Idéntifikasi Masalah Rumusan Masalah

Astri Handayani,2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu panalungtikan saméméhna anu dijadikeun pedoman jeung instrumén dina ngalaksanakeun panalungtikan ieu nya éta: 1 Analisis Soal Ujian Ahir Semester Basa Sunda SMP Negeri 29 Bandung ku Fitri Apriyanti. 2 Kualitas Soal Tés Sumatif Pangajaran Basa Sunda di MTs Sirnamiskin Taun Ajaran 20122013 ku Devi Meylani Sutarjat. 3 Kualitas Soal Basa Sunda di SMP Negeri 45 Bandung Semester Ganjil Taun Ajar 20102011 ku Murzza Indah Lestari. Panalungtikan-panalungtikan di luhur téh umumna nganalisis soal Ujian Ahir Semester UAS basa Sunda dumasar kana validitas eusi, tingkat réliabilitas, tingkat hésé babarina soal, sarta daya pangbédana. Ku kituna, dumasar kana kasang tukang di luhur panalungtikan anu judulna “Analisis Validitas jeung Réliabilitas dina Soal Ujian Ahir Semester 1 Basa Sunda MTs. Mohamad Toha Taun Ajaran 20132014 ” perlu dilaksanakeun.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kasang tukang masalah anu geus dijéntrékeun, nya éta kumaha kualitas soal Ujian Ahir Semester basa Sunda di MTs. Mohamad Toha taun ajaran 20132014. Ku kituna, ieu panalungtikan medar ngeunaan tingkat validitas jeung réliabilitas soal ditilik tina validitas eusi, validitas empiris, réliabilitas soal jeung tingkat kalayakan soal. Nurutkeun Sukardi 2012, kc. 32 sacara métodologis, validitas dibagi kana opat rupa, nya éta validitas eusi, konstruk, konkuren, jeung prédiksi. Kaopat rupa validitas éta ogé dikelompokkeun jadi dua rupa nya éta validitas logis jeung validitas émpiris. Dina ieu panalungtikan, panyusun medar dumasar kana validitas eusi jeung validitas émpiris. Hartina validitas eusi nya éta, soal dibandingkeun jeung rumusan indikator jeung kompetensi dasar, patalina antara rumusan soal jeung indikator, eusi matéri, basa anu dipaké dina soal, patalina antara rumusan soal jeung option jawaban, sarta homogénitas option jawaban. Sedengkeun validitas Astri Handayani,2014 ANALISIS VALIDITAS JEUNG RÉLIABILITAS DINA SOAL UJIAN AHIR SEMESTER 1 BASA SUNDA MTs. MOHAMAD TOHA TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu émpiris nya éta soal anu dipaké téh babari atawa hésé, sarta kumaha daya pangbéda soal.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kasang tukang sarta idéntifikasi masalah anu geus dijéntrékeun di luhur, masalah ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah ieu di handap. 1 Kumaha tingkat validitas eusi Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 20132014? 2 Kumaha tingkat validitas émpiris Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 20132014? 3 Kumaha tingkat réliabilitas Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 20132014? 4 kumaha tingkat kalayakan Soal Ujian Ahir Semester 1 basa Sunda MTs. Mohamad Toha taun ajaran 20132014?

1.3 Tujuan Panalungtikan