33
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
alamiah natural setting; disebut ogé salaku métode étnographi, lantaran ieu métode leuwih loba dipaké pikeun panalungtikan antropologi budaya; disebut
métode kualitatif lantaran data anu kakumpul jeung analisisna leuwih miboga sipat kualitatif Sugiyono, 2012, kc. 14.
Nurutkeun Bodgan jeung Taylor dina Basrowi Suwardi, 2008, kc. 21, métode kualitatif salaku prosedur panalungtikan meunangkeun data déskriptif anu
mangrupa kecap-kecap sacara tinulis atawa lisan ti jalma-jalma atawa pelaku anu ditalungtik.
Dina ieu panalungtikan, metode déskriptif kualitatif dipaké pikeun ngadéskripsikeun unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan
Talaga Manggung nu aya dina properti jeung tingkah laku dina waktu saméméh upacara nyiramkeun, prak-prakan upacara nyiramkeun, jeung sabada upacara
nyiramkeun anu miboga harti séwang-séwangan, sangkan kaguar harti jeung tujuan diayakeunna upacara nyiramkeun.
3.1 Desain Panalungtikan
Desain ieu panalungtikan ngawengku tatahar pikeun kasiapan dina panalungtikan, observasi, ngumpulkeun data, wawancara, analisis atawa ngolah
data, generalisasi atawa meunangkeun kacindekan, hasilna disusun dina hiji wangun laporan tinulis. Desain panalungtikan di luhur bisa diébréhkeun dina
bagan ieu di handap.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Tatahar Ngumpulkeun
data Observasi
Wawancara
Analisis Generalisasi
Hasil
34
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3.2 Lokasi jeung Sumber Data 3.2.1 Lokasi Tempat Panalungtikan
Désa Talaga Wétan nya éta wewengkon diayakeunna panalungtikan, lantaran di dinya ayana museum Talaga Manggung. Museum Talaga Manggung mangrupa
tempat diayakeunna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Désa Talaga Wétan aya di wilayah Kacamatan Talaga di Kabupatén Majalengka.
Nurutkeun kaayaan géografis, kacamatan Talaga aya dina 108°16’-108°21’ BT jeung 6°58’-7°03’ LS, sarta aya dina ketinggian 626 mdpl. Kacamatan Talaga
miboga iklim tropis kalayan kelembaban 1,828 mb jeung suhu rata-rata 18°-25°C. Désa Talaga Wétan kaasup ka wilayah Majalengka kidul jeung aya di puseur
pamaréntahan Kacamatan Talaga. Jarak ti désa Talaga Wétan ka puseur pamaréntahan kacamatan Talaga nya éta 200 m. Sedengkeun jarak ka puseur
pamaréntahan kabupatén Majalengka nya éta 27 km. Jarak ka puseur pamaréntahan provinsi Jawa Barat nya éta 115 km. Legana daérah Désa Talaga
Wétan kurang leuwih 767,191 ham2. Wates Désa Talaga Wétan nya éta: 1
beulah kalér diwatesan ku Désa Sukaperna; 2
beulah Kidul diwatesan ku Désa Cicanir jeung Désa Campaga; 3
beulah Wétan diwatesan ku Désa Genténg, Désa Ganéas jeung Désa Salado; jeung
4 beulah Kulon diwatesan ku Désa Talaga Kulon.
Gambar 3.1 Peta Tempat Panalungtikan
Arsip Kecamatan Talaga
35
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3.2.2 Kondisi Sosial Budaya
Kondisi sosial jeung budaya di hiji wewengkon mangaruhan pisan kana ayana hiji adat tradisi nu aya di éta wewengkon. Kitu deui upacara nyiramkeun pusaka
karajaan Talaga Manggung anu aya di désa Talaga Wétan moal leupas tina pangaruh kaayaan masarakat di sabudeureunana. Kaayaan sosial budaya di désa
Talaga Wétan diwincik ieu di handap. 1
Jumlah penduduk Jumlah penduduk Désa Talaga Wétan dumasar data bulan Désémber taun
2014 aya 5.547 urang, anu ngawengku lalaki 2.801 urang jeung awéwé 2.746 urang. Éta jumlah penduduk kabagi jadi 1.741 kepala keluarga.
2 Atikan
Tabel 3.1 Atikan Masarakat Désa Talaga Wétan
Tingkat Pendidikan Lalaki
Awéwé 1
2 3
Umur 3-6 taun anu sakola di TKPlay group 306 urang
268 urang Umur 7-18 taun anu keur sakola
614 urang 613 urang
Umur 18-56 taun anu teu tamat SD 4 urang
4 urang Tamat SD
290 urang 266 urang
Umur 12-56 taun teu tamat SLTP 210 urang
205 urang Umur 18-56 taun teu tamat SLTA
351 urang 200 urang
Tamat SLTA 530 urang
620 urang Tamat SLTA
475 urang 480 urang
Tamat D-1 41 urang
21 urang Tamat D-2
10 urang 1 urang
Tamat D-3 21 urang
25 urang Tamat S-1
52 urang 47 urang
Tamat S-2 5 urang
2 urang Tamat S-3
- -
Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013
36
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Dumasar tabel di luhur ngeunaan jenjang pendidikan masarakat désa Talaga Wétan, bisa katitén yén tingkat pendidikan masarakat Talaga geus kaitung maju,
lantaran geus lobana masarakat anu namatkeun sakola tepi ka paguron luhur. Sanajan kitu teu saeutik ogé masarakat anu tingkat pendidikanna kurang, lantaran
masih aya masarakat anu teu lulus SD, SLTP jeung SLTA. 3
Pakasaban Tabel 3.2
Pakasaban Masarakat Désa Talaga Wétan
Jenis Pakasaban Lalaki
Awéwé 1
2 3
Tani 484 urang
-
Buruh Tani 141 urang
- PNS
71 urang 79 urang
Montir 32 urang
- TNI
3 urang -
POLRI 3 urang
-
Pensiunan PNSTNIPOLRI 85 urang
50 urang Pengusaha kecilmenengah
35 urang -
Pengusaha besar 1 urang
-
Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013
Sistem pakasaban masarakat désa Talaga Wétan dina taun 2013, bisa katitén yén lolobana masarakat désa Talaga Wétan miboga pakasaban tatani. Sanajan kitu
loba ogé masarakat Talaga anu digawé jadi PNS, boh anu masih aktif boh anu geus pensiun. Salian ti éta, aya ogé masarakat anu miboga pakasaban salaku
montir atawa tukang béngkel, jeung aya ogé anu usaha dagang. 4
Agama Agama anu aya di Indonesia kurang leuwih aya genep, nya éta Islam, Kristen,
Katholik, Hindu, Budha, Konghucu jeung kapercayaan séjénna. Agama anu dianut ku masarakat désa Talaga Wétan ngan aya dua, nya éta Islam jeung
Kristen. Anu nganut agama Islam nya éta lalaki 2.798 urang jeung awéwé 2.753
37
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
urang. Sedengkeun anu nganut agama Kristen nya éta lalaki 19 urang, jeung awéwé 18 urang. Ki kituna katitén yén masarakat désa Talaga Wétan leuwih loba
anu nganut agama Islam 5
Étnis Tabel 3.3
Étnis Masarakat Désa Talaga Wétan
Étnis Lalaki
Awéwé
Batak 19 urang
18 urang Sunda
2.726 urang 2.751 urang
Jawa 57 urang
42 urang Madura
3 urang 2 urang
Makasar 1 urang
-
Arsip Désa Talaga Wétan Taun 2013
Provinsi Jawa Barat anu mangrupa tanah kalahiran salah sahiji étnis di Indonesia nya éta étnis Sunda. Ki kituna, ampir sakabéh étnis Sunda aya di Jawa
Barat. Kitu deui di désa Talaga Wétan anu 99,9 na mangrupa étnis Sunda. Sanajan kitu, di désa Talaga Wétan aya étnis séjénna, nya éta Jawa, Batak,
Madura jeung Makasar. Dumasar hal-hal ngeunaan sosial budaya di désa Talaga Wétan anu dipedar di
luhur, tangtuna bakal mangaruhan pisan kana adat istiadat anu aya di éta wewengkon.
3.2.3 Sumber Data
Sumber data dina panalungtikan nya éta subjék nu bisa dipaké nyangking data Arikunto, 2010, kc. 172. Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan,
saperti ieu di handap. 1
Kulawarga turunan karajaan Talaga Manggung anu apal kana ieu upacara nyiramkeun.
2 Kaprabonan anu ilubiung sacara langsung ampir unggal taun kana ieu
upacara.
38
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3 Kuncén cinyusu salaku nu nyandak cai ti tujuh cinyusu anu dianggap suci
pikeun prosési nyiramkeun. 4
Sesepuh Désa Talaga Wétan anu apal kana upacara nyiramkeun ti jaman baheula tepi ayeuna.
5 Masarakat Désa Talaga Wétan anu ilubiung dina lumangsungna upacara.
Format data narasumber waktu lumangsungna kagiatan wawancara nya éta saperti ieu di handap.
Tabél 3.4 Format Data Narasumber
No. Poto
Wasta Umur
Alamat Agama
Atikan Pakasaban
Kalungguhan dina Upacara
Nyiramkeun
3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data 3.3.1 Téhnik Meunangkeun Data
Dina ieu panalungtikan téh digunakeun téhnik talaah pustaka, téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.
1 Téhnik Talaah Pustaka
Téhnik talaah pustaka nya éta téhnik nu digunakeun dina néangan sarta nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya hubunganna jeung bahan panalungtikan.
Maksudna niténan atawa mutalaah kana sajumlahing sumber pustaka saperti: tulisan-tulisan dina media massa, hasil panalungtikan buku-buku anu raket
patalina jeung pangaweruh ngeunaan simbol jeung hal-hal séjénna anu patali jeung ieu panalungtikan.
2 Téhnik Obsérvasi
Téhnik obsérvasi nya éta hiji kagiatan anu dilaksanakeun langsung ka lapangan. Téhnk obsérvasi anu dipilih ku panalungtik nya éta obsérvasi
39
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
partisipasi, nya éta panalungtik ilubiung langsung dina lumangsungna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Tujuanana pikeun nyangking
informasi sacara langsung anu aya di masarakat. Panalungtik milih ieu téhnik lantaran panalungtikan sacara langsung turun ka lapangan pikeun néangan data
ngaliwatan obsérvasi.
3 Téhnik Wawancara
Wawancara nurutkeun Arikunto 2010:198 nya éta dialog anu dilakukeun ku nu ngawawancara interviewer pikeun meunangkeun informasi ti nu di
wawancara. Wawancara atawa disebut ogé interview dipaké ku panalungtik pikeun ngajén kaayaan hiji jalma, misalna pikeun néangan data ngeunaan variable
kasang tukang murid, atikan, jeung sikep kana hiji hal. Dina ieu panalungtikan wawancara dilaksanakeun ku cara ngawawancara narasumber anu ilubiung dina
ieu upacara di antarana kaprabonan Talaga Manggung, kulawarga katurunan karajaan Talaga Manggung, sesepuh di désa Talaga Wétan jeung sawatara
masarakat anu ilubiung dina ieu upacara.
4 Téhnik Dokumentasi
Ténik dokuméntasi nya éta cara pikeun nyangking data panalungtikan nu aya dina prosés lumangsungna upacara. Dokuméntasi dilaksanakeun pikeun
meunangkeun gambar anu mangrupa foto jeung video kagiatan nu aya patalina jeung ieu upacara.
3.3.2 Instrumén Panalungtikan
Arikunto 2002, kc. 136 nétélakeun yén instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data
sangkan pagawéan leuwih gampang jeung leuwih hade, dina harti leuwih taliti, lengkep jeung sistematis, nepi ka datana leuwih gampang diolah.Dina ieu
panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta handycam, kamera digital jeung pedoman wawancara.
40
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1 Handycam
Handycam dipaké pikeun ngarékam prosés lumangsungna upacara nyiramkeun ti mimiti nepi ka réngsé.
2 Kaméra Digital
Kaméra digital dipaké pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
3 Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara dipaké pikeun ngawawancara jalma-jalma atawa tokoh anu ilubiung dina prosési upacara nyiramkeun. Pedoman wawancara disusun
saperti ieu di handap. Tabel 3.5
Pedoman Wawancara
NO Rumusan
Patalékan 1
2 3
1 Sajarah
Upacara 1.
Ngaran Upacara. 2.
Alesan dingaranan Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung.
3. Waktu Upacara Nyiramkeun.
4. Alesan diayakeunna dina bulan Safar.
5. Nu mingpin upacara Nyiramkeun.
6. Mamala upama Upacara Nyiramkeun teu
diayakeun. 7.
Tujuan Diayakeunna Upacara 2
Prak-prakan Upacara
8. Kagiatan saméméh diayakeun Upacara
Nyiramkeun. 9.
Kumaha prosési nyandak cai tina salapan cinyusu? 10.
Saha nu nyandak cai? 11.
Pakakas naon waé anu dipaké nalika ngala cai ka 7 cinyusu?
12. Prosési nalika nyieun sasajén.
13. Jalma anu nyieun sasajén.
14. Pakakas anu dipaké nalika nyieun sasajén.
15. Ritual husus saméméh upacara diayakeun.
41
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1 2
3
16. Pihak nu ilubiung dina Upacara Nyiramkeun.
17. Raksuskan jeung asésoris anu dipaké ku tokoh anu
ilubiung. 18.
Kuncén nu ilubiung dina Upacara. 19.
Prak-prakan Upacara Nyiramkeun. 20.
Ritual anu dilaksanakeun dina Upacara Nyiramkeun.
21. Pakakas anu digunakeun dina Upacara
Nyiramkeun. 22.
Mamala upama upacara nyiramkeun teu dilaksanakeun.
23. Pungsi tina pakakas anu dipaké dina Upacara
Nyiramkeun. 24.
Tempat lumangsungna Upacara Nyiramkeun. 25.
Pantrangan dina Upacara Nyiramkeun. 3
Unsur Sémiotik dina
Upacara 26.
Unsur sémiotik dina Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
27. Harti tina unggal unsur sémiotik dina upacara
nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.
3.4 Téhnik Ngolah Data
Data nu geus kapanggih diketik, tuluy diolah dumasar kana téhnik-téhnik nu geus dipedar di luhur. Léngkah-léngkahna nya éta:
1 niténan deui data nu geus dikumpulkeun;
2 milah-milah data saluyu jeung indikatorna, saperti data nu nuduhkeun bagian-
bagian sajarah upacara nyiramkeun, prak-prakan upacara nyiramkeun jeung unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun;
3 ngadéskripsikeun data anu mangrupa sajarah upacara nyiramkeun, prak-
prakan upacara nyiramkeun jeung unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun; 4
nyusun bahan pangajaran maca artikel pikeun siswa kelas XII SMA ngeunaan unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung;
5 Nyieun kacindekan tina data nu dipaluruh.
Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab.
Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Panalungtikan ngeunaan unsur sémiotik nu aya dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung dilaksanakeun lantaran tujuan tina ieu upacara
bisa kagambar tina unsur sémiotikna. Lian ti éta ieu panalungtikan pikeun mikanyaho kumaha lumangsungna upacara nyiramkeun, unsur sémiotik dina
upacara nyiramkeun, pikeun nambahan pangaweruh, jeung pikeun ngamumulé budaya nu aya di sabudeureun panalungtik.
Pikeun nyangking data ngeunaaan unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun, panalungtik ngagunakeun tiori sémiotik modél Peirce. Éta modél Peirce ngabagi
sémiotik jadi tilu unsur, nya éta ikon, indéks, jeung simbol. Métodé anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif kualitatif, nu miboga tujuan
pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajéntrékeun unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun nu aya dina waktu lumangsungna upacara nyiramkeun, prak-prakan
upacara nyiramkeun, kalengkepan upacara nyiramkeun, jeung dina sasajén upacara nyiramkeun anu miboga harti séwang-séwangan, sangkan kaguar harti
jeung tujuan diayakeun upacara nyiramkeun. Dumasar kana hasil panalungtikan, ieu panalungtikan ngagambarkeun
ngeunaan: déskripsi upacara nyiramkeun kaasup di jerona sajarah upacara, lumangsungna upacara nyiramkeun, unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun,
jeung hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran di SMA kelas XII. 1
Déskripsi jeung sajarah upacara nyiramkeun Sajarah upacara dimimitian ku ayana karajaan Talaga Manggung anu ngadeg
taun 1371 M di daérah suku Gunung Ciremai. Lantaran barang-barang titinggal karajaan Manggung anu nepi ka danget ieu masih aya di museum Talaga
Manggung perlu dipiara jeung dimumulé, mangka diayakeun upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Ieu upacara dilaksanakeun
unggal poé Senén tanggal welasan ahir bulan Safar. Éta waktu upacara patali