Rumusan Masalah Raraga Nulis

Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Cikaum Kabupaten Subang Ulikan St ruktural Sémiotik” ku Déasy Hapsari Suciati Harsono 2008. Tina hasil panalungtikan di luhur teu kapanggih ngeunaan unsur sémiotik dina upacara adat nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Ku kituna dumasar kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan dijudulan “ Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kacamatan Talaga Kabupaten Majalengka pikeun Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII Ulikan Sémiotik ”.

1.2 Rumusan Masalah

Dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung réa pisan ajén- ajén jeung unsur anu perlu ditalingtik. Sangkan leuwih museur, ieu panalungtikan ngan medar prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, unsur sémiotik dina properti jeung aktifitas dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung ieu hasil kajian téh baris dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA kelas XII. Anapon ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan ieu di handap: 1. Kumaha deskripsi upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung dina saméméh upacara, lumangsungna upacara, jeung sabada upacara? 2. Unsur sémiotik naon baé anu nyangkaruk dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung? 3. Naon waé ma’na tina unsur sémiotik anu aya dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung? 4. Ieu hasil kajian unsur sémiotik téh naha bisa dipaké pikeun pangajaran maca artikel di SMA kelas XII? Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nya éta pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya nu aya di masarakat Sunda, jeung nambahan pangaweruh ngeunaan budaya nu aya di sabudeureun urang Sunda.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga udagan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun: 1. asal-usul upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung; 2. prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung; 3. unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung; 4. hasil kajian unsur sémiotik baris dipaké bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis ieu panalungtikan nya éta sangkan bisa méré pangaweruh ka masarakat dina hal kabudayaan, hususna ngeunaan upacara adat nu aya di tatar Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis anu dipiharep bisa dihontal tina ieu panalungtikan nya éta: 1. Pikeun masarakat, bisa numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda nu aya di sabudeureunana, anu satuluyna bisa numuwuhkeun karep pikeun ngariksa budaya Sunda; 2. Pikeun guru bisa nambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan pangajaran maca ku cara nerangkeun unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung dina pangajaran; Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3. Pikeun siswa, bisa mikawanoh upacara adat nu aya disabudeureunana jeung maham kana unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung; 4. Pikeun panalungtik, bisa mikanyaho leuwih teleb ngeunaan upacara nyiramkeun pusaka Karajaan Talaga Manggung, jeung numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda, hususna upacara tradisional nu aya di sabudeureun panalungtik.

1.5 Raraga Nulis

Tahap ahir dina ieu panalungtikan nya éta nyusun laporan dina wangun skripsi. Sacara gurat badag ieu skripsi dibagi jadi lima bab, anu diwincik dina ieu di handap : BAB I Bubuka, anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu kabagi jadi tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu dibagi jadi mangpaat praktis jeung mangpaat tioritis, anu pamungkas nya éta raraga nulis. BAB II Tatapakan tiori, dipedar ngeunaan semiotik, tiori kabudayaan, upacara adat, upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, ngeunaan maca, bahan pangajaran sarta pangajaran maca artikel di SMA kelas XII. BAB III Métode panalungtikan, dipedar ngeunaan lokasi géografis tempat panalungtikan jeung sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan. BAB IV Déskripsi unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung jeung hasil panalungtikan pikeun pangajaran maca artikel di SMA kelas XII. BAB V Kacindekan jeung saran, anu eusina ngeunaan gurat badag tina naon anu geus dipedar dina bab I tepi ka bab IV, jeung saran pikeun panalungtikan saterusna. Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

Métode panalungtikan nya éta cara ilmiah pikeun nyangking data anu miboga tujuan jeung mangpaat anu tangtu. Cara ilmiah hartina kagiatan panalungtikan kudu dumasar kana cicirén kaélmuan, nya éta rasional, émpiris, jeung sistematis. Rasional hartina kagiatan panalungtikan kudu asup kana akal manusa. Émpiris nya éta cara anu dilaksanakeun ngagunakeun alat indra manusa, nepi ka jalma nu séjén bisa mikanyaho cara-cara anu dipaké dina panalungtikan. Sistematis nya éta dina prosés panalungtikan ngagunakeun léngkah-léngkah nu tangtu jeung ngaruntuy Sugiyono, 2012, kc. 3. Nurutkeun Sudjana 2011, kc. 52 métode panalungtikan nya éta cara anu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan Aya sababaraha métode panalungtikan, nya éta métode historis, métode deskriptif, jeung métode eksperiméntal. Ku kituna, dina panalungtikan diperlukeun métode anu luyu jeung data nu rék ditalungtik, sangkan hasil panalungtikan bisa luyu jeung kaayaan lapangan. Dumasar kana tujuan ieu panalungtikan, métode anu dipaké nya éta métode déskriptif kualitatif. Kecap déskriptif asalna tina bahasa Inggris to describe, nu hartina ngajéntrékeun hiji hal, misalna kaayan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan, jrrd Arikunto, 2010, kc. 3. Métode deskriptif dipaké saupama tujuanna pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun kajadian anu aya dina jaman kiwari, anu kaasup kana metode ieu nya éta studi kasus, survei, studi pengembangan, jeung studi korélasi Sudjana 2011, kc. 52. Métode kualitatif nya éta métode panalungtikan anu dumasar kana filsafat postpositivisme, dipaké pikeun nalungtik kondisi objék anu alamiah Sugiyono, 2012, kc. 15. Filsafat postpositivisme disebut salaku paradigma interpretif jeung konstruktif, anu miboga sawangan yén kaayaan sosial salaku hiji hal anu utuh, dinamis, kompleks , pinuh ku ma’na, jeung miboga hubungan anu sipatna interaktif Sugiyono, 2012, kc. 14. Métode panalungtikan kualitatif sering disebut métode panalungtikan naturalistik, lantaran panalungtikan dilaksanakeun dina kaayaan