Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA

Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa salaku mahluk hirup miboga dua fungsi, nya éta salaku mahluk individual jeung salaku mahluk sosial. Salaku mahluk individual hartina hubungan antara jiwa jeung raga, sedengkeun manusa salaku mahluk sosial hartina manusa teu bisa hirup sosoranganan tapi butuh batur pikeun hirup jeung huripna. Manusa butuh ku batur téh kaungggel dina pupuh Pucung “utamana jalma kudu réa batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti pada jalma ”. Manusa salaku mahluk Pangéran anu dibéré akal jeung budi ngahasilkeun paripolah jeung kabiasaan-kabiasaan anu ngabédakeun jeung mahluk hirup séjénna, saperti sato jeung tutuwuhan. Éta kabiasaan-kabiasaan jeung paripolah anu sarua ti sakelompok jalma, ngawangun hiji beungkeutan anu disebut masarakat. Kahirupan nu ngawengku paripolah jeung kabiasaan hiji masarakat leuwih lega deui ku para ahli sok disebut kabudayaan. Nurutkeun E.B Taylor dina Lestari, 2013, kc. 1 “kebudayaan adalah seluruh kompleks yang ada didalamnya terkandung ilmu pengetahuan yang lain, serta kebiasaan yang didapat manusia sebagai anggota masyarakat”. Sedengkeun nurutkeun Arnold dina Liliweri, 2014, kc. 6 kontak individu atawa sakelompok jalma anu miboga pikiran, omongan, jeung paripolah anu alus ngeunaan dunya disebut kabudayaan. Kabudayaan raket patalina jeung adat. Adat nya éta istilah dina budaya Sunda, anu dipikawanoh dina sababaraha harti. Dina Kamus Umum Basa Sunda, adat nya éta kabiasaan anu turun-tumurun ti karuhun. Dina basa Arab disebut ‘Urf’ nya éta hiji hal anu dipikaweruh, dipikanyaho, tur dipigawé tuluy-tumuluy nepi ka jadi hiji kabiasaan di masarakat Ensiklopedi Sunda, 2000, kc. 14. Adat-istiadat anu aya dina budaya Sunda téh réa pisan, dianatarana aya upacara tujuh bulanan atawa nu disebut babarit, Muludan, jamasan, panjang jimat, jeung réa deui. Salah sahiji adat nu aya dina budaya Sunda anu masih kéneh Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu dipaké nya éta upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung mangrupa salasahiji prosesi adat anu dilakonan sacara turun-tumurun anu sok dilaksanakeun dina unggal poé Senén tanggal welasan ahir bulan Safar. Asal-muasal upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung nurutkeun Rd. Mumu wawancara Saptu 6 Desember 2014 ieu acara dipatalikeun jeung caritaan kolot anu geus turun-tumurun, yén waktu Radén Ranggamantri alias Pucuk Umun jeung garwana Ratu Parung Sunyalarang, ngucapkeun dua kalimah syahadat munggaran. Éta acara ngislamkeun téh diluluguan ku Sunan Gunung Jati Cirebon téh dina poé Senen bulan Safar tanggal welasan ahir. Ieu upacara nu nanteng nepi ka kiwari, minangkaupaya anu dilakonan ku kaprabonan Talaga pikeun ngamumulé barang- barang titinggal Karajaan Talaga Manggung. Prosesi upacara adat nyiramkeun diayakeun minangka media silaturahmi antara warga katurunan karajaan Talaga Manggung jeung masarakat sabudeureun karajaan Talaga. Ieu prosési ogé minangka hiji wangun panghormatan ka luluhur anu geus ngawariskeun titinggalna anu leubeut ku simbol. Simbol mangrupa bagian tina tanda. Elmu anu ngabahas ngeunaan tanda jeung simbol disebut sémiotik. Nurutkeun C.S Peirce dina Sobur, 2009, kc. 41- 42 simbol nya éta salah sahiji hal anu ngalaksanakeun fungsina salaku tanda anu geus umum digunakeun dina kahirupan masarakat. Maksudna nya éta hiji hal atawa kaayaan anu ngawakilan pamahaman hiji jalma kana hiji objek. Salian ti éta, C.S Peirce nétélakeun yén tanda téh ngawengku ikon, indéks, jeung simbol. Ayana unsur sémiotik nu ngawengku ikon, indéks, jeung simbol, nu boga harti husus pikeun kahirupan masarakat, jadi kasang tukang dipilihna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung pikeun objék panalungtikan. Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung anu leubeut ku unsur sémiotik perlu dianalisis, sangkan masarakat bisa mikawanoh jeung maham kana naon anu jadi udagan tina éta upacara. Unsur sémiotik katut ajén-inajénna dina ieu upacara kudu sagancangna ditalungtik, lantaran beuki dieu beuki loba simbol anu laleungitan kapangaruhan ku modernisasi. Upamana dina taun 2000-an mah dina cara nyiramkeun arca Ratu Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Simbarkancana téh sok dilaksanakeun di Bumi Ageung jeung ngan saukur bisa ditingali ku wanoja, teu meunang aya lalaki hiji-hiji acan anu asup kana éta rohangan Bumi Ageung. Kadieunakeun nyaluyukeun jeung kamekaran jaman jeung pikeun kapentingan pariwisata, éta acara nyiramkeun arca Ratu Simbarkancana téh sok dilaksanakeun di Bumi Alit atawa nu disebut museum Talaga Manggung jeung bisa diliput ku wartawan sanajan wartawanna lalaki ogé wawancara H. Tatang, Senén 6 Desember 2014. Salian ti éta, dumasar observasi di Desa Talaga Wétan dina tanggal 23 Desember 2013, kiwari beuki saeutik nu wanoh kana adat-istiadat, hususna kana upacara adat nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Padahal ieu tradisi pent ing pisan pikeun dipikawanoh, lantaran loba pisan ma’na-ma’na anu bakal mangpaat pikeun kahirupan. Bahan ajar ngeunaan tradisi dina buku pangajaran ogé rélatif saeutik. Kurangna kasadaran ti unggal jalma pikeun milu ngajaga éta adat-istiadat nu hirup di masarakat ogé jadi salah sahiji pasualan nu ngabalukarkeun adat-istiadat geus loba nu teu maliré deui, boh ku barudak rumaja boh ku kolot. Saméméhna geus aya panalungtikan anu objekna upacara nyiramkeun anu judulna “Upacara Nyiramkeun di Kecamatan Talaga Kabupaten Majalengka: Suatu Tinjauan Sosial Budaya ” ku Arief Rifqi Zakiyudin 2010 Skripsi jurusan Pendidikan Sejarah, FPIPS UPI. Salian ti éta can kapanggih deui panalungtikan anu objekna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Anapon pana lungtikan anu objekna ampir sarupa jeung upacara nyiramkeun nya éta “Ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di Kampung Cukangpadung Desa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XI” ku Tresna Yuniawati 2012. Salian ti panalungtikan anu objekna ampir sarua, geus loba ogé panalungtikan ngeunaan unsur semiotik jeung simbol, diantarana “Simbol-simbol Kasenian Goong Rénténg di Desa Cisarua Kacamatan Cisarua Kabupaten Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII: Ulikan Semantik” ku Usép Nandang S 2013, “Upacara Panjang Jimat di Karaton Kasepuhan Cirebon Tilikan Sémiotik” ku Thohir 2006, “Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Tradisi Hajat Makam di Kampung Kawunganten Kacamatan Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Cikaum Kabupaten Subang Ulikan St ruktural Sémiotik” ku Déasy Hapsari Suciati Harsono 2008. Tina hasil panalungtikan di luhur teu kapanggih ngeunaan unsur sémiotik dina upacara adat nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Ku kituna dumasar kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan dijudulan “ Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kacamatan Talaga Kabupaten Majalengka pikeun Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII Ulikan Sémiotik ”.

1.2 Rumusan Masalah