Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompetensi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 36 1 inejen kahirupan kayaning ajén-inajén atikan, ajén-inajén agama, ajén-inajén moral atawa ahlak, jeung ajén-inajén sosial. Éntopédagogik Sunda nyipta CATUR JATI DIRI INSAN minangka manusa unggul MAUNG, nyaéta pengkuh agama spiritual quotient, luhur élmuna, intellectual quotient, jembar budayana émotional quotient, jeung rancagé gawéna ectional quotient. Catur diri urang Sunda nyindekel kana opat hal utama, nyaéta: 1 ngawujudkeun babakti diri ka Nu Murbeng Alam, Alloh SWT, nyaéta taat jeung patuh kana paréntah Mantena; 2 ngawujudkeun sikep diri anu miboga ajén- inajén, singér, pinter, cageur, bageur jeung bener; 3 ngawujudkeun sikep silih ajénan, silih asih, silih asuh jeung silih asah dina kahanan hirup kumbuh anu multi-réligi béda-béda agama, multi-étnis béda-béda séké sélér, jeung multi-kultural béda-béda budaya; jeung 4 ngawujudkeun rasa tanggungjawabna ka alam nu aya di sabudeureunana.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngangkem bahan ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana bahan kagiatan Diajar II. Tapi, lamun 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 37 tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui sarta deres deui bahan dina Kagiatan Diajar I, pangpangna bahan nu tacan kacangkem. Réfléksi jeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés pangajaran anu diilukan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis karakteristik murid SD nu diajar basa jeung sastra Sunda, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Can Kahontal”. No . Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat. 1 . Ngalatih guru dina nganalisis karakteristik murid SD kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. 2 . Ngalelempeng guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis karakteristik murid SD kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku : PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 38 1 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 39 KAGIATAN DIAJAR 2 NGUNGKULAN BANGBALUH JEUNG NGARONJATKEUN PRESTASI KATUT KRÉATIVITAS MURID DIAJAR BASA SUNDA

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 2, Sadérék dipiharep meunang kamampuh ngeunaan cara ngungkulan bangbaluh jeung ngaronjatkeun préstasi katut kréativitas murid dina diajar basa Sunda kalawan meunang ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

B. Indikator Kahontalna Kompetensi

Saréngséna niténan kalawan gémet pedaran matéri II, dipiharep Sadérék bisa: 1. Ngaidéntifikasi bangbaluh murid dina diajar basa Sunda kalawan kréatif; 2. Ngajéntrékeun cara ngungkulan bangbaluh murid dina diajar basa Sunda kalawan gawé bareng; 3. Nangtukeun padika ngaronjatkeun préstasi jeung kréativitas murid dina diajar basa Sunda kalawan tanggung jawab jeung gotong royong.

C. Pedaran Matéri