Astri Handayani,2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA
MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Évaluasi ilaharna mibanda prosés anu saluyu jeung tujuan pembelajaran. Tujuan anu jadi dasar sangkan lumangsungna prosés diajar ngajar nya éta Standar
Kompetensi jeung Kompetensi Dasar SKKD. Évaluasi mangrupa prosés méré peunteun atawa ngajén kahontalna tujuan pangajaran dina unggal kagiatan
pangajaran. Istilah évaluasi, pengukuran, sarta tés biasana dihartikeun sarua, padahal éta
istilah téh henteu sarua. Tés nya éta sababaraha pertanyaan anu dibikeun ka siswa sangkan dijawab; pengukuran nya éta bisa dilaksanakeun kalawan sababaraha cara
ngagunakeun tés, diantarana observasi, skala rating, cék list anu bisa méré informasi dina wangun kuantitatif; sarta évaluasi nya éta prosés ngumpulkeun
informasi pikeun ngajén, sangkan bisa nyieun kaputusan Tayibnapis, F.Y, 2008, kc. 189.
Sukardi 2012, kc. 57 nétélakeun tés nurutkeun fungsina aya dua, nya éta tés sumatif jeung tés formatif. Tés sumatif nya éta tés anu dilaksanakeun sanggeus
kagiatan diajar ngajar dina hiji semester, sedengkeun tés formatif nya éta tés anu dilaksanakeun sanggeus ngaréngsékeun hiji poko bahasan. Sajaba ti tés lisan, tés
anu dilaksanakeun ku sakola aya ogé dina wangun ujian tinulis. Tés tinulis mikabutuh instrumén tinulis. Wangun jeung wanda soal anu bisa dipaké dina
prosés évaluasi ogé loba rupana, di antarana wanda subjéktif jeung wanda objéktif. Sedengkeun wanda soal anu dipaké di antarana tés uraian, eusian
pondok, ngajodokeun, jeung tés bener-salah. Tés mata pelajaran basa Sunda kudu némbongkeun hasil diajar siswa anu
hadé, tapi kanyataana mah siswa kurang nyangkem kana eusi matéri basa Sunda. Jaba ti guru, hal anu mangaruhan kana hasil tés basa Sunda di antarana para siswa
teu boga minat pikeun diajar basa Sunda sacara bener-bener. Nurutkeun Surya, M. 1996, kc. 81 faktor anu mangaruhan kana prosés
diajar siswa sarta mangaruhan langsung atawa teu langsung kana hasil diajar
Astri Handayani,2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA
MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
siswa, di antarana: kondisi kulawarga, kaayaan tatangga, kaayaan masarakat, jsb. Faktor-faktor lingkungan luar éta mangaruhan kana kaayaan karakteristik pribadi
unggal siswa, sarta geus tangtu mangaruhan prosés diajarna. Ku kituna, prosés diajar kudu bisa nyaluyukeun jeung faktor lingkungan luar sangkan hasil diajarna
ogé bisa kacumponan kalawan hadé. Sangkan bisa nyaho kahontal henteuna pangajaran sarta kualitas prosés
diajar ngajar basa Sunda, kudu dilaksanakeun évaluasi. Tés hasil diajar basa Sunda bisa dilaksanakeun ku pilihan ganda jeung ésay dina wangun tés tinulis.
Aya sabagian siswa anu bisa ngajawab kalawan bener, aya ogé siswa anu bisa ngajawab tapi salah. Salaku calon pendidik kudu bisa ngungkulan éta masalah.
Aya sababaraha hal anu mangaruhan kana prosés kahontalna tujuan pangajaran, nya éta faktor internal jeung faktor eksternal. Faktor internal ayana dina diri
siswa, sedengkeun faktor éksternal aya di luar diri siswa. Évaluasi pangajaran kudu bisa ngajelaskeun kaéfektifitasan prosés
pangajaran kana kamampuh siswa anu diharepkeun. Tés téh kudu méré hasil peunteun anu objéktif jeung bisa ngajelaskeun kamampuh siswa anu sabenerna,
hartina soal téh kudu valid jeung reliabel, sifatna évaluatif atawa luyu jeung standar prinsip-prinsip évaluasi.
Soal nya éta hiji permasalahan anu hubunganana jeung pangajaran pikeun diréspon atawa dijawab ku siswa sangkan nyaho kana tingkat pangawasaan siswa
kana pelajaran atau matéri anu geus ditepikeun ku guru. Soal miboga peran penting dina évaluasi lantaran soal mangrupa instrumén anu dipaké pikeun
ngayakeun évaluasi. Ku kituna, soal anu dipaké kudu miboga kualitas anu hadé. Pikeun ngayakeun tés, soal anu dipaké téh nya éta tés anu di jerona aya
materi soal. Matéri anu aya dina soal ujian nya éta matéri anu geus ditepikeun dina kagiatan diajar ngajar. Soal anu dipaké dina tés kudu miboga tingkat
kasukaran anu béda-béda. Nurutkeun Sugiyono 2013, kc. 173 valid téh nya éta instrumen anu bisa
dipaké pikeun ngajén naon anu kuduna diajén. Sedengkeun réliabel nya éta instrumén anu upama dipaké sababaraha kali pikeun ngajén objék anu sarua, bisa
ngahasilkeun data anu sarua. Kalawan ngagunakeun instrumén anu valid jeung
Astri Handayani,2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA
MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
reliabel dina ngumpulkeun data, jadi dipiharep hasil panalungtikan bisa valid jeung réliabel.
Nurutkeun Sukardi 2012, kc. 32 sacara metodologis, validitas dibagi kana opat rupa, nya éta validitas eusi, validitas konstruk, validitas konkuren, jeung
validitas prédiksi. Kaopat rupa validitas éta ogé biasa dikelompokkeun jadi dua rupa nya éta validitas logis jeung validitas émpiris.
Dina ieu panalungtikan, nganalisis soal jeung lembar jawaban dumasar kana validitas eusi jeung validitas émpiris. Hartina validitas eusi nya éta soal
dibandingkeun jeung rumusan indikator, patalina antara rumusan soal jeung indikator, eusi matéri, basa anu dipaké dina soal, patalina antara rumusan soal
jeung option jawaban, sarta homogénitas option jawaban. Validitas émpiris nya éta soal anu dipaké téh babari atawa hésé, sarta kumaha daya pangbéda soal.
Bloom dina Ruhimat, spk, 2009, kc. 46 nétélakeun taksonomi hasil diajar dikelompokkeun kana tilu aspék nya éta: kognitif, aféktif, jeung psikomotor.
Kamampuh diajar anu kaasup kognitif nya éta pangaweruh, pamahaman, aplikasi, analisis, sintesis, jeung évaluasi.
Aspék kognitif ieu dibutuhkeun pisan dina évaluasi, lantaran dina ieu tahap aya katerampilan anu kudu dihontal dina ayana prosés évaluasi. Unggal tahap
kognitif miboga karakteristik anu khas. Lian ti éta, wanda soal kudu miboga kualitas soal dina ujian atawa évaluasi di sakola.
Tujuan poko évaluasi pangajaran nya éta pikeun apal kana efektivitas prosés diajar ngajar anu geus dilaksanakeun. Indikator kaefektifan éta bisa ditingali tina
robahna paripolah siswa. Parobahan paripolah éta dibandingkeun jeung parobahan paripolah anu dipiharep luyu jeung tujuan program pangajaran. Ku kituna,
instrumén évaluasi kudu dikembangkeun kalawan luyu jeung tujuan pangajaran, sahingga wangun jeung format tés anu dikembangkeun luyu jeung tujuan
karakteristik bahan ajar, sarta proporsina luyu jeung materi pangajaran anu geus dijelaskeun. Hasil évaluasi ogé kudu bener-bener jeung taliti sahingga informasi
anu dicangking bener-bener akurat sarta objéktif. Dumasar masalah-masalah di luhur perlu dilaksanakeun panalungtikan
ngeunaan soal Ujian Ahir Semester UAS basa Sunda di sakola. Panalungtikan-
Astri Handayani,2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA
MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
panalungtikan saméméhna anu dijadikeun pedoman jeung instrumén dina ngalaksanakeun panalungtikan ieu nya éta:
1 Analisis Soal Ujian Ahir Semester Basa Sunda SMP Negeri 29 Bandung ku
Fitri Apriyanti. 2
Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda di MTs Sirnamiskin Taun Ajaran 20122013 ku Devi Meylani Sutarjat.
3 Kualitas Soal Basa Sunda di SMP Negeri 45 Bandung Semester Ganjil Taun
Ajar 20102011 ku Murzza Indah Lestari. Panalungtikan-panalungtikan di luhur téh umumna nganalisis soal Ujian
Ahir Semester UAS basa Sunda dumasar kana validitas eusi, tingkat réliabilitas, tingkat hésé babarina soal, sarta daya pangbédana.
Ku kituna, dumasar kana kasang tukang di luhur panalungtikan anu judulna “Analisis Validitas jeung Réliabilitas dina Soal Ujian Ahir Semester 1 Basa Sunda
MTs. Mohamad Toha Taun Ajaran 20132014 ” perlu dilaksanakeun.
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah