Atikan Agama jeung Kapercayaan Basa Pakasaban

Fitri Siti Nurjanah, 2016 AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.2.2 Atikan

Widang atikan di Désa Garumukti kawilang alus, katitén tina masarakatna anu sakola ti SD, SLTP, SLTA, D3 ogé aya sababaraha warga anu tamatan sarjana S1 jeung S2. Najan masih kénéh aya warga anu teu tamat sakola, lain hartina teu maliré kana pentingna atikan. Éta hal bisa disababkeun ku sababaraha faktor, di antarana faktor ékonomi masarakat nu masih kénéh kurang, faktor tradisi masarakat, faktor kaayaan désa nu can ngarojong kana kamekaran atikan, jsb. Tabél 3.1 Jumlah Penduduk Dumasar Atikan

3.1.2.3 Agama jeung Kapercayaan

Masarakat Désa Garumukti ngagem agama Islam. Ieu hal kititén tina data monografi yén sakabéh masarakatna, nya éta 3.674 urang, ngagem agama Islam. Dina ngalaksanakeun ibadahna, masarakat Désa Garumukti dirojong ku sababaraha fasilitas tempat ibadah, nya éta ayana 11 masjid jami jeung 19 musola. Salian ti kitu, di Désa Garumukti ogé aya 24 madrasah jeung 4 pasantrén pikeun masarakatna diajar ngeunaan kaagamaan. No Pendidikan Jumlah Jajaka Wanoja Jumlah 1 Teuacan sakola 287 224 531 2 Teu Tamat SD 231 254 485 3 Tamat SD 901 963 1.864 4 Tamat SLTP 303 297 600 5 Tamat SLTA 83 76 159 6 Tamat Akademi D.1 - - 7 Tamat Akademi D.2 - - 8 Tamat Akademi D.3 6 3 9 9 Tamat Sarjana S.1 11 13 24 10 Tamat Sarjana S.2 2 - 2 JUMLAH 1.824 1.850 3.674 Fitri Siti Nurjanah, 2016 AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.2.4 Basa

Basa nu digunakeun ku masarakat Désa Garumukti nya éta basa Sunda. Sanajan aya sababaraha urang nu lain urang Sunda, tapi dina komunikasi sapopoéna masih ngagunakeun basa Sunda saluyu jeung kaayaan masarakat Désa Garumukti.

3.1.2.5 Pakasaban

Pakasaban masarakat Désa Garumukti ngawengku sababaraha widang pagawéan, tapi umumna jadi buruh tani. Ieu hal alatan kaayaan wilayah Désa Garumukti nu mangrupa kebon jeung sawah. Sumber daya alam nu aya di ieu wilayah dimangpaatkeun tur dijad ikeun lahan pikeun melak tutuwuhan di antarana paré, jagong, kentang, tomat, engkol, jsb. Lian ti éta, aya ogé masarakatna nu miboga pagawéan salaku buruh kebon, buruh ternak, patani, tukang ngangon, tukang dagang, usaha dina widang jasa, PNS, TNI jeung POLRI. Tabél 3.2 Jumlah Penduduk Dumasar Pakasaban No Pakasaban Jumlah 1 Buruh Tani 1.449 2 Buruh Kebon 450 3 Buruh Ternak 13 4 Patani 527 5 Tukang Ngangon 105 6 Tukang Dagang 125 7 Usaha dina widang jasa 18 8 PNSTNIPOLRI 18

3.1.3 Sistem Kekerabatan