusan SLTA 6.342 jalma

4 Sarjana 756 jalma

Total 12.926 jalma

2. Kelurahan Cigadung

Kelurahan Cigadung aya di tengah Kecamatan Subang nu tapal watesna beulah kalér jeung kelurahan Sukamelang, beulah kulonna tapal wates jeung Kelurahan Dangdeur, beulah wétanna tapal wates jeung Kelurahan Karanganyar, beulah kidulna tapal wates jeung Kelurahan Pasirkareumbi.

Kelurahan Cigadung miboga luas wilayah 335.182 Ha/m², nu ngawengku:

Tabél 3.6 Luas Wilayah Kelurahan Cigadung

No. Tempat Luas Wilayah

1 Sawah 77 Ha/m²

2 Pemukiman 163,928 Ha/m²

3 Tegal/ ladang/ kebon 9,464 Ha/m²

4 Kuburan 63,672 Ha/m²

5 Pekarangan 63,72 Ha/m²

6 Taman Kota 21,119 Ha/m²

7 Perkantoran 21,119 Ha/m²


(24)

29

Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Cigadung nya éta 22.187 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 10.431 jalma jeung awéwé 11.756. satuluyna jumlah penduduk kabagi jadi 6.223 KK jeung aya 3.750 KK miskin. Masarakat Kelurahan Cigadung miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun data sénsus penduduk yén di ieu désa aya sapuluh rupaning pakasaban nu dipilampah ku masarakatna, katitén saperti ieu di handap.

Tabél 3.7 Jumlah Penduduk Kelurahan Cigadung

No. Pakasaban Jumlah Penduduk

1 Petani 560 jalma

2 Pedagang 10.200 jalma

3 Penjahit 899 jalma

4 Pertukangan 1.876 jalma

5 PNS 1.200 jalma

6 TNI/Polri 312 jalma

7 Pengrajin 112 jalma

8 Pengusaha 1.300 jalma

9 Buruh/swasta 8.400 jalma

10 Lain-lain 500 jalma

Total Jumlah Penduduk 22.187 jalma

Ditilik tina atikana di désa Cigadung rata-rata tingkat pendidikan formal masarakatna téh lolobana tamatan Sarjana, katitén tina tingkatan ieu di handap.

Tabél 3.8 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Cigadung

No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah

1 Lulusan SD 2.088 jalma

2 Lulusan SLTP 1.042 jalma

3 Lulusan SLTA 1.088 jalma

4 Sarjana 5.131 jalma


(25)

30

3. Kelurahan Dangdeur

Kelurahan Dangdeur aya di beulah kulon Kecamatan Subang nu tapal watesna beulah kalér jeung kelurahan Cidahu, beulah kulonna tapal wates jeung Kelurahan Subasari, beulah wétanna tapal wates jeung Kelurahan Cigadung, beulah kidulna tapal wates jeung Kelurahan Parung. Kelurahan Dangdeur miboga luas wilayah 790.30 Ha/m², nu ngawengku:

Tabél 3.9 Luas Wilayah Kelurahan Dangdeur

No. Tempat Luas Wilayah

1 Sawah 325 Ha/m²

2 Pemukiman Ha/m²

3 Tegal/ ladang/ kebon Ha/m²

4 Kuburan Ha/m²

5 Pekarangan Ha/m²

6 Taman Kota Ha/m²

7 Perkantoran Ha/m²

Total 790.30 Ha/m²

Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Dangdeur nya éta 14.594 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 7.225 jalma jeung awéwé 7.339. Masarakat Kelurahan Dangdeur miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun data sénsus penduduk di désa aya sababaraha pakasaban nu kapanggih.

Tabél 3.10 Jumlah Penduduk Kelurahan Dangdeur

No. Pakasaban Jumlah Penduduk

1 Petani 1.766 jalma

2 Pedagang 193 jalma

3 PNS 449 jalma

Total Jumlah Penduduk 14.594 jalma

Ditilik tina atikana di désa Dangdeur rata-rata tingkat pendidikan formal masarakatna téh lolobana tamatan Sarjana, katitén tina tingkatan ieu di handap.


(26)

31

Tabél 3.11 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Dangdeur

No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah

1 Lulusan SD 2.088 jalma

2 Lulusan SLTP 1.042 jalma

3 Lulusan SLTA 1.088 jalma

4 Sarjana 5.131 jalma

Total 9.349 jalma

4. Kelurahan Wanerja

Kelurahan Wanerja aya di tungtung wétan Kecamatan Subang nu tapal watesna beulah kalér jeung Désa Cinangsi, beulah kulonna tapal wates jeung Kelurahan Soklat, beulah wétanna tapal wates jeung Désa Sadawarna, beulah kidulna tapal wates jeung Désa Cikadu.

Kelurahan Wanerja miboga luas wilayah 1.864.250 Ha/m², nu ngawengku:

Tabél 3.12 Luas Wilayah Kelurahan Wanerja

No. Tempat Luas Wilayah

1 Sawah 214.000 Ha/m²

2 Pemukiman 158.800 Ha/m²

3 Tegal/ ladang/ kebon 436.625 Ha/m²

4 Kuburan 2.500 Ha/m²

5 Pekarangan 4.000 Ha/m²

6 Perkantoran 2.500 Ha/m²

7 Lain-lain 5.000 Ha/m²

Total 790.30 Ha/m²

Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Wanerja nya éta 5.853 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 2.708 jalma jeung awéwé 3.145 satuluyna jumlah penduduk kabagi jadi 1.656 KK. Masarakat Kelurahan Wanerja miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun data sénsus penduduk yén di ieu désa aya 12 rupaning pakasaban nu dipilampah ku masarakatna, katitén saperti ieu di handap.


(27)

32

Tabél 3.13 Jumlah Penduduk Kelurahan Wanerja

No. Pakasaban Jumlah Penduduk

1 Petani 1.100 jalma

2 Buruh Tani 800 jalma

3 Pedagang 25 jalma

4 Peternak 120 jalma

5 Perikanan 2 jalma

6 Montir 6 jalma

7 Bidan 2 jalma

8 Perawat 5 jalma

9 Pembantu Rumah Tangga 50 jalma

10 TNI/Polri 3 jalma

11 Pengusaha 4 jalma

12 Buruh/swasta 280 jalma

Total Jumlah Penduduk 5.853 jalma

Ditilik tina atikana di désa Wanerja rata-rata tingkat pendidikan formal masarakatna téh lolobana tamatan SD (Sekolah Dasar)/saderajat, katitén tina tingkatan ieu di handap.

Tabél 3.14 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Wanerja

No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah

1 Lulusan SD 260 jalma

2 Lulusan SLTP 36 jalma

3 Lulusan SLTA 36 jalma

4 Sarjana 15 jalma


(28)

33

5. Kelurahan Parung

Kelurahan Parung aya di tungtung kidul Kecamatan Subang nu tapal watesna beulah kalér jeung Désa Cigadung, beulah kulonna tapal wates jeung Kelurahan Dangdeur, beulah wétanna tapal wates jeung Désa Wanareja, beulah kidulna tapal wates jeung Désa Tanjung Wangi.

Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Parung nya éta 8.398 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 4.127 jalma jeung awéwé 4.271 satuluyna jumlah penduduk kabagi jadi 2.262 KK. Masarakat Kelurahan Parung miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun data sénsus penduduk yén di ieu désa pakasaban nu dipilampah ku masarakatna téh nya éta pedagang, sopir, tani, jeung ternak.

Ditilik tina atikana di désa Parung rata-rata tingkat pendidikan formal masarakatna téh lolobana tamatan SD (Sekolah Dasar)/saderajat, katitén tina tingkatan ieu di handap.

Tabél 3.15 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Parung

No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah

1 Lulusan SD 6.427 jalma

2 Lulusan SLTP 4.300 jalma

3 Lulusan SLTA 4.220 jalma

4 Sarjana 40 jalma

Total 14.987 jalma

3.6.2 Populasi

Numutkeun Sudjana (2011, kc. 71), populasi téh teu kawatesanan, malah aya nu teu kaitung jumlah jeung ukuranana. Ku kituna, populasi mah teu sakabéhna bisa ditalungtik. Éta hal biasana dumasar kana teu kadugana tanaga, waragad, sarta waktu panalungtik dina nalungtik éta populasi. Tina pedaran di luhur, populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh kapamalian nu aya di kelurahan nu aya di Kecamaatan Subang Kabupatén Subang.


(29)

34

3.6.3 Sampel

Pikeun ngungkulana pasualan populasi nu teu kaduga éta, dina panaungtikan aya istilah nu disebut sampel panalungtikan. Sampel panalungtikan téh mangrupa bagian atawa wakil tina populasi (dina Arikunto, 2010, kc. 174). Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngagunakeun téhnik purposive sampling, nya

éta panalungtikan anu nangtukeun unsur sampelna dumasar kana tujuan husus nepi ka nyumponan kahayang jeung kapentingan panalungtik (dina Sudjana, 2011, kc. 73). Sampel ieu panalungtikan nya éta kapamalian nu sumebar di Kelurahan Sukamelang, Wanerja, Parung, Dangdeur, jeung Kelurahan Cigadung.

Di Kecamatan Subang aya dalapan kelurahan. Tina dalapan kelurahan éta téh dicokot sampel lima kelurahan. Pangna panalungtik nyokot lima kelurahan téh ku sabab éta kelurahan nu jadi tungtung jeung puseur Kecamatan Subang. Kelurahan Sukamelang nya éta tungtung kalérna Kecamatan Subang, Kelurahan Parung tungtung kidul Kecamatan Subang, Kelurahan Dangdeur tungtung kulon Kecamatan Subang, sarta Kelurahan Wanerja tungtung wétan Kecamatan Subang, sedengkeun Kelurahan Cigadung aya di puseur Kecamatan Subang. Jadi, data kapamalian nu aya di éta lima kelurahan téh geus ngawakilan data kapamalian nu aya di Kecamatan Subang.


(30)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Kapamalian mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu masih kénéh hirup di masarakat. Ieu kapamalian téh sok dipaké alat ku kolot pikeun ngatik budak. Kolot baheula mah ngabéjaan atawa nyarék téh cukup ku dibalibirkeun, teu togmol. Cukup ku nyebut pamali éta kolot téh ngatikna, upama kedal kecap pamali téh, timbul kasieun anu gedé, tara ieuh protés sok nurut baé. Kapamalian anu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang, sabagian masih kénéh sok diparaké. Kabuktian masih loba kénéh anu percaya sarta tumut kana naon anu disebutkeun pamali téa.

Kapamalian anu dikumpulkeun ngaliwatan wawancara ka 6 narasumber anu aya di Kecamatan Subang téh aya 65 kapamalian. Éta kapamalian anu aya téh didéskripsikeun harti jeung fungsina, dianalisis ajén atikan anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama, sarta dianalisis ogé unsur sémiotik anu nyangkaruk dina éta kapamalian.

Kapamalian anu ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Kecamatan Subang kawengku ku istilah daur hidup (life cycle), di antarana kawin,

kelahiran, sunat jeung maot. Sakabéh kapamalian éta kapasing-pasing numutkeun kagunaan katut saha nu makéna. Ieu di handap mangrupa hasil tina papasingan éta kapamalian:

1. Dina kapamalian anu aya patalina jeung urusan kawin, aya 6 (3.9%) kapamalian anu eusina husus jang nu arék jeung nu geus kawin. Sababaraha kapamalian anu kaasup kana aspék kawin nyaéta “Ulah dahar pipir lawang mantak hésé jodo”, “Ulah diuk dina bangbarung matak burung babakalan”, jeung “Mun awéwé ulah ngadahar tunggir sok mangnunggirkeun”.

2. Dina kapamalian anu patali jeung urusan kelahiran, aya 11 (7.15%) kapamalian anu eusina ngeunaan kapamalian-kapamalian husus ditujulkeun nu kakandungan. Sababaraha kapamalian anu asup kana aspék kelahiran

nyaéta “Keur kakandungan ulah cicing di tengah lawang mantak hésé bijil orokna”, “Nu kakandungan ulah ngalong di lawang panto sok hésé ngajuru”,


(31)

88

jeung “Ari keur kakandungan ulah hayang kadaharan batur bisi ngelay budakna”.

3. Dina kapamalian anu patali jeung urusan sunat, aya 2 (1.3%) kapamalian anu eusina aya patula-patalina jeung nu disunatan. Kapamalian anu asup kana

aspék sunat nyaéta “Ulah jangji nerapkeun babango mun rék di sunat bisi kakeureut kanjutna” jeung “Budak sunat kudu di lulur ku konéng supaya leungit kokotorna”.

4. Dina kapamalian anu patali jeung urusan maot, aya 4 (2.6%) kapamalian anu eusina aya patula-patalina jeung nu maot. Kapamalian anu kaasup kana aspék

maot nyaéta “Mun aya nu maot poé sabtu ulah di angir sok nuturkeun” jeung

“Mun nyangu na hawu ulah ngasupkeun suluh bagal ti heula tapi congona heula bisi maot gering nangtung”.

Salian ti éta aya ogé kapamalian anu sipatna umum, di mana éta kapamalian dipaké ku sakumna masarakat di sagédéngeun hal-hal anu aya patalina jeung life cycle, nyaéta 42 (27.3%) kapamalian. Sababaraha kapamalian anu kaasup kana

aspék kapamalian umum nyaéta “Ulah mamangkatan mun larangan bulan ku sabab sok cilaka”, “Kudu amitan mun rek mandi di walungan bisi aya nu ngageugeuhana”, “Mun urang saré ulah ngujur kalér da éta mah bagéan nu paéh”, “Mun nu liwat mawa mayit urutna bajur ku cai bisi apes”, jeung “Mun nyarek budak ulah di teunggeul ku hihid mantak sakalor”.

Hasil analisis semiotik kapanggih aya 22 unsur ikon, unsur ikon nyaéta tanda anu nyoko kana obyékna dumasar hubungan faktual jeung éksisténsial antara penanda jeung petandana, salasahijina nu aya dina kapamalian “Tong

nguah coét bisi meunangkeun randa”, dina ieu kontéks coét ikon tina wadah

paranti nyambel , Coét lain tempat dahar, salah tempat saupama aya nu dahar tina coét. Ku lantaran kitu ulah nguah dina coét bisi meunangkeun randa, maksudna kudu bisa pipilih dina ngagunakeun hiji barang, kitu ogé tina milih pamajikan.nu bisa nyababkeun rewog barangdahar sabab ku teu kaukur téa sakumaha daharna.

Lian ti éta aya 20 kapamalian anu ngandung kana unsur indéks, unsur indéks nyaéta tanda anu ngébréhkeun ayana hubungan kausal/sabab-akibat,

salasahiji contona dina kapamalian “Kudu amitan mun rek mandi di walungan


(32)

89

kalakuan jalma nu ménta ijin pikeun ngalakukeun hijji kagiatan. Anu dipenta ijinna biasana mangrupa mahluk goib anu teu katingal. Maksud amitan didieu nya éta pikeun menta ijin ka sasama mahluk ciptaan gusti nu ngageugeuh éta walungan.

Dina unsur simbol kapanggih 23 kapamalian anu ngahubungkeun yén antara tanda jeung denotatumna téh disapukan ku balaréa. Salasahijina saperti

kapamalian “Keur kakandungan ulah cicing di tengah lawang mantak hésé bijil

orokna”, dina ieu kontéks Dina ieu kontéks tengah lawang ngalambangkeun

bagian lawang nu tengahnna, dijieun tina kai, biasana digunakeun pikeun jalma lalar liwat atawa cicing, nyawang, ngalamun, jeung bingung. Lamun saupamana nu reuneuh cicing di tengah lawang biasana dipatalikeun jeung kapamalian matak hésé bijil orokna.

Dina éta kapamalian téh leubeut pisan ku ajén atikan anu ngatik, ngadidik urang aya dina kahadéan jeung kasalametan, saperti dina ajén atikan moral aya 32

kapamalian anu kaasup kana ajén moral saperti kapamalian “Teu meunang ngadahar daging tikukur sok barorok atawa ateul” jeung “Ulah meulitkeun anduk dina beuheung mun keur kakandungan bisi orok di jero beuteungna kabeulit ku tali ari-ari.”. Aya 23 kapamalian anu kaasup kana ajén sosial saperti kapamalian

“Teu meunang hajat mun taun alif sok kahuruan atawa sok aya nu gelut.” jeung “Ulah molongokeun panto wanci sareupna, sok aya longlongan asup kajero”.

Sedengkeun anu kaasup kana ajén agama aya 10 kapamalian saperti kapamalian

“Ulah ngalacuran pamajikan batur matak ripuh hirup di dunya jeung di akherat”

jeung “Ulah nembal ka kolot mantak doraka”.

Kapamalian téh lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi éta kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngadidik ku cara dibalibirkeun sangkan budak bisa nurut naon anu diucapkeun ku kolot. Éta kapamalian téh teu ngandung harti anu saujratna, tapi éta kapamalian téh ngandung harti anu séjén atawa multitafsir.


(33)

90

5.2 Rekomendasi

Aya sababaraha saran anu hayang ditepikeun ku panyusun saréngséna ieu panalungtikan:

1. Pikeun pihak pamaréntah, utamana Dinas Pendidikan Jawa Barat kudu mikaweruh kana kapamalian-kapamalian anu masih kénéh tumuwuh sarta dipaké kénéh ku masarakat, ulah nepika tumpur teu aya tapakna, sabab kapamalian téh mangrupa titinggal karuhun urang baheula, anu kudu dimumulé ku urang salaku masarakat anu nyicingan tatar Sunda sangkan teu tumpur ku kamajuan jaman anu sarwa modern.

2. Ieu kapamalian nu aya di Kecamatan Subang téh mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu mangrupa titinggal karuhun urang sararéa. Kapamalian téh mangrupa alat pikeun ngatik, ngadidik ti kolot ka budakna, ogé ngajauhkeun tina sagala rupa marabahaya, ku cara dibalibirkeun téa, teu togmol. Ku kituna, sangkan ieu kapamalian téh teu tumpur taya tapakna, urang salaku masarakat Sunda kudu ngajaga sarta ngamumulé ieu kapamalian.

3. Pikeun panalungtik saterusna, ieu hasil panalungtikan téh masih kénéh jauh tina sampurna, sabab masih loba kénéh kapamalian-kapamalian anu can kapanggih tur kapaluruh, ku kituna dipiharep aya nu nalungtik deui leuwih jero ngeunaan kapamalian.


(34)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka

Cipta

Berger, A. A. (2010). Pengantar Semiotika: Tanda-Tanda Dalam Kebudayaan Kontemporer. Yogyakarta: Tiara Kencana

Danadibrata, RA (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia: Ilmu Gosi p, Dongeng dan lain-lain.

Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Hoed, B. H. (2011). Semiotik & Dinamika Sosial Budaya. Jakarta: Komunitas

Bambu.

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Koentjaraningrat. (2005). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: PT. Asdi

Mahasatya

LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung. Tarate Bandung.

Maran, R. R. (2007). Manusia dan Kebudayaan dalam Perspektif Ilmu Budaya dasar. Jakarta: Rineka Cipta.

MKDP Landasan Pendidikan. (2010). Landasan Pendidikan. Bandung: MKDP

UPI.

Mulkan, D. (2007). Pamali, Tradisi Lisan Budaya Leluhur Sunda. [Online].

Tersedia di: http://www.fikom.unpad.ac.id/?˭˭detail˭˭artikel&id88 [Diaksés tanggal 24 April 2015].

Mustapa, R. H. H. (1996). Adat Istiadat Sunda. Bandung: Alumni.

Nurgiyantoro, B. (2012). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada

University Press.

Permasih, D. (2014). Ajén Atikan Dina Folklor Kapamalian Anu Aya Di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung (Tilikan Semiotik). (Skripsi). FPBS, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung

Pradopo, R. D. (1995). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya.

Yogyakarta: Pustaka Pelajar

Ruhimat, A. (2006). Sambel Jaér (Tali Paranti, palakiah, kaolahan & pantangan Urang Sunda). Bandung: PT. Puspawarna.


(35)

92

Santosa, F. (1993). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung:

Angkasa.

Setiyadi, A. (2011). Ajén Atikan dina Sisindiran nu Aya di Désa Parumasan Kecamatan Sodonghilir Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Pangajaran Nulis di SMP. (Skripsi). FPBS, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Sobur, A. (2013). Manusia Dan Kebudayaan Dalam Perspektif Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Rineka Cipta

Sudjana, N. (2011). Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru

Algensindo

(http://id.m.wikipedia.org/wiki/dasar_pendidikan) [diaksés tanggal 10 April


(1)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI 5.1 Kacindekan

Kapamalian mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu masih kénéh hirup di masarakat. Ieu kapamalian téh sok dipaké alat ku kolot pikeun ngatik budak. Kolot baheula mah ngabéjaan atawa nyarék téh cukup ku dibalibirkeun, teu togmol. Cukup ku nyebut pamali éta kolot téh ngatikna, upama kedal kecap pamali téh, timbul kasieun anu gedé, tara ieuh protés sok nurut baé. Kapamalian anu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang, sabagian masih kénéh sok diparaké. Kabuktian masih loba kénéh anu percaya sarta tumut kana naon anu disebutkeun pamali téa.

Kapamalian anu dikumpulkeun ngaliwatan wawancara ka 6 narasumber anu aya di Kecamatan Subang téh aya 65 kapamalian. Éta kapamalian anu aya téh didéskripsikeun harti jeung fungsina, dianalisis ajén atikan anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama, sarta dianalisis ogé unsur sémiotik anu nyangkaruk dina éta kapamalian.

Kapamalian anu ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Kecamatan Subang kawengku ku istilah daur hidup (life cycle), di antarana kawin, kelahiran, sunat jeung maot. Sakabéh kapamalian éta kapasing-pasing numutkeun kagunaan katut saha nu makéna. Ieu di handap mangrupa hasil tina papasingan éta kapamalian:

1. Dina kapamalian anu aya patalina jeung urusan kawin, aya 6 (3.9%) kapamalian anu eusina husus jang nu arék jeung nu geus kawin. Sababaraha kapamalian anu kaasup kana aspék kawin nyaéta “Ulah dahar pipir lawang mantak hésé jodo”, “Ulah diuk dina bangbarung matak burung babakalan”,

jeung “Mun awéwé ulah ngadahar tunggir sok mangnunggirkeun”.

2. Dina kapamalian anu patali jeung urusan kelahiran, aya 11 (7.15%) kapamalian anu eusina ngeunaan kapamalian-kapamalian husus ditujulkeun nu kakandungan. Sababaraha kapamalian anu asup kana aspék kelahiran

nyaéta “Keur kakandungan ulah cicing di tengah lawang mantak hésé bijil


(2)

88

jeung “Ari keur kakandungan ulah hayang kadaharan batur bisi ngelay

budakna”.

3. Dina kapamalian anu patali jeung urusan sunat, aya 2 (1.3%) kapamalian anu eusina aya patula-patalina jeung nu disunatan. Kapamalian anu asup kana

aspék sunat nyaéta “Ulah jangji nerapkeun babango mun rék di sunat bisi

kakeureut kanjutna” jeung “Budak sunat kudu di lulur ku konéng supaya leungit kokotorna”.

4. Dina kapamalian anu patali jeung urusan maot, aya 4 (2.6%) kapamalian anu eusina aya patula-patalina jeung nu maot. Kapamalian anu kaasup kana aspék

maot nyaéta “Mun aya nu maot poé sabtu ulah di angir sok nuturkeun” jeung

“Mun nyangu na hawu ulah ngasupkeun suluh bagal ti heula tapi congona heula bisi maot gering nangtung”.

Salian ti éta aya ogé kapamalian anu sipatna umum, di mana éta kapamalian dipaké ku sakumna masarakat di sagédéngeun hal-hal anu aya patalina jeung life cycle, nyaéta 42 (27.3%) kapamalian. Sababaraha kapamalian anu kaasup kana

aspék kapamalian umum nyaéta “Ulah mamangkatan mun larangan bulan ku

sabab sok cilaka”, “Kudu amitan mun rek mandi di walungan bisi aya nu ngageugeuhana”, “Mun urang saré ulah ngujur kalér da éta mah bagéan nu paéh”, “Mun nu liwat mawa mayit urutna bajur ku cai bisi apes”, jeung “Mun nyarek budak ulah di teunggeul ku hihid mantak sakalor”.

Hasil analisis semiotik kapanggih aya 22 unsur ikon, unsur ikon nyaéta tanda anu nyoko kana obyékna dumasar hubungan faktual jeung éksisténsial antara penanda jeung petandana, salasahijina nu aya dina kapamalian “Tong nguah coét bisi meunangkeun randa”, dina ieu kontéks coét ikon tina wadah paranti nyambel , Coét lain tempat dahar, salah tempat saupama aya nu dahar tina coét. Ku lantaran kitu ulah nguah dina coét bisi meunangkeun randa, maksudna kudu bisa pipilih dina ngagunakeun hiji barang, kitu ogé tina milih pamajikan.nu bisa nyababkeun rewog barangdahar sabab ku teu kaukur téa sakumaha daharna.

Lian ti éta aya 20 kapamalian anu ngandung kana unsur indéks, unsur indéks nyaéta tanda anu ngébréhkeun ayana hubungan kausal/sabab-akibat,

salasahiji contona dina kapamalian “Kudu amitan mun rek mandi di walungan


(3)

kalakuan jalma nu ménta ijin pikeun ngalakukeun hijji kagiatan. Anu dipenta ijinna biasana mangrupa mahluk goib anu teu katingal. Maksud amitan didieu nya éta pikeun menta ijin ka sasama mahluk ciptaan gusti nu ngageugeuh éta walungan.

Dina unsur simbol kapanggih 23 kapamalian anu ngahubungkeun yén antara tanda jeung denotatumna téh disapukan ku balaréa. Salasahijina saperti

kapamalian “Keur kakandungan ulah cicing di tengah lawang mantak hésé bijil

orokna”, dina ieu kontéks Dina ieu kontéks tengah lawang ngalambangkeun bagian lawang nu tengahnna, dijieun tina kai, biasana digunakeun pikeun jalma lalar liwat atawa cicing, nyawang, ngalamun, jeung bingung. Lamun saupamana nu reuneuh cicing di tengah lawang biasana dipatalikeun jeung kapamalian matak hésé bijil orokna.

Dina éta kapamalian téh leubeut pisan ku ajén atikan anu ngatik, ngadidik urang aya dina kahadéan jeung kasalametan, saperti dina ajén atikan moral aya 32

kapamalian anu kaasup kana ajén moral saperti kapamalian “Teu meunang

ngadahar daging tikukur sok barorok atawa ateul” jeung “Ulah meulitkeun anduk dina beuheung mun keur kakandungan bisi orok di jero beuteungna kabeulit ku tali ari-ari.”. Aya 23 kapamalian anu kaasup kana ajén sosial saperti kapamalian “Teu meunang hajat mun taun alif sok kahuruan atawa sok aya nu gelut.” jeung “Ulah molongokeun panto wanci sareupna, sok aya longlongan asup kajero”. Sedengkeun anu kaasup kana ajén agama aya 10 kapamalian saperti kapamalian “Ulah ngalacuran pamajikan batur matak ripuh hirup di dunya jeung di akherat”

jeung “Ulah nembal ka kolot mantak doraka”.

Kapamalian téh lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi éta kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngadidik ku cara dibalibirkeun sangkan budak bisa nurut naon anu diucapkeun ku kolot. Éta kapamalian téh teu ngandung harti anu saujratna, tapi éta kapamalian téh ngandung harti anu séjén atawa multitafsir.


(4)

90

5.2 Rekomendasi

Aya sababaraha saran anu hayang ditepikeun ku panyusun saréngséna ieu panalungtikan:

1. Pikeun pihak pamaréntah, utamana Dinas Pendidikan Jawa Barat kudu mikaweruh kana kapamalian-kapamalian anu masih kénéh tumuwuh sarta dipaké kénéh ku masarakat, ulah nepika tumpur teu aya tapakna, sabab kapamalian téh mangrupa titinggal karuhun urang baheula, anu kudu dimumulé ku urang salaku masarakat anu nyicingan tatar Sunda sangkan teu tumpur ku kamajuan jaman anu sarwa modern.

2. Ieu kapamalian nu aya di Kecamatan Subang téh mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu mangrupa titinggal karuhun urang sararéa. Kapamalian téh mangrupa alat pikeun ngatik, ngadidik ti kolot ka budakna, ogé ngajauhkeun tina sagala rupa marabahaya, ku cara dibalibirkeun téa, teu togmol. Ku kituna, sangkan ieu kapamalian téh teu tumpur taya tapakna, urang salaku masarakat Sunda kudu ngajaga sarta ngamumulé ieu kapamalian.

3. Pikeun panalungtik saterusna, ieu hasil panalungtikan téh masih kénéh jauh tina sampurna, sabab masih loba kénéh kapamalian-kapamalian anu can kapanggih tur kapaluruh, ku kituna dipiharep aya nu nalungtik deui leuwih jero ngeunaan kapamalian.


(5)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta

Berger, A. A. (2010). Pengantar Semiotika: Tanda-Tanda Dalam Kebudayaan Kontemporer. Yogyakarta: Tiara Kencana

Danadibrata, RA (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia: Ilmu Gosi p, Dongeng dan lain-lain.

Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Hoed, B. H. (2011). Semiotik & Dinamika Sosial Budaya. Jakarta: Komunitas Bambu.

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Koentjaraningrat. (2005). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: PT. Asdi

Mahasatya

LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung. Tarate Bandung.

Maran, R. R. (2007). Manusia dan Kebudayaan dalam Perspektif Ilmu Budaya dasar. Jakarta: Rineka Cipta.

MKDP Landasan Pendidikan. (2010). Landasan Pendidikan. Bandung: MKDP UPI.

Mulkan, D. (2007). Pamali, Tradisi Lisan Budaya Leluhur Sunda. [Online]. Tersedia di: http://www.fikom.unpad.ac.id/?˭˭detail˭˭artikel&id88 [Diaksés tanggal 24 April 2015].

Mustapa, R. H. H. (1996). Adat Istiadat Sunda. Bandung: Alumni.

Nurgiyantoro, B. (2012). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Permasih, D. (2014). Ajén Atikan Dina Folklor Kapamalian Anu Aya Di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung (Tilikan Semiotik). (Skripsi). FPBS, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung Pradopo, R. D. (1995). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya.

Yogyakarta: Pustaka Pelajar

Ruhimat, A. (2006). Sambel Jaér (Tali Paranti, palakiah, kaolahan & pantangan Urang Sunda). Bandung: PT. Puspawarna.


(6)

92

Santosa, F. (1993). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.

Setiyadi, A. (2011). Ajén Atikan dina Sisindiran nu Aya di Désa Parumasan Kecamatan Sodonghilir Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Pangajaran Nulis di SMP. (Skripsi). FPBS, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung. Sobur, A. (2013). Manusia Dan Kebudayaan Dalam Perspektif Ilmu Budaya

Dasar. Jakarta: Rineka Cipta

Sudjana, N. (2011). Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru Algensindo

(http://id.m.wikipedia.org/wiki/dasar_pendidikan) [diaksés tanggal 10 April 2015].