Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa hirup teu leupas ti lingkunganna, sabab manusa mangrupa mahluk sosial nu enas-enasna mah butuh ku jalma séjén dina hirup kumbuhna. Nya di dinya témbong interaksi sosial antara hiji manusa jeung manusa lianna. Interaksi sosial mangrupa konci tina kahirupan sosial. Ilaharna, tina interaksi sosial téh sok ngadatangkeun balukar positip jeung balukar négatif. Balukar négatif tina interaksi sosial baris mangaruhan jalma pikeun ngalakukeun hal-hal nu teu luyu jeung norma-norma agama katut norma tatanan nagara. Kiwari loba kajahatan nu tumiba di masarakat, contona garelut nu disababkeun ku hal-hal nu teu sapira akibat kadupak keur lalajo atawa gara-gara masalah awéwé, parebut panumpang, malah nepi ka masalah politik, nu ngabalukarkeun rajapati. Pikeun mageran pangaruh négatif nu neba di lingkungan, manusa butuh ku sistem pikeun nadah éta pangaruh négatif téa. Éta sistem pikeun ngungkulan pangaruh négatif téh jengglénganana mangrupa aturan dina wangun tinulis jeung teu tinulis. Aturan nu teu tinulis sabenerna nyampak dina budaya lokal. Dina budaya lokal leubeut pisan ku ajén-inajén jeung palasipah hirup. Éta ajén-inajen téh nyangkaruk dina sawatara matéri budaya kayaning sastra. 1 Karuhun urang Sunda nepikeun pikiran, ide jeung rasana dina wangun carita sangkan masarakat teu ngarasa langsung dipapatahan, kaasup karya sastra. Sabab karya sastra nyaritakeun rupa-rupa masalah kahirupan manusa boh nu karasa, boh nu katingali ku pangarang. Nurgiyantoro 2007:3 nyebutkeun salaku karya sastra imaginér, carita rékaan fiksi nyaritakeun rupa-rupa masalah manusa jeung kamanusaan, hirup jeung kahirupan. Sastra mangrupa salah sahiji cabang kasenian anu geus aya ti ratusan taun ka tukang Danandjaja, 2002:9. Sastra henteu ngan diajén salaku hiji karya kréatif anu dimangpaatkeun pikeun konsumsi inteléktual di sagigireun konsumsi émosi. Ieu hal luyu jeung pamadegan Rasmita 2000:2 anu nyebutkeun yén anu disebut sastra téh nya éta karya lisan atawa tulisan anu ngandung kaéndahan boh eusina boh rakitanana. Dina tradisi masarakat tutur, sastra lisan beuki mekar, ieu hal téh lumangsung lantaran masarakat jaman baheula can ngabogaan média pikeun hiburan ka anggota masarakat séjénna. Pikeun nyumponan éta hal diciptakeun carita-carita sastra pikeun ngirut panitén masarakat. Pungsi sastra lisan salian ti pikeun hiburan, bisa ogé jadi alat pikeun ngajarkeun atikan moral utamana pikeun barudak. Biasana dina sastra lisan mibanda atikan-atikan moral nu dipercaya tur dijadikeun conto patokan ku masarakat. Ku sastra, masarakat bisa ngedalkeun rupaning kréativitasna ngagunakeun basa nu éndah, antukna nepi ka kiwari sastra lisan ngabogaan ajén jeung pungsi Teeuw, 1982:10. Rusyana 1978:1-2 nétélakeun yén sastra lisan nya éta sastra nu hirup jeung sumebarna lain dina wangun tinulis. Ciri lianna tina sastra lisan nya éta katradisianna. Sastra daerah sastra lisan hirup di sabagéan wilayah Indonesia. Pungsi sastra daérah pikeun ngébréhkeun alam pikiran manusa, sikep jeung ajén-ajén budaya masarakat nu ngadukungna, nu ngarojong kamekaran basa daérah jeung sastra Indonésia ogé nepikeun gagasan-gagasan nu ngarojong pangwangunan Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, 1977:23-37. Ku kituna, sastra lisan perlu dimumulé jeung dipiara. Salasahiji cara miarana nya éta ngaliwatan panalungtikan sabab salasahiji panalungtikan sastra lisan nya éta ngarékam carita nu ditranskipkeun dina wangun tulisan. Sastra lisan mangrupa karya kréatip para pangarangna nu dianggap ngagambarkeun kahirupan masarakatna, nya éta ngeunaan sawangan hirup jeung kawijakanna. Ku kituna, sastra lisan ngabogaan ajén. Salah sahiji ajén nu nyangkaruk dina sastra nya éta ajén budaya. Upama éta matéri budaya diguar tur disurahan kalawan gemet, tanwandé baris ngaruniang rupaning tuduh hirup pikeun dilarapkeun dina hirup kumbuh sapopoé. Dongéng téh mangrupa salah sahiji matéri nu nyampak dina sastra buhun. Kaasup kana wangunan prosa. Dina hirup kumbuh masarakat Sunda, dongéng tumuwuh tur mekar kalawan lisan tur tatalépa. Kabéhdieunakeun, sanggeus masarakat Sunda wawuh jeung tradisi tulis, éta wangun sastra lisan téh didokuméntasikeun dina buku. Ku ieu hal téh, masarakat bisa leuwih laluasa nyurahan tur ngalenyepan eusi dongéng kalawan imeut tur gemet. Ngaliwatan dongéng, masarakat asup kana pangalaman atawa imajinasi ngaliwatan para palaku dina caritana. Panalungtikan kana dongéng kawilang penting dipigawé pikeun maluruh rélevansi dongéng jeung kanyataan nu aya di masarakat. Ajén-ajén nu aya dina dongéng ngagambarkeun réalita sosial nu mawa pangaruh ka masarakatna. Ku kituna, dongéng bisa dijadikeun médium pikeun mikanyaho réalitas sosial nu diolah kalawan kréatip ku pangarang. Dongéng mangrupa salasahiji wangun sastra lisan nu ngagambarkeun kahirupan manusa. Dongéng mibanda ajén-inajén nu réligius jeung kamanusaan anu universal, nya éta ngagambarkeun kahirupan manusa dina jamanna. Ajén inajén nu nyampak dina dongéng méré tuladan ka masarakat. Eusi dongéng bisa dipikanyaho lamun ditalungtik ngagunakeun rupa-rupa pamarekan diantarana struktural jeung hermeneutika. Unsur ajén-inajén nu aya dina dongéng bisa dijadikeun tetekon dina kahirupan sapopoé jeung ngabeungharahan batin masarakat. Dongéng ngandung ajén-inajén budaya nu dijieun ku pangarang ngaliwatan seni basana. Loba dongéng nu mibanda idé gedé, pikiran, pangalaman jiwa nu alus, tinimbangan ngeunaan sipat alus jeung goréng, rasa kaduhung geus ngalakukeun dosa, rasa karunya, jeung kamandang kamanusaan nu luhung. Koentjaraningrat 1984: 8-25 nyebutkeun yén ajén budaya téh tahapan mimiti kabudayaan idéal atawa adat. Ajén budaya nya éta lapisan paling abstrak jeung lega ruang lingkupna. Ieu tahapan téh mangrupa idé- idé nu ngonsépkeun ngeunaan hirup nu dianggap ngandung ajén-inajén budaya nu luhung di alam pikiran masarakat. Ku kituna, ajén budaya mibanda pungsi salaku tetekon pangluhungna pikeun kalakuan manusa nu leuwih kongkrit, kitu deui étika dina campur gaul museur kana ajén budaya nu mangrupa kaaripan lokal. Ajén-inajén dina dongéng téh saterusna dijadikeun bahan pikeun panalungtikan. Éta ajén-inajén téh diulik pikeun larapkeuneun dina perkara pédagogik, nu engkéna baris museur kana hiji obyék ulikan étnopédagogi. Nu jadi obyék dina ieu panalungtikan nya éta dongéng-dongéng nu dipasanggirikeun di kota Tasikmalaya. Ieu dongéng dipilih lantaran ieu dongéng téh geus ngaliwatan tahap seléksi ti unggal wewengkona nu tinangtu euyeub ku ajén atikan dumasar kaaripan lokal. 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1