Raraga Nulis Skripsi BUBUKA

Eva Nurlaela, 2013 Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan: 1 Ngadéskripsikeun prak-prakan upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis; 2 Medar ajén falsafah anu nyangkaruk dina upacar Nyacarkeun Jalan; jeung 3 Nyusun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Sababaraha mangpaat anu dipiharep bisa kahontal tina ieu panalungtikan saperti ieu di handap:

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajembaran élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan nu aya di tatar Sunda, hususna Upacara Nyacarkeun Jalan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

1 Pikeun panalungtik, nambahan élmu pangaweruh dina widang kabudayaan. 2 Pikeun Guru, nambahan pangaweruh ngeunaan kabudayaan nu bisa dijadikeun bahan pangajaran di sakola. 3 Pikeun Siswa, mikawanoh kabeungharan budaya Sunda, hususna upacara Nyacarkeun Jalan.

1.5 Raraga Nulis Skripsi

Bab I mangrupa bab anu munggaran dina ieu panalungtikan. Dina bab I dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penyusunan. Eva Nurlaela, 2013 Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan tatapakan tiori nu aya patalina jeung panalungtikan. Dina bab II dipedar leuwih jero ngeunaan filsafat, budaya, sistem nilai ajén budaya, upacara tradisi Nyacarkeun Jalan, semiotika, jeung bahan pangajaran maca. Bab III mangrupa bab anu medar ngeunaan métodologi jeung desain panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan léngkah-léngkah panalungtikan, kumaha prak-prakan panalungtikan jeung kumaha cara ngolah data anu kacangking tina hasil panalungtikan. Tina ieu bab baris kagambar penyusunan bab saterusna, nya éta bab IV. Bab IV mangrupa bab anu eusina ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Dina ieu bab diguar sagemblengna hasil panalungtikan anu dilakukeun ku panalungtik nya éta pedaran nu mangrupa jawaban-jawaban tina rumusan masalah. Dina bab IV katangén hasil atawa henteuna ieu panalungtikan. Bab V nya éta bab anu eusina mangrupa kacindekan tina sakabéh pedaran nu geus diguar. Lian ti éta, aya saran anu ditepikeun ti nu nulis ka nu maca. Eva Nurlaela, 2013 Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi panalungtikan nya éta tempat nu jadi obyék panalungatikan pikeun meunangkeun informasi. Di mana diieu lokasi téh hirup sakumpulan masarakat anu hétérogén. Nu masarakatna masih kénéh ngajaga tur nagamumulé kana budaya atawa tradisi karuhunna, tur éta tradisi téh masih kénéh hirup nanjeur nepi ka kiwari. Lokasi ieu panalungtikan nya éta Désa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupatén Ciamis. Sacara géografis Désa Mekarsari aya dina ketinggian 650 m ti permukaan laut. Aya dina suhu maksimal 34˚c jeung suhu minimalna 27˚c. Anpon wates désa Mekarsari nya éta beulah kulon pawates-wates jeung désa Cisontrol Kecamatan Rancah, beulah wétan jeung Désa Kaso, beulah kidul jeung Désa Tambaksari, jeung beulah kalér pawates-wates jeung Désa Sukasari. Desa Mekarsari kawengku ku lima dusun, kaasup dusun anu jadi lokasi panalungtikan nya éta Dusun Linggaharja. Sedengkeun Dusun-dusun anu séjénna nya éta Dusun Samarang, Dusun Singasari, Dusun Sukajaya, jeung Dusun Bitungsari. Legana Dusun Linggaharja nya éta 285 Ha, nu batas wilayahna nya éta béh kalér Dusun Samarang, béh kidul Désa jeung dusun Tambaksari, béh kulon Dusun Babakan Désa Kaso, jeung béh kulon Dusun Singasari. Lian ti éta sacara géografis mah Dusun Lingaharja téh dilingkung ku gunung, béh kalér gunung bitung, béh kulon gunung gedogan jeung béh kidul nu berbatasan jeung wilayah Cukangbiru nu mangrupakeun barisan gunung gedogan.

3.1.1 Kondisi Sosial Budaya Masarakat Desa Mekarsari

3.1.1.1 Démografi

Dumasar kana data nu aya di Dusun Linggaharja taun 2012 jumlah pendudukna nya éta 1.013 urang. Data anu lengkepna saperti ieu di handap:

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1 21 11

UNSUR SEMIOTIKA DINA TRADISI NYEPUH DI DESA CIOMAS KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 16 31

FOLKLOR DINA TRADISI NUJUH BULANAN DI KECAMATAN CILAWU KABUPATEN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA KELAS XII.

2 21 26

AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI.

0 32 32

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN BUTA DAOR DI DUSUN CIMENDONG DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1200810 Title

0 0 4

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102478 Title

0 0 3