Sumber Data Desain Panalungtikan Métode Panalungtikan

Fitri Siti Nurjanah, 2016 AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu masarakat nu kurang mampuh sok dibantuan, mangrupa waragad atawa sandang pangan . Kagiatan gotong royong séjénna nu aya di Désa Garumukti nya éta dina tatanén. Upama aya masarakat anu keur ngagarap sawah, sok silihbantuan atawa nu nganteuran keur buruh tani. Dina ngajaga kaamanan désa, masarakat sok ngayakeun ronda, unggal peutingna sok giliran jeung warga séjénna. Upama désa baris ngawangun sarana prasarana saperti jalan, sasak, atawa masjid, masarakatna ogé sok gotong royong ngilu mantuan saihlasna. Sarta masih kénéh aya kagiatan- kagiatan gotong royong séjénna anu sok dilaksanakeun ku masarakat Désa Garumukti.

3.1.4 Sistem Organisasi Sosial

Dumasar data monografi nu aya di Désa Garumukti, bisa katitén yén di ieu désa aya sistem organisasi sosial pikeun ngarojong kahirupan masarakatna. Sistem organisasi sosial nu masih kénéh aktif, di antarana pamaréntahan désa, dusun, RT, RW, BPD, LPM, MUI désa, Karang Taruna, organisasi PKK, Gapoktan, kelompok tani, kelompok ternak, kelompok P3A Mitra Cai, LSM, sarta organisasi partai pulitik.

3.2 Sumber Data

Dina ngumpulkeun jeung nganalisis data hasil panalungtikan, tangtu kudu nangtukeun sumber data nu rék dipaluruh luyu jeung tujuan panalungtikanana. Sumber data nya éta tempat, jalma, atawa barang nu aya patalina jeung objék panalungtikan. Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta jalma, tempat panalungtikan, jeung dokumén. Sumber data jalma mangrupa narasumber atawa jalma nu mikanyaho ngeunaan kasenian gésrék ngaliwatan téhnik wawancara. Sedengkeun sumber data tempat mangrupa lokasi panalungtikan ngaliwatan téhnik obsérvasi. Anapon sumber data dokumén mangrupa gambar sarta vidéo pintonan kasenian gésrék ngaliwatan téhnik obsérvasi sarta dokuméntasi. Fitri Siti Nurjanah, 2016 AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta rencana anu nuduhkeun gambaran utama ngeunaan hiji hal anu rék dilakukeun Arikunto, 2010, kc. 175. Bagbagan prosés panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku ngumpulkeun data, idéntifikasi data, ngolah data, jeung nyieun kacindekan. Satuluyna dijieun jadi laporan hasil panalungtikan. Desain panalungtikan bisa katitén dina bagan ieu di handap. Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Ngumpulkeun Data: a. Téhnik obsérvasi b. Téhnik wawancara c. Téhnik dokumentasi Ngolah Data Analisis Nangtukeun Masalah Ngawatesanan jeung Ngarumuskeun Masalah Nangtukeun Sumber Data Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén Fitri Siti Nurjanah, 2016 AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.4 Métode Panalungtikan

Nurutkeun Surakhmad 2004, kc. 131, métode nya éta cara utama nu digunakeun pikeun ngahontal hiji tujuan, misalna pikeun nguji hopitésa, ngagunakeun téhnik, sarta alat-alat nu tangtu. Arikunto 2010, kc. 203 nétélakeun yén métode panalungtikan nya éta cara nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanana. Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta panalungtikan nu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan, kondisi atawa hal-hal nu geus disebutkeun, nu hasilna didadarkeun dina wangun laporan panalungtikan Arikunto, 2013, kc. 3. Metode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngadeskripsikeun sajarah, prak-prakan, ajén budaya dina kasenian Gésrék, sarta bahan pangajaran maca ngeunaan ajén budaya nu aya dina kasenian Gésrék pikeun siswa kelas XII SMA.

3.5 Wangenan Operasional