Instrumén Panalungtikan Téhnik Ngumpulkeun Data .1 Téhnik Meunangkeun Data

39 Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu partisipasi, nya éta panalungtik ilubiung langsung dina lumangsungna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Tujuanana pikeun nyangking informasi sacara langsung anu aya di masarakat. Panalungtik milih ieu téhnik lantaran panalungtikan sacara langsung turun ka lapangan pikeun néangan data ngaliwatan obsérvasi. 3 Téhnik Wawancara Wawancara nurutkeun Arikunto 2010:198 nya éta dialog anu dilakukeun ku nu ngawawancara interviewer pikeun meunangkeun informasi ti nu di wawancara. Wawancara atawa disebut ogé interview dipaké ku panalungtik pikeun ngajén kaayaan hiji jalma, misalna pikeun néangan data ngeunaan variable kasang tukang murid, atikan, jeung sikep kana hiji hal. Dina ieu panalungtikan wawancara dilaksanakeun ku cara ngawawancara narasumber anu ilubiung dina ieu upacara di antarana kaprabonan Talaga Manggung, kulawarga katurunan karajaan Talaga Manggung, sesepuh di désa Talaga Wétan jeung sawatara masarakat anu ilubiung dina ieu upacara. 4 Téhnik Dokumentasi Ténik dokuméntasi nya éta cara pikeun nyangking data panalungtikan nu aya dina prosés lumangsungna upacara. Dokuméntasi dilaksanakeun pikeun meunangkeun gambar anu mangrupa foto jeung video kagiatan nu aya patalina jeung ieu upacara.

3.3.2 Instrumén Panalungtikan

Arikunto 2002, kc. 136 nétélakeun yén instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih gampang jeung leuwih hade, dina harti leuwih taliti, lengkep jeung sistematis, nepi ka datana leuwih gampang diolah.Dina ieu panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta handycam, kamera digital jeung pedoman wawancara. 40 Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Handycam Handycam dipaké pikeun ngarékam prosés lumangsungna upacara nyiramkeun ti mimiti nepi ka réngsé. 2 Kaméra Digital Kaméra digital dipaké pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. 3 Pedoman Wawancara Pedoman wawancara dipaké pikeun ngawawancara jalma-jalma atawa tokoh anu ilubiung dina prosési upacara nyiramkeun. Pedoman wawancara disusun saperti ieu di handap. Tabel 3.5 Pedoman Wawancara NO Rumusan Patalékan 1 2 3 1 Sajarah Upacara 1. Ngaran Upacara. 2. Alesan dingaranan Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung. 3. Waktu Upacara Nyiramkeun. 4. Alesan diayakeunna dina bulan Safar. 5. Nu mingpin upacara Nyiramkeun. 6. Mamala upama Upacara Nyiramkeun teu diayakeun. 7. Tujuan Diayakeunna Upacara 2 Prak-prakan Upacara 8. Kagiatan saméméh diayakeun Upacara Nyiramkeun. 9. Kumaha prosési nyandak cai tina salapan cinyusu? 10. Saha nu nyandak cai? 11. Pakakas naon waé anu dipaké nalika ngala cai ka 7 cinyusu? 12. Prosési nalika nyieun sasajén. 13. Jalma anu nyieun sasajén. 14. Pakakas anu dipaké nalika nyieun sasajén. 15. Ritual husus saméméh upacara diayakeun. 41 Isri Nurwindasari Hadadi, 2015 Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan Kac. Talaga Kab. Majalengka Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA Kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 2 3 16. Pihak nu ilubiung dina Upacara Nyiramkeun. 17. Raksuskan jeung asésoris anu dipaké ku tokoh anu ilubiung. 18. Kuncén nu ilubiung dina Upacara. 19. Prak-prakan Upacara Nyiramkeun. 20. Ritual anu dilaksanakeun dina Upacara Nyiramkeun. 21. Pakakas anu digunakeun dina Upacara Nyiramkeun. 22. Mamala upama upacara nyiramkeun teu dilaksanakeun. 23. Pungsi tina pakakas anu dipaké dina Upacara Nyiramkeun. 24. Tempat lumangsungna Upacara Nyiramkeun. 25. Pantrangan dina Upacara Nyiramkeun. 3 Unsur Sémiotik dina Upacara 26. Unsur sémiotik dina Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. 27. Harti tina unggal unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.

3.4 Téhnik Ngolah Data