Sistem Kekerabatan Sistem Organisasi Sosial

Fitri Siti Nurjanah, 2016 AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.2.4 Basa

Basa nu digunakeun ku masarakat Désa Garumukti nya éta basa Sunda. Sanajan aya sababaraha urang nu lain urang Sunda, tapi dina komunikasi sapopoéna masih ngagunakeun basa Sunda saluyu jeung kaayaan masarakat Désa Garumukti.

3.1.2.5 Pakasaban

Pakasaban masarakat Désa Garumukti ngawengku sababaraha widang pagawéan, tapi umumna jadi buruh tani. Ieu hal alatan kaayaan wilayah Désa Garumukti nu mangrupa kebon jeung sawah. Sumber daya alam nu aya di ieu wilayah dimangpaatkeun tur dijad ikeun lahan pikeun melak tutuwuhan di antarana paré, jagong, kentang, tomat, engkol, jsb. Lian ti éta, aya ogé masarakatna nu miboga pagawéan salaku buruh kebon, buruh ternak, patani, tukang ngangon, tukang dagang, usaha dina widang jasa, PNS, TNI jeung POLRI. Tabél 3.2 Jumlah Penduduk Dumasar Pakasaban No Pakasaban Jumlah 1 Buruh Tani 1.449 2 Buruh Kebon 450 3 Buruh Ternak 13 4 Patani 527 5 Tukang Ngangon 105 6 Tukang Dagang 125 7 Usaha dina widang jasa 18 8 PNSTNIPOLRI 18

3.1.3 Sistem Kekerabatan

Masarakat Désa Garumukti dina kahirupan sapopoéna masih nyekel pageuh kana tradisi gotong royong. Éta hal bisa katitén nalika aya masarakat anu keur hajat atawa aya nu gering sok silihbantuan. Salian ti kitu, upama aya Fitri Siti Nurjanah, 2016 AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA D I SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu masarakat nu kurang mampuh sok dibantuan, mangrupa waragad atawa sandang pangan . Kagiatan gotong royong séjénna nu aya di Désa Garumukti nya éta dina tatanén. Upama aya masarakat anu keur ngagarap sawah, sok silihbantuan atawa nu nganteuran keur buruh tani. Dina ngajaga kaamanan désa, masarakat sok ngayakeun ronda, unggal peutingna sok giliran jeung warga séjénna. Upama désa baris ngawangun sarana prasarana saperti jalan, sasak, atawa masjid, masarakatna ogé sok gotong royong ngilu mantuan saihlasna. Sarta masih kénéh aya kagiatan- kagiatan gotong royong séjénna anu sok dilaksanakeun ku masarakat Désa Garumukti.

3.1.4 Sistem Organisasi Sosial

Dumasar data monografi nu aya di Désa Garumukti, bisa katitén yén di ieu désa aya sistem organisasi sosial pikeun ngarojong kahirupan masarakatna. Sistem organisasi sosial nu masih kénéh aktif, di antarana pamaréntahan désa, dusun, RT, RW, BPD, LPM, MUI désa, Karang Taruna, organisasi PKK, Gapoktan, kelompok tani, kelompok ternak, kelompok P3A Mitra Cai, LSM, sarta organisasi partai pulitik.

3.2 Sumber Data

Dina ngumpulkeun jeung nganalisis data hasil panalungtikan, tangtu kudu nangtukeun sumber data nu rék dipaluruh luyu jeung tujuan panalungtikanana. Sumber data nya éta tempat, jalma, atawa barang nu aya patalina jeung objék panalungtikan. Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta jalma, tempat panalungtikan, jeung dokumén. Sumber data jalma mangrupa narasumber atawa jalma nu mikanyaho ngeunaan kasenian gésrék ngaliwatan téhnik wawancara. Sedengkeun sumber data tempat mangrupa lokasi panalungtikan ngaliwatan téhnik obsérvasi. Anapon sumber data dokumén mangrupa gambar sarta vidéo pintonan kasenian gésrék ngaliwatan téhnik obsérvasi sarta dokuméntasi.