Tahap Tatahar Tahap Ngumpulkeun Data Tahap Ngolah Data Tahap Nyusun Laporan

Eva Nurlaela, 2013 Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Wawancara Berg dina Satori 2009:6 nétélakeun wawancara téh salaku peaguneman anu miboga tujuan, hususna tujuan pikeun ngumpulkeun informasi. Teknik wawancara nya éta teknik pikeun nyangkem bahan lisan sumber lisan. Sasaran wawancara nya éta informan anu dianggap nyaho kana seluk-beluk Upacara Nyacarkeun Jalan nu aya di wewengkon Dusun Linggaharja Kecamatan Tambaksari. 3 Talaah Pustaka Telaah pustaka digunakeun pikeun meunangkeun informasi ku cara ngumpulkeun data anu aya dina buku-buku sumber anu aya patalina jeung kabudayaan, sarta adat kabiasaan. 4 Studi Dokuméntasi Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun nabahan réfénsi ku cara ngumpulkeun data anu mangrupa gambar. Hal-hal anu didokuméntasikeunna nya éta ngeunaan upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja Kecamatan Tambaksari.

3.8 Téhnik Ngolah Data

Sanggeus ngumpulkeun data, léngkah satuluyna nya éta ngolah data. Aya sababaraha léngkah anu digunakeun diantarana:

3.8.1 Tahap Tatahar

Tahap tatahar mangrupa tahap anu pangmimitina dina ieu panalungtikan, nu ngawengku: 1 ngajukeun judul panalungtikan; 2 nyusun rarancang panalungtikan; 3 ngadatangan tempat anu baris panalungtikan survey awal; 4 konsultasi ka dosén pangaping; 5 ngurus surat ijin panalungtikan. Eva Nurlaela, 2013 Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.8.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Aya sababaraha léngkah dina tahap ngumpulkeun data, nya éta: 1 studi pustaka; 2 observasi di lapangan; 3 wawancara jeung narasumber; 4 ngarékam wawancara jeung narasumber; jeung 5 ngadokuméntasikeun data-data anu aya patalina jeung upacara Nyacarkeun Jalan.

3.8.3 Tahap Ngolah Data

Sanggeus ngumpulkeun data, léngkah satuluyna nya éta ngolah data. Aya sababaraha léngkah anu digunakeun diantarana: 1 mariksa jeung niténan data-data nu geus kakumpul; 2 milah-milah data dumasar kana kaperluan panalungtikan; jeung 3 nyusun laporan panalungtikan. 4 ngadéskripsikeun data anu dimeunangkeun, utamana ngeunaan ajén filsafat dina upacara Nyacarkeun Jalan.

3.8.4 Tahap Nyusun Laporan

Nalika data geus diolah, satuluyna data anu geus dimeunangkeun tuluy disusun jadi laopran. Laporan anu dimaksud di dieu nya éta skripsi, ku kituna aturan penyusunanna dumasar kana aturan penyusunan skripsi. Eva Nurlaela, 2013 Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Nilik kana hasil panalungtikan ngeunaan ajén falsafah dina upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja Désa Mekarsai Kecamatan Tambaksari Kabupatén Ciamis pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap: 1 Upacara tradisi Nyacarkeun Jalan mangrupa salasahiji kabudayaan nu hirup di wewengkon Kabupatén Ciamis perenahna di Dusun Linggaharja Désa Mekarsari Kecamatan Tambaksari. Ieu upacara rutin dilaksanakeun unggal taun, nya éta dina antara tanggal 12 Sapar nepi ka 12 Mulud. Nyacarkeun Jalan teu leupas tina unsur- unsur ritual anu ngandung ma’na réligius salaku tulak balai, ménta kasalametan sangkan dijauhkeun tina bancang pakéwuh, jeung ungkapan rasa sukur ka Pangéran. Upacara Nycarkeun Jalan diluuhan ku sakabéh masarakat Dusun Linggaharja. 2 Saluyu jeung kamekaran jaman, upacara Nyacarkeun Jalan ngalaman parobahan pungsi. Uapcara Nyacarkeun Jalan miboga pungsi pikeun nyuguh ka para karuhun anu saméméhna geus aya perjanjian lamun teu dibéré tiheula bakal ngagoda sarta ngaberesihan jalan anu dianggap jadi liliwatan para karuhunna upacara tulak balai. Dina jaman kiwari upacara Nyacarkeun Jalan miboga pungsi pikeun wadah silaturahmi antar wargana sarta sarana hiburan. Ku cara tetep nyekel pageuh kana adat tradisi anu geus diturunkeun ku para sesepuhna. 3 Dina upacara Nyacarkeun Jalan aya sababaraha tahap anu dilaksanakeun, nya éta tahap tatahar upacara, prak-prakan upacara, jeung pasca upacara. Dina tahap tatahar aya kagiatan anu dilaksanakeun nya éta ngaberesihan jalan, masangkeun umbul-umbul sapanjang jalan, masangkeun rawey, nyieun palang awi, nyieun dongdang, jeung nyiapkeun sasajén. Saterusna dina kagiatan prakna upacara aya sababaraha kagiatan saperti leumpang bareng ka

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 16 31

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 21 26

AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI.

0 32 32

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1200810 Title

0 0 4

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102478 Title

0 0 3