Prak-prakan dina Pangajaran PAKEMPAIKEM

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 47 Gambar 2. 2 Situasi Diajar jeung Lingkungan Alam Husus anu patalina jeung pangajaran basa Sunda, guru méré motivasi ka paramurid sangkan idé jeung gagasanana bisa tumuwuh pangpana anu aya patalina jeung kabeungharan kecap husus keur kelas handap. Upama kabeungharan kecapna geus katémbong, ditungtun pikeun diajar nyieun karangan anu basajan luyu jeung kahanan umurna. Karangan anu henteu loba mikir nyaéta wangun karangan déskriptif. tegesna paramurid ditungtun pikeun ngadéskripsikeun hal anu katingali, kadéngé jeung karasa. Latihan séjénna, bisa ngaliwatan gambar. Gambar sina dipencrong heula, tuduhkeun babagian nepi ka bubuk leutikna. Sanggeus kitu, naon anu kapencrong ku manéhna, sina ditulis kalawan mérélé dumasar kana urutan babagian nu aya dina gambar.

b. Prak-prakan dina Pangajaran PAKEMPAIKEM

Dina prakna ngalaksanakan kagiatan diajar ngajar anu ngagunakeun pamrékan PAKEMPAIKEM, aya sababara hal anu kudu dipikanyaho, nyaéta: 1 Kudu nyangkem pasipatan jeung karakter paramurid; PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 48 2 2 Kudu wanoh pisan ka hiji-hijina murid; 3 Kudu bisa ngamangpaatkeun karakter jeung paripolah murid pikeun kapentingan kagiatan diajar ngajar; 4 Numuwuhkeun cara mikir kritis, kréatif jeung kamampuh ngokolakeun masalah; 5 Ngarékayasa rohangan kelas, salin jinis dirobah jadi lingkungan diajar ngajar anu pikaresepeun jeung pikabétaheun; 6 Méré pangdeudeul minangka uji balik jeung lajuning laku pikeun ngaronjatkeun kagiatan diajar ngajar. Sudarjat, 2009 Guru kudu bisa nyieun kacindekan tina hasil peniléyan saupama murid dianggap acan mampuh ngawujudkeun kompéténsi dasar jeung standar kompéténsina dumasar kana prosés interaksi dina kagiatan diajar ngajar. Ku lantaran kitu, guru sawadina kudu bisa nyiptakeun suasana diajar ngajar anu partisipatif, aktif, kréatif jeung pikaresepeun menyenangkan sangkan kompeténsi dasar jeung standar kompeténsi nu geus dirancang saméméhna bisa kahontal. Jaba ti kitu, guru téh diperedih sangkan mampuh nyiptakeun kagiatan diajar ngajar anu sifatna inovatif deuih dina sagala aspék anu aya patalina jeung kagiatan diajar ngajar. Ku lantaran pameredihna jiga kitu, konsékwénsi logisna guru kudu jembar wawasan élmu pangawéruh na pangpana kawéruh anu patali jeung rupa- rupa metodeu pangajaran multimetode katut élmu anu patali jeung média pangajaran multimédia. Kaparigelan séjénna anu masih aya patalina jeung kagiatan diajar ngajar nyaéta kudu mampuh nyiptakeun suasana diajar ngajar anu kondusif, boh sacara internal boh sacara éksternal. Ceuk pamanggih Rusman, 2010 nyebutkeun yén dina modél pamarekan PAKEM téh guru diperedih kudu bisa ngalaksanakeun kagiatan diajar ngajar anu sacara langsung ngalibetkeun murid nu sifatna partisipatif, aktif, kréatif, éféktif tur dipikaresepnyugémakeun anu muarana sangkan paramurid mampuh nyiptakeun karya, gagasan, pamanggih, jeung idéna 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 49 téh meleg-meleg hasil tina usaha jeung pamanggihna sorangan, lain meunang guruna.

c. Wanda Modél Pangajaran nu Pikaresepeun